guguritan euy.doc

13
GUGURITAN 1. Sajarah guguritan Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan. Katerampilan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé.Sabab dina masa sanggeus perang disakola- sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya 2. Arti Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. [1] Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. [1] Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan 3. Bedana guguritan jeung jeung wawacan Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh. [1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon 4. Pada dinu guguritan Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna

Upload: yanz-marfiana

Post on 20-Dec-2015

83 views

Category:

Documents


10 download

TRANSCRIPT

Page 1: GUGURITAN euy.doc

GUGURITAN

1.       Sajarah guguritanKecap gurit asal tina basa Sangsekerta gurit anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangding. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan. Katerampilan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé.Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya

2.       Arti

Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan.[1] Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan.[1] Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan

3.      Bedana guguritan jeung jeung wawacan

Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon

4.      Pada dinu guguritan

Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna

5.      Jalma nu nembang guguritan

Jalma maca guguritan biasana dilagukeun anu disebut ngahariring nyaéta ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula

Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan. Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. Sanajan guguritan mah biasana dipaké nyebut dangding anu henteu panjang tur biasana ngagambarkeun rasa lirik anu nulisna atawa mangrupa naséhat, sedengkeun ari wawacan biasana mangrupa carita, tapi henteu saeutik guguritan anu panjangna leuwih ti wawacan, upamana guguritan kénging H. Hasan Mustapa (1852-1930) aya nu panjangna nepika 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada, sabalikna réa wawacan anu ngan ukur saratus dua ratus pada. Kitu deui aya deuih guguritan anu eusina mangrupa carita anu kayaning "Kiamat Leutik" kénging Toebagoes Djajadilaga atawa "Nu Alus Tetep

Page 2: GUGURITAN euy.doc

Alusna" Kénging A. Kartawinata ( dimuat dina mingguan Parahiangan, 1930). Ari H. Moehamad Moesa nyebut dangdinganana Wulangkrama, Wulang Guru, jeung Wulang Murid anu eusina naséhat tur panjangna masing-masing ngan ukur wewelasan jeung likuran pada téh, wawacan. Jadi umumna mah bédana guguritan jeung wawacan téh sok dumasar kana panjang-pondokna baé, salian ti gumantung kana kahayang nu nganggitna téh.[1] Nu panjang mahi sabukueun disebut wawacan, sanajan eusina henteu ngalalakon, sabalikna nu pondok disebut guguritan sanajan ngalalakon. Sumberna ngan sacara lisan pada ngapalkeun atawa paling-paling diseténsil pikeun lingkungan husus.. Wangun basa ugeran anu ditulis saluyu jeung aturan dangding, biasana mangrupa lirik anu ngalukiskeun perasaan penulisna, tapi loba ogé anu mangrupa naséhat atawa kisah. Guguritan biasan ngan ukur tina sababaraha pada, sanajan Dangdanggula Laut Kidul jeung Asmarandana Lahir Batin, rada panjang, kitu ogé guguritan H.Hasan Mustapa umumna 100-200 pada, aya ogé anu 400 pada panjangna. Jalma maca guguritan biasana dilagukeun anu disebut ngahariring nyaéta ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedeengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh Asmarandana. Dina masa saacan perang murid-murid di sakola Angka II jeung utamana Sakola Guru (Normaalschool) diajrkeun nembang jeung nulis guguritan, nu matak maranehanana terampil lain ngan ukur nyanyikeun sesuai jeung lagu pupuh, tapi bisa ogé nyusun guguritan ku sorangan biasana di nyanyikeun dina acara tertentu, misalna perpisahan sakola, peringatan hari besar, aya ogé dina surat menyurat. Katerampilan nyieun guguritan dianggap salaku kahéngkéran hiji jalma komo lamun manehna pinter nembangkeunana ogé. Sabab dina masa sanggeus perang disakola-sakola Dangding jeung cara nembang teu diajarkeun sacara inténsif,ku kituna guguritan leungit popularitasna, kecuali dikalangan ahli mamaos tapi éta ogé ngan ukur kawatesan ku ngapalkeun guguritan nu geus aya. Sanajan kitu guguritan kadang-kadang, di muat dina majalah atawa surat kabar. Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring (Anak panah senandung)) Karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku guguritan Munggah Haji ku Yus Rusyana (Bandung 1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (Bandung 1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (Jakarta 2000).\\

Maksud guguritan nyaeta wangun karya sastra mangrupa puisi anu di tulisna make patokan pupuh. Guguritan leuwih condong kana rumpakana (tulisanana) sedengken pupuh leuwih condong kana ngaran jeung lagamna.

