1
ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON
SERAT SARWASATWA KARYA GODI SUWARNA
Kiki Pratiwi, Dedi Koswara, Retty Isnendes
Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas
Pendididkan Indonesia, Jalan Setiabudi 229, Bandung, No Telepon: 085721092502,
081321145245, 085860862378, email: [email protected],
Abstrak
Penelitian yang berjudul “Analisis Dekonstruksi dina Kumpulan Carpon Serat
Sarwasatwa Karya Godi Suwarna” dilatarbelakangi oleh keinginan penulis untuk
memperkaya penelitian terhadap karya sastra Sunda berdasarkan analisis
dékonstruksi selaku metode paling mutakhir dalam memahami dan mencapai
totalitas makna dari karya sastra sastra. Metode yang digunakan dalam penelitian
ini adalah metode deskriptif analisis. Metode ini digunakan untuk
mendeskripsikan data-data yang diperoleh dari hasil analisis. Teknik yang
digunakan dalam penelitian ini adalah telaah pustaka dan analisis data. Penelitian
ini memiliki tujuan untuk memaparkan kumpulan cerpen Serat Sarwasatwa
berdasarkan analisis dekonstruksi memakai oposisi binner, yang meliputi: 1)
makna dekonstruktif judul-judul cerpen dalam kumpulan cerpen Serat
Sarwasatwa, 2) makna dekonstruktif tokoh-tokoh dalam kumpulan cerpen Serat
Sarwasatwa, 3) pusat pengisahan cerpen dalam kumpulan cerpen Serat
Sarwasatwa, 4) latar/setting cerpen dalam kumpulan cerpen Serat Sarwasatwa, 5)
alur cerpen dalam kumpulan cerpen Serat Sarwasatwa, 6) indikator berpikir
dekonstruktif Godi Suwarna. Berdasarkan hasil penelitian diperoleh kesimpulan
bahwa 1) enam judul cerpen atau 46% judul cerpen mengandung pemikiran
dekonstruktif, 2) 29 atawa 88% tokoh dalam kumpulan cerpen Serat Sarwasatwa
yang mengandung pemikiran dekostruktif, 3) tidak telihat adanya pusat
pengisahan yang mengandung pemikiran dekonstruktif, 4) delapan atau 20,5%
latar/setting dalam kumpulan cerpen Serat Sarwasatwa yang mengandung
pemikiran dekostruktif, 5) empat atau 31% alur cerita dalam kumpulan cerpen
Serat Sarwasatwa yang mengandung pemikiran dekostruktif, dan 6) indikator
mikir dékonstruktif Godi Suwarna terlihat dari adanya misi Godi Suwarna dalam
menyampaikan kritik dan sindiran terhadap kehidupan masa kini dan ditunjukkan
dengan adanya oposisi antara “menolak tradisi” dan “bertolak dari tradisi”. Bisa
disimpulkan pula bahwa cerpen-cerpen karya Godi Suwarna ini masih berada
pada tataran konvensional tapi sudah menunjukkan adanya pemikiran
dekonstruktif pengarangnya. Dengan keunggulan dan keunikannya, Godi Suwarna
menjadi salah satu pelopor pemikiran dekonstruktif dalam kesusastraan Sunda.
