dongeng sunda

18
Dongeng Sunda : WAWALES KA NU TELENGES Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila Si Monyong teh ulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina saying puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si Monyong kaburu kabur. Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena. Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si monyong rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap teh teu ka luar deui. Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok teh bangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit teh kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” . “Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu teh wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui. Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham- belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh. Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur. Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.

Upload: a-shobah-permana

Post on 27-Oct-2015

92 views

Category:

Documents


2 download

TRANSCRIPT

Page 1: Dongeng Sunda

Dongeng Sunda :

WAWALES KA NU TELENGES

        Hiji  mangsa   sakadang   puyuh   kacida   sediheunnana,   sabab   anakna   sadua-dua   anu   karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh  ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila Si Monyong teh  ulal-elol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit   ka  luar tina saying puyuh bari  sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si Monyong kaburu kabur.          Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena.           Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si monyong rek dijejewet.           Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap teh  teu ka luar deui.           Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku   alap-alap,   dina   hiji   peuting   kabur.  Ngan   di   perjalanan   nyorang  wahangan.  Manehna   teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok teh  bangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit teh  kacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” .          “Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu teh  wayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui.            Ngadenge   omongan   bangkong   kitu   teh   beurit   balaham-belehem   asa   kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh.           Isukna  bangkong  nalian   suku  beurit   beulah  hareup.   Tungtung   tali   nu   sabeulahna  deui ditalikeun   kana   sukuna  beulah   tukang.  Geus   kitu   gajlok   bangkong   ka  wahangan   atuh  beurit kagugusur. Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit.       Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong teh  hayang  ngaheureuykeun beurit. Ti dinya  bangkong   teh   teuleum ka  dasar  wahangan.  Atuh  beurit   ka  bawa.  Beurit   gogorowokan embung di  bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge,  lep teuleun deui. Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan.        Keur   kitu   teu   kanyahoan  ti   tadina,   kalayang   alap-alap  nu  ngincer   beurit   ti   kamari,   seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung.    Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo. 

Page 2: Dongeng Sunda

Sajak Sunda :

KASATIAAN ANJEUNAto Suharto

Dua puluh taun urang ngawangunjuntrung nangtung, panceg teu gedagsagara rumah tangga nu ku urang di sorangteu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang

Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantarankabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayanakasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akangmun rek nganjang ka mojang lian

Geulis...pupusten rasa nu ayeuna ayasangkan rumah tangga tetep waluyanepi ka umur pegat di dunya

Geulis...jaga sing tarapti pangaji dirisangkan Illahi masihan widilaki rabi urang sing nepi ka aki nini

Geulis...buah katresna uranggeus parawan jeung geus bujangrawat ku sayahadat tur shalatsangkan hirupna bisa mangfaat keur umat

Page 3: Dongeng Sunda

Carpon basa Sunda

Ku: Dadang Sadkar

Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karéta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila ngagancangan. Yuswa ngarérét kana érloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk. Geuning lain ukur béja, enya wé ayeuna mah karéta téh tara ngarét. Mun taya halangan harungan, ku manéhna kaijir pidatangeun ka Jakarta téh kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup, waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engké bakal bisa balik deui ka Bandung maké Parahiyangan anu berangkat jam lima soré ti Jakarta.

Sajajalan Yuswa anteng neuteup téténjoan saluareun kaca jandéla. Kagareuwahkeun sotéh pédah wé aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun noél kana pingping lalaunan.

“Punya api, pa?” cenah.

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora téa. Pakulitanana beunang disebut  konar. Buukna modél punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pédah dicét. Ceulina dianting sabeulah. Papakéanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk. Sarérétan mah badis gambar tanduk banténg. Luhureun gambar leungeun téa aya tulisan Metalica ku warna beureum. Ari ka handapna,  dicalana blue jeans belél, soéh palebah tuurna. Tapi sok sanajan kacirina rada nyéntrik ogé ari rengkuh-rengkuhna mah éta budak ngora téh sopan pisan.

Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari dipangnyekéskeun. Si budak ngora téh ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.“Makasih, pa,” pokna“Sama-sama,” walon Yuswa bari imut

Sugan téh rék ngan sakitu. Horéng si budak ngora téh kalah terus ngajak ngobrol.“Mau ke Jakarta?” cenah.“Iya.”“Di Jakartanya di mana?”“Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti soré juga pulang lagi.” Ti dinya mah der baé ngobrol ngalér ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wéh silih tanya ngaran.

Page 4: Dongeng Sunda

“Saya Yuswa,” ceuk Yuswa ngawalon panakon. “Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orang-orang lebih suka manggil saya Yuswa.”“Saya Oding,” ceuk si budak ngora téh samemeh ditanya.”Itu kalo nama yang benernya. Kalo temen-temen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.”“Loh, émang meneer Oding punya darah Belanda?” ceuk Yuswa bari seuri.“Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli,” témbalna.“Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong téh ku basa Indonésia. Atuh da ari sugan téh…”“Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti,” meneer Oding mani rikat némpas omongan bari nyéréngéh.“Baruk, naha?”“Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonésia melulu sih.”“Bet éléh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda gé ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda wé,” ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, cekés diseungeut. Haseupna ditiupkeun ka luhur mani nyerebung.“Émang aslinya dari mana?” ceuk meneer Oding bari ngarérét kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot nyerebungkeun haseup.

Page 5: Dongeng Sunda

SAJAK SUNDA :

KATRESNA AKANGAto Suharto

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,moal leeh ku serabna panon poenajan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjangcinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajatisatungtung anjeun satuhunyumponan kawajiban ka carogeakang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akangtong rempan sanajan urang paanggangcinta akang lain ngan ukur kalangkangclik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utamakabagjaan nu ku urang ayeuna dirasaomat ulah nepi ka dirogahalakupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulissing tarapti ngajaga dirisangkan urang tetep waluyadina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

Page 6: Dongeng Sunda

Dongeng Ciung Wanara Versi Basa SundaKacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Page 7: Dongeng Sunda

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

Page 8: Dongeng Sunda

Sono Ka Ema [ Carpon Basa Sunda]

Geus tara ngadéngé sora turaés atawa sora tonggorét nganteur surupna panon poé. Wanci sariak layung taya bédana jeung wanci carangcang tihang, mulan-malén kandaraan ngagerung sapaparat jalan. Estuning wanci geus teu bisa dibédakeun ku tanda-tanda alam. Nyaan, kaayaan hirup di kota jauh mela-melu jeung kaayaan hirup di lembur. Idek liher di lembur anu sakitu réhé comrék, tiis ceuli hérang mata. Cai cur-cor ngagenyas ngocor ti girang ka hilirkeun.

Cihcir nihtir, bebence rabeng luhureun tangkal, dibarung ku sada caricangkas nu silih sambat jeung baturna. Kalong gégér sing gayabag, napuk dina tangkal loa. Sora-sora nu ayeuna kasilib ku sora duk-dok tatangkalan nu dituar, sora mesin setum nu ngadudud mémérés jalan nu legok balas katinggang cihujan. Cileuncang teu daék orot, nyurung-nyurung runtah nu ngahunyud dina susukan. Teu kalis saat, mangsa hujan ngecrek cai hanjat tina talun, nguyumbang di palataran. Lain ukur bécék deui, seseringna jadi banjir, jadi caah. Mawa sasalad nu kacida lobana keur balaréa.

Satadina ujang téh atoh ema diajak nyaba ka kota, hayang ginding bari loba luang. Ulah kurung batok siga nu lian. Tapi geuning jauh ti ema hirup lain nambahan senang. Tanaga dipeleter bari hasilna teu pira. Hasil-hasilna mah éta ogé, ngan édas sakumaha waé lobana tara ieuh ngarasa kaleuleuwihi bisa méré mawéh atawa bisa heureut neundeun. Estuning ujang gawé geus béak déngkak, ngusahakeun hirup sangkan senang. Tapi geuning jauh pisan tina panyangka. Méméhna ngarasa kataji pédah ujang biasa diajak nganjang ka unggal lembur bari didegdeg dihiap-hiap. Lila-lila ujang jadi tongtonan. Mindeng pada nyurakan. Ongkoh maranehna resep ningali ujang, ngan orokaya mun ujang nyampeurkeun kalahka sok paburiak. Malah nu sing jarerit oge aya. Budak leutik mah sok hing teh ceurik, ngawiwiw dina aisan indungna terus nyusup ménta disusuan. Ari nempo nu kitu ujang sok terus inget ka ema. Hayang nyusu deui ka ema. Najan enya susu lanyéd, tapi dina dada ema ujang ngarasa tingtrim.

