Transcript

1I1IlOllfl1jH~o Sabtuo Senin o Minggu• Se/asa oRabu o Kamis 0 Jumat

4 520 21 14 15

29 30 312 3

17 18 196 7

228 9 10 1123 24 25 26

12 1327 28

OJan OPeb • Mar OApr OJun OJu/ 0 AgsOMei OSep OOkt ONov ODes

Urang Sunda diLingkungan IndonesiaBiantara panampian gelar DR He

ti Universitas PadjadjaranTg. 31Januari 2011

3Ku Ajip Rosidi

Wk'tu ngadeg KNIP (KomiteNasional Indonesia Pusat),dina periode KasmanSingodimedjo jadi Ketua,

kabehna aya 137 urang anggota, diantarana aya 14 urang Sunda, hartinangan 10% leuwih saeutik. Tapi dinasusunan BP (Badan Pekerja) KNIP nungalaman parobahan sababaraha kali,urang Sunda nu diuk di dinya ngansaurang, nyaeta Sjafruddin Prawiranegara(1911-1989), ditambah ku Wakil JawaBarat nu lain urang Sunda. Malah waktuSjafruddin diangkat jadi Menteri Keua-ngan dina Kabinet Sjahrir Ill, nu aya di BPKNIP ngan wakil Jawa Barat nu lain urangSunda tea. Dina waktu sidang plene KNIPdi Malang (1947) anu nangtukeun pulitiknagara, anggotana aya 217 urang, ditam-bah ku 263 anggota anyar. Di antaraanggota nu 217 tea, urang Sundana aya 20urang, jadi kurang ti 10%. Dina anggotatambahan anu 263 urang, urang Sundanaaya 22 urang, jadi angger kurang ti 10%.

Dina waktu sabada proklamasi kamer-dikaan Walanda ngadatangkeun tentaraNICA da hayang ngajajah deui Indonesia,urang Sunda ge aktif berjoang sacara fisikngabela kamerdikaan bangsa jeung na-garana. Lain saeutik urang Sunda anu jadikorban dina perjoangan kamerdikaanmangsa revolusi fisik (1945-1949). OtoIskandardinata ditelasan lain ku musuhtapi cenah ku para pamuda anu henteusatujueun kana ucapan atawa tindakanOto dinajaman Jepang. Ngeunaan hal itu,nepi ka ayeuna oge tacan tetela da usahamaluruh kajadian anu saenyana henteunepi ka tutas.Nu matak helok nu diangkat jadi

Gubernur Jawa Barat jeung PanglimaDivisi Siliwangi - pasukan TNT di JawaBarat-lain urang Sunda. Nu diangkat jadiGubernur Jawa Barat nu munggaran apan

20

Sutardjo Kartohadikusumo, waktuanjeunna mundur diganti ku DatukDjamin -lain urang Sunda deui bae. Kitudeui anu diangkat jadi Panglima DivisiSiliwangi nu munggaran lain urang Sunda,tapi urang Batak. Provinsi jeung Divisilianna mah c:: sakuii.,'. Indonesia asakabeh ge ngangkat gubernur jeung pangli-mana teh anggota seler pituin urang dinya.Hal ieu bisa dihartikeun (1) urang Sundamah rasa nasionalismena geus luhur, geusmeruhkeun rasa kadaerahanana nepi kanganggap saha bae urang Indonesia bisadijungjung-Iungguh jadi pamimpin naonbae di Tatar Sunda, atawa (2) henteu ayaurang Sunda anu merenah diangkat jadigubernur Jawa Barat atawa panglimaDivisi Siliwangi. Lain hartina henteu ayaurang Sunda anu jadi perwira TNI. Tapiperwira-perwira anu ngawangun pasukanpikeun ngalawan Walanda di Tatar Sundamemang lain ngan urang Sunda bae, sana-jan ari para prajuritna mah meh kabehurang Sunda. Di sagigireun pasukan anudipingpin ku urang Sunda kayaningBatalyon Abmad Wiranatakusumah(1925-1999), Batalyon Nasuhi (1923--?),Batalyon Sukanda Bratamanggala (1917-1994), Batalyon Daeng Kosasih (7--7),Batalyon Affandi (7--7), Batalyon Prijatna(1.1929) jeung lianna, apan aya BatalyonLucas Kustarjo (Jawa), Batalyon Sugiharto(Jawa), Batalyon Tobing (Batak),Batalyon Kemal Idris (Minang), BatalyonRivai (Minang), jeung lianna. DivisiSiliwangi diwangun ku lima brigade, tapiopat brigade komandanna lain urangSunda, nyaeta Brigade Ill/Suryakencanakoinandanna Letkol A.E. Kawilarang,Brigade Hl/Kiansantang, komandannaMayor Rambe, Brigade IV/Guntur koma-ndanna Mayor Daan Jachja, BrigadeGunungjati komandanna Letkol Abima-nyu. Mernang geus ti behditu keneh reaseler Iian anu ngalumbara di Tatar Sunda,

