mangle 2433

57

Upload: daniel-bear

Post on 12-Dec-2015

945 views

Category:

Documents


13 download

DESCRIPTION

Majalah Sunda

TRANSCRIPT

Alhamdulillah, saparantosna urang nyeueurkeunmahabbah, ti kawitan sasih Rojab dugi ka sasihSya’ban, ayeuna cunduk kana waktuna, urang

ditepangkeun deui sareng sasih anu mulya, nyatana sasihRomadon. Sasih nu disebat sayyidusuhur, panghulunasakabéh bulan. Margi dina éta sasih, dilungsurkeunanarohmat, dilungsurkeun mangpirang-pirang magfirohsareng ditebihkeunnana tina seuneu naraka. Kaunggel,sakumaha dina pidawuh Kangjeng Rosul, fiawwalirohmah, waao satuhu maghfiroh waahiruhu itquminan nar.

Para Mitra Manglé,Pasipatan manusa nu sarwa balagah jeung lemah,

ayeu na pisan tiasa diriksa ku mangrupa-rupa ibadah.Sawangsulna, upama manusa dina sasih mulya ieu masihangger balangah jeung lemah, tangtos moal kéngingganja ran puasana.

Margi kitu, para mitra Manglé, dina ngawitan sasihanu mulya ieu, mangga urang siapkeun diri, nu diantawis -

na; 1.Didikan jasmani, nyaéta tumuwuhna jasmani jeungmulasara kaséhatan. 2.Didikan kasopanan nyaétangalelempeng létah (ucapan) jeung ngoméan raga dinangalampahkeun hirup. 3.Didikan aktual nyaétaminterkeun akal pikiran sarta ngajuruskeunana ka nulangkung maslahat. 4.Didikan kaparigelan nyaétangalatih gawé geusan nyiar kabutuh hirup. 5.Didikanilmiah, nyaéta upaya ngalengkepan manusa reujeungélmu pangaweruh anu bener tur ajén guna. 6.Didikanméntal, nyaéta ngahudangkeun acining rasa reujeungkaéndahan alam, geusan nyadap pangajaranana. 7.Didikan sosial kamasarakatan, nyaéta ngawanohkeunkana hak-hak masarakat. 8.Didikan rasa kamanusaaan,nyaéta rasa duduluran di antarana umat manusa.9.Didikan ahlak (moral spiritual), nyaéta ngalempeng -keun katukuhan reujeung katoatan kana sagala paréntahAlloh ogé ngajauhan laranganana. 10. Didikan rohani,nyaéta ngaronjatkeun rohani geusan sumambung reu -jeung Sang Kholiq, Alloh Azza Wajalla, Alloh Swt.Mudah-mudahan. ***

Marhaban Ya Romadon

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.

RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Karta- di-

brata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian

Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/ PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti

(Tasikmalaya); Gun-Gun (Puwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista

(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

KOLOM

Hadé Ku Omong Goréng Ku Omong

Tatang Sumarsono .......................... 17

PURIDING PURINGKAK

Jurig Imitasi

Eddy Ruswandy .............................. 24

IMPLIK-IMPLIK

Makalangan di Batawi

Ngondang Wisatawan ka Majalengka

......................................................... 46

SAJAK

Balung Tunggal

Arom Hidayat ................................ 49

CARITA PONDOK

Sapuluh Tips Ma(n)yunan Saum

Ihung ............................................... 20

Si Munggah

Féndy Sy. Citrawarga ........................ 22

Si Panyajak Oni

Déri Hudaya ....................................... 26

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Munara Cahya ................................... 14

Dongeng Aki Guru ............................ 17

Mimbar Atikan .................................. 21

Gedong Sate ...................................... 28

Mangle Alit ....................................... 32

Katumbiri .......................................... 37

Nyusur Galur .................................... 42

Carpon Lucu ..................................... 49

Pangalaman Para Mitra ..................... 50

Ha... Ha... Ha ..................................... 52

Bale Bandung .................................... 54

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (165)

............................................................. 10

Gogoda Ka Nu Ngarora (3)

M.A. Salmun

............................................................. 12

­Sekar­Manglé

Fauziah

6LAPORAN

Pamingpin

Mahing Kiruh ti Girangna

Po

tre

t : R

eis

yan

Wilujeng énjing Baraya! Wilujeng pen-dak deui sareng Ceu Onnok, si penyiarnu bageur téa, penyiar nu manis taya

duana. Pendak dimana? Dimana deui,lintang di radio anu maneuh, radio

kameumeut urang sadaya, Manglé FM.Radiona urang Sunda nu gumbira!

.................................

20Sapuluh Tips

Ma(n)yunan Saum

Panata Rias & Raksukan: ARGAPUSPA Jl. Melong Kaler I No. 2

Bandung Telp. 022 – 91600157 HP.087821252077

Puasa

Ceuk ustad, bagja pisan cenahmun urang bisa nyorang deuipuasa salila sabulan cam-

pleng. Urang gé percaya, loba pisanganjaranana cenah lamun urang bisanyubadanan ibadah puasa dinabulan Ramadan téh. Tangtu,puasana gé henteu asal kitu baé.Puasa anu mabrur téh lamun di -pilampah kalawan nyubadanansagala katangtuan jeung nyegahsagala pantanganana. Ceuk ustaddeui waé éta téh.

Ceuk para ahli, lamundimangpaat keun kalawan optimalpuasa salila bulan Ramadan téhbakal luar biasa mangpaatna. Éféknabisa ngawengku kana sagala widang.Dina urusan kaséhatan apan beukidieu beuki sapagodos pamanggihpara ahli téh. Puasa gedé pisanmangpaatna pikeun nyéhatkeunawak. Salila bulan Puasa awak urangkudu matok kana disiplin anu teubisa ditawar. Dimimitian ku saurdina mangsa janari, disambung kupuasa sapoé jeput, kakara bisabarangdahar deui téh dina waktunamagrib. Ku cara mayeng kitu pada-haran urang bakal robah gawéna,kana awakna bakal leuwih séhat. Étaanu pokona. Ditambah deui kuibadah sunahna, boh tarawéhna bohtadarusna. Latihan fisik samodélkitu bakal alus pangaruhna kana sis-tem saraf jeung jalanna getih. Komodeui lamun dibarengan ku niat anuihlas, pasrah.

Sawadina, salila bulan Puasasagala rupa anu didahar ku urangtéh kudu kadaharan anu halalwungkul. Boro-boro anu haram

dalah anu makruh gé kuduna di-jauhan. Lamun anu didahar kuurang kaasupan anu teu halal, ka-maslahatan ibadah puasana bakalngurangan.

Ari anu kasebutna teu halal, lainngan sakadar barangna wungkultapi ogé prosésna. Gampangna mah,salila bulan Puasa omat ulah korup -si. Lantaran naon baé anu tina hasilladang korupsi bakal milu ngura -ngan kana mabrurna puasa téa.Malah bisa jadi mubah.

Lamun bener-bener dijalankeun -ana kalawan kitu, meujeuhna lamunibadah puasa téh kamaslahatananabakal luar biasa. Tina nu saréatnangantep beuteung lapar salila sapoéjeput, mangpaatna lain ngan ukurkana badan tapi kana jiwa ogé bakalberesih. Lamun jiwa urang geusberesih, pasti urangna ogé moalsarakah.

Ari salasahiji anu ayeuna keurjadi mamala ka sakumna bangsaurang apan lantaran loba pisan anusarakah. Rék para politisi, rék nuarusaha, kitu deui kaom terpelajar -na, kaasup para ulamana, kum teudiwiji-wiji saréréa mani keur saru-manget pisan ngalajur napsu.

Pulitik hayoh wé diparékos-parékoskeun, geus leungiteundikaéra asal meunang untung.Agama ngan semet paséhat dinanepikeun ajaran-ajaranana tapi ariprakna mah wallahu'alam. Atuhkaom terpelajarna ogé teutinggaleun ngajarualan élmu jeungpangabisa demi kalungguhan jeungpanghasilan.

Keur meujeuhna mahabu ku anu

kararitu di urang ayeuna téh. Jeunggeus karandel kulit beungeut deuih.Henteu kudu susah-susah kokoréhnéangan keur contona, da unggalwaktu nembrak di mana-mana.Komo deui ayeuna, mani siga kananaon nyanghareupan pemilu 2014téh.

Asana teu euweuheun nagarabatur gé anu ngagegedékeundémokrasi. Tapi asa arang langkaanu nyucud saperti di urang. Cenahkabéjakeunana dina lebah ngokola -keun nagara urang téh ngiblat pisanka Amérika Serikat. Duka teuinglebah mana nu jadi kiblatna, da apannu ngaranna nagara Amérika Serikattéh sakitu legana. Jeung duka naondeuih anu dijadikeun kiblatna téh.Da buktina, lamun ngiblatna kaWashington, dina lebah tata tertibngurus nagara nu jareneng diJakarta téh sama sakali henteunyon to aturan jeung disiplin nu di-paraké ku anu ngalantor di GedungPutih. Cenah ngiblatna ka New York,buktina irama jeung aturan usaha nuaya di urang henteu saperti nu aya diditu.

Papadaning kitu, perkara pajarurang ngiblat ka AS téh geus pirang-pirang dikritik. Tapi euweuh hiji géanu kalawan nembrak sanggup méréconto anu leuwih bener nepi ka bisaditurutan ku saréréa.

Tangtu, nu ngaranna ngurusnaga ra jeung ngurus bangsa moalcukup lamun anu jadi patokananangan sakadar élmu. Kudu dibare -ngan ku iman, cenah. Ari salasahijitarékah pikeun ngandelan iman téhnya puasa. Tinggal buktina. AM

Manglé 2433 3

4 Manglé 2433

Wilujeng Saum

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Punten ngiring ngin-tun serat kanggo roha -ngan Koropak Mangle.Simkuring ngahaturkeunwilujeng tepang deuisareng sasih Romadonanu mulya, nu dilebetnaseueur kamulyaan. Kukitu na, hayu urang eusisasih ieu ku rupa-rupa ka-hadean sareng ngariksadiri kana lampah nusalah, kana laku nu sokkalan-kalan seringpatoja iyah.

Utaman deui ka pama -rentah, nu kiwari seueurkadangu masalah korup -si, musibat, pacengkadanjeung sajabana, mugi dinasasih saum mah, teu ayakajantenan kitu, malihantiasa dijagi dugi ka sabadarengse sasih Romadon.

Nyi Mangle anu geulis,Simkuring oge, ngemutanka para mitra, mugi singkiat urang ngalaksana -keun saum. Komo urangmah da urang Sunda, nucek kolot baheul, urangSunda mah biasangalaksana keun saum,henteu wae saum wajibdina sasih Romadon.Dalit na urang Sundajeung Agama Islam oge,apan kedah jadi dasarkeur urang Sunda masingnyaketkeun deui sarengagama Islam. Lantaran,diantawis ciri urangSunda apan, jalmi nudalit pisan, nu salawasnatiasa nyumponan ajaranagamana. Margi kitu,mudah-mudahan waepara mitra dimana wae,dina nanjeurkeun agamaIslam salami sasih Roma -don oge, seueur da’wahteh nganggo basa Sunda,

basa lembur urang sora -ngan. Ieu memangperyogi kasadaran sarengkawijakan ti pamarentahJawa Barat atanapipamaren tah kabupaten/ -kota di Jawa Barat.Simkuring mah, asareueus kacida, pamida’wah Sunda di-hangkeutkeun deui, ulahdugi basa Sunda nukacida endahna, dianggoda’wah ku umat nu sanesIslam. Sakitu, haturnuhun.

Wassalam,

Ujang NajmudinTi Tasikmalaya

Jujur jeung Daria

Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Damang Manglé?Punten ngiring nyerat.

Ku seueurna pasualanbangsa, jigana ulahnyalahkeun teuing pihak-pihak nu teu walakaya.Pacogregan di sababarahatempat, boa-boa ieu tehbalukar tina conto parapangagung nu nyarekelkalungguhan di luhur nuteu teu weleh pareum-pareum. Ketak para pihaknu resep ngulinkeunhukum jeung sipat egoispajabat, geus puguh etateh teu mere conto nuhade. Sanajan nu kitu tehbentuk perjuangannanjeur keun hukum, tapikajujuran mah kudunomer hiji. Di urang lobapajabat, tokoh politik nusiap ngalawan kadoliman,tapi moal aya hasilnaupama teu siap jujur.Jiga na kudu aya gerakansiap jujur.

Punten-punten ka

para pangacara, ulah asalbisa ngabela nu jugalabari resep nyumputkeundata. Sanajan kakaramampuh paheuras-heuras genggerong, tapiyakin ahirna nu jujurbakal meunang. Kitu deuidina bentuk gerakan,sanajan loba gerakan antikorupsi, gerakan antimanipu lasi, salila teu ayagerakan jujur mah jiganamoal eureun-eureun ieumasalah teh.

Tah, di tatar SundaJawa Barat nu kasebutloba potensi, jiganapantes lamun jadi conto,aya gerakan kajujuran.Nu ngokolakeunanatangtu para pajabat ogepara inohong. Kituna tehsahenteu aya hikmahkeur dirina sangkan jujur.

Cek kuring mah,

masalah bakal benerupama cumpon ku duaperkara. Hiji jujur kaduadaria. Sanajan kasebutnadaria (transparan) tapiteu jujur moal ayabarokahna. Kitu deuisanajan jujur tapi teudaria, moal oge ayapalajaran ana.

Tah, ningal pasualanpacengkadan antar lem-baga di luhur, tangtukudu sagancangna sala -dar. Ulah aya hiji oge nungarasa bangsa ieu teh nudirina.

Sakitu wae nya NyiMangle. Sakali deui haturnuhun. Hurip Sunda!

Wassalamu'alaikumWr. Wb.

AbdurahmanBandung

Manglé 2433 5

Rancagé

Kacaritakeun mangabad-abadkatukang, Jonathan Rigg,urang Inggeris, muka per -

kebunan enteh di Jasinga, Bogor Kidul.Tetela eta pangusaha ti nagara LadyDiana teh katarik oge nyusun bukukamus basa Sunda. Salila sabelas taun( 1843-1854) manehna ngadekulngumpulkeun kekecapan basa Sunda.Nya teu burung hasil ngawujud mang -rupa buku kamus dijudulan A Dictio -nary of The Sunda Language of Java.

Puguh wae buku bieu teh poharapentingna, lain wae mangrupa bukukamus dwi basa Sunda-Inggeris, tapioge mangrupa sumber dokumentasiaspek-aspek kahirupan urang Sundajaman harita. Upamana wae, kacatetcara tatanen urang Sunda harita,nyawah jeung ngahuma. Atuh pare nudipelak oge aya dua rupa, pare sawahjeung pare huma atawa pare pasir.Matak helok, tetela pare sawah ayakana 45 rupana, ari pare huma sakitureana nepi ka 150 rupana. Naon wae?Diantarana nu kaasup pare sawah teh,Sisit Naga, Gajah Menur, Seri Kuning,Cere Bogor, Cere Malati, BeureumGede, Beureun Loyor jeung sajabana.Atuh nu kaasup pare huma, diantaranaBentik, Beunteur, Campaka, Bujang,Bunar, Beureum Manggala, BeureumRanda, Beureum Sereh, Ketan Ban-teng, Ketan Asmara, Ketan Jaleha,Ketan Kerud, Ketan Kidang jeungsajaba na.

Matak panasaran, naha rupa-rupapare nu kasebut dina kamus beunangnyusun Jonathan Rigg bieu teh ayeunaaya keneh? Atawa geus musnah?Malah lain wae saukur matakpanasaran, tapi campur oge jeungkamelang. Balukar modernisasi, jelaspola hirup masarakat Sunda, hususnamasarakat tani ngarandapan robahansakitu rosana. Cara tatanen geus robah,tina cara tatanen tradisional kana caratatanen nu ngalarapkeun padikamode ren. Atuh pakakas nu diparakeku patani oge geus robah, upamanawae etem nu nepi ka taun 60an di-

parake keneh ku para wanoja mangsadibuat, ayeuna mah geus teu aya deui.Lian ti kitu, kaaripan hirup masarakatpatani nu pohara mentingkeun watekrajin, taliti, leukeun, sabar, ngahormatsasama jeung ngarawat kabeungharanalam geus rea nu kagiridig jaman.

Perlu didokumentasikeun

Jelas, kahirupan masarakat tani ditatar Sunda, ngawengku cara hirup,ajen inajen nu jadi ageman jeung aspekbudaya sejenna, pohara pentingna di-

dokumentasikeun. Hal kitu poharaperluna keur nambahan pangaweruhmasarakat Sunda kiwari, hususnagene rasi ngora, enggoning miwanohkabudayaan masarakatna ti mangsa kamangsa.

Tah, maksud kitu nu ngajurungmedalna buku Kompendium IstilahSistem Pertanian Tradisional Sunda nudisusun ku Darpan, M.Pd, Drs. Abdu-rachman, Atik Soepandi, S.Kar, Drs.Dasum Muanas jeung Prof. Dr. YusRusyana. Ieu buku teh mangrupa hasilpanalungtikan ka masarakat tani disababaraha kabupaten, di antaranaKabupaten Bandung, KabupatenCiamis, Kabupaten Majalengka, jeungKabupaten Lebak.

Eusi buku bieu, garis badagnangawengku Sistem Pertanian Tradisio -nal, saperti ngagarap sawah, pakakastatanen tradisional, istilah-istilah tata-nen tradisional saperti ngaran waktutatanen, ngaran –pakakas tatanen,kaayan pare, hama pare, gawe selinganpatani jeung sajabana. Satuluynanetela keun rupa-rupa pare pajamananJonathan Rigg, Pare dina kasusastera -an Sunda, panutup daptar istilah tata-nen tradisional Jawa Barat.Dilengkepan ku gambar jeung bibliog -rapi.

Lian ti nataan pakakas tatanensaperti arit, asahan, aseuk, balincong,etem, pacul, rancatan jeung sajabana,ditataan oge parabot dapur sapertiaseupan, boboko, ayakan, bekong,bokor, cecempeh, padaringan, pendil,para seuneu jeung sajabana. Kitu deuiusum tatanen saperti usum tebar,ngarambet, usum pibuateun jeungsajaba na.

Ieu buku karek mangrupa ihtisar,daptar istilahna ringkes pisan. Conto,ngaran rupa-rupa manuk di sawah ku-rang disebut. Kukituna, pohara perlu -na dituluykeun nyusun buku kamusistilah tatanen lengkep make gambaratawa leuwih afdol deui ensiklopediangeunaan tatanen di tatarSunda.Iraha? (kk) ***

Pare ti Abad ka Abad

Judul :Kompendium Istilah Sistem Per -tanian Tradisional Sunda

Panulis: Darpan M.Pd, Drs.Abdurachman,Atik Soepandi,S.Kar, Drs. DasumMuanas, Prof.Dr. Yus Rusiana.

Panerbit :PT Dunia Pustaka Jaya, gawebareng jeung Universitas Padja -djaran. Citakan ka hiji, Mei 2013.

Pilihan gubernur geus lila

lekasan. Bulé hideungna geus

puguh. Tapi, lain hartina

réngsé pasualan, da nu pen -

ting mah, kumaha satutas

kapilih tur mancén gawéna.

Malah, satutas gupernur

jeung wawakilna diistrénan,

rahayat loba nu nebarkeun

harepan anyar.

***

Upama kapamingpinan tatarJawa Barat jadi panalingabalaréa, tangtu lantaran

tina pentingna kalungguhanpaming pin. Ku lantaran kitu, teuanéh, upama ketak jeung paripolahpamingpin téh pada moconghok,pada nalingakeun ku balaréa, kaa-sup ku para ahli pamaréntahan,saperti Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH.,M.Si., Guru Besar UniversitasPadja djaran (Unpad), Bandung.

Pamingpin, ceuk Prof. Asepsamistina apal kana keteg hatémasarakat. Apal kana harepan-harepan jeung impianana. Lian tikitu, apal deuih kana pasipatanana.“Pasipatan urang Sunda umumna,hormat ka kolot, ngajénan kaumintelek tual, ogé para inohongna,”pokna.

Pamingpin, keur urang Sundamah, kaasup inohong hormateun.Atuh, pamingpin ogé kudu jadipiconto eun. “Margi pamingpin mahgambaran sareng etalasenamasarakat. Ku lantaran kitu,paming pin mah kudu jadi conto,

ulah nepi ka kiruh ti girangna mundipapadékeun kana walunganmah,” pokna basa ngobrol sawatarawaktu ka tukang di Kampus Pasca -sarjana Fisip Unpad, Dago, Ban-dung sawatara waktu ka tukang.

Mun pamingpin jadi gambaranmasarakatna, ceuk ieu Dekan FisipUnpad téh, paripolah jeung ketakéta pamingpin kudu mampuhnganteur kahontalna harepanmasarakat. Pilihan masarakat,gambaran kapercayaan ka paming-pinna. “Jangji-jangji jeungkasanggu pan calon pamingpinwaktu kompanye, kudu dilaksana -keun satutasna kapilih!” poknatandes naker.

Sarua Kuat

Pilihan langsung anu ‘sapaket’jadi kakuatan keur éta papasangan

pamingpin. “Boh gupernur bohwakilna ngagaduhan kakiatan anusami,” pokna.

Kakuatan nu sarua kitu, najanbéda-béda pancén, tetep geusankaraharjakeun masarakat. Atuh,masarakat gé satutas éta calonkapilih, baris mopohokeun asal-usul jeung kasang tukang étapaming pin, kaasup teu masualkeundeui partéyna. Anggapanmasarakat saperti kitu, ceuk Prof.Asep, sawadina ogé jadi bahantinim bangan daria pamingpin diJawa Barat.

Pamingpin saperti gupernurjeung wawakilna, ngemban amanatbalaréa. Atuh, jabatanana disebut -na téh jabatan publik. Hartina,upama éta pajabat ngalaksanakeunkakawasaanana atawa wewenang -na, hartina téh keur kapentinganbalaréa, demi kamaslahatan

6 Manglé 2433

Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung

PamingpinMahing Kiruh ti Girangna

Manglé 2433 7

saréréa.Kumaha ari pamingpin nyura-

han anggapan masarakat sapertikitu? Tangtuna ogé sagala raran-cang jeung prak-prakananamancén gawé kudu demi masarakatsakumna. “Tah, tumali sarengpancén gawé, apan aya aturan anujinek,” pokna.

Patokan keur pamingpin, lian tiundang-undang jeung aturan, ogéaya étika. Tangtu wé papagon étikamah, lain bener jeung salah, lain

hadé jeung goréng, tapi pantesjeung teu pantes. “Dina jabatanpublik ogé kedah ngagaduhan étikaanu tangtu,” cek ieu panitén politikjeung élmu pamaréntahan téh.

Nyaritakeun sual étika pajabatpublik, obrolan Manglé gé ngalegotkana pamanggih masarakatngeuna an Wakil Gupernur JawaBarat, H. Dedi Mizwar nu masihkénéh jadi béntang iklan. Wagubmasih kénéh remen midang dinalayar kaca, ngiklankeun ‘barang’dagangan. “Taya ari aturan nungalarang mah, mung dumasarkana étika, pajabat publik mah teupantes ngiklankeun barang daga -ngan,” ceuk H. Asep dibarungmésem.

Upama ketak wagub saperti kitujadi bahan adu-rényom dinapakalangan balaréa, cek Prof. Asep

kudu dima’lum. “Eta téh hiji ka-hariwang masarakat nu saleresnamikanyaah ka pamingpinna,”pokna.

Kumaha atuh mistina? Ceuk H.Asep Kartiwa, upama masih ayakénéh sésa kontrak, karingabadamikeun wé jeung mérékontrak téa. “Tiasa di négo ulang,”pokna tandes. Hartina, kontrakiklan antara pangusaha jeung wakilgupernur Jawa Barat kudu di -imeutan deui. “Tangtos pangusaha

gé bakal ngartos,” pokna. Hartina,pihak pangusaha ogé moal nga-bangbaluhan wakil gupernur. Lan-taran, masing-masing pihak geussilih percaya. “Ayana kontrak iklantéh apan hasil tina silih percaya.Hartina, masing-masing pihak gékedah silih ajénan,” pokna.

Demi Kapentingan Warga

Pamingpin téh harepanmasarakat. Nu milih jeung nukapilih, geus ngalaksanakeun tékenkontrak. Hartina, rahayat mikeunsabagian ‘wewenang’ jeung‘kakawasaanana’ ka pamingpinna.Saterusna, nu ngurus ngaturkahirupan rahayat téh pamingpin -na. Ku lantaran kitu, pancén-pancén nu lain keur kapentinganmasarakatna, ulah nepi ka nga-

ganggu pancén nu samistina.Harepan kawas kitu, ogé lantaranmasarakat hayang éta pamingpinngalaksanakeun pancén gawénakalayan gembleng.

Mangsa bakti lima taun kahareup, ceuk tilikan Prof. Asep, lainhanca garapan nu eunteung. Komodeui, ditumalikeun jeung kasang-gupan calon waktu kompanye. “Nudijangjikeun kedah cumpon,”pokna.

Dina panitén ieu ahli élmu

pamarén tahan, léngkah-léngkahmitembeyan nu digarap ku guper-nur jeung wawakilna, kudu sareun-deuk saigel, nuju kana visi, misi,katut, jangji-jangjina téa. “Sakur nudijangjikeun kedah kahontal dinadangka lima taun pamaréntahan -ana,” pokna.

Geusan ngahontal kamajuanJawa Barat, mémang lain pamoha-lan. Nilik kana poténsi nu nyampakapan teu kurang-kurang. Upamanawaé butuh ku ahli dina masing-masing widang, Jawa Barat gégudang na. Loba paguron luhurtempatna para inohong nu boga ka-mampuhan dina masing-masingwidang paélmuan. “Kari ngamang-paatkeunana. Ulah aya anggapan,ongkoh seueur ahlina tapi kirangdimangpaatkeunana,” ceuk ieuGuru Besar Unpad témbrés. ***

Pamingpin ulah kiruh ti girangna

Manglé 2433

Harita, pertengahan taun 2011,basa keur mancén tugas di BadanBahasa Jakarta, lamun keur teu

pati riweuh ku urusan administrasi kantormah, sok ngahaja ngilu ka lapanganpikeun panalungtikan. Kuring sok ngadonpapadon ka staf anu mancén tugas, ulahjadi kagok pédah kuring salaku kepalapusat ilubiung, da dina hal ieu mah naluripanalungtik teu bisa ditahan, éstu hayangapal kumaha prak-prakanana mupu datanu lain basa sorangan. Enya gé di JurusanSunda Unpad unggal taun aya KuliahKerja Lapangan (KKL), tapi ieu mah séjéndeui, boh udaganana boh lokasi sartamasarakat anu disanghareupanana.

Ari nu jadi tujuan nyaéta pikeunmotrét kumaha sikep masarakat per-batasan nagara Indonésia--Papua Nuginikana basana. Harita anu jadi pangjugjugantéh nyaéta Kabupatén Merauké. Sanggeussagala kaperluan jang ka lapangan téasadia, utamana mah bahan-bahanpanalungtikan, kuring jeung staf saurangmiang make pesawat Garuda ti Jakartatuju an Jayapura, minangka ibukotaPapua. Di Jayapura reureuh heula sapeu -ting. Isukna kakara ka Merauké maképesa wat nu leuwih leutik. Ti awang-awangkatingali sakuriling bungking héjo ngém-ploh leuweung jeung pagunungan. Komopas pesawat rék turun mah ngaliwatanDano Santani, pemandangan éndah pisan,tinggarunduk pulo-pulo leutik. Pon kitudeui beungeut cai tinggurilap katojo kupanon poé nu harita keur meujeuhnamanceran.

Reureuh sapoé pikeun aras-urusadmnis trasi. Datangna kuring ka Papuatéh minangka anu kadua kalina. Nu mung-garan mah harita basa meunang pancén tiFakultas Sastra Unpad (Fakultas Imu Bu-daya ayeuna) gawé bareng jeung UNICEFdina taun 2008. Harita mah ngan ka KotaJayapura jeung perbatasan, bubuhankasengker ku samporétna waktu.

Lalampahan ka Distrik SotaAri nu jadi tujuan utama pikeun

panalungtikan téh nyaéta Distrik Sota. Ieudistrik téh minangka wewengkon anulangsung wawatesan jeung nagara Papua

Nugini. Ayana di wewengkon sabudeureunTaman Nasional Wasur. Jauhna ti KotaMerauke kurang leuwih 80 km, makémobil pribadi mah aya kana sajamsatenga han mah. Éta ogé aya beus Damri,ngan sapoé sakali operasina. Kaitung gan-cang sajam satengah téh sabab jalannageus diaspal mulus. Kacida hawa nyong -kab panasna. Sok sanajan sapaparat jalankénca katuhu rajeg tangkal kai bus, nganteu pati iuh bubuhan jadina di tanah rawa,teu iuh siga di jalan perbatasan Jayapura--Papua Nugini. Sepi pisan arang mobil nungaliwat, komo jalma nu pirajeunanngulam preng mah.

Di sela-sela tangkal kai bus téa ayapeman dangan nu teu biasa. Katingali ting -arenclo gundukan taneuh nu jangkungnakira-kira satangtungan jelema dewasa,malah mah aya anu nepi kana tilu limameterna sagala. Taya lian gundukantaneuh éta téh nu disebut sayang sireum(rumah semut), musamus nyebutna urangdinya mah.

Anjog di Distrik Sota wanci asaran.Sanggeus lapor ka aparat, kuring jeung staftéa dipernahkeun di wewengkon trans -

migrasi. Nu nempatan perumahan trans-migran téh lolobana mah asalna ti PulauJawa. Kaayaan perumahan téh bet asa Ci-jerah baheula taun 80-an keur mimiti di-wangun. Listrik geus aya, ngan hurungnati mimiti magrib nepi ka jam sabelasanpeuting. Pon kitu deui sinyal telepon,ayana mareng jeung hurungna listrik. Kitugé ngan di puseur distrik bari radiusnangan 100 méteran. Ari dur magrib téh,jalma ti sabudeureun éta distrik ting kuru -nyung bari marawa handphone morosinyal téa. Geus manggih mah sinyal ayanu nelpon aya nu sms, marangpang-meung peung. Ngan tampolana sok nge-nesna téh keur ngeunah-ngeunahneleponan atawa sms-an lep ngaleuitsinyal téh. Atuh obrolan téh buntu,diteruskeun deui isukna. Kadang-kadangaya ogé sinyal tipu, ongkoh aya sinyal, tapiteu bisa sms-sms acan.

