puisi sawer di banjar patroman

13
Sawér Nikah Sawér Orok Kalayan asma Pangéran Kalayan asma Pangéran Nu Maha Asih tur Héman Nu Maha Asih tur Héman Mugi ieu janten jalan Nu murah tara bosenan Kénging hidayah Pangéran Utamina kanu iman Abdi ayeuna nembéan Ari sadaya puji Nyawér anu panganténna Kagungan Allah geus pasti Pamugi abdi sadaya Nujadi Raja sajati Dipasihan perlindungan Nu gagah punjul tur sakti Para sadérék sadaya Teu aya deui panutan Jaler istri anu mulya Nu murba di ieu alam Darangukeun ku sadaya Namung salira gamparan Amanat tinu Kawasa Teu aya nyasamian Ibu ayeuna ngawitan Rasul nu janten utusan Nyawér anu pangantenna Anu taat ka Gamparan Ngawurkeun naséhat Al quran Nu kiat nahan ujian Jeung naséhat ti Jungjunan Muhammad anu iman Abdi sadayana syukur Mugi salam miwah rahmat Ka Allah nu Rabbun Ghafur Dikecorkeun ulah pegat Ogé ka nabi nu mahsyur Kulawargi teu kaliwat Muhammad sebagé Rasul Sareng hambaNa nu taat

Upload: zulfikar-nur-aly-nugraha

Post on 30-Nov-2015

109 views

Category:

Documents


2 download

DESCRIPTION

Contoh puisi sawer dalam pernikahan, khitanan, dan kelahiran bayi.nb. untuk sawer sepitan dibaca dari kiri ke kanan

TRANSCRIPT

Page 1: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Sawér Nikah Sawér Orok

Kalayan asma Pangéran Kalayan asma Pangéran

Nu Maha Asih tur Héman Nu Maha Asih tur Héman

Mugi ieu janten jalan Nu murah tara bosenan

Kénging hidayah Pangéran Utamina kanu iman

Abdi ayeuna nembéan Ari sadaya puji

Nyawér anu panganténna Kagungan Allah geus pasti

Pamugi abdi sadaya Nujadi Raja sajati

Dipasihan perlindungan Nu gagah punjul tur sakti

Para sadérék sadaya Teu aya deui panutan

Jaler istri anu mulya Nu murba di ieu alam

Darangukeun ku sadaya Namung salira gamparan

Amanat tinu Kawasa Teu aya nyasamian

Ibu ayeuna ngawitan Rasul nu janten utusan

Nyawér anu pangantenna Anu taat ka Gamparan

Ngawurkeun naséhat Al quran Nu kiat nahan ujian

Jeung naséhat ti Jungjunan Muhammad anu iman

Abdi sadayana syukur Mugi salam miwah rahmat

Ka Allah nu Rabbun Ghafur Dikecorkeun ulah pegat

Ogé ka nabi nu mahsyur Kulawargi teu kaliwat

Muhammad sebagé Rasul Sareng hambaNa nu taat

Page 2: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Agus Eulis putra ibu Bismillah nyawéran ngawitan

Regepkeun masing saéstu Medar ayatna Pangéran

Mun aranjeun teu ngagugu Muga janten perhatosan

Pinasti Pangéran bendu Ka sakur nu ngahadiran

Takdir tinu Mahasuci Para sadérék sadayana

Bet dongkap ka urang pasti Istri pameget nu mulya

Nyata urang laki-rabi Urang téh hirup di dunya

Patepang pameget istri Mung saukur ngumbara

Diriungan ku sadayana Apan urang tos nyaksian

Ondangan ti mana-mana Salami di ieu alam

Nu anomna nu sepuhna Timana urang wiwitan

Pameget sareng istrina Kamana urang wekasan

Sadayana janten saksi Cobi ku sadérék tingal

Ujang eulis laki-rabi Murangkalih nembé medal

Pamugi ka Mahasuci Digolérkeun dina bantal

Jodo aranjeun abadi Ibu ebih tina aral

Ogé urang sakedahna Ya Allah Gusti kawasa

Uninga wiwitannana Ngadamel wujud manusa

Kumaha urang kawitna Manusa henteu ngarasa

Timana urang asalna Diréka satiap masa

Geuning urang keur orokna Ngawitan istri patepang

Gubrag medalna ka dunya Jeung pameget anu lian

Soca lolong duanana Bapa anu ngawalian

Torek nyakitu cepilna Pangulu anu nyaksian

Page 3: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Allah ngaluarkeun arurang Kersaning anu Kawasa