Apan ujang teh hayang nyobaan diajar usaha basa harita indit teu bébéja. Ujang hayang diajar ngumbara. Satadina ujang lunta sakaparan-paran, nuturkeun indung suku teh hayang bisa nulung ka indung. Ema teu sirikna notog-notog manéh mélaan sangkan anak kaparaban. Sok teu téga ningal ema ngadua-duakeun huap. Anak reuay parabaneun, géntél kéak bari euweuh batur pakumaha. Tuda ema nyaah ka ujang siga ka orok karak borosot, ditatap, diusap, teu sirikna dicokcrokkan unggal waktu ku kadeudeuh. Aya genah aya ragab ari ema geus nanangkeup ujang téh. Ema mah siga embung boga anak gancang gedé, gancang macakal hirup sorangan. 

Saprak diajak ulin rada jauh ti imah, ujang beuki panasaran, hayang ngalaman hirup nempo rupa-rupa kamonésan. Pangrasa ujang, ema bakal atoh lamun ningali ujang loba kamajuan. Ujang ayeuna geus robah ema. Meureun ieu nu disebut hirup sabenerna. Kudu usaha sangkan nyawa betah nyangsang dina badan. Teu nyangka sacongo buuk bakal hirup aya dina jero kurungan. Teu bébas siga sasari ujang téh ema. Di lembur sok sagala nyampak da ema bakating ku getén kanu jadi anak. Sagala kari top. Ema sok neuteup ceuleumeut lamun ujang sasarap, siga anu reueus ningali anak ponyo barang dahar. Eumh, ayeuna mah ujang ukur bisa nungguan sapaméréna ti dunungan.

Page 9: Dongeng Sunda

Mun ema ningali ujang ayeuna, pasti ema bakal kalinglap ku anak sorangan. Ujang geus pinter ema, da diajar unggal rénghap. Getol solat tara jauh ti sajadah sok sanajan aya di jalan, bisa naék motor, dina waktuna kudu maén titér oge bisa, nari topéng, ngagitar, ah naon waé ogé geuning bisa ema ari leukeun diajar mah. Hirup ujang tara jauh ti kendang ema, da éta mah hiji tanda yén hirup téh kudu bisa mawa diri, sarua jeung ngibing anu kudu nincak kana wirahma. Sareundeuk saigel teh apan kudu aya dina bener. Lamun nogéncang bisi katelah cul dogdog tinggal igel. 

Ngadago-dago waktu sangkan ujang bisa balik ka lembur, tapi geuning léngkah kalah beuki jauh. Bari ujang ayeuna teu bisa balik sorangan da rumasa teu nyaho jalan. Bongan tadina lunta sakaparan-paran. Ujang teh sono ka ema, hayang ngagéléhé dina lahunan ema. Sono disaliksik bari diusapan sirah. Rido ujang digalendut ku ema. Da ema mah céréwéd ogé kawantu ku nyaah. Ujang henteu ngarasa nyeri hate basa ku ema rada digetrik. Ujang lain pundung atawa ngarasa ditundung basa miang rebun-rebun. Mémang teu ngabibisani rada teu genah haté basa disapirakeun ku si Ranggé nu huntuna ranggéténg. Loba diléléwé ku papada babaturan cenah ujang téh anak bawang. Tara kabawa jadi balad lamun keur waktuna aya raraméan di lembur. Ngan ka ema ujang bisa nepikeun sagala karungsing haté. Ngan ka ema ujang bisa percaya. Ayeuna jauh ti ema, beuki karasa nu nyaah ka ujang téh ngan ema. 

