bab iii mÉtode panalungtikan 3.1 lokasi jeung...

19
Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan Lokasi panalungtikan mangrupa tempat di mana panalungtik meunangkeun data panalungtikanana. Ari subjék panalungtikan nurutkeun Arikunto (2010, kc. 188), nyaéta subjék nu dituju pikeun ditalungtik ku panalungtik. Anapon lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung. Ari subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu jumlahna aya 29 urang; 12 urang siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé. 3.2 Desain Panalungtikan Desain nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pre-test and post-test group design. Dina ieu desain, tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Tés nu dilakukeun saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tés awal (pre- test). Ari tés nu dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tes ahir (post-test). Éta desain téh digambarkeun sakumaha ieu di handap (Arikunto, 2010, kc. 124). X Katerangan: : Tés saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés awal atawa pre-test) : Tés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés ahir atawa post-test) X: Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).

Upload: others

Post on 30-Nov-2020

8 views

Category:

Documents


0 download

TRANSCRIPT

Page 1: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi panalungtikan mangrupa tempat di mana panalungtik

meunangkeun data panalungtikanana. Ari subjék panalungtikan nurutkeun

Arikunto (2010, kc. 188), nyaéta subjék nu dituju pikeun ditalungtik ku

panalungtik. Anapon lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung. Ari subjék panalungtikanna nyaéta siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 nu jumlahna aya 29 urang; 12 urang

siswa lalaki jeung 17 urang siswa awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta pre-test and post-test

group design. Dina ieu desain, tés dilakukeun dua kali nyaéta saméméh jeung

sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Tés nu dilakukeun

saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif disebut tés awal (pre-

test). Ari tés nu dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir

induktif disebut tes ahir (post-test). Éta desain téh digambarkeun sakumaha ieu di

handap (Arikunto, 2010, kc. 124).

X

Katerangan:

: Tés saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés awal atawa

pre-test)

: Tés sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés ahir atawa

post-test)

X: Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).

Page 2: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

40

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kuasi ékspérimén

atawa ékspérimén semu. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

modél pangajaran mikir induktif.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel

Variabel nyaéta objék atawa naon-naon anu jadi puseur tilikan hiji

panalungtikan. Dina panalungtikan anu némbongkeun ayana hiji perlakuan

(treatment), geus pasti aya variabel nu mangaruhan jeung dipangaruhanna.

Variabel anu mangaruhan disebut variabel bébas atawa independent variable (X).

Ari variabel nu dipangaruhan disebut variabel kauger atawa dependent variable

(Y) (Arikunto, 2010, kc. 161).

Dina ieu panalungtikan, modél pangajaran mikir induktif mangaruhan kana

kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman. Jadi, modél

pangajaran mikir induktif téh variabel bébas (X) lantaran mangaruhan kana

variabel Y. Ari variabel kaugerna (Y) nyaéta kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,

jeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X.

3.4.2 Wangenan Operasional

Wangenan operasional mangrupa pedaran istilah-istilah nu aya patalina

jeung variabel-variabel panalungtikan. Tujuan ayana wangenan operasional

sangkan éta variabel-variabel jelas, ku kituna teu nimbulkeun ayana salah tapsir.

Anapon wangenan operasional dina ieu panalungtikan téh sakumaha ieu di

handap.

Page 3: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

41

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Nurutkeun Uno (2011, kc. 12), modél pangajaran mikir induktif dina ieu

panalungtikan mangrupa salasahiji modél anu kaasup kana kelompok modél

pangajaran ngolah informasi (information-processing models). Tujuan ieu

modél téh pikeun ngalatih siswa diajar mikir sacara induktif; nyieun konsép

sakaligus ogé ngajarkeun éta konsép jeung cara ngalarapkeunana

(generalisasi). Léngkah-léngkah ieu modél ngawengku diajar ngawangun

konsép (ngira-ngira jeung nyieun daptar, ngelompokkeun, sarta nyieun

katégori jeung ngaran), nguji data (ngaidéntifikasi hubungan-hubungan

penting, ngaéksplorasi hubungan-hubungan, jeung nyieun kacindekan), katut

ngalarapkeun konsép (ngira-ngira konsékuénsi, ngajelaskeun kaayaan séjén,

jeung nyusun hipotésis; ngajelaskeun pangira jeung hipotésis; sarta nguji

bebeneran pangira).

2) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu mangrupa kamampuh siswa

kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngalarapkeun

vokal é, e, jeung eu nu mibanda ciri séwang-séwangan.