Tina rahim Ibu pun biang Bet nyaah teu asa-asa

Lengkep jeung pangindrana Istri pameget sarua

Taya kakurangan Kitu rahmat ti Hyang Ésa

Kersa Allah geus teu hésé Istri rido ngawulaan

Ahirna ceuli ngadéngé Carogé anu ngawulaan

Panon terus ningali jéntré Henteu aya pacengkadan

Sareng dipasihan haté Sumawon papaséaan

Urang téh dibéré ati Kersaning nu Maha Agung

Pandangan jeung paningali Tilu bulan terus ngandung

Nyata urang ulah lali Ku opat bulan gumulung

Kanu Ngadamel diri Patuangan jadi kembung

Saparantosna sawawa Sang Ibu teu puguh rampa

Dugi ka remaja putra Éstu loba nu karasa

Bet pareng aya jodona Lieur lendeng sebel rosa

Teu terang timana jolna Barangtuang teu mirasa

Takdir tinu Mahasuci Asa hayang asa embung

Bet norojol waé pasti Teu ngareunah lamun ngambung

Najan dihalang ku gunung Opat bulan éstu ngungun

Kadar dongkap ti Hyang Agung Sadaya wanoja maklum

Utang wajib hatur nuhun Getih nu gumulung tadi

Ka Allah nu Welas Asih Diréka kunu Mahasuci

Laku lampah kedah bersih Dina patuangan jadi

Ku Allah sing isin ajrih Manusa nu utami

Page 4: Puisi Sawer di Banjar Patroman

He geulis pangantén istri Taya kakirangana

Regepkeun masing taliti Lengkep jeung pancaindera

Eulis téh dugi ka pasti Malah dipasihan Rohna

Kénging rahmat ti Hyang Widi Nyata aya karaosna

Anaking geulis sing éling Ngeleper geus lima bulan

Sing émut kana pépéling Di lebet éstuning aman

/istri ku nabi digeuing Henteun aya nu ngagokan

Pikeun hakna masing-masing Sumawona ngaheurinan

Laku lampah sing saluyu Éstu ni’mat samemena

Candak jalan nu rahayu Sanajan heurin tempatna

Istri nu soléh pinasti Kokotorna warna-warna

Dipangga-ponggokeun ku Gusti Orok tetep jeung sucina

Istri ibarat permata Anggur salira Ibuna

Disebatkeun na hadisna Ayeuna mah katingalna

Numawi kedah iyatna Cahayaan pameunteuna

Sing leres merenahkeunana Nambih kamanisanna

Ngaran Istri nu sajati Orok henteu ngahalangan

Anu taat ka salaki Sanajan angkat-angkatan

Saban beurang peuting bakti Ngan ukur gugurinjalan

Sanajan dugi ka pati Ibu henteu kawalahan

Dinajankeun anu bener Najan badan salin rupa

Sanés jalan kabalingeur Da kersa nu Kawasa

Istri diwajibkeun taat Ibu henteu éra mawa

Ka carogé kedah hidmat Sumawona aral subaha

Page 5: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Mun carogé nuju angkat Tos jejeg salapan bulan

Urang masing sabar kiat Medal jeung owar-owaran

Nyepeng amanat Nya lamun bisa ditahan

Kadeurang ulah lepat Ditunda saheulaanan

Sing tiasa ngajaga diri Nyeuri teu aya bandingan

Kumaha istri sajati Paur teu aya hinggana

Wanoja anu hakiki Bapa teu puguh cabakna

Nu sumujud ka salaki Tapi bet lucu ahirna

Sabab dawuhan Hyang Manon

Mun istri sok unclang anclong

Kacarogé sering bohong

Pasti ku Allah dibenduan

Mun carogé ngawurukan

Regepkeun ulah berbatan

Sumawonna mun nundutan

Atanapi molototan

Najan geulis tur percéka

Tapi lamun lalawora

Ka carogé teu ngawula

Pasti haram ka sawarga

Istri téh ulah pacuan

Ngicip-ngicip jeung ngasaan

Ngalampahkeun ka cukangan

Nu dilarang ku Pangéran

Page 6: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Mun carogé mulih nyaba