Lamun ditengetan anu gemet, hirup ujang téh ayeuna teu bisa leupas tina kadali nu séjén. Ujang kudu nurut dititah diituh-étah, cukup ku pangenyed jeung panyeprét. Lamun ujang dongko bari ngahormat ka nu ngariung di hiji tempat, saréréa emprak atoh ningali ujang boga kasopanan. Lamun ujang solat, nu nempo oge ngarasa reueus. Nu seuri ager-ageran, silih tunjuk silih sigeung jeung nu deukeut, bari metakeun naon-naon anu bieu dilakukeun ku ujang. Teu ieuh ngarasa éra atawa sieun nyigeung parasaan. Da anggapan maranéhna ujang mah teu boga rasa, teu boga kaera. Ema ujang teh pan matak pinter kana sagala oge pédah ujang boga rasa. Ngan nu ngabédakeun téh tina basa. Ujang teu bisa kedal ucap ngébréhkeun rasa. Ngan ukur ku réngkak pari polah. 

Ujang kudu séhat tur nunjukkeun karumasa ku rasa senang. Motah bari bisa nunjukkeun rasa bagja pikeun jalma réa. Ujang kadang-kadang maké kedok atawa topi keur nyumputkeun cimata nu ngagarendang. Leuwih loba cimata nu kateureuy nu nyelek kana angen. Leuwih loba deui getih anu teu dipirosea ku kasarakahan manusa. Ema, tingali suku ujang ayeuna manjangan, teu petekel. Nu biasana leumpang égang atawa ngagégag ayeuna kudu perténtang. Luncat kana motor ngabiur ka tengah jalan sabot lampu setopan beureum teu ieuh jadi matak diudag polisi. Ujang, anak ema, ayeuna gagah. Aya éta gé hayang mantuan polisi nartibkeun jalan raya, atawa mantuan amang-amang tukang parkir, prat-prit niup piriwit. Leuh, hésé ema, da biwir ujang rubak, inggis piriwit kateureuy. 

Page 10: Dongeng Sunda

Poe ieu ujang téh ngarasa capé ema. Da jeung enyana atuh, ujang mah teu bisa barang dahar balakecrakan siga batur. Dahar nungguan sapaméréna. Ti poé ka poé, kadaharan nu aya ngan éta-étana, ukur cau jeung kacang suuk. Dina waktuna ujang capé hayang saré, tetep kudu barang gawé, kapaksa dilakonan, daripada kudu nandangan lapar diparak pada ngantep. Malah sakapeung mah ujang sok diceprét. Ujang rumasa ema, hirup kudu bisa muhapékeun diri. Manakitu ogé geus nasib ujang nu kuat. Nasib nu moal bisa dirobah deui da geus kitu kakuduanana. 

Ema ulah geruh lamun engké ema nyaho naon pagawéan ujang di kota. Bisi ema nandang wiwirang. Ujang mah ngan hiji cita-cita hayang bisa nyenangkeun ema. Lamun ema aya di dieu, meureun ema bakal ceurik balilihan ningali ujang pada nanggap, ningali ujang kudu papanasan di parapatan, di lampu setopan. Teu saeutik jelema nu ngarasa kahibur ku kalakuan ujang ema, bari sung-song méré duit kana dudukuy nu dikurilingkeun ku ujang. Ujang tetep inget kana papagah ema, ulah ngahinakeun diri hayang dipikarunya ku deungeun. Hirup kudu daék usaha sorangan. Tapi nya kitu téa, ceuk ujang ogé ema ulah nyeri haté ningali kaayaan ujang ayeuna.