3) Nulis mangrupa hiji kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa

dina kertas atawa média séjénna ku parantina. Ari karangan pangalaman atawa

tulisan pribadi nyaéta wangun tulisan anu eusina ngeunaan pangalaman

pribadi nu nulis (Tarigan, 2008, kc. 31). Jadi, nulis pangalaman mangrupa hiji

kagiatan nurunkeun lambang-lambang grafik hiji basa anu eusina ngeunaan

pangalaman pribadi nu nulis dina kertas atawa média séjénna ku parantina.

Jadi, modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 téh nyaéta hiji panalungtikan anu

ngagunakeun modél pangajaran nu mibanda tujuan ngalatih siswa kelas VII-I

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 diajar mikir sacara induktif sarta

ngagunakeun léngkah-léngkah diajar induktif sangkan ngaronjat kamampuhna

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina kagiatan nurunkeun lambang-lambang

Page 4: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

42

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

grafik hiji basa nu eusina ngeunaan pangalaman pribadi siswa; dina kertas atawa

média séjénna ku parantina.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nyaéta

pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data

panalungtikan sangkan pagawéanna leuwih babari jeung hasilna leuwih hadé

(taliti, lengkep, jeung sistematis), ku kituna éta data leuwih babari diolah. Anapon

instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta soal tés préstasi

(achievement test) anu ngawengku soal tés awal jeung ahir sakumaha ieu di

handap.

1) Soal tés awal (pre-test) dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik éssay

atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun

modél pangajaran mikir induktif.

2) Soal tés ahir (post-test) dina ieu panalungtikan ogé ngagunakeun téhnik éssay

atawa ngarang. Ieu soal téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran mikir induktif.

Anapon wangun soal tés awal jeung ahir dina ieu panalungtikan téh

sakumaha ieu di handap.

Wasta :

No. Absén :

Kelas :

Pék jieun ku hidep hiji karangan dumasar kana pangalaman sorangan

kalayan katangtuan ieu di handap!

1) Jejerna bébas.

2) Eusi karanganna sakurang-kurangna dua paragrap.

3) Gunakeun éjahan vokal é, e, jeung eu katut basa nu bener jeung merenah.

_______________________________________________________________

_______________________________________________________________

_______________________________________________________________

_______________________________________________________________

Page 5: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

43

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh ngalarapkeun

vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29

Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran mikir induktif téh nyaéta tés préstasi (achievement test).

Anapon léngkah-léngkah dina ngumpulkeun éta data dipedar sakumaha

ieu di handap.

1) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun

soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina

nulis pangalaman saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés

awal atawa pretés).

2) Pangajaran ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (treatment).

3) Siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 ngerjakeun

soal tés pikeun diukur kamampuhna ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina

nulis pangalaman sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif (tés

ahir atawa postés).

3.7 Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data digunakeun pikeun néangan jawaban-jawaban tina

rumusan masalah anu dipedar dina bab I. Anapon data nu dianalisis dina ieu

panalungtikan téh nyaéta data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina

nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran

2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir

Page 6: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

44

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

induktif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 278), léngkah-léngkah éta analisis data

téh ngawengku persiapan, tabulasi, jeung cara ngalarapkeun data anu dipedar

sakumaha ieu di handap.

3.7.1 Persiapan

Saméméh data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dianalisis,

aya sababaraha persiapan nu kudu dilakukeun heula ku panalungtik sakumaha ieu

di handap.

1) Mariksa ngaran jeung kalengkepan idéntitas siswa kelas VII-I SMP Negeri 29

Bandung taun ajaran 2013/2014 nu aya dina lambar instrumén.

2) Mariksa kalengkepan eusi instrumén data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,

jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung

taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran mikir induktif, kaasup kalengkepan lambar instrumén bisi aya nu

leungit atawa soék.

3) Mariksa wangun eusi data bisi aya data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e,

jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung

taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran mikir induktif nu teu dipiharep ku panalungtik, padahal eusi éta

data téh mangrupa hal anu kacida penting.

3.7.2 Tabulasi

Sanggeus ngalakukeun persiapan saacan data kamampuh ngalarapkeun

vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29

Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél

pangajaran mikir induktif diolah, éta data téh kudu ditabulasikeun heula ku cara

méré skor (peunteun atawa niléy) jeung kode-kode kana bagian nu perlu dibéré

Page 7: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

45

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kode. Pikeun ngababarikeun éta tabulasi, dina nganalisis data digunakeun tabél

3.1 ieu di handap.