Papag ku budi jeung basa

Hingga carogé carogé ngarasa

Nyaahna teu asa-asa

Agus kasép putra ibu

Cobi ku agus di dangu

Mun kasép ngagugu tangtu

Bakal pinanggih rahayu

Kapungkur ujang nyorangan

Henteu aya nu nyarengan

Ngan badan ujang sorangan

Nujadi poko pikiran

Nanging ayeuna mah ujang

Dinten ieu kénging beban

Bebab ujang ti Pangéran

Uruseun di ieu alam

Rasa salin ti sasari

Bénten keur bujangatadi

Léngkahna gé béda deui

Kasusahna tambah deui

Ujang sebagé pamingpin

Tanggung jawab lahir batin

Bagjana jeung cilakana

Ujang pisan nu nyanggana

Page 7: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Garwa téh ulah diabur

Ubrang abring sareng batur

Pami teu tiasa ngatur

Ahirna timbul ngalantuk

Istri lir manuk japati

Diabur kaman mendi

Teu daék cicing di bumi

Lami-lami palay ganti

Da bongan ujang sorangan

Sok kajeunan jeung antepan

Osok rasa ujang nyaah

Diantep turun ti imah

Ujang téh imam kahiji

Di rumah tangga pribadi

Lamun teu tiasa ngajaga

Engké ku ujang karasa

Sakieu ibu pépéling

Sakedik teu tapi penting

Candakeun ujang jeung nyai

Mung kadé aranjeun lali

Mudah-mudahan Pangéran

Ka aranjeun mikahéman

Dina enggoning rakabi

Di aping kunu Mahasuci

Page 8: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Sawér Sepitan

Kalayan asma Pangéran Kanu sami ngahadiran

Nu Maha Asih tur Héman Muga-muga janten jalan

Ayeuna badé ngawitan Mukakeun jalan pikiranna

Nyawér anu disepitan Hingga caang narawangan

Para sadérék sadaya Padahal mun dilenyepan

Istri pameget sadaya Ku pikiran anu tenang

Nyepitan siga teu pira Ieu téh tos janten korban

Seueur jalma nu mokaha Kuat nahan perasaan

Ibuna sareng ramana Ti barang gubrag nyaahna

Nyaahna kabina-bina Di ponggo di dama dama

Kanu janten putrana Diperhatikeun tuangna

Dijaga sapapanjangna Dijaga eukeur kulemna

Mun reungit eunteup ka budak Sang Ibu tibra kulemna

Enggal Ibu gugah cengkat Budak nangis di gédéngna

Reungit énggal ditepak Énggal dirampa budakna

Bari diusap ku wedak Da bisi baseuh imbitna

Mun baseuh énggal diganti Ningal kanyaah Ibuna

Kunu garing ati-ati Ka putra nu saéstuna

Tos bérés disimpen deui Nya kitu deui Ramana

Kana tempatna nu tadi Sami teu aya béntenna

Page 9: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Barang nincak dua taun Budak kedah disepitan

Ibu-ramana sok bingung Bari hajat sukan-sukan

Hariwangna téh kalangkung Sakapeung sok raraméan

Lantaran parantos umum Pésta bari peupeuncitan

Sanajan anu teu boga Putra nu dipusti pusti

Tapi sok saaya-aya Anak lalaki ngan hiji

Dahar ngumpul jeung baraya Dipotong harita pasti

Ngondangan para tatangga Motongna manggil paraji

Budak ceurik jejeritan Ibu rama ngawas ngawas

Nyerieun antep antepan Ka putra nu dipiwelas

Getih banjir na lahunan Harita dugi ka ikhlas

Ngan saukur diupahan Henteu risi henteu reuwas

Nu puguh mah sabalikna Nyumponan papagon Islam

Bingahna kabina-bina Nu dicandak ku utusan

Lantaran atos laksana Muhammad anu nyontoan

Nyunat nu janten putrana Ka sadaya ummat Islam

Cobi ayeuna lenyepan Na ieu téh tos sampurna

Ku kaom nu ngaku islam Ku pesta sareng sunatna

Nu parantos disepitan Bari teu daék solatna

Nganggo pésta sukan-sukan Sumawon sareng zakatna

Hukum Islam dipilihan Maké jeung ungked-ungkedan

Asal ngeunah ceuk sorangan Samak hayoh diciuman

Cukup pédah tos disundatan Da ganjarn moal datang

Teu kudu loba pikiran Ngagubrag kana lahunan

Page 10: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Hirup mah da cenah gampang Agama dianggap satru

Entong maké halal haram Sabab ngahalangan napsu

Nu datangna sambarangan Nu jahat sarta kalangsu

Ngahalangan kamajuan Taya bédana jeung asu

Asal dahar jeung pakéan Rarasaan téh rék lana

Nu jadi poko tujuan Hirup bakal salawasna

Hirup henteu jeung aturan Nyawa mo aya tungtungna

Ingkar ti hukum Pangéran Padahal aya anggeusna

Sihoréng téh geuning awak Dihantem diawas awas

Lamun ningal eunteung nyeblak Rambut hideung jadi bodas

Bet gening awak téh ruksak Waos nu bodas nyacas

Padahal teu tinggal wedak Sadayana ogé laas

Kulit nu héjo carulang Pangambung kuwung kuwungan

Naha ayeuna bet belang Bet siga nu ngarenyohan

Kokoloteun nararumpang Panangan kaya gondéwa

Dina raray ngagaralang Ayeuna teu walakaya

Soca nu curuleuk méncrang Para sadérék miarsa

Ayeuna cahyana kurang Mun enya urang kawasa

Ningal ogé ramang-ramang Pasti nolak péot bisa

Siga aya nu ngahalangan Nu datangna teu karasa

Najan dokter ti Éropa Najan tukang jamu rendang

Teu sanggupeun nambah nyawa Bisa nambah kakuatan

Sangkan hirup urang lana Malihara kangoraan

Di dunya sakama kama Ahirna mah kawalahan

Page 11: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Sabab umurna ngolotan Teu cara waktu keur ngora

Panyakit B dararatang Tihothat néangan dunya

Boson, bélek, batuk nyangsang Sieun hirup henteu kaya

Badan kurang kakuatan Poho kanu Kawasa

Padahal wungkul tipuan Gedong sawah jeung berlian

Ka urang teu ngabélaan Ngan ukur ngalelewaan

Najan urang jejeritan Urang balik ngan sorangan

Dina waktu maot datang Teu aya nu ngabaturan

Carogé nu mikacinta Ngan amal nu nuturkeun

Ngan ukur hujan cimata Henteu daék ditinggalkeun

Indung bapa sareng putra Nu saéna pibatureun

Teu aya nu miroséa Nu salahna nyilakakeun

Tah ieu sawér nyepitan Yén urang tos disunat

Muga-muga janten jalan Ibu rama atos hajat

Ka anu tos jaranggotan Kawin maké maca syahadat

Pamugi ulah lalian Anu kitu kadé lepat

Éta téh papagon Islam Mun kitu taya gunana

Nyata hukum ti Pangéran Sunatna jeung syahadatna

Kari-kari dipilihan Malahan tambah dosana

Néangan nu hampang gampang Islam sakadar ngarana

Panutup urang ngadunga Sing janten hiji pamuda

Ka Pangéran nu Mulya Pamuda harapan bangsa

Murangkalih sing waluya Béla agama jeung nusa

Di rahmat kunu Kawasa Ku ujang tong asa asa

Page 12: Puisi Sawer di Banjar Patroman

Beban anu dipayunan Didungakeun ku sadaya

Ku Ujang bakal kasorang Ujang sing janten nu mulya

Seueur cobaan rintangan Tukang nulung ka baraya

Lamun kurang kurang iman Nyaahan ka balaréa

Simkuring badé pamitan Mugi ngahapunten baé

Ka sadaya nu mayunan Margina simkuring nembé

Tamat nyawér nu nyepitan Tebih tina basa saé

Cacap dugi ka wekasan Untung teu kasima ogé