Kata Kunci: Analisis Dékonstruksi, Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa ANALISIS DÉKONSTRUKSI DINA KUMPULAN CARPON
2
SERAT SARWASATWA KARYA GODI SUWARNA
Kiki Pratiwi, Dedi Koswara, Retty Isnendes
Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas
Pendididkan Indonesia, Jalan Setiabudi 229, Bandung, No Telepon: 085721092502,
081321145245, 085860862378, email: [email protected],
Abstract
The background of a studyentitled “Analisis Dekonstruksi dina Kumpulan
Carpon Serat Sarwasatwa Karya Godi Suwarna” is the author’s desire to enrich
the study of Sundanese literature based on deconstructive analysis as the most
advanced method in understanding and achieving the total meaning of literary
works. This study is a descriptive research. This method is used to describe the
data which is obtained from the analysis. The techniques of this study are
literature review and data analysis. The aim of this study is to describe the
collection of short stories based on deconstructive analysis byusing a Binner
opposition, included: 1) deconstructive meaning of the title in the collection of
Serat Sarwasatwa short stories, 2) deconstructive meaning of the characters in
the collection of Serat Sarwasatwa short stories, 3) the point of view the story in
the collection of Serat Sarwasatwa short stories, 4) the setting in the collection of
Serat Sarwasatwa short stories, 5) the plot in the collection of Serat Sarwasatwa
short stories, 6) the indicator of deconstructive thought of Godi Suwarna. Based
on the above results, the researcher concluded that 1) the titles of six short stories
or 46% of the titles of short stories contain a deconstructive thought, 2) 29 or
88% of the characters in the collection of Serat Sarwasatwa short stories contain
deconstructive thought, 3) it cannot be seen that the main character’s thought
contains deconstructive thought, 4) eight or 20,5% of the settings in the collection
of Serat Sarwasatwa short stories contain deconstructive thought, 5) four or 31%
of the plot in the collection of Serat Sarwasatwa short story contains
deconstructive thought, 6) the indicators of deconstructive thought of Godi
Suwarna can be seen from his mission in delivering critiques and satires of the
present life that are indicated by the opposition between “rejecting the tradition”
and “out of tradition”. It can be seen that the short storiesof Godi Suwarnaare
still at the conventional level. However, they show the author’s descriptive
thought. It is because of the excellence and uniqueness, Godi Suwarna becomes
one of the pioneers in the deconstructive thought of Sundanese literature.
Keyword: Analisis Dékonstruksi, Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa
3
Bubuka
Dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karya Godi Suwarna katitén aya
ma’na-ma’na nu nyamuni di satukangeun téks. Salian ti éta, pamikiran-pamikiran
unik nu nyangkaruk (ngarempak konvénsi di masarakat) dina kagemblengan
struktur carponna. Tujuan dékonstruksi nya éta ngungkab oposisi-oposisi hierarkis
implisit nu aya dina téks (Al-Fayadl, 2012:80). Dékonstruksi miboga pancén
pikeun ngabongkar struktur sangkan manggihan ma’na anyar nu nyamuni di
satukangeun téks lain pikeun ngawada atawa nyingkahan struktur. Dina
pajemuhan ulikan sastra postmodern kiwari kaasup sastra Sunda, kalungguhan
analisis dékonstruksi téh dianggap penting.
Panalungtikan karya sastra dumasar kana metode dékonstruksi téh geus
aya nu ngalaksanakeun, misalna baé buku Analisis Wacana: Dari Linguistik
sampai Dékonstruksi (Aminuddin, 2002) nu tadina mangrupa makalah nu judulna
“Pendekatan Pasca-Struktural; Jacques Derrida, aya ogé skripsi S1 Jurusan
Pendidikan Bahasa Indonesia FPBS Universitas Pendidikan Indonesia nu judulna
“Kajian Dekonstruksi Novel Kerudung Merah Kirmizi karya Remy Sylado
sebagai Bahan Pembelajaran Apresiasi Sastra di Sekolah Menengah Atas” nu
disusun ku Ubaidilah Muchtar. Kitu deui dina ulikan basa jeung sastra Sunda,
panalungtikan karya sastra ngagunanakeun metode dékonstruksi geus aya nu
ngalaksanakeun, upamana baé makalah anu judulna “Ngama’naan Pamikiran
Panyajak Godi Suwarna tina Karyana “Si Ujang Eueut Cikopi”: Analisis
Dékonstruksi” nu disusun ku Chye Retty Isnendes tur ngajanggelek dina bukuna
Kajian Sastra Aplikasi dan Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia
(2010). Di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI anu nalungtik karya
sastra maké teori dekonstruksi kaitung saeutik. Ngan aya skripsi Deni Hadiansah
nu judulna Novel Mercedes 190 Karangan Muh. Rustandi: Interpretasi
Dekonstruksi.