Tabél 3.1

Format Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman

Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014

Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif

No. Ngaran

Siswa

Kecap

nu

Dilarapkeun

Frékuénsi

Dilarapkeunna

Éjahan Vokal

é, e, jeung eu

*Kecap

nu

Sakuduna

Bener Salah

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

Jumlah

Katerangan:

* Kecap nu sakuduna; dieusian lamun kecap nu dilarapkeun salah.

Lamun kamampuh siswa geus dianalisis ngagunakeun tabél 3.1, pikeun

nangtukeun peunteunna téh digunakeun rumus ieu di handap. Geus kitu, hasilna

dirobah deui kana peunteun skala lima sakumaha dina tabél 3.2 ieu di handap.

Katerangan:

P: peunteun kamampuh siswa

ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener

ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu.

Tabél 3.2

Peunteun Skala Lima

Interval Perséntase

Tingkat Kamampuh

Peunteun Skala Lima Katégori

0-4 E-A

85% - 100% 4 A Hadé pisan

75% - 84% 3 B Hadé

60% - 74% 2 C Cukup

40% - 59% 1 D Kurang

P = Σ

Σ x 100

Page 8: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

46

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

0% - 39% 0 E Goréng

(Nurgiyantoro, 2001, kc. 399)

Nurutkeun Nurgiyantoro (2011, kc. 401), dina skala lima mah siswa nu

dikatégorikeun mampuh atawa lulus téh nyaéta siswa nu meunang peunteun C

atawa cukup ka luhur.

Geus kitu, hasil analisis kamampuh siswa nu geus dijumlahkeun bener,

salah, jeung sakabéh kecap larapna vokal é, e, jeung eu dina tabél 3.1 katut

peunteunna téh diasupkeun kana tabél 3.3 sakumaha ieu di handap.

Tabél 3.3

Format Peunteun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman

Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014

Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif

No. Ngaran

Siswa

TK

(%)

P Katégori

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Jumlah

Rata-rata

Katerangan:

ΣB: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu bener

ΣS: jumlah frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu nu salah

ΣN: jumlah sakabéh frékuénsi kecap larapna vokal é, e, jeung eu

TK (%): perséntase tingkat kamampuh siswa

P: peunteun.

Page 9: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

47

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.7.3 Cara Ngalarapkeun Data

Data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman

siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung

sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nu geus ditabulasikeun

téh tuluy diolah ngagunakeun statistik anu léngkah-léngkahna ngawengku uji sipat

data, gain, jeung hipotésis.

3.7.3.1 Uji Sipat Data

Uji sipat data kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif téh dibagi

deui jadi dua bagian nyaéta uji normalitas jeung homogénitas.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas mangrupa salasahiji bagian tina uji sipat data kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji normalitas nyaéta pikeun

mikanyaho normal henteuna éta data. Salasahiji cara uji normalitas téh nyaéta

ngagunakeun rumus chi-kuadrat ( ). Ku kituna, dina ieu panalungtikan ogé

digunakeun rumus chi-kuadrat. Dina ngagunakeun rumus chi-kuadrat, aya

sawatara léngkah nu kudu dikerjakeun heula sakumaha ieu di handap.

a) Ngitung Daérah Jangkauan Data (Range)

Daérah jangkauan data (range) nyaéta béda peunteun nu panggedéna

(maksimum) jeung pangleutikna (minimum), nu rumusna sakumaha ieu di handap

(Subana spk., 2010, kc. 38).

r = -

Page 10: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

48

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Katerangan:

r : jangkauan data (range)

: peunteun panggedéna

: peunteun pangleutikna

b) Ngitung Lobana Kelas

Dina ngitung lobana kelas, aya hiji aturan atawa rumus nu ditangtukeun ku

H. A Struges nu disebut aturan Struges sakumaha ieu di handap (Subana spk.,

2010, kc. 39).

Katerangan:

k: lobana kelas

n: lobana data (frékuénsi)

3,3: bilangan konstan

c) Ngitung Interval Kelas

Interval atawa panjang kelas nyaéta béda peunteun nu panggedéna jeung

pangleutikna dibagi lobana kelas. Ieu interval téh ditangtukeun ku rumus

sakumaha ieu di handap (Subana spk., 2010, kc. 39).