pangpangna ku sabab Pamarentah HindiaWalanda rea ngadegkeun sakola diBandung anu henteu aya di tempat liannakayaning HIK (Sakola Raja), AMS-A,HB~, THS (Technische Hogere School) nuengkena jadi !TBjeung lianna. Sanajan disawatara ternpat sejen ge aya sawatarasakola eta, tapi jumlahna saeutik pisannepi ka rea nu kapaksa kudu ngumbara katernpat anu bogaeun sakola eta. Sakola-sakola nu aya enoandung rea ngirut siswati tempat-tempat lian ti sakuliah Indonesiapikeun dialajar di dinya, tur rea nu sabadatamat teu halik deui ka lembuma. Rea anuterus buhuara, hirup, digawe, ngawangunrumah tangga bohjeung urang Sunda bohjeung baturna salembur, malah rea numaraot di Bandung atawa di ternpat sejendi Tatar Sunda Nu kudu dipikiran nyae-ta sanajan di Bandung rea sakola anu hen-teu aya di tempat sejen, tapijumlah urangSunda anu ngamangpaatkeun sakola-sakola eta teh relatif henteu rea. Masihkudu dipaluruh naon sababna, naha kulantaran kamampuh ekonomi urangSunda henteu nyumponan pikeun nga-supkeun budakna ka 'sakola-sakola eta,atawa memang henteu aya motivasi pi-keun diajar.Jigana hade lamun urang cutat

kasauran DajatHidajat taun 1913 waktuanjeunna nu harita masih jadi siswaSTOVIA kagungan pokal ngadegkeunpaguyuban urang Sunda .nyaetaPagoejoeban Pasoendan, anu dimuat dina"Verslag Pagoejoeban Pasoendan Taoen1915", kieu unina:

"Dupi nu jadi lulugu nyaeta wirehingngemutkeun bangsa Sunda kacida pisankatilarna tina bab kamajengan ku bangsasanes, sumawonten ku bangsa Jawa mah,nu ti kapungkurna oge parantos tebihpisan »ilama ka urang Sunda, dalih kuurang Malayu nu teu acan sakurnaha la-mina ngudagna kana kamajengan, ayeuna

Mangle No. 2311

IUlplng Hum.a Onpad 2011

urang Sunda parantos kenging disebat-keun kaselek, tawisna murid di sakolaDoktor (maksudna SfOVIA, AR) danget,ieu urang Sundana mung aya 10, dupiurang Malayu mah sumawonten .urangJawa mah parantos pirang-pirang, Nyakitu deui di sakola-sakola sanes urangJawa sareng urang Malayu henteu kawonseueurna ku urang Sunda. Anu ka nagriwalanda mah urang Sunda kenging kenehdibilang, dupi urang Malayu sok surna-wonten nu kiat mayar ongkosna, dalah nuhenteu oge cek paripaos dibelaan kuli-kuli, merlukeun ka nagri Walanda kusuhud nyiar kapinteran. Menggah kuemu tan, upami urang Sunda cicingeunbae, daek-daek ka payunna hayangnyepeng padamelan oge hese, kaka-wonkeun ku bangsa sanes. Buktina ayeu-na parantos sababaraha hiji urang Jawasareng urang Malayu nu nyepeng damel diTanah Pasundan, dupi urang Sunda mahmeh teu aya bae nu tiasa jeneng di nagaradeungeun."

