bidayatul muwahhidin

19
HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran 1

Upload: firmansyah-ahmad

Post on 10-Feb-2017

443 views

Category:

Spiritual


14 download

TRANSCRIPT

Page 1: Bidayatul muwahhidin

HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran

1

Page 2: Bidayatul muwahhidin

HUSAIN | Himpunan Usaha Santri Pagelaran

2

Page 3: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

1

1 Hè batur kumaha urang

Tonggoy bodo heunteu terang

Kanu mangèranan urang

Nu ngurus peuting jeung beurang

2 Nu ngadamel urang tèa

Asal euweuh jadi aya

Sarta parabot sadia

Suku leungeun sungut aya

3 Reujeung sajaba ti èta

Kaya irung ceuli mata

Manfa'atna panta-panta

Pikeun urang molah meta

4 Badan teu aya kakurang

Jaba èta pirang-pirang

Nu dipasihkeun ka urang

Nu hargana leuwih larang

5 Lamun urang karep ngitung

Bari diuk bari nangtung

Ni'mat tèh moal ka itung

Sabab urang loba untung

6 Ngan ni'mat nu panggedèna

Beunang diitung jumlahna

Hayu ku urang ayeuna

Urang bilang sawarèhna

7 Urang tèa sarèrèa

Baheula mah heunteu aya

Ayeuna gelar di dunya

Asal cai mani tèa

8 Bijil ti bapa ka indung

Tuluy ku indung di kandung

Tepi ka beurat melendung

Salapan bulan di kandung

9 Tayohna harita urang

Waktu jadi cari hèrang

Kunu ngadamel di karang

Dijadikeun daging tulang

10 Dina jero beuteung ema

Supaya jadi jelema

Ulah bèda ti sasama

Sing cara bapa jeung ema

11 Ngan sakalangkung ahèngna

Na kumaha midamelna

Tepi ka kieu buktina

Awak urang sadayana

12 Nya langkung-langkung iyasa

Anu ngadamel manusa

Uninga kersa misèsa

Saha atuh nu kawasa

13 Bijil ti indung ka dunya

Geus pepek lengkep sadia

Anggahota kabèh aya

Parabot hirup di dunya

14 Jeung sanggeus aya di dunya

Di ruang ku ni'mat rèa

Jeung dijaga tina bahya

Page 4: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

2

Supaya urang waluya

15 Sarta kabèh anggahota

Dikersakeun bisa meta

Kaya sungut ceuli mata

Leungeun suku jaba èta

16 Suku dibisakeun leumpang

Leungeun mah bisa ngopèpang

Sungut mah bisa ngocomang

Panon ningal dinu caang

17 Kitu deui ieu ceuli

Ngadènge teu buta tuli

Na bet urang jongjon lali

Ka Nu nyieun teu merduli

18 Cing hayu urang nanyakeun

Sugan aya nu nerangkeun

Saha anu ngajadikeun

Ka awak urang ngayakeun

Assalamu'alaikum Wr.Wb.