Bada subuh, sanajan hayang kénéhreureuh, ngahaja leuleumpangan pikeunngarasakeun panon poé isuk-isuk anumunggaran nyaangan tungtung Indonésiawétan. Jam genep isuk-isuk geus mimitikarasa ngaheab hawa téh. Sabot tanggah

8

Dibagéakeun ku dulur salembur nu aya di Sota Merauké

Urang Sunda nu Ngumbara di Sota—Merauké

Ku Cece Sobarna*)

Manglé 2433 9

ningali langit nu beresih kénéh jauh tinapolusi, inget kana lagu “Dari Sabang sam-pai Merauke”, nu sok dinyanyikeun jamanSD. Bet jadi boga pikiran, boa éta lagu téhkuduna mah ti balik.

Panggih jeung urang SundaUrang Sunda di Ditsrik Sota, aya kana

opat puluh urangan mah. Basadikumpulkeun, kacida maranéhnaaratoheun ana. Langsung wéh alakrab, asapanggih jeung dulur salembur meureun.Beuki peuting beuki pogot obrolan gé.

Maranéhna panasaraneun kana kaayaanlemburna ayeuna. Sok sanajan geus pulu -han taun ngumbara, ari dina soal basamah maranéhna ingeteun kénéh bubuhansok diparaké di lingkungan kulawargana,utamana nu kulawargana pituin Sunda.Atuh pon kitu deui barudakna masih ayakénéh nu wanoh kana basa Sunda.Sawaréh deui mah lebeng da kawin cam-pur téa, jeung urang Jawa atawa Sulawesi.Malah mah aya oge urang Sunda anukawin ka suku asli di dinya.

Maranéhanana kacida nineungna kalemah cai Sunda. Mun diitung-itung mahdi Sota téh geus aya kana dua puluhtaunna leuwih. Ngumbarana ka Sota téhlain ngahaja, tapi milu program trans -migrasi. Jeung deuih pamaréntah haritateu ngabéjaan yén maranéhna rékditempat keun di dinya. Maksud pamarén-tah mah alus na kituna mah, sangkan pen-duduk téh rata sumebarna, sakabéh pulokaeusian. Ahirna mah maranéhna narima -keun kana nasib, nganjrek di Sota kalawandibéré imah jeung lahan garapan kupamarén tah. Ari asal lemburna rupa-rupa,

aya nu ti Tasik, Garut, Cianjur, jeung Suka -bumi. Éta ogé harayang ari balik mah kalemburna séwang-séwangan, ngan dalahdikumaha ongkosna beurat kudu naékpesa wat atawa kapal laut. Kudu boga duitjutaan pikeun nepi ka Pulau Jawa téh.

Taun-taun ka tukang di Sota ayapukumpulan husus urang Sunda ngan kusabab pupuhuna ngumbara ka tempat lainéta pakumpulan téh pugag. Padahal keuraya kénéh mah pakumpulan Pasundanpirajeu nan sok aya hiburan kasenianSunda. Maranéhna ogé masih kénéh inge-

teun kana majalah Manglé. Ngan hanjakalharita teu mawa. Pikeun ngalubarkeunrasa sono ka bali geusan ngajadi, palingmaranéhna nyetel lagu-lagu Sunda dinaCD anu ngahaja dipesen ka urang Sundaséjénna.

Tapel WatesKa tapel wates teu pati jauh, aya kana

dua kilo méter mah. Ti kajauhan geuskatingali gapura anu éndah, aya gambarGaruda di handapna aya tulisan “Good byeand see you again another day”. Di han-dapna dilengkepan ku basa daérah didinya nu pihartieunana ‘sahaté, satujuan’.Atuh di tukang gapura aya tulisan ‘Wel-come to Republik Indonésia”. Tapel watesteu pati ketat dijaga. Malah mah ayataman asri sagala, dipapaés ku slogan-slo-gan nu ngahudang sumanget kaIndonésia -an, “Bahasa Indonésia Penjaga Persatuandan Kesatuan NKRI”. Aya ayun-ayunan,deplang, sasaungan ala Papua pikeunreureuh. Teu jauh ti dinya aya musamustéa. Ari poé Minggu mah sok rada ramé étataman téh, jadi tujuan wisata. Nu nga -

baladah nyieun taman sarta ngariksanakalawan daria nya éta Aiptu Ma’ruf dinataun 2004. Aiptu Ma’ruf éstu anggota Polrinu matak jadi tuladan, pangabdianana kanagara kacida gedéna tur ihlas sok sanajanditempatkeun di tempat nu jauh pisantungtung Indonésia bari jeung walurat,tapi sumangetna kacida ngagedur pikeunmertahankeun nagara Indonésia.

Urang Papua Nugini, hususna ti DésaWariaber, sok balanja ka Sota naéksapedah atawa laleumpang. Daratang kaSota téh barangbeuli kaperluan sapopoéda jarak ka kota di nagarana mah leuwihjauh. Malah mah aya nu sakola ogé sababsarana jeung prasarana di Distrik Sotaleuwih onjoy ti batan di daérahna. Saliwatmah teu pati béda dina dedegan, nganbéda na dina pakulitan leuwih meles jeungwarna papakéan awéwéna leuwih moro -nyoy urang Papua Nugini mah. Basanamaké basa Inggris Papua Nugini, aya ogénu bisaeun basa Indonésia. Atuh urangIndo nésia gé aya nu sok nganjang kaPapua Nugini. Kuring sorangan haritangan ukur ningali ti kajauhan kaayaan na-gara Papua Nugini da teu bisa asup leuwihjero ti perbatasan.

Penduduk Distrik Sota aya kurangleuwih kana 1.000 jiwa. Suku aslina nyaéta di antarana Marind kanum. Pacabakanurang asli di dinya lolobana mah morobabi ka leuweung, patani sagu, malah ayaogé anu PNS. Ari pendatang mah lolobabadagang jeung tani. Distrik Sota dibagi duablok. Unggal blok dibagi jadi genep jalur.Pribumi jeung pendatang nyicingan ma -sing-masing blok.

Urang Sota saroméah. Ka tamu aripanggih isuk-isuk di mana waé teu weléhnanya jeung méré salam, “Selamat pagi,Bapak” bari logat nu has Papua. Ku sababsapopoé loba campur gaul jeung urangSunda, maranéhna ogé ngarti kanakekeca pan Sunda, saperti naon, éta, euy,awéwé, geulis. Malah mah arapaleun kangaran Kota Bandung téh. Ngadéngé tinasiaran TV transmigran sigana mah. Basadiobrolan kuring ti Bandung, maranéhnahookeun da saméméhna nyangkana CinaJakarta. Sorot matana nyawang, pikiran -ana ngareka-reka siga kumaha meureunari kahirupan di Kota Bandung téh.Puguhna ogé jauh pisan bédana, sagalanyampak di Bandung mah. Na jero hatékuring ngucap sukur ka Nu Mahakawasageus lahir jeung hirup di Bandung. Tagi-wur jeung rasa nalangsa ari ras inget kanagara nu geus rék tujuh puluh taunmerdéka, tapi tacan walatra kaasaan pang-wangun ku masarakatna, cag heula. (Ban-dung, 20 Juni 2013)

*) Prof. Dr. Cece Sobarna, Guru BesarLinguistik Universitas Padjadjaran(Unpad)

Teu sagetih, teu saadat, tapi layeut dina ugeran Bineka Tunggal Ika

10 Manglé 2433

Bagian

165

Peuting ka-176

Raja Syahraman guli-gah. Haténa teu bisatingtrim. Atuh, sapopoénagé remen ngahuleng miki-ran pipetaeun. Ngan, kulantaran teu manggih pi-jalaneun, kapaksa nitahpangjurungna néangmantri nu biasanganaséhatan dirina.

Pok raja ngedalkeunmaksudna. Taya deui,iwal ti miharep saranpipetaeun ngalelemu hatéanakna sangkan daékgancang-gancangngawangun rumahtangga. Pangna boga ka-hayang kitu téh, lantarandirina rék sagancangnangecagkeun kalungguhan.

“Tah, kitu maksudkula téh!”

“Bawiros, pamaksadanGamparan langkung saésakantenan didugikeundina gempungan karaja -an. Ceuk emutan, upamiéta pamaksadan

didugikeun di payuneunjalma réa, tangtos tuangputra gé moal kersanolak.”

Raja bungah narimasaran kitu téh. Ngan,moal waka dilaksanakeunharita, lantaran éta putu-san téh rék dikedalkeundina gempungankanagara an. Hartina,baris dilaksankeun dinawanci anu mustari.

Geus babadamian kitumah, pleng wéh éta raran-cang téh ukur disidem.Atuh, ka Komarujaman gétaya pangaruhna, lan-taran pasemon raja gésabihara-bihari deui.

Bagian ka-177

Cunduk kana waktuna,ninggang kana mangsana,Raja Syahramanngayakeun gempungan.Mémang, biasana kitutéh, da saban taun gé ayapajemuhan husus medarsual-sual kanagaraan

kalayan diluuhan ku para-pajabat nagara. Bedanajeung gempungan biasa,ieu pajemuhan mah di-hadiran ku méh kusakumna pajabat nagara.

Sanggeus nu diondanghadir, Raja Syahramannitah salah saurangbadéga kadeuheusna,ngangkir Komarujaman.Nu diangkir teu lila cun-duk, da ieu putra raja tehkeur teu ka mana-mana,lantaran apal rék ayagempungan rongkah.Acan sotéh miang kakaraton, lantaran nung-guan pangangkir, luyujeung kabiasaansaméméhna.

Gempungan lumang-sung daria naker. Rupa-rupa pasualan dipedarsarta dibadamikeunsagala rupana. Sakur nuhadir, dibere waktu keurnepikeun saran-saranna.Kitu téh, kabiasaan étaraja dina mutuskeunkapentingan balaréa.

Réngsé babadamiansual kanagaraan, rajanyarita deui. Najan uru-san kulawarga, da puguh

teu bisa dileupaskeunjeung urusan nagara, atuhbabadamian gé teu ku-rang-kurang dariana.Carita an raja téh malapahgedang. Mimiti méré ale-san pangna dirina rékngecagkeun kalungguhan,saterusna ditema ku pi-gantieunana. Ahirna,dipungkas ku pamentanasangkan Komarujamandaék gancang-gancangmilih rabi, ngawangunrumah tangga.

Dina bagian séjén, rajatéh togmol ménta jawa-ban putrana. Nya tangtuwé, Kamarujaman téhreuwas kacida. Teunyana, éta urusan téhditepikeun dina riungannu dihadiran ku para -pajabat nagara.

Réngsé raja nyarita,jep jarempé. Sakur nuhadir teu sirikna megegnapas hayang écés kanajawaban nu dikedalkeunku Komarujaman. Da,loba nu apal, tiheula-heula mah, éta pamentatéh ditolak sapajodogan!

Komarujamancengkat. Diukna ajeg, teu-

Manglé 2433 11

teupna manco ka hareupka lebah raja. Pokngawalon, cenah, pa-madeganana sualngawangun rumah tanggatacan robah. Cindekna,tetep keneh nyekel putu-san tiheula.

Ngadenge omongankitu, rey paroman rajanyiak, semu beureumtanda ning getih naék kaluhur. Awakna ngadégdégnahan amarah. Da, munkongang mah, hayangnongtak anakna nudianggap na ngawiwirangdirina di hareupeun jalmaréa. Malum, apan kanaparentah raja mah taraaya nu wani nolak.

“Hapunten, maksadAma sapertos kitu, teuacan katampi!” ceukKomaru jaman.

Najan nguat-nguatmanéh, amarah raja téhteu burung bedah. Haritakénéh, nyeukseukanputra na. Cenah, nu asihdipulang sengit! Ku di -tolak kahayangna, keurraja mah asa dipopokanku kokotor.

Raja nangtung. Nga -lejeg hareupeun balaréa.Dina kaayaan kitu, ieupangawasa nagara téhmarentahkeun bala-balad na sangakannyangkalak Komari -jaman, diborogod sartadiasupkeun ka pang-bérokan.

Najan beurat narimaparentah, balad-baladraja téh teu buurng nurut.Komarujaman dibaban-dan, dibawa kaluar ti pa-jemuhan, sartadiasupkeun ka panjara.

Mémnag teu dihi-jikeun jeung tawananséjénna, da ieu mah ukurngawarah sangkanKomaru jaman sadarajeung daék babalik pikirteu baha kana kahayangraja. Ngan, keur nu

ngalaman ana mah,angger wé matak tung-gara.

Leng ieu anak raja téhmikir. Jorojoy aya rasa,ngarasa diteungteuinganku kolotna. Ceuk pikirna,taya salahna nganteur ka-hayangna da teu ieuhngarugikeun pihak séjén.Ngan, rasa kaduhungmah teu burung aya.

Aya di panjara, teu bu-rung ngarasa tunggara.Leungit rasa lapar, ilangrasa tunduh. Dibéré daha -reun gé diantep wé, mundiasaan gé ukur saperelu -na. Reup peuting teu daéksaré. Najan aya pitunduh -keun, geus goledag mah,

teu daék reup. Kitu téh,pangaruh haténa numarojéngja, inget kanarupa-rupa urusanana.

Kocap deui raja,pipikiranana teu weléhbaluweung. Ku lantarankitu, taya pagawéan séjénnu dipilampah, da dikaraton gé ukur ngobrolsapereluna.

“Teu nyana kieukajadian ana,” ceuk rajangagerendeng.

Saterusna, raja nyaritadeui. Cenah, sagala rupatarékah geus dilaksana -keun. Malah, karepnangawinkeun anakna téh,oge dumasar kana saranpihak séjén nu dianggap

baris mawa hasil. Dinatungtung caritaanana,raja téh semu-semunyalahkeun mantri, nunyarankeun sangkan étapakarepan ditepikeun dihareupeun balaréa. Tapi,buktina kalah meunangwiwirang lantaranbaheula na anak ka bapatéh kasaksén ku balaréa.

Mairan kekecapanraja, mantri nyarankeundeui. Cenah, keun waésababara poé mah,Komaru jaman téh sinangararasakeun ayana dipanjara. Ku cara kitu, bisawaé, ahirna mah sadarsarta nurut kana parén-tah raja. *** (Hanca)

12 Manglé 2433

Ujang Kusén jeung Ar-sali ku sipir dihijikeunjeung nu “hukuman

énténg”.Patali jeung kudu nyieun

laporan katut podrah, sakuranu aya pakuat-pakaitna kanakajadian di palabuhan, boh pa-gawé boh parantéan ku sipirdicalukan saurang-saurang,dipariksa taliti pisan; kitu deuiUjang Kusén jeung Arsali.

Lebah mariksa UjangKusén, minangka arék nga-ganjar, sabada papariksaan nupenting, sipir nanya kieu:

“Bisi manéh boga ka-hayang, ku déwék arék di -podrah ka pangagung, cinghayang naon?”

Jawab Ujang Kusén:“Lamun meunang mah, kuringku hayang nyuratan ka in-dung-bapa.”

Sipiri: “Arék nyuratannaon? Minangka luarbiasadéwék baris ngidinan, béja -keun baé maksudna, engké rékdipangnuliskeun ku jurutulis.”

Ujang Kusén: “Lamuntuan percaya mah ka kuring,hayang nulis pribadi, asaldibéré kertas jeung mangsina.”

Sipir ngarénjag, sasatngagurubug bawaning kagét:“Hah? Nulis pribadi? Manéh

bisa nulis? Bener bisa?”Ku Ujang Kusén kaharti -

eun pangna sipir sakitukagéteun ana téh, sabab jamanharita mah sok sumawonnaanak somah, dalah anakménak ogé kaitung poharacarangna nu bisa maca-nulistéh; ari ieu parantéan ngakubisa nulis jeung ngomong saki -tu sonagarna, basa Malayunabérés (harita mah can aya basaIndonésia malah urang Sundanu bisa ngomong Malayu géteu réa. Ieu gunem catur an-tara sipir jeung Ujang Kuséntéh maké basa Malayu). Sipirmani olohok.

Ceuk sipir: “Dimanamanéh diajar nulis jeung basaMalayu?”

Ujang Kusén: “Di Bandungaya Walanda, ngarannaHoman, sobat Bapa, bogaanak pantaran kuring; kuringdiajar nulis ngabaturan SiSinyoh di tuan Padri.”

Sipir: “Homan? Anuimahna di totogan Braga?”

“Bener, éta nu sok meu -ting-meutingkeun sémahWalan da.”

Sipir beungeutna béarmarahmay bungah pisang,imutna mani mébér, irungnabeukah, gogodeg tuluy ingguk-

inggukan, pok ngomong:“Heueuh éta, losménngaranna. Jadi manéh téhbatur sakola Win?”

Ayeuna giliran UjangKusén nu kagét, olohok:“Enya, bener. Geuning tuannyaho!”

Duka perbawa kagagasjaman di Bandung, duka naon,sipir téh jiga nu poho yén keurmariksa parantéan, ceuleukeu-teuk seuri: “Da déwék gé urangBanceuy!” pokna dina basaSunda.

Ngomong kitu téh sipirlain heureuy. Manéhna lilangumbara di Bandung jadiagén-pulisi, imahna di Ban-dung, lebah hareupeun buikiwa ri (harita mah bui téh laindi Banceuy, tapi sisi Cikapun-dung), ayeuna mah toko lelangWiys di lebah urut imahna téh,malah imah Homan anusawatara puluh taun ka tukangukur balik awi hateup kiray téhayeuna mah jadi salah sahijihotél panggedéna di Indo -nésia. Sipir téh enya ka gagaswaraas, inget jaman ngora diBandung, disarebutna gé“Anom Royal”, ku urang dinya.

Kawasna perbawa pijala-neun Ujang Kusén meunangrahmat, sanajan jadi paran-téan ogé, bet boga sipir téh nuwawuheun ka sobat-sobatna,malah sering “ditulungan” duitku bapana geusan roroyalan

kumaonam peta “anom-anom” Bandung jaman harita.Da tadina mah sipir ka UjangKusén téh ngan ukur wawuhngaran. Sigana baé datangnarahmat téh bawaning ku UjangKusén bener-bener tobatnajeung tapakurna, nyandangranté téh dianggap pameulidosa.

Teu dicatur nyuratananaka kolotna, Ujang Kusén jeungArsali ti harita digawékeun téhdi kebon melak sayuran geu-san kaperluan bui, dahareunparantéan. Nya kaitungsenang baé sakitu mah, mundibandingkeun jeung nyieunpalabuhan.

Sabulan ti harita –-pikeunjaman harita mah pohara gan-cangna— Ujang Kusén di-calukan deui ka kantor sipir,bareng jeung Arsali.

Ti sipir meunang béja, yénArsali dibébaskeun lain duméhjasa-jasana nyegah rurusuh dipalabuhan baé, tapi sanggeusperkarana ka para pangagungdi Batawi (ayeuna Jakarta) di-ungkab deui sarta dipapay kujaksa yén pitenah malulu,panggawé jelema hasud,tukang malingan muding; nuboga dosana ayeuna geusngaringkuk di pangbérokan.

Ari Ujang Kusén,hukuman ana dibéré potongansataun sarta ranténa dileupas -keun. Lantaran bisa nulis,

{ 3 }Ku M.A. Salmun

Manglé 2433 13

kaidinan jadi jurutulis sipir(pikeun jaman harita mah teuanéh aya hukuman anubisaeun nulis digawékeun dikantor téh, lamun katimbanghenteu matak bahaya mah).Leuwih ti kitu, rangsomnameu nang dibéré endog jeungdaging saminggu sakali,disarua keun jeung hukumanbangsa Walanda jaman harita.

Arsali jeung Ujang Kusénnepi ka silih rangkul, silihceung ceurikan bawaning kubungah.

Kalawan paménta UjangKusén, Arsali balilk téh henteutuluy ka Parungkujang, tapi kaBandung, ngajugjug Haji Sam-sudin, dibahanan surat kuUjang Kusén. Sipir ngidinan,malah boa surat lepasna, bohsurat jalanna (supaya meu-nang tumpak kapal perdionnepi ka Cirebon jeung kaharpos perdio, sakumaha ilharnaka urut hukuman jamanharita) diatur nepi ka Ban-dung. Jaba ti duméh ayapaménta jinisna, Arsali nuhayang nyaho dayeuh Ban-dung, éta deuih sipir hayangmihapé surat ka sobat-sobatheubeulna di Bandung, tapiteu matak beurat, sabab teuwudu gedé ngeupeulanana kaArsali, jaba lungsuran, atuhArsali téh ginding.

Sakumaha ngangresnaUjang Kusén ditinggalkeun kuArsali, geus teu kudu dicarita -keun.

2Ti sajungna Ujang Kusén

dibuang ka Surabaya, HajiSamsudin teu kendat tirakat,napakuran anak anu sasatdibuang ku manéhna pribadi.Haji Samsudin liwat sakingkaduhungeunana geusngadakwah anak, duméhnyokot duit lima rébu rupiahtina peti beusi. Awahingambek tur jéngkél, baréto téhtuluy sapongkol jeung HajiTajib, minantuna, sina dakwahka hakim, yén nu dipaling téhsaenyana duit manéhna nudipihapékeun di mitohana.

Putusan hakim, UjangKusén dihukum buangdibangbaluhan ranté lantaranngabongkar peti beusi turnyokot duit lima rébu rupiah,pikeun jaman harita mah pan-

gaji anu matak ngarenjag kugedé-gedéna, ma’lum atuhjaman béas tilu sén saundem -na endog hiji sasén, malah céknu heureuy mah magar jamancacing dua saduit.

Indung Ujang Kusén nepika kagegeringan, kaleleban kuanak, sabab najana loba deuigé anakna, Ujang Kusén téhenodanana, geus teu ayadunya kinasihan ka éta mah.Hadéna geringna teu katutulu -yan.

Haji Tajib dina haténamah asa dipékprékan, nganteu wani ka mitoha. Manéhnasok sering gegebegan, ingetbasa nénjo Ujang Kusén tasdiémbarkeun hukumananatuluy diranté, kadeuleu kénéhbaé bengeutna jeung warugaadi beuteungna, kuleuheu,bece po, lodro, pias kanyos caramayit, mata carelong, pipi ayajuruan, buukna ngarewig,kumis janggot rarogok da teudikurud, totopongna daponnyangreudlah geus teu mang -rupa jelema bener.

Ari anu pangpangnarerenja gan mah, inget kana

sumpah di hareupeun hakim;harita téh bawaning ajrih kumitohana, mani jiga heueuhngucap sumpah ngademikeunka Pangéran, diungkulankitab ku panghulu bari ngi-blat.

Hadé lakuna mah HajiTajib, sakapeung sok hayangsrog baé ka hareupeun hakim,nyarita terus-terang, wakcabalaka, yén dakwahan barétotéh palsu, awahing teu kadugamapalangan karep Haji Sam-sudin. Tapi, tangtu manéhnadidakwa sumpah palsu, manateuing beuratna hukumanana.Jadi, sarwa salah.

Batin Haji Tajib éstuningteu aya tengtremna,lelembutan ana sering maru-dah, ngadongdolek, nganaha-naha ka jinisna. Ka mitohanatampolanana timbul ijid tapicacap ngompod, ambeknyedek napsu nguwung, ama-rah teu bisa budal.

Ras inget kana bebendonPangéran anu geusdidemikeun bari ngucap asmaRasul, Haji Tajib sok rajeunngarumpuyuk.

Sabab mungguh lakupalus,

tangtu jadi siksa batin, moal tengtrem pipikiran, gebeg deui renjag deui, reuwas ku polah sora -

ngan, ngarasa dorka diri.

Najan nyumput teukabitur,

tapi nurani nu wening, nuding nunjuk

ngananaha, nalungtik unggal ngulisik, keukeuh ménta paitu -

ngan, tina laku palsu tadi.

Awahing ku hayang nga -lebur dosa, nepi ka ragragucap di hareupeun mitohajeung dulur-dulur pama-jikanana, basana: “Lamun SiUjang balik ti pangbuangan,kaula turun kaul, rék dibéréduit pimodaleun lima rébu ru-piah sarta dibawa munggahhaji kalawan sagalana tang-gungan kaula.”

“Cup!” cék nu hadir,“nyakseni!” (hanca)

Dawuhan Alloh Swt. : Yeuhjalma anu ariman! Geus diwajib -keun ka aranjeun paruasa,sakumaha geus diwajibkeun kajalma-jalma saméméh aranjeunsupaya aranjeun tarakwa. [Al-Baqoroh: 183]

Teu karaos, geuningan urangtéh tos tebet deui kana sasihRomadon 1434 Hijriyah. Para

ulama nyebatkeun Romadon tehkelebt sayyidus syuhur, rajanabulan, lantaran dina bulan ieu,sadaya na amal ibadah jalmi nuiman mah bakal dipasihan gan-jaran nu manglipet-lipet. Ku ka -agungan bulan Romadon ogé, paraulama nerangkeun sababarahagelar keur bulan Romadon. Di-antarana wae, Syahr al-mubarok,bulan anu pinuh ku barokah, Syahral-fath, bulan anu unggul, Syahr al-ghufran, bulan anu pinuh kupangampura Alloh Swt., Syahr al-huda, bulan turunna pituduh Alloh(al-Quran). Syahr al-ibadah, bulanibadah, Syahr al-jihad, bulan per-juangan, Syahr Allah, bulan Alloh,Syahr al-Quran, bulan diturun -keuna al-Quran, Syahr al-najah,bulan kasalametan, Syahr al-rahmah, bulan pinuh rohmat Alloh,ogé Syahr al-tilawah, bulan panga-jian, maksadna dina ieu bulankedah mémang nyeueurkeun ngaos,neuleuman elmu pangaweruhagama Islam.

Margi ieu bulan ageung pisankamulyaanana, hayu urang papag -keun ieu sasih ku kabingahan

sareng medar deui élmu panga -weruh, hususna dina kautamaansasih romadon sareng kawajibanpuasa. Marhaban Ya Romadon,wilujeng sumping sasih Romadon.

Kawajiban puasa dituduhkeunpikeun jalma anu ariman. Naonatuh Romadon téh? Saur katera -ngan, Romadon nurutkeun basamah hartosna meuleum. Ku kitunanaon waé anu dibeuleum, tangtoskaraosna bakal panas. Ku kituna,lantaran Romadon téh prosesmeuleum nu saterusna nimbulkeunpanas, nya dina ngalaksanakeunpuasa oge lir keur manaskeun dirisangkan leuwih asak, leuwihdeukeut, mahabbah ka Gusti AllohSwt.

Naon anu dibeuleum téh? Kan-tenan dina hal ieu gogodan manusanu bijilna tina hawa nafsu, anu bi-asana ngajurung kana kajahatanatawa kana kagoréngan. Ngan,sayaktosna henteu sadaya napsungajurung kana kajahatan, lantaranaya ogé napsu anu anu dipiridhosareng dipaparin rohmat ku AllohSWT. Sakumaha anu ditétélakeundina Alqur’an: Jeung kuring henteu(ngarasa) diri bébas (tina sagalakasalahan) lantaran saéstuna napsuéta salawasna ngajurung kana kaja-hatan, kajaba (napsu) anu anu di -paparin Rohmat ku Alloh. SaéstunaAlloh téh Maha Jembar Pangam-pura, Maha Asih. [QS Yusuf: 53]

Ngadalikeun Napsu

Diantawis pidawuh Alloh Swt.

dina Alqur’an nu nétélakeun napsu,ebreh aya dina surat Yusuf ayat 52,nu hartosna kirang langkung kieu:Jeung kami henteu ngutus saurangRosul jeung henteu (ogé) saurangNabi saméméh anjeun (Muham-mad) kajaba upama manéhnangabogaan hiji kahayang, sétan ogéngasupkeun sagala godaan-godaankana jero kahayang éta. Tapi Allohngaleungitkeun naon anu diasup-keun ku éta sétan, Alloh barisnguatkeun ayat-ayat-Na, jeungAlloh Maha Uninga, Maha Wijak-sana.

Sakumaha katerangan di luhur,yén ngontrol sareng ngadalikeunhawa napsu téh mangrupa tugasmanusa salila hirup dialam dunya.Kumaha carana? Nya dina sasihRoma don ieu, diantara cara ngada-likeun hawa napsu téh, nyaéta kunyumponan ngalaksanakeun puasa.

Istilah puasa nu sok dibasakeundi urang, ari dina basa Arabna mahnya disebatna shaum téa. Puasamangrupa latihan pikeun ngada-likeun napsu anu dilakonan dinabulan Romadon sabulan campleng.Atuh tujuanana ogé sakumahadawuhan Alloh di luhur, sangkanjalma geusan jadi takwa, jeung jadipibekeleun hirup saatos bulanRoma don. Ku kituna, upama puasadina bulan romadon disebatna lati-han keur ngalaksanakeun takwa,mémang manusa ogé henteu mungcicing dina bulan Romadonwungkul. Dina hartos, umat Islamogé henteu saukur mampuhngadali keun napsuna teh dina

Marhaban Ya RomadonKu Tati S. Hartati

14 Manglé 2433

bulan Romadon wungkul, tapimampuh dilampahkeun dinabulan-bulan séjénna.

Kaimanan Mangrupa SaratUtama

Jalma anu diwajibkeun puasa kuAlloh, nyaeta jalma anu iman.Margi kitu upama urang tepungjeung jalma nu henteu puasa,sabenerna henteu perlu diupat,atawa dipoyok. Lantaran anu wajibpuasa mah mung jalma anu iman.Hartina jalma nu teu puasa mah,mémang teu kaasup jalma anuiman, anu meunang panggerosakumaha Alqur’an téa. Sapertinawaé, di antaran ciri jalma iman téh,salah sahiji sok maos Alqur’an. Tah,jalma nu tara maca Alqur’an téhhenteu kagolongkeun jalmi nuiman. Lantaran badé terangkumaha kana élmu Alqur’an,sedeng dirina ngajauhan al-Qur’an.Alloh Swt. ngadawuh: Jeung nyasaperti kitu, kami ngawahyukeun kaanjeun (Muhammad) ruh(Alqur’an) kalawan paréntah kami.Saméméhna anjeun henteu nyaho,naha naon ari kitab (Alqur’an)jeung naon ari iman téh. Tapi kamijadikeun Alqur’an téh cahaya, nyaku cara éta kami méré pituduh kasingsaha anu ku kami kersakeun diantara abdi-abdi kami. Jeungsaéstu na anjeun téh bener-benernuduhkeun (jalma) kana jalan anulempeng. [QS. Asy-Syura: 52]

Sanajan puasa diparéntahkeunka jalma anu iman, tapi upama hen-teu kuat ngalaksanakeunna, atawalantaran kasehatanna kaganggumah, bisa diganti ku bayar fidyah,nyaéta masihan tuangeun ka jalmamiskin, sakumaha anu dijelaskeundina surat Al-Baqoroh :(Nyaéta)sababaraha poé anu geus ditangtu -keun. Ku sabab kitu, sing saha diantara aranjeun aya anu geringatawa nuju musafir (nuju dina per-jalanan) (tuluy henteu puasa) nya(wajib kodo) salila sapoé (anu hen-teu puasa) dina poé-poé lian. Jeungpikeun jalma-jalma anu ngarasabeurat ngalakonanna wajib mayarfidyah, nyaéta méré dahar jalmamiskin. Tapi sing saha anu ihlas rék

méré leuwih ti kitu nyaéta leuwihhadé pikeun dirina, jeung puasaaranjeun éta leuwih hadé pikeunaranjeun lamun aranjeun nyarahomah. [QS. Al-Baqoroh: 184]. Irahadibayarkeunna fidyah téh? Fidyahdibayarkeun saban dinten waktuurang henteu puasa, atanapidibayar keun sakaligus di awal-awalbulan puasa ka jalma miskin atawajalma-jalma anu di aya dina per-jalanan (musafir). Tapi poma, kuduati-ati ulah nepi ka awuntah,sakumaha dawuhan Alloh : Jeunggeura bikeun hakna ka kulawargadeukeut, nya kitu deui ka jalmamiskin, sarta jalma anu aya di per-jalanan jeung poma maranéh ulahawuntah (kana harta bandamaranéh) kalawan boros. [Al-Israa: 26] Kitu deui: Saéstuna jalma-jalma awuntah téh dulur-dulurnasétan. Ari sétan téh ingkar pisan tiAlloh. [Al-Israa: 27].

