carita rahayat - file.upi.edufile.upi.edu/direktori/fpbs/jur._pend._bahasa_daerah/... · mangrupa...

11
CARITA RAHAYAT CARITA RAHAYAT Drs. Dédé Kosasih, M.Si.

Upload: hoangque

Post on 10-Apr-2019

246 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

CARITA RAHAYATCARITA RAHAYAT

Drs. Dédé Kosasih, M.Si.

Page 2: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Kamus Umum Basa Sunda (LBSS, 1995:84), caritarahayat téh nya éta carios, kecap, omongan, dongéngatawa lalakon. Sedengkeun rahayat atawa rayat nyaéta somah atawa sakumna warga nagara anu dumukatawa ngicingan hiji wewengkon (LBSS, 1995: 409).

Iskandarwassid (2003: 127) nétélakeun yén:Carita rahayat atawa carita balaréa nya éta warnaningcarita heubeul anu sumebar di masarakat, tatalépa kucara lisan, bari teu kanyahoan saha pangarangna. Ku lantaran sumebarna sacara lisan, bisa jadi ngalamanrupa-rupa raéhan (ngurahan, nambahan) jsté, sartanimbulkeun vérsi. Anu kagolong carita rahayatumumna mah dongéng, légenda, jeung mite. Dongéng-dongéng anyar ogé bisa kénéh kaasup caritarahayat asal geus sumebar di masarakat sartaanonym.

Page 3: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Rusyana (1981: 17) netelakeun yéncarita rahayat nya éta carita anuditurunkeun sacara turun-tumurun ti hijigenerasi ke generasi séjénna. Caritarahayat sipatna anonym, nya éta teudipikanyaho saha pangarangna, kusababwaktuna geus lumangsung lila ogé étacarita ngaliwatan proses parobahan ti nunyarita jeung nu ngaregepkeunna tan wates.Numutkeun Rusyana sakelompok caritatradisional Sunda dina sastra Sundaistilahna disebut dongéng (Rusyana, 2000: 207).

Page 4: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Sumebarna sacara lisan ti generasi ka generasi,Sipatna tradisional, nya éta sumebar dina wangunanu relatip angger dina kurun waktu anu lila,Vérsina anu béda-bédaSipatna anonymMibanda pungsi atikan, hiburan, protés social, jeungproyéksi kahayang nu dipendem,Milik balaréa, eusi caritana sajalantarana teudijieun-jieun, lantaran nu nyiptakeun mimitina teukanyahoan,

Page 5: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Tina sakabéh wangun folklor nupaling loba ditalungtik ku para ahlinya éta carita rahayat. Bascom(2002:50) ngabagi folklore kana tilubagian nya éta

1. Mite2. Légenda3. Dongéng.

Page 6: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Mite nya éta carita rahayat anu dianggapbener-bener aya kajadianana jeungcaritana dianggap suci. Biasana mite ngagambarkeun tokoh déwa atawasatengah déwa. Mite umumnanyaritakeun asal mulana ayana alamdunya, manusa, maut, wangun has sato, wangun topografi, jsb. Mite ogényaritakeun kahirupan déwa, ti kisahasmara déwa, pancakaki déwa, ogéperang para dewa (Bascom, 2002:50).

Mite

Page 7: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Légenda nya éta carita rahayat nu miboga ciri-ciri saperti mite, caritana dianggap bener-beneraya kajadianana tapi teu dianggap suci. Nungabédakeun légenda jeung mite nya éta dinaunsur tokoh atawa palakuna. Mite mah tokohnamanusa anu miboga sipat nu luar biasa, jeungaya unsur makhluk gaibna. Sedengkeun legendamah sipatna kaduniawian.Latar atawa tempatlumangsung kajadianana nya éta di alam dunya.

Page 8: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Jan Harold Brunvand ngagolongkeunlegenda jadi opat kelompok nya éta,• legenda kaagamaan (religius legends)• legenda alam gaib (supernatural

legends)• legenda perseorangan (personal

legends)• legenda satempat (local legends)

Page 9: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

- Numutkeun Rusyana dongéng kabagi 4:1. dongéng mite2. dongéng legenda3. dongéng biasa

- Numutkeun Salmun (1963: 103-105) dinaIskandarwassid (2003: 32) ngabagi dongéng jadi lima golongan, nya éta dongéng sato (fabel), dongéngdéwa (mitos), dongéng jalma teu lumrah, dongéngsasakala, jeung dongeng jurig. Kaayeunakeun dongengogé kabagi jadi lima golongan oge nya éta:

1. fabel2. legenda3. Sage4. Parable5. mite.

Page 10: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Dongéng mangrupa carita prosa rahayat, lantarannumutkeun pamadegan Rusyana (2000: 207) istilahdongéng digunakeun pikeun nyebut sakelompok caritatradisional dina sastra Sunda. Dina sastra Sunda ayajenis carita nu dikenal geus ngamasarakat, nu ditarimaku anggota masarakat ti generasi nu saacana.Dongengditétélakeun ku hiji jalma ka jalma nu liana jeungngagunakeun bahasa lisan.

Iskandarwasid (2003: 31) nétélakeun yénNgaran salasahiji golongan carita, diwangun prosa(lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anudikawihkeun, umumna parondok. Turun-tumurun jeungsumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh sahapangarangna atawa anu nyiptana.

Page 11: CARITA RAHAYAT - file.upi.edufile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · mangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative

Dina buku the types of the folktale, anti arne jeungstith thompson geus ngabagi jenis-jenis dongéng jadiopat golongan gedé, nya éta,Dongéng satoDongéng sato nya éta dongéng nu tokohna téhsabangsaning sato, di sunda aya dongéng sasakalahayam kongkorongok subuh, jeung sajabana.Dongéng biasaDongéng biasa nya éta dongéng anu ditokohan kujalma biasa jeung bisana mangrupa kisah sedihkahirupanna, contona CinderelaDongeng lelucon jeung anekdotNya éta dongéng nu tujuanna jeung ngahibur, kawasdongéng si kancil nu pinter jeung sajabana.Dongéng berumusDongéng nu disebut ogé formula tales jeung strukturnamangrupa ulangan.dongéng berumus miboga tilu sub bentuk, nyaeta a) dongéng numpuk loba (cumulative tales), b) dongéng jeung ngaheureyan jalma (cacthtales), jeung c)dongéng nu teu miboga ahir (endless tales).