serah panganten

3
Nama: Toni Fajar H Kelas : XII-IPA 4 SMAN 22 BANDUNG Assalamualaikum Wr. Wb.Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nastaiinu alla umuurid dunia waddin.Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin,Wa aalihi wa shohbihii ajma-iin. Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, simkuring atas nami kulawargi bapa _____ rawuhrombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung,ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabingahan kapalawargi didieuwirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag dihiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselangkembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribuminampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betahkana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreudmageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti ________ Sareng kulawargi ti________, bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin. Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan tehlumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja waenanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtosbakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana. Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirangmunasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuringsadayana. Palawargi anu mulya. Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara , margi asa piraku ti _________ di jugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka_____ upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari. Ka kulawargi bapa______ Sakalih, Insya Allah sim kuringseja balaka. Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nujadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun______ Anu wastana _____ kadeudeuh bapa _____ Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati

Upload: tony-hermawan

Post on 29-Jul-2015

208 views

Category:

Documents


4 download

TRANSCRIPT

Page 1: Serah panganten

Nama: Toni Fajar HKelas : XII-IPA 4SMAN 22 BANDUNG

Assalamualaikum Wr. Wb.Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nastaiinu alla umuurid dunia waddin.Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin,Wa aalihi wa shohbihii ajma-iin.

Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, simkuring atas nami kulawargi bapa _____ rawuhrombongan,

disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung,ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabingahan kapalawargi didieuwirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag dihiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselangkembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribuminampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betahkana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreudmageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti ________ Sareng kulawargi ti________, bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan tehlumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja waenanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtosbakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana. Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirangmunasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuringsadayana.

Palawargi anu mulya. Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara , margi asa piraku ti _________ di jugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka_____ upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari. Ka kulawargi bapa______ Sakalih, Insya Allah sim kuringseja balaka.

Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nujadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun______ Anu wastana _____ kadeudeuh bapa _____ Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng_____ Putri ka asih bapa_____ Miwah ibu. Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbunakarujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayanareh dina dinten ieu kaping _______ Insya Allah sejana bade di akadan. Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas naminakulawargi ______ seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu _______ Ka pangersa bapa______ sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhursa usap rambut ti handap sausap dampal, rambutna salambar, getihna satetes, napasna sadami, estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng _______ Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi

Page 2: Serah panganten

di_______ mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan, ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna. Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna, kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun. Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jing-jing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta teh tilam kadeudeuh tawis asih ti _____ kanggo neng_____, mugi ulah di tinggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuh piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring. Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti____ Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.Wasalamualaikum Wr. Wb.