Pikeun ngajembaran panalungtikan karya sastra dumasar kana metode
dekonstruksi, diayakeun panalungtikan anu objekna kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa karya Godi Suwarna nu dibéré judul Analisis Dekonstruksi dina
Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa Karya Godi Suwarna.
Dumasar kana watesan kasang tukang tadi di luhur, nu nyusun
ngarumuskeun masalah saperti ieu di handap.
1) Kumaha judul-judul carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa karya Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
2) Kumaha tokoh-tokoh carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa karya Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
3) Kumaha puseur implengan carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa karya Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
4) Kumaha latar carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa
karya Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
5) Kumaha galur carpon nu aya dina kumpulan carpon Serat Sarwasatwa
karya Godi Suwarna disawang tina jihad dékonstruksi?
6) Kumaha indikator mikir dékonstruktif Godi Suwarna dina kumpulan
carponna?
4
Metode
Metode panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode
déskriptif analisis. Metode déskriptif analisis mangrupa salasahiji métode dina
panalungtikan kualitatif. Metode déskriptif analisis dilaksanakeun ku cara
ngadéskripsikeun fakta-fakta nu satuluyna disusul ku analisis (Ratna, 2004:53).
Ieu metode téh miboga maksud pikeun ngumpulkeun informasi (Arikunto,
2010:203). Salian ti éta, metode déskriptif analisis bisa ogé dipaké pikeun
léngkah-léngkah dina ngungkulan pasualan dina panalungtikan kualitatif ku cara
ngumpulkeun data, nyieun papasingan, nyurahan jeung nafsirkeun. Dina ieu
panalungtikan, tehnik nu digunakeun nya éta 1) tehnik ulikan pustaka, jeung 2)
tehnik analisis data kana sumber-sumber pustaka nu dianggap ngarojong kana ieu
panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta slip
data. Slip data digunakeun pikeun ngababarikeun milih jeung milah data anu
kapanggih tina téks sumber data panalungtikan (Andriansyah dina Yuanita,
2011:41). Dumasar kana hal éta, sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku
kumpulna carpon Serat Sarwasatwa karya Godi Suwarna nu ngawengku tilu belas
judul.
Hasil panalungtikan
Tina analisis nu dilaksanakeun, katitén aya pamikiran-pamikiran Godi
Suwarna anu mémang dékonstruktif. 46% judul carpon nu teu ilahar, 88% tokoh-
tokoh nu teu ilahar, 20,5% latar anu teu ilahar sarta 31% galur nu teu ilahar téh
najan henteu signifikan tapi tétéla cukup mampuh ngadékontruksi konvénsi nu
salila ieu hirup di masarakat. Carpon-carpon nu aya dina buku kumpulan carpon
Serat Sarwasatwa téh sacara umum masih kénéh aya dina tataran konvénsional,
tapi geus némbongkeun ayana pamikiran-pamikiran dékonstruktif Godi Suwarna
salaku pangarangna nu nyulayaan kana konvénsi atawa puseur nu salila ieu
dipercaya bisa ngatur sakabéh unsur karya sastra. Kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa ogé geus mampuh ngaréprésentasikeun manéh jadi karya anu béda
tina karya-karya nu biasa. Ku kituna, Godi Suwarna nepi ka kiwari bisa disebut
salaku salasahiji pilar dina kasusastraan Sunda sarta pelopor pamikiran
dékonstruktif.
Pedaran
Tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa téh tétéla aya genep atawa 46% judul carpon nu ngandung pamikiran
dékonstruktif kalayan ditabélkeun saperti ieu di handap.
5
Tabel. 1
Judul-judul dina Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa Disawang tina Jihad
Dékonstruksi
No Judul Carpon Dekonstruktif Teu
Dékonstruktif
Bukti
Dékonstruktif
1. Suluk Mahasukma
Suluk raket patalina ogé
jeung agama islam.