Katerangan:

p: interval/panjang kelas

r: jangkauan data (range)

k: lobana kelas

d) Nyieun Tabél Wates Kelas

Wates kelas hiji interval (wk) nyaéta peunteun-peunteun sisi nu aya dihiji

kelas nu ngawengku peunteun sisi handap atawa wates handap jeung peunteun sisi

k = 1 + 3,3

p =

Page 11: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

49

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

luhur atawa wates luhur kelas anu dieusikeun kana tabél ieu di handap (Subana

spk., 2010, kc. 40).

Tabél 3.4

Format Wates Kelas

No. Peunteun Kelas Interval Frékuénsi

(1) (2) (3)

Jumlah

e) Ngitung Peunteun Tengah Kelas

Peunteun tengah kelas nyaéta peunteun nu posisina aya di tengah-tengah

kelas, nu dianggap ngawakilan hiji interval tinangtu anu rumusna sakumaha ieu di

handap (Subana spk., 2010, kc. 41).

f) Nyieun Tabél Distribusi Frékuénsi

Dina ngitung distribusi frékuénsi, digunakeun tabél sakumaha ieu di

handap (Sudjana, 2005, kc. 96).

Tabél 3.5

Format Distribusi Frékuénsi

No. Peunteun

Kelas

Interval

(

)

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Jumlah

Katerangan:

=

Page 12: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

50

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

: jumlah data

: peunteun tengah.

g) Ngitung Standar Déviasi (Sd)

Dina ngitung standar déviasi (Sd), rumusna téh sakumaha ieu di handap

(Sudjana, 2005, kc. 95).

Katerangan:

Sd: standar déviasi

Σ: jumlah (sigma)

: jumlah data

: peunteun tengah

n: jumlah subjék panalungtikan

h) Ngitung Rata-rata (Méan)

Dina ngitung rata-rata (méan), rumusna téh sakumaha ieu di handap

(Subana spk., 2010, kc. 65).

Katerangan:

: rata-rata (mean)

Σ: jumlah (sigma)

: jumlah data

: peunteun tengah

i) Ngitung Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi

Dina ngitung frékuénsi obsérvasi jeung ékspéktasi, digunakeun format

tabél 3.6. Anapon léngkah-léngkahna gé dijelaskeun sakumaha ieu di handap

(Subana spk., 2010, kc. 125).

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Ékspéktasi

=

sd = √ (

) ( )

( )

Page 13: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

51

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

No. Peunteun

Kelas

Interval

Wk L ( )

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Jumlah

Katerangan:

Wk: wates kelas

: Z wates kelas

L: lega Z tabél

: frékuénsi ékspéktasi

: frékuénsi observasi

( )

: Chi-kuadrat ( )

Léngkah-léngkah:

(1) Nangtukeun wates kelas (wk).

(2) Ngitung Z wates kelas (transformasi normal standar bébas kelas) nu rumusna:

(3) Nangtukeun Z tabél.

(4) Ngitung lega Z tabél, nu rumusna:

(5) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, nu rumusna:

(6) Nangtukeun frékuénsi observasi atawa lobana data nu kaasup kana hiji kelas

interval ( ).

(7) Ngitung chi-kuadrat, nu rumusna:

j) Nangtukeun

k) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)

=

L = -

= n x L

( )

Page 14: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

52

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), digunakeun rumus:

l) Nangtukeun Normalitas Distribusi Data

Pikeun nangtukeun normal henteuna distribusi data, éta hal téh

didadasaran ku kritéria ieu di handap.

(a) Saupama < , hartina distribusi data normal.

(b) Saupama > , hartina distribusi data teu normal.

2) Uji Homogénitas

Uji homogénitas mangrupa bagian tina uji sipat data kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

modél pangajaran mikir induktif. Mangpaat uji homogénitas téh pikeun

mikanyaho variasi éta data naha sarua (homogen) atawa henteu. Anapon léngkah-

léngkahna téh sakumaha ieu di handap.

a) Ngitung Variasi Data

Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 95), pikeun ngitung variasi data, rumusna:

b) Ngitung Harga Variasi Data

Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 250), pikeun ngitung harga variasi data,

rumusna:

c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)

dk = k - 3

= (

) ( )

( )

f =

Page 15: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

53

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251) pikeun ngitung darajat kabébasan

(Dk), rumusna:

d) Nangtukeun

e) Nangtukeun Homogén Henteuna Data

Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 251), pikeun nangtukeun homogén henteuna

data didadasaran ku kritéria ieu di handap.

(1) Saupama < , hartina distribusi data homogén

(2) Saupama > , hartina distribusi data teu homogén.