19 Pangapunten baè kulan

Kalinggih kersa ajengan

Abdi sareng rèrèncangan

Anu mawi ngadeuheusan

20 Rèk aya nu ditaroskeun

Saha anu ngajadikeun

Ka awak urang ngayakeun

Mugi-mugi diterangkeun

Wa'alaikum Salam Wr.Wb

21 Hè sakabèhna manusa

Nu ber-akal nu dèwasa

Aranjeun kudu rumasa

Di damel ku Nu Kawasa

22 Bilih aranjeun teu terang

Ka Nu Mangèranan urang

Nu maparin barang-barang

Nu hargana leuwih larang

23 Nya èta Alloh nu Mulya

Nu kagungan Alam dunya

Nu Kawasa Beunghar Kaya

Nu Hèmah ka sarèrèa

24 Anu wajib kasifatan

Ku kabèh kasampurnaan

Suci tina kakurangan

Nu teu pantes di Pangèran

25 Pèk ayeuna arèlingkeun

Sing tarenget karupingkeun

Alloh wajib diterangkeun

Ngan ulah dèk disamikeun

26 Jeung nerangkeun ka makhluq-Na

Sok hayang puguh buktina

Heunteu sah kabina-bina

Alloh sami jeung makhluq-Na

27 Ngan sakieu anu misti

Ku aranjeun sing kaharti

Satemen-temenna Gusti

Alloh Ta'ala tèh pasti

28 Kasifatan ku sampurna

Nu taya wates wangenna

Suci tina kakurangan

Nu heunteu aya tungtungna

Page 5: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

3

29 Sawarèh kasampurnaan

Engkè baris ditataan

Anu wajib di Pangèran

Gusti Alloh nu Murahan

30 Reujeung lalawananana

Nyaèta nu mustahilna

Ditambah kunu wenangna

Nu hiji taya hilapna

31 Aya deui anu misti

Nyakitu kudu gumati

Kabèh jalma wajib ngarti

Satemen-temenna Gusti

32 Alloh ngadamel utusan

Anu lobana ratusan

Purah muruk ngaalusan

Ka kabèh bangsa manusan

33 Heunteu wajib ditataan

Anging nu aya di Qur'an

Aya salawè sebutan

Kadè ulah kaliwatan

Pertèlaan Hukum 'Aqal

34 Mangka ari samèmèhna

Nerangkeun sifat-sifatNa

Alloh jeung sifat RosulNa

Sing terang hokum 'aqalna

35 Hukum 'aqli tèh kabèhna

Ngan tilu hiji wajibna

Nu kadua mustahilna

Anu katilu wenangna

36 Nganran wajib 'aqli tèa

Heunteu kaharti teu aya

Ku 'aqal urang sadaya

Aya qudratna nu Mulya

37 Qudrotna Alloh nu Mulya

Tangtu teu ngarti sadaya

Kana euweuh qudrot tèa

Sabab anu wajib aya

38 Ari mustahil mah pasti

Barang nu heunteu kaharti

Ayana barang ku ati

Saperti apesna Gusti

39 Apes Gusti Alloh tèa

Moal kaharti mun aya

Di Alloh nu Maha Mulya

Ku 'aqal urang sadaya

40 Ari palenggeuran wenang

Èta mana-mana barang

Aya sah ceuk 'aqal urang

Aya euweuhna teu mang-mang

41 Kos Allah ngadamel Jati

Èta wenang tangtu ngarti

Akal tèh mun jadi bukti

Jeung teu bukti gè kaharti

Pertèlaan Barang nu Wajib, nu

Mustahil jeung nu Wenang di Alloh

Ta'ala

42 Sawarèhna nu wajibna

Di Allah nu Agung di zat-Na

Tilu belas dibilangna

Da teu jeung ma'nawiyah-Na

Page 6: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

4

43 Nu mustahil gè nyakitu

Aya tilu belas tangtu

Sabab lalawanan itu

Ari nu wenang mah satu

44 Nomor hiji anu misti

Sifat nu wajib di Gusti

Èta wujud sing kaharti

Hartina tèh aya pasti

45 Satiap wajib ayana

Pasti mustahil euweuhna

Ari nu jadi dalilna

Yèn Alloh wajib ayana

46 Ku aya mahkluk nu rèa

Ari makhluq-makhluq tèa

Ayana entos teu aya

Jadi anyar wenang aya

47 Tiap anyar dianyarkeun

Karep kanu ngajadikeun

Taya nu bisa ngayakeun

Ngan Alloh nu ngabuktikeun

48 Jeung wajib Alloh Ta'ala

Qidam tegesna tiheula