Dosa dibeuleum saluyujeung pituduh Alloh.

Alloh Swt. maparin pituduh dinaAlqur’an, kumaha carana meuleumdosa. Carana, nyaéta ku sedekah,amalan soléh, nyieun kahadéan,sabar nyanghareupan musibat sartangaleupaskeun hak qisos. DawuhanAlloh: Lamun anjeun némbong -keun sedekah-sedekah aranjeun,éta alus, jeung lamun aranjeunnyumputkeun sedekah-sedekah,sarta dibikeunna ka fakir miskin,nya nyumputkeun éta leuwih aluspikeun aranjeun, jeung Alloh barismupus sawaréh tina kasalahan-kasalahan aranjeun. Jeung AllohMaha taliti tina sagala rupa anudipilampah ku aranjeun. [Al-Baqoroh: 271]. Kitu deui dina SuratHud ayat 11, : Kajaba jalma-jalmaanu salabar (tina musibat), nga-jalankeun amalan soléh,maranéhna baris meunang ampu -nan sarta ganjaran anu gedé.Anapon meuleum atanapi mupusdosa ku cara ngaleupaskeun hakqisos, sapertosna wae nu ditetela -keun dina surat Al-Maidah ayat 45,nu kirang langkung kieupihartoseun ana: Jeung kami geusnetepkeun pikeun maranéhna di-jerona (At Taurat), yén nyawa

dibales ku nyawa, mata dibales kumata, irung dibales ku irung, ceulidibales ku ceuli, huntu dibales kuhuntu, jeung tatu dibales ku tatu,ogé aya qisosna (balesan anusarua). Sing saha anu (ngaleupas -keun hak qisos)na, nya éta (jadi)panebus dosa pikeun manéhna.Sing saha anu henteu mutuskeunperkara anu diturunkeun ku Alloh,nya maranéhna kasebut jalma-jalma anu darolim.

Tepung jeung Idul Fitri

Nincak bulan Romadon, pastisok aya ahirna atanapi sok disebutlebaran atanapi Idul Fitri téa. Tah,sanaos urang lami kénéh ogé, tapipami dina urusan élmu mah kedahterang ti ayeuna, yén sadayana amalnalika puasa sabulan campleng di -piharep bakal balik deui kanakasuci an, lir orok nu kakara gubrahlahir ka alam dunya, teu kapécrétandosa saaalit-alit acan. Fitri atanapifitrah, asal kecapna tina fataro.Hartosna hukum Alloh. FitrahAlloh tetep moal robah. Fitrah Allohanu geus nyiptakeun jalma nu-rutkeun éta fitrah, sakumaha anudijelaskeun dina dawuhan Alloh:Ku kituna prak geura sanghareup-keun beungeut aranjeun sing lem-peng kana agama (Islam) sakumahafitrah Alloh, ku sabab Mantennageus nyiptakeun jalma nurutkeunéta fitrah. Henteu aya parobahandina dadamelan. (Tah éta téh)agama anu lempeng, tapi kalobaanjalma henteu nyarahoeun. [Ar-Rum: 30].

Margi kitu, dina ngeusianngawi tan sasih Romadon ieu,mangga kandelan kaimanan urangjeung paburu-buru ngahontalampu nan Alloh Swt, kalawannyeueurkeun amal ibadah ka GustiAlloh Swt. Mugia sagala tarékahurang sadaya kénging rido AllohSwt, urang tiasa ngahontal kabagja -an dina saum taun ieu. Marhabanya Romadon! Wilujeng sumpingsasih anu mulya ieu. Mugia amalibadah urang sadaya ditampikalayan satemenna aya dinapanangtayungan Alloh SWT. AminYa Robbal ‘Alamin. ***

Manglé 2433 15

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ sareng FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan) UNPAS

Gaduh Junub

Patarosan :Wilujeng tepang deui sareng

sasih Romadon. Punten tumaros,pami dina kaayaan junub, nahaharam ngalaksanakeun ibadahsaum? Teras kumaha pami dinakaayaan junub lebet kana waktosSubuh kalayan teu aya udzur, nahapuasana sah atanapi henteu? Pun-ten, naroskeun deui téh, margi toshilap deui. Hatur Nuhun.

Ari FirmanMajalaya Bandung

Waleran :Hatur nuhun kana

patarosanana. Muhun pisan urangtéh asa teu karaos pisan, tos lebetdeui kana sasih Romadon. Wiosnaroskeun deui ogé, margi maosajaran Islam mah mémang ulahbosen-bosen. Sapertosna waé kanamaos Alqur’an, apan kedah teras.Tah, élmu agama gé, komo ngeuna -an nu patali sareng ibadah dinaRoma don mah, kedah pisan.

Perkawis kaayaan junub atanapingagaduhan hadats ageung, pikeunurang henteu wajib ngalaksanakanibadah saum, badé saum wajibatanapi saum sunat. Margi saurulama Fiqih (Ijama' al Ulama) ogé,réhing anu janten salasahiji syaratsahna saum téh kedah suci tina ha-dats ageung, diantawisna kudubébas tina junub. Kitu deui ari nudisebat sarat apanan kedahcumpon salah sahijina. Nu hiji teucumpon mantak mangaruhan kanasarat séjénna.

Anapon dina kaayaan junub(ngagaduhan hadats ageung)ngalangkungan waktos subuh dinawaktos saum, naha badé saum

sunat atanapi saum wajib, éta mahteu janten batal, margi illatna (nungajadikeun sababna) lantarananadina kaayaan pamengan atanapiaya udzur, nyaéta kaboboan téa.Hal ieu ogé tiasa pikeun ka nu nga-gaduhan udzur anu sanés, sapertoskasiangan sareng sajabina.

Ngan upama kaboboanana hen-teu aya udzur (geus jadi kabiasaan),éta mah janten dosa sareng batal,sabab darurotna teu katingal. Ieuluyu sareng dawuhan Rosul, numana Malaikat ngangkat (henteunyatet), karana tilu perkara. (1)jalmi anu bobo dugi ka ingetna; (2)jalmi anu gélo dugi ka warasna; (3)budak leutik dugi ka balighna(dewa sa umurna) (HR Imam AbuDawud sareng Imam Nasa’i).

Dumasar kana hadits tadi,upami diluyukeun sarengpatarosan ibu, upami leres-lereskaboboan sareng teu ngahaja hen-teu mantak batal. Hartosna saumibu sah. Namung saatosna ibu émutatanapi gugah bobo, kedah énggal-énggal ngalaksanakeun naon halanu janten kawajiban, nyaétabeber sih (mandi ngilangkeun ha-dats ageung), teras ngalaksanakeunsakumaha biasana, tapi syaratnadina waktos Subuh, Ibu henteunguping adzan, atanapi henteuémut pisan kana waktos subuh.Tapi pami émut hartosna sadar,teras Ibu henteu gugah, éta mahtiasa janten saum Ibu henteu sah,lantaran lengleng atawangalalawora keun kana kawajibansaum nu puguh waktosna.

Lajeng, kumaha pami dinakaayaan gaduh junub, kalawan teuaya udzur nanaon? Kaayaan kieuogé sami, henteu batal saumna,mung ulah dugi ngalangkunganwaktos Subuh. Margi hal ieu kantoskajantenan ku jungjunan urang

Nabi Muhammad SAW anudicarios keun dina Hadits ti SitiAisyah, saurna: "Saéstuna NabiSAW kantos dugi ka waktos Subuhdina kaayaan junub alatan jima',sanés alatan ngimpén, terasngalaksana keun saum Romadon."(HR Bukhari Muslim).

Hartosna, saum kitu hukumnasah, sok sanaos dina waktos Subuhtur gaduh junub kénéh (teu acanbeberesih ngilangkeun hadats a -

geung). Éta mah badé karana jima',ngimpi, atanapi hal sanésna. Ngananu teu kénging mah, ulah ngahajaatawa sok diaya-ayakeun. Sabablamun kitu illatna atanapi lantarandaruratna teu aya, nya lebetna kanangalalaworakeun syaréat téa.Upami tos aya niat ngalalawora -keun saréat, éta hukumna dosa,atuh puasana ogé jadi batal.Mudah-mudahan aya mangpaatna.Wallohuálam.***

16 Manglé 2433

Rék alus rék goréng, omongkeunbaé. Maksudna, kudu balaka, ulahdisumput-salindungkeun. Alus

mah geus puguh deui, kudu dicaritakeun.Cacak lamun goréng gé, teu kudu sung -kan-sungkan nyaritakeun lebah managoréngna.

Kitu ayeuna mah paribasa “hadé kuomong goréng ku omong téh” disura-hanana. Kudu bruk-brak, anu ceuklégégna mah: kudu transparan. Ulah di-tutup-tutup, sangkan anu séjén arapaleun.Baik atau buruk, katakan saja. Kitu meu -reun mun dina basa Indonésiana mah.

Kitu ceuk ayeuna. Tapi, kumaha ari ceukbaréto? Tétéla harti éta paribasa téh robah,da ari asalna mah teu kitu. Hadé ku omonggoréng ku omong, maksudna: alus jeunggoréngna jelema téh gumantung kanaomonganana. Jalma nu alus omonganana,bakal meunang pangajén hadé. Sabalikna,nu goréng omonganana, bakal diajéngoréng. Cindekna, alus jeung goréngnajalma téh diukur ku omonganana. Nu di-maksud hadé atawa goréng di dieu bisatujul kana eusi atawa substansi omong -anana, bisa deuih kana tatacara atawaétikana.

Mana nu rék dipaké cecekelan, nahaharti ayeuna, atawa harti asalna? Jih, nyateu langkung, Pa Adén. Apan ari basa mahboga saréréa, nya, Ceu Enéng. Ari basamah apan mekar saluyu jeung panekajaman. Dina kabuktianana, aya sawataraparibasa anu robah hartina, upamana waé“bengkung ngariung bongkok ngaronyok”,anu ayeuna sok dihartikeun: keun baéhirup ripuh gé, nu penting asal ngariungsadudulur. Padahal, dina harti asalna mah,éta paribasa téh ngandung maksud hirupsauyunan. Tuh, apan sakitu patukang-tonggongna, nya?

Tah, lebah “hadé ku omong goréng kuomong”, pikeun kaperluan ieu tulisan, pun

uing rék nyokot harti saasal. Yén alusjeung goréngna jalma téh bakal diukur kuomonganana. Bakal alus kasebutna, munalus omonganana. Bakal goréng kase-butna, mun goréng omonganana.

Éta paribasa téh produk dina hiji jaman,gelar tina kahirupan urang Sunda mangsakapungkur. Meureun, jaman karuhunurang masih kénéh jumeneng, omongananu dikedalkeun ku hiji jalma téh bakal di-paké ukuran dina nangtukeun pangajén.Éta pangna dina ngomong téh kudu ati-ati,ulah saengabna, ulah padu heuay. Apangeus jadi kacapangan, mun kuda dicekelkadalina, ari jalma mah omonganana.

Ngomong téh kudu alus, mun uranghayang diajénan batur. Kitu ceuk karuhun,anu boa-boa sumberna tina ajaran Islam.Heueuh, apan dina Quran aya sawataraayat anu nétélakeun yén ngomong téhkudu qaulan sadida, qaulan layyina, atawaqaulan ma’rufa anu lamun dicokot baba-rina mah nya omongan anu alus téa.Malah aya kasauran Kangjeng Rosul saw.anu ceuk basa urang pasantrén mah: Singsaha-saha anu iman ka Alloh jeung kanapoé kiyamah, mangka (maranéh) kudunyarita hadé, atawa jempé.

Ngan masalahna, naha jaman kiwarimasih kénéh luyu ngukur hadé jeunggoréngna jalma téh tina omonganana?Tah, lebah dieu, pun uing ngahuleng. Kungabandungan rupa-rupa hal dina mang -sa ayeuna, asa mindeng manggihan jalmaanu hadé omonganana, tapi sabada diban-dungan, bet tepi kana kacindekan: étajelema téh geuning goréng, euy!

Teu mustahil pamanggih pun uing di-hualkeun: gagabah maké nyebut goréng kanu lian! Apan alus jeung goréng mah lainceuk panénjo jalma, tapi aya dina wewe-nang Gusti Alloh. Tong sok nyanya-hoanan! Boa nu ku silaing disebut goréngtéh, mungguh Pangéran mah alus.

Heueuh lah, lebah dinyana mah. Sagalarupa gé, lamun geus wangsulkeun ka AnuDi Luhur mah, urang-urang téh apan teudaya teu upaya. Tapi, salaku mahluk nuboga akal, apan urang téh kudu ngagu-nakeun éta akal, pikeun nimbang rupa-rupa hal. Afala ta’qilun, naha maranéh teungagunakeun akal? Kitu apan pidawuhGusti Nu Murbéng Alam gé. Hanas hasilpikiran urang teu merenah, nya mu-

nasabah baé.Ceuk pun uing, teu sakur jalma alus

omonganana, laju ku urang bisa dipeun-teun hadé. Dina kabuktianana, loba nuomonganana hadé, tapi dina pamustun-ganana ku urang henteu dipeunteun hadé.Beu, ari caritaanana mah kurang kumahahadé jeung merenahna, genah kana ceuli,matak nyerep kana manah, pikabunga-heun, matak gedé haté, jeung sajabana.Tapi éta caritaan téh horéng ukur lalambé,ngan wungkul keur pangirut, leuwihjauhna sakadar pangbébénjo.

Omongan haradé dipidatokeun gegede -ran, ditabeuh dina rupa-rupa forum, di -tulis tingjareblag dina spanduk, diwawar keun dina média massa, dipaké jejer lagu,jadi hiasan barang cindera mata, jeung ...wah dina naon rupaning nu bisa kadéngéjeung katénjo. Ramé pokona mah. Di jalanraya, di alun-alun, di buruan pasar, dalahdi géng seselempet, pinuh ku kekecapanharadé. Heueuh, pinuh, Lur. Di mana teu-ing tuda aya omongan dina kampanyeugoréng. Bet kabéh gé jangjina mah demirahayat. Saréréa ogé ari ngucapna mahpikeun kapentingan umum. Tepi ka asaenya, amanat UUD 1945 téh bakal simsala bim .... ngarobah nu katideresa jadi ra-harja, subur mamur gemah ripah loh ji-nawi, bru di juru bro ‘na panto ngalayah ditengah imah, kahirupan éstu raweuybeuweungeun rambay alaeun.

Tapi, kituna téh ukur semet omongan,ukur catur tanpa bukur, tara dituturkeunku buktina. Antukna saréréa jadi ma-phum, tepi ka tara ngarep-ngarep najansakumaha hadéna omongan anu dikedal -keun gé. Moal, moal aya buktina. Nupuguh mah ukur jadi omongan tamba bausungut. Malah boa anu ngedalkeun étaomongan haradé téh, dina seuhseuhananamah maranéhna gé teu ngarti kana naonanu diomongkeunana.

Ana kitu mah, paribasa “hadé ku omonggoréng ku omong” téh geus teu luyu jeungkanyataan kiwari. Mun kitu, naon atuhanu ayeuna bisa dipaké ukuran hadénajalma? Tah, mun ieu mah kudu béda deuidongéngna. Sapuk?

Nu nulis Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Universitas

Pasundan

Manglé 2433 17

HADÉ KU OMONG GORÉNGKU OMONG

Ku Tatang Sumarsono

18 Manglé 2433

AYEUNA waktuna pikeun ngalarap-keun éta babasan dina kahirupansapopoé téh. Apan ayeuna urang

diasongan calon-calon anggota legislatif kupartey-partey politik nu milu tarung dinaPemilu 2014. Urang diasongan daftarcalon sementara (DCS) ku alpukahnaKPU. KPU miharep malar urang mérépangajén kana éta DCS. Pangpangnangeu nanan tapak-lacak calon, boh bisi ayacalon anu kasang tukang hirupna teu (pati)hadé. Bisi aya nu nyaleg bari ngagunakeunijasah palsu, bisi aya caleg anu tétélakungsi basilat, bisi aya caleg anu matakmawa pangaruh goréng ka lembaga legis-latif upama manéhna engké kapilih.

Ari teu wawuh-wawuh teuing mah apanteu gampang méré pangajén ka jelema téh.Mana komo upama pangajén urang kasalah saurang calon téh kudu disartaan kuidéntitas diri anu écés. Potokopi KTPurang apan kudu dibarengkeun jeung pa -ngajén urang. Henteu kaci surat kaléng,bisi aya paniatan nu teu hadé. Cacak hen-teu kudu disartaan ku potokopi KTP anumang rupa identitas diri mah tangtu suratkaléng téh bakal pasulabreng. Surat kaléngtéa sing saha waé gé bisa nyieun da teukudu ieuh tanggungjawab. Jadi, tangturada hésé pikeun urang méré ajén kajalma-jalma nu aya ngaranna dina DCS.Keun wé atuh, meunteun calon-calon nuaya dina DCS mah bagian batur anu enya-nya wanoh ka salah saurang caleg nu ayadaptarna dina DCS. Keun wé ari teu

wawuh-wawuh teuing mah DCStéh sina jadi Daftar Calon Tetap(DCT) heula. Geus jadi DCT gétangtu teu gampang pikeun méréapangajén téh. Ana kitu, urangpegat wé dina waktu maranéhnakampanyeu.

Apan ari dina waktuna kamap-nyeu mah, dina waktuna urangbisa adu hareupan jeung caleg téa,urag Sunda mah puguh boga ce-cekelanana ti baheula. Babasan“hadé gogog hadé tagog” apanmerenah mun ku urang dipaké ce-

cekelan (kritéria) enggoning urang mérépangajén ka caleg-caleg téa. Sora urang téhapan kacida hargaanana. Mana pantesupama réa caleg anu daék ngaluarkeunduit gedé pikeun meui sora urang, sang -kan dina waktuna pemilu milih manéhna,ulah milih sasaha. Urang peunteun dinawaktuna kampanyeu, naha aya caleg anuninggang kana babasan “hadé gogog hadétagog” téa atawa henteu. “Gogog” jeung“tagog” keur urang Sunda mah hésé di -pisahkeunana. “Gogog” jeung “tagog” lirgula jeung amisna, lir tarasi jeung bauna.

Ari nu disebut “gogog” henteu ngan ukurngawengku “cara” nyarita wungkul tapiogé “eusi” caritaanana. “Cara” jeung “eusi”anu digogogkeun ku caleg dina kampa-nyeu téa ku urang wajib diajén. Ari pancénanggota parlemén apan nyarita, ngagogog.Sangkan didéngé ku batur (éksékutif) atuhcara nyarita téh atuh kudu hadé. Ulahpadu heuay. Iwal ti hadé cara nyaritana,eusi caritaanana gé kudu sarua alusnajeung carana. Nu disebut alus pikeunanggota parlemén mah nyaéta upamanaon anu dicaritakeunana luyu jeung ka-hayang balaréa. Tah ku lantaran kitu, dinawaktu para caleg kampanyeu téh ku urangkudu diajén boh “cara”-na boh “eusia-na.“Cara” nyarita katut “eusi” caritanana, étanu disebut gogog dina konsép Sunda mah,sakumaha anu aya rengkolna dinababasan “hadé gogog hadé tagog” téa.

Dina babasan “hadé gogog hadé tagog”

tétéla pisan yén nu kudu hadé téh lain baé“gogog”na tapi oge “tagog”-na. Lain baékaparigelan nyarita (nya “cara” nya “eusi”)tapi ogé kapantesanana, tampilanana,performance-na. Kudu ditaksir dina waktukamapnyeuna, naha éta caleg téh pantespikeun jadi pangeusi gedong parleménatawa henteu. Pangna “tagog” kudu diajén,taya lian ti sangkan para anggota parleméntéh henteu éléh pamor ku birokrat. Lamunpamorna geus asor mah atuh geus éléhmantén méméh tarung. Pamor anggotaparlemén kudu leuwih unggul manan ja-jaran éksékutif. Urang sok teu panuju kaanggota déwan anu sok popoyongkodanuapama adu hareupan jeung jajaran ék-sékutif. Lain kudu ngalélég, tapi kudu joro-joy tina haténa sorangan yén dirinangarasa satata jeung sing saha waé ti ja-jaran éksékutif.

Upama “gogog”-na henteu diajén,upama “tagog”-na henteu diajén, tapi nudiajén téh gedé leutikna paméréna, urangkudu daék narima upama lembaga legis-latif hasil Pemilu 2014 téh pinuh kuanggota parlemén nu méntalna korup.Pangna kitu, ku lantaran maranéhnatangtu dibeungbeuratan ku pikiran kudumulangkeun deui duit nu kungsidibagikeun ka balaréa basa kampanyeu.Caleg-caleg samodel kitu téh ku lantaranngarasa sadar yén upama ngan sakadarngandelkeun “gogog” jeung “tagog”wungkul mah moal ieuh meunang sora.Sangkan meunang sora, nya kudu mrulianti anu ngabogaan hak sora nyaéta rahayat.

Lamun urang boga niat malar hasilPemilu 2014 téh leuwih hadé mananpemilu nu enggeus-enggeus, sawadinaupama babasan “hadé gogog hadé tagog”téh dipaké cecekelan enggoning meunteuncaleg-caleg nu keur kampanyeu, malarurang teu salah dina ngatukeun pilihan.Dina mangsa kiwari, meujeuhna urangnerapkeun sugrining “ajén-inajén” titing-gal karuhun urang téh dina kahirupansapopoé mangsa kiwari.

***

DI KIWARI MACA BIHARI (9)Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Hadé Gogog Hadé Tagog

Manglé 2433 19

Aya warta pikabungaheun, “Pe -minat Prodi Bahasa SundaMening kat”. Kitu nu ditulis

kalawarta Pikiran Rakyat (PR) édisiSaptu, 22 Juni 2013. Disebutkeun ogéyén nu hayang abus ka prodi SastraSunda di Unpad ngaronjat. Nu samé -méhna ngan 320 urang pikeun jalur tin-ulis dina taun 2012, kiwari mahnga hontal angka 1.431 urang dina taun2013: 1.040 pikeun jalur SNMPTN numarebutkeun 85 korsi jeung 391 urangmarebutkeun 15 korsi dina jalurSMBPTN. Prodi Jurusan PendidikanBahasa Daerah (JPBD) UPI oge ngaron-jat. Nu tadina dina taun 2012 nu daptarka ieu jurusan ngan 250 urang, ayeunamah ngajaul nepi ka 463 urang.

Hal ieu téh pikabungaheun jeungmatak reueus pisan. Tétéla geuning nuhayang dialajar basa Indung, nya étabasa Sunda téh ngaronjat sacara sig-nifikan. Masih loba nonoman nu hayangjadi ahli basa Sunda boh jadi guru atawasastrawan, jeung widang kasundaanséjén na.

Basa Sunda téh jadi salasahiji basa nudipikahariwang carem dina 50 taun kahareup. Hal ieu jadi bukur catur balaréa.Tapi, warta dina PR tadi nuduhkeun yénmasih kénéh réa nu mikahaat jeungmikadeudeuh kasundaan di tatar Parah -yangan téh. Numutkeun rektor Unpad,Ganjar Kurnia mah réa calon mahasiswanu bener-bener hayang asup ka Prodibasa Sunda kalawan jadi pilihan kahiji.

Prof. C.W Waston nétélakeun, basaSunda mirip jeung basa Welsh di Inggrisnu baheula méh tumpur alatan jumlahpanyaturna nu terus nyirorot, migrasi

masyarakat désa ka kota, loba “tamu” diJabar, gempuran média massa nu nga-gunakeun basa Indonesia, “sekulérisasi”,loba nu humandeur para pangagung nuteu daria, jeung kolot nu teu ngagu-nakeun basa Sunda ka budakna (MangleNo. 2420, 11—17 April 2013).

Tapi, tétéla masih kénéh loba masya -rakat nu mikahéman basa jeung budayaSunda. Sok sanajan jumlah panyaturnangurangan jeung rupaning pasualansaperti disebutkeun tadi. Lian ti kitu,kalawarta Sunda masih mayeng midang,saperti Manglé, Galura, jeung Sunda Mi-dang. Buku sastra nu dipedalkeun ogékawilang réa dibandingkeun buku basaJawa atawa Bali, nya éta 38 siki, nungawengku 28 buku buku karya sasterajeung 10 buku bacaan barudak dina taun2012, sok sanajan aya nu pindo citak.Dina khazanah basa Jawa, medalkeun29 buku sedeng sastera Bali nganmedalkeun 9 buku, (Yayasan Kebu-dayaan Rancage, 2013).

Di ranah cyber, grup-grup kasundaansumebar. Saperti Salakanagara nungabogaan anggota nepi ka 16.760kalawan jumlah dokumén 945 siki; Fik-simini Basa Sunda nu ngeus nga-hasilkeun karya 36.824 naskah, kalawanjumlah anggota 5.670, fikminer 1.785,koméntar 276.029, jeung jumlah jempol396.353; Komunites Iket Sunda (KIS)nu makalangan, sababaraha kali pro-filna midang dina kalawarta PR, aktifdina rupaning kagiatan, sarta ngabo-gaan sababaraha cabang. Kitu ogé web-site atawa blog kasundaan nu lain hijidua. Kagiatan ranah cyber nu awalnangan di dunya maya, maju kana kopdar(kopi darat) di dunya nyata kalawan ru-paning kagiatan pikeun ngamumulé ka-sundaan. Pintonan kasenian Sunda ogéteu suda-suda, boh nu sérémonial atawamayeng. Di Dago Tea House apanmayeng dipintonkeun rupaning wandakasenian ti sakuliah tatar Sunda. Oge diBale Rumawat Unpad. Festival GunungTangkuban Parahu nu lumangsung sa-taun sakali, acara sérén taun, jsb. Kituogé acara sérémonial saperti di acara

lembaga, milangkala kabupaten atawakota, jste.

Rupaning lembaga kasundaan apanngadeg, ti mimiti LBSS, PPSS, Bammus,Patrem, jrrd. Paguron luhur nu nga-jarkeun kasundaan saperti UPI, Unpad,Jeung Unpas jadi salasahiji kontribusipikeun kasundaan. Hadiah pikeun kom-ponen kasundaan ogé lain hiji dua. Ayahadiah sastra Rancage pikeun bukusastera panghadéna unggal taun; Ha-diah sastera Samsudi pikeun bacaanbarudak; Hadiah Hardjapamekas pi -keun guru basa Sunda nu mibandaprestasi pangnyongcolangna ti mimititingkat SD, SMP, jeung SMA; HadiahLBSS pikeun carpon, sajak, jeung éséynu medal dina kalawarta; Ogé hadiahpikeun sajak, carpon, ésay, jeung bara -katak pinilih nu midang dina majalahManglé.

Nilik tina ha lieu, naha kasundaan nudirojong ku rupaning hal sakumahadisebutkeun di luhur saolah ngan saukurnagen di tempat? Hal-hal nu patali jeungkasundaann nepi ka kiwari dianggapngan saukur euforia wungkul. Ramé,tapi teu nuduhkeun ngaronjatna kasun-daan boh sacara kualitas boh kuantitas.Nepi ka iraha hal ieu terus lumangsung?Naha urang teu bisa saperti Korea mis-alna, nu geus ngadunyakeun kabu-dayaanana ku gumelarna Korea CulturePop (K-Pop) sababaraha waktu katukang? Sok sanajan kitu, urang wajibmuji syukur réa kénéh nu mikahaat,mika nyaah, sarta ngamumulé kasun-daan ngaliwatan rupaning kagiatan, ko-munitas, ayana jurusan atawa matakuliah basa Sunda di paguron luhur,kalawarta nu ngagunakeun basa Sunda,pintonan kasenian, sarta rupaninganugerah. Bari jeung terus narékahanmanéh ngaronjatkeun kasundaan dinarupaning wi dang jeung aspék. Hijimangsa, moal boa Sunda ngajomantaradi jaya buana. Cag!

* Alumni Jurusan PendidikanBahasa Daerah FPBS UPI Ban-

dung

EUFORIA KASUNDAANKu Reni Nurhayati

20 Manglé 2433

Wilujeng én-jing Baraya!Wilujengpendak deuisareng Ceu

Onnok, si penyiar nu bageurtéa, penyiar nu manis tayaduana. Pendak dimana? Di-mana deui, lintang di radioanu maneuh, radio kameu -meut urang sadaya, MangléFM. Radiona urang Sunda nugumbira!

Hapunten, kamari-kamari,Ceu Onnok tidak mengudara.Kamari téh Ceu Onnok ngi ringdémo ka Jakarta. Ceu Onnokpencak-silat di ditu. CeuOnnok mengepalkan ta ngan diudara. Ceu Onnok, orasi,ambek-ambekan.

Bongan tuda, BBM naék.Sagalarupa teuing. Baraya ho -yong terang kumaha orasinaCeu Onnok di ditu? Kieu yeuh:

“Bapa-bapa, ibu-ibu nu boganagara, déngékeun! BBM tongditaékkeun. Pusing. Engkénasok sagala naraék. Harganaraék. Ojég naraék. Bécanaraek. Bawang. Uyah. Kiridit,sok pipilueun. Tukang minyak.Tukang baso. Ma Ijoh. CeuEnting.

Listrik. Bapana budak, sokpipilueun. Gedé ambek. Ka-malang-kamarancing. Riweuh.Pahibut. Jaba rék hajat. Nyam-bungan. Loba hutang aingmah. Budak sakolakeun eun.Patungan jalan. Patunganmasjid. Jaba pagebug. Hama.Panén, gagal. Balong uruseun.Bedah. Cararoblong. Duhbiyung.Pokona BBM tongnaék. Mun BBM tetep naék,kami rék terus démo, rek terusmenyuarakan hati nuranirakyat. Hidup rakyat. HidupBBM. Hidup Pancasila.”