3.7.3.2 Uji Gain

Uji gain miboga mangpaat pikeun nangtukeun naha aya béda nu signifikan

antara kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa

kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung

sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif. Anapon pikeun

ngababarikeun éta uji gain digunakeun tabél ieu di handap. (Subana spk., 2010,

kc. 131).

Tabél 3.7

Format Uji Gain Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman

Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014

Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif

No. Ngaran

Siswa

Peunteun d = y – x

x y

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

dk = n - 1

Page 16: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

54

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Jumlah

Rata-rata

Katerangan:

x: kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif

y: kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif

d: gain.

3.7.3.3 Uji Hipotésis

Nurutkeun Subana spk. (2010, kc. 118), uji hipotésis mibanda mangpaat

pikeun nangtukeun hasil ahir dua pilihan hipotésis; naha éta hipotésis téh

ditarima atawa henteu. Aya dua cara nu bisa digunakeun dina uji hipotésis nyaéta

statistik paramétrik jeung nonparamétrik. Éta dua statistik téh dipedar sakumaha

ieu di handap.

1) Statistik Paramétrik

Statistik paramétrik digunakeun saupama uji normalitas data kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP

Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu normal. Salasahiji

métode statistik paramétrik nu bisa digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta

uji t (t test). Anapon rumus-rumus éta uji t nurutkeun Arikunto (2010, kc. 349)

sakumaha ieu di handap.

a) Ngitung Rata-rata (Mean)

Pikeun ngitung rata-rata (mean), rumusna:

Md =

Page 17: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

55

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) Ngitung Jumlah Kuadrat Déviasi

Pikeun ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna:

c) Ngitung Darajat Kabébasan (Dk)

Pikeun ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna:

d) Ngitung t rumusna:

Katerangan:

Md: rata-rata (mean)

d: gain

N: jumlah subjék dina sampel

Σ : jumlah kuadrat deviasi

t: tés signifikansi.

e) Nangtukeun Ditarima Henteuna Hipotésis

Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh

didadasaran ku kritéria ieu di handap.

a) Saupama > , hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung

hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa

ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

= -

t =

( )

dk = N - 1

Page 18: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

56

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran

2013/2014.

b) Saupama < , hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis

gawé ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa

ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran

2013/2014.

2) Statistik Nonparamétrik

Statistik nonparamétrik digunakeun saupama uji normalitas data

kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas

VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nuduhkeun distribusi data nu teu

normal. Salasahiji métode statistik nonparamétrik nu bisa digunakeun dina ieu

panalungtikan téh nyaéta uji Wilcoxon. Nurutkeun Sudjana (2005, kc. 453),

pikeun ngababarikeun éta uji Wilcoxon, digunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.8

Format Uji Wilcoxon Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis Pangalaman

Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014

Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Mikir Induktif

No. Ngaran Siswa Béda

( – )

Jenjang

| – |

Tanda Jenjang

+ -

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

1.

2.

Jumlah

Rata-rata

Katerangan:

: peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir

induktif

: peunteun kamampuh sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir

Page 19: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung ...repository.upi.edu/11012/6/S_BD_1006712_Chapter3.pdfjeung eu dina nulis pangalaman lantaran meunang pangaruh tina variabel X. 3.4.2

57

Elsa Nurlia, 2014 Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

induktif .

Ari léngkah-léngkah pikeun ngeusian éta tabél di luhur téh sakumaha ieu

di handap.

a) Asupkeun peunteun kamampuh saméméh ngagunakeun modél pangajaran

mikir induktif kana kolom tilu jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran

mikir induktif kana kolom opat.

b) Itung béda (selisih) peunteun kamampuh saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif dina kolom lima.

c) Itung niléy jenjang dina kolom genep tuluy susun ti mimiti nu pangleutikna

nepi ka nu panggedéna.

d) Asupkeun niléy jenjang nu positif kana kolom tujuh jeung nu négatif kana

kolom dalapan.

e) Tingali tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon.

Pikeun nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis, éta hal téh

didadasaran ku kritéria ieu di handap.

a) Saupama < , hartina hipotésis gawé ( ) ditarima jeung

hipotésis nol ( ) ditolak. Jadi, modél pangajaran mikir induktif bisa

ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran

2013/2014.

b) Saupama > , hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung

hipotésis kerja ( ) ditolak. jadi, modél pangajaran mikir induktif teu bisa

ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis

pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran

2013/2014.