Sabad» meh saabad ti barang etakasauran diucapkeun, kaayaan urangSunda di Tatar Sunda asa teu aya robah-na. Malah beuki ripuh. Dina mangsa etageus jadi, perhatian Dajat ayana"sababaraha hiji urang Jawa sareng urangMalayu anu cepeng damel di TanahPasundan". Ayeuna mah- geus lain"sababaraha hiji" 2.;,::m, nepi ka geus hen-teu dianggap aneh. Sanajan mernang aya"sababaraha hiji" urang Sunda anu jenengdi "nagara deungeun" - maksudna diwilayah Indonesia luareun Tatar Sunda -tapi henteu pira dibandingkeun jeungjumlah urang Sunda atawa jeung jumlah"bangsa deungeun'' anu jareneng di TatarSunda mah. Nepi ka lamun aya urangSunda anu jeneng di "nagara deungeun"ayeuna masih dianggap aheng. Cindeknakonstatasi Dajat Hidajat meh saabad katukang teh masih merenah lamun dilarap-keun kana kaayaan urang Sunda kiwari dilingkungan nasion Indonesia, malahkaayaanana beuki pikasediheun.Pagoejoeban Pasoendan anu ngadegna

dipokalan ku Dajat Hidajat nepi ka ayeunamasih keneh jumeneng, malah tacan lilakakara- ngayakeun kongres. Jumenengtapi henteu kabandungan hirupna, ayatapi henteu karasa ayana da henteu kati-ngal ketakna. Umuma geus meh saratustaun, tapi urang Sunda rereana henteuterangeun kana ayana. Kagiatanana ngankabandungan lamun rek ngayakeun ko-"ngres jeung sawatara lila sabadana.Bogaeun puluhan sakola, malah bogaeununiversitas, tapi hasilna henteu acankatingal anu nyongcolang. Universitasnalamun henteu salah motona teh "pengkuhagamana. luhung elmuna, jembar bu-

Mangle No. 2311

dayana". Teuing nu mana nu geus kahon-tal, tapi nu sidik di Unpas henteu aya studingeunaan budaya, basa katut sastraSunda. Jadi anu baris dijembarkeun tenbudaya saha?Di Bandung ayeuna, rea pisan paguron

luhur, tapi sarjana urang Sunda anu pi-nunjul dina widangna mah asa henteupira. Unpad anu diadegkeunana antaranaku sabab pangdongsokna KongresPemuda Sunda (1956) ku lantaran diBandung nepi ka harita tacan aya univer-sitas (ITE masih jadi bagian ti UT), henteuacan rea ngahasilkeun sarjana urangSunda anu pinunjul dina paelmuanwidangna. Kitu C:cui di pazuron luhurlianna anu aya di Bandung, henteu reaurang Sunda anu pinunjul dina elmuna,Rereana sabada jadi ahli dina widangnasanggeus anggeus S-3, tuluyna ngamang-paatkeun elmuna pikeun neangan proyekatawa sabangsana anu gede mangpaatnapikeun hirupna bae, Sakalieun nulis bukusalian ti disertasina paling ge buku pa-nganteur kana widangna a'1U meunangnyutat tina buku deungeun, langka pisananu nembongkeun pikiran sorangan anuorisinal.Cindekna c..ra dina widang-widang

hcuu,a, dina widang paelmuan oge urangSunda anu prestasina pinunjul henteupirajumlahna, sanajan aya anu prestasinapilih tanding cara Prof. Dr. Hoesein[)jajadiningrat dina widang sajarah, Prof.Dr. Mochtar Kusuma-Atmadja O. 1925~dina widang hukum Laut anu kagungankonsep ngeunaan Wawasan Nusantara,anu ku perjoanganana jero puluhan taundi tingkat intemasional ahirna diakuayana nagara kapuloan di dunya intema-sional.Kitu deui dina widang birokrasi nasio-