Nincak aspal dina morérétna panon poé kacida panasna. Da ujang mah teu bisa disendal. Baju mah bisa ganti unggal poé kadang-kadang mah sok hayang teu dibaju ujang mah lah. Sok asa riged awak ari bajuna buni teuing teh. Hayang jiga di lembur wé ku ema mah tara digarah-geureuh teu dibaju sabot hareudang atawa najan salawasna ogé. Ujang kudu apal waktu iraha kudu ngahibur nu ngaliwat di jalan. Da geuning sanajan aya lampu setopan, anu teu tartib mah angger aya. Ujang kudu ati-ati ema. Sabenerna ujang ogé sieun atuh nénjo mobil, motor pasulibreng siga nyiruan, teu eureun-eureun. Singsuliwer siga siraru onaman gancang ngaberikna bari ngeunah didahar. Ku éngang mah apan matak buncunur. 

Tah ema ulah jadi leutik haté, lamun engké ema apal naon pagawéan ujang. Ujang ngadogér ema. Ujang jadi dogér. Ulah sedih nya ema, ujang geus ngawiwirang ema. Pan ceuk ema oge turunan ema mah cadu kudu daék hirup dina pangawasa deungeun. Sabab lamun hirup geus aya dina kakawasaan batur bakal hésé ngalepaskeun diri, bakal hésé néang kabagjaan diri. Nyaan, bener pisan caritaan ema, ayeuna kabuktikeun pisan ku ujang. 

Ayeuna ujang geus sawawa, geus bisa ningali kalawan écés ka sasama. Aya cawéné nu siga ema, ujang resep ka manéhna. Tapi nya kitu téa deui bae. Ujang teu bisa kumaha. Da itu ogé ngan bisa aprek-aprekkan, hésé padeukeut jeung ujang, ukur bisa silih rérét ti kajauhan, kadang-kadang mah semu anu ngelétan. Ari keur waktuna mareng mah. Ujang jeung si nyai teh sok babarengan. Malah sok pada ngalejokeun ujang kudu ngarayu si nyai di hareupeun jelema loba, niru-niru kumaha carana nyium lebah embun-embunan. Tapi da si nyai mah wanteran, biwirna teu sirikna manyun, nyosor hayang dicium ku ujang. Aduh, ema lain genah pada ngalalajoan mah. Jauh pisan tinu disebut mesra. Pada nyurakan, diayeuh-ayeuh téh si nyai mah sok kalahka ngahajakeun. Ngagieut-gieut bujur nampeu hareupeun beungeut ujang, ema. Ujang mah sok éra parada, ripuh nyumputkeun

Page 11: Dongeng Sunda

beungeut ema lamun kudu aya adegan hot jeung si nyai di sisi jalan. Eta da si nyai mah boga kamonésan make kudu mukakeun seléting atawa nyingsatkeun erokna bari tutunjuk kana palangkakan sagala. 

Padahal ujang mah hayang kitu-kieu jeung si nyai teh lain dinu nembrak. Hayang dinu buni. Malar karasa nikmatna. Ujang moal milih-milih rupa, mindah-mindah rasa. Da geuning sagala rupa nu aya di si nyai sarupa jeung ema. Ngan bedana teh si nyai mah leuwih wantér, jeung siga rada teu boga kaéra. Make papakéan bur-bér, diréndaan, ditarétés benang emas, reunceum ku kangkalung jeung gelang, beubeur beureum dirantéan. Béda sotéh meureun pédah gaul di kota. 

Naon bedana atuh ema, ujang oge boga kahayang hirup tingtrim dina laki-rabi. Ulah hayoh waé dipeleter kudu ngusahakeun hirup maranéhna ku kaparigelan ujang jeung si nyai. Ujang hayang indit ti dieu ema, kabur mawa si nyai. Ujang hayang balik ka lembur urang anu liuh ku tatangkalan. Ujang arék nyieun tempat anu buni keur si nyai sina jongjon ngurus anak. Ujang bakal jadi bapa. Ujang mah moal siga bapa ujang anu cruk-crék waé kawin, anak reuay bari embung ngurus. Ujang moal nganyerikeun haté si nyai.

