kÉan santang

2
KÉAN SANTANG Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna. Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan. Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu. “Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.” “Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor. Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna. Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén. Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun. Barang nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang nanya. “Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang. “Saha Ujang téh?” pokna kalah malik nanya. “Kaula téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatén.” “Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal korma. Barang éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas, angger baé teu kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga. Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes. Kéan Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus aya gigireun. “Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri

Upload: more-than-words

Post on 09-Sep-2015

231 views

Category:

Documents


4 download

DESCRIPTION

jhkljhgkjh khkjhkjlhk kjhkj hkhkjh kjh kjh kjh klhkjlhkjh klh khk hkj kjh lkjh jkh kjhkjlh lkjh kjlh kjh kjh kljh kjhkj hkjh kjh lkjh kljh kjh kh lkh klhklj

TRANSCRIPT

KAN SANTANG

KAN SANTANG

Kan Santang th putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji og jalma anu bisa nandingan kasaktnna.Dina hiji waktu Kan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yn dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatn, tapi teu aya nu bisa nandingan.Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat ba nyauran para ahli nujum karajaan. Mnta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktn Kan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum th kabhanana ngabigeu teu aya nu nmbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu.Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktn tuang putra. Jauh pisan ta jalma th, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagnda Ali.Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagnda Ali? Kanjeng Prabu ,alik naor.Anh pisan, sammh ngajawab ta aki-aki th geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna.Ti harita Kan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagnda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatn.Hiji waktu Kan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rk nepungan Bagnda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig ba anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpo surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna th napak kancang, nyata leumpang dina kulit cai, nyak gancang ka ditu ka kulonkeun.Barang nepi ka nagri Mekah, Kan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kan Santang nanya.Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagnda Ali th? ta aki-aki th ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang.Saha Ujang th? pokna kalah malik nanya.Kaula th Kan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagnda Ali. Cenah anjeunna th jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatn.Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki! ceuk ta aki-aki ngajak indit ti dinya. Kan Santang nuturkeun. Tapi kakara og sababaraha lngkah, aki-aki th pok nyarita, Ah, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang! Kan Santang geuwat balik deui, maksud rk mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki ta nanceb deukeut tangkal korma.Barang ta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kan Santang nyabut deui beuki bedas, angger ba teu kacabut. Kan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui ta iteuk sataker tanaga. An pisan. Lain iteuk anu kacabut th, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu jeung kitu ba, unggal manhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes.Kan Santang geus ngoprot ksang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manhna mimiti boga curiga yn aki-aki nu boga ta iteuk th tangtu lain jalma samana. Keur kitu, aki-aki th geus aya gigireun.Saha saenyana andika th, Ki? ceuk Kan Santang semu lungs. Si Aki ukur seuri ditanya kitu th.Nya kaula anu ditangan ku andika th. Kaula Bagnda Ali! Ngadng kitu, rumpuyuk ba Kan Santang nyuuh kana sampan Bagnda Ali. Manhna taluk, sadar yn kasaktn dirina ukur satungtung buuk upama dibandingkeun jeung lmu kawedukan Bagnda Ali.Kaula taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng Bagnda, ceuk Kan Santang.Heug, tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam, walon Bagnda AliTi harita Kan Santang asup agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah.Sanggeus ngarasa cukup ngalap lmu, Kan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagnda Ali diwidian kalayan dibr pancn yn Kan Santang kudu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagnda Ali nyata tasbh jeung kitab Al-Quran.Kan Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di dinya anjeunna nghiyang, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda rupa jadi maung