nal, dina "jaman normal" aya urangSunda anu pinunjul, nyaeta RAA AhmadDjajadinig.at (1877-1943) jeung R. A Awiranatakoesoemah (1888-1965), sabadaurang merdeka aya Ali Sadikin anu pres-tasina dina waktu jadi Gubemur Jakartadipikagum ku sarerea, Ir. Djuanda waktujadi Menteri Pertama dina jamanDemokrasi Terpimpin, apan nembong-keun kamampuhna dina enggoningnyanghareupan kaayaan kesatuan bangsanu harita diancam burakrakan.Tapi jumlahna, urang Sunda anu

nyongcolang di panggung nasional tehhenteu saimbang jeung jumlah urangSunda anu cenah 20% tina sakumnabangsa Indonesia.

4Sabada urang meunang gambaran

ngeunaan peranan urang Sunda dina

lingkungan Indonesia anu kabuktianmemang henteu pira, timbul pananyanaon sababna bet kitu? Naon sababnaprestasi urang Sunda di panggung nasio-nal henteu saimbang jeung jumlahna anucenah kadua sabada Jawa? Naon sababnaeleh upamana ku urang Batak, urangMinang jeung urang Bugis nu jumlahnajauh sahandapeun urang Sunda?Dumasar kana kasauran Dajat Hidajat

samemeh ngadegkeun PagoejoebanPasoendan (1913), Edi Ekadjati ngaru-muskeun yen nu nyababkeun urangSunda tinggaleun ku urang lianna tehnyumber kana "faktor mental dan tingkatpendidikan orang Sunda yang tidak mern-perlihatkan kreativitas, dinamika, keule-tan, keberania.; dan etos kerja yang tinggi"Naha enya kitu? Tacan aya panalungtikananu ilmiah ngeunaan hal eta. Jadi tacanbisa dibantah - sanajan tacan bisadienyakeun deuih. Nu sidik urang Sundarea anu sok resep ngabobodo maneh kujalan nutupan kanyataan ku kekecapananu matak ngeunah kana hate, cara"urang Sunda mah lemes budina, resepngelehan, sok ngaheulakeun batur";"urang Sunda mah tara karooh ku kalung-guhan", "urang Sunda mah jembar hate"jeung sabangsana. Padahal dina kanyata-an sapopoe urang nyaksian rea urangSunda nu tipoporose daek ngalakukeunnaon bae sangkan bisa ngahontal kalung-guhan anu dipikahayang ku manehna.Hartina rnunapek, omongan henteu luyujeung kereteg angen katut kahayangna.Kamunapekan dianggap wajar, akibat tinafeodalisme anu masih gede pangaruhnadina kahirupan urang Sunda, sabab feo-dalisme ngajurung jalma ngan nepikc.,nanu dianggap baris ngangeunahkeundunungan atawa saluhureun bae (ABS).Sanajan sacara resmi urang Sunda anujadi bagian tina bangsa jeung nagaraIndonesia anu dernokratis, tapi dina ka-nyataanana mah mentalitas demokratismasih jauh boh keur urang Sunda bohkeur seler bangsa lianna. Urang Sundaanu kungsi dijajah ku Mataram (1624-1708), kapangaruhan ku feodalisme Jawa,lain ngan dina basana bae nurutan makeundak-usuk, tapi dina kahirupan sapo-poena deuih. Ka nu saluhureun pangkatatawa wibawana, pura-pura ngahormat,ari ka sahandapeun ngaleyek-ngekesek,Ka luhur teu wani nyarita satarabasnaatawa nepikeun kahayangna, basana"heurin ku letah" da henteu acan sadarkana hak-hakna warganagara republikdernokratis. Nya kabiasaan henteu waninyarita satarabasna anu mukakeunlawang kana sikep munapek, Nu diucap-keun beda jeung. kereteg hatena, dasalilana hayang ngangeunahkeun hatedeungeun.(h£Unca)

21


Top Related