Padahal patukang
tonggong jeung
pawayangan babonna
nu asalna ti India sarta
dikasang tukangan ku
ayana agama Hindu.
2. Serat Sarwasatwa
teu katitén ayana sato
hiji-hiji acan. Sakabéh
tokohna mangrupa
sosok manusa nu
miboga akal.
3. Serat Smaradahana
Smaradahana
mangrupa hiji simbul
tresna sajatining tresna
sedengkeun tresna nu
dirandapan ku Rahwana
nu dipikawanoh salaku
angkara murka geus
nyulayaan konvénsi nu
hirup di masarakat.
4. Apanjang-
apunjung
Apanjang-punjung boa
kapamingpinan
Parikesit jeung Dawala
nu dipiharep bakal
apanjang apunjung.
Tapi kapan
pamaréntahan Parikesit
jeung Dawala nu asalna
tina tokoh pawayangan
mah kuduna idéntik
jeung sistim
pamaréntahan karajaan
lain republik nu periode
kapamingpinanna moal
lila.
5. Serat Kala Mesat
Ieu carpon teu
nyaritaken lalakon
Batara Kala tapi
nyaritakeun lalakon
6
No Judul Carpon Dekonstruktif Teu
Dékonstruktif
Bukti
Dékonstruktif
Sang Maruti nu dibéré
pancén pikeun néang
Déwi Sinta. Teu katitén
ayana tokoh Batara
Kala dina ieu carpon.
6. Lung-Leng
7. Séwang-séwang
8. Karamat Kuwu
Karamat
9. Bruk-Brak
10. Karunya Nya
Karunya Nya téh judul
nu mangrupa kecap
pernyataan tapi
kekecapan ieu ilahar
dipaké salaku kecap
pananya
Tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan téh tétéla aya tokoh-
tokoh nu mahiwal, unik sarta ngarempak konvénsi anu geus aya di masarakat.
Aya 91 tokoh nu ngawengku 33 tokoh lulugu jeung 58 tokoh tambahan. Tina 33
tokoh lulugu nu dianalisis katitén aya 29 atawa 88% tokoh nu unik jeung
mahiwal sabab ngarempak konvénsi nu geus aya di masarakat. Ieu tokoh-tokoh nu
ngandung pamikiran dékonstruktif téh baris katitén dina ieu tabél di handap.
Tabél 2
Tokoh-tokoh dina Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa Disawang tina Jihad
Dékonstruksi
No Judul
Carpon
Tokoh Pamikiran Dékonstruktif
1. Suluk
Mahasukma
Suyudana Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu teu
miharep ayana perang Baratayuda
Yudistira Dijungkirkeun jadi peran antagonis nu
miharep ayana perang Baratayuda
Bisma Dijungkirkeun jadi peran antagonis nu
miharep ayana perang Baratayuda
Gatotgaca
Palastra lain dina waktu perang Baratayuda
Bima
Palastra lain dina waktu perang Baratayuda
2. Serat
Sarwasatwa
Rahwana Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
buméla karahayat
Kumbakarna Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
buméla karahayat
Sarpakanaka Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
7
buméla karahayat
Wibisana Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
buméla karahayat
Pandawa Dijungkirkeun jadi peran antagonis salaku
raja nu sarakah
3. Serat
Smaradahana
Rahwana Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
micinta Déwi Sinta
Déwi Sinta Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
micinta Rahwana
Sri Rama Dijungkirkeun jadi peran antagonis salaku
angkara murka
Anoman Dijungkirkeun jadi peran protagonis nu
tumut ka Rahwana
4. Apanjang-
Apunjung
Parikesit
Jadi Presidén di Républik Astina
Dawala Tokoh panakawan nu jadi wakil presidén
di Républik Astina
5. Serat Kala
Mesat
Déwi Sinta Dijungkirkeun jadi peran antagonis nu
resep pésta pora jeung mangpirang pamuda
6. Lung-Leng Cepot
Tokoh panakawan nu jadi teu resep
ngabodor, daria.