Pupuh nyaeta salah sahiji wangun karya sastra mangrupa puisi anu sok dihaleuangkeun kalayan geus kauger ku patokan-patokan.

Pupuh aya opat patokan:

1. Guru wilangan nyaeta sora pokal dina tuntung padalisan/baris.2. Guru wilangan nyaeta jumlah engang (suku kecap) dina tiap padalisan.

3. Guru padalisan nyaeta jumlah padalisan dina tiap pada/bait.

4. Watek/sipat nyaeta pasipatan tina masing-masing pupuh.

Pupuh sacara garis badag aya dua, nyaeta:

Sekar ageng : pupuh anu miboga leuwih ti hiji wanda lalaguan. Sekar alit : pupuh anu miboga hiji wanda lalaguan.

Page 3: GUGURITAN euy.doc

Macam- macam pupuh atawa guguritan:1.      Asmaranda2.      Balakbak3.      Dangdanggula4.      Jurudemung5.      Durma6.      Gambuh7.      Gurisa8.      kinanti9.      Ladrang10.  Lambang11.  Maskumambang12.  Mijil13.  Pangkur14.  Pucung15.  Magatru16.  Sinom17.  Wirangrong

AsmarandaWatekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.Contona:Eling eling masing eling (8 engang – vocal ‘I’)E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (=guru wilangan 8)‘eling’ panungtung vokalna i (=guru lagu i)Rumingkang di bumi alam ( 8- a)Darma wawayangan bae ( 8– e)Raga taya pangawasa ( 8– a)Lamun kasasar lampah ( 7- a)Nafsu nu matak kaduhung ( 8- u)Badan anu katempuhan ( 8- a)

Dangdanggula Watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan. Contona:Laut kidul kabeh katingali ( 10- i)Ngembat paul kawas dina gambar ( 10- a)Ari ret ka tebeh kaler ( 8- e)Batawi ngarunggunuk ( 7- u)lautna mah teu katingali ( 9- i)Ukur lebah lebahna ( 7- a)Semu semu biru ( 6- u)Ari ret ka tebeh wetan ( 8- a)Gunung gede jiga nu ngajak balik ( 12- i)Meh bae kapiuhan ( 7- a)

Jurudemung

Page 4: GUGURITAN euy.doc

Watekna kaduhung atawa hanjakal. Unggal pada diwangun ku lima padalisan. Contona:Badan nu katempuhan ( 8- a)Da bongan ngalajur nafsu ( 8- u)Peurihna kapanggih ( 6- i)Rek bongah bongan ka saha ( 8- a)Ayeuna bati kaduhung ( 8- u)

DurmaWatekna heuras atawa siap rek tarung. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan. Contona:Mundur mapag balad pandawa teu tahan ( 12- a)Barisan beuki ipis ( 7- i)Digempur kurawa ( 6- a)Senapatina karna ( 7- a)Sakti manggulang mangguling ( 8- i)Hese pantarna ( 5- a)Moal aya nu nanding ( 7- i)

GambuhWatekna bingung, samar polah atawa tambuh laku. Unggal pada dieangun ku lima padalisan. Contona:Ngahuleng banget bingung ( 7- u)Henteu terang ka mana ngajugjug ( 10- u)Turug turug harita the enggeus burit ( 12- i)Panon poe geus rek surup ( 8- u)Keueung sien aya meong ( 8- o)

GurisaWatekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel. Unggal pada di wangun ku dalapan padalisan. Contona:Haying teuing geura beurang ( 8- a)Geus beurang rek ka sumedang ( 8- a)Nagih anu boga hutang ( 8- a)Munmeunang rek meuli soang ( 8- a)Tapi najan henteu meunang ( 8- a)Teu rek buru buru mulang ( 8- a)Rek tuluy guguru nembang ( 8- a)Jeung diajar nabeuh gambang ( 8- a)

