biantara paturay tineung

1
BIANTARA PATURAY TINEUNG Assalamu’alaikum wr. wb. Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun. Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita. Dina hirup kumbuh di alam pawenangan, tos jadi kodrat irodat mantenna, aya mangsana patepang sareng aya mangsana paturay. Sanaos kitu, ieu acara paturay tineung teh jadi pangjurung laku kanggo abdi sareng rerencangan sadayana anu tos lulus, anu bade undur ti sakola. Tangtos bae maksudna mah supados abdi sadaya heunteu"lali ka purwadaksina", atanapi "kacang poho ka lanjaran". Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan. Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngahaturkeun rewu nuhun,sareng ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu langkung seueur ti Allah SWT. Amin… Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan- harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur. Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.

Upload: ray-ghu

Post on 05-Jul-2015

472 views

Category:

Documents


9 download

TRANSCRIPT

Page 1: BIANTARA PATURAY TINEUNG

BIANTARA PATURAY TINEUNG

Assalamu’alaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuringMungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.

Dina hirup kumbuh di alam pawenangan, tos jadi kodrat irodat mantenna, aya mangsana patepang sareng aya mangsana paturay. Sanaos kitu, ieu acara paturay tineung teh jadi pangjurung laku kanggo abdi sareng rerencangan sadayana anu tos lulus, anu bade undur ti sakola. Tangtos bae maksudna mah supados abdi sadaya heunteu"lali ka purwadaksina", atanapi "kacang poho ka lanjaran".

Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa

ngahaturkeun rewu nuhun,sareng ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos

dipaparinkeun, kenging ganjaran anu langkung seueur ti Allah SWT. Amin…

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur.

Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.