Garéng
Tokoh panakawan nu jadi teu resep
ngabodor, daria
Dawala
Tokoh panakawan nu jadi teu resep
ngabodor, daria
7. Séwang-
Séwang
Mang
Léngsér
Tokoh nu ngadadak dianggap siwah
Mundinglaya Tokoh carita pantun nu datang ka mangsa
modern
8. Karamat Kuwu
Karamat
Kuwu Acah Kuwu nu hirup kénéh sanajan euweuh
sirahan
9. Gur-Ger Kabayan Tokoh dongéng pikaseurieun nu
dijungkirkeun jadi tokoh nu daria jeung
babari ambek
Iteung Tokoh dongéng pamajikanna Kabayan nu
dijungkirkeun jadi resesp ngaranggo jeung
lalaki séjén
10. Tik-Tek Kuring
Manusa nu digawé saperti robot
Pa Wahyu
Manusa nu digawé saperti robot
Pa Kodir Manusa nu digawé saperti robot
8
11. Gusti! Gusti! Orok Orok nu bisa nyakaran bapana,
ngaranggeum haté bapana.
Dina ieu kumpulan carpon téh teu katitén aya puseur implengan anu
mahiwal atawa ngarempak konvénsi nu geus aya. Tina 13 judul carpon nu aya
dina ieu buku kumpulan téh tétéla aya 12 carpon nu ngagunakeun puseur
implengan jalma katilu atawa anu sok disebut third person narrative sedengkeun
carpon nu judulna Tik-Tek mah ngagunakeun puseur implengan jalma kahiji anu
sok disebut first person narrative sabab palaku caritana ngagunakeun kecap sulur
kuring.
Tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan téh tétéla aya 39 latar
atawa setting nu ngawang tiap leunjeuran carita. 39 latar ieu téh ngawengku 13
latar waktu, jeung 13 latar sosial. tina 39 latar ieu téh aya dalapan atawa 20,5%
latar nu unik jeung mahiwal sabab ngarempak konvénsi nu geus aya di masarakat.
Ieu latar nu ngandung pamikiran dékonstruktif téh baris katitén dina ieu tabél di
handap.
Tabél 3
Latar dina Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa Disawang tina Jihad
Dékonstruksi
No Judul Carpon Latar Dékonstruktif Teu
Dékonstruktif
Pamikiran
Dékonstruktif
1. Suluk
Mahasukma
Tempat
Waktu
Sosial
2. Serat
Sarwasatwa
Tempat
dunya pawayangan
didéskripsikeun pinuh
ku gedong-gedong
jarangkung.
Waktu
Sosial
Nyampurkeun antara
dunya réalitas jeung
dunya pawayangan
3. Serat
Smaradahana
Tempat
Waktu
Sosial
4. Apanjang-
Apunjung
Tempat
Nagri Astina
ngagunakeun sistim
pamaréntahan
Republik démokrasi
Waktu
Sosial
latar sosial
pawayangan ieu téh
dibarengan ogé ku
latar sosial politik
9
démokrasi
5. Serat Kala
Mesat
Tempat
Waktu
aya dua jaman waktu
anu béda, nya éta
jaman pawayangan
jeung alam sarébu
taun satuluyna atawa
jaman kiwari
Sosial
Latar sosial
pawayangan nu
dibarengan ku latar
sosial masarakat
modern jaman kiwari
6. Lung-Leng Tempat
Waktu
Sosial
7. Séwang-
séwang
Tempat
Waktu
Sosial
tokoh Mundinglaya
diasupkeun kana latar
sosial dina kahirupan
mangsa kiwari
8. Karamat
Kuwu
Karamat
Tempat
Waktu
Sosial
9. Bruk-Brak Tempat
Waktu
Sosial
10. Karunya Nya Tempat
Waktu
Sosial
11 Gur-Ger Tempat
Waktu
Sosial
12 Tik-Tek Tempat
Waktu
Sosial Karyawan jeung
kepala di éta kantor
téh diperedih sangkan
gawé saperti robot
13 Gusti! Gusti! Tempat
Waktu
Sosial
10
Dina ieu kumpulan carpon téh katitén aya galur anu dékonstruktif atawa
ngarempak konvénsi nu geus aya, saperti dina carita pondok Suluk Mahasukma nu
nyulayaan konvénsi galur carita wayang babon Mahabarata, sarta Serat
Sarwasatwa, Serat Smaradahana, jeung Serat Kala Mesat nu nyulayaan konvénsi
galur carita wayang babon Ramayana. Carpon-carpon nu lolobana diadaptasi tina
carita wayang téh nuduhkeun yén dina téks téh aya oposisi antara “menolak
tradisi” jeung “bertolak dari tradisi” nu satuluyna nyangkaruk hiji ma’na nu
mangrupa hakékat bebeneran dina karya sastra.
Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun, yén carpon-carpon nu aya
dina buku kumpulan carpon Serat Sarwasatwa téh sacara umum masih kénéh aya
dina tataran konvénsional, tapi geus némbongkeun ayana pamikiran-pamikiran
dékonstruktif Godi Suwarna salaku pangarangna nu nyulayaan kana konvénsi
atawa puseur nu salila ieu dipercaya bisa ngatur sakabéh unsur karya sastra.
Kumpulan carpon Serat Sarwasatwa ogé geus mampuh ngaréprésentasikeun
manéh jadi karya anu béda tina karya-karya nu biasa. Ku kituna, Godi Suwarna
nepi ka kiwari bisa disebut salaku salasahiji pilar dina kasusastraan Sunda sarta
pelopor pamikiran dékonstruktif.
Kacindekan jeung Saran
Dumasar analisis kana data anu geus dilaksanakeun, ieu panalungtikan téh
hasilna bisa dicindekkeun saperti ieu: 1) tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku
kumpulan carpon Serat Sarwasatwa téh tétéla aya genep atawa 46% judul carpon
nu ngandung pamikiran dékonstruktif, 2) tina 33 tokoh lulugu dina 13 judul
carpon dina ieu buku kumpulan carpon Serat arwasatwa téh tétéla aya aya 29
atawa 88% tokoh lulugu nu unik jeung mahiwal sabab ngarempak konvénsi nu
geus aya di masarakat, 3) teu katitén aya puseur implengan anu mahiwal atawa
ngarempak konvénsi nu geus aya, 4) tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku
kumpulan carpon Serat Sarwasatwa jeung tina 39 latar ieu téh aya dalapan atawa
20,5% latar nu unik jeung mahiwal sabab ngarempak konvénsi nu geus aya di
masarakat, 5) tina 13 judul carpon nu aya dina ieu buku kumpulan carpon Serat
Sarwasatwa tétéla aya opat judul carpon atawa 31% tina 13 judul carpon nu galur
caritana ngandung pamikiran dékonstruktif, 6) indikator mikir dékonstruktif Godi
Suwarna katitén tina ayana misi Godi Suwarna pikeun nepikeun kritik jeung
sindirna kana kahirupan jaman kiwari nu dituduhkeun ku oposisi antara “menolak
tradisi” jeung “bertolak dari tradisi” Bisa dicindekkeun ogé, yén carpon-carpon
nu aya dina buku kumpulan carpon Serat Sarwasatwa téh sacara umum masih
kénéh aya dina tataran konvénsional, tapi geus némbongkeun ayana pamikiran-
pamikiran dékonstruktif Godi Suwarna. Ku kituna, Godi Suwarna nepi ka kiwari
bisa disebut salaku salasahiji pilar dina kasusastraan Sunda sarta pelopor
pamikiran dékonstruktif.