Taya mimitina mula

Mustahil anyar kas kula

49 Ari nu jadi dalilna

Yèn Alloh wajib heulana

Sarta taya mimitina

Kieu ceuk dalil akalna

50 Lamun Alloh heunteu Qidam

Tangtu anyar cara alam

Tapi anyar teu kapaham

Ku akalna ahli Islam

51 Sabab tangtu dianyarkeun

Karep kanu ngajadikeun

Jeung nu ka Alloh nganyarkeun

Karep kanu nga-anyarkeun

52 Jadi rantè-rantè pasti

Lamun dianyarkeun gusti

Tapi teu pisan kaharti

Rantè-rantè tèh ku ati

53 Kos Allah dijieun Amar

Amar dijieun ku Bakar

Bakar dijieun ku Jahar

Jahar dijieun ku Semar

54 Tuluy teu aya tungtungna

Saperti rantè nyantèlna

Moal kaharti ayana

Nu kitu ku sadayana

55 Tawa jadi daor tèa

Kaya Alloh anu Mulya

Dijadikeun ku ki Jaya

Jaya dikersakeun aya

56 Digumelarkeun ku Gusti

Sili jieun pili genti

Èta kitu teu kaharti

Yakin wajib Qidam Gusti

57 Tilu nu wajib di Alloh

Baqo tegesna mo salah

Alloh langgeng tara owah

Page 7: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

5

Mohal ruksak Gusti Alloh

58 Ari nu jadi dalilna

Yèn Alloh wajib langgengna

Kieu ceuk dalil aqalna

Mun Alloh ku ruksak keuna

59 Tangtu tetep anyar Gusti

Sabab wujudna teu misti

Tapi ari anyar Gusti

Heunteu kaharti ku ati

60 Sabab tadi geus kapaham

Ku dalilna sifat Qidam

Nya sidiq langgeng teu ham-ham

Allohul-'Aliyyul-'A'dzom

61 Ka opatna sifat Alloh

Nu wajib tèh mukholafah

Lil-hawadits pèk maranah

Kunu anom kunu sepah

62 Hartina wajib sulaya

Teu sami Alloh nu Mulya

Jaung makhluq-makhluq sadaya

Makhluq nu euweuh nu aya

63 Ari ka-bèdaannana

Alloh jeung kabèh makhluq-Na

Èta lain jirim dzat-Na

Nu tangtu ngalap enggona

64 Reujeung lain bangsa sifat

Anu sok tetep dina dzat

Heunteu menggon heunte nempat

Jeung teu aya dina jihat

65 Teu di luhur Alloh aya

Teu di handap Maha Mulya

Teu di kalèr wètan tèa

Teu cara urang sadaya

66 Jeung Alloh taya jihatna

Teu aya luhureunana

Atawa handapeunnana

Jeung taya kiduleunana

67 Reujeung sajaba ti èta

Jeung teu make anggahota

Taya baham cepil soca

Leungeun suku lian èta

68 Jeung teu pèndèk heunteu jangkung

Teu gedè leutik teu agung

Taya diuk leumpang nangtung

Teu kakurung teu kalangkung

69 Ku peuting reujeung ku beurang

Sabab bèda reujeung urang

Bèda jeung sagala barang

Mikir Dzat-Na ulah panjang

70 Tiap wajib mukholaafah

Alloh mohal mumatsalah

Tegesna mustahil Alloh

Sami jeung makhluq sok owah

71 Ari nu jadi dalilna

Yèn wajib tèh sulayana

Alloh jeung kabèh makhluqna

Kieu ceuk dalil aqalna

72 Lamun Alloh nyaruaan

Ka sakabèh nu anyaran

Nu gelar nu kasamaran

Page 8: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

6

Tangtu anyarna Pangèran

73 Tapi ari anyar Gusti

Heunteu kaharti ku ati

Sabab tadi geus diwarti

Yèn wajib Qidam tèh pasti

74 Kalima sifat nu Mulya

Alloh anu murbeng dunya

Qiyamuh-binnafsi tèa

Seug aji ku sarèrèa

75 Ari èta tèh hartina

Alloh jeneng ku Anjeun-Na

Teu karep ku Dzat lian-Na

Teu butuh kanu nyieun-Na

76 Mustahil Alloh tèh numpang

Di Dzat lian cara urang

Cara seungit dina kembang

Kitu tèh Alloh teu wenang

77 Sabab jumeneng ku Anjeun

Reujeung mustahil butuheun

Alloh kanu ngawujudkeun

Alloh tukang ngajadikeun

78 Ari nu jadi dalilna

Kana kawajibanana

Alloh jeneng ku Anjeun-Na

Kieu ceuk dalil aqalna

79 Mun tetep dina dzat lian

Alloh moal kasifatan

Ku sifat nu disebutan

Engkè diharep tujuhan

80 Nyaèta Qudrot-Irodat

Ilma kaopatna Hayat

Sama' Bashar Kalam tamat

Milang anu tujuh sifat

81 Jeung lamun Alloh karepeun

Kanu ngajadikeun nyieun

Tangtu anyar dijadikeun

Tatapi pikumahaeun

82 Mun anyar Nu Agung dzatè

Sok jadi dor rantè-rantè

Nu teu kaharti ku hate

Yakin jumeneng ku dzatè

83 Kagenepna sifat Gusti

Nyaèta Wahdaniyati

Fidz-dzati wafis-sifati

Wafil-af'ali sing harti

84 Hartina sahiji dzat-Na

Jeung hiji-hiji sifat-Na

Reujeung sahiji damel-Na

Kieu ari hiji dzat-Na

85 Dzat Alloh mah teu patumpang

Teu patumpuk cara urang

Kaya kulit daging tulang

Èta di Alloh teu wenang

86 Reujeung teu aya dzat lian

Anu cara dzat Pangèran

Anu sasifat sangaran

Pèndèkna teu bingbilangan

87 Hartina hiji sifat-Na

Page 9: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

7

Sifat Alloh sakabèhna

Teu aya rangkepanana

Anu sangaran sama'na

88 Kaya Qudrot-Na teu dua

Sumawona leuwih rèa

Ngaran ma'nana sarua

Jeung Iradat-Na teu dua

89 Kitu deui satuluyna

Sifat Alloh sadayana

Kaya Sama' jeung Bashar-Na

Teu aya jodo-jodona

90 Jeung taya lian Pangèran

Hiji gè nu kasifatan

Ku sifat nu nyaruaan

Kana sifat Alloh Rohman

91 Ari hiji padamelan

Teu aya lian Pangèran

Anu boga pagawèan

Reujeung tapak beubeunangan

92 Ari pagawè makhluqna

Jaung tapakna jeung atsarna

Èta dina hakèkatna

Ku Alloh dipidamelna

93 Seuneu teu bisa nutungkeun

Damar teu bisa nyaangkeun

Pèso teu bisa motongkeun

Cai teu bisa nyegerkeun

94 Tepi ku Alloh nu Mulya

Tutung caang potong tèa

Makhluq mah teu boga daya

Ngan adat langka sulaya

95 Satiap wajib hijina

Dazt-Na Sifat-Na Damel-Na

Nya mustahil lalawana

Nyata bingbilanganana

96 Ari nu jadi dalilna

Yèn Alloh sahiji Dzat-Na

Hiji Sifat-Na Damel-Na

Kieu ceuk dalil aqalna

97 Lamun Alloh bingbilangan

Bet dua tilu Pangèran

Pinasti moal ayaan

Makhluq nu tanpa wilangan

98 Katujuh sifat nu misti

Nu wajib aya di Gusti

Sifat Qudrot sing kaharti

Hartina kawasa Gusti

99 Ari èta Qudrot tèa

Sifat qodim sarta aya

Tetep dina dzat nu Mulya

Ngayakeun makhluq sadaya

100 Reujeung nga-euweuhkeunana

Alloh ku sifat Qudrot-Na

Mustahil Alloh apesna

Ari dalil kawasana

101 Lamun Alloh teu kawasa

Moal aya makhluq rosa

Sabab apes heunteu bisa

Yakin Alloh nu Kawasa

102 Kadalapan sifat Gusti

Page 10: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

8

Alloh Irodat sing harti

Hartina ngersakeun pasti

Kana mumkin mèmèh bukti

103 Jeung jaba èta liyanna

Nya ku sifat Irodat-Na

Nu mustahil lalawanna

Kapaksa euweuh sejana

104 Ari nu jadi dalilna

Ya'ni nu nuduhkeunana

Kana wajib Irodat-Na

Kieu ceuk dalil aqalna

105 Lamun Alloh teu keresa

Tangtuna Alloh kapaksa

Ngayakeun makhluq nu rosa

Jadi apes Nu Kawasa

106 Tapi ari apes Gusti

Pasti heunteu ngarti ati

Sabab tadi geus diwarti

Wèn wajib Qudrot tèh pasti

107 Kasalapan kudu timu

Sifat-Na Alloh tèh Ilmu

Hartina uninga nemu

Mustahil bodo tumamu

108 Ilmu ogè cara tadi

Sifat tetep di Yang Widi

Qodim teu anyar ngajadi

Disebut sifat Wujudi

109 Uninga Alloh nu Mulya

Ka mukmin-mukmin sadaya

Nu aya nu heunteu aya

Ku sifat Ilmu-Na Alloh

110 Kitu deui nu wajibna

Kaya dzat-Na jeung sifat-Na

Jeung kabèh nu mustahil-Na

Ka uninga ku Ilmu-Na

111 Ari nu jadi dalilna

Kana wajib uningana

Mun Alloh taya ilmuna

Tangtuna tetep bodona

112 Mun bodo moal keresa

Tangtu apes teu kawasa

Tapi apes teu keresa

Ku aqal makhluq nu rosa

113 Kasapuluh sifat Gusti

Sifat Hayat sing kaharti

Hartina Alloh tèh misti

Hirup mohal Alloh mati

114 Èta sifat Hayat tèa

Matak sah ngarti sadaya

Persifatna anu Mulya

Ku sifat nu bangsa aya

115 Kaya Qudrot Irodat-Na

Ilmu rawuh satuluyna

Sakur sifat bangsa ma'na

Ari nu jadi dalilna

116 Yèn wajib hirup tèh Gusti

Nyaèta mun Alloh mati

Moal kasifatan pasti

Ku sifat nu geus diwarti

117 Sabelas dua belasna

Page 11: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

9

Sifat nu wajib ayana

Di Alloh nu Agung dzat-Na

Sama' jeung Bashor ngarana

118 Ari èta tèh hartina

Alloh wajib midangetna

Reujeung wajib ningalina

Kanu wujud sadayana

119 Mustahil torèk lolongna

Ari nu jadi dalilna

Yèn wajib Sama' Bashor-Na

Ku ieu dawuhanana

وهو الّسميع البصري

120 Nyakitu èta sundana

Alloh nu wajib ngupingna

Jeung nu wajib ningalina

Kanu aya sadayana

121 Ka tilu belasna Kalam

Ngadawuh salalawasna

Taya huruf teu sorana

Anu didawuhkaunana

122 Sakabèh anu wajibna

Jeung kabèh nu mustahilna

Jeung sakabèh nu wenangna

Mustahil Alloh pireuna

123 Ari nu jadi dalilna

Alloh wajib ngadawuhna

Ku ieu dawuhanana

Teu wani nyiirkeunana

ولكّم هللا موىس تلكامي

124 Geus ngadawuh Nu Kawasa

Alloh Ta'ala ka Musa

Ngadawuh temen karasa

Ka kuping ku Nabi Musa

125 Putus milang nu wajibna

Jeung milang nu mustahilna

Ngan genep likur jumlahna

Di dieu nu dituturna

126 Ari anu wenang tèa

Di Alloh nu Maha Mulya

Ngadamel mukmin sadaya

Jeung tinggal ngadamel tèa

127 Ari nu jadi dalilna

Alloh wenang ngadamelna

Jeung wenang teu ngadamelna

Kana mumkin sadayana

128 Nyaèta mun Alloh misti

Wajib ngadamelna Gusti

Kana mumkin mèmèh bukti

Atawa mustahil pasti

129 Tangtu tibalik nu wenang

Jadi wajib nya teu meunang

Euweuhna ceuk 'aqal urang

Saperti sagala barang

130 Tawa jadi mohal tèa

Jadi mustahil nya aya

Padahal mukmin sadaya

Wenang euweuh wenang aya

Page 12: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

10

Nutur Jenengan Rosul nu Ditutur

dina Al-Qur'an

131 Ari perutusan tèa

Nu ngemban dawuh Nu Mulya

Ka makhluq-makhluq sadaya

Èta yakin leuwih rèa

132 Tapi sadayana urang

Tètèla teu wajib terang

Ngaran saurang-saurang

Ku syara' teu dipiwarang

133 Ngan nu aya dina Qur'an

Èta wajib dita'atan

Nu dua puluh limaan

Nu ku Alloh dinamaan

134 Wajib 'aèn pada paham

Supaya sampurna Islam

Nomer hiji Nabi Adam

Bapana sakabèh umam

135 Nabi Idris ka duana

Nabi Nuh nu katiluna

Nabi Hud nu kaoptna

Nabi Sholèh kalimana

136 Ibrohim nu kagenepna

Nabi Luth nu katujuhna

Isma'il ka dalapanna

Ishaq nu kasalapanna

137 Yaqqub nu kasapuluhna

Yusuf nu ka sabelasna

Ayyub ka dua belasna

Harun ka tilu belasna

138 Opat belas Nabi Musa

Kalima belas Yunusa

Genep belas Nabi Yasa’

Katujuh belas Ilyasa

139 Syu'èb dalapan belasna

Dawud salapan belasna

Sulaèman rong puluhna

Dzulkifli ka salikurna

140 Dua likur Zakariyya

Tilu likur Nabi Yahya

Opat Likur Isa tèa

Salawè nu leuwih Mulya

141 Panutup kabèh Anbiya

Gustina Rosul sadaya

Kakasih Alloh nu Mulya

Jeng Nabi Muhammad tèa

142 Nu diutus jadi rohmat

Ka sadaya makhluqot

Dawuhna anu murbéngrat

Inna arsalnaka rohmat

143 Anu diutus ka urang

Nu ku Allah di piwarang

Ka urang maparin terang

Marentah bari ngalarang

Pertelaan Barang Nu Wajib Nu

Mustahil jeung Nu Wenang di Para

Rosul

144 Ari sakabeh utusan

Anu lobana ratusan

Page 13: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

11

Jeung nu bieu disebutan

Pasti wajib kasifatan

145 Ku sifat-sifat nu opat

Nyaeta Sidik Amanat

Tabligh kaopat Fathonat

Mohal lalawanan opat

146 Nyaeta Kidzib Khiyanah

Kitman sarawuh Baladah

Ngan hiji nu wenangna mah

Di kabeh utusan Allah

147 Nyeta ’Arodl-basyariyah

Jumlah salapan Aqidah

Di sakabeh rosul Alloh

Heug hartikeun sing kamanah

148 Ari Shidiq téh sundana

Bener Rosul sadayana

Dina ngaku risalahna

Reujeung nepikeun hukumna

149 Jeung dina kabèh saurna

Najan dina guguyonna

Ari kidzib mah sundana

Bohong èta mustahilna

150 Ari nu jadi dalilna

Yèn rosul wajib benerna

Reujeung mustahil bohongna

Kieu ceuk dalil aqalna

151 Mun barohong perutusan

Dina kabèh cariosan

Tangtuna khabar pangèran

Jadi bohong teu meneran

152 Tapi ari bohong gusti

Alloh nu suci teu ngarti

Akal tèh reh mohal pasti

Bohong Pangèran sajati

153 Nu matak lazim tèa mah

Lamun bohong Rosululloh

Jadi lazim bohong Allah

Sababna kieu mo salah

154 Sakabèh utusan Alloh

Ngakuna menang risalah

Ngemban timbalan ti Allah

Disaksian ku mu’jizah

155 Ari mu’jizahna tèa

Sami jeung dawuh nu mulya

Bener nabi teu sulaya

Dina ngadatangkeun tèa

156 Ari sundana amanah

Sakabèh utusan Allah

Kapercaya tara salah

Diraksa ku Gusti Allah

157 Tina anu diharamkeun

Atawa nu di makruhkeun

Pendekna teu ngalakukeun

Kanu gorèng tara leukeun

158 Ari sundana khiyanah

Nyidra ku daèk milampah

Kana barang nu dicegah

Kaya haram jeung karohah

159 Ari anu jadi burhan

Page 14: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

12

Yén amanah perutusan

Muhal khiyanah sebutan

Dalil aqal pék émutan

160 Lamun utusan khiyanah

Lampah goreng teu dicegah

Ngarempak larangan Alloh

Haram makruh dipilampah1

161 Tangtuna di parentahkeun

Ka umat ku ngalakukeun

Nu haram nu dimakruhkeun

Lampah gorèng teu tinggaleun

162 Tapi kitu teu sah pasti

Da pang parentah ti gusti

Kana nyulayaan misti

Kana tho’at teu gumati

163 Ari Tabligh tèh sundana

Nepikeun hukum-hukumna

Ka kabèh umat-umatna

Mustahil nyumputkeunnana

164 Nyumputkeun teu ngadatangkeun

Barang nu diparèntahkeun

Ka umatna ditepikeun

Ti Allah nu ngadawuhkeun

1 Ari ieu bet no 159 sareng 160 eta teu aya dina

naskah anu asli, sanaos tos bolak-balik unjukan

ka guru kuring. Dawuhna, “ieu mah kedah dipilari

dina matan anu asli, anu ditulis arab”. Maka

kalayan teu ngirangan kana ta’dzim kuring

pangersa guru almarhum, kuring nambihan kana

ieu dua bet, bari ngalap berkah kana kitab

Bidaayatul Muwahhidiin. Mung, saha baé anu

ngagaduhan naskah anu asli, supados tiasa

nyumpingan ka pasantren pagelaran II Sumedang

kanggo ngaishlahkeun ieu matan.