Tah kitu orasiCeu Onnok. Wahmeunang tepuktangan. Bérésorasi terus macasajak. Naék kaluhur mobil.Muka baju. So-lawatan. Ramélahpokona. MatakCeu Onnok lobapenggemar diditu. Loba numénta tanda-ta -ngan. Polisina géménta poto-potojeung Ceu Onnokmah. Jokowi,datang méré nasibungkus. Wuh,kerénlah. Jabanang tender, meu-nang kartu-na mati Hanung. Cénahdititah miluancasting keur filmSukar no. Katajimeu reun ku ék -ting Ceu Onnok.Heuheu.

Ngan nyakitu,balikna wé nuapes mah. Kating-galeun rombong -an, da Ceu Onnokdirariung waéwartawan. Duh,piambaraheun.Hég duit leu ngitaya nu nyopét.Jaba nya sab. Ka -tulunganna mah,

untung aya Cép Ihung. Nuhunah ka Cép Ihung di mana waéayana. Nuhun parantos nitip-keun Ceu Onnok ka konéktur.

Tah kitu gening para wargi.BBM téh keukeuh naék. Tosnasib urang meureun nya.Tapi keun waé, ulah teuingjanten sedih papanjangan. Se-lami masih aya Ceu Onnok, se-lama Manglé FM mengudara,selama Manglé lovers jagjag-belejag, selama itu pula tidakada duka diantara kita. Urangmah cuang terus hiburan.Terus menjaga galum bira.Manglé lovers anu balageur,dinten ieu Ceu Onnok gaduhtéma anu gokil. Téma numudah-mudahan memikathati kita. Naon cénah témana,Ceu Onnok anu gaya? Tos teusabar nya. Téma kita kali iniadalah: 10 tips menghadapi

bulan Romadon. Naha CeuOnnok nyandak téma ieu?Pédah Ceu Onnok nuju gaduhgebetan putra mama ajengan?Hihi. Sanés. Mung pédahseueur pisan, utamina Manglélovers anu aranom, anu gara -low, nwitt ka Ceu Onnok.Saurna, sok rareuwas pamibadé sasih saum téh. Asa tacantatan-tatan. Can siap meng-hadapi ujian. Tah matak,mudah-mudahan, téma hariini, tiasa masihan inspirasi,tiasa janten bekel, bagaimanakita menyiapkan diri, sasagedenggoning mayunan sasih nupinuh berkah.

Oké! Ayeuna cuang lang-sung wé kana tips anu kahiji.Mangga ka Manglé lovers anubadé nyiapkeun heula catetan,diantosan ku Ceu Onnok.

Hiji, tips mayunan sasihsaum, nyaéta dengan mem-buka-buka lagi diary kita. Ti -ngalian. Ari prak aya seratan:Dear diary, hari ini aku nyerihaté pisan. Si Aa mutuskeununtuk yang ke-9 kalinya. Jadiaku nangis lagi. Jadi we puasagé batal... Dari data itu, marikita tanya, tos dikodoan tacanbatal urang taun kamari? Pamiteu acan, buru geura kodoanheula. Sekali lagi mottonya:ulah ninggalkeun hu tang se-belum hutang-hutang yangbaru bakal numpuk. Siklangkung beurat nanggungna.Atanapi na diary tercatat: Ariatos mah asa hanjakal ngara-gaji gagaduhan carogé.Karunya, jaba diémut-émutkalah rugel nyalira. Ah da étatuda, si Aa mah sok kabina-bina. Teu ningal nuju datangbulan tanapi hanteu, sok wémamaksa kedah ditumut ka-hoyongna... Tah, bilih aya ibu-ibu siga kitu, énggal geuranuhunkeun hapunten kacarogé. Nuhunkeun dijanglartina sagala dosa-kalepatan.Bulan suci, langkung saé di-dongkapan ku diri anu beresih,nu caang bulan papa sang an.Tips nu kadua, lakukan operasiplastik. Saurkeun ka dokter,panga geungankeun tikorosareng beuteung kituh. Naongunana? Krusial pisan. Améhurang tiasa nyimpen emam eunsadinteneun, sukur-sukursasasiheun. Apan upami lam-but urang ageung mah,

Sapuluh Tips Ma(n)yunan SaumCarpon Ihung*)

Manglé 2433 21

martabak sapanci tiasa disim-pen, jambu nu malolénang, éscream, malah pami tiasa mahjeung kulkas-kulkasna cuangsimpen na genggerong. Siang-siang, lapar, pan tos nyampakjawadah satalawéngkar. Siang-siang haus, pan tos nyampakkalapa-muda saté ténong.Aman. Puasa tidak tergoda lagilapar dan haus.

Tiga, mulailah rajinolahraga. Bila perlu dongkap-keun pelatih fisik ka bumi.Naon margi? Keutamian Ro-madon, sanés waé tinu wa-jibna, tapi ogé tinu sunahna.Aya tarawéh-witir, tantanganurang. Tah sugan, ari uranggeus kuat fisik mah, tong borotarawéh 11-23 rokaat, rék sa -baraha waé oge siap dengansesungguh hati. Lain ieu mahkarék wé 4 rokaat geus huma -rurung. Geus kambuh jeungéncok, jeung lungsé, tuur geusngaleketey, panon berkunang-kunang jeung sariawan.Ahirna nambru di hari ke 4 ke5. Pleng wé, kadituna teuembol-embol deui ka masjid.Teu tarawéh-tarawéh deui.

Nu ka opat, berkaitan den-gan faktor eksternal. Nu badédisanghareupan ku urang laintibang nahan lapar sareng ho -yong eueut wungkul. Tapi ogénahan tina hal-hal keburukanséjénna. Hal-hal nu mataklugar jeung nyamos pahalasaum. Diantawisna se rangan tikaum tekhnologi, ti kaummaya dan lain-lain. Kumargikitu, tiasa ogé mulailah diajarmareuman hapé, cabutanmodem internét, balédog keuntipi jeung cd-dvd. Ulah dugi,keur ngeunah-ngeunah wargipuasa, kirining hapé disada.Prak, nu nagih hu tang. Atuhjanten kaémutan. Jadi ngagi -dir napsu. Janten ambekhayang maéhan nu nagih. Tuhpan, janten cukang datangnasétan. Nuju kalem-kalemtadarusan, lol panon ningalbujur dina tipi, leketey atuhsang manah. Kereteg jantenhoyong nyabak gaga duhanpun bojo. Rapuh deuikaimanan téh. Gubrag deuipuasa téh. Komo cénah Mang -lé lovers nu aranom mah, méhteu karaos ngantosan buka,nya mukaan heula situs bokép.Duh aing mah. Ceu Onnokmah teu maido pisan ka nu

kitu téh. Ngabuburit, babala-pan. Ngabuburit,ngaromongkeun batur. Komongabuburit bari ngulek éndrinkanggé dituang ku bapa Kuwumah. Naudzubilah...Atanapikieu. Tah ieu tiasa janten tipsanu ka lima. Manglé FM pangaduh program ayeuna téh.Nyaéta program mengadakanpelatihan dan workshopmenulis. Sok darongkapan.Mangga, dialajar. Aya saéna.Daripada digarosipkeun barisisiaran, bari ngangeun ken-tang, ning dise ratkeun saurCeu Onnok mah. Ngéwa katatanggi, tong diobrolkeun didapur, tong diémbarkeun nasapéker. Hiji, taya gunana.Dua, apan nu tadi téa bilihkalah der matak ngaham-pakeun pahala. Ning dise -ratkeun ku urang mah.Dijantenkeun inspirasi, bohkeur sajak, novel atawa car-pon. Gaduh tatanggi, ngéwa dajudes waé, cuang seratkeunkana naskah drama. Kintun -keun naskahna ka Kang Dadi.Sugan dipentaskeun na FDBS,pan janten manpaat. Aya ba turpirujiteun, tong diteluh,karunya. Cuang serat jantenbahan disertasi atawa tésis.Leres teu? Pami lepat, caré kanhayam pelung. Naha kituhmun kongkorongok soknempo ka luhur? Sok tah.Sakantenan ka Manglé loversnu terang jawabanna, mang ga,kénging doorprise ti CeuOnnok. Tiasa ditelepon tanapisms-keun ka 081323144164.Sok diantos. Heuheu.

Tips nu ka genep, naon nya?Oh, ieu mah tips ti sepuh

Ceu Onnok. Tips kanggé ibu-ibu. Dina nyiapkeun bukapuasa mah, teu kedah nga nggéemameun atawa eueuteun nusaé-saé. Lebar. Nyaah.Spaghéti, saté domba, sopkalkum, jus limun, torabikadan lain-lain éta mah keursahur wé. Keur buka mah,saayana wé. Baé da keur nulapar mah sagala gé didahar,digares. Taroskeun geura kaanu kasurupan. Batok kalapagé disangki dorokdok. Dedekkopi disangki brownis. Caikokocok siga és sirsak. Muhun,lalampahan pun biang étamah. Sok haré-haré mun bukapuasa. Pokna téh, buka puasamah ngeunah ngenyotan

kulub tutut gé. Mun sagalaaral-sagala teu daék, éta tandateu puasa. Jadi wé harita géCeu Onnok mah api-apinikmat. Padahal nu digayemtéh ganyol ateul. Tips untukmenghémat ieu mah. Tapi teunanaon cuang cobian. Bukapuasa bersama dadar beling.Pais sopték. Urab injuk. Tu-lang-taléng. Kérécék cangcut.Angeun oréa. Abon korong.Jus cangkudu. Duwegankalapa sawit. Hihi. Didalaharmoal nya ku nu lapar?

Buka puasa bersama di hotélPanghégar dengan ménu sisitkadal. Darongkap moal?

Buka puasa bersama Guber-nur Jabar dengan ménu taucodicampur hamperu galandan-gan nu maot katabrak karétaterus lalabna daun kacapiringterus sanguna kéjo garingnang moé sataun kahujanan-kaanginan... Badé ngiringanmoal, urang?

Buka bersama anak-yatim.Tapi anak-yatimna kudu makéseragam. Terus anak-yatimnakudu ngajéjér sisi jalan, améhkatingali me nyambut anje-unna dengan meriah. Terusanjeunna ngadadahan tinamobil, de ngan wajah yangdiusahakan sumringah. Teruskudu diwawancara ku tipi darék ngomong bahwa partéyyatim piatu sangat mencintaianak-yatim. Untuk itudukunglah kami di pemiluyang akan datang. Buka puasabersama kiai terkenal denganudunan 100 rébu éwang tapitanpa jamuan makan; nganukur foto bareng wé jeung ki-aina dan dapat sertifikat dantanda ta ngan langsung ketuapenyelenggara... Badédongkap moal?

Hihi. Ari Ceu Onnokngomong naon nya. Sok jantenngacacang. Kieu yeuh ari nujugalow téh. Untung Ceu Onnokmah tetep lucu dan cantik, danyang terpenting tetap setiamenemani Manglé lovers sam-pai berderai galumbira. Oké?!Kita lanjutkan.

Uih deui ka tips menghadapisasih Romadon.

Yang ke tujuh. Kanggé paraorang-tua nu gaduh mu-rangkalih baraong, ieu mah.Jangan biarkan pintu kamaranakmu tertutup, siang-siang.Panto dapur tong dikoncian,

panto goah jeung sajabana.Sabab lamun panto kamer ter-tutup, éta mengundang selérakanggé ngedekes ciki jeungkiripik tanpa sieun katohyanku ibu-rama. Tips ieu dongkapti hasil survey LembagaPeneliti Batal Puasa KaumAnom (LPBPKA) di tatarsunda. Dari hasil survey ka1000 murangkalih, tempat-tempat nu sok dijantenkeuntempat nyumput batal puasanyaéta: 60% di kamer. 15% digoah. 10% di dapur. 7% dikamer mandi. 5% di kebon. 3%di warung nu nyingkur. Tahkitu. Kanggé eunteung ibu-bapa ieu mah. Janten mulai tiayeuna, siapkan buku tamulebah lawang kamer, lawanggoah, dapur dan sebagainya.Tuliskan alasan dan tujuanmun murangkalih urang badéarasup ka dinya. Bila perlupariksa na saku bajuna, nakantong calanana.

Nu kadalapan. Lakukan ker-jasama dengan Mendikbud.Kaluarkeun aturan yén salamibulan Romadon, setiap sakolateu kénging nampi pungutan.Améh naon? Améh taya alesankanggé murangkalih nuhun-keun bekel berlebihan. Hal inidilakukan untuk meminimal-isir uniko (usaha nipu kolot),anu kadituna disalah guna -keun kanggé meser és lilin,teras batal diperjalanan uihsakola.

***Keur anteng Ceu Onnok

macakeun tips-tips, kiriningsora telepon.

“Hallo, Manglé FM. Wilu-jeng énjing. Sareng saha, dimana?”

“Hallo. Engkos, di Batujajar.Ceu, ari laguna mana?! Asangecebrek waé!”

Klik. Telepon ditutup. “Ih haram jadol,” Atuh Ceu

Onnok kutuk-gendeng. “Pent-ing mana lalaguan jeung pisur-gaeun!” cénah baringagusekkeun gagang telepon.Lat poho kasiaran. Kalahmanyun sahaseupan.***

Bandung, 2013

*) Lahir di Majalengka.Ayeuna nuju nyiapkeun ideukangge ngadamel carpon nujudulna “Sasakala PamimpinUrang Teu Balener”

22 Manglé 2433

"MUNGGAH, munggah,insaalloh saum téh cios din-ten énjing....," mani nong-toréng béwara tina sapékerdi masjid. Duloh kalah ny-ocokan liang ceuli. Kolébatbeungeut Ma Ojoh, pama-jikanana, dituturkeun be-ungeut Si Onih, anakbungsuna. Berebey cimatamaseuhan pipi, labas kanakumisna nu cokrom.

"Hampura Ema, hampuraOnih," gerencemna, sumam-bat ka nu di imah. Taya nunémbalan. Panénjonananceb kana jaruji beusi,ngulincer kana témbokbeton, teup eunteup kanalalangit. Hayang berengbengkabur seja marengan numunggah di imah, pamoha-lan.

"Gara-gara si kurangajar!" habek peureupna me-upeuh témbok. Dua budaklalaki nu carinekul di jurutangka ngarénjag.

"Enggeus Pa, tamaha

urang," ceuk nu saurangngupahan. Nu disebut si ku-rang ajar téh taya lian SiMémét anak cikalna. Enya siéta nu nyababkeun Dulohjeung dua urang budak la -laki kiwari ngaringkuk ditahanan polsék téh.

Kedepruk-kedepruk sorasapatu ti jauhna, beuki deu -keut beuki atra, lir atranakatunggara na haté Duloh.

"Ampun Pa ampun...,"kabayang deui Si Mémétpupuringisan méntaampun. Saeutik gé haritamah teu hayang ngaham-pura. Ngan ayeuna karasaaya nu nyeuit na atina.

Nu ngedepruk jebul. Bréh,patugas ngaroris. Manéhnabalik deui.

"Moal, moal kabur!"Duloh kekerot. Najan enyagé ayeuna téh usum mung-gah, usum suka bungah tata-har kadaharan saaya-ayakeur kulawarga, apan isukantéh munggaran ngalak-

sanakeun kawajiban puasaRomadon. Hayang nyadia -keun dahareun rada isti -méwa da kitu galibnaningan, sahenteuna si bo -ron tok mah kudu kaasaan.Mangkaning Si Onih mahsiga taun tukang, saur gécaman-cémén. Tah lamunaya daging, rada moho.

Munggah, keur sakumnaumat Islam di pilemburansok ubyag ku pirang-pirangritual, aya nu diangir mandi,aya nu nadran ka makam,aya nu sasadiaan keur daharsaur, malah di kota mah ayanu ngahaja balotram curak-curak da poé isuk mah puasamoal sukan-sukan barangdahar pajah téh.

Panon Duloh mindo teu-teup kana lalangit, puriding,keueung. Teu nyangkasacongo buuk kudu ngala-man hirup di tahanan.Nyaan, paingan ceuk papa-gah kolot, napsu nu matakkaduhung badan anu katem-

puhan. Tapi deuih da teunapsu-napsu teuing atuh,awahing hayang ngadidik kaSi Munggah, enya Si Méméttéa anakna nu nyieun gara-gara.

Janari leutik harita téhkeur meumeujeuhna ngimpidi alak paul. Tapi teu burungtingkoréjat basa kana pantoaya sora ngagebrug. Geusapal kalakuan Si Munggah.Matuh, unggal mantog uluksalamna téh ku najongpanto. Kituna téh bariwalahwah weuleuhweuhweureu arak. Boh Duloh bohMa Ojoh taya nu teu kacu-gak mamaras haténa.

"Buka panto....!" Si Mung-gah ngowowong bari nye-butkeun ngaran hiji sato.Tara loba omong, nupangheulana ngadéngégura-giru muka panto.

"Buru kéjo, aing lapar!"Garawak deui. Ma Ojohmani dagdag-dégdég. Ari rékdiasongkeun, nu méntanageus nyegrék badis si bopihhéés di kolong golodog.Mun ngaguher kérék,méakkeun kasuka tas ngi -num alkohol Si Munggahtara hudang téréh-téréh.

Mun pareng nu mukatulak téh bapana, enyaDuloh, kudu baé meunangpanyacampah.

"Hararésé pisan mukapanto téh?" Matana hurung.Jekuk sapatuna nu geuscewaw dipaké ngajablog -keun panto.

Duloh bati istigpar.Angot mun nu mukana Si

Opay atawa Si Didit mahkudu baé meunang oléh-oléh, sirahna didegungkeun.

"Munggah-munggah, én-jing cios saum insaalloh,"nongtoréng deui sorabéwara ti masjid tong-goheun kantor polsék.Ngadéngé kecap munggah,Duloh sok inget ka Si Mung-gah minangka ngarannénéhna Si Mémét, analcikalna. Dimunggah-mung-gah gé apan Si Mémét téhngajuruna pareng poéanmunggah, tilu puluh taunkaliwat. Kolébat beungeutjenatna Yati, indung teges SiMémét.

Ku Féndy Sy. Citrawarga

Manglé 2433 23

"Muga-muga baé budaktéh sing walagri Kang, rékawéwé rék lalaki," ceuk Yatiharita bari ngusapan beu -teungna nu bulan alaeun.Duloh unggeuk. Ngarasabagja sabab laki rabi geuslima taun can dipercayaboga turunan ku GustiAlloh. Kabiruyungan.Wancina gubrag ka dunya,enya poéan munggah tëabrol orok lalaki. Nyusurupjeung poéan munggah, in-dung Si Mémét méré nga -ran nénéhna Si Munggah.

"Sugan wé jalu manéhtéh hirup beresih siga bara -resihna jalma-jalma numunggah," ceuk indungna.

Bubuhan budak meu-nang tipepereket ngadungabari ngan hiji-hijina, mo -kaha Si Munggah diogopisan, pangpangna ku in-dungna. Sagala kahayangteu sirikna dicumponan,kalan-kalan saré gé dikeu -keupan baé siga sieun ayanu nyulik. Mun aya nubarang geureuh, kolotnadiontrog bari dicarékan.

"Warah budak téh, nyahoSi Munggah mah teu ka -opan," pajah téh.

Duloh onaman biasa-biasa baé, ngenod teuinghenteu, galak teuing hen-teu. Kuma umumna wékolot ngatik anak sangkandaék sakola, ngaji, malah-mandar jaga hirup bener.

Sup ka SD. Kungsi deuihngaji. Éta gé meunangdiolo-olo ku Duloh da kuindungna mah tong dipak -sa-paksa cenah budak em-bung sakola téh, karunya.Carékna téa mah asal hirupgé geus untung. Kitu pami -kir indungna baning nyaahka Si Munggah téh.

Nincak rumaja, Si Mung-gah salin jinis jadi budakbaragajul da puguh sakolateu junun. Nyaan cééhan,teu kaop digeureuh-geu -reuh, teu kaop dihulag, teukaop disisiwoan, langsungnyégag. Témahna mindenggalungan jeung babaturan -ana. Antukna sakola teujunun. Indungna kakarasadar, ning boga anak kitulaku téh malindes ka kolot -

na. Nu ngomongkeuntingkecewis, nu ngontrogtipopolotot, angot basa SiMunggah urusan jeungpulisi nepi ka dibéroknamah, haté indungna asa di-wewejét.

"Naha atuh manéh téhmaké bijil poéan munggahari laku lampah euwah-euwah mah?" Yati kage -geringan mikiran SiMunggah, nepi ka han -teuna pisan. Duloh prukkawin jeung Ma Ojoh, bogaturunan satilu-tilu, SiOpay, Si Didit, jeung SiOnih, budak awéwé hiji-hi-jina. Ditinggalkeun indung,lampah euwah-euwah SiMunggah mungguh ngagu-ruh, siga euweuh pamun -tangan. Kabur ti kolot,hi rup lunta sakaparan-paran jadi préman. Puguhwé beuki ngajago. Basagubrag Réformasi, mun ba-heula aya petrus loba kara-man dikarungan, jamanRéformasi mucunghulamuk massa. Si Munggah,siga batur-baturna,ngistrika kokodna nu ayatatoan, teu beresih. Ka-paksa disumput-sumput.Aya kasieun dirempugbalaréa nu gangas kadong-sok krismon. Ning mun ayapréman beunang, laju di -kerepuk teu meunangampun, terus dibanjurminyak béngsin, gur didu-ruk. Si Munggah ngompodogé. Nya ngulunu ka ba-pana. Duloh bati bingung,ditarima kumaha ditolakkumaha. Antukna léah, nyaditarima wé da burungpalung bodo gélo gé anaksorangan. Hadéna Ma Ojohgé léah. Mimitina mah SiMunggah katémbong lin-deuk, sari-sari nyantri,kuma umumna prémanusum Réformasi ningan.Béh dieu-béh dieu, euwah-euwah Si Munggah kan -ceuh deui. Teu bina tikorupsi, nu pajah Réfor-masi téh seja meresihanaparat korup, hih kénéh-kénéh kéhéd ningan, ko-ruptor kalah beuki nga leuya. Nya ngapruk deuidunya peteng da ningan

kasempetan keur kikituangé nonggérak deui. JamanRéformasi nu daraganginuman keras kungsi di-ubrak-abrik ku nu marakésorban, pada nyeceléh, nyarépéh. Kadieunakeun mirasnerekab deui, malah ayasesebutan pésta miras, teukalis weureu arak, hayangleuwih apdol meureun dio-plos jeung naon ku hanteu.Puguh wé lauk keur SiMunggah mah. Jleg deuiwé préman, batan babalikpikir kalah euweuh kagi -mir, batan kapok kalahgawok.

Nu digangguna lain baéurang luar, siga puras-peres, kulawargana gé di-pajeg. Puguh deui ngadondahar jeung héés mah.

Peuting kamari, janarileutik, saperti sasari SiMunggah balik. Siga bi-asana. sampurasunna téhnajong panto bari nyebutanngaran si bopih. Teuingkumaha peuting kamarimah nu araya di imah asakasirep jurig tunduhkabina-bina.

Kakara harudang sang -geus Si Munggah najongpanto sababaraha rintakan.

"Sétaaan..na malolortéh?" Si Munggah ngawak-wak. Napsu ngagidir, tinasungutna meledos sésaurut mabok. Torojol ba-pana, karék gé hol nu keurlulungu téh dipapagkeuntonjok. Jekuk, jurahroh.

Koréjat Duloh maksa -keun hudang bari nahankanyeri.

"Na siah téh Munggah?Durjana kabina-bina?"Duloh dak dumadak bogakawani. Pudingding napsu.Teu ngabibisani, aya kénéhsésa jawara jaman keurngora.

"Goblog!" Si Munggahgeus teu boga wiwaha. Dergalungan antara anak jeungbapa, ti jero imah ngagésérka buruan. Najan ruruntukjawara gé geus umuranmah teu burung kasoran.Nénjo kitu, Si Opay jeungSi Didit nu ti tatadi olohokmata simeuteun baningbaluas, sakilat duanana

maju jurit ngaraponanlanceukna nu geus kausap

. Si Munggah pada nga-hanca, saréréa geus kaleun-gitan kadali, tali pameung keut duduluran ngajem-prung, hayang pada-padaunggul. Ceg Duloh kanabatu sagedé hulu dombaparagi manéhna moyan.Teu antaparah deui, gejrotdipeupeuhkeun kana sirahSi Munggah. Kocéak....

"Ampun Pa, ampun Pa,ampuun....!" Na remeng-remeng peuting Si Mung-gah minangsaraya, kakaralilir tina impian euwah-eu-wahna.

Tapi....Duloh geus kale-ungitan rasa nyaah, dur-jana modél Si Munggahkudu dipérénan. Titis tulisciri wanci, baheula SiMunggah gubrag ka dunyapoéan munggah, ayeuna gémulang na poéan mung-gah.

Gujrud salelembur ayakajadian rajapati antaraanak jeung bapa. Haritakénéh gé pulisi --sabadameunang laporan timasarakat-- nyangkalak nutiluan, Duloh, Si Opayjeung Si Didit terus dibawaka kantor polsék, blus kakamar tahanan, ngadagoandijagragkeun ka pangadi-lan.

Gebeg, Duloh lilir tinalamunanana.

Rét ka dua budak lalakinu taya lian Si Opay jeungSi Didit, teup deui kanalalangit, bréh Si Munggahnu keur ceurik ngagukgukménta ampun.

"Munggah, munggah in-saalloh énjing cios saum.Mangga geura beberesih,"geus kadéngé deui béwaramunggah ti masjid wuwuhmatak ngagerihan batinDuloh.

"Munggah? Puasa? YaAlloh, kanggo naon atuhparuasa ari gogoda hiruppada ngantep baé?" geren-deng batin Duloh siga nungarasula kana kaayaanrinéka jaman.

Berebey cimatana nga-banjiran kumis, terus kanajanggotna.***

24 Manglé 2433

Sagala kapeurih asa canpunah. Kasedih,nalangsa, tunggaramasih gumulungjeroeun dada, teuing rék

iraha musnana. Awak kuring nukamari ieu ingsig, saeutik-saeu-tik karasa ngorotan. Sagala rupataya nu mirasa, moal boa munkurang-kurangna iman mah teu-ing geus milu nutur keun, ning-galkeun dunya nu ramé ieu, nupinuh ku sagala kapalsuan jeungkatunggaraan.

Do’a kuring salawasna mare -ngan, mugia manéhna beubeu-lahan ieu haté sing meunangkabagjaan di jero kubur, sing di-tarima iman islamna. Ogé kur-ing teu kendat nga’dua muga-muga keur diri kuring nu diting-galkeunana sing kuat nandangsagala cocoba nu tumiba.

Ngalangkang kénéh kajadiandua minggu ka tukang. Kalayanhaté teu tenang, antara bogohjeung cangcaya nungguan ma -néhna. Ari pamajikan kuring nurék ngalahirkeun turunan numunggaran. Bet geuning kitubuktina, sagala kacangcaya nga -buah jadi tunggara. Hak kuringkiamah bareng jeung musnanasagala harepan. Ani mulang kaasal, dipundut ku Nu Kagungan,asal ti Anjeunna balik deui kaAnjeunna. Teu bisa majar ku -maha ngan cimata nu bisamarengan jeung du’a nu ngan-teurkeun manéhna, ka tempatpangreureuhan nu panganggeu-san.Mun raheut téa mah asa canlipur, geus jol deui masalah numatak nyeri haté, nyeri nuleuwih ti nyeri. Najan kuringgogoléran bari nyebut sarébukali teu percaya, taya gunana,

ngan haté baé nu tetep teungeu nah. Asa piraku Ani pama-jikan kuring nu sakitu soléhna,migusti ka salaki, taat kanaparéntah agama, awéwé nu apalkana haram jeung halal sartamaotna bisa disebutkeun “matisahid” diuar-uar majar maotnamarakayangan jadi sétan pa -nasaran. Kuring yakin sagala étacarita ukur jijieunan, ngan ku -ring tetep baluweng, kudukumaha nyanghareupan masa -rakat nu masih kénéh kandelkapercayaanana kana soal nukararitu. Naha kudu didatangansaurang-saurang dibéré pane -rangan? Mustahil! Hadéna diimah téh ngan duaan, kaduaMang Pardi badéga kuring, jadisagalana masih kénéh bisa te -nang enggoning nyanghareup -anana.

“Ari Mang Pardi ti saha mi -mitina meunang béja téh?” cékkuring basa mimiti meunangbéja ti Mang Pardi. Haté mahasa geus teu kuat nahan émosi,sok ku teungteuingeun nungamimitian nguar-nguarna.

“Satadina mah moal dibéja -keun ka Encép téh!” cék MangPardi bari ngarahuh. “Asa kieusalah kitu salah. Ku Emang geusdipaluluruh ti mimiti jalma nunepikeun ka Emang, terus dipa-pay nepi ka sungapanana. Tapibuntu Cep!”

“Buntu kumaha Emang téh?”cék kuring panasaran.

“Ceuk nu pangpandeurina di-tanya ku Emang téh, meunangbéja ti Jang Unu cenah...”

“Kang Unu Mang...” Asa pi-raku ari Kang Unu nepikeun kanyieun gara-gara deui mah. Ba-heula gé asa geus bébéakan sili

hampura najan enya manéhnakungsi jadi maru kuring gé.

Kumaha atuh ari kieu Mang?Piraku kuring kudu maluruhnanyakeun soal nu kieu ka KangUnu. Bisa-bisa urang disangkarék nyieun pucuk ti girang.”

“Nu mata oge Cep! Leuheungbasa mun panarimaanana alus.Ongkoh sasatna ngaborétékeunétaeun urang...”

“Ari pamanggih Emangkumaha?”

“Maksad Encép téh?”“Enya ari Mang Pardi percaya

Ani jadi jurig?”“Beu ari Encép, keur naon

atuh Emang unggah-onggéngsolat ari kana soal nu kitu masihpercaya mah. Lain pédah ha -reupeun Encép ieu téh! Jeungmun enya ogé aya manusa nujadi nu kitu lain modél Néng Anibagéanana.”

“Sukur ari kitu mah, hartinaEmang sanggup meureun nga-bantuan kuring?”

“Maksud Encép téh rék néa -ngan jurig bungkeuleukanana?”Mang Pardi malik nanya.

“Enya Mang! Emang gémeureun ngarasakeun kumahararasaanana haté kuring!”

“Tong boro Encép, dalahEmang sorangan gé milu teungeunah!”

“Kieu atuh Mang, keun ayeu -na mah urang cicing-cicing baéheula sugan jadi tiis suasanana.Tapi lamun beui maceuh mahkari kumaha engké!” cék kuringtandes. Mang Pardi ukur unggutngaenyakeun. Kuring yakinMang Pardi mah bisa dibawabadami jeung bisa dipercaya.

Peutingna. Kaayaan di luarcombrek, taya jelema liwat

saurang-urang acan ka hareup -eun imah kuring. Malem Ju-maah kaliwon, katurug-turugkeur meujeuhna poék bulan.Mang Pardi geus saré ti wayahisa kénéh di kamar tukang.

Sanggeus ngaji meunangsababaraha balikan gék diukdina korsi di kamar hareup.Pitunduheun anggur ngajauhan,pikiran mancawura ka ditu kadieu nyoréang alam ka tukang.Ku teu sangka kuring bakalngalaman nasib model kieu.Kuring kudu ditinggalkeun kumanéhna dina mangsa keurmeumeujeuhna sono-bogoh.

Lampu dileutikan. Ti ka-jauhan kadéngé sora anjingbabaung. Golédag kekedengansusuganan bisa saré. Keretek dipipir aya sora nu kekeretekan.Teu jadi pikiran, paling-palingkalakay kabawa angin. Hiliwirbau menyan kaangin-anginpaselang jeung bau minyak seu -ngit. Geus teg na jero pikir moalsalah hiji sandiwara bakaldimimitian. Kuring cicing. Lainsieun, tapi hayang nyaho satu-luyna nu bakal kajadian. Kuringteu percaya kana sagala tahayul,jeung asa piraku tina asaldongéng-dongéng bohong ki-wari bakal karandapan ku ku -ring.Tina sora nu karasak-kérésék robah jadi sora nu ceurikbangun kanyenyerian. Ku lan-taran imah kuring témbok, teubisa noong ka luar. Cengkatlalaunan. Ngahuleng sakeu -deung. Mani ngagebeg basa ayaramo nu nyolongkrong tina liangangin-angin, ramu nu dibung -kus ku kapas nu ngeplak bodas.Pluk aya nu ragrag kana ubin.Panasaran jandéla dibuka, ngan

Jurig ImitasiKu Eddy Ruswandy

Manglé 2433 25

sakolépat nu ngelemeng bodasgeus ngiles dilegleg meredongnapeuting. Kuring gogodeg jeungistigfar.

Nu ragrag kana ubin dicokot.Sacewir lamak bodas ditulisanbeureum. Dibaca:

“Kang Handy!! Seratan Anicurat-ciret teu mirupa, diseratnganggo getih Ani pribadi. KangHandy! Ani sedih! Kang Handykarunya ka Ani? PangmaoskeunYasin kanggo Ani nya KangHandy. Pileuleuyan!

Nu tunggaraAni”Isukna surat dibikeun ka

Mang Pardi. Manéhna ukurgogodeg. “Lain antep-antepeunieu mah Cep! Jeung piraku deuiaya jurig bisa nulis sagala.” MangPardi ngomongna dibarungimut.

“Sing waspada baé MangPardi da tangtuna gé ieu téh ayatuluyna, jeung ulah kendat nyangado’a baé, muga-mugasagalana téréh bérés!”

“Ceuk Emang mah mendingontrog ka imahna Cep, moalsaha deui tangtu si Unu nu bogapetana téh.”

“Ah, ulah waka nyangka ka siitu si éta Mang...”

“Ari geus... sidik béja téhasalna ti SI Unu, jeung Si Unudeui nu pernah paséa jeungEncép.” Mang Pardi keukeu dinapamadeganana.

“Curiga mah meunang, tapinyangka mah ulah. Beurat jeungkudu aya buktina. Ari ieu...”

“Rék cicing baé nya Encépmah?” Mang Pardi malik nanya.

“Nya kudu kumaha atuh...”“Encép apal henteu kana

tulisanana?”“Henteu, ngan nu jelas jurigna

bodo. Piraku ditulisna ku getihari bauna bau mangsi.” Salila-lilapaduduan tingharuleng.

“Engké mah Emang cicing baédi imah bandungan sagala nu ka-jadian. Keun kuring mah rék liar,sugan bisa meunangkeun nuanéh-anéh.” Kuring ngabagitugas. Malem Saptuna, ti wanciisa kénéh kuring geus indit, mak-sud téh rék manggihan KangUnu, bongan ceuk Mang Pardibéja téh asalna ti dinya. Lain rékngontrog kuring gé, maksud téhhayang ngobrol baé, susuganannyabit-nyabit soal pamajikankuring nu cenah jadi ririwa.

Punten mah geus sababarahakali, tapi euweuh baé nu ném-balan sakitu lampuna mahcaang. Imah Kang Unu teu patijauh ti imah kuring ngan kase-

lang ku tegalana jeung kebonpandan. Imah leutik cukup keurimah-imah sorangan mah. Bubu-jangan kénéh Kang Unu téh.

Panasaran ditoong tina sela-sela bilik karancang, aya radioluhureun rak. Tapi... aya geuningKang Unu gé keur ngajongkéngdina bangku kai di tengah imah.Panto imahna diketrokan deuiantukna digedoran, nu nga-jongkeng angger teu usik teumalik. Kalah kesel. Maksus téhkuring rék balik deui. Basa kaluar ti buruan imahna ti ka-jauhan aya nu ngelemeng sagalabodas. Kuring nyalingker kanatukangeun rungkun pandan.Gancang pisan leumpangna,mun kuring jalma boranganmoal teu sawan sigana mah, teurék kitu kumaha geura nu liwattéh najan poék sidik maképopocong. Dituturkeun ti kaang-gangan, ka imah Kang Unu ge-uning asupna téh. Ditoong deuitina sela-sela bilik. Porosotpakéan-pakéanana dibuka, KangUnu geuning. Kuring gogodeg.Kahayang mah asup ka imahbari nyarekan laklak dasar, tapikuring asa salah geus waniuntap-intip ka imah batur. Barihaté pinuh ku kakeuheul jeungkatugenah kuring maksakeunbalik. Datang ka imah geus jamduawelas leuwih. Mang Pardimasih kénéh cindekul ngada -goan kuring. Sok manéhanmikeun lamak nu modél kamari.Eusina:

“Kang Handy!Ani tiris! Ani sangsara! Tulu -

ngan Ani Kang Handy! UpamiKang Handy karunya ka Ani,

cobi Ani pasihan salin, Ani buli-gir. Sinjang sareng nu sanés-sanés sacékapna. Wengi énjingku Ani dibantun. Simpen baé dijuru kekebonan. Tong teuing di-tungguan bilih Kang Handy teukiat.

Nu tos lain-lainna deuiAni”

Kuring ukur gogodeg.“Jurig modern!” cék kuring

bari ngalungkeun lamak kanaméja. Mang Pardi ukur seurikonéng.

“Lain antepeun Cep!” KeunEmang bagéanana nyerek nukitu mah. Tuman!” cék MangPardi sanggeus dibéjaan sagalanu kaalaman ku kuring.

Malem Mingguna. Ti sorékénéh Mang Pardi geus taki-takidi luar, nyumput tukangeun da-puran cai. Bubungkusan geusdisadiakeun di juru kekebonan,tapi eusina lain pakéan, ukurbubututan nu dibungkus dihadé-hadé. Kuring teu hayang nyak-sian sagala nu bakal kajadian, teutega. Mani, ngagebeg basangadéngé Mang Pardi sesentakdi luar.

“Kurang ajar silaing Unu!Dikira déwék rék beunang katipuku silaing Unu!” sora Mang Pardimunggah handaruan. Gura-girukuring ka luar, sok ingis KangUnu geus teu mirupa disiksa kuMang Pardi.

“Geura ngalawan siah Unu!”Bari ninggang sirah nudipopocong.

“Ampun Mang! Ampun! SanesUnu abdi mah!” Sorana hahare-

gungan nahan kanyeri.“Tong loba tingkah siah!

Kakara ampun ayeuna mahnya!” bari hiuk deui peureupMang Pardi ngahanca sirah sijurig.

“Geus Mang karunya! Bawa kadieu!” teu sirikna diséréd Si Jurigdibawa ka buruan. Tatangga nupadeukeut nungtutan nyalam-peurkeun saoborna-saoborna.

Barang popocongan dibaruka,kuring mani ngagebeg. Teusangka, nu dicipta téh beungeutKang Unu nu pikarunyaeun, ariieu bet Si Sarda, jelema baragajultukang pulang-paling. Malahansabulan ka tuakng kakara ka luarti pangberokan.

Basa tatangga-tatangga jeungMang Pardi ramé-ramé ngan-teurkeun Si Sarda ka kantorpulisi kuring teu milu, ngan gékbaé dina teras diuk bari ngahu-leng salila-lila. Hampura KangUnu kuring geus goréng sangka.Tapi naha geuning Kang Unumaké popocongan... pikiran jadipabeulit teu puguh.

Kuniang hudang. Sup ka te -ngah imah. Teu lila Mang Pardidatang bari sura-seuri.

“Aya naon Mang...?” kuringnanya panasaran.

“Jadi dua jurig téh, Cep!”Mang Pardi teu weléh mesem.

“Ari kitu...?”“Di kantor pulisi geus nam-

prak deui jurig. Beunang néwakMang Omo éta mah ti sawah.Keur nyingsieunan nu néang caingarah sawah manéhna kacaianterus, teu kasoro ku batur. SiUnu nu éta mah... kuring nganukur bisa gogodeg.***

26 Manglé 2433

Ngaranna téhRoni. RoniMuhammadRamdhan. Ko-capkeun sakali

mangsa mah datang ka sawalasastra, nu geus matuh sam-inggu sakali diayakeun dikampusna, bari ngahajakeunmawa sajak nu diketik di-rapih-rapih ‘na kertas HVS,hurup times new roman 12,spasi 1,5. Rék ningalikeun yénmanéhna gé boga kaguamcara batur-baturna nu séjén,nu remen nulis sajak jeunggeus ilahar naranggap manéhminangka panyajak ngorasirung harepan.

“Goréng patut kieu! Sajakieu téh?” Ceuk Si Eri barangsidik kana judulna.

“Matak nyeri panon!” SiAbdil mairan.

“Lur, mun ngarasa can lobamaca, ulah waka hayang nulisatuh!” Ceuk Si Sutar sangki-lang teu kungsi maca sajajar-sajajar acan.

“Oon manéh mah euy!” Si

Uday ngagakgak.Ukur sakitu cukang nu

ngarobah ngaran Roni jadiOni téh. Utamana lebah SiUday ngedalkeun kecap oon.Si Uday téa sakecap-sake-capna téh patri, bubuhankakoncara ahli. Bisa milahtempat tur milih wanci. Munteu jadi dunga, uucapananatéh moal henteu jadi supata.Basa dikitukeun gé Si Oni téhsemet ngeluk, kawas garongnu kacerek ronda boa.

Untung basa balik tina étasawala téh Kang Malka gasikngupahan. “Ulah leutik burih,”cenah. “Barudak mah kaju-rung ku nyaah. Kitu sotéhsangkan manéh leuwih dariamaca, leuwih suhud latihannulis. Niatna mah ngadoja,naha enya rék junun nulis?”

Tampolana Si Oni percayakana omongan Kang Malka,nu kungsi kasinugrahansawatara hadiah sastra. Da teukungsi nunggu isuk pagéto,manéhna langsung mabrét kaperpustakaan. Laju tihothat

mi lihanbuku sartama caansajak.Saban ke-capna,sabanpadali -sanana,sabanpadana di-imeutangemetpisan. Piki-rananangabam-blam, yénpanghinanu cikénéhmiteskeunmamaras -na téhkudu jadicukangkayakinan.

Ti dinyamah poébaganti

poé Si Oni nguyup saripatisajak, dahar daging sajak,nyeuseup hawa sajak. Omong -an Kang Malka diwiridkeunbeurang-peuting: “Cikal bakalpanyajak moyan mah sirahkudu jadi suku, suku gé kudujadi sirah!”

Lebah kasumpingan aral gésora Kang Malka nu sokkapireng ngoncrang téh.“Nulis mah teu butuh bakat,tapi butuh ihtiar jeung tékad.”Ari geus kitu mah kabadékumaha ketak Si Oni satu-luyna. Unggal paméran bukudijugjugug. Sakur medal bukukumpulan sajak, rék hadé rékgoréng ceuk pangajén batur,moal henteu dibeuli. Da bukunaon waé ogé, ceuk ijiranana,ngandung kaunggulan jeungkahéngkéran séwang-séwang -an. Boroning buku, dalahmanusa ogé dalit ari jeungpasipatan nu dua éta mah.

Jeung lain semet buku lokalwungkul, nu kaliber interna-sional gé diboro. Ti HajiHasan Mustapa tepi ka Afrizal

Malna, ti Godi Suwarna nepika George Trakl, ku Si Onimah dijajarkeun minangkabahan bacaeun wajib. Sokkomo lamun geus ngolébatbebengok Si Udaysaparakanca nu kungsi nyapi-rakeun tarékahna, haténabeuki kumejot baé hayanggeura diaku panyajak. Bukudibaca deui. Buku dibaca deui.Mangpirang sajak dibaca deui.

Di sagigireun éta, Si Oniremen laha-loho ka perpus-takaan nu réhé. Mun parengmanggih buku nu radalumayan, gancang dibebes -keun kana jero baju. “Ieu mahsakuduna, da maling gé lainpédah butuh, tapi karnanyaah. Buku sakieu punjulnamani euweuh nu haat.Ongkoh teu dipiroséa ku pus-takawanna ogé. Batanmubadir mah hadé dirawatan,malar mangpaat.”

Tug puasa Senen-Kemis SiOni mah hayang kabedagmeuli buku téh, jeung kadu-ana mah hayang gura-girupinter nulis sajak. Najantukang maling buku, ari logikasantri salafiahna mah napakkénéh: “Peurih beuteung téhmatak otak éncér.”

Atuh batur sapangulinanmanéhna gé tara wet waniganggu. Apal adat, Si Oni mahmun geus boga kahayang téhkudu waé laksana. Teu bisadikumaha-kumaha satung-tung tacan cacap mah. Bédadeui jeung kulawargana nutuluy sujud sukur ningali SiOni némbongkeun sumangetnu pohara téh. Sok sanajanjadi tara milu aub ngariungmun aya riungan kulawarga,arang takol mun keur aya diimah, da waktu jeung piki-ranana museur kana sajakjeung sajak. Aya kalana ku -liahna gé kabolér. Kabogohdiputuskeun banget kuhayang jongjon diajar nyajak.

Geus mangratus bukudibaca, geus mangratus sajakditulis. Buku tiori jeung buku-buku nu ngaguar sajak han -tem digulang-gapér, luyujeung panuduh Kang Malka.Sajakna gé teu burung dimuatdina majalah jeung di koran-koran, dua taun ti manéhnadijejeléh dina sawala sastra

Si Panyajak OniCarpon Déri Hudaya

Manglé 2433 27

kampus, dua taun ti manéhnadingaranan Si Oni ku parapamilon éta sawala.

Ngan kangaranan manusa,tara wet gancang sugema kunu geus lunas. Najan sajaknabeuki remen dimuat, batur-baturna geus mimiti ngakuketakna, tur kritikus sastramimiti kapireng aya nu muji,tapi sumanget Si Oni éstu teungurangan. Buku-bukunamingkin ngaleuya minuhankamar. Buku dikasuran, awakukur dina amparan téh lainsemet dongéng. Teu mahi dikamar, buku téh dijajarkeundi WC. Nincak taun kaopatjero ngalanglang dunya ka-pangarangan, Si Oni lulus ku-liah tur nampa gelar sarjana.Lain waé kulawargana, dalahbatur-baturna gé milu atohalah batan. Kawantu padanyangka yén Si Oni mahbakal jadi mahasiswa abadi,nu ka dituna téh kana bakalditalipak sistem kampus. SiOni téh disangka mopoho -keun kawajiban diajar formal,da milih jalan kapangarang -an. Malah sajakna téh lobapisan ngung kab rurujit kam-pus. Rektor, dékan, katutdosén-dosén mah utah ugermaca sajakna téh. Matak sahapijalmaeun ana nu teu bungahbasa Si Oni nampa ijazah?

Bédana Si Oni jeung sar-jana-sarjana anyar séjénna,batur mah tihothat néanganpagawéan, manéhna mah ti-hothat nampik pagawéan nuditawarkeun, boh ku batur-baturna nu geus ti heulalulus, boh ku dulur-dulurnanu cekel gawé di intansi(duduluran) pamaréntah.

“Pagawéan uing mah nulisjeung maca. Profesi uing mahpanyajak.” Sakitu. Si Oni teukagémbang ku rupa-rupa ja-batan. Si Oni milih hirupmodél kitu malar karepna teukapegatan. Sab kakayaanceuk Si Oni, kasenangan ceukSi Oni, kahirupan ceuk SiOni, éstu gumantung kanasajak. Cai laut rék dijadikeunmangsi. Lambaran langit rékdijadikeun keretasna, cenah.

Ngan kayakinan Si Oni téhméh waé bobor karahayuanbasa Kang Malka nepungan

mah. Kang Malka nu geusjadi rédaktur sastra di koranSunda, anu sasarina marah-may téh sakali mangsa ieumah ceudeum-cakueum.

“Ni, hirup sabenerna mahlain dina buku tapi di luarbuku. Nu kudu dibaca téhlain waé hurup tapi ogéhirup.”

“Bénten lah ari tos jantenrédaktur anom mah. Tapimaksadna kumaha éta téhKang?”

“Euh, belegug téh kabina-bina. Kapan manéh téh butuhdahar, kudu mulang tarimaka kolot. Tanggung jawab pa-nyajak téh lain semet nulissajak, tapi ogé kudu bisa sug-ema di luar sajak.” KangMalka nyureng. “Jeung…manéh mah can apal kawin,Ni. Rasana téh leuwih pédomanan sajak. Sumpah!”

Si Oni kéom. “Ah, tina duapuluh opat jam sapoé, pédonamah paling ukur lima meni-tan. Biheung lima menit gé.Kumaha lamun…”

“Is, sok salah waé. Limamenit ogé langgeng, Sujang.Lima menit nu saendeng-en-deng téa éta téh. Ngan han-jakal, perjoanganana leuwihbeurat manan nulis sajak.”

“Akang mah ka manakarep. Pan bangsa urang téhgeus merdika, geus teu perlupajoang. Jeungna deui, can géacan geus nitah mikirankawin.”

“Oni, Oni… kawin téhbutuh tatahar. Mun teu ti aye-una rék iraha? Da sajak mahmoal bisa dipaké mas kawin,kajaba mun kawinna kaÉndah Dinda Jeinura.”

“Har, lain si Tétéh éta mahgeus kawin ka Kang Dédén?”

“Heueuh, hartina, sajakmanéh téh moal bisa dipakékawin-kawin acan. DédénAbdul Azis onaman kataé -kan… Keur ayeuna mah, Su-jang, salira téh kedah mer joangkeun heula hirup nusabenerna. Ékonomi Sujang,ekonomi. Sajak mah engkéogé nuturkeun… Ari ékonomigeus cumpon mah nulis gégenah geura. Komo geuskawin mah…” Kang Malkarénghap-ranjug, tuluy

ngéhkéh batuk. “Hirup uing mah Kang,

bakal aya hargana mun uingnulis sajak!”

Sok sanajan bisa ngajawabku ngalisankeun pikiran pa-nyajak Rilke, Si Oni teu bu-rung huleng jentul. Nu nyu mangetan nulis Kang Malka,nu mépés gedurna KangMalka. Tapi dalah dikumaha.Omonganana téh bener waé.Si Oni ngaku dina haté leu-tikna mah. Teu bina ti ma -laikat Kang Malka téh. “Tapimun aing digawé, sajak moalkaurus. Lamun ngurus waésajak, saha teuing nu ngurusaing?!”

Ti dinya, pirang-pirang lilaSi Oni meungpeukan ceulimun para inohong, para bu-dayawan, para rédakutr sas-tra ngadongsok, “Rék ku sahadeui sastra Sunda téh dipa-juna ari lain ku barudak ngo -ra?!” Sab lebah honor mahteu pati imbang jeung modalnulisna. Ari ajén tulisan teuweléh kudu ‘wah’ atawa ‘ah’,anu saenyana butuh modalgedé, materi jeung non-matéri. Si Oni téh ngarasaloba ditungtut mikir, tapisaha nu ngarojong ketakna?

Teu bisa nyalahkeunsasaha palebah dinya mah.Atuh lebah honor, Si Oni gésurti. Pangna tiba cukup keursabungkus roko jeung sagelascikopi, da mémang kitu ka -ayaan jaman. Majalah jeungkoran téh oplahna teu saba -raha. Atuh nu nyeponsoranogé teu pati réa, lantaranoplahna teu bisa dijadikeunangkeuhan. Da katompérna -keun téh masarakat beukikedul maca, jajauheun meulibacaeun. Pangarang jeungpanyajak Sunda jaman aye-una mah disebutna gé ang -katan sastra nu kurang dibacakarya-karyana. Krisis.

Sakalina aya koran jeungmajalah basa Sunda nu diba -gikeun, teu pati réa nu miro -séa. Paling banter nu haatngampihan téh butuh keurbungkas-bungkus goréngan.Nasib kamekaran surat kabarjeung satungkebing eusinatéh cindekna mah luput.“Upami para wargi teu per-

canten,” ceuk Kang Malkadina sawala media daerahtingkat nasional, “manggawaé imeutan ku nyalira.Sautahna ogé moal aya nunyaram.”

Anéh bin ajaib. Sanajandunya kapangarangan beukimeredong, kalungguhanmedia lokal didesek tuluy-tu-luyan ku media non-lokal,sarta harga sajak beukinyusud, bet henteu matak ka-teug pikeun Si Oni mah.Manéhna kalah daria deuinulis sajak. Kang Malka ban-gun aral mapatahan. Jeung SiOni mah éstuning lain Si Eri,Si Uday, atawa Si Dilah numilih hijrah kana basa Indo -nesia atawa kana karya tulispopulérna, nu dianggapleuwih mabra boh pikeunpangarang boh pikeun numaca karanganana: teu ma -tak jangar. Anéh bin ajaibséjén na, horéng Si Oni téhlain ukur hiji atawa dua.Malah aya nu geus kolotjeung ramosbos janggotan,malah réa nu karék pisanbabar minangka Oni bakalan.Sakapeung mah Si Oni téh di-anggap ideologi atawa lamu-nan nu ngajuringkang.

“Abong hirup mah absurdtan kaukur, sumawonna kuélmu bisnis bin dagang, nuteu leupas tina tilikan un-tung-rugi atawa modal jeungbati,” ceuk Si Oni. Hirup pa-nyajak Oni téh éstu diwa -yangkeun sih piwelas NuMaha Ajaib. Sajero mikirangaluring hirupna Si Oni, pa-nyajak Roni MuhammadRamdhan, Pangéran mésemawahing kagugu cenah. Nu-rutkeun eusi sajak Si Oni étatéh. Anu lebah bebeneran eu-sina mah masih kénéh padamadungdeng keun.Ngan,rérés maca éta sajak KangMalka bet ngaharéwos, “Munsalamet tina panyakit gélo, SiOni téh aya bahan jadi panya-jak kelas déwa.” ***

Pasirjongé, 2013, badamaca kiriman sajak ti

kang Arom Hidayat.

*) Deri Hudaya, alumnus Ju-rusan Pendidikan Basa DaerahUPI. Babar di Singajaya, Garut.

28 Manglé 2433

Salila lima taun kadua kapamingpinan Wa-likota H. Dada Rosada SH .SMi., dinatarékah ngawujudkeun Kota Bandungsangkan raharja tur Bermartabat (Bersih,ma’mur,taat,bersahabat) téh dilaksana -

keun ngaliwatan rupa-rupa program jeung kagiatanpangwangunan, luyu jeung pangharepan sarta cita-cita balaréa. Éta program sakurang-kurangna geusnanclebkeun dasar-dasar pondasi anu kuat turpuguh tujuan, bari dibarengan ku rencana anu asaktur merenah dina prak-prakanana. Sok sanajan kitu,masih aya pasualan anu kudu diungkulan ku pa-maréntahan Kota Bandung, nyaéta masih kénéh ka-catet aya 500 rébu warga miskin di sakuliah KotaBandung. Éta hal ditétélakeun ku anggota DPRDKota Bandung ti Fraksi Golkar, Drs.Tatang Sutaris,ka Manglé sawatara waktu anu kaliwat.

“Dina ngungkulan pasualan warga miskin, kedahdilaksanakeun sacara pokus ngalangkungan pro-gram pangwangunan anu tiasa ngamekarkeun sartaningkatkeun kawilayahan. Ogé program kawilaya-han anu dibarengan ku numuwuhkeun sarengngabebenah séktor-séktor mikro, ku cara nga -modalan usaha-usaha non pormal. Kituna téh margipasualan anu dipayunan ku rayat dina ngajalankeunusaha nyaéta kakirangan modal usaha. Janten, ban-tuan modal ti pamaréntah kacida ageing mang-paatna. Ku mekarna usaha séktor mikro di tingkatkawilayahan, dipiharep kagiatan ékonomi tiasa nye-bar atanapi henteu ukur numpuk di hiji tempat,”pokna.

Tatang ogé nétélakeun, program pangwangunankewilayahan anu neueul kana kapentingan rayat leu-tik, dipihareup bisa ngamekarkeun pangwangunanékonomi, anu bisa nyiptakeun lahan pagawéan turngaraharjakeun masarakat. Dina taun 2012 jumlahpadumuk Kota Bandung anu ngaligeuh teu bogagawé kacatet aya 9,17 persén tina jumlah 2,5 juta jiwapadumuk. Ku kituna, éta program sarta kagiatan téhkudu dilaksanakeun sacara pokus tur daria, sangkanbisa nyerep pagawé tur bisa ngurangan jumlah rayatmiskin.

Kagiatan pangwangunan anu dilaksanakeunsaluyu jeung kamampuhan tur kabutuhan daérahsarta poténsi anu aya téh, mangrupa salah sahijiitarékah pamaréntah dina raraga ngungkulan sagalapasualan anu disinghareupan ku Kota Bandung.Ketak Pamaréntah Kota Bandung dina ngaron-jatkeun kahirupan masarakat éstu geus katémbong

Di Kota Bandung Réa Kénéh Warga Miskin

Anggota DPRD Kota Bandung, Drs.Tatang Sutaris

Manglé 2433 29

hasilna. Dina taun 2012 Pemkot Ban-dung geus nyiptakeun lahan pagawaéananu bisa nyerep pagawé nepi ka 47,33persén. Dipiharep dina ahir taun 2013bakal naék jadi 67,14 pérsen. Ku beukiréana masarakat anu boga gawé, tangtubakal ngaronjatkeun kualitas hirup.

Data dina awal taun 2013 ditétélakeunaya 123.032 KK (Kepala Keluarga) anuka asup miskin mikro. Pikeun ngungku-lan éta pasualan, Pamaréntah Kota Ban-dung geus ngalaksanakeun programBandung Ma’mur. Tujuan éta programpikeun ngawaluyakeun masarakat anukurang mampuh, di antarana dina wi -dang atikan ku cara ngagratiskeun wara-gad pendidikan sangkan barudak tikalangan kulawarga anu teu mampuhbisa neruskeun sakola. Ogé di widangkaséhatan, masarakat anu miskin di-haratiskeun tina biaya uubar ka rumahsakit. Dina hal ngabina séntra industrijeung perdagangan, dilaksanakeunngaliwatan sistim padat karya sangkanleuwih réa nyerep pagawé. Ogé terusmetakeun tarékah sangkan séntra-sén-tra industri perdagangan terus tu-muwuh tur nambahan jumlahna. Dinataun 2008 kacatet aya dalapan séntra,taun 2012 naék jadi 13 sentra industryjeung perdagangan, dina ahir taun 2013dipiharep naék deui jadi 14 séntra in-dusatri perdagangan. Papadaning kitu,jumlah sakitu téh masih kénéh jauh tinatargét taun 2013 anu ngahontal 30 sén-tra industri jeung perdagangan.

Tatang ogé ngémbohan, taun 2008IPM (Indeks Pembangunan Manusia)Kota Bandung kacatet ngahontal 78,33poin. Dina taun 2012 naék jadi 79,32poin. Kamekaran IPM téh aya pakaitnajeung LPE (Laju Pertumbuhan Ekono -mi), dina dangka waktu taun 2008 nepika taun 2013 ngan kahotal 9,40 persén.Éta hal ngabalukarkeun teu bisa un-dakna indéks daya beuli, padahal séktormikro geus mekar nepi ka 60 persén,tapi indéks daya beuli masih kénéh dinaangka 66,35 poin dina taun 2012. Kualatan kitu, LPE Kota Bandung ukur ayadina posisi ka-6 sa-Jawa Barat.

Hal sareupa kitu némbongkeun yénséktor mikro Kota Bandung tacan mérékontribusi pikeun ngaronjatkeun indéksdaya beuli. Éta hal ogé mangrupa gam-baran yén dinas anu aya pakaitna kanakamekaran ékonomi can bisa nyerepanggaran sakumaha mistina. Anu ka -serep téh ngan ukur 60 nepi ka 75 per-sén tina anggran APBD.***

Cucu/Dede

Séntra industry jeung perdagangan tacan ngahontal targét

Di Kota Bandung kacatet masih kénéh aya lima rébu warga miskin

Modal jadi pasualan utama warga dina ngamekarkeun usaha

PT Pos Indonesia sagancangnabakal ngagelar proses dibagikeun -ana Bantuan Langsung Sementara

Masyarakat atawa BLSM di sakuliah In-donesia. Hal ieu dijentrekeun ku DirekturUtama PT Pos I Ketut Mardjana sareng -sena marengan Menteri Koordinator(Menko) Kesejahteraan Rakyat (Kesra),Agung Laksono, nalingakeun proses di-laksanakeunana BLSM di Kantor PosBesar Bandung.

Ketut Marjanya nargetkeun, dibagi -keunna BLSM dina tahap munggaranbisa rengse dina 15 Juli 2013.

"Kanggo ngalancarkeun proses dibagi -keunna BLSM, PT. Pos anu biasana bukatabuh 08.00 dugi ka 17.00 WIB, engkemah tiasa diperpanjang dugi ka wengi gu-mantung seueurna antrian. Malih upamidiperyogikeun dinten Minggu oge bakalbuka,” pokna.

Nurutkeun Ketut Marjana, ku ayanaproses digancangkeunana bantuan BLSM

ieu, PT Pos geus ngamalirkeun bantuanka 30 persen Rumah Tangga Sasaran(RTS) tina 15,5 juta anu boga hak narimaBLSM.

Ketut Marjana miharep ka sakumnamasarakat sangkan ulah kasieunan teukabagean jatah dana BLSM di Kantor Poskusabab program ti pamarentah ieu téhmemang husus keur masarakat.