Pamungkas, Ieu panalungtikan dumasar kana analisis dékonstruksi dina
kumpulan carpon Serat Sarwasatwa karangan Godi Suwarna téh kakara
museurkeun panitén kana perkara ma’na dékonstruktif struktur, anu ngawengku:
1) judul, 2) tokoh jeung panokohan, 3) puseur implengan, 4) latar, jeung 5) galur
carita. Ku kituna, disarankeun sangkan aya nu nalungtik atawa nganalisis
kumpulan carpon Serat Sarwasatwa anu leuwih lega jeung jembar ambahan
11
wengkuan strukturna. Salian ti éta, ieu panalungtikan téh murni ulikan sastra. Ku
kituna, perlu aya panalungtikan kana karya sastra, lain ngan ukur kumpulan
carpon Serat Sarwasatwa dumasar analisis dékonstruksi anu museurkeun
paniténna atawa dipatalikeun kana pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.
Tawis Nuhun
Alhamdulillahirobilalamin. Reueus jeung bungah waktu ieu artikel nu
dijudulan “Analisis Dékonstruksi dina Kumpulan Carpon Serat Sarwasatwa
Karya Godi Suwarna” réngsé dina waktu nu geus ditangtukeun. Ku kituna,
kedaling tawis nuhun panulis haturkeun ka:
1. Dr. Dedi Koswara, M. Hum. salaku Dosén Pangaping I anu parantos ngaping
sarta masihan pangrojong dugi ka ieu artikel;
2. Retty Isnéndés, S.Pd., M. Hum. salaku Dosén Pangaping II anu teu weléh
ngaping, ngageuing, ngalelempeng tur ngimeutan deui eusi artikel.
3. Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. salaku Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa
Daerah;
4. Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M. Pd. salaku Sekretaris Jurusan Pendidikan Bahasa
Daerah;
5. Bapa sareng Ibu réngréngan dosén Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, nya
éta 1) Drs. Ano Karsana, M.Pd., 2) Prof. H. Rahman, M. Pd., 3) Dr. Ruhaliah,
M. Hum., 4) Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum., 5) Dr. H. Usep Kuswari, M.
Pd., 6) Drs. H. Oleh Solehudin, M. Pd., 7) Drs. Ruswendi Permana, M. Hum.,
8) Drs. Dede Kosasih, M. Si., 9) Ade Sutisna, S. Pd., 10) Hernawan, M. Pd.,
11) Agus Suherman, S. Pd., M. Hum., 12) Dian Hendrayana, S. S, M. Pd 13)
Temmy Widiastuti, M. Pd anu parantos ngatik sareng ngadidik kuring nepi ka
bisa ngaréngsékeun kuliah, mudah-mudahan élmu anu parantos kacangking
ku sim kuring aya mangpaatna sarta bisa diamalkeun deui;
6. kulawarga anu teu kendat-kendat masihan kadeudeuh tur kanyaah nu lahir
tina kaweningan galih nu hamo laas.
7. kum ka sadaya pihak nu tos maparin pangrojong tur pangdeudeulna ka
panyusun.
Pamugi tawis pangrojong sareng pangdeudeul ti sadayana di ganjar ku
Allah SWT. Amin
DAPTAR PUSTAKA
Al-Fadyadl. 2012. Derrida. Yogyakarta: LKIS.
Arikunto. 2010. Prosedur Penelitian (suatu pendekatan praktik). Jakarta: Rineka
Cipta.
Hadiansah, D. (2006). Novél Mércédés 190 Karangan Muh. Rustandi
Kartakusuma:Interprétasi Dékonstruksi. Skripsi di Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI: teu dipedalkeun.
Isnéndés, Retty. 2010. Kajian Sastra Aplikasi dan Kritik Pada Karya Sastra
Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.
Ratna, Nyoman Kutha. 2011. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra.
Yogyakarta: Pustaka Belajar.
12
Suwarna, Godi. 1995. Kumpulan Carita Pondok Serat Sarwasatwa. Bandung:
Geger Sunten.
Yuanita, Tika. 2011. Kajian Sosiologi sastra kana Kumpukan Carpon Oknum
Karangan Hadi AKS pikeun Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA. Skripsi Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI