bab iv hasil panalungtikan jeung pedaran 4.1 déskripsi...
TRANSCRIPT
77
BAB IV
HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
4.1 Déskripsi Data
Dina ieu panalungtikan aya dua sumber data anu dipaké, nya éta buku
kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua buku
kumpulan carpon mangrupa hasil para wanoja pangarang anggota Paguyuban
Sastrawati Sunda Patrem. Ieu di handap mangrupa déskripsi data anu ngawengku
data jeung sinopsis 30 carpon.
4.1.1 Data Carpon
Guriang Tujuh anu disusun ku Tini Kartini saparakanca mangrupa
antologi carpon munggaran anu ditulis ku para wanoja pangarang dina
kasusastraan Sunda. Ieu buku medal taun 1984, kalawan dikaluarkeun ku pamedal
Rahmat Cijulang Bandung. Ukuran bukuna 17,3 cm x 12,1 cm jeung kandelna
252 kaca. Eusi carpon dina ieu antologi aya 19 judul, anu ditulis ku 19 urang
anggota Paguyuban Sastrawati Sunda Patrem, nya éta “Emang jeung Alo” karya
Tini Kartini, “Nu Beunghar” karya Ningrum Djulaeha, “Hatur Nuhun Ibu” karya
Ami Raksanagara, “Angin Sawah” karya Mumun Munayah, “Guriang Tujuh”
karya Tetty Suharti, “Harga Hiji Surat” karya Tika Gartika, “Kanyaah” karya
Neneng Daningsih, “Kiplik-kiplik” karya Yati Maryati Wiharja, “Gagak Ngelak
di Majingklak” karya Hanna Rohana Suwanda, “Deudeuh Teuing” karya Suci De
Wiharja, “Indung” karya Aam Amilia, “Nyiram” karya Sukaesih Sastrini, “Korsi
Hoé” karya Sum Darsono, “Milangkala” karya Cucu Siti Nurjanah, “Gurat-gurat
Dampal Leungeun” karya Yooke Tjuparmah, “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan”
karya Tety S. Nataprawira, “Ngobor” karya Holisoh M.E, “Mama Haji” karya
Cicih Kurniasih, jeung “Tatangga” karya Tetti Hodijah.
Surat keur ka Sawarga mangrupa antologi carpon kadua karya Sastrawati
Sunda Patrem. Ieu antologi medal 20 taun ti saprak antologi munggaran medal.
Tangtuna waé 20 taun lain waktu anu sakeudeung, ieu hal jadi alesan panalungtik
pikeun maluruh ngeunaan ajén-inajén sosial budaya dumasar data sosial anu
kagambar dina kumpulan carpon anu kahiji jeung kumpulan carpon anu kadua.
78
Béda jeung antologi saméméhna, pamedal ieu antologi nya éta Kiblat. Lantaran
jumlah pangarang anu nulis dina ieu antologi saeutik, kandelna ogé ngan 97 kaca.
Tapi, ukuranna leuwih gedé, nya éta 20,8 cm x 14,3 cm. Eusina aya sabelas
carpon, nya éta “Aki Sasmita” karya Aam Amilia, “Surat keur ka Sawarga” karya
Ami Raksanagara, “Dongéng Sakotrét” karya Dyah Padmini, “Mulang” karya Etti
R.S., “Wasiat Pa Mantri” karya Holisoh M.E., “Handapeun langit Hideung” karya
Naneng Daningsih, “Hama” karya Risnawati, “Nu Mulang ti Panyabaan” karya
Sum Darsono, “Nu Datang Wanci Sareupna” karya Tetti Hodijah, “Bulan Mabra
di Madinah” karya Tetty Suharti, jeung “Nunun” karya Yooke Tjuparmah S.
Komarudin.
4.1.2 Sinopsis
Pikeun maluruh struktur, semiotik, jeung ajén-inajén sosial budaya anu
nyangkaruk dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem, ieu di handap
diébréhkeun sinopsis tina sakabéh carpon.
1) “Emang jeung Alo” (GT-01)
Emang Ki Ahmad anu boga sikep poksang sarta lamun nyarita sok tara
maké adab, boh ka sasama, boh ka sahandapeun. Lantaran kitu, emang Ki
Ahmad dipikasieun di lemburna. Dipikasieun téh lain pédah sok sahaok kadua
gaplok, tapi lantaran omonganna anu mindeng pikanyerieun.
Hiji mangsa manéhna ngamuk lantaran rapot si Husén goréng,
ngitungna ngan meunang peunteun tilu. Ceuk pamikirna, pamohalan peunteun
budak bisa uclag-aclog kitu, da peunteun ngitung keur di kelas duana mah
meunang dalapan. Pajarkeun téh guru jaman ayeuna anu teu barisaeun ngajar
cenah. Manéhna ngabandingkeun guru jaman ayeuna jeung guru jaman
manéhna sakola anu barutak lantaran pinter pisan.
Éta pamadegan dilelempeng ku Ki Ahmad anu harita kabeneran keur
aya di imah emangna. Ki Ahmad méré kamandang yén kapinteran budak téh
tara angger, da aya hukum perkembangan. Tuluy, perkara guru jaman ayeuna
anu dianggap bodo lantaran teu butak ku emang Ki Ahmad, Ki Ahmad kur
mairan bari heureuy.
79
Ki Ahmad anu geregeteun kana pamadegan emangna méré patalékan
yén naha budakna maké disakolakeun lamun teu percaya ka guruna mah.
Jawabna téh pajar tamba gandéng di imah, da ngajar maca jeung ngitung mah
mangrupa pagawéan énténg. Prak manéhna metakeun cara ngitung ka si
Husén. Si Husén dibéré soal sina ngitung 8 x 17, lamun bisa ngajawab cenah
rék dipangmeulikeun karéta mesin balap. Tapi, batan bener ngajawab Husén
kalah ceurik lantaran disentakan jeung dicarékan.
Ningali peta emangna anu modél kitu, Ki Ahmad méré deui
kamandang yén jadi guru téh teu énténg saperti anu aya dina pikiranna. Najan
bari nyentak ka Ki Ahmad ogé, emang Ki Ahmad éléh déét rumasa manéhna
lain guru jeung rumasa ogé yén pagawéan guru anu ngajar murid nu jumlahna
puluhan téh henteu gampang.
2) “Nu Beunghar” (GT-02)
Ieu carita dimimitian palaku Kuring jeung salakina anu nyémah ka
imahna Nini (nini ti gigir). Ieu Nini digambarkeun kacida beungharna, tapi
lantaran geus boseneun cicing di gedong sigrong jeung sagala dicukupkeun ku
kaméwahan, manéhna nyaung-nyaung di luar kota.
Ti mimiti gék diuk di éta imah, loba pisan hal-hal anu ditepikeun ku
Nini ka ieu salaki pamajikan. Ti mimiti élmu ngeunaan étika dahar, cara diuk,
nepi ka élmu ngeunaan perhiasan. Salila anu tiluan ieu ngawangkong, sok
diselang heula ku si Nyai atawa indungna anu pareng mawa amparan atawa
suguhkeuneun.
Tina hasil wangkonganna, tétéla Nini boga maksud séjén salian ti geus
bosen cicing di gedong téh. Manéhna leuwih milih cicing di imah panggung di
pasisian lantaran sangkan leuwih loba ngaku baraya. Ceuk pikiran Nini, ari
cicing di imah panggung mah baraya anu teu baroga téh mindeng datang keur
silaturahmi. Béda jeung mangsa cicing di gedong, baraya-baraya anu teu
baroga téh tara daraékeun unggah duméh sérab mantén ku imah. Jadi, sanajan
cicing di imah panggung bari jauh ti kota, anu nyémah mah tara saat. Ti
80
mimiti profésor, pajabat anu tinggeuleuyeung marawa mobil, nepika anu
nikreuh leumpang bari nanggung sakur hasil tatanén.
Nini ogé nyaritakeun yén geus nyieun sababraha pabrik di luar kota.
Kuring jeung salakina kungsi boga sangkaan goréng yén Nini kacida
sarakahna, sangkilang geus sakitu beungharna masih kénéh néangan pakaya.
Tétéla Nini boga niat hayang méré pangupa jiwa ka dulur-dulur teu baroga
anu perlu ditulungan ku jalma anu leuwih beunta, dina hal ieu Nini.
Ahir carita teu dipungkas ku balikna Kuring jeung salaki ti imah Nini,
tapi dipungkas ku kacindekan yén hiji jalma teu bisa disebut beunghar lamun
saukur beunghar ku harta, tapi ogé kudu beunghar haté, daék nulung ka nu
butuh jeung tatalang ka nu susah.
3) “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03)
Ieu carpon nyaritakeun palaku “abdi”, wanoja kampung anu bubujang
di kota. Saméméh panggih jeung “Ibu”, di dunungan saméméhna “abdi” teu
weléh ngarandapan katunggara, lantaran mindeng narima katugenah tina ucap
ogé paripolah dununganna anu galak, gedé ambek, jeung goréng budi.
Lantaran kitu, “abdi” kabur tug nepi ka dipanggihkeun jeung “ibu”
dununganna kiwari.
Salila cicing di imah “Ibu”, “abdi” éstu ngarasa betah gawé betah
hirup. Kituna téh duméh “Ibu” kacida bageur jeung tulaténna. “Ibu” kacida
mikanyaah “abdi”, dianggap kulawarga sarta dibéré pangaweruh-pangaweruh
anyar ngeunaan kaparigelan ogé ngeunaan sawangan-sawangan kana
kahirupan.
Tapi lantaran “abdi” kudu mulang ka lemburna, nyumponan paménta
kolotna, “abdi” kudu pisah jeung kulawarga “Ibu”, ninggalkeun sakur
kahadéan ogé kanyaahna. Taya ungkara anu bisa ngawakilan rasa “abdi” basa
rék indit ninggalkeun imah “Ibu” iwal kalimah hatur nuhun, Ibu.
81
4) “Angin Sawah” (GT-04)
Dina mimiti carita kacaritakeun palaku Ilah anu getol ngepél jeung
rapékan ngurus imah jeung mantuan kolot. Sarta ditétélakeun ogé parigelna
Ilah ngolah dahareun, ti mimiti ngisikan ti cai, mirun seuneu, nyieun sambel
oncom, ngagoréng asin, nyieun ulukutek leunca, jeung nyangu.
Ilah téh wanoja kampung anak patani anu umurna geus sawawa keur
jatukrami, tétéla masih ngarasa bingung. Manéhna bingung lantaran kudu
milih antara Alan anu urang kota, kasép, jeung boga kalungguhan anu luhur di
kantor BRI tempatna gawé, atawa Otang pamuda kampung anu pada-pada
patani tapi getol gawé sarta satia nungguan Ilah ti baheula sanajan Ilahna
ngolémbar.
Kabigung Ilah mimiti aya kelemengna basa Acih, babaturanna ulin ka
imah Ilah. Harita Ilah keur di dapur, masak keur nganteuran jeung Otang anu
keur garawé di kebon. Acih méré sawatara pamadegan jeung kamandang
ngeunaan goréngna kalakuan Alan, duméh manéhna kungsi nyaksian Alan
jeung awéwé lian. Acih ogé ngingetan yén Otang geus nungguan Acih ti
barang manéhna sakola SD kénéh. Sanajan Ilah ngarasa meunang kelemeng
tina pasualanna, tapi haténa masih can panceg.
Ilah ngarasa yén Alan jalma anu bageur jeung nyaah ka kolot, sanajan
kungsi boga niat goréng ka manéhna. Harita Ilah keur sorangan di imah, alan
ulin ka imah, manéhna ngolo Ilah sangkan daék nganteur kahayangna.
Hadéna, harita bapana buru-buru balik nepi ka Ilah salamet, tapi ti harita Alan
teu nepungan deui Ilah.
Kacaturkeun di jalan, basa Ilah rék nganteuran téa ka kebon, manéhna
panggih jeung Alan ngaboncéng mojang geulis. Boro-boro nanya, Alan ngan
ngarérét saeutik bari tuluy ngabalieur. Harita Ilah ceurik, nyeri haté ngarasa
diulinkeun ku Alan. Nepi di kebon, Ilah nepungan Otang anu masih kénéh
ngoréd. Di dinya, Ilah panceg nagtukeun pilihan haténa ka Otang.
82
5) “Guriang Tujuh” (GT-05)
Nyaritakeun palaku Embu, nya éta hiji indung anu salawasna
mikamelang jeung mikadeudeuh anak-anakna. Lantaran umurna beuki
ngolotan, beuki loba pikiran minangka kahariwangna ka anakna anu tujuh.
Manéhna kungsi mikir, upama manéhna maot, rék ka saha mihapékeun anak-
anakna? Éta kahariwang manjang jeung jadi pikir anu jadi rasa sieun. Sieun
anak cikal jeung minantuna teu nyaaheun ka adi-adia, sieun upama adi-adina
ngalakukeun kasalah Si Cikal jeung pamajikanna teu daék ngahampura.
Lantaran ayana kahariwang anu pohara, manéhna mutuskeun nyieun
hiji surat dina buku harianna keur Karna, anakna nu cikal téa. Eusi suratna
mangrupa carita rékaan, manéhna ngalalakonkeun mangsa-mangsa ngandung
ku anakna anu tujuh. Tujuanna dijieun ieu carita rékaan nyé éta sangkan
Karna bisa ngahampura sipat jeung kalakuan adi-adina upama hiji mangsa
ngalakukeun kasalahan.
Ti mimiti Karna anu dikandung keur dina mangsa teu micinta salakina,
nepi ka manéhna jadi anak kameumeut. Satiawati anu teu kaopan duméh basa
keur dikandung, manéhna loba dipungpang kahayang ku salakina. Damayanti
antepan jeung resep ngaludah lantaran basa keur ngandung ku manéhna,
Embu teu kaopan ngambeu minyak atawa sangu téh sok babalongkéngan waé.
Susilawati anu réngkak paripolahna siga lalaki, lantaran basa keur dikandung,
Embu hayang pisan boga budak lalaki. Mustikawati anu gering bronchitis
lantaran basa keur dikandung, Embu sieun ku cai. Nuraini anu dipikanyaah
salaku awéwé lantaran sieun boga sipat siga lalaki. Nepi ka Si Bungsu salaku
anak pangleutikna.
Tapi, lantaran loba teuing nulis ngeunaan tujuh anakna, Embu anu
mémang keur gering kangker rahim, ngarasa lieur nepi kakapiuhan, teu kaburu
neundeun buku harianna. Barang hudang, bukuna geus euweuh ngan aya
keretas sacewir anu eusina ngeunaan kasanggpan Karna jeung Poppy ngaganti
peran indung jeung bapana keur adi-adina. Embu reugreug, kahariwangna anu
pohara dadaksakala leungit. Kabungah indung digambarkeun tina katarimana
kanyaah anak jeung minantu. kanyaah indung ka tujuh anakna miboga amanat
83
yén salaku lanceuk kudu nyaah ka adi, jeung salaku anak wajib tuhu jeung
mikanyaah kolot.
6) “Harga Hiji Surat” (GT-06)
Ratna jeung Ilham nya éta salaki pamajikan anu keur dibéré cocoba.
Ilham jadi pangangguran lantaran pausahaan tempat manéhna digawé
bangkrut. Kurang teuwih dua bulan manéhna ngaligeuh teu boga gawé.
Pangubutuh di imah geus teu bisa deui dicumponan ku hutang injeum ka
tatangga. Kabutuhan utama nya éta dahar. Kungsi sapoé jeput Ratna teu
saeutik-eutik acan kararaban sangu lantaran teu boga béas, katambah
maranéhna boga budak tilu anu keur meujeuhna rarewog dahar.
Kungsi Ilham nitah Ratna sangkan ngagadékeun baju-bajuna anu
aralus ka pagadé kuriling. Tapi Ratna boga pamadegan yén daripada manéhna
kudu rudin dangdangan, leuwih hadé nahan peurih beuteung, manéhna
embung milu prihatin.
Teu lila Ratna meunang gawé di hiji pausahaan gedé, jadi sekretaris
diréktur. Ratna beuki jarang aya di imah, anakna anu tilu dibawa ku indung
jeung bapana Ratna bari ulaheun disambat deui. Sanajan Ilham ngarasa jadi
teu boga harga diri, tapi manéhna teu bisa kumaha. Ratna beuki sibuk di
kantor, beuki loba tugas ka luar kota. Upama ti kantor teu balik peuting,
manéhna balik wanci subuh.
Hiji poé, Ilham kadatangan sémah awéwé anu ngaku pamajikan
dunungan Ratna. Éta awéwé némbongkeun bukti-bukti salingkuhna Ratna
jeung Diréktur Pausahaanana, salaki éta awéwé téa. Ilham ngarasa dihina ku
pamajikan.
Basa peutingna Ratna ditanya ku Ilham, manéhna ngaku yén geus
salingkuh jeung dununganna. Éta dununganna téh tétéla kabogoh Ratna basa
keur kuliah, anu harita digat duriatna ku Ilham sabab Ilham ngarasa kawasa
duméh keur aya dina kasuksésan, nepi ka kolotna Ratna nyatujuan Ilham
ngawin Ratna. Ti harita Ratna teu balik ka imahna, tapi ka imah indungna.
Hiji peuting, Ratna balik ka imah nepungan Ilham. Manéhna ménta sangkan
84
ditalak ku Ilham kalawan jangji upama manéhna ditalak ku Ilham rék méré
duit sajuta rupia. Lantaran Ilham ngarasa dihina, antukna duanana paséa nepi
ka Ilham ngamuk. Ilham kalepasan malédogkeun botol peupeus kana beungeut
Ratna. Sanggeus kitu, awak Ratna dihanca ku seuseukeut kaca nepi ka
kapiuhan. Lantaran reuwas jeung sieun, Ilham maéhan manéh ku sesemplékan
kaca anu ditancebkeun kana palebah jantungna. Sedengkeun nyawa Ratna bisa
salamet, tatu-tatu dina awak jeung beungeutna teu ngalantarankeun manéhna
ngaleupaskeun nyawa. Tapi céda dina beungeutna bakal jadi tapak talajakna
Ratna dina kahirupan.
7) “Kanyaah” (GT-07)
Popon keur baluweng mikiran hayang imah kontrakan anu murah tapi
can meunang. Manéhna ngarasa teu genah haté upama cicing waé di imah
bibina. Sanajan manéhna ti leuleutik digedékeun jeung diurus ku emang jeung
bibina, tapi ari geus laki rabi jeung Mumu mah, karasana béda jeung
kararagok. Manéhna kungsi boga niat ngahiji jeung mitohana di Banjaran, tapi
sanggeus dipikir-pikir loba rugi batan untungna.
Salian ti hayang mandiri imah-imah sorangan, Popon ogé hayang
ngawarah anak-anakna bibi anu kedul, sabab sagala pagawéan imah
dipasrahkeun ka manéhna kabéh. Éta hal lantaran bibina ngogo pisan anak-
anakna nepi ka tara daék barang gawé.
Beuki lila, pagawéan di imah beuki loba, Popon ogé sok mindeng
nyareri awak. Tapi sangeus dileukeunan mah, anak-anak bibi daraékeun
nyeuseuh bajuna séwang-séwang, sahenteuna pagawéan Popon rada énténg.
Tapi aya pasualan séjén, kabéhdieunakeun Popon mindeng kaleungitan duit.
Basa Popon nanyakeun ka Iwa, manéhna teu ngaku nyokot duit sanajan Popon
apal lantaran geus sababaraha kali kanyahoan. Tina éta pasualan, kaayan di
imah mingkin tegang, nepi ka Mumu ngampleng di banjaran.
Lantaran hariwang, Popon néang Mumu ka Banjaran. Di banjaran,
Popon diajak ku mitohana sangkan daék cicing di dinya maturan manéhna
sabab mitohana geus apaleun naon anu karandapan ku Popon di Bandung.
85
Balik ti Banjaran, manéhna nyieun kaputusan yén rék cicing di imah
mitohana. basa éta maksud ditepikeun, bibina teu ngomong nanaon. Iwa, anu
polos ngomong ka indungna yén enya manéhna anu nyokot duit ti kamat
Popon téh. Bibina ménta dihampura bari ceurik, tapi teu ieuh ngendagkeun
niatna. Manéhna indit ka Banjaran, nyorang hirup bagja jeung salaki ogé
mitohana.
8) “Kiplik-kiplik” (GT-08)
Nina keur gering panas basa manéhna teu bisa saré sabab ngarasa
sepréna anu paas. Nina ditungguan ku bapana geus aya tilu peuting. Nina
ngarasa hanaang tapi teu bisa nyarita. Salila ngararasakeun kahanaang jeung
kategenah awakna, Nina ngalamun ka mangsa-mangsa baheula. Mangsa
bapana ejueng indungna masih ngahiji, mangsa lanceuk-lanceukna masih
kénéh bisa ulin suka bungah.
Lamunan Nina, sok balik deui kana kaayaan manéhna keur gering.
Tapi panineunganna balik deui ka mangsa Mamah, indungna masih kénéh aya
deukeut manéhna jeung mikanyaah sakabéh kulawarga. nina inget, waktu
bapana nampiling indungna nepi ka paséa rongkah. Ahirna, Nina jeung
lanceuk-lanceukna dibawa ka imah gedong, imah mamih, indung téréna
ayeuna.
Di éta imah, Nina jeung lanceuk-lanceukna éstu dilimpudan kasieun,
teu meunang katengtreman, teu meunang kanyaah ti indung. Kanyaah bapana
ogé karasa jadi barobah. Sipat indungna Nina jeung sipat indung téréna éstu
jauh pisan. Indungna anu “lembut” jeung mikanyaah béda jeung indung téréna
anu “kasar” jeung apilain.
Beuki peuting, awak Nina beuki panas. Basa Nina maksakeun
ngomong sarta nanyakeun Mamah ka bapana, bapana kalah ceurik tuluy
nyuuh kana sisi dipan. Ku Nina buukna diusapan. Ceuk pikirna, bapana ogé
sarua hayangeun panggih jeung Mamah. Awak Nina anu asalna nyongkab
panas, ayeuna jadi malik tiis.
86
Nina ngarasa awakna kacida hampang malah nepi ka bisa ngapung tur
jangjangan bakat ku ngarasa hampang. Nina ngapung jauh pisan, ninggalkeun
bapana jeung lanceuk-lanceukana. Nina moal balik deui.
9) “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09)
Nyi Lasem, mojang asal Kalipucang anu sok dagang cai mangrupa
anak pamayang. Manéhna boga beubeureuh, Ki Jaka. urang Karanganyar anu
bubuara jeung Ki Arsim (akin) di Majingklak. Ki Jaka anu kacida micinta laut,
boga prinsip anu pengkuh salaku pamayang anu hirupna patali jeung lauk,
laut, angin barat nu matak bangkrut, jeung Juragan parahu nu telenges.
Kacaturkeun geus aya tilu bulan pamayang di Majingklak teu
beubeunangan lantaran laut ngadadak miskin ku lauk. Pangna kitu, lantaran di
deukeut Palawangan aya kapal asing anu jaringna unggal menit ditarik nepi ka
teu ngagéhan lauk keur pamayang-pamayang di Majingklak. Loba pamayang
anu arindit ti lembur naréangan pagawéan di kota. Tapi Ki Jaka embung
ingkah ti lemburna, manéhna tetep percaya yén masih kénéh aya lauk anu bisa
nyangsang dina jaringna. Lantaran panasaran, peuting harita manéhna turun ka
laut sorangan.
Tapi nepi ka isukna, Ki Jaka teu balik-balik. Barang aya anu nyusulan,
kur manggih parahu Ki Jaka anu kosong. Ceuk nu néanganna, Ki Jaka geus
taya dikieuna, kasapu lambak anu motah sapeupeuting.
Nyi Lasem anu kanyenyerian ditinggalkeun ku Ki Jaka, balik ka
Kalipucang. Kiwari tinggal Ki Arsim anu ngarasa keueung lantaran manéhna
bener-bener nunggelis teu sanak teu kadang.
10) “Deudeuh teuing” (GT-10)
Nunung keur bingung néangan lanceuk awéwéna. Ceu Atin teuing
dimana, ceuk béja indit luntang-lantung lantaran gering pikir nepi ka gélo.
Anu jadi cukang lantaranna nya éta Atin teu sanggup mapalér haténa basa
salakina kawin deui, bari jeung hartana béak dipaké judi. Pamustunganana,
pabrik anu ngaréndéng jeung imahna béak kaduruk. Ti saprak harita, Atin lila
87
teu éling-éling, barang éling walahwah-weuleuhweuh nepi ka leungitna ti
imah. Pangna Atin teu siap narima kanyataan, lantaran Atin kapiduit teuing.
Basa mimiti kawin ka salakina, manéhna niatna lantaran duit jeung harta
dunya. Salaki Atin kacaritakeun jalma beunghar, tapi goréng lampah.
Ngaranna Dédén, jelema bangor jeung lacur leuwih ti misti. Lantaran Atin
ngancam rék ngagantung manéh lamun dihulag, kapaksa diijinan. Tapi,
sanggeus kaalaman ku sorangan, yén lampah salakina siga kitu, Atin teu
narima.
Nunung jeung salakina geus béak déngkak, sakuliah Bandung geus
dikulibek néangan Atin, tapi teu hasil. Nepi ka Nunung jeung salakina balik
deui ka Ciamis, Atin teu kapanggih.
11) “Indung” (GT-11)
Kuring keur ngabandungan Maman jeung Budi ker sasapu di buruan.
Ditungguan ku Ema dina korsi di téras imah bari nyieun strimin. Kuring
ngarasa kagugu ku polah adi-adina anu getol mantuan indungna. Kuring
rumasa kedul jeung teu boga kaparigelan sanajan disakolakeun nepi ka
paguron luhur.
Ngabandunganadi-adina sasapu, kuring ningali cara méré atikan jeung
motivasi pikeun mandiri ti Ema ka adi-adina. Basa adi-adina ngarasa
seunggah lantaran runtah kalakay meunang maranéhna nyapukeun balatak
deui ku angin, indungna ngahariring nitah angina reureuh heula,
mangmeunangkeun Maman jeung Budi.
Salian ti éta, sangkan adi-adina leuwih sumanget, Ema nunda duit
saratus rupia di handapeun tangkal cengkéh, nepi ka adi-adina ngarasa bungah
duméh ceuk pamikirna manggih duit. Adi-adina ogé leuwih sumanget sasapu.
Kuring masih nyérangkeun ti kamarna basa Ema ngarérét ka lebah manéhna.
12) “Nyiram” (GT-12)
Anih anu keur nyiram digawé di imah Néng Marti, anu sarua keur
nyiram. Néng Marti anu teu weléh diogo ku salakina, sagala kahayangna teu
88
weléh ditedunan matak pikabitaeun Anih. Naon waé anu dipikahayang ku
Néng Marti, manéhna gé pasti hayangeun tuluy ngurihit ka salakina. Ti mimiti
pais suung, anggur, korsi, bupét, risbang, toilet, kiték, pamulas pipi, jeung
lipstik kabéh hayang.
Hiji poé, basa salakina balik, Anih kasampak keur ngaheruk, teu bisa
ditanya. Salakina hariwangeun bisi aya kahayang deui, kabita ku nu
dipikahayang ku Néng Marti. Tapi Anih teu némbalan. Kakara kedal, basa
salakina rék nyanggupan naon waé anu kadada kaduga saperti nu karandapan
ku Néng Marti. Batan leler, Anih kalah ceurik, tapi tuluy nyarita yén salaki
Néng Marti rék kawin deui.
13) “Korsi Hoé” (GT-13)
Ieu carpon nyaritakeun lalakon korsi hoé anu dibeuli ku Ema taun ’56.
Kuring, anakna Ema anu pundah-pindah waé imah kontrakan, teu weléh
mamawa éta korsi. Korsi hoé dibeuli ku indungna meunang ngumpulkeun lila
pisan. Barang geus kabeuli, Ema getén pisan ngelapan éta korsi.
Éta korsi jadi saksi mangkak rumajana anak-anak Ema, sabab lamun
aya bébéndé atawa beubeureuhna anak-anak Ema, dariukna dina éta korsi.
Malah, basa Ema geus gering lantaran kakolotan, éta korsi dijadikeun
tempatna dzikir ka Alloh. Tapi nepi ka maotna, kahayang Ema pikeun boga
imah sorangan tue kungsi laksana, salawasna imah téh bati ngontrak waé
pundah-pindah.
Lantaran pangraksa Ema, éta korsi bisa awét nepi ka turun ka kuring.
Sanajan ku babaturan kuring éta korsi geus dilédék, tapi lantaran lalakonna
anu panjang kuring can daék ngaganti éta korsi. Sanajan aya kereteg, upama
boga milik, rék meuli korsi modél panganyarna, tapi korsi hoé titinggal Ema
mah moal dileupaskeun.
14)“Milangkala” (GT-14)
Nyaritakeun palaku Ibu anu ngurus tilu anak téré. Sanajan geus
papisah jeung Agus bapana, tapi anak-anakna leuwih milih cicing jeung
89
manéhna tibatan milu ka bapana. Basa hiji waktu Ibu keur nyieun tulisan,
manéhna butuh klise tangkal ganja keur bahan tulisanna. Sanggeus ditéangan,
klise teu kapanggih.
Manéhna néangan Aji jeung Santi, budak téré anu dipikanyahna.
Sanajan geus dibantuan ku Éni (adina), Aji jeung Santi teu kapanggih kénéh.
Antukna Éni anu indit ka imah Lily téh, niatna rék nginjeun klise tangkal
ganja.
Basa Éni bébéja yén teu panggih jeung Aji ogé Santi, manéhna boga
panyangka yén barudak téh geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna
nepi ka luas kabur ninggalkeun imah. Manéhna ceurik, lantaran geus salapan
taun cicing jeung barudak téh. Upamana rék indit, naha teu bébéja?
Barang barudak baralik, katingali pisan siga nu carapéeun. Barang
geus diomongan, tétéla arinditna Aji jeung Santi téh lain lantaran ngarasa teu
betah cicing jeung manéhna, tapi mareuli kado meuli kado keur milangkala
manéhna. Manéhna bagja lain dikira dipikanyaah ku barudak téh.
15) “Gurat-gurat Dampal Leungeun” (GT-15)
Ine, bibina Ati anu masih can tepung jeung jodona. Padahal umurna
geus kolot, karir suksés salaku psikolog anu mindeng pisan indit ka luar nagri
keur panalungtikan, jeung digambarkeun salaku wanoja pinter. Hiji waktu Ati
ngajak Ine sangkan daék diramal ku Emod, tukang norah anu dijurukeun di
India nepi ka dilandih Si India.
Ceuk ramalan Emod, barang ningali gurat-gurat dina dampal
leungeunna, cenah jodo Ine téh poék. Ine ngarasa sedih jeung nganaha-naha
kana nasibna. Sup ka kamar ngerem manéhn. Tétéla, Ine lain kakara harita
diramal ku ukang norah téh. Saméméhna kungsi diramal di Pakistan,
pajarkeun manéhna moal boga jodo bangsa sorangan, tapi ka urang Pakistan
atawa Arab. Saurang palmist di Paris ogé kungsi nyebutkeun yén dina diri Ine
aya hahalang nepi ka jodo hésé datang. Kolotna Ine geus satékah polah
ngubaran ka dukun-dukun kampung, tapi euweuh hasilna.
90
Ine anu masih kénéh ngerem di kamar, ningali buku Palmistry
meunang meuli di Paris. Ceuk pikirna, tangtu kabéh hasil tukang norah bakal
sarua upama norahna tina gurat dampal leungeun mah, sabab sumberna ngan
hiji. Ine sumerah ka Pangéran lantaran manéhna yakin kana jangji Gusti anu
bakal méré kabagjaan.
16) “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” (GT-16)
Nyaritakeun Asti anu keur ngalamun, manéhna masih kénéh hayang
sosorangan, sanajan manéhna ngarasa yén hiji waktu manéhna kudu daék
narima lalaki dina kahirupanna. Lamunana kagareuwahkeun ku Idah, adina.
Idah téh geus papacangan jeung Yayat kalawan sérius, rék aya rencana kawin
dina waktu deukeut.
Asti ngarasa bungah idah rék kawin téh, tapi indungna mah kacida
sedihna. Indungna miharep anu kawin tiheula téh Asti salaku anak anu
panggedéna. Tapi, Asti sorangan can hayang kawin, sanajan ari rasa cinta mah
kungsi ngalaman, jeung kiwari gé keur sono ka Dinan, lalaki anu kungsi
deukeut jeung manéhna. Semet deukeut, teu kungsi aya hubungan nanaon.
Dinan anu harita keur ngajauhan Amalia lantaran kolotna Amalia teu doaeun,
ngadeukeutan Asti. Tapi, lantaran Asti kaasup awéwé anu tara némbongkeun
kasono jeung kabungahna upama keur deukeut jeung Dinan, Dinan mundur
nepi ka pleng tilu taun teu manggihan deui.
Basa sawatara lalaki ngadeukeutan Asti, manéhna angger teu hayang
micinta sasaha. Asti hayang nyorangan, najan embung sorangan salilana. Asti
jangji hiji waktu manéhna kudu bisa mopohokeun Dinan keur kabagjaan
manéhna, indungna, jeung Idah.
17) “Ngobor” (GT-17)
Sanggeus sapopoé hujan ngecrek, peutingna Idon disampeur ku Tohir,
diajakan ngobor. Idon jeung Tohir tuluy indit muru imah Oyon, di dinya
bbaaturanna sasama pamuda keur ngarumpul. Nepi di imah Oyon, tétéla aya
Karno, Iing, jeung Atang.
91
Sanggeus sagalana siap, nu limaan muru ka sawah, mapay-mapay
galengan. Tapi, lantaran harita keur caang bulan, nu limaan teu meunag belut
hiji-hiji acan. Sabab pada-pada embung balik upama can beubeunangan, Oyon
méré usul. Sanggeus kabéh sapuk, bring saréréa ngajugjug balong nu bapana
Oyon. Sanggeus meunang lauk emas anu garedé, tuluy diasakan di imah
Oyon. Kabéh dalahar sangu liwet jeung lauk emas. Subuh-subuh, bapana
Oyon ribut yén cenah lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok.
18) “Mama Haji” (GT-18)
Nyaritakeun Sukri, jalma bengal, bedegong jeung wanian. Upama aya
anu ngalakukeun kasalahan, tara aya ampun. Bageurna téh iwal ka
kulawargana waé, saperti ka incuna. Saperti basa harita kungsi aya meri anu
ngarencah pabinihanna, teu loba mikir, éta meri ditalian kana awi tuluy
ditanceb-tancebkeun dina sawah anu ledok. tapi, lantaran éta meri téh anu
incuna, kapaksa dilaanan deui, cacak lamun nu batur mah tangtu bakal diantep
tinggulantung nepi ka paéh.
Hiji waktu, mangsa keur usum loba gorombolan ngaranjah lembur,
Sukri ditéangan ku gorombolan. Basa gorombolan datang ka imah Sukri,
sakilat manéhna asup kana liang deukeut hawu anu brasna ka balong gigireun
imahna. Tapi teu kungsi lila bedil didérédédkeun ka sakuriling balong. Sukri
anu keur nyempod di para masjid tétéla salamet. Kitu deui anak jeung
pamajikanna.
Sapoé sanggeus éta kajadian, Sukri pindah ka kota nyéwa imah anu
bari teu kungsi lila geus boga gedong. Sawatara taun ti harita, Sukri jeung
pamajikanna ka Mekah. Balik ti Mekah, ngaranna ganti jadi Haji Sukur,
pamajikanna jadi Hajah Zenab. Sukri anu jadi haji Sukur jadi jelema bageur
tur akuan ka sasaha. lantaran pada mikolot, urang lembur nyebutna Mama
Haji.
Poé ieu, Mama Haji maot. Sasaha ngarasa kaleungitan, sabab moal aya
deui anu unggal subuh ngurilingan lembur ngahudangkeun anu talibra ku cara
ngetruk-ngetrukkeun iteukna kana jajalaneun.
92
19) “Tatangga” (GT-19)
Carpon GT-19 nyaritakeun palaku Éma salaku kuring, ibu rumah
tangga anu sapopoé ngurus imah, ngarasa hayang nganjang ka imah Bu Érni,
tanggana anu geus ampir sataun imahna pahareup-hareup jeung manéhna.
Salila éta, Kuring can kungsi nganjang, lantaran aya kasieun teu ditarima ku
Bu Érni upama rék micongah. Kuring ngarasa jadi awéwé kampung anu teu
wanoh jeung dunya atikan ogé dunya pagawé siga Bu Érni.
Kuring kabita saperti Bu Érni anu katingalina siga bungah waé. Komo
upama aya babaturanna, teu weléh sempal guyon. Kuring nganaha-naha,
manéhna unggal poé ngan ukur masak jeung beberesih di imah, teu boga
babaturan anu bisa diajak suka bungah saperti kitu.
Hiji waktu, kalawan dijurung ku salakina, kuring ngawani-wanikeun
nganjang ka imahna Bu Érni bari ngirim urab bayem. Jauh tina panyangka, Bu
Érni daréhdéh, bari tuluy ngawangkongkeun kagoréngan babaturanna anu tadi
katingalina siga anu alakur. Sanggeus balik ti imahna Bu Érni, kuring
nyindekkeun yén sipat jeung paripolah hiji jalma teu saukur katingali tina
gelar atawa kaayaan luarna wungkul, tapi tina kapribadianana.
20) “Aki Sasmita” (SKKS-01)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan palaku nu ngaranna Aki Sasmita,
manéhna mikiran nasib masarakat di lembur anu keur merjoangkeun tanahna.
Mimiti kajadianna tina tanah rahayat nu di taksir ku insinyur ti kota pikeun
dijadikeun lapangan golf.
Tujuan lapangan golf dijieun téh pikeun para gegeden jeung wakil
rahayat sangkan bisa refreshing. Loba rahayat nu teu panuju tanahna kudu
dijual, sabab teu saimbang jeung beubeunangan biasana lamun tanah
dijadikeun lahan tatanén. Harga tanah nu di jual murah pisan. Tapimasarakat
pilemburan teu bisa kukumaha sabab éta hal mangrupa paréntah ti nagara
sangkan tanahna bisa dibeuli. Dina seuhseuhanna, tanah nu dibeuli téh teu
dilunasan langsung, tapi dibayar panjerna hungkul sapertiluna. Sapuluh taun ti
saprak lapangan golf dijieun, hak masarakat lembur can katedunan. Harga
93
tanah nu sésana can dibayar teu dilunasan waé. Kaasup tanah na Aki Sasmita.
Masarakat mindeng ngayakeun démonstrasi pikeun merjoangkeun hakna, tapi
wakil rahayat euweuh nu maliré.
Nepi hiji mangsa masarakat geus teu bisa nahan sabar kana jangji-
jangji wakil rahayat nu can waé ditedunan. Masarakat ngayakeun démonstrasi
deui tur poé harita bakal dipatotoskeun kumaha hasilna.
Basa sawala antara wakil rahayat jeung masarakat pilemburan geus
dipatotoskeun, masarakat loba nu kuciwa, sabab hasilna ngarugikeun
masarakat. Éta hasil sawala nétélakeun yén sésa harga tanah bakal dilunasan
upama tanah masarakat téh aya sértipikatna. Éta sértipikat téh jadi bukti yén
tanah téh geus dijual. Sedengkeun kabiasaan dipilemburan, nalika meuli tanah
tara dibarengan ku sértipikat, cukup ku kuitansi jeung tanahna diwatesan ku
tatangkalan. Di antara réana masarakat, ngan tilu urang tanahna nu miboga
sértipikat, harita kénéh langsung dilunasan, sedengkeun nu lainna bati
colohok.
21) “Surat Keur Ka Sawarga” (SKKS-02)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan tokoh “abdi” nu nulis surat keur
“abah” nu mangrupa mitohana nu geus tilar dunya. Dina eusi suratna
nyaritakeun pangalaman-pangalamana basa keur ngora ti mimiti rumah tangga
jeung “budakna abah” nepika “abah” maot.
Ieu carpon ogé nyaritakeun kahadéan abah jeung kulawargana nu
mangrupa urang lembur nu hirup saaya-ayana di lembur, hirup basajan,
soméah, jeung handap asor ka jalma anyar dina kulawarga. Sedengkeun
palaku abdi nya éta urang kota nu bageur, nu mikaresep kana kaayaan di
pilemburan
Carita dipungkas ku ngébréhkeun kaayaan “abdi” nu hirupna jeung
kulawarga kalawan mandiri. Kahirupanna kiwari mangrupa balukar tina
papatah ti “abah” nu salila hirupna bagja tur ngalakonan hirup ku kecap asal
cekap.
94
22) “Dongéng Sakotrét” (SKKS-03)
Ieu carpon nyaritakeun ngeunaan lamunan hiji palaku nu katelah
“manéhna”. “Manéhna” nu keur aya di kamar hotél di Slany, Cekoslowakia
ngimpleng jajaka nu dipikacintana, nya éta Walangsungsang. Tuluy harita
“manéhna” ngalalamun ngalanglang ka bumi Nusantara, nepungan
Walasungsang di tutugan Gunung Gedé. Sanggeus paamprok,
Walangsungsang jeung manéhna teu wasa meuraykeun kasono nu geus
puluhan windu. Duanana silih pataréma, bangun sieun pukah deui.
Salila nu duaan sosonoan, “manehna” ngimpleng mangsa katukang.
Harita Walangsungsang ragrag supata, sabab “manéhna” nu dipikacinta ku
Walangsungsang geus diistrénan jeung nu jadi lanceuk Walangsungsang, nya
éta Raja Pakuan. Ti harita, Walangsungsang jeung “manéhna” susulumputan
upama rék panggih. Basa supatana ragrag, harita alam Mandalawangi
ngariyeg. Raja Pakuan nu nyahoeun yén Walangsungsang geus ragrag supata
tuluy nepungan Walangsungsang nu keur sosonoan jeung “manéhna”. Raja
Pakuan ngélingan ka Walangsungsang kana polahna nu geus dilakonan, tapi
Walangsungsang kalah beuki ngudarkeun jangjina, alam milu nyaksian kana
jangjina. Bumi beuki ririyegan, nu ahirna ngahudangkeun lamunan anu keur
naghuleng sajongjonan handapeun jandéla hotél kamar Atlas di Slany.
23) “Mulang” (SKKS-04)
Carpon “Mulang” nyaritakeun hiji jalma nu keur diriung ku kulawarga,
tatangga, jeung kolégana alatan manéhna rék balik ka kalanggengan. Dina ieu
carita nu jadi puseur caritaanana kahirupan kuring. Kuring dina ieu carita nya
éta nu diriung téa.
Kuring téh kaasup jalma jegud, naon nu dipikahayang bisa laksana.
Kahirupan kuring nalika masih jeung maranéhanana narémbongan deui.
Kacipta, basa indung kuring nitah solat, nalika kuring méré susuguh ka
pajabat, nalika jalma nu boga taneuh dibéré duit, sarta nalika beungeut-
beunget nu rancunit nyanghareup. Kabéh katempo deui. Kuring nu geus jauh
ka Pangéran, jadi poho kana sagalana. Tapi kiwari kuring sadar deui, kuring
95
ngadéngé deui naon nu aya di sabudeureun. Anapon kitu, kiwari mah kuring
geus teu bisa naon-naon deui. Nu bisa téh ngan nungguan nu rék mapagkeun
bada lohor.
24) “Wasiat Ti Pa Mantri” (SKKS-05)
Nyaritakeun Pa Mantri, kapala sakola anu rék pangsiun. Manéhna geus
ngarasa capé jadi mantri di sakola, tungtungna manéhna ménta pangsiun
sanajan can waktuna. Sabada éska pangsiun turun, manéhna ngarasa hanjelu.
Di rohangan Kapala Dinas, babaturanana silih ngawilujengkeun. Di dinya ogé
aya omongan ngeunaan Pa Teguh nu hayang ngangkat anak buahna kalawan
nyogok.
Pa Mantri tuluy ka sakola, rék amitan ka guru-guru jeung mapagahan
hal-hal séjén keur kalumangsungan pangajaran di sakola. Di rohangan kantor,
manéhna ngomat-ngomatan yén upama manéhna geus teu di sakola éta deui,
disiplin waktu jeung administrasi masih kénéh kudu dituluykeun. Manéhna
ogé mihapékeun Mang Dana, panjaga sakola sangkan diperhatikeun, sabab
gajihna leutik pisan. Sanggeus pada ngawilujengkeun ku guru-guru, manéhna
amitan, bari nepikeun paniatanna minggu hareup rék ka sakola deui, rék
sosonoan heula jeung barudak.
25) “Handapeun Langit Hideung” (SKKS-06)
Carpon “Handapeun Langit Hideung” nyaritakeun ngeunaan
kapercayaan masarakat kampung ka hiji jalma nu sok muja. Harita, warga
kampung keur ngumpul di imah Ijah, nyaritakeun Si Ujang nu keur ulin jeung
Cép Entu, anakna Gan Wiria. Ti dinya obrolanna beuki manjang, nyaritakeun
Gan Wiria cenah sok numbalkeun budak sangkan beunghar.
Harita téh hujan gedé ngagebrét, padahal saméméhna panas mani
nyonghab. Si Ujang anu geus papanasan kalah tuluy huhujanan,
nyampeurkeun indungna nu keur ngalobrol. Peutingna, awak si Ujang panas.
Nyi Anah, indung Si Ujang, nyangka Si Ujang rék disébakeun ku Gan Wiria.
96
Nyi Anah néang dukun, Si Ujang dimandian tengah peuting. Sabada diubaran
téh Si Ujang teu cageur, isukna Si Ujang geus euweuh di kieuna.
26) “Hama” (SKKS-07)
Ua Istri mangrupa salah sahiji jalma pangjegudna di kampung kuring.
Anjeunna boga sawah nu kacida lobana. Tapi éta sawah téh geus tilu usum
kakeunaan ku hama waé. Sabenerna henteu ngan Ua Istri hungkul anu
ngalaman ieu kajadian téh, méh sakabéh warga ngalaman.
Ua Istri ngarasa handeueul kana kalakuan beurit nu salila ieu jadi hama
paré, nya atuh anjeunna téh ngajadikeun sabagéan sawahna nu tilu ratus bata
jadi balong. Éta balong tuluy dipelakan lauk emas jeung lélé dumbo.
Kaputusan Ua ngajadikeun sawahna jadi balong téh angger waé katarajang ku
hama. Ayeuna mah hamana téh bayawak. Nya atuh lantaran keuheul, balong
nu salima-lima téh dibedahkeun.
27) “Nu Mulang Ti Panyabaan” (SKKS-08)
Ieu carpon nyaritakeun palaku Ahmad anu mulang ti panyabaanana
nya éta di mana manéhna usaha pikeun néangan duit keur anak jeung
pamajikanana. Tapi nalika manéhna aya niat balik ku sabab geus hasil, tepina
diburuan imah, Ahmad meunang kareuwas sabab di imahna réa jelema,
parabotan dikalaluarkeun, sarta aya nu ngaji anu mangrupa tahlilan.
Nalika Ahmad dina panto imahna, anu keur ngaji aleureun bangun ku
reuwas ninggali anu dianggap geus maot nyata hirup kénéh. Ku sabab jadi
pasalia paham antara kulawarga Ahmad jeung Ahmad, antukna Ahmad
nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku manéhna salila ngalaman cocoba hirup,
kitu ogé pamajikan jeung kulawarga Ahmad nyangka Ahmad geus maot
lantaran aya Pulisi ti Jakarta ngirim lokét anu eusina idéntitas jeung duit hasil
usaha Ahmad.
97
Nyatana yén anu maot téh lain Ahmad, tapi jelema anu maling lokét
Ahmad nalika rék mulang ka imahna. Ku sabab kajadian éta Ahmad sujud
jeung sukur kana kakawasaan Pangéran, sarta ngalaksanakeun sukuran dina
raraga sukur ni’mat kahirupanana.
28) “Nu Datang Wanci Sareupna” (SKKS-09)
Ieu carita nyaritakeun palaku Danang jeung kulawargana anu satatus
sosialna jalma leutik, ku lantaran kaayaan ékonomina pas-pasan keur
kabutuhan hirupna malah mah mindengna kurang. Danang teu miboga
pagawéan anu tetep sanajan Danang geus sarjana tapi manéhna henteu jadai
pagawé di kantor mana waé, sanajan jadi pagawé Danang ukur jadi titahan
batur dina nulis pagawéan batur anu boga kakawasaan.
Dina pangalamana ka tukang Danang kadatanangan Pa Arman anu
mangrupa wakil kapala di kantorna, anjeunna dititah niyieun buku sangkan
naék jabatan jadi kapala ngagantikeun pa Sasmita anu téréh pangsiun. Ku
sabab Pa Arman lain pituin urang Sunda, anjeunna mercayakeun tugasna
nyieun buku ka Arman anu pituin urang Sunda, anjeunna méré waktu dua
minggu ka Danang. Sanajan waktu anu samporét ku sabab kaleukeunan
Danang dibantuan ku pamajikanana ngetik éta pagawéan nulis buku téh parat
dina waktuna.
Saeunggeus Pa Arman dibenum jadi kapala, anjéunna jalma balabah ka
karyawan jeung nu lainna. Kitu ogé loba anu barang béré ka anjeunna boh
dina barang, duit, atawa jasana. Ku lantaran kajadian éta pa Arman dituding
korupsi nepi ka anjeunna disidang, tapi teu kabuktian anjeunna korupsi.
Tidinya pa Arman dipecat jadi kapala di kantor.
Kanyaah pa Arman ka Danang jeung kulawargana teu nepi ka jadi
kapala wungkul, tapi tetep salawasna sanajan ayeuna mah pa Arman ngan
usaha kana matérial. Kanyaahna kabukti tina kapadulian ka Danang jeung
papatah-papatah ka Danang pikeun nyanghareupan hirup.
98
29) “Bulan Mabra di Madinah” (SKKS-10)
Ieu carpon nyaritakeun palaku “kuring”, nya éta anu bébésan jeung
indungna Eulis anu ayeuna geus maot, kakuciwa jeung kakeuheul “kuring” ka
bésan nepi ka ayeuna masih kénéh karasa, sanajan geus lima taun Eulis maot,
tapi “kuring” mangkeuheulkeun lantaran Eulis budak anu soléh diusir jeung
“dibuang” tina jajaran kulawarga bésan ku sabab teu nurut kana kahayang
kolot.
Salila jadi pamajikan Si Jalu, Eulis bageur pisan, daék dibawa sangsara
ku salaki jeung bageur ka mitoha, naon anu dibikeun ku salaki jeung mitoha
pasti ditampanan, nepi ka salaki kitu ogé “kuring” mitohana nyaah pisan ka
Eulis. Sanajan geus lima taun kaliwat, tapi “kuring” henteu bisa poho ka Eulis,
saha waé awéwé anu keur kakandungan jeung degdeganana sarua jeung Eulis
pasti “kuring” ceurik lantaran inget ka Eulis minantu anu soléh téa.
Pisaminggueun deui ka lebaran “kuring” jeung Jalu nganjang ka imah
bésan nganteurkeun bingkisan, bésan ngabéjaan rék munggah haji, atuh
“kuring” toh pisan ninggali bésan bisa indit jarah, sanajan dina haté masih
cangcaya yén nu rék indit jarah mah kudu bararesih lahir-batinna, kudu geus
lunas utang-piutang. “kuring” ras ka bésan anu boga jangji rék nanggung
ongkos rumah sakit, tapi teu aya embusanana, “kuring” mung bisa ngadua
mugia teu aya mamala nanaon bésan munggah hajina sarta geus nganggap
hutangna lunas.
Basa dina waktuna bésan balik munggah haji, manéhna nyartita
panggih jeung “kuring” nu ngajak gumujeng ka bésan, tidinya bésan sadar
kana dosana sarta ménta hampura ka “kuring” jeung Jalu. Najan ukur sakecap
pangakuan, “kuring” atoh Jalu diaku ku ‘indungna’. Nuhun Gusti.
30) “Nunun” (SKKS-11)
Ieu carpon nyaritakeun palaku Akang, anu ngarasa salah ku lantaran
henteu bisa ngajaga jeung ngurus adina Nunun anu geus diamanatan ku Ambu
saméméh maot. “Akang” abus ka pangbérokan ku lantaran maéhan lalaki
99
playboy anu ngarogahala Nunun, tapi teu pantes disebut ngarogahala ku
lantaran duanana pada-pada suka antara Nunun jeung éta lalaki playboy.
Paripolah Nunun robah tisaprak gaul jeung geng Tina anu sok ulin
jeung lalaki playboy jeung kabiasaan anu goréng. Nunun jadi wani kabur ti
imah ku lantaran ngarasa bosén jeung kahirupanana anu ngan ngadeluk maca
buku jeung ngapalkeun, sarta ku lantaran Akang anu jadi lanceukna tara
nganteur ka sakola jeung nongton.
Ku sabab Akang hariwang jeung melang ka Nunun, Akang nyusulan
Nunun ka markas koboy anu di Bandung. Astagfirullah geus Nunun téh
dijadikeun cocooan lalaki playboy, tapi Nunun henteu ngalawan kitu ogé basa
dirogahala Nunun henteu pisan ngalawan. Ku lantaran ambek jeung nyaah
ninggali paripolah Nunun, Akang wani-wani maéhan lalaki playboy anu
nyababkeun Akang ditahan di pangbérokan.
4.2 Analisis Data
Prosés nganalisis data ngawengku analisis struktur, semiotik, jeung ajén-
inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina 30 carpon kaya Sastrawati Sunda
Patrem.
4.2.1 “Emang jeung Alo” (GT-01)
4.2.1.1 Struktur Carita GT-01
a. Téma
Téma carpon “Emang jeung Alo” nya éta téma kamanusaan. Konsép
kamanusaan dina ieu carpon nyoko kana ayana pamadegan-pamadegan
pangarang ngeunaan rasa hormat ka guru. Upama ditilik tina sawangan anu
leuwih lega, ieu carpon ngébréhkeun téma atikan dina mangsa ieu carita
gumelar. Konsép atikan mangsa taun 1980-an anu museur kana perkara maca,
nulis, jeung ngitung. Dina prakna nembrakkeun carita, eusina patali ogé jeung
ajén linuhung martabat manusa.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép hormat ka guru.
100
“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi
ari digawé teu balener… Ieuh guru déwék mah baheula, sirahna
ogé barutak tanda guru pinter.” (13/4)
“Matak pusing nya Mang ngajar téh? Angot geura upami mayunan
kelas mah. mangkaning budak anu saur emang”goblog” téh aya
puluhna.” (13/7)
Sanajan dina ngébréhkeun témana ngaliwatan kalimah langsung anu
mangrupa pamadegan palaku, tapi nu maca bisa nuluykeun interprétasina yén
lain kudu satuju kana pamadegan éta palaku, tapi kudu bisa ngajénan sarta
ngahormat ka guru lantaran pagawéanna éstu teu énténg.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Emang jeung Alo” kaasup
kana galur maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku gambaran watek emang Ki Ahmad anu
pikasieuneun lantaran dianggap galak. Pikeun nguatkeun karakterna, galur
maju ka mangsa anu leuwih nyata di imah emang Ki Ahmad. Ieu
mangrupa bagian tengah dina carita, sakaligus munculna konflik antara
emang Ki Ahmad, Husén (anak emang Ki Ahmad), jeung Ki Ahmadna
sorangan. Bagian tengah carita mangrupa galur anu pangpanjangna,
lantaran miboga kalungguhan salaku inti carita. Di dieu, dicaritakeun
Husén anu dibéré soal sina ngitung 8 x 17 ku bapana (emang Ki Ahmad).
Pangna ujug-ujug méré soal téh lantaran peunteun ngitung Husén di sakola
ukur meunang tilu. Emang Ki Ahmad ngarasa bisa ngajar ngitung ka
budakna. Tapi, dina bagian ahir carita dipungkas ku pamadegan Ki Ahmad
anu nétélakeun yén pagawéan ngajar téh lain mangrupa pagawéan énténg.
101
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya
éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi
carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun
palaku emangna Ki Ahmad. Dina konflik ogé leuwih didominasi ku
emangna Ki Ahmad tibatan ku Ki Ahmad. Nu maca diajak nuturkeun
palaku emang Ki Ahmad ti mimiti, pasipatan, paripolah, pakasaban, jeung
pamadegan-pamadeganna ngeunaan kahirupan sarta alam sabudeureunna.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Carpon “Emang jeung Alo” kaasup kana galur padet, éta dumasar
kritéria kepadatanna. Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu
diébréhkeun ku pangarang dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal
tangtuna waé kajadian anu aya hubunganna jeung emang Ki Ahmad
salaku palaku utama.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama
nya éta emangna Ki Ahmad jeung Ki Ahmad. Sanajan aya palaku séjén
nya éta Husén (anakna emang Ki Ahmad), tapi angger tujuan
dimunculkeunna pikeun ngarojong watek jeung jalan pikiran palaku
utama.
102
2) Palaku
Dina carpon “Emang jeung Alo” aya dalapan urang palaku, opat urang
palaku méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut
dina narasi pangarang jeung kalimah langsung tina paguneman palaku tapi
euweuh pangaruhna kana eusi carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, aya dua urang palaku utama dina
ieu carpon, nya éta emang Ki Ahmad (GT-01:11/1) jeung Ki Ahmad
salaku alo (GT-01:13/1). Salian ditilik tina jejer ieu carpon, ieu dua urang
palaku utama bisa katitén tina inti carita basa Ki Ahmad jeung emangna
pagedrug pamikiran ngeunaan cara diajar siswa jeung cara ngajar guru
(kaca 13). Sanajan kitu, palaku emang Ki Ahmad tetep miboga
kalungguhan anu leuwih luhur (dominan) dibandingkeun palaku Ki
Ahmad.
Salian ti éta, dumasar kalungguhanna ogé aya palaku tambahan,
nya éta Husén (anakna emang Ki Ahmad) jeung tukang béca. Ieu dua
urang palaku tambahan miboga peranna séwang-séwang. Palaku tukang
béca dipaké pikeun nguatkeun karakter palaku utama emang Ki Ahmad
jeung status sosialna di masarakat. Éta hal bisa katitén dina ieu cutatan,
“Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang
béca dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé,
“Minggir lu! hayang kojor?!” (12/4)
“Puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora
tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti
dituna mah rék ngalawan, tapi ana rék kana béntang anu
tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad , kulahék baé, ngan
ukur “Samber koléra! Dilebok méong!” cenah gegerenceman.”
(12/5)
Prosés interaksi palaku utama emang Ki Ahmad jeung palaku
tambahan tukang béca ngan sakitu-kituna dina ieu carpon. Tapi, ieu palaku
tambahan méré informasi ka nu maca ngeunaan status sosial palaku utama.
103
Béda jeung palaku tambahan Husén, anakna emang Ki Ahmad anu
ngalaman prosés interaksi leuwih loba. Ieu hal duméh Husén jadi palaku
tambahan pikeun aya dina konflik carita.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Ki Ahmad (GT-01:13/1), Husén (GT-01:12/5), jeung
tukang béca (GT-01:12/4). Sedengkeun anu jadi palaku antagonisna nya
éta palaku utama, emang Ki Ahmad (GT-01:11/1).
Pangna kaasup kana palaku antagonis hiji-hijina dina ieu carpon
lantaran emang Ki Ahmad miboga sikep jeung paripolah anu goréng. Éta
hal katitén tina sawatara cutatan ieu di handap.
“Da éta mah emang Ki Ahmad, méh ku saban jalma
dipikasieun, dipikarisi, dipikagigis.” (11/1)
“Da poksangna beak ti karep, ceplak pahang garihal sugal
jeung kasar.” (11/2)
“Montong calecengiran, Monyét!” (11/5)
“Minggir lu! Hayang kojor?!” (12/4)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku utama dina
ieu carpon, penampilanna antagonis. Sikep goréng séjénna bisa katitén
tina gambaran eusi pamikiran emang Ki Ahmad anu teu weléh maksakeun
pamadeganna sanajan salah atawa henteu merenah. Saperti katitén tina ieu
cutatan:
“… Sugan guruna waé euweuh kanyaho! Naha teu diilikan
peunteun budak téh keur di kelas duana? Dasar guru jaman
ayeuna!” (13/2)
Emang Ki Ahmad boga pamadegan yén peunteun budak goréng
téh lantaran guruna anu euweuh kanyaho, teu bisaeun ngajar. Pamadegan
saperti kitu, ditémpas ku Ki Ahmad salaku palaku protagonis, yén
kapinteran budak téh tara angger.
104
“… Aya mangsana ti nu ieu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya
hukum perkembangan.” (13/3)
Pikeun negeskeun kaantagonisan emang Ki Ahmad, pangarang
nguatkeun pamadegan palaku anu tuluy dibandingkeun jeung pertélaan
yén guru jaman ayeuna jeung guru jaman baheula mah béda.
“… Mémangna kétang guru jaman ayeuna mah sok asa pinter,
tapi ari digawé teu balener… Ieuh, guru déwék mah baheula,
sirahna ogé barutak tanda guru pinter.” (13/4)
Ti dinya, bisa katitén sikep égois emang Ki Ahmad anu embung
éléh sanajan pertélaanna teu merenah. Sikep kasar ogé ditémbongkeun
emang Ki Ahmad ka Husén, anakna. Cara ngatik jeung nyarita ka budakna
diébréhkeun dina ieu cutatan,
“Bodo! Moal enya 8 x 17 saratus genep! ...” (15/7)
“Goblog! Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh …” (15/9)
“Ituh-ituh kalah ka méwék! Si Bodo! Nyatu waé ka itu di
dapur! …” (15/11)
Palaku Husén, anakna emang Ki Ahmad jeung palaku tukang béca
sabenerna teu bisa disebutkeun protagonis, duméh sikepna teu goréng-
goréng teuing jiga emang Ki Ahmad. Éta hal lantaran pangarang teu
nembrakkeun sacara atra sikep jeung eusi pikiran ieu dua urang palaku.
Lantaran ieu dua urang palaku miboga kalungguhan salaku palaku
tambahan, tangtuna waé pangarang teu ngébréhkeun ayana palaku-palaku
antagonis jeung protagonis séjén. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca
museurkeun paniténna ka palaku utama.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku
anu watekna kompléks jeung tiluan anu watekna basajan. Palaku anu
miboga watek kompléks nya éta emangna Ki Ahmad. Ieu paripolah palaku
105
sipatna dinamis, teu ngan miboga hiji watek. Hiji waktu manéhna gedé
ambek, babari émosional upama aya anu nyigeung perasaanna, tapi di
waktu anu séjén manéhna ogé bisa ngontrol émosi sangkan teu
ngagunakeun kakuatan fisik pikeun ngébréhkeun émosina. Hartina,
sanajan omonganna kasar jeung garihal, tapi ari neunggeul atawa
nampiling éstu tara pisan. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina ieu
cutatan,
“Sarieuneunana téh lain pédah sok nampiling atawa nyabok
ngagitik, tara nyintreuk-nyintreuk acan. Ieu mah éta sarieuneun
ngadéngé omonganana. Da poksangna béak ti karep, ceplak
pahang garihal sugal jeung kasar.” (12/2)
Paripolah anu robah dina sawatara situasi carita ogé ngébréhkeun
yén palaku emang Ki Ahmad masih miboga jiwa humanis. Dina bubuka
dicaritakeun kumaha watek emang Ki Ahmad saperti cutatan di luhur,
dituluykeun ku gambaran sikepna ka alona anu teu kaopan. Aya ogé
gambaran situasi basa emang Ki Ahmad nyarékan tukang béca. Nincak
kana tengah carita, digambarkeun watek emang Ki Ahmad anu leuwih
kuat, nya éta basa manéhna ngamuk lantaran raport anakna goréng.
Ditambahan ku situasi adu pamadegan jeung Ki Ahmad ngeunaan cara
guru ngajar jeung kamampuh budak dina nyangkem pangajaran.
Gambaran-gambaran saperti kitu atra pisan katingali watek emangna Ki
Ahmad anu heuras.
Tapi sikepna anu sarupa kitu téh kungsi teu katingali basa manéhna
ngageroan anakna, saperti katitén dina ieu cutatan di handap,
“… Sén, Husén! Ka dieu Jang, urang diajar ngitung ku Bapa”
(14/3)
Cara palaku ngageroan budakna teu siga ngageroan barudak
umumna, anu cukup ku nyebut “Négro”, “Monyét”, atawa “Si Beuki
Méwék” (kaca 12). Di dieu, katitén watek nu jadi Bapa anu dibarung
106
kanyaah ngageroan budakna ku sebutan “Jang” atawa pondokna tina
“Ujang”. Dina hubungan pancakaki Sunda, sesebutan saperti kitu tanda
nyaah ti kolot atawa saluhureun ka budak atawa sahandapeun. Lian ti éta,
palaku ogé ngabapakeun, henteu nyebut déwék saperti sasari lamun pareng
nyebutkeun gaganti ngaran sorangan. Ti dieu bisa katitén robahna watek
palaku ti nu kasar jadi leuwih leuleuy.
Béda jeung palaku basajan anu statis, palaku emang Ki Ahmad
robah deui watekna jadi watek anu heuras sarta gedé ambek. Ieu hal
dirojong ku situasi anu aya dina carita. Kacaritakeun Husén teu bisa
ngajawab soal ngitung ti manéhna, tangtuna waé emang Ki Ahmad
ambekeun pisan. Kaambekna diébréhkeun ku cara nyentak jeung
ngageubig-geubig awak Husén. Saperti anu katitén dina ieu cutatan di
handap.
“Bodo! Moal enya 8 x 17 saratus genep! ...” (15/7)
“Goblog! Geus moal tulus dibéré karéta mesin téh…” (15/9)
“… Cing uteuk téh paké! Ieuh, dalapan kali tujuh belaaaas
sabarahaaaa?” bari ngageubig-geubig sirah budak, méh baé
budak téh tijengkang.” (15/9)
Sikep leuleuy anu geus ditémbongkeun saméméhna, ayeuna balik
deui lantaran teu bisa ngontrol émosina sanajn ka nu jadi anak. Éta hal
katurug katutuh, emang Ki Ahmad éléh pamadegan jeung Ki Ahmad
ngeunaan guru jeung kamampuh budak dina diajar. Ieu di handap
mangrupa cutatan anu ngarojong éta hal,
“Matak pusing nya Mang ngajar téh. Angot geura upami
mayunan kelas mah. Mangkaning budak anu saur emang
‘goblog’ téh aya puluhna.” (15/13)
“Ana sengor téh bari nyentak, “Bané waé déwék mah lain
guru! Cacak baheula sakola guru mah…” cenah bari ngaléos.”
(16/2)
107
Tina cutatan di luhur, katitén yén watek emang Ki Ahmad di ahir
carita tétéla balik deui kana sipat égoisna, sanajan manéhna apal yén éta
téh salah tapi tangtu waé moal daék ngaku, cukup ku pertélaan saperti dina
cutatan kadua di luhur (16/2). Jadi, bisa dicindekkeun yén palaku emang
Ki Ahmad anu kompléks miboga ogé watek anu dinamis, hartina bisa
robah sawaktu-waktu luyu jeung situasi ogé konflik carita.
Parapalaku basajan jauh leuwih statis, saperti Ki Ahmad jeung
Husén anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger, datar
jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Palaku tukang béca dina ieu carita ogé
miboga watek anu basajan kalawan teu mekar atawa statis. Lantaran
palaku tukang béca ngan muncul sakali dina ieu carita, pangarang teu
ngébréhkeun watek atawa pasipatanana.
(d) Dumasar Pencerminan
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ki Ahmad, emang Ki Ahmad,
jeung Husén mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun tukang béca kaasup
palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabel 4.1
Data Latar GT-01
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-01/9:12/4 Jalan
2. GT-01/2:12/7 Tengah imah
3. GT-01/10:12/4 Kelas handap
4. GT-01/10:12/5 Masarakat kelas luhur
5. GT-01/10:12/6 Hiji mangsa
108
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
6. GT-01/3:13/1 Kwartal kahiji
7. GT-01/8:13/2 Jaman ayeuna
8. GT-01/5:15/11 Dapur
Kat:
Tpt. : Tempat Wkt. : Waktu Sos. : Sosial
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
(a) Tempat
Aya opat latar tempat dina carpon “Emang jeung Alo”, nya éta
jalan, tengah imah, dapur, jeung Jakarta. Latar tempat jalan (GT-01:12/4)
teu diébréhkeun sacara éksplisit, tapi saukur digambarkeun dina situasi
basa emangna Ki Ahmad nyarékan tukang béca duméh ngahalangan
mobilna waktu manéhna keur nyetir. Sangkan leuwih jelas, bisa katitén
dina cutatan ieu di handap.
“Lamun keur nyetiran mobil, pék hareupeunana aya tukang béca
dugal-dugil ngaboséh da puguh nanjak, haok baé, “Minggir lu!
hayang kojor?!” (12/4)
“Atuh puguh baé tukang béca téh tibuburanjat, jaba reuwas ku sora
tuter téh jeung ceuli deuih panas asa disebit. Polotot baé ti dituna
mah rék ngalawan, tapi ana rét kana béntang anu tinggurilap dina
taktak emang Ki Ahmad, kulahék baé, ngan ukur “Samber koléra!
Dilebok méong!” cenah gegerenceman.” (12/5)
Dina dua cutatan di luhur euweuh kecap anu nuduhkeun jalan, tapi
luyu jeung gambaran situasina anu ngagambarkeun béca dina tanjakan
jeung nyetiran mobil, tangtuna waé ieu kajadian lumangsung di jalan.
Latar tempat séjén nya éta tengah imah (GT-01:12/7), dina ieu hal imahna
emang Ki Ahmad. Ieu tempat jadi tempat utama dina inti carita, lantaran di
109
tengah imah lumangsung konflik antara Ki Ahmad, emang Ki Ahmad,
jeung Husén. Di dinya, Ki Ahmad jeung emangna pagedrug paham
ngeunaan kamampuh diajar budak jeung kapinteran guru dina ngajar. Di
dinya ogé emang Ki Ahmad nyarékan Husén (budakna) lantaran teu bisa
ngajawab soal itungan 8 x 17.
Salian ti éta, aya ogé latar dapur (GT-01:15/11) anu dijadikeun
tempat ngusir Husén ti tengah imah lantaran teu bisa ngajawab soal
itungan. Ieu latar mangrupa latar tambahan, lantaran teu kacaritakeun
Husén waktu geus di dapur, ieu tempat saukur disebutkeun ku palaku
utama ngaliwatan kalimah langsung dina paguneman.
(b) Waktu
Aya tilu latar waktu anu aya dina ieu carpon, nya éta kwartal kahiji
(GT-01:13/1), jaman ayeuna (GT-01:13/2), jeung hiji mangsa (GT-
01:12/6). Éta tilu latar waktu kaasup kana latar waktu anu henteu faktual,
lantaran upama teu ditingali kontéks caritana, bakal teu jelas iraha-irahana.
Sanajan kitu, tilu latar waktu tadi jadi bahan informasi keur nu maca.
Upamana kwartal kahiji, mangrupa istilah anu dipaké dina dunya atikan
sakola mangsa taun 80-an pikeun ngébréhkeun waktu diajar anu dibagi
kana tilu kwartal dina sataun ajaran. Ieu latar waktu dipaké pikeun
nétélakeun waktu diajar Husén anu kakara kwartal kahiji di kelas tilu SD.
Pangna disebutkeun sacara éksplisit, duméh nilik kana eusi galur carita
anu nyaritakeun yén peunteun ngitung Husén keur kelas dua téh dalapan,
ari nincak ka kelas tilu kwartal kahiji bet jadi peunteun tilu. Hartina, aya
rentang waktu anu sakeudeung tapi mangaruhan kana peunteun raportna
Husén.
Latar waktu lianna nya éta jaman ayeuna, jaman anu dimaksud
kurang jelas iraha-irahana. Tapi lamun nilik kana waktu gumelarna ieu
karya (1984), bisa disebutkeun yén maksud tina jaman ayeuna téh nya éta
mangsa taun 80-an. Salian ti éta, aya ogé katerangan anu ngébréhkeun
waktu lumangsungna kajadian, nya éta hiji mangsa. ieu latar waktu
110
mangrupa latar lumangsungna inti carita basa emangna Ki Ahmad ngamuk
lantaran raport Husén goréng.
(c) Sosial
Latar sosial dina ieu carpon aya anu mangrupa status sosial jeung
cara mikir palaku. Éta tilu latar nya éta gambaran masarakat kelas luhur
jeung kelas handap, gambaran guru anu dianggap euweuh kanyaho, jeung
ayana pamadegan ngeunaan budak ngora anu dianggap pipinteranan.
Gambaran ayana masarakat kelas luhur jeung masarakat kelas
handap katitén tina ayana palaku emang Ki Ahmad anu bisa jadi mangrupa
aparat (ABRI/Polisi), éta hal ditepikeun kalawan implisit ngaliwatan tanda
béntang anu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad. Sabalikna,
masarakat kelas handap diwakilan ku tukang béca anu kungsi dicarékan ku
emang Ki Ahmad.
Latar sosial séjén anu kagambar dina ieu carpon nya éta ngeunaan
cara mikir palaku Ki Ahmad jeung emang Ki Ahmad. Cara mikir emang
Ki Ahmad ngeunaan guru-guru ngora anu euweuh kanyaho didadasaran ku
ayana perkara peunteun raport Husén anu goréng. Salian ti éta, manéhna
ogé nganggap guru jaman ayeuna anu henteu barutak nandakeun teu
pinter, béda jeung guru jaman baheula anu barutak tandana pinter.
Manéhna ngukur pinter jeung henteuna hiji jalma kawilang heureut. Béda
jeung cara mikir alona, Ki Ahmad. Manéhna boga pamadegan yén budak
boga kamampuh anu teu angger, lantaran aya hukum perkembangan. Kitu
deui ngeunaan kamampuh guru anu geus dibekelan élmu pikeun
ngondisikeun atawa ngajar puluhan murid dina sakelas, anu tangtuna waé
moal bisa kagéroh kabéh, éta hal gumantung kana prosés siswa nyangkem
pangajaran.
4.2.1.2 Unsur Semiotik GT-01
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-01 ngawengku tilu ikon, salapan
indéks, jeung dua simbol.
111
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-01 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
wungkul. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.2
Analisis Unsur Ikon GT-01
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-01:12/4 Ngaboséh Kecap ngaboséh, sacara
langsung nyitrakeun
objék anu ditujuna, nya
éta béca.
Bisa katitén dina
cutatan ieu di handap:
… tukang béca dugal-
dugil ngaboséh da
puguh nanjak…
2. GT-01:11/2 Nyintreuk-
nyintreuk
Dina tataran léksikal,
kecap nyintreuk-
nyintreuk mangrupa
prosés réduplikasi.
Nyintreuk-nyintreuk
mangrupa petanda anu
nandaan pagawéan
anusacara langsung
nyitrakeun objék anu
ditujuna, nya éta ceuli.
Bisa katitén dina
cutatan ieu di handap:
… tara nyintreuk-
nyintreuk acan…
3. GT-1/4:12/2 Négro Négro mangrupa tanda
anu nyitrakeun kaayaan
hiji jalma anu
pakulitanna hideung. Ieu
hal patali jeung
kasapukkan persépsi
masarakat ngeunaan
urang Négro-Afrika anu
112
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
hideung. Dina ieu
kontéks bisa katitén tina
cutatan ieu dihandap.
“Ka dieu Négro, déwék
pencétan!”
Katerangan:
Img. : ikon imagis (citra) Mfr. : ikon métaforis
Dgm. : ikon diagramatis
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-01 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.3
Analisis Unsur Indéks GT-01
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-01:11/4 Pikanyerieun Gejala fisik Pikanyerieun mangrupa
tanda indéks tina ayana hiji
hal anu ngabalukarkeun rasa
nyeri. Dina ieu kontéks, rasa
nyeri anu karandapan
balukar tina omongan
emangna Ki Ahmad anu
matak pikanyerieun haté.
Cutatanna bisa katitén ieu di
handap.
… tapi ari matak nyungkelit
mah angger wé
pikanyerieun.
2. GT-01:12/2 Sawo tutung Gejala fisik Sawo tutung mangrupa
indéks tina kaayaan kulit
awak (fisik) anu pulasna
hideung. Ieu katitén tina
cutatan di handap:
113
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… ka alona nu kulitna rada-
rada sawo tutung.
3. GT-01:12/3 Si Beuki
Méwék
Aktualisasi Si Beuki Méwék mangrupa
indéks tina jalma anu henteu
disebutkeun ngaranna
lantaran miboga kabiasaan
ceurik, jadi dilandih
sesebutanna. Ieu hal bisa
katitén tina cutatan ieu di
handap.
Calukan Si Beuki Méwék,
sugan moal jebléh ari dibéré
soklat mah.
4. GT-01:13/4 Butak Gejala fisik Butak mangrupa tanda
indéks tina kontéks
pamahaman yén sirah anu
butak nandakeun jelema anu
pinter. Ieu bisa katitén tina
cutatan di handap.
Ieuh, guru déwék mah
baheula, sirahna ogé
barutak tanda guru pinter.
5. GT-01:13/7 Beungeut
bareureum
Gejala fisik Beungeut bareureum
mangrupa tanda indéks tina
rasa ambek jeung éra anu
karandapan ku hiji jalma
sacara biologis. Ieu bisa
katitén tina cutatan di
handap.
Beungeut Ki Ahmad mimiti
bareureum, haténa mimiti
panas.
6. GT-01:14/4 Panas Zat Panas mangrupa tanda
indéks tina situasi rasa
ambek anu karandapan hiji
jalma, karasa ku haté sarta
teu bisa disaruakeun jeung
panas dina harti sacara fisik.
Ieu hal bisa katitén dina
114
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
cutatan di handap.
Beungeut Ki Ahmad mimiti
bareureum, haténa mimiti
panas.
7. GT-01:15/2 Ngahuleng Aktualisasi Ngahuleng mangrupa tanda
indéks tina sikep cicing bari
mikiran hiji hal. Dina ieu
kontéks, ngahuleng
dilakukeun ku Husén
lantaran keur mikiran
jawaban tina soal ngitung 8
x 17. Éta hal katitén dina
cutatan ieu di handap.
Aéh-aéh ngitung téh kalah
ngahuleng…
8. GT-01:14/3 Ka dieu Aktualisasi Ka dieu mangrupa tanda
indéks anu nuduhkeun
(demonstrative) prosés
pindah ti hiji tempat ka
tempat séjén. Ieu bisa
katitén tina cutatan di
ahandap:
Ka dieu Jang urang diajar
ngitung ku Bapa!
9. GT-01:14/4 Bapa Aktualisasi Bapa mangrupa tanda
indéks tina gaganti jalma
pikeun ngébréhkeun status
hubungan pancakaki antara
Husén jeung emang Ki
Ahmad. Ieu bisa katitén tina
cutatan di handap.
Ka dieu Jang urang diajar
ngitung ku Bapa!
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
115
Tabél 4.4
Analisis Unsur Simbol GT-01
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-01:11/6 Monyét Monyét mangrupa simbol tina sato
anu sok mindeng teu daék cicing. Dina
ieu kontéks, monyét dilarapkeun ka
barudak anu keur saleuseurian.
Monyét ogé jadi simbol kaambek hiji
jalma, saperti anu katitén tina cutatan
ieu di handap.
Montong calecengiran, monyét!
2. GT-01:12/5 Béntang Béntang mangrupa simbol tina jabatan
atau kalungguhan palaku dina tataran
militér. Ieu katitén tina cutatan di
handap.
… tapi ari rét kana béntang nu
tinggurilap dina taktak emang Ki
Ahmad, kulahék baé…
4.2.1.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-01
Kaayaan sosial dina hiji kelompok masarakat gumantung kana prosés
sosialna. Ieu hal bisa katitén tina ayana hubungan antarindividu dina hiji
kelompok sosial.
a. Ajén Sosial
Pikeun maluruh ajén sosial anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa
katitén tina tabél data ieu di handap.
Tabél 4.5
Data Ajén Sosial GT-01
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-01:13/3 Kapinteran budak
2. GT-01:13/4 Guru sok asa bener
116
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
3. GT-01:13/2 Guru euweuh kanyaho
4. GT-01:13/6 Teu percaya ka guru
Katerangan:
Bnr. : Ajén Bebeneran Mrl. : Ajén Moral
Énd. : Ajén Kaéndahan Agm. : Ajén Kaagamaan
Dumasar kana data tabél 4.5 di luhur, bisa katitén aya hiji data anu
ngandung ajén sosial bebeneran jeung tilu ajén sosial moral.
1) Ajén Bebeneran
Data GT-01:13/3 ngébréhkeun ayana konsép ngeunaan kapinteran
budak/siswa di sakola dumasar kana sawangan saurang guru. Ieu data
kapanggih dina cutatan ieu di handap.
“Atuda mang, kapinteran budak téh tara angger. Aya mangsana ti nu
itu maju, ti nu ieu mundur. Kapan aya hukum perkembangan.”
Palaku nyoba maluruh ngeunaan konsép bebeneran ngeunaan ayana
hukum perkembangan di dunya atikan. Bisa ogé ditétélakeun yén ayana
palaku Ki Ahmad miboga kalungguhan pikeun ngabenerkeun cara mikir
palaku emang Ki Ahmad ngeunaan kamampuh siswa, anu ku manéhna
dianggap bodo. Pertélaan dina cutatan di luhur ogé ngébréhkeun yén lain
sagemblengna salah budak upama peunteun ngitung dina raportna turun.
2) Ajén Moral
Data séjén anu patali jeung data saméméhna nya éta GT-01:13/4 jeung
GT-01:13/2. Ieu dua data miboga hubungan dina hal konsép pamikiran emang
Ki Ahmad, yén budak/siswa bodo lantaran guruna sok asa bener jeung euweuh
kanyaho kana soal ngatik barudak. Éta hal ngabalukarkeun ayana rasa teu
percaya ka guru (GT-01:13/6). Sacara sosial, ieu tilu ajén asup kana katégori
ajén moral. Pangna kitu, ieu hal nyindekel kana unsur kahayang hiji jalma
117
(emang Ki Ahmad), utamana kana kalakuan jalma (guru) anu dianggap
goréng. Lantaran aya persépsi saperti kitu ti palaku, nu maca bisa ningali
konsép séjén anu leuwih réalitas rék ditepikeun ku pangarang ngeunaan moral
hiji jalma anu salawasna diajén jeung diperhatikeun ku jalma séjén, kaasup nu
maca bisa ngajén palaku emang Ki Ahmad jeung Ki Ahmad ngaliwatan
interprétasina séwang-séwang. Sanajan kitu, luyu jeung data anu geus
kapanggih dina analisis palaku dumasar penampilanna, bisa katitén yén palaku
emang Ki Ahmad miboga watek anu goréng, sedengkeun palaku Ki Ahmad
miboga watek hadé.
b. Ajén Budaya
Pikeun maluruh ajén budaya anu nyangkaruk dina carpon GT-01, bisa
katitén tina tabél data ieu di handap.
Tabél 4.6
Data Ajén Budaya GT-01
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-01:13/3 Kapinteran budak
teu angger
2. GT-01:13/3 Hukum
perkembangan
3. GT-01:15/13 Ngajar téh teu
gampang
4. GT-01:12/4 Nyetiran mobil
5. GT-01:12/4 Maréntah sina nyisi
6. GT-01:13/2 Guru jaman ayeuna
7. GT-01:14/3 Nitah ka tengah
imah
8. GT-01:15/11 Nitah ka dapur
9. GT-01:16/1 Ngajénan guru-guru
lian
118
Katerangan:
T : Ajén Téori Sn. : Ajén Seni
É :Ajén Ékonomi K : Ajén Kawasa
A : Agama Sl. : Ajén Solidaritas
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.6 di luhur, katitén aya
tilu ajén téori, hiji ajén ékonomi,opat ajén kawasa jeung hiji ajén solidaritas.
Ajén téori nyoko kana pamadegan yén manusa mikawanoh ayana téori anu
jadi konsép dina prosés ngajén alam sabudeureun. Dina ieu hal, situasi anu
diajénna nya éta situasi pangajaran di sakola. Salian ti éta, ajén téori ogé
disawang tina pamadegan-pamadegan palaku ngeunaan kahirupan jeung cra
ngatik antara kolot jeung guru anu kudu silih rojong.
1) Ajén Téori
Data GT-01:13/3 jeung GT-01:13/3 ngébréhkeun ayana téori hukum
perkembangan dina prosés pangajaran. Hukum perkembangan pikeun siswa
SD miboga wirahma anu ngalaman pasang surut. Upamana dina ieu hal,
Husén anu keur di kelas duana ngitung meunang peunteun alus, tapi di kelas
tilu peunteunna jadi goréng, sabenerna lain perkara bodo jeung pinterna
budak, sakumaha anu ditétélakeun ku bapana. Tapi, ieu hal patali jeung irama
perkembangan budak dina umur antara genep nepi ka sabelas taun. Data GT-
01:15/13 ngébréhkeun dipakéna téori prosés pangajaran. Ieu téori nétélakeun
yén guru miboga konsép jeung rarancang ogé kaparigelan anu geus
ditataharkeun samaméh ngajar. Hartina, guru teu bisa ujug-ujug ngajar saperti
anu dipikirkeun ku palaku emang Ki Ahmad dina ieu carpon GT-01.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi anu kapanggih dina ieu carpon nya éta katitén tina data
GT-01:12/4. Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa ngagunakeun logikana
salian ti réalistis ogé ékonomis. Ukuran atawa tingkat ékonomi hiji jalma bisa
katitén tina matéri anu dipibandana. Saperti anu katitén dina ieu carpon GT-
01, ajén ékonomi diébréhkeun sacara kontras antara palaku emang Ki Ahmad
119
anu nyetiran mobil jeung tukang béca anu ngaboséh bécana. Ti dinya bisa
dicindekkeun kaayaan ékonomi éta dua urang palaku.
3) Ajén Kawasa
Ajén kawasa mangrupa ajén budaya anu panglobana dina ieu carpon.
Ieu ajén dominan lantaran nilik kana analisis struktur palaku jeung galur
carita, ieu carpon didominasi ku gambaran watek palaku utama (emang Ki
Ahmad). Ieu hal nyoko kana ayana patali antara hiji jalma jeung pamadegan
jalma séjén. Jalma bakal ngarasa sugema lamun jalma séjén nurut kana
paréntah jeung pamadeganna. Dina ieu carpon GT-01, data GT-01:12/4, GT-
01:14/3, jeung GT-01:15/11 ngébréhkeun ayana paréntah-paréntah ti hiji
palaku ka palaku séjén. Data GT-01:14/3 ngébréhkeun ayana kahayang ti
palaku emang Ki Ahmad sangkan pamadeganna ngeunaan guru anu euweuh
kanyaho dirojong atawa dienyakeun. Tapi, lantaran éta pamadegan teu
merenah, palaku Ki Ahmad ngarasa perlu némbongkeun hiji situasi anu bisa
ngarobah pamadeganna sakaligus bisa ngabéla guru-guru lian sangkan henteu
disakompétdaunkeun.
4) Ajén Solidaritas
Anu dilakukeun ku palaku Ki Ahmad ngabalukarkeun ayana ajén
budaya solidaritas, lantaran sacara teu langsung geus nulungan jalma séjén
tina kurang merenahna pamadegan hiji jalma, dina ieu kontéks emangna Ki
Ahmad.Ieu hal luyu jeung data GT-01:16/1 anu némbongkeun solidaritas Ki
Ahmad kana profési guru.
4.2.2 “Nu Beunghar” (GT-02)
4.2.2.1 Struktur Carita GT-02
a. Téma
Téma ieu carpon GT-02 nya éta ngeunaan kaadilan sosial. Ieu téma
luyu jeung maksud anu rék ditepikeun ku pangarang yén dina enas-enasna
kaayaan sosial téh bisa disebut teu adil. Lantaran kitu pangarang miharep ka
120
nu beunghar bisa inget ka nu sangsara, teu saukur ngudag kabeungharan
pribadi tapi ogé ngutamakeun karaharjaan balaréa ku cara hirup basajan jeung
teu poho ka baraya. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu
ngagambarkeun éta téma.
… Saur Ema mah cenah, anjeunna téh geus boseneun calik di
gedong sigrong, icikibung dina kaméwahan. Nya tuluy masisian,
nyaung-nyaung di luar kota. (17/4)
“Yeuh, geulis, bageur, pinter…, nini-nini mah ngadegkeun pabrik
di ditu di dieu sotéh gegedéna mah itung-itung méré pangupa jiwa
ka dulur-dulur urang nu teu mampuh!” (26/7)
“Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-baraya
nu jareneng baé! Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik dulur-dulur
urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu pikarunyaeun, rék ku
saha ditulunganna ari lain ku urang nu kasebutna leuwih beunta?”
(27/3)
“Matak Nini mah ngahaja imah-imah di pasisian kieu téh, imah
butut kieu, da ari ka gedongan mah baraya nu teu boga tara
daraékeun unggah, sérabun ku imah.” (27/8)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén téma ieu carpon
mémang museur ka saurang palaku anu beunghar, luyu jeung judulna.
Kontéks anu dipidangkeun ngeunaan beunghar dina ieu téma bisa jadi
ngandung dua harti, jalma anu beunghar harta jeung beunghar haté.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku datangna palaku Kuring jeung salakina ka
imah Nini (nini ti gigirna). Dina ieu bagian dicaritakeun ti barang béca
eureun hareupeun imah, kaayaan pakarangan imah anu harieum ku
121
tatangkalan, nepi ka srogna ka tepas imah anu dibagéakeun ku piribumi
(A).
Sanggeus dititah diuk, tuluy ngamimitian ngawangkong ngalér
ngidul. Eusi wangkonganna nyaritakeun ngeunaan mangsa-mangsa
baheula Nini keur ngora (D1). Ieu mangrupa téhnik flash back, anu
nyaritakeun mangsa bihari dina waktu kiwari. Ieu téhnik digunakeun
upama aya hubungan atawa patula patalina hal anu karandapan baheula
jeung kajadian ayeuna. Lantaran dina ieu carpon téhnik flash back
digunakeun dina sela-sela wangkongan, tangtu waé upama ngawangkong
sok aya eureunna. Ieu waktu eureun (jeda tina flash back) digunakeun ku
pangarang pikeun malikeun deui pangacian anu maca ka mangsa kiwari,
kitu satuluyna (B). Carita balik deui ka mangsa Nini meuli imah jeung
nyieun pabrik keur kahirupan dulur-dulurna (D2). Upama ayah al anu teu
sapadegan jeung Kuring, Kuring langsung nyempad wangkongan, ieu hal
salaku galur anu mulangkeun pangacian anu maca kana mangsa kiwari
(C). Pangarang mungkas carita ku museurkeun ka mangsa kiwari anu keur
karandapan ku palaku Kuring jeung salakina anu keur nyémah. Teu
kacaturkeun balik atawa amitan ti imahna Nini, ngan nepi ka ayana hiji
kacindekan ti palaku Kuring ngeunaan palaku Nini, jalma beunghar anu
hirup basajan (E).
Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
(b) Dumasar Jumlah
Ditilik tina jumlahna, ieu carpon GT-02 ngagunakeun sub-galur
anu galurna leuwih ti hiji. Galur kahiji, nyaritakeun Kuring jeung salakina
anu nyémah ka imah Nini sarta tuluy ngawangkong. Galur kadua,
nyaritakeun lalampahan Nini ti mimiti cicing di imah gedong nepi ka
nyaung-nyaung di sisi kota. Galur ka tilu, nyaritakeun sémah-sémah séjén
anu daratang ka imah Nini. Jumlah galur saperti kieu ilahar digunakeun
122
dina carita anu ngagunakeun téhnik campuran dina midangkeun eusi
caritana.
(c) Dumasar Kepadatan
Ditilik tina padet henteuna, ieu galur kaasup kana galur anu
anggang. Ieu galur anggang, midangkeun caritana sacara kendor sarta
hubungan antarkajadianna ogé teu dalit. Sanajan kitu, pangarang kawilang
anca dina nembrakkeun runtuyan carita, tapi ogé dina bagian mimiti carita,
eusi sacara gemblengna geus bisa katingali. Kajadian-kajadian anu
diébréhkeun dina galur flash back ogé teu miboga hubungan anu sacara
langsung karandapan ku para palaku dina mangsa kiwari.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-02 ngagunakeun galur
pemikiran. Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa
hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi
bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan loba kénéh kalangan
masarakat anu sangsara atawa teu boga pagawéan. Di sisi lianna, aya anu
beunghar tapi malah nyaung-nyaung sisi kota. Hal séjén ngeunaan
perhiasan anu dipaké ku palaku Nini, éstu nyurup jeung pangawakanna.
Aya ogé hal anu jadi bahan pikiraneun nya éta ngeunaan konsép duduluran
jeung babarayaan ngaliwatan prosés silaturahmi.
2) Palaku
Dina ieu carpon GT-02, aya lima urang palaku nya éta palaku salaki
(GT-02:17/1), Nini (GT-02:17/), Nyai (GT-02:19/1), kuring (GT-02:21/5),
jeung ninina budak (GT-02:23/8), Éta lima urang palaku bisa ditilik dumasar
kalungguhan, penampilan, watek, jeung pencerminan palakuna.
123
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanna, dina ieu carpon aya dua urang palaku
utama jeung tilu urang palaku tambahan. Palaku utamana nya éta Nini
jeung kuring. Palaku tambahanna aya salaki, Nyai, jeung ninina budak.
Nini mangrupa palaku utama, éta hal dumasar kana kalungguhanna dina
carpon anu dominan sarta museurkeun panitén nu maca ka ieu palaku.
Sedengkeun Kuring ogé mangrupa palaku utama salaku ‘mata’ pangarang
anu ngagunakeun puseur sawangan jalma kahiji. Jadi, ieu palaku
némbongkeun sagala hal anu katingali, karasa, jeung kadéngé ku manéhna.
Nepi ka manéhna nyindekkeun jeung nepikeun amanat tina eusi ieu carpon
minangka perantara antara pangarang jeung nu maca.
Ayana palaku tambahan dina ieu carita digunakeun pikeun mapaés
eusi carita sangkan leuwih sieup jeung leuwih réalistis. Upamana salaki
salaku palaku anu marengan pamajikanna (Kuring), jadi gambaran logis
yén sakuduna hiji salaki boga kawajiban keur maturan pamajikanna
silaturahmi ka baraya anu jauh. Palaku séjén Nyai jeung indungna,
digunakeun pikeun ngalengkepan eusi carita ngeunaan babarayaan. Jadi,
sakur palaku miboga kalungguhanna séwang-séwang.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, kabéh palaku dina ieu carpon kaasup
kana palaku protagonis. Euweuh palaku anu kacaritakeun miboga watek
anu goréng. Palaku Nini jelas digambarkeun jadi hiji palaku anu kacida
bageurna sarta miboga jiwa sosial anu luhur. Éta hal katitén tina cutatan
ieu di handap.
“Ceuk nini gé, urang ningali téh ulah ngan ukur ka baraya-
baraya nu jareneng baé! Tuh tingali, di ditu di dieu teu saeutik
dulur-dulur urang,babarayaan urang anu teu garaduh, nu
pikarunyaeun, rék ku saha ditulunganna ari lain ku urang nu
kasebutna leuwih beunta?” (27/3)
124
Palaku kuring éstu miboga sipat ajrih, sanajan digambarkeun
leuwih réalistis minangka wanoja karir mangsa kiwari. Ieu bisa katitén tina
cutatan ieu di handap.
… rumasa, ari teu kaburu masak da puguh kuring gé digawé,
deungeun sangu téh cukup ku meuli ti warung. (21/6)
Palaku salaki, Nyai, jeung ninina teu némbongkeun ayana
pasipatan atawa watek goréng. Salaki anu maturan pamajikanna
silaturahmi jeung ngingetan pamajikanna ngeunaan rumah tangga, jadi
gambaran sikep anu alus. Palaku Nyai jeung ninina ogé némbongkeun
miboga watek hadé salaku sémah di imahna Nini. Ieu bisa katitén tina
cutatan ieu di handap.
teu kungsi lila torojol budak awéwé mawa samak… (19/2)
… solongkrong budak leutik téh munjungan ka kuring duaan.
(19/3)
… teu kungsi lila, kurunyung awéwé tengah tuwuh ka luar
mawa baki. (23/7)
Sanajan euweuh palaku antagonis, ieu carpon tetep méré warna
anu has dina eusi caritana. Malah, ieu carpon karasa pisan méré sugésti
positif ka nu maca. Jadi, pikeun nyieun kacindekan amanat tina hiji carita
teu kudu salawasna dibarengan ku ayana konflik antara palaku antagonis
jeung protagois.
(c) Dumasar Watek
Dumasar kana wangun watekna, palaku basajan aya tiluan nya éta
salaki, Nyai, jeung ninina budak. Palaku kompléksna ngan aya duaan, nya
éta Nini jeung kuring.
Palaku Nini miboga watek anu kompléks kalawan dinamis. Ieu hal
nyoko kana sikep, paripolah, sawangan ngeunaan kahirupan jeung konsép
réligius anu liket tapi diébréhkeun dina hal anu basajan sarta aplikatif. Ieu
125
palaku digambarkeun salaku hiji jalma anu beunghar, bisa katitén tina ali-
ali anu dipaké ku manéhna, tina imahna anu gedong, jeung tina sawatara
pabrik nu manéhna. Cara manéhna nyawang kahirupan sabudeureun éstu
basajan, aya nu boga jeung anu teu boga. Nu boga kudu bisa nulung ka nu
teu boga minangka kawajiban papada umat Gusti.
Ieu konsép ngeunaan kahirupan tétéla miboga wengkuan anu
jembar. Bisa patali jeung perkara pakasaban, status sosial, kalungguhan
wanoja, kawajiban manusa, kaayaan ékonomi masarakat, étika, moral,
jeung sajabana. Hal-hal saperti kitu kapanggih tina sawatara cutatan ieu di
handap.
… Sing saha gé moal aya nu nyangka yén nu nyicinganana téh
saenyana mah jalma beurat beunghar … geus boseneun calik di
gedong sigrong… (17/4)
… Ngaku baraya téh ulah ngan ka nu jareneng wungkul urang
téh! (19/7)
… bentén emas gé anjeunna mah gaduheun. (20/1)
… cingcin batu meni pinuh, teu sirikna dina unggal ramo.
(20/2)
… anyar-anyar ieu cenah manéhna téh ngagaleuh batako di
Pamanukan. (26/3)
Tina sawatara cutatan di luhur, katitén kompléksitas watek Nini
salaku jalma beunghar anu hayang terus makaya diri, tapi tetep hirup
sacara basajan. Salian ti mangrupa gambaran watek, ieu ogé mangrupa
gambaran prinsip kamanusaan anu sacara naluri hayang miboga rajakaya
tapi di lain sisi hayang makayakeun dulur. Prinsip hirup saperti kieu anu
hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Watek Nini salaku jalma anu
miboga pamadegan sosial anu hadé leuwih ngadominasi daripada watek
Nini salaku manusa biasa anu hayang aya dina kabeungharan.
Palaku séjén anu anu miboga watek kompléks sarta dinamis nya
éta palaku “Kuring”. Dina ieu carpon, palaku Kuring katitén miboga watek
126
anu dinamis. Sakapeung katitién miboga cara mikir anu basajan, tapi aya
ogé anu ngagambarkeun neuleuman harti hirup éstu gemet. Ieu hal tangtu
waé lantaran kalungguhanna salaku palaku utama anu ngébréhkeun rupa-
rupa pamadegan ti mimiti carita nepi ka nyindekkeun éta rupa-rupa
pamadeganna dina tungtung carita. Ieu di handap mangrupa sawatara
cutatan anu ngagambarkeun dinamisna watek Kuring.
… da cacak lamun nu makéna kuring atawa indung kuring
mah, tada temen ningnangna. Cara étalaseu téa, kitu téa! (20/2)
… Sorangan mah ukur nyenghél. Rumasa ari teu kaburu masak
da puguh kuring gé digawé, deungeun sangu téh cukup ku
meuli ti warung. (21/5)
… Aya deui béja ngadegkeun pabrik aci di Pagadén. Keur
naon? Asa ku sarakah-sarakah teuing ku dunya sepuh téh.
(26/3)
Ku mulya haté Nini. Boro haté geus boga sangka-sangka
goréng! Boro haté geus nyangka sarakah… (27/9)
… Bet asa éra sorangan! Sorangan mah ngalamun hayang
beunghar téh wungkul kabita ku boronyoyna kaméwahan,
hayang weureu seubeuh nyacapkeun kahayang napsu. (28/3)
Parapalaku basajan, watekna leuwih statis tibatan palaku
kompléks, saperti Salaki, Nyai, jeung ninina budak. Ieu para palaku,
sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, malah parobahan sikep ogé
teu témbong dina carita. Sanajan palaku Salaki miboga peran anu leuwih
loba tibatan palaku basajan lianna, tapi teu matak ngabalukarkeun robahna
kayaan. Sedengkeun palaku Nyai jeung ninina ngan miboga kalungguhan
salaku panglengkep galur.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Kuring, Salaki, jeung Nini
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Nyai jeung ninina budak kaasup
palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
127
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.7
Data Latar GT-02
No. Kode Data Data
FaktaCarita
Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-02:17/1 Hareupeun bumi
2. GT-02:17/4 Peuntaseun jalan
3. GT-02:17/4 Buruan
4. GT-02:17/4 Luar kota
5. GT-02:17/4 Pribadi anu basajan
6. GT-02:18/1 Payun
7. GT-02:23/1 Tukang
8. GT-02:25/3 Imah panggung
9. GT-02:18/4 Kamari
10. GT-02:28/3 Beurang
(a) Tempat
Aya tujuh latar tempat anu dipaké para palaku dina ieu carpon GT-
02. Éta tujuh latar téh nya éta hareupeun bumi (GT-02:17/1), peuntaseun
jalan (GT-02:17/4), buruan (GT-02:17/4), luar kota (GT-02:17/4), payun
(GT-02:18/1), tukang (GT-02:23/1), jeung imah panggung (GT-02:25/3).
Nilik kana data GT-02:17/1, hareupeun bumi dina ieu carita
mangrupa tempat eureunna béca anu ditaékan ku Kuring jeung Salaki, nya
éta di hareupeun imah Nini. Latar GT-02:17/4 jeung GT-02:17/4
mangrupa tempat sabudeureun latar utama (GT-02:25/3) anu dipaké
pikeun méré gambaran panglengkep anu leuwih detil. Latar GT-02:17/4
nya éta latar anu leuwih lega, tempat ayana imah Nini anu dijugjug ku
128
palaku Kuring jeung Salaki. Latar GT-02:18/1 nya éta tepas imah, tempat
Nini ngabagéakeun sémah. Latar GT-02:23/1 dipaké pikeun éré gambaran
dapur atawa hiji rohangan tempat Nyai jeung ninina nyicikeun cai keur
sémah. Latar GT-02:25/3 nya éta imah Nini anu mangrupa latar utama
tempat lumangsungna carita.
(b) Waktu
Latar waktu anu diébréhkeun dina ieu carpon aya dua, nya éta
kamari (GT-02:18/4) jeung beurang (GT-02:28/3). Latar GT-02:18/4 nya
éta waktu basa Kuring jeung Salaki datang ti Bandung. Ieu bisa katitén
tina cutatan-cutatan di handap.
(c) Sosial
Latar sosial anu katitén nya éta status sosial jalma anu beunghar
tapi miboga pribadi anu basajan (GT-02:17/4) jeung cara mikir palaku
kana kahirupan sabudeureunana. Palaku Nini anu dicaritakeun salaku
jalma anu beunghar tapi éstu paduli kana kahirupan jeung karaharjaan
baraya-barayana anu kurang mampuh, jadi gambaran kaayaan sosial dina
ieu carpon.
4.2.2.2 Unsur Semiotik GT-02
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-02 ngawengku lima ikon, tujuh
indéks, jeung lima simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-02 aya anu mangrupa ikon imagis jeung
ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
129
Tabél 4.8
Analisis Unsur Ikon GT-02
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-02:18/6 Kawas
meunang
ngaminyakan
Ngupamakeun
hérangna lampit anu
siga dibalur minyak,
sanajan dina enyana
bisa jadi henteu