biantara paturay tineung siswa aku

Post on 24-Jul-2015

806 Views

Category:

Documents

12 Downloads

Preview:

Click to see full reader

TRANSCRIPT

” Biantara Paturay Tineung Siswa – Siswi kelas IX Taun Ajaran 2009 – 2010 ”

Bissmillahirrahmanirrahim.Assalamu’alaikum Wr. Wb,

Alhamdulillahi rabbil ’alamin Wabihi Nasta’inu Ala Umuridunnyawadin Washallatu Wassalamu ’ala Asrofil Anbiya’i Wamursalin Wa’ala Alihi Washabbihi Ajma’in Amma Ba’du, Robbish Shrohli Sodrii Wayashirli Amri Wahlul Ukdatam Millisaani Yafkhohu Qouli.

Langkung ti payun puji sinareng syukur ka Hadirat Gusti Nu Maha Agung kusabab ridho-Na, urang sadaya tiasa patepung lawung di sakola anu dipika cinta sareng dipika nyaah nyaeta SMPN 1 Margahayu Kabupaten Bandung. Shalawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nyaeta Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sahabatna, para tabi’it, dugi ka urang sadaya anu neraskeun ajaranana.

Bapa Pupuhu SMPN 1 Margahayu anu dipika hormat, para Bapa-Ibu guru SMPN 1 Margahayu, Staff TU sareng PKS, para caraka anu dipika hormat, ka rerencangan sanasib saperjuangan anu dipika cinta, sareng ka adi-adi kelas VII sareng VIIIanu dipika deudeuh, teu hilap oge ka para hadirin anu tos kempel dina acara Paturay Tineung ieu.

Dina kasempetan ieu, simkuring salaku wawakil ti kelas IX bade ngadugikeun biantara anu temana ”PATURAY TINEUNG SISWA-SISWI SMPN 1 MARGAHAYU TAUN AJARAN 2009-2010”. Maksad sareng tujuan acara paturay tineung ieu diayakeun supados siswa sareng siswi kelas IX taun ajaran 2009-2010 teu hilap ka Ibu sareng Bapa guru, hususna sakola SMPN 1 Margahayu Kabupaten Bandung ieu, sareng rerencangan anu babarengan diajartilu taun, sarta kanggo ngiket tali babarayaan urang salaku umat Islam.

Teu karaos pisan tos tilu taun simkuring diajar di sakola ieu, karaosna mah sapertos tilu dinten, nembe oge kamari simkuring ngalaksanakeun MOSB di sakola ieu, ayeuna tos ngarayakeun acara paturay tineung deui. Salami tilu taun urang sadaya nyiar elmu anu dipasihan ku Ibu-Bapa guru sadayana sareng rerencangan sanasib saperjuangan babarengan. Kusabab elmu ieu urang sadaya janten gaduh elmu kanggo bekel di sakola anu leuwih luhur. Sagala rarasaan boh sedih, seneng, susah, ambeuk urang jalankeun sareng rerencangan babarengan, ayeuna ngan janten kenangan. Sakola ieu ngan janten saksi bisu nu ningali sagala kagiatan simkuring sareng rerencangan. Seueur pisan pangalaman di ieu sakola. Simkuring pasti moal hilap ka rerencangan sadayana.

Teu hilap simkuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa-Ibu guru anu tos lapang dada ngajarkeun simkuring sagala materi, anu tos ngajarkeun sagala hal anu positif sangkan simkuring ngartos nu mana anu sae sareng nu mana anu teu sae.teu hilap simkuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan sadayana anu tos ngajarkeun simkuring pentingna sahabatan, ngabagi suka sareng dukana, anu tos masihan amanat ka simkuring. Hatur nuhun oge ka para adi-adi kelas VII sareng VIII anu tos ngahormatan sareng ngahargaan simkuring salaku kaka kelas. Sakali deui hatur nuhun ka sadayana.

Ibu sareng Bapa anu ku simkuring dipihormat ..Simkuring oge nyungkeun dihapunten ku Ibu-Bapa guru kusabab

simkuring gaduh seueur pisan kalepatan anu dihaja nepi ka teu di haja, upami simkuring seueuer lalay kana tugas, upami simkuring nobrol wa di kelas, teu nurut tur teu merhatoskeun kana naon-naon anu ku Ibu-Bapa guru carioskeun.nyungkeun dihapunten ku rerencangan sareng adi-adi kelas VII sareng VIII upami simkuring kirang sopan ka hideup. Nyungkeun dihapunten ku sadayana warga-wargi SMPN 1 Margahayu ieu.

Salian ti eta, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, simkuring nyuhunkeun pidu’ana ti Ibu-Bapa guru sadayana supados lancar neaskeun sakola ka jenjang anu leuwih luhur, supados simkuring janten jalmi anu sukses, janten jalmi anu mangpaat kanggo nusa, bangsa, sareng agama. Simkuring oe nyuhunkeun pidu’a ka sadayana mugia simkuring katampi ka SMA anu parantos janten pilihan simkuring. Amin ..

Harepan simkuring mugia SMPN 1 Margahayu ieu langkung sae deui, sareng nambihan prestasina. Amin .. Mugi para adi-adi kelas VII sareng VIII anu janten penerus angkatan kelas IX ayeuna tiasa ngajagaan nama baik sakola ieu. Simkuring kedah pamit sareng ngantunkeun ieu sakola kusabab simkuring tos LULUS ti sakola ieu anu salajengna neraskeun ka sakola anu leuwih luhur.

Sakedik ti simkuring kango adi-adi anu balageur, simkuring ngaharepkeun pisan yen anjeun sadayana tiasa janten siswa-siswi anu sukses saeng tiasa garetol diajarna sangkan janten murid anu pinter. Ulah sieun kana UN kusabab lamun urang sadaya niat, garetol diajar, sareng getol ibadahna.

Hadirin anu dipka hormat ..Mung sakitu wae amu tiasa kapihatur.hapunten upami simkuring

gaduh seueur kekecepan anu teu merenah. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Meuli hurang ti CiparayRek di beuleum di CicadasUpami urang paturayBakal nineung matak waas

Lamun aya mobil dilelangHayu urang ningaliLamun aya umur panjangHayu urang tepang deui

Wabillahi Taufiq Walhidayah Waridho Wal InnayahWassalamu’alaikum Wr.Wb

top related