Ujang ukur bisa ngusap dada basa si nyai éjégélér ménta dikawin ku si Rojér. Da éta cenah kairut ku imut kanjut si manéhna. Nu matak dingaranan si Rojér ogé pédah tukang ngarojér beurang peuting, teu kaopan si eta mah. Nempo ban dirojér, nempo tihang listrik ogé hayoh dirojér, malah hayam ogé diudag-udag arek dirojér. Nu matak nyeri haté mah lain pédah si nyai geus embung deui ka ujang, ema. Geuning si nyai mah ongkoh ngomong rék micinta ka ujang saumur hirup tapi sulaya tina jangjina. Malah ka ujang teu kungsi megatkeun duriat ku kecap putus, ujang ukur bati jumerit dina ati, ningali si nyai dirojér ku si Rojér diriung-riung ku jelema réa. Maranéhna surak ayeuh-ayeuhan nenjo si nyai tipepereket nangkeup ka si Rojér. Atuh si Rojér ogé mani asa pangaingna. 

Enya Ema jodo mah jorok. Si nyai abong kudu dikersakeun ngajodo jeung ujang. Manéhna datang bari aluman-alimen, nyéléndé bari jeung ogo. Si nyai ménta dihampura téh ku sikep, celepot deui celepot deui nyium kana mata, kana irung bari ngusapan sirah ujang. Teu sirikna nyontrolan, ngongsog menta dipikarunya. Si nyai téh meleg-meleg geus nganyerikeun hate ujang tapi naha bet teu riuk-riuk ngarasa salah. Geus payah dikeureuyeuh ku si Rojer hayoh ayeuna menta ditulungan ku ujang ema. Hayang balik deui ka ujang bari beuteung gundal-gendol mawa anak haram ti si Rojer. Si Rojer mah da najan kasebutna jago kana ngarojer tapi teu boga niat hayang ngabagjakeun si nyai. Ukur pupulur saméméh mantun. Ukur hayang méak-méak karep ka si nyai satungtung suka. Ninggang mangsa nénjo pisenangeun aya dina awak deungeun mah si nyai ditokér bari teu dirérét deui. Geuning estuning anjing belang, anjing hideung, estuning teu melang, teu nineung.

Page 12: Dongeng Sunda

Ujang teu bisa kumaha. Teu wasa ningali nu lungas-lengis bari bureuyeung bulan alaeun. Rasa ngéwa éléh ku rasa nyaah. Meureun duriat téa ngaranna. Si nyai dihiap, sina reureuh. Mana kitu oge si nyai teh geus sadar ngan ujang nu haat miduli ka manéhna ku rasa nyaah jeung rasa heman. Ngan ujang nu bisa dijadikeun tempat panyalindungan anu aman keur manéhna. Nyaan, teu beunang disisilihkeun rasa deudeuh ujang ka si nyai teh lain jijieunan.

Ema, ujang ayeuna gering nangtung ngalanglayung. Mikiran kumaha carana sangkan bisa indit ti ieu tempat. Mawa si nyai balik ka lembur saméméh brol si utun inji. Rék nanya, nanya ka saha. Rék ménta tulung ogé teu bisa. Euweuh batur pakumaha sangkan laksana. Bati karunya nempo si nyai nu ngadadak lungguh, teu pati ponyo kana barang dahar. Awakna geus robah nu tadina lenggik camperenik jadi bukekeng. Suku bareuh, mata celong. Sorot mata siga nu pupus pangharepan. Panonna nu biasana hérang ngagenyas, jadi reueuk ku piceurikeun. Pagawéan si nyai ngan huleng jentul, ngahintul teu bisa ditalék.

Jodo, pati, bagja, cilaka pan geus aya nu nangtukeun ema. Jodo ujang ka si nyai geus ditangtukeun ku nasib. Saha nu nyaho soal pati ema? Ujang bati olohok mata simeuteun basa nempo waruga si nyai geus ngababatang, létahna ngélél kajiret ku ranté nu mangkék dina beuheungna. Matana nu sok biasa dulak-dilak, ayeuna buncelik. Moal boa si nyai téh milu mikiran hayang indit ti ieu tempat nepi ka pondok pangharepan ngeurad beuheung ku beubeur nu biasa dipake dina cangkengna. Lamun enya teh..eumh, tada teuing nyerina kudu nemahan pati ku cara kitu. Nyai..Nyai naha bet luluasan?!