KinantiWatekna mihareup atwa prihatin. Unggal pada diwangun ku genep padalisan. Contona:Lembang ros ku matak lucu ( 8- u)Nya alus rupa nya seungit ( 8- i)Henteu aya papadana ( 8- a)Retuning kembang sajati ( 8- i)Papas di patamanan ( 8- a)Seungit manis ngadalingding ( 8- i)

LadrangWatekna banyol pikaseurien. Unggal pada diwangun ku opat padalisan. Contona:Aki dartam leumpangna ngagidig ( 10- i)

Page 5: GUGURITAN euy.doc

Gancang pisan, gancang pisan ( 8- a)Bari aya nu dijingjing ( 8- i)Mawa kisa eusina ucing anakan ( 12- a)

LambangWatekna banyol atawa pikaseurieun. Unggal pada diwangun iu opat padalisan. Contona:Nawa kubang sisi tegal ( 8- a)Nyair bogo meunang kadal ( 8- a) Atuh teu payu dijual ( 8- a)Rek didahar da teu halal ( 8- a)

MagatruWatekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin. Unggal pada diwangun ku lima padalisan. Contona:Mun sumuhun ieu the namina curuk (12- u)Nu alit namina cingkir ( 8- i)Anu panjang mah jajangkung ( 8- u)Gigireunana jariji ( 8- i)Anu pangageugna jempol ( 8- o)

MaskumambangWatekna prihatin, sasambat atawa nalangsa. Unggal pada diwangun kiu opat padalisan. Contona:Jalma keful mumul ditambah jejerih ( 12- i)Ulag ngarep senang ( 6- a)Sabab mungguhing rejeki ( 8- i)Tara dating teu disiar ( 8- a)

Mijil Watekna sedih, susah atawa cilaka. Unggal pada diwangun ku genep padalisan. Contona:Beurang peuting tambah cape ati ( 10- i)Jeung tambah rampohpoy ( 6- o)Wungkul inget ka kabogoh wae ( 10- e)Mugi aya kadar panggih deui ( 10- i)Mun teu panggih deui ( 6- i)Anggur pondok umur ( 6- u)

PangkurWatekna nafsu, lulmampah ata sadia rek perang. Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan. Contona:Seja nyaba ngalalana ( 8- a)Ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12- i)Henteu puguh nu dijugjug ( 8- u)Balik paman sadaya ( 7- a)Nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12- u)Lurah begal ngawalonan ( 8- a)“aing ngaran jayapati” ( 8- i)

Pucung

Page 6: GUGURITAN euy.doc

Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku opat padalisan. Contona:Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12- u)Jeung nyenangkeun bapa ( 6- a)Tanda yen bagjana gede ( 8- e)Hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12- a)

SinomWatekna gumbira. Unggal pada diwangun ku salapan padalisan. Contona:Diwetann fajar balebat ( 8- a)Panon poe arek bijilSinarna ruhay buruhayKingkilaban beuruem kuningCampur wungu saeutikKaselapan semu biruTanda batara suryaBade lumungsur ka bumi ( 8- a)Murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12- a)

WirangrongWatekna era atawa wiring. Unggal pada diwangun ku genep padalisan. Contona:Jalma nu resep ngaluis ( 8- i)Lumrahna resep ngaleos ( 8- o)Ngan pacuan resep ngasut( 8- u)Komo mun resep ngarujit ( 8- i)Teu aya batan basajan ( 8- a)Sagala sigar tengahan ( 8- a)

Page 7: GUGURITAN euy.doc

OLEH :

ANDIKA A.R

KELAS : X AV 2

SMK NEGERI 1 PURWAKARTA

Page 8: GUGURITAN euy.doc

OLEH :

FAIZAL HAFIDIN

KELAS : X AV 2

SMK NEGERI 1 PURWAKARTA

Page 9: GUGURITAN euy.doc

OLEH :

ASEP HAMDANI

KELAS : X AV 2

SMK NEGERI 1 PURWAKARTA

Page 10: GUGURITAN euy.doc

OLEH :

RUDIANA

KELAS : X AV 2

SMK NEGERI 1 PURWAKARTA