“Program bantuan BLSM ieu dijaminku pamarentah, jadi masarakat ulah hari-wang teu kabagean, sadayana tangtoskabagean” pokna deui.

Ketut Marjana netelakeun, dina merejaminan kanyaman ka masyarakat anunyokot bantuan BLSM, pihakna nyiap-keun fasilitas husus di sababaraha kantorPos.

“Sapertos di kantor Pos Besar Bandungdisayogikeun tenda, mobil ambulan, po-liklinik sareng sarana air minum,” pokna.

Posko Pelaporan BLSMMenteri Koordinator (Menko) Kese-

jahteraan Rakyat (Kesra), Agung Laksonomiharep ka sakumna aparat wilayah nusumebar di desa-desa sangkan bisanyieun posko-posko pelaporan masya -rakat patalina jeung dilaksanakeunanaBantuan Langsung Sementara Masya -rakat atawa BLSM.

Nurutkeun Agung, posko ieu engkenaboga fungsi pikeun narima laporan timasarakat ngeunaan data-data masya -rakat anu boga hak jeung nu henteu haknarima BLSMnu engkena dilaporkeun kaPT POS minangka verifikasi data anyarnu narima BLSM.

Menteri Koordinator (Menko) Kese-jahteraan Rakyat (Kesra), Agung Laksononetelakeun aya 8.554 masarakat an mu-langkeun deui Bantuan Langsung Se-mentara Masyara kat (BLSM) tina 15,5juta Rumah Tangga Sasaran (RTM) di In-donesia. Nurutkeun Agung, aya sababa -raha perkara anu nyababkeundipulangkeun deui BLSM anu gedena

30 Manglé 2433

Masarakat Loba nu Mulangkeun BLSM

Manglé 2433 31

Rp.150.000 tiap bulan.“Hal-hal anu nyababkeun diuihkeunna

deui BLSM téh diantarana; nolak disa -babeun maot 23%, ditolak ku panarima2%, tanpa pemberitahuan atawa di gusur60%, kartu ganda 2%, teu dikenal 12%,alamat teu jelas 1,5% pindah atawa pu-lang kampung 2,27 %,” pokna.

Nurutkeun Agung, pamarentah moalnambahan jumlah masarakat anu bogahak narima dana tina program BLSM/masing loba anu nolak BLSM.

“Luyu sareng aturan ti DPR RI/ munngsaukur 15, 5 juta masarakat anu kacatetjadi RTS (Rumah Tangga Sasaran) anugaduh hak nampi BLSM,” ceuk Agungnetelakeun.

Mahasiswa Tolak Kompensasi BLSMMahasiswa anukagabung dina Badan

Eksekutif Mahasiswa Indonesia TeritoriJabar, nepikeun aspirasina nyaeta nolakkompensasi BLSM. Aspirasi ieu, ditepi -keun mahasiswa dina acara audiensijeung perwakilan Komisi-Komisi diDPRD Jabar di ruang Komisi B DPRDJabar. Perwakilan mahasiswa dina audi-ensi ieu nepikeun sababaraha aspirasisaperti;

Kahiji, Nolak program kompensasiBLSM sarta balikeun deui anggaran keurprogram kompensasi BLSM kana ang -garan subsidi BBM.

Kadua, ngatur tariff transporasi,distri busi jeung harga jual barang anungaronjat balukar tina naekna hargaBBM.

Tilu, ngayakeun efisiensi pos anggaranbirokrasi pikeun nutupan anggaran be-lanja.

Kaopat, optimalisasi target panari-maan pajak keur nutupan anggaran be-lanja jeung pengeluaran dina APBN,supaya henteu ngurangan subsidi BBM.

Kalima, optimalisasi infrastrukturkonversi BBM jeung industri substi -tusi/komplementer BBM.

Kagenep, ngabebenah jeng ngaron-jatkeun sarana transportasi publik pikeunngurangan konsumsi BBM.

Katujuh, nasionalisasi asset Negaraku BUMN Pertamina.

Mahasiswa, dina penolakan kebijakanpamarentah ieu ngajentrekeun sababa -raha argumen. Nurutkeun para maha-siswa, Indonesia mangrupa salah sahijinagara penghasil BBM panggedena didunia. Tapi, kabuktianana Indonesia nepi

ka kiwari can boga ketahanan energy.Kondisi ieu balukar tina political wiil ti

pamarentah dina upaya preventif keta-hanan energy henteu dilaksanakeunsacara optimal. Hal ieu, dibuktikeun kukondisi : langkah nasionalisasi asset teumaksimal, minangka buktina Pertaminangan ukur boga 20% tina total sahammigas di Indonesia.Bukti sejenna, pro-duksi BBM dalam negeri ngan saukurbisa nembus angka 840.000 barelsapoena tina total kabutuhan dalamnegeri anu geus nembus angka 1.600.000barel sapoena sarta infrastruktur konversienergy non migas masih can siap sartapenyiapan transporasi publik anu layakcan aya parobahan sacara signifikan.***(AS)

Audiensi jeung perwakilan Komisi-Komisi di DPRD Jabar di ruang Komisi B DPRD Jabar.

Manglé 2433 33

Ti barang kuring di-hirupkeun dinarahim indung, ti

harita saenyana kuringsawadina jadi mahlukNaanu ku du sukur ni’mat.Indung mang rupa “jang-gélékna” muara kahirupan Mantenna pikeunumatNa. Tanpa indung,hamo aya kahirupan didunya. Indung téh “medi-ator” antara Mantennajeung manusa.

Kuring yakin rajaningyakin, indung kacida bag-jana nalika ku ring ayadina rahimna. Komosanggeus kuring gelar kadunya. Tangtu kuring di-rawu dipangku, dinang -na-néngné. Sagala halkahadéan diketrukkeunkeur ku ring. Sagala ka -peurih geus teu dijadi -keun itungan ku indungenggoning “ngajelema -keun” ku ring.

Kiwari, mangsa kuringgeus sawawa… geus bisahirup jeung néanganhurip sorangan, kuringyakin, kabagjaan indungpari purna ku éta hal.Najan teu di tembrakkeunka kuring, ka jal ma-jalma… kuring yakin, in-dung teu weléh agul-agul an ka dirina: “Anaking ki-wari geus jadi “jalma”…!!”. Éksprési kabagjaananu tan wates wangenantina hal anu teu sapira.Kuring geus jadi “jalma”,ceuk indung… tapi, naha

kuring geus pantes dise-but “jalma anu bisa mu-lang tarima ka indung”…?!

Indung, nepi ka poé ieusatékah polah kuringnempatkeun anjeun dinaposisi anu pangpunjulna.Ngan, kuring yakin… nepika tutup umur, kuringhamo bisa naur sagala ka-hadéan anjeun. Saréng-hap napas anjeun, jadisarébu napas kahirupankuring. Sausap kadeu -deuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dinakahirupan kuring. Cimatakapeurih anjeun, mang -rupa panaur cimata

kabagjaan keur kuring.Anjeun mahluk pang-mulyana di satung kebingdunya.

Hampura, kuring hamobisa naur sagala kaha -déan anjeun. Hampura,kuring ukur bisa jadi anaknu “ukur” bisa naur kaha -déan ku hal-hal anu teusapira. Urusan sakola,karir, (Insya Alloh)rumah-tangga, rejeki…anu karasana ku kuringdigampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeunéta téh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun…keukeuh, hamo bisa naursagala kahadéan anjeun.

Indung, mun seug ku -ring jeung anjeun geusdipegat pati… kaasih ku -ring tetep nganteng keuranjeun, sakumaha tetepngantengna “kakuatan” tianjeun keur kahirupankuring nepi ka tungtungmangsa. Kuring teu ka -wasa ngabagjakeun an-jeun dunya –ahérat… tapikuring yakin, geus ayasawarga pikeun hirup an-jeun jaga di alam nuhamo kadong kang kumanusa, ukur ti Manten -na… I love U more, every-time…!!***

(Dépok, 20 April2011)

Carpon Manglé Alit

Haréwos keur IndungKu Téh Nila

34 Manglé 2433

Hadirna Sandrina di Universitas Pa -djadjaran estu taya nu nyangka.Harita Trans TV gawe bareng jeung

Fikom Unpad ngayakeun “Job Vaganza Vi-esta” di Aula Unpad Graha Sanusi Hardja -dinata jeung Lapangan Parkir Utara (LPU)Jl. Dipatiukur 35 Bandung (29-30 Mei 2013).Rupa-rupa kagiatan digelar dina acara nga-jaring karyawan gaya CT Corp (Chaerul Tan-jung Corp pausahaan kagungan Bapa HaerulTanjung kaasup Trans TV jeung Trans 7) nukonsepna unik jeung teu umum, saperti sys-tem job fair(panarimaan karyawan) nu teukudu make CV (Curiculum Vitae/daftar ri-wayat hidup) nu diutamakeun kamampuanbakat (talenta) calon karyawan, seminarjeung workshop nu dijejeran ku praktisi-praktisi Trans TV kaasup “Si Anak Singkong”Pa Haerul Tanjung nu medar entrepreneurjeung diskusi buku biografina. Lian ti eta diLPU ge ngageder bazar jeung lomba motretfoto model, tah disatengahing kitu, torojol tehkana panggung utama aya budak lalaki makekacamata umur welasan taun, ngong nyanyisoarana halimpu matak dedengeueun barang

diilik-ilik sihoreng Joshua Pangaribuan fi-nalis Indonesia Mencari Bakat IMB). Wehboa-boa yeuh Sandrina ge aya di dieu?Barang ditingali ka tukangeun panggung ,enya we Juara I IMB 3 Sandrina Azahra keurnyalse diuk dina korsi tempat artis dibaren-gan ku tuang ibuna nunggu giliran ka pang-gung. Gaya pisan harita Sanrina makekacamata jeung make calana pondok jeung“pigeu (pigeuliseun)” katingalna mah..heu..heuy..

Komara ‘Si Budak Ajaib” Sandrina me-mang gede kacida, teu ngan saukur di layarkaca, harita barang sup ka panggung ge parapangunjung bazar nu kalolobaanna maha-siswa langsung napuk kana panggung,malah basa Sandrina ngajak “Senam Jai -pong” langsung patingrengkenek narurutan.

Keur Leutikna Resep Film India jeungInul Daratista

Sok sanajan Sandrina teu kawaris getihseni ti sepuhna, tapi bakat jeung karesepnakana seni geus katilik ti leuleutik ku tuangibuna, Cikal ti 3 sadulur (Sandrina, TegarNusa Bhakti, Cenita Keysa Azzahra) nu gelar

ti pasangan Anita Sukandar jeung CecepSyamsudin(karyawan Bukopin) ti keur umur3 taun lamun lalajo film India jeung Inuldaraisita dina TV sok milu jogged “ajrut-ajrutan” dina kasur. Terus we kituna teh nepika umur 5-6 taun. Dina sajeroning sakola TKSandrina ge remen jadi pinunjul/juarajaipong, mewarnai jeung nyanyi. Tah dinaumur 7 taun ku mamahna dilebetkeun kaSanggar Tari Sunda Pingpinan Ema Ageung(Tien Rostini, kiwari suwargi), atuh Sand-rina teh tambah resepeun. Meunang 3 taunti harita aya “ajang pencarian bakat”, dinaIMB 1 gagal, tapi Alhamdulillah sakumaha nukasaksian ku balarea “Budak Ajaib” nungaran lengkepna Sandrina Mazaya Azzahrakalahiran Bogor 8 Mei 2001, kasinugrahanPinunjul 1 IMB 3 bareng jeung Vina Chan-drawati (Pinunjul II), jeung Joshua Pa -ngaribuan (Pinunjul III).

Nu matak pikareueuseun mah unggulnaSandrina the kapanan ku jalan ngokojokeunbudaya Sunda jeung umumna budaya In-donesia.Padahal barudak kiwari kalolo -baanna “lalagaan, gagayaan, Babaratan,momoderenan”, tapi Sandrina kalayan “PD(Percaya Diri)” mawakeun Jaipongan, atawaadumanis (kolaborasi) jeung Gotong Singa,Tari Topeng, Ketuk Tilu, Penca Silat, ReogPonorogo, Tari Piring (Padang), Tari Remo,Tari Dayak, kalan-kalan adumanis jeung ahlitari Didi Nini Towok, penyanyi Dewi Gita,Musisi Ega Robot, jeung rea-rea deui,“Mugia rerencangan generasi ngora kainspi-rasian ku Sandrina, hayu urang teras ngamu-mule budaya sunda sareng Indonesia”,kituumajakna.

Sandrina kiwari kakara kelas 6 SD (SD Pa-naragan 1 Bogor) tapi lengkah jeung cita-citadina ngamumule budaya Sunda jeung In-donesia matak era jalma dewasa nu ngakuurang Sunda. Saur ibuna, ka hareup Sand-rina rek disakolakeun ka STSI Bandungsangkan bisa leuwih mekarkeun bakat jeungpangaweruhna kana kabudayaan jeungkasenian Sunda/Indonesia. Dina IMB ka-mari ge estu Sandrina teu nyangkaeun cenahbakal jadi juara, tapi nu utamana mah cekSandrina bisa nambahan pangaweruh diajartari daerah liana. Duit ratusan juta nu kapim-ilik ku Sandrina ge moal dimonyah-monyahcenah lian ti rek disumbangkeun ka fakir-miskin, keur waragad sakola jeung dibikeunka sepuhna, oge sabada rengse miluan IMB-C(Colaborasi) Snadrina rek ngadegkeunsanggar tari di deukeut padumukanana diPerumahan Alam Tirta Lestari – Bogor***

ASEP GP.

SANDRINA MAZAYA AZZAHRA:Si Budak Ajaib ti Dayeuh Bogor

Manglé 2433 35

Diseungeut tuluy ditiupTanda bungah nambah umur

Naon cing? (Vika-Bandung)

Jawaban diserat dina kartu pos nganggoperangko sacekapna, ulah hilap ditémpélankupon UTY no. 1234. Kintunkeun ka MangléAlit, Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262, sae-lat-elatna dua minggu saparantos medal.

Jawaban UTY No. 1230Nu leres : Komputer

Nu kénging hadiahna:

1. Revalina SauqiGg.H.Gohur no.11Cihaurbeuti Tasikmalaya

2. SalsabilaJl. Kaum dalam no.7

Bandung

3. Rina OktavianiPerm Sarijadi Blk 288 ABandung

Urang Teguh YUUU!

Kupon UTY No. 1234

50

36 Manglé 2433

KAULINANBARUDAK LEMBUR

Kahirupan barudak jaman ba-heula béda jeung kaulinan barudakjaman ayeuna, utamana dina soalkaulinan. Barudak jaman baheulamindeng “ulin jeung alam” dinakahirupanana. Sedengkeun barudakayeuna leuwih disanghareupkeunkana rupa-rupa kaulian elektronikjeung barang-barang jadi nu siapdibeuli di toko-toko cocooan, supermarkét atawa mol.

Barudak jaman baheula, kauli-nanana mindeng disanghareupkeunkana kaayaan alam jeung lingku -ngan di sabudeureunana. Kaulinandina mangsa peuting béda jeungkaulinan ti beurang, siang jeungsoré. Salian ti éta cuaca atawa usum-usuman ogé kacida nangtukeun cirihas tina kaulinan barudak jaman ba-heula. Sedengkeun barudak jamanayeuna geus langka anu pakait jeungwaktu, tempat atawa musim. Irahajeung di mana waé maranéhna bisaulin bari laluasa.

Di handap ieu sababaraha kauli-nan barudak jaman baheula anubiasa dinyanyikeun sekaligus jadikaulinan rutin barudak di TatarSunda jaman baheula.

Salah sahiji kaulinan dina wangunkakawihan barudak, mangrupa pa-guneman antara saurang atawakelompok. Di handap ieu contorumpaka lagu nu mangrupa kaka -wihan barudak jaman baheula. :

Ambil-ambilan

X: Ambil-ambilanTuruktuk hayam samantu

Y : Saha nu diambil kami mah teu

boga incuBoga gé anak pahatu

X : Pahatu gé daékPurah nutu purah ngéjoPurah ngasakan baligo

Y : Nyerieun sukunaKacugak ku kaliagé

X : Aya ubarna kulit mundingcampur dagé tiguling nyocolan dagé

(Ambri, Moh)

CincangkelingLagu kakawihan barudak umur 8-

12 tahun. Barudak ngawihnasababaraha balikan, beuki lila wirah-mana beuki ngagancangan. Contorumpaka laguna :

Cingcangkeling manuk cing -kleung cindeten

Plos ka kolong Bapa Satarbuleneng

Cokcang

Salah sahihji kakawihan barudakanu biasa diayakeun di buruanatawa di téras imah. Pikeun nang-tukeun budak anu jadi “ucing” dinaéta kaulinan, nyaéta budak anumeneran “meunang” engang pa-nungtung dina sapada lagu éta.Rumpaka laguna, di handap ieu :

Cang cang si pencok si ka-cang

Si niti anggolatiDog cloBlo lo nyon

Budak anu meneran “meunang”

engang panungtung (nyon), anukabagéan jadi ucing.

Dingding KiripikPikeun nangtukeunn saha anu jadi

ucing, mimitina salah saurangbudak mébérkeun tapak leungeunkéncana bari numpakkeun curuk le-ungeun katuhuna, anu saterusna di-turutan ku barudak séjén nu rékmilu ucing-ucingan. Maranéhnababarengan ngawih lagu anurumpaka di handap ieu :

Dingding kiripik tulang ba-jing kacapit

Saha nu kacapit jadi ucing?

Lebah ngedalkeun kecap ucing,tapak leungeun dikeupeulkeun, singsaha anu curukna “kacapit”, éta anujadi ucing. Sagala rupa ucing-ucin-gan bisa dimimitian ku “dingdingkiripik”, upamana ucing udag, ucingpeungpeun, ucing kalangkang jeungsajabana.

Tuktuk Brung Tuktuk BrakKaulinan jeung kakawihan baru-

dak. Diulinkeun ku dua kelompokbarudak piligenti bari silih kenyang,silih betot. Biasana diulinkeun di bu-ruan imah atawa di téras. Waktungedalkeun kecap “nyed em nyed”,salah sahiji kelompok metot kelom-pok séjén bari ditungtungan ku“rubuhna” kelompok séjén. Contorumpaka laguna di handap ieu:

Tuktuk brung tuktuk brakbuntut lutung panjang rubak

Dicentok-centok barudakbarudak salawé widak

Nyed em nyed em nyed nyedem nyed

Ucang-ucang anggé.*****

Ku Nila Karyani, S.Pd

Kelas IV

Manglé 2433 37

Ikrom (55 taun), urang Kp.Warung-peuteuy Désa Majasari KacamatanCibiuk Kabupatén Garut, éstuning

katurug katutuh. Dirina nandangankasakit “asam urat” nahun (kronis). Teubisa ka mamana. Boro-boro nyiar kasabsapopoé keur kulawarga, indit ka cai ogékundang iteuk, kokoroyohan.

Turug-turug, salah saurang anakna,karék brol ngajuru ditinggalkeun ku salak-ina. Ngaléos kitu baé. Teu béja teu carita.Bororaah nganapakahan lahir batin.

Kulawarga Ikrom, pamajikan jeung limaanakna, nyicingan imah walurat. Imahpanggung ukuran 4é6 m, maju ka buruk.Nyanggéyéng sabru-brueun runtuh.

Untung gancang katangén ku LembagaPengabdian Masyarakat (LPM) Raksa

Sarakan nu masih kénéh aya di éta we -wengkon. LPM Raksa Sarakan ngajak“Rereongan Peduli Garut” (RPG) pikeunbabarengan ngoméan imah Ikrom.

Sanggeus aya kasaluyuan, imah Ikromgancang disurvéy. Ari hég téh lain oméan-oméaneun. Tapi kudu diruntuhkeun. Di-wangun deui imah anyar. Nyaéta dualembaga sosial swadaya non-profit téhbabagi tugas. LPM Raksa Sarakan nang-gung kaperluan bahan-bahan materialimah sakumplitna. Ari RPG nanggungwaragad buruh tukang. Geus kitu mah, derwé imah Ikrom dirakrak, sanggeus Ikromsakulawarga pindah heula ka imah tatang-gana nu kabe neran kosong.

Éta kagiatan amal soléh nyata, kaémpér-émpér ka Prof.Dr.Hj.Nina Herlina Lubis.

Anjeunna gé langsung ngiring aub. Nga-galang dana ti sawatara urang donatur. Diantarana Majelis Ta’lim “Riyadul Jannah”.Dina wanci nu mustari, Prof. Nina sump-ing ka kulawarga Ikrom. Maparin bantuanrupa-rupa parabot rumah tangga, pakéan,waragad keur uubar, jeung kabutuh

sapopoé. Malah salah saurang anak PaIkrom dibéré béasiswa sacukupna.

Alhamdulillah, gawé bareng dina katak-waan ka Alloh SWT (Q.s,Al Maidah :2),lumangsung lancar. Tgl.30 Mei 2013.Kulawarga Ikrom geus ngeusian imahanyar, nu diadegkeun dina lahan urutimahna bareto. Prof.Hj. Nina ayeuna keurihtiar keur biaya ngawangun sumur katutMCK sakumplitna. Lantaran salila ieu,Ikrom sakulawarga, umumna urangWarungpeuteuy, ka jamban téh kudumudun ka handap. Ka sumber cinyusu anungocor ngagelenggeng, tapi tacan kapi -roséa cara ngamangpaatkeunana sangkanwarga dina nyumponan kagiatan mandi,nyeuseuh jeung sajabana teu kudu jauhnanjak mudun.***

Imah Ikrom saméméh dioméan

Nina Lubis mantuan ngumpulkeun dana keur ngoméan imah Ikrom

38 Manglé 2433

Manglé 2433 39

40 Manglé 2433

“Anak Berkebutuhan KhususBukan Untuk Dikasihani TapiUntuk Diberikan KesempatanSekolah”, kitu unggel spanduk

nu dibawa ku paskibra dinakagaiatan “Launching Dan

Penghargaan Komitmen Pen-didikan Inklusif Kepada Bu-

pati Bandung” nulumangsung di Gedung Toha

Kabupatén Bandung,sawatara waktu kaliwat. Pan-gajén dipa srahkeun langsungku Wakil Menteri Pendidikan

Dan Kebudayaan, Prof.Dr.Musliar Kasim, ka Bupati

Bandung, H.Dadang M. NaserSH., S.Ip.

Bupati Bandung mémang kaa-sup pamingpin nu gedé perha-tianana kana atikan. Buktina,

atikan formal di Kabupatén Bandungjadi nu pangunggulna sa-Jawa Barat,sarta nu diperhatikeunana téh lainngan saukur barudak sakola nu nor-mal méntalna wungkul, tapi pendid-kan inklusif ”Anak BerkebutuhanKhusus (ABK)” gé kacida diper-hatikeunana. Malah bupati kedaljangji di hareupeun Wamen Dikbud,rék ngawangun gedong kasenianhusus pikeun ABK. Lahanna geusdisadiakeun 7,5 héktar di KabupaténBandung.

Éta hal tangtu jadi kabungah nuluar biasa pikeun para kolotna muridnu boga budak “ABK”. Kitu deui paraguru di Kabupatén Bandung, reu -greug meunang rojongan nu poharati pamaréntah.

“Alhamdulillah geuning pamarén-tah pusat sareng kabupatén kacidamerhatoskeunana kana atikaninklusif ieu. Tangtos éta hal jantenpangrojong sareng pangdorong kapara pendidik sareng peserta didik.Malih di Kabupatén Bandung mah

tos (kabentuk) aya kapangurusanana.Hatur nuhun kana perhatosanana”,ceuk Betty Heryati S.Pd, KapalaSakola SDN Tarumsari SuklaneglaRancaoray Buahbatu-BojongsoangKabupatn Bandung, nu harita hadirdina éta kagiatan.

Betty nu harita dibarengan ku stappangajar SDN Tarumsari, Ikha Heri -ka S.Pd, nétélakeun ABK (saperti IQrendah/lambat menangkap pela-jaran, hyper aktif, autis) mémang ki-wari geus diperhatikeun ku pama réntah. Malah sakola-sakola formal tiSD-SMP-SMA /SMKN wajib narimaABK. Di SDN Tarumsari gé kacatetaya 29 urang murid, nu geus lulus 8urang.

Husus di SDN Tarumsari, cék Ikha,sok sanajan butuh kasabaran nu po-hara, murid ABK gé diajarkeun ka-parigelan nyieun hasta katerampilan,hasta karya tina bahan daur ulang(runtah) saperti tina urut cangkangkopi, buah kai, régang kai, awi diréka-réka ngajanggélék jadi barang-barangnu aya gunana saperti pigura, wadah

tisu, dompét, tas , jsb. Hasil karyanaharita gé dipamérkeun dina Stan Kre-atif Siswa bareng jeung karya-karyamurid ABK ti sakola lianna, saperti tiSMKN 2 Balééndah, SDN Sapan 2,SD Al Mabrur, LPK MEY (non for-mal), PK PLK Gugus 39, SLB Kabu-patén Bandung, Gugus 37 KabupaténBandung, Gugus 50, Gugus 35, jeungMasarakat Gugus 38. SDN Tarumsariharita mawa 4 urang murid ABK nupunjul préstasina, nyaéta Agustina,Neng Dewi, Aisyah, jeung DedeHamidin. Dina kagiatan nu diluuhanku Réktor UPI, Prof.Dr. SoenaryoKartadinata, Kadiknas KabupaténBandung, Drs.Juhana, Muspida,jeung UPTD-UPTD, jeung Wa-mendikbud, Bupati peupeujeuh kasakabéh pihak sakola kudu daéknarima murid-murid inklusif (ABK).Ulah dimomorékeun, lantaran ABKgé wajib narima pendidikan.

“Insyaalloh ku kaiklasan jeung rasatanggung jawab mah sagala haru -ngan-halangan bakal robah jadi ka-suksésan.”***Asép GP.

Pendidikan ABK

Ulah Dimomorékeun

Wamen jeung Bupati lolongok ka stan SDN Tarumsari (Tri Silo)

Manglé 2433 41

Khalifah al Hakam II, keur nan-jung kawasa di Cordoba, Andalu-sia (950 M). Ngarasa kataji ku hiji

lahan di pasisian. Lega, rata. Cukup keurpitempateun karaton pangreureuhan.Pernahna di lamping pasir nu nampeu katalaga ngemplang. Caina canébranghérang. Dipapantes ku al Hakam II, munngadaweung dina balkon karaton,digéndéng ku prameswari. Nyawangkaayaan alam sakitu asrina. Tada temenkageugeut jeung kadeudeuh minuhandada duan nu keur kalebuh dina sagaracinta.

Maklum ratu satuduh metu, rajasaucap nyata, tanah mahpar panyileu -kan, geus kacangking. Teuing kumahacarana para prajurit jeung pacalangnaga ra ngurusna. Nu jelas, tatahar keurnyieun karaton geus rék dimimitian.

Tapi nu boga tanah – hiji randa kolottur miskin – teu tarima. Laju manga du kaHakim Agung.

“Juragan hakim, “kitu cék étaawéwé melas-melis. “Ema téh ukurboga tanah sakikituna. Titinggal salakinu geus lila maot. Éta tanah, mang -rupa pangupa jiwa ema sangkan bisangurus barudak nu can baroga paka -saban. Ayeuna ku Kangjeng Sultan,tanah éma dipénta paksa pirusa. Boro-raaah ka meu nang ganti nu cukupjeung saimbang. Dalah dina cara mén-tana ogé apan sakitu kasar jeungkerasna. Teu meunang hanteu, Emakudu mikeun. Lamun teu daék, di -ancam hukuman beurat pisan.Nyangga keun sadaya-daya kanakawija kan Juragan Hakim.”

“Insya Alloh ku abdi urang bebener,“walon Hakim Agung nu kaceluk adil turjujur. Apal kana pancén nanjeurkeunhukum keur ngajaga kaajegan bangsakatut nagara. Tara cueut ka nu hideung,ponténg ka nu konéng, lantaran apalkana hukuman nu baris tumiba. Di

dunya bakal ngalaman ancur lebur, diaherat kudu nanggung dosa beuratkabina-bina.

Pasosoré, Hakim Agung nepunganKhalifah al Hakam. Nanyakeun perkaratanah katut prosés meunangkeunana.Sanajan pangkat khalifah atawa raja, arika Hakim Agung nu jujur tur adil mah,teu aya nu bisa dikilungan. Terus terangsaujratna.

“Keun perkawis prosés nu mataknganyerikeun batur, “Hakim Agungnyarita. “Ayeuna mah urang buktikeunlangsung ka tempatna.”

Bring Khalifah jeung Hakim Agungngajugjug patempatan nu dituju. Geusnepi, tuluy Hakim Agung maréntah salahsaurang anak buahna, ngali taneuh.Pangalian ana diasupkeun kana karungnepi ka dedet. Geus bérés, Hakim Agungnyarita ka Khalifah al Hakam II :

“Cobi ku Paduka Khalifah, karung téhjungjungkeun. Simpen kana taktak simkuring.”

Najan bari héran jeung asa teupantes, al Hakam teu wani mungpang.Karung dijungjungkeun. Bororaah kuat.Sakitu geus mudalkeun tanaga sabéakna,karung teu regrog-regrog. Bororaan bisangangkat ditundakeun kana taktakHakim Agung.

“Beurat geuningan, juragan Hakim!”Khalifah boboléh.

“Beurat ? Ah, moal enya, teu piratanah sakarung, “Hakim semu nyempad.

“Ih, apan ku anjeun kasaksaian. Kulageus tibeberegég kieu.....”

“Sangkilang karék tanah sakarung dialam dunya. Mangkaning anu di rampasku Paduka Khalifah téh, aya héktarna.Lain luhurna wungkul deuih, tapi tembuska jagat sapatala. Kumaha engké diaherat kudu mundak tanah sakitu leganajeung sakitu jerona ? Cacak di dunya,sakarung gé teu kajungjungkeun, “HakimAgung gogodeg.

Khalifah al Hakam ngaheunggeu.Karék manéhna sadar kana kalakua-nanana nu salah. Mikahayang nu lain hakku cara anu salah. Harita kénéh, alHakam ngudupruk sujud. Pertobat kaAlloh SWT.

“Alloh Maha Pangampura, “HakimAgung ngajungjungkeun awak Khalifah.“Dina ieu pasualan, aya nu perlu pisandipentaan hampurana. Nyaéta nini-nininu geus kanyenyerian balukar tanahnadirampas,”

Teu talangké deui, Khalifah al Hakamngarawu dampal suku nini-nini nu me-mang geus hadir ti tatadi. Sanduk-san-duk.