165 Ari anu jadi burhan

Pertandana perutusan

Wajib Tabligh mohal Kitman

Dalil aqal mo nyalahan

166 Lamun Rosul tèh nyumputkeun

Barang nu haq didatangkeun

Ka umatna diwurukkeun

Tangtu urang diwajibkeun

167 Diwajibkeun nyimpen ilmu

Nu ku urang geus katimu

Kabatur jalma tumamu

Tapi kitu mo tinemu

168 Tegesna mohal jeung teu sah

Urang kabèh diparèntah

nyamunikeun ilmu Alloh

Karena matak dila’nah

169 Ari hartina fathonah

Palinter utusan Alloh

Bisa ngajawab mas’alah

Ngèlèhkeu nu mujadalah

170 Ari hartina biladah

Belet bodo mintul manah

Èta mustahil mo salah

Ari nu jadi dalil mah

171 Yèn Rosul wajib pinterna

Mustahil bodo manahna

Kitu ceuk dalil aqalna

Mun Rosul tetep bodona

172 Tangtu moal bisa hujjah

Ngèlèhkeun nu mujadalah

Page 15: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

13

Reujeung ngajawab mas’alah

Tapi kitu tèh mo salah

173 Sabab Qur’an geus nuduhkeun

Ku Alloh geus didawuhkeun

Yèn Rosul bisa ngèlèhkeun

Ku hujjah anu ngapeskeun

174 Ka musuhna nu maduan

Kaya dawuhan pangèran

Wa jadil hum dina Qur’an

Jeung bil-latii hiya ahsan

175 Ari sifat kawenangan

Di sakabèh perutusan

Nya sifat kamanusaan

Nu henteu matak ngurangan

176 Kana kaluhurannana

Darajatna sadayana

Saperti tuang leueutna

Teu damang anu meujeuhna

177 Jual galeuh jeung gerwaan

Kulem jeung angkat-angkatan

Anapon sifat ngurangan

Kaya corob reujeung èdan

178 Sakur anu matak kurang

Ka-aèban bangsa urang

Èta di Rosul teu wenang

Pèk tèkadkeu ulah mang-mang

179 Ari dalil pertandana

Yèn Rosul tèh sadayana

Wenag kasifatannana

Ku ‘Arodl-basyariyahna

180 Nyaèta geus kabuktian

Katinggal kunu nyaksian

Tetep sifat kamanusan

Di kabèh para utusan

Pertèlaan Nasabna Kanjeng Nabi ti

Jihat Ibuna jeung ti Ramana

181 Sawarèhna kawajiban

Ka jalma baligh aqalan

Nerangkeun kana turunan

Nasab jeng Nabi utusan

182 Ari Rama Rosululloh

Nyaèta gusti Abdulloh

Èyangna mah Raja Mekah

Abdul Mutholib nu nelah

183 Abdul Mutholib ramana

Sayid Hasyim wastana

Ari Hasyim tèh ramana

Abdul Manaf nu nelahna

184 Ari ti Abdul Manaf mah

Ramana tèh Qushoy nelah

Putra Kilab tedak Mekah

Kilab putra Sayid Murroh

185 Murroh putra sayid Ka’bi

Putra Lu’ayyi ‘Arobi

Lu’ay putrana Gholibi

Gholib ka fihri tèh Abi

186 Ya’ni Gholib putra putra Fihri

Fihri putra Malik ari

Malik putrana Nadlori

Ari èta tèh Nadlori

Page 16: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

14

187 Putrana Sayyid Kinanah

Kinanah bin Khuzaèmah

Khuzavmah bin Mudrikah

Mudrikah bin Ilyas Mekah

188 Ilyas putra sayid Mudlor

Mudlor putra Sayyid Nizar

Nizar bin Ma’ad Isytihar

Ma’ad bin Adnan kawèntar

189 Ti Adnan tepi ka Adam

Urang henteu wajib paham

Malah ku Syara’ dicaram

Sabab tarèkatna ham-ham

190 Ari Ibu Rosululloh

Nyaèta Gusti Aminah

Putrana Wahbin Madinah

Bin Abdimanaf bin Zuhroh

191 Zuhroh putra Kilab tèa

Kilab nu tadi geus aya

Tepung Nasabna Nu Mulya

Ngahiji di Kilab tèa

Nutur Putra Nabi SAW.

192 Deui ieu kawajiban

Terang yèn Rosul putraan

Anu kamasyhur tujuhan

Sayyid Qosim permulaan

193 Gusti Zenab kaduana

Ari anu katiluna

Gusti Ruqoyyah namina

Ari anu kaopatna

194 Gusti Ummi Qultsum tèa

Kalima nu lewih mulya

Ratuna istri sadaya

Gusti Fatimatul-‘Ulya

195 Ka genep Gusti Abdulloh

Nyaèta anu katelah

Disebut ku Rosululloh

Thoyib jeung Thohir mo salah

196 Ari anu katujuhna

Gusti Ibrohim namina

Èta putra sadayana

Ti gerwa nu pangsepuhna

197 Nyaèta Gusti Khodijah

Ngan Gusti Ibrohim na mah

Èta mah da ti Jariyyah

Kakasih Sitti Mariyyah

198 Ari sadaya gerwana

Nu kantun waktos pupusna

Aya salapan kabèhna

Heug bilang hiji-hijina

199 Kahiji Sitti A’isyah

Kaduana Sitti Hofsah

Katilu Sitti Shofiyah

Opat Sitti Juairiyyah

200 Kalima Sitti Saodah

Genep Sitti Maèmunah

Katujuhna Sitti Romlah

Ari kadalapanna mah

201 Èta Sitti Zènab tèa

Salapan Hindun nu Mulya

Page 17: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

15

Kabèh micua ka dunya

Da milih Nabi nu Mulya

Syafa’at Nabi saw.

202 Deui urang wajib terang

Yèn jeng Nabi Gusti urang

Kagungan talaga èmpang

Kè di akhèrat kasorang

203 Jeung Kangjeng Nabi panutan

Èta bakal Nyafa’atan

Engkè di poè landratan

Ka kabèh makhluk Pangèran

204 Jeung deui dawuhannana

Nu maraot sakabèhna

Anu geus sup ka kuburna

Panggih jeung siksaanana

205 Lamun jalma ahli siksa

Kafir jeung nu gedè dosa

Mun taya Sih Nu Kawasa

Ngahampura dosa rosa

206 Reujeung meunang ni’mat kubur

Jalma nu mu’min teu kufur

Meunang sih ti Robbul-Ghofur

Dihampura dosa lebur

207 Reujeung aya patakonan

Engke di jero kuburan

Dua Malaikat ngaran

Munkaron reujeung Nakiron

208 Jeung sakabèh nu marati

Bakal dihirupkeun deui

Jeung dikumpulkeun ka Gusti

Jeung dipariksa taliti

209 Jeung bakal aya ganjaran

Wawalesna kahadèan

Jeung bakal aya siksaan

Wawalesna kagorèngan

210 Aya surga agung mulya

Tempatna para Anbiya

Jeung Wali Mu’min sadaya

Kanugrahan ti Nu Mulya

211 Jeung bakal aya naraka

Tempat siksaan posaka

Enggona jalma nu murka

Kafir jeung jalma doraka

212 Jeung bakal aya timbangan

Keur nimbang amal-amalan

Kahadèan kagorèngan

Ngalahirkeun pangadilan

213 Reujeung bakal aya Cukang

Nu leuwih lembut tur panjang

Dina saluhureun jurang

Jahanam nu Jungkrang lèwang

214 Jeung ari Jalma Islam mah

Anu doraka ka Alloh

Ti naraka bakal pindah

Sup ka Sawarga nu èndah

215 Jeung bakal langgeng ayana

Makhluq-makhluq sadayana

Mu’min dina Sawargana

Kafir dina Narakana

Page 18: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

16

216 Jeung Ahli Sawarga tèa

Bakal ningali sadaya

Kana Dzat Alloh Nu Mulya

Ni’mat pangasih kurnia

217 Tidieu teu majeng kalam

Tayoh ngan sakitu ilham

Atuh nya Wallohu a’lam

Tikukur deuk uluk salam

218 Salam Ta’dzim ti Muhyiddin

Kasadaya ikhwan fiddin

Nu ngaos ieu syi’irin

Bidayatul-Muwahhidin

الصواب لم ب وهللا أع

Page 19: Bidayatul muwahhidin

| Himpunan Usaha Santri Pagelaran

1