Hayang balik ujang teh ema. Sono ka ema!

Page 13: Dongeng Sunda

Carpon Bahasa Sunda ( Emang Beca )

Tos lami kajantenanana tēh, abdi gē di kelas genep ēsdē kēnēh. Saum kaping lilikuran, abdi diajak balanja ku Mamah ka Pasar Pelita.

Kumargi balanja kanggo lebaran, atuh mani sagala dipēsēr. Bahan-bahan pikuēheun, piacukeun, dugi ka sambeuleun sareng lalabeun kanggo buka.

Kaluar ti pasar, Mamah milarian dēlman,tapi teu aya hiji-hiji acan. Aya gē bēca, Si Emangna keur nundutan. Sanēs emang kētah, da tos rada sepuh, pantesna di sebut Abah.

Mamah sareng abdi hawatos bade ngagugahkeun Si Abah tēh, tapi pan anjeunna gē nuju mialrian muatan. Digugahkeun wēh, mani tibuburanjat boa nuju ngimpen Si Abah tēh.

Balanjaan dihanjatkeun kana bēca, dibantuan Si Abah. Geuleuyeung maju lalaunan,kantenan basa nyorang tanjakan mah bēca tēh karaosna asa gigibegan.

Kumargi hawatos ka Si Abah, Mamah bade lungsur tina bēca. Tapi saur Si Abah tēh wios nu turun mah.Teras Bah ngadorong, kakuping eni rerekētan bēcana, sanēs tuur Si Abah.

Dugi karorompok, nuju panas ērēng-ērēngan. Abah mani ngoprot kēsangna. Hawatos, jaba ngiring ngabantuan nurun-nurunkeun balanjaan, teras dugi ka pawon.

Page 14: Dongeng Sunda

Di lebet, Mamah ngaharēwos. Pasihan cai eueut Si Emang saurna.Teras Mamah ngawadahan kuēh kana pisin, abdi nyician citēh bari kana lumur. Barang srog abdi ka payun, karērēt Si Abah nuju ngalungsar nyanghunjar lambar bari ngageberan salirana ku dudukuyna nu rawing. Ēnggal kuēh dina pisin sareng caina disimpen payuneun Si Abah. Nu di sangka badē haripeut tēh kalahkah bengog neuteup leueuteun, teras Abah ningali ka abdi. Abdi mundur, sieun Abah bendu.

“ Da Emang gē saum, Enēng. Candakan deui we ka lebet,ˮ saurna. Rupina waē Mamah ngadangueun, teras norojol ka tepas bari pupuntenan ka Abah teu cekap ku sakali punten deui punten deui.

Sajabi ti diongkosan, Abah ku Mama dibahanan bēas, teu kant- un kuēh tēa dibahankeun. Mani dodongkoan Si Abah tēh nampina - nganuhunkeun sababaraha kali. Malih aya tambihna, “Diduakeun

- ku Emang, Ibu sing ēnggal-ēnggal jarah ka Mekah,ˮ saurna. Diaminan ku Mamah sareng Abdi. 

Waktos Si Abah tos ngalēos,sanggem abdi ka Mamah,ˮ Geuning tukang bēca gē aya nu saumnya Mah?ˮ

“Muhun Mamah gē teu nyangka,ˮ saur Mamah teras ka jamban bade netepan duhur.

 Lami teu tepang sareng Si Abah, dugi ka boboran. Di Lapang Merdēka, sabubarna netepan Id, gok Si Abah. Horeng namina tēh Bah Toha, harita sareng bojona sareng putrana nu sapantar sareng abdi. Diaracuk, sanaos teu ginding ogē tapi bereresih, katinggal sandal capit Bah Toha weuteuh kēnēh.

Page 15: Dongeng Sunda

Teu hilap harita ogē Bah Toha ku Mamah sareng Apa dikeupeulan, sapertos biasa wē nganuhunkeun sababaraha kali. Nuhun, nuhun, nuhun. Alhamdulillahirobbil’alamin.***