“Hampura kalakuan kuring, Nini.Kitu deui kalakuan tentara sarengpacalang, éta tanggung jawab kuring.Mugi ku nini-nini dihampura lahirbatin dunya ahérat, “al Hakamsumegruk.

Bérés sili lubarkeun dosa hak Adami– dosa antara sasama manusa – alHakam mulangkeun deui éta tanah ka nubogana. Ditambahan ku duit sarébudinar nu dicokot tina pangasilanana sora -ngan. Itung-itung “diyat”. Nebus kasala-han ka sakumna kulawarga nini-nini.

“Muga-muga kajadian ieu sing jadieunteung keur sakumna pangeusi Cor-doba. Sabab kakuatan bangsa jeungnaga ra, gumantung kana kajujuran jeungkaadilan pangeusina, ti mimiti raja pang -luhurna nepi ka rahayat pangbocetekna.Lamun teu jujur jeung teu adil, hartinadolim. Ari kadoliman, éta mangrupasumber kaancuran bangsa jeung nagara,sakumaha dawuhan Alloh SWT dina alQuran, S.al Qoshosh ayat 59 “Wa makunna muhlikil quro illa wa ahluhadzdzolimun”. Jeung Kami henteu ngancur -keun nagara-nagara, kajaba lamunpangeusina darolim. Ingetkeun kusaréréa, “Hakim Agung ngawawadian.***(H.USEPROMLI HM)

Teu Pira Ukur Sakarunga

Ngadegna Kasepuhan Jeung Kanoman

Wangsakerta Panembahan Cirebon

42 Manglé 2433

Minggu pengker pedaran parantosdugi ka digantina Amangkurat2 ku putrana jadi pangawasa

Mataram. Ari putri Sunan Tegalwangingajodo jeung Pangéran Putra nyaétaPanembahan Girilaya putra PangéranSeda ing Gayam. Ti putri MataramPanembahan Girilaya kagungan tilu putranyaéta Pangéran Mertawijaya, atawaPangéran Samsudin nu jadi Sultan Sepuhkahiji, Pangéran Kertawijaya anu jadi Sul-tan Kanoman kahiji jeung PangéranWangsakerta anu jadi Panembahan Ci -rebon kahiji.

Kulantaran Ratu Ayu Sakluh téhrakana Panembahan Ratu, ku kituna RajaMataram jeung Cirebon jadi karabat.Ngadegna Kasepuhan jeung Kanomantaun 1590 daka ( 1677) kieu lalakonna;

Sabada Panembahan Ratu wapat, nyadigentos ku putuna nu jenengan RadénPutra atawa Radén Resmi nu saterusnaditelah Panembahan Pangéran AdiningKusuma, jadi pangawasa Cirebon salila 12taun Sabada wapat digentos ku PangéranRadén Putra nu ditelah Pangéran Panem-bahan Girilaya. Sapanjang jadi PangéranCirebon sanajan jadi pangawasa, teteptumetepna mah di Mataram jeung duaputrana nyaéta Pangéran Mertawijayajeung Kertawijaya.

Nu netep di Cirebon mah putra katiluPangéran Wangsakerta nu jadi Panemba-han Cirebon.

Sabada Panembahan Girilaya wapat,Pangéran Samsudin Mertawijaya di-angkat jadi Sultan Sepuh anu saterusnadisebut Sultan Kasepuhan SamsudinMertawijaya I. Pangéran Badrudin jadiPangéran Anom Kertawijaya nusaterusna jadi Sultan Kanoman BadrudinKertawijaya I. Pangéran Wangsakerta di-tunjuk jadi Sultan Katilu, gelarna Panem-bahan Cirebon. Sajeroning kitu, tilunagara pada hayang ngawasa Cirebon,nyaéta Mataram, Banten jeung Walanda.Padahal Cirebon téh hayang merdekajeung berdaulat. Mangsa harita SinuhunAmangkurat ka I keur ngamusuhanPangéran Trunojoyo putra AdipatiMadura Tjakraningrat. Pasukan Madura

anu dipingpin ku Pangéran Trenggonongagabung jeung tentara Makasar anudipingpin ku Karaeng Gakesung jeungMonte Marano. Tentara Mataram dinaunggal pertempuran di mana baésalawasna éléh ku gabungan pasukanMadura jeung Makasar. Tepi ka ahirnaKarta puseur dayeuh Mataram bisa di -rebut ku musuh. Susuhunan Amangkuratjeung putrana Pangéran Dipati Anomkatut pasukanna lolos ka kulon.

Ngabebaskeun SadérékAmangkurat wapat di Tegalwangi,

sabada dipendem gelarna jadi SunanTegalwangi. (Amangkurat I). PutranaPangéran Dipati Anom diistrénan nga -gentos ramana jadi Raja Mataram,gelarna jadi Amangkurat 2.

Waktu puseur dayeuh Mataram di -rebut ku pasukan Madura jeung Makasar,Pangéran Sepuh Samsudin Mertawijayajeung Pangéran Anom Badrudin Kerta -wijaya keur araya di Mataram. Atuhkerewek ditawan ku Trunojoyo diboyongka Kediri. Tapi para ménak Cirebon di-hormat pisan pangpangna ku Trunojoyo.Saur Pangéran Wangsakerta dinanaskahna “ Kuring pribadi hayangngabébaskeun dulur-dulur “. Bral miangtumpak kapal perang Banten balayar kaBanten ménta bantuan ka Sultan AgengTirtayasa supaya ngabébaskeun lanc eukjeung sulur-sulur anu ditawan di Kediri.Saperti nu geus pada terang, kulawargakaraton Banten jeung Cirebon téh karabat.Saterusna nurutkeun Pangéran Wangsa -kerta, rombongana miang ti Cirebon nga-jugjug jawa Timut nu saterusna ka Kediri,langsung ditampi ku Trunojoyo. SultanAgeng Tirtayasa ngintun serat anuunggelna mundut supaya karabatna anuditawan di Kediri dibébaskeun, sakalianjeung para pangiringna. Lian ti kitu SultanTirtayasa ngintun hadiah kanggoPangéran Trunojoyo mangrupa pakarangperang . Cirebon jeung Trunojoyo sami-sami musuh kabuyutan Walanda jeungMataram. Sultan Banten ngiring bingahjeung ngarojong pisan ka Trunojoyo anugeus bisa ngarebut puseur dayeuh

Mataram turta ngabuburak pangeusikaratona. Pangéran Trenggono kacidangahormatna ka para putra Cirebon anusaterusna panuhun Sultan Ageng Tirta -yasa ditedunan, kabéh urang Cirebon anuditawan di Kediri dibebaskeun. SultanAgeng Tirtayasa nganuhunkeun pisan kaPangéran Trunojoyo anu geusngabebaskeun kadang kulawargana tiCirebon.

Pangéran Sepuh, Pangéran Anom,kitu deui Ratu Blitar anu milu ditawanahirna marulang ka nagarana masing-masing. Malah ahir-ahirna Sultan AgengTirtayasa ngawisuda Pangéran SepuhSamsudin Mertawijaya jadi SultanKasepuhan, Sultan Anom Badrudin jadiSultan Kanoman I.

Pangéran Wangsakerta ditunjuk jadiSultan katilu gelarna Panembahan AgengGusti Cirebon atawa Panembahan Toh-pati, atawa Abdul Kamil MuhammadNasrudin. Geus kitu mah para Sultanmarulih ka Cirebon dipileuleuyankeun kuSultan Ageng Tirtayasa anu ngomat-ngoma tan supaya para sadérék di Cirebonngamusuh Walanda jeung Mataram.

Nya ti harita pisan ngadegnaKasepuhan jeung Kanoman téh. Étakabéh dialaman ku Pangéran Wangsa -kerta pribadi anu sawadina jadi bahanpikeun leuwih percaya kana gelarna putrautama Cirebon ahli sajarah anu pinunjulnu jenengana Wangsakerta PanembahanTohpati.

Nurutkeun Pangéran SulaemanSulendra ningrat ahli karaton KasepuhanCirebon, nu kungsi diwawancara kuwartawan Manglé taun 1983, PangéranWangsakerta wapat taun 1713, kalung -guha na jadi Panembahan Cirebon digantiku putra tunggalna tepi ka taun 1731.Sabada wapat teu aya deui anu neruskeunsabab putra Wangsakerta ngan hiji-hijina.Teu aya nanaon anu dikantunkeun kuWangsakerta anu mangrupa pisik, dalahbumina ogé teu aya. Ku Walanda mah di-ajénan luhur lantaran Wangsakerta pintertur percéka dina ngalaksanakeun pancén-pancéna. Kusabab kitu teu aya anu pantesjadi gagantina tepi ka rundayan Wangsa -

Manglé 2433 43

kerta dianggap pegat tepi ka dinya. Mimitinarikna jenengan Wangsakerta di kala -ngan sejarah sabada terbitna buku CaritaPurwaka Caruban Nagari nu ditulis kualona Wangsakerta nyaéta Pangéran AryaCirebon. Atawa Pangéran Adiwijaya putrabungsu Sultan Kasepuhan. JenenganPangéran Arya Cirebon cukupdipikawanoh sabab dina taun 1796 kungsiditunjuk ku Kumpeni Walanda jadi Opsi -ter para Bupati sa Priangan. Sabab kuWalan da dipeunteun haradé, rancagé turpercéka hésé tandingna tepi ka sabadawapat aya keur gagantina. PurwakaCaruban Nagari, mangrupa naskah anuajén kasajarahanana leuwih luhur batannaskah babad jeung nu séjén-séjéna. Ieumah nyebutkeun ngaran anu nulisna. Ieucarita ditulis ku Pangéran Arya Carbondumasar kana naskah Pustaka NagaraKertabumi karya Pangéran Wangsakerta.Masih aya deui hiji Naskah anu nyebut -keun yén Pustaka Nagara Kertabumi jadisumber Naskah Pustaka Pakungwati Ci -rebon ( 1779 Masehi) nu disusun kuWangsamanggala ( Demang Cirebon)jeung Tirtamanggala (Demang Cirebongirang ). Dina naskah ieu ngan kacatukang nu nyebutkeun cutatan tina Pus-taka Nagara Kertabumi nyaéta ayanyebut keun kungsi ngadeg KarajaanTarumanagara jeung raja-rajana anujenengan ana kabéh maké Warman, ieujadi anu ngawalan karajaan Pajajaran.Bagian sejena ngaguluyur dina basaBabad anu pinuh ku hal-hal anu natural.Ti saprak Purwaka Caruban Nagari diter -bit keun taun 1972 jenengan PangéranWangsakerta kakara dikenal di kalangansajarah jadi tokoh Bujangga anu nyusunnaskah Pustaka Nagara Kertabumi. Tapitaya saurang gé nu terang yén éta naskahkungsi aya atawa teu aya. Lamun aya, hen-teu aya saurang ogé anu terang tempatna.Sabada dilakukeun panalungtikan anutelik tapi carana demit pisan sapanjang 5taun ku Drs. Atja ahirna naskah PustakaNagara Kertabumi teu kapanggih jeunglangsung dibeuli ku Musieum NegeriJawa Barat (Sri Baduga) pertengahantaun 1977. Ti harita nungtutan naskah-naskah Pangéran Wangsakerta dipasrah -keun ka Musieum Sri Baduga (MusieumNegeri Jawa Barat) kunu bogana anuumumna maratuh di luar Jawa

Golongan Naskah KunoTina naskah naskah anu

kakumpulkeun ku Musieum, tétéla ayaopat rupa seri sajarah anu disusun kuPangéran Wangsakerta sapara kancanyaéta, Pustaka Rajya rajya I BhumiNusan tara, Pustaka Pararatwan I BhumiJavadwipa, Pustaka I Bhumi Kertabumijeung Pustaka Carita Parahiyangan. Éta

buku anu opat téh diwangun ku 52 sarga(Jilid).

Kandel jilidna teu sarua, ti mimiti 100kaca tepi ka 250 kaca. Eusina antara 21tepi ka 123 baris tiap kacana. Dumasarkana hasil pengujian sacara kimiawi diLaboratorieum Arsip Nasional ( 1988)keretas daluang yang digunakanWangsakerta dalam menulis naskah-naskahna umurna saratus taun leuwih.Kulantaran kitu geus kaasup golongannaskah kuno.

Naskah-naskah Wangsakerta ditulismaké mangsi Japaron ngagunakeun BasaJawa Kuno gaya Cirebon. Berkah ayanaNaskah Pustaka Rajya rajya I BhumiNusan tara parwa V sarga 5 nu mangrupaKatalog pikeun ngawanohkeun pustakaanu kungsi ditulis di karaton Cirebon.Urang Jadi terang kana judul-judulnaskah anu kungsi ditulis ku PangéranWangsakerta boh dina jaman Panemba-han Girilaya boh dina waktu PangéranWangsakerta jadi Panembahan Cirebon.Lian ti kitu, bisa nyaho ogé kana naskah-naskah anu kungsi ditulis ku PanembahanLosari jaman Sunan Gunung Jati jeungPangéran Manis jaman PanembahanRatu, éta katalog mintonkeun 1703 judulnaskah nu kungsi ditulis ku karaton Ci -rebon. Diantarana 1218 judul karyaPangéran Wangsakerta saparakanca.

Naskah-naskah Pangéran Wangsa -kerta bisa dikolompokeun kana 29 seri.

(1) Pustaka Rajyarajya I Bhumi Nusan-tara ( 25 kilid).

(2) Pustaka Pararatwan (10 jilid)(3) Pustaka Nagara Kertabumi (12 kilid).(4) Pustaka Carita Parahiyangan 95 kilid)(5) Pustaka Samasta Buwana. (7 jilid)(6) Salinan Sastera Hukum ti Majapahit

( 15 jilid)

(7) Seri Carita/Katha Itihasa ( 200 jilid)(8) Pustaka ngeunaan Raja Desa jeung

Raja Alit (75 jilid).(9) Salinan rupa-rupa naskah Jawa Kuno (10) Mahabarata ( 18 jilid)(11) Seri Kathosana (24 jilid)(12) Seri Kidung ( 17 jilid)(13) Salinan Serat Prasasti ( 55 jilid)(14) Salinan Surat-surat perjangjian Per-

sahabatan ( 19 jilid)(15) Naskah ngeunaan Kisah para pada-

gang (20 jilid)(16) Naskah dina rupa-rupa basa daérah

jeung asing ( 84 jilis)(17) Seri Widiapustaka (rupa-rupaning

elmu) 32 jilid.(18) Pustaka ngeunaan Islam ( 87 jilid)(19) Sarwakrama raja-raja Salakanagara

( 34 jilid)(20) Darwakrama raja-raja Taruma -

nagara ( 33 jilid) (21) Sarwakrama raja-raja Galuh ( 54

jilid). (22) Sarwakrama raja-raja Galuh jeung

Pajajaran ( 65 jilid)(23) Sarwakrama raja-raja Jawa Tengah

jeung Jawa Timur ( 58 jilid)(24) Para raja jeung pangagung Majapait

( 45 jilid)(25) Para raja jeung pangagung Bali ( 24

jilid)(26) Para raja jeung pangagung Sriwijaya

( 42 jilid)(27) Para raja jeung pangagung Kediri

jeung Janggala ( 28 jilid).(28) Raja-raja daerah di Bali, Kediri jeung

Janggala ( 46 jilid)(29) Salinan naskah-naskah Prapanca (10

jilid).

**Yuseph Iskandar saparakanca“Nega ra Gheng Islam Pakungwari Ci -rebon *HRS-Hanca**

Sitinggil karaton Kasepuhan anu pangklasikna di Pulo Jawa.

44 Manglé 2433

Paguyuban Pasundan, natratngotrétkeun carita panjang.Matak, teu anéh, upama

dina mapag umur nu kasaratustaun téh, kagiatanana gé euyeubnaker. Tangtu, wé luyu jeungmasing-masing widang gara-panana.

Kumaha ari LPPSI? Ngarannagé Lembaga Pengkajian dan

Pengembangan Syiar Islam, tangtukagiatanana gé neueul kanawidang kaislaman. Tah, dipatali -keun jeung milangkala PaguyubanPasundan nu saabad, kagiatan éta

lembaga téh rupa-rupa. “Enas-enasna mah ngiatan kaislamansangkan panganutna mampuhnémbongkeun Islam nu rahmatanlil ‘alamin,” ceuk Prof. Dr. H. Ali

Cara LPPSI Unpas

Mapag Saabad Paguyuban Pasundan

Prof. Dr. H. Ali Anwar, M.Si., Ketua LPPSI Unpas

Bulan Puasa taun ieu (2013), keur LPPSI Unpas mah, béda ti biasa. Lantaran, meneran

mapag saratus taun Paguyuban Pasundan. Ngan, naon waé kagiatanana?

***

Manglé 2433 45

Anwar, M.Si., Ketua LPPSI Univer-sitas Pasundan (Unpas) Bandung.

Ceuk tilikan Prof. Ali Anwar,pasipatan urang Sunda luyu pisanjeung Islam. Urang Sunda numikahayang kahirupanan cageurbageur, ditema ku pasipatansoméah tur daréhdéh ka sasama,ngajadikeun urang Sunda nungagem agama Islam, boga‘potensi’ nanjeurna ajén-inajénIslam lain ukur sadirieun jeunglingkungan nu deukeut tapi keurtingkat dunya. “Cindekna mah,némbongkeun Islam-Sunda katingkat dunya,” pokna tandesnaker.

Kahirupan, ceuk H. Ali Anwar,samistina manjing jeung kekeca-pan hirup jeung huripna. Ngan,keur urang Sunda mah, hurip gélain ukur lahir tapi deuih batinna.Nya ku kituna, larapna budayajeung pangamalan agama téhkacida pereluna.

Adumanis Sunda-Islam, diUnpas mah aya wadah anu jinek.Kagiatan-kagiatan di luar kampusgé, tara leupas tina budaya jeungagama téa. “Budaya sareng agamakudu larap dina kahirupansapopoé,” ceuk Prof. Ali nu ogéKetua Bidang Agama PaguyubanPasundan téh.

Kagiatan kaislaman di Unpasluyu jeung udagan lembaga atikandi Unpas ogé. Pengkuh agamana,luhung élmuna, jembar budayanatéa. Tilu udagan bieu, diébréhkeundina rupa-rupa léngkah di masing-masing widang garapan.

LPPSI nu kagiatanana neueulkana kaislaman, biasa ngayakeunrupa-rupa tarékah. Ngan, bédanatéh dina mapag saabad PaguyubanPasundan mah, kagiatanana géleuwih euyeub. Rupa-rupakagiatan ana, di antarana, Pasang -ggiri Biantara Basa Sunda, LombaAdan, Tafhimul Quran, Tahsinul

Quran (MTQ), Tafhimul Hadits,Marawis, I’tikap, saur babarengan,Khatam Alqur’an, ceramah umum,jeung sajabana.

Husus ngeunaan ceramahumum, sabenerna mah biasa.Lantaran, kagiatan kitu mah ma-neuh, diayakeun saban poé Senenbada lohor. Tempatna, di KampusTaman Sari, Lengkong, jeungSetia budi. Nu ceramahna, KH.Mukhtar Khalid, Prof. Dr. K.H.Miftah Farid, K.H. Asep TotohGozali, jeung Ustad H. AsepAnom.

Kagiatan Romadon, remenkasaksén di mana-mana. Kagiatankaislaman dina ieu bulan mahkacida euyeubna. Ngan, ceuk Prof.Ali Anwar, tangtu wé kagiatan-kagia tan kaagaman dina waktuséjén gé ulah jadi kendor.

***

46

Blus ka wewengkon Batawi,peuting eta, leuwih haneu-teun, batan poe-poe sejenna.

Lain lantaran malem Minggu, tapiapan meneran jeung ngareuah-reuah milangkala kota Jakarta.Kitu deui, di Anjungan Jawa BaratTaman Mini Indonesia Indah(TMII), rame naker. Ngan, di dinyamah, teu asa di Batawi, da puguhpintonan ge husus, ti tatar JawaBarat, ti Majalengka. Mintonkeunmomones warga Majalengka geu-san kapentingan dunya pariwisatatatar Jawa Barat.

Nu daratang ka dinya, rupa-rupa naker. Loba tamu kaasup nuasalna ti luar nagri. Tujuan nudatang ge, hayang nyaksian rupa-rupa momones jeung potensi Maja -lengka. Hartina, harita mah, etakabupaten teh jadi kokojo kagiatanpintonan seni di AJB TMII.

”Nu kagiliran ayeuna, Maja -lengka. Memang, acara sapertoskieu mah maneuh. Bagilir sabankota atawa kabupaten nu aya diJawa Barat. Maksadnangawanohkeun sagala rupi potensidaerah masing-masing.” ceuk Drs.

Majalengka nembong -

keun momonesna.

Makalangan di Jakarta, di

AJB TMII. Rupa-rupa

kaparigelan warga eta

kabupa ten jadi gambaran

karancagean masarakat.

Ngan, naon mangpaatna

minton di Batawi teh?

Mangle ngabadungan

pintonan seni Majalengka

di Batawi, Saptu peuting,

22 juni, 2013

***

Ketua AJB TMII (katuhu) dina bubuka acara

salahsahiji pintonan Majalengka di AJB TMII

AJB TMII tempat urang manca nagara diajar Seni Sunda

47

Nunung Sobari, M.M. , KepalaDinas Pariwisata dan KebudayaanPropinsi JawaBarat.

Peuting eta, memang hajatrongkah keur Kabupaten Maja -lengka mah. Nembongkeunmomonesna, saperti mintonkeunrupa-rupa kasenian, hasil karaji-nan, jeung potensi alamna.”Mangpaat na seueur, boh kanggokasenian boh kanggo kamekaranpotensi nu aya di Majalangka,”ceuk Drs. Ade Rahmat Ali, M.Si.,Sekretaris Daerah (Sekda), Kabu-paten Majalengka.

Anjungan Jawa Barat TMII,biasa ngayakeun rupa-rupa kagia -tan. Tujuanana, lian ti ngadeudeulmekarna rupa-rupa potensi nunyampak di Jawa Barat, oge keur

leuwih ngawanohkeun eta potensika balarea, kaasup dulur sa-Nusan-tara jeung mancanagara. Cindekna,upama urang luar hayang wanohka Jawa Barat, bisa datang heula kaAJB. Di dinya ge aya gambaran nulengkep ngeunaan kaayaan tatarSunda. Kabeungharan alamna,buda ya, jeung karancageanpadumuk na. Sabada nyaksian ka-giatan di AJB, tangtu panasaran nuahirna kataji hayang datang tatarPasundan, kaasup ka Majalengka.

Acara di AJB Taman Mini,biasa na memang bagilir. Kitu ceukDra. Hj. Ine Hermina, M.Si.,Kepala Anjungan Jawa Barat TMII.Eta tempat, mangrupa UPTDDispar bud Jawa Barat, nu salahsahiji pancenna, ngawanohkeunsakumna kapunjulan nu nyampakdi Jawa Barat.

Sapeuting di Majalengka, jadijejer eta carita. Atuh kasenian nudipintonkeun ge, nu has ti etawewengkon, saperti Tari RahwanaObong, Tari Galaksi Nongnong,jeung sajabana.Nu daratang ka etatempat, lain wae urang Jawa Barat,tapi deuih ti mancanagara. Di

antara na, nu hadir harita ge paraduta besar atawa utusan tisababaraha nagara.

Kagiatan AJB sapopoena, me-mang euyeub. Da lian ti aya pame -ran maneuh, oge aya kagiatanpameran sacara husus. Biasamintonkeun hasil karajinan sabandaerah kaasup mintonkeun cara-cara nyieunna.

Acara harita ge, dieuyeuban kurupa-rupa kagiatan, ti sabankabupa ten/kota di JawaBarat. Parapinunjulna, di antarna, juara para-gaan nyieun karajinan, kahijiKabupa ten Purwakarta; kadua,Kabupaten Majalengka; katilu,Kabupaten Cianjur. Juara natastand, nu panghadena teh, kahiji,Kabupaten Sumedang; kadua, KotaBandung; katilu, Kab. Majalengka;jeung stand favorit, Kota Bandung.

Ningkatkeun Ajen Anjungan Jawa Barat, teu ngan

ukur tempat ngawanohkeun nugeus aya. Tah, eta mah dina widangseni. ”Rupi-rupi kagiatan di AJB nuneueul kana kapentingan miara,ngamumule, sareng mekarkeun

seni husuna, budaya umumna,”ceuk Dra. Ine Hermina, M.Si. Pan-cen AJB kitu, memang luyu jeungpungsina. Di antarana ngamumule,mekarkeun, jeung ngalangengkeunbudaya katut potensi pariwisatatatar Sunda. Kagiatan nu rupa-rupakitu, luyu deuih jeung pungsi ’pro-mosi’ atawa ngawanohkeun etapotensi ka balarea saloba-lobanakaasup ka urang mancanagara.

Lian ti eta, aya oge pungsi sejen -na eta AJB teh. Apan, urang Sundanu dumuk di Batawi ge teu kurang-kurang. ”Dina nyumponan pa-mundut masarakat, di AJB ge ayakagiatan latihan kasenian,” pokna.Pamilonna, memang sabudeureunJakarta. Ngan, tangtu we, lainurang Sunda wungkul, tapi deuihpara pamilon ti seler sejenna nuboga karep jeung resep kana kase -nian urang Sunda. Malah, sapertinu dialajar angklung, apan loba nuasalna ti nagri deungeun, sapertiurang Korea, jeung Jepang. Lian tieta, aya urang Amerika nu milulatihan degung jeung tembang,sarta aya urang Spanyol nu diajarjaipongan. ***

Makalangan di Batawi

Ngondang Wisatawan ka Majalengka

Manglé 2433

Urang Majalengka Makalangan di Jakarta

48 Manglé 2433

Yayasan kebudayaan Rancagé gawé bareng jeung Program Studi Pendidikan Bahasa Sunda (S1) katut Program Studi Bahasa dan Budaya Sunda (S2) Universitas Pendidi -kan Indonesia (UPI) dina taun 2013 ieu baris ngalélér Hadiah Hardja pamekas 2013 ka guru-

guru Basa Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK.Sakumaha anu geus dilaksanakeun saméméhna, Panitia baris milih deui guru-guru basaSunda nu rancagé, nya éta saurang guru SD, saurang guru SMP/Mts, jeung saurang guru

SMA/MA/SMK/MAK. Ku Jalaran kitu, ka sakumna guru basa Sunda anu aya maksadmakalangan dipiharep masrahkeun Portopolio, nu eusina mang rupa dokumen bukti

karancagéan salaku guru basa Sunda enggoning ngahirup-huripkeun basa Sunda dinawidang atikan ka panitia Hadiah Harjapamekas.

Panitia baris nampi dokumen portopolio kaping 1-30 Juli 2013. Seleksi katut survéy lapa -ngan baris dilaksakeun sasih Agustus-September 2013. Pamasrahan Hadiah baris dilaksana -

keun dinten Minggu, 23 September 2013, tabuh: 09.00 dugi ka réngsé, tempat na di AMPITeater Universitas Pendidikan Indonesia,

Jln. Dr. Setiabudhi 229 Bandung.

Kanggo nu meryogikeun nomer panitia, sareng nu badé masrahkeun portopolio tiasa ka alamat:

1. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, FPBS UPI Jln. Dr. Setiabudhi 229 Bandung2. Jln. Lodaya No. 19 Bandung (Rédaksi Majalah Manglé)

Bandung, 28 Juni 2013Panitia Hadiah Harjapamekas

Drs. H. Elin Syamsuri

No. kontak: 081322013900 (Drs. H. Elin Syamsuri),

081321994797 (Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd)

Arom Hidayat

Balung Tunggal

Lir nu ngadawamkeun halimun, angin laun

ngarawélan unggal helab jeung gupayna.

Daun téh réma-réma panangan, ceuk implengan

tuluy ébat nataan girimis nu naha teuing ku langgeng

ngepriskeun haréwos. Ti lamping ieung ka lamping aing

meruhkeun gumuruhna sora bari can yakin.

Naha batu nu ngajentul, naha enya nafakuran waktu

atawa bati ngahiul ngan ukur nungguan waktu.

Lir nu ngadawamkeun halimun, angin laun

malipir bolégér pasir mapay-mapay banjarkarang.

Mana nu nyeri ayeuna? Kalah séah séréh wangi

humariring nu seungitna ngajul langit.

Tina késang jeung cimata, urang nimu rasa nu sarua

geuning nu ngalangkang dina panon

leuwih nyaho batan riak beungeut leuwi.

Najan sajajalan enya maranéhna leungit

ngan naha teuing ku dalit.

Curug Maléla, 2012

Instruméntalia

Ceuk haroshosna ceuk gelikna

sora suling angger nyeri, lin? Ceuk anjeun

bari nyeungeut deui lilin

nu ka-sakitu

Mémang. Kuring ngan wasa niup

Bari ngararasakeun unggal jentréng

urat sorangan

Hégarmanah, 2013

Manglé 2433 49

”Oh di dieu A Endul téh, ari Encidkalahka milarian ka rohangan pasénanak-anak nembé téh. Kumaha damang,A?”

”Ih sidik gering Aa téh, Cid matakngajoprak di rumah sakit ogé.”

”Bongan Aa bet kersa dicandak kadieu ….”

”Éééh pan dibawa ka dieu téh ngarahdiubaran, ning yeuh diimpus sangkanAa téréh cageur! Na ulah A Endulcageur?”

”Sanés ngawagel damang nangingkedahna Aa téh dicandak ka rumah tidasakit.”

”Ah sok ngalilieur waé manéh mahsakieu keur lalanjung téh, iga paranas,sungut parait, awak nyareri sabuku-buku.”

”Dicatet-catetkeun dina buku, A nunyarerina?”

”Nyareri sabuku-buku téh sakujurawak nyareri, Kencid lain dicatet dinabuku!”

”Oh …, kitu, hapunten atuh, A.””Teu nanaon, Cid, sakieu ogé sukur

manéh daék ngalongok Aa. Du’akeun wéAana sangkan téréh jagjag cara sasarideui.”

”Da Encid mah sanés ngalayad Aa.””Pan éta muncengis ka dieu?!””Wiréh gaduh péér matematika

Encid téh, A bangga kantun sakedik deuikedah réngsé ayeuna badé dipariosnaénjing.”

”Sabaraha sual deui nu acanna?””Tujuh las.””Hah?! Na sabaraha sual kabéhna,

Cid?””Hé héh … dalapan las, A.”

”Aracan kabéh atuh éta mah!””Nu hiji mah parantos dipidamel, A.””Leuheung manéh bisa.””Da sanés ku Encid, ku Kang

Murdian sah padamel pom béngsin BangTogap.”

”Dua tak Bang Togap mah!””Muhun, mung kabujeng répot, A

kios béngsinna kahuruan, da étangaladangan ana bari melenyun waényesep.”

”Aduh hadéna wé manéh teukaléntab, Cid.”

”Pan Encid mah teu ka ditu, bukupéérna wé dititipkeun ka Si Leupeut –rayi Kang Murdiansah – réréncangansabangku Encid.”

”Heueuh keun wé péér mah kédjieun ku Aa, tapi ku Encid Aa hayangdipangnéangankeun ubar kampung, daubar ti rumah sakit mah can ayakarasana.”

”Diantep,A?””Naon?””Saur A Endul nembé teu acan aya

karaosna.””Ubarna euweuh nu matih lain di-

antep!””Oooh …, mangga atuh mung sing

écés wé, A érté-érwéna, désa sareng ka-camatanana wéh sing kantenan dakapan kampung téh seueur supadosEncid gampil milarianana.”

”Beu, Aa mah lain ndék nitah néa -ngan padumukan, nitah néangan ubar!Ubar kampung téh ubar… ubar anu lainjieunan pabrik.”

”Oooh obat tradisional, A? ”Tah heueuh éta.””Wios ku Encid urang pilarian nu

kitu mah, mung péér matematika Encidkumaha nya, A?”

”Keun wé ku Aa da di dieu mah lobawaktu.”

”Wah sami wé sareng di nu sanéspanginten, A ari waktos mah. Upami didieu sadinten sawengi opat puluh jamleres seueur.”

”Aana loba nyalsé, Kencid!””Hé hé …. Muhun da Encid ogé ngar-

tos. Sanés, dupi Aa téh teu damangnaon? Encid peryogi terang supadosgampil milarian landong kampungna.”

”Is puguh wé, Cid. Aa téh ieu beu -teung asa bunghak waé jeung panasngahéab. Teu pira asalna mah teu nga-haja ngaremus karbit sagedé indungsuku.”

”Karbit?!””Heueuh ari sugan téh gula batu da

ngaguruntul dina pipiti na luhur méja,sihoréng karbit sésa Si Uwa meuyeumcau ampéang. Boro didurukduk wé kuAa téh, ari pék kieu balukarna.”

”Is atuh gampil pisan panyawat kitumah milarian landongna, A.”

”Leuh sukur, Cid. Naon samodéljaja mu éta téh?”

”Lilin, A””Lilin?””Sumuhun di warung Kang Dédéng

Nahman ogé seueur. Geura sok engké AEndul nonggéng, lajeng ku Encid di -seungeut, diasongan lilin hurung tipengker …, moal teu bitu sapertoslodong. ‘Beledug!’ cenah.”

”Si! Sugan téh heueuh, dibabukgeura tah cukang irung demes téh,siahku Aa!!!”

***

50 Manglé 2433

Karbitku. Budi Riyanto Karung

Éraaa TéhGeus biasa mun kuring datang ka imah

sok terus maca koran di tepas hareup.Pareng dina hiji waktu poé Jumaah balikkuliah, terus waé anteung maca koran.Sobot keur kitu ras ingeut kana Jumaahan,rét kana wéker jarumna heunteu jalan.

Léos kuring ka kamar Ki lanceuk, rékngilikan érlojina, tapi heunteu ka panggih.

“Aéh, pan aya telepon.”Gagangna diangkat, terus muter angka

1... 0 ... 3; teu lila tibeulah ditu nemblan:“Bila gong berbunyi tanda waktu pukul

sebelas tiga puluh tujuh menit dua belasdetik” cenah. Terus ku kuring ditutup.

Cék pikiran téh, ah réa kénéh waktu.Atuh rada salsé di cai téh. Sanggeus bérésdangdan terus indit ka masjid leumpang.

Sajajalan weléh teu aya jelema saurang-urang acan nu rék Jurumaahan. Baranggeus nepi ka masjid, kalawan teu kadéngéhawar-hawarna pisan sora Khotib, anuceuk pikiran pédah euweuh listrikmeureun.

Na barang srog nepi ka buruan masjid,ari burudul téh nu tas Jurumaahan kaluar.Sajongjonan mah kuring ngan bati olohok,jeung mani asa heunteu beungeutan téhenyaan. Ngan sakilat buru-buru malik,balik deui ka imah.

Éra téh ari ras inget kana kajadian éta.Hayang seuri aya keuheul aya. Teuingopera tor telepon anu salah, teuing kuringanu salah déngé. Jeung éta anu kabenerandeuih Khotbahna heunteu maké pangerassuara.

Robbia PancarasaJl. Rancabentang 18

Bandung

Jadi We BatalImah kuring téh di Cimaung Banjaran,

usaha mah di Bandung. Balik ka Cimaungdalapan poé sakali, atawa kumaha boganaduit baé, keur ongkos jeung keur ninggalanindungna barudak.

Harita téh kuring boga duit nganRp.10.000,- logam wungkul. Diempit-empit pisan, hayang meuli rokok sabatangogé teu wani nyocéng, da puguh geus di an-cokeun.

Poé éta téh maksud rék balik, harita jam4 soré aya kénéh di Bandung. Kuring canSalat Ashar, ceuk pikiran rék nyimpangheula ka imah adi anu di Cibunut.

Sadatangna ka nu dituju, buru-buruwudu terus naék kaloténg, lantaran parantisalat téh di perenahkeun di loténg. Kabene -ran barudak adi kuring genepanana rékSalat Ashar. Barudak téh ti umur 5 taunnepi ka 14 taun, awéwé. Nu panggedéna

mah 19 taun, lalaki.Kuring jeung barudak anu 5 mili nga-

ma’mum, ari imamna mah budak anupanggedéna. Barudak cicingna téhsatukangeun kuring. Salat dimimitian,maca: Ushali fardhol asri jeung saterusna.Kabéh sidakep, bérés maca; dua iftitah, Al-Fatihah jeung surat Al-Ikhlas. Imamngucap keun Allahu Akbar rék rukuk,saréréa rukuk bari ngucapkeun SubhanaRabbiyal Adzimi Wabihamdihi 3X.

Karék ogé macana sakali naaaa... ariburu sut téh duit tina saku kaméja kuringngaburulu kabéh.

Dasar barudak, kana duit téh meunihéjo, duit nu pabalatak téh rék dicarokot.Kuring teu éléh déét, lamun éta duit nepi kaleungit Rp. 1.000 ogé kuring rugi.

Bareng jeung barudak ngagabrug réknyarokot duit, kuring miheulaan tiarap.Duit nu pabalatak téh ku kuring didapa -ngan. Atuh solat téh batal jeung imam-imamna.

Ari geus tarapti mah solat téh dimimi -tian deui nepi ka réngsé, sanggeus kuringbérés wiridan, gura-giru waé balik. Kajadi -an ieu téh ku kuring dipaké conto, keursaterusna lamun rék solat téh tarapti pisan.

K. KustendiLSD Lingk. Braga

Jl. Pacinaan Lama No. 13Bandung

Batal SaréréaKabiasaan kuring upama solat magrib

sok bareng jeung barudak. Babacaananasok ditarikeun ngarah barudak nurutkeunda ari ngahaja sina ngapalkeun babacaansolat mah sok hararésé. Anak kuring nugenep sina ngajajar tilu-tilu, nu leutik tihareup.

Dina rokaat ka dua nu nomer duangoléséd, pokna: “Kutip, sialan. Aku kentutga bisa nahan.”

Kuring terus baé babacaan. Teu kungsilila Si Cikal ngabarakatak, “Aduh, Pebi ogébatal.” Singhoréng sarungna dibedol ku SiBungsu.

Dada karasa sesek nahan piseurieun.Ongkoh ari keur solat mah hal-hal nu teupira gé sok jadi asa piseurieun.

Atuh jep baé babacaan téh teu di-tarikeun, da bari nahan piseurieun. Na ariceleungkeung téh nu nomer tilu nanya,“Kena pa Mah, malah berhenti, kan aku gabatal?”

Ah, tungtungna mah kuring ogé batal.Bet asa dina dongéng, jadi wéh batalsaréréa. Ongkohna dina diteruskeun ogésolat teu bisa husu. Nya kapaksa dibalikandeui.

Bapana mah ukur nyenghél, majar téhwayahna kudu sabar ngajar barudak mah,mangkaning barudak kuring mah turuntangga sataun hiji. Nu cikal umur sapuluhtaun, ari si bungsu dua taun. Puguh baékeur meumeujeuhna balangor, katurug-turug lalakina lima, ari parawan ngan hiji-hijina, nomer tilu. ***

Nyonya Etti JatnikaPT. Georgia Pacific Ind.

Pos Box 4 Samarinda

ImsakSauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr…“Eemh nu di luar geus jojorowokan

ngahudangkeun, geus jam tilu leuwihsaparapat ning, meujeuhna nyagu keursaur.” bari ningali jam anu ngadaplok dinatémbok.

Sauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr…“Tapi kéla aaahh… ké wé jam opat pas.

Ngarah geus dahar, deukeut ka adan subuh.Tuda kamari gé, kabolosan solat subuhgara-gara geus saur kasaréan deui.”

Sauurrr… sauuuurrr… sauuurrrrr…Niat mah gégéléhéan, éééhhh kalah

kasaréan. Kalah jauh ka alam mana, kalahngimpi anu lain-lain.

“Mang…, hudang, Mang!” diguyah-guyah ku babaturan.

“Jam sabaraha ayeuna?” kuring nanyaka manéhna.

Tuh… jam tilu leuwih saparapat.” nun-juk kana témbok.

“Ohhh… enya ning. Tapi!!!” dina jerohaté ngocoblak. “Maenya, pan tadi basa hu-dang téh jam tilu saparapat, ayeuna jamsakitu kénéh.”

“Euuhh! Dék saur moal?!”“Édék atuh!!”“Jung gera ka cai heula.”Babatek saméméh nangtung, tuda poé

kamari gé langsung hudang téh kalahjajalig jeugan. Ampir-ampiran titotog kanatémbok.

Geus kitu mah teu loba carita, kuringkaluar dék ka cai. Kasampak babaturankontrakan nu séjénna geus carinutrungdina balé-balé bari arudud.

“Uluhhh… aya ku nikmat, nu nujuarudud.”

“Jung burukeun! Bising kaburu imsak!” “Imsak kumaha? Karék gé satengah

opat…!” kuring nyereng.“Hahahaha…”“Naha kalah seuri?” kuring keuheul.“Tingali atuh, jam sabaraha ayeuna?”Kuring tibuburanjat asup ka kamar.

Kasampak Si Emang keur dadahut.Buru-buru ngalas sangu. Barang am…Iiimmmsssyyaaaaakkk!!!Kuring jeung Si Emang olohok bari

nempo alas sangu.***

Deni Suryana

Manglé 2433 51

Eyang Subur“Kapanggih ayeuna mah sababmusababna loba lalaki nujomblo teu payu ka awewe..”“Naon euy sababna?”“Beakeun ku eyang Suburawewena..”“Heu siah hanas dibandun-gan..”

Ayah Kawunglarang Rancah 46387

Presiden 2014“Cing saha calon presiden2014…”“Cicih Cangkurileung lah…”“Hih siah eta mah pesinden lainpresiden…”

Ayah Kawunglarang Rancah 46387

BBM“Teu hariwang BBM naek…”“naha?”“Da nu urang mah Nokia…”

Ayah Kawunglarang Rancah 46387

Pasualan Rumah TanggaDi jero kamar, aya pangantenanyar anu keur ngobrol barihahare wosan.Salaki: “Alhamdulillah! Waktujiga kieu nu diantos ku akang

teh.”Pamajikan: “Naha akang kersahenteu upami dikantun kuabdi?”Salaki: “Tangtosna ge henteu!Ulah aya emutan kadinya,atuh.”Pamajikan: “Naha akang cintasareng nyaah ka abdi, kitu?”Salaki: “Pasti! Eta mah bakalsalamina.”Pamajikan: “Akang kantossaling kuh ti abdi?”Salaki: “Cadu! Akang mah teuhayang kikituan.”Pamajikan: “Kersa akangngeukeupan abdi ayeuna?”Salaki: “Yesss!”Pamajikan: “Kaaang...”Sanggeus sapuluh taun rumah-tangga, mangga obrolan bieudiaos ti handap ka luhur.

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas-Kota Bandung

PitenahDi jero lapas, dua urang napiuplek ngobrol tukeur pangala-man.Napi 1: “Kunaon silaingnepikeun ka ditahan lima belastahun di dieu?”Napi 2: “Keuna ku pitenhahbatur, pajar dewek maehanjelema.”

Napi 1: “Oh kitu? Ari nusabener na?”Napi 2: “Dewek teh kesel ka hijijelema, tuluy imahna ku dewekdiduruk nepikeun ka ledis.Ngan kabeneran eta jalma keuraya di jero imahna.

Holid A. GaniKomite Sekolah SDN

Cihampelas-Kota Bandung

PegatDina hiji peutingUdin : "Pegaaaaaaat! Pegaa -aaaaat! pegaaaaat!” (barideregdeg lumpat)Atuh rabul urang lemburkalaluar sapakarang-sapakarangna."Aya naooon Din, aya bangsatkamana lumpatna?" ceuk PaRT.Udin : "Sanes Pa RT, itu bohlamdi bumi pegat" (bari haruhahharehoh)"Beuuuuunanya Si Sudinngareureuwas".

Furqon Abu NawwafPondok Pasantren Al-Jawahir

Jl. Lembur Tegal No 110 RT 02 RW 04

Ds. Pamekaran - Kec. Soreang-Kab. Bandung

EntarDi tempat paméran komputer:Pamuda: "Téh dupi ieu dinakomputer aya seratan "ÉNTER"kanggo naon?”SPG: "Euh... emh... supayacepat keluar mas.”

Pamuda: "Naha tiasa kitu?”SPG: "Ya kan kalo tulisannya"ENTAR" mah jadi lama!"Pamuda: "Upami ieu abdi mukafesbuk naha teu tiasa?”SPG: "Euh... emh... pangintenakangna teu ngetik heula www."Pamuda: "Oh naon Téh, hartos -na www téh?”SPG: "Oh heuh... kalo gak salahmungkin artinya wassala-mualaikum warohmatullohiwabarokatuh!"

Furqon Abu NawwafPondok Pasantren Al-Jawahir

Jl. Lembur Tegal No 110 RT 02 RW 04

Ds. Pamekaran - Kec. Soreang-Kab. Bandung

BlusukanEma: “Ujang, ka mana si Bapa?”Ujang: “Tuh, keur blusukan disawah” Ema: “Lain blusukan atuh,bebelese kan kituh...”Ujang: “Nurutan pejabat wéhatuh, Ma. Pan Jokowi nyebutnatéh blusukan...”

Nina Rahayu NadéaBandung

Ku kalamianTabib: “Kunaon humarurungkitu?”Pasien: “Kabanjur cai panaspuguh gé.”Tabib: “Oh....”Pasien: “Sugan aya obat numanjur, sangkan nyanyautanleungit.”Tabib: “Obatna ku kasabaran

sareng kalamian”

Nina Rahayu NadéaBandung

Jauh – DeukeutAstahiam: “Teu kudu ka termi-nal heula atuh, Kabayan, kajauh-jauh. Di setopan éta gébeus kota mah ngaliwat.”Kabayan: “Megat di setopan étamah lebar ku duit, pan jauh –deukeut ogé mayarna sarua.”

Hani Siti RokayahKp. Babakan Cinangka

Ds. Tegalbuleud – CikajangGarut

PalaturanSi Kabayan kabiruyung jadipulisi lalu-lintas, kungsi abus kataman kota naék kana pager.Kapanggih ku nu dagangasongan.Nu dagang asongan: “Sadéréktéh apan patugas katertiban,tapi naha bet ngarempakpalatu ran. Naha teu isin?”Kabayan: “Naha maké kuduéra? Kuring mah pulisi lalu-lin-tas asal ulah ngarempak peratu -ran lalu-lintas waé.”

Hani Siti RokayahKp. Babakan Cinangka

Ds. Tegalbuleud – CikajangGarut

Insaf“Lamun geus bébas kuring mahmoal wani-wani nyopet deui.”“Jadi rék insaf nya?”“Ah, lain. Rék jadi bandar copétwaé.”

Hani Siti RokayahKp. Babakan Cinangka

Ds. Tegalbuleud – CikajangGarut

Sakitu Geus KolotIncu: “Ki, abdi badé nguseupnya! Hoyong mais kanggomunggah!”Aki: “Aduh ulah lebar cangaredé laukna!”Incu: “Da lain keur abdi.”Aki: “Na keur saha kitu?”Incu: “Keur Néng Asih, randanu di péngkolan téa.”Aki: “Keur Néng Asih?”Incu: “Muhun, malahan mahtitip salam kanggo Aki.”Aki: “Kumaha cenah Jang,salamna téh?”Incu: “Enya cenah Si Aki keur

kasép téh mani béréhan.”Aki: “Jig atuh ngala nu baradag.Pék rék unggal poé ogé keurNéng Asih mah.”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

SMSRina : "A, weungi moal kamama na?"Adul : "Moal néng badé ayanaon?"Rina : "Saur apa piwarang tuangsareng!"Adul : "Asyik eung dahargratis.., tabuh sabaraha Aa kabumi?"Rina : "Éh punten A, smsnalepat ngintun."

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

Tukang BasoDodo: Néng bapana tukangbaso nya?Rina : Kok tau.. (gumeliss)Dodo : Tadi wéh ningali rodanatiguling..Rina : Bapaaaa... (lumpat baringajiwir sendal)

Imam SaefullohAstana Anyar No. 56

Murid AnyarGuru: Saha nami?Murid: Intan Widya AndiniPutri Eka Yanti Erni Kartini.Guru: Duh meuni panjang, arinami panggilana saha?Murid: IWA PEYEK....

Tata Rohiman - Ciganitri 23

Buka PuasaGeuning keur kieu mah, ukur ésdawegan anu ngarti kanaperasaan uing ayeuna!" Ceuk siDadang bari nungguan bukapuasa.

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi No. 34

Palsu jeung PalsuMaman: “Cik atuh nya ari bulanpuasa mah najan tukang tipu geulah tupa tipu.”Mimin: “Saha kitu?”Maman: “Éta nu dagang tukanghuntu palsu.”Mimin: “Kumaha kitu?”Maman: “Ku nu meuli huntupalsu dibayar ku duit palsu.”

Mimin: “Nya keun bae atuh arihuntu palsu dibeuli ku duitpalsu mah, ulah sotéh huntu aslidibeuli ku duit palsu.”Maman: “Har...!?”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

Hape CinaAa : Nyai yang ku sayang, aku gamungkin selingkuh, kita ibarathape, aku hpnya kamu simcardnya, jadi saling melengkapi.Nyai : Iya, aku percaya padamu.Aa : Teu apaleun lamun hapeurg mah hape cina anu make 3simcard, (ngagerentes na jerohate)

Lita LestianiLeuwigajah-Cimindi No. 34

BogohIin : "Kunaon Aa nembé nyarioscinta ka abdi ayeuna, sanés ti -kapungkur?"Odi : "Duh, hapunten néng.Margi Aa nembé wantun ayeu -na."Iin : "Ooh, sawios ari nembéwantun ayeuna mah. Da badékapungkur badé ayeuna gésami, Iin mah tetep bakalnolak!"Odi : "Eeemaaaaaa..!!"

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

Lalajo PersibUda : Ka mana euy?Endul : Ka stadion, rék lalajopersib lawan persija.Uda : Maneh ngadukung persijanya?Endul : Nya ngadukung persibatuh.Uda : Naha atuh bet maké bajuwarna orangé, pan éta nu per-sija.Endul : Da urang mah ka sta-dion téh lain rék lalajo, tapi rekmarkiran mobil.

Dodi IrawanBabakansari No. 88 Samarang – Garut

HeureuyOmon : "Mang aya paku?"T. Matrial : "Aya."Omon : "Semén aya?"T. Matrial : "Aya."Omon : "Keusik?"Matrial : "Ayaaa.. ! Ari maneh

hayang naon?"Omon : "Hayang heureuy wé."

Noor Mulyani - Antapani 23

Tips buka puasaLangkung aman ngaleueut KopiABC tibatan nuang Batere ABC.

Noor Mulyani - Antapani 23

Nu GeloAdun : Kang ku naon jadi gélo?Iman : Kapungkur téh pedahgagal jadi dokter jang.Adun : Naha bisa gagal kang?Iman : Apanan uing téh gélo,pira ku wé nu gélo jadi dokter!Adun : Heueuh nya, hehehe…

Reni TresnasariJl. Cibadak No. 45

HéranAtang: “Héran ku KangMaman. Kawin kara opat bulantapi ayeuna geus boga anakopat!?”Ating: “Teu kudu héran. Pankawinna téh ka randa nu geusboga anak opat.”

Nunung SamsiarJl. Cicukang RT 02/05 45

Bandung

Tos MagribAnisa: “Fit, tos ngajaran batal?”Fitri: “Puguh wé, unggal dintenogé sok batal.”Anisa: “Tara saum kitu?”Fitri: “Osok.”Anisa: “Ongkoh cenah sok batalwaé?”Fitri: “Batal sotéh ari tos mag -rib.”Anisa: “Ari Fitri?”

Déni HamdaniDepan Terminal Cileunyi 87 A

Kabupatén Bandung

KapokGina: “Euy, engké geus saururang olahraga, yu!”Ade: “Ah, embung. Kapok!”Gina: “Naha?”Ade: “Basa Minggu kamari ogébalik olahraga téh langsunglapar deui.”Gina: “Terusna kumaha atuh?”Ade: “Nya kapaksa wé balikolahraga téh dahar saur deui.”

Déni HamdaniDepan Terminal Cileunyi 87 A

Kabupatén Bandung

Manglé 2433 53

54 Manglé 2433

Tangtu wae, pananya bieuperlu ditepikeun sabanwaktu ka urang Sunda, pang-

pangna ka kaom elitena. Usik dinawidang naon? Tangtu dina widang-widang poko nu poharanangtukeun ana hirup jeunghuripna urang Sunda. Widang numun teu menyat bakal pohara gedemamalana ka masarakat urangsakumna. Satuluyna, rek kumahawae kaayaanana, naha paradabanurang teh geus menyat atawa keursakarat, nya tangtu perlu aya upayamuguhkeunana. Mun geus menyat,perlu tuluy sina gorejag, ulah cukupsugema saukur engap wungkul.Komo deui mun keur sakarat, nyatangtu perlu geuwat dirawat dikamar darurat.

KapamingpinanWidang kapamingpinan kaasup

nu keur sakarat. Coba wae, teu tem-bong apan tokoh pamingpin Sundanu tandang ngamajukeun parada-ban urang. Teu aya tokoh nu mam-puh ngusikkeun masarakat urangsangkan kuriak dina saban widang.Cirina, coba wae paluruh organisasikasundaan nu aya saperti BAM-MUS (Badan MusyawarahMasyarakat Sunda) jeungPaguyuban Pasundan, dua organi -sasi kasundaan nu rohang lingkupkagiatanana ngawengku rupa-rupawidang, apan can mampuhngusikkeun masarakat urang su-paya gancang ngahontal udagan -ana. Nepi ka ayeuna tacan ayaprogram nyata nu arek atawa eu-keur digarap ku BAMMUS. Bisajadi engke meureun dina sila -turahmi Lebaran taun ayeuna bakalaya nu dideklarasikeun. Kitu deui,nepi ka ayeuna, Paguyuban Pasun-dan tacan nembongkeun lengkah-lengkah nu gede dampakna ka

masarakat, iwal meureun dinawidang atikan.

Hal kitu sarua karandapan kupamingpin formal di tataran pa-marentahan nu dipiharep ngamaju -

keun masarakat urang dina sarwawidang. Nu jelas, nepi ka ayeuna,tacan aya pamingpin formal timimiti gubernur nepi ka walikotajeung bupati di Propinsi JawaBarat, nu bisa dipikareueus sapertiGubernur DKI Jakarta bareto AliSadikin atawa Gubernur DKIJakarta ayeuna Djoko Wi. Nu tem-bong mah prestasina biasa-biasawae, teu aya nu nyongcolang.

Jadi, pamingpin Sunda numampuh ngusikkeun masarakatSunda sakumna, memang nepi kaayeuna tacan tembong. Ieu teh ku-lantaran organisasi kasundaan, mi-nangka pangipukanana, tacanwalagri, kitu deui partey pulitik nukapapancenan nyalonkeunpaming pin di tataran formal, saruakeur katiban masalah-masalahinter nal.

SektoralAkibat paceklik kapamingpinan

nu parna, nya bisa diduga(diprediksi) kamajuan paradabanSunda sacara gembleng moal ka-hontal dina waktu nu gancang. Pa -ling-paling saukur ngarayap,jajauheun bisa melesat.Nu dipika-hariwang, kaayaan kitu tehngalantaran keun paradaban urangasup kana zona stagnan aliasngeuyeumbeu, nu pamustungan -ana, bisa wae dina sababaraha hal,ngarandapan “pembusukan”. Munkitu, atuh boro-boro bisa menyat,komo deui bari jeung melesat, tapimeureun bakal lila engap-engapandi kamar darurat.

Sanajan kitu, sacara sektoral,tembong keneh paradaban Sundanembongkeun hojahna. Upamanawae kasenian masih keneh hirup,basa Sunda diparake keneh, jeungkarep ngahirupkeun atawa palingsaeutik ngarawat sarwaning tradisikadenge keneh aweuhanana.

Ana kitu, salahsahiji jalan, ji-gana urang bisa ngahudang para -daban Sunda sacara sektoral,dimimitian ti widang nukaayaanana aya keneh pupurieun -ana. Upamana wae ngahirupkeunkasenian, nguatkeun basa Sundajeung ngahudang ekonomi kreatipnu dipiharep bisa nimbulkeun “efekdongkrak” ( leverage effect) ka sek-tor-sektor sejenna.

Sajeroning kitu, tangtu waeupaya ngahudang paradabanSunda sacara integral tuluyditarekahan. Aya keneh enyay-enyayan harepan, upamana waekapilihna Walikota Bandung ka-mari ieu ti kalangan generasi ngorasarta terpelajar, sugan dituturkeunku kapilihna engke gubernur, wali -kota jeung bupati nu progresip,mampuh ngamajukeun paradabansarta masarakat Tatar Sundasakumna. *** Karno Kartadibrata.

Geus Nepi Ka Mana?Geus nepi ka mana usikna paradaban Sunda?

Manglé 2433 55

KA GIGIR:1. Sawah4. Métode7. Campur9. Sato nu cucukan11. Jalma jujur jeung gedé wawanén13. Percaya15. Golongan tingkatan dina agamaHindu18. Cai20. Jurig awéwéna21. Sato anu leueur awakna22. Tutumpakan nu ditarik ku kuda25. Sato padang pasir28. Cahara30. Purah nalingakeun nu digarawé33. Sok dibeulitkeun dina kerah baju34. Tempat matuh nu digarawé35. Alus jeung tohaga (wangunan)

KA HANDAP:1. Tempat jauh nu hésé disaba2. Hujan (Inggris)3. Sato dina kapercayaan urang Cina4. Wangun sastra5. Nyanyi bareng duaan6. Kuburan8. Bapana kolot urang10. Paranti méré cisusu12. Kuno14. Ukuran waktu16. Panjara

17. Béntang pilem lalaki19. Sukma, lelembutan21. Sarupa sendal tina kai23. Aksara Arab24. Hurang leutik26. Niat atawa jangji nu bakaldilaksana keun mun hasil maksud27. AngkatanMuda Siliwangi29. Kabiasaan31. Kuring (basa kasar)32. Hampas tahu

Waleran diserat dina kartu pos,témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1400. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1398:

1. suhaiman angganaJl. Sultan agung no.92Cicalengka

2. Lutfi Alwy IsmailJalan CigiringsingSukaasih Bandung

3. Doni FebriantoJalan NusawangiGang Mawar 14ATasikmalaya

1400K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

“Karasa leuleusna, Mang.”“Puasa dina minggu-minggu

munggaran, Lo?”“Eya.”“Keun baé, Lo.”“Keun baé kumaha ari Ma-

mang?”“Heueuh keun baé, itung-itung

milu ngararasakeun kaprihatinanjalma miskin nu mindeng nahanrasa lapar.”

“Yaktos.”“Bari ogé apal kana kagumbira

jalma miskin.”“Kagumbira kumaha, Mang?”“Kagumbira manggih dahareun

sabada sakitu lilana nahan lapar.Geuning Alo gé sakitu gumbiranawaktu mireng adan Magrib téh.”

“Héhéhé….”“Mana komo dina bulan puasa

ayeuna, Lo.”“Hih, na maké ditungtungan ku

mana komo?”“Mana komo kapan kiwari béja -

na réa jalma miskin anu teukabagéan bé-él-és-ém. Kaprihatin -

na mangtikel-tikel, Lo. Keur mahhahargaan ngajaul alatan naéknaBBM, maranéhna ukur ngégélcuruk lalajo batur meunang ban-tuan.”

“Deueuh teuing.”“Kaayaanana éstu patukang

tonggong jeung jalma mampuh numeunang BLSM. Enya, ceuk béjatina berita média massa Mamanggé, cenah réa jalma mampuh anumeunang éta bantuan.”

“Tapi cenah réa anu dipulang -keun deui.”

“Alhamdulillah réa kénéh jalmasoléh geuning, nu teu daék narimarejeki nu lain hakna.”

“Tuh geuning.”“Ngeunaan kaprihatin mah,

Lo….”“Kumaha, Mang?”“Urang ogé jalma biasa.”“Maksudna jalma biasa?”“Lain jalma beunghar, tapi ogé

teu kaasup warga miskin.”“Enya.”“Ari lebah kaprihatin mah sarua

mangtikel-tikel. Salian tingararaoskeun pangaos nu marahaltéh, ogé mayunan nyakolakeunbudak dina taun ajaran anyar. Soksanajan SPP gratis gé, kapal aribaju jeung buku tulis mah kududibeuli. Tacan deuih mikiran bajulebaran, héhéhé….”

“Yaktos, karaos.”“Atuh dina momen bulan puasa

ayeuna hayu urang ngadu’a, mugiapara pangagung ogé tiasa langkungngarasakeun kaprihatinanmasarakat leutik.”

“Amin.”“Mugia langkung merhatikeun

nasib masarakat leutik.”“Amin.”“Jeung aya deui, Lo.”“Naon deui, Mang?”“Mugia nasib jalma leutik téh

ulah ukur jadi konsumsi politik.”“Amin.”“Mugia deuih kaayaan

masarakat leutik téh ulah ukur di-mangpaatkeun.”

“Dimangpaatkeun kumaha,Mang?”

“Dimangpatkeun ku sabagianpihak.”

“Pikeun?”“Pikeun kauntungan pribadi

jeung golonganana.”“Mugia dijarauhkeun ti nu

kararitu mah, Mang.”“Amin 3x.”“Aminna kudu leuwih ti 3x, Lo.”***

Prihatin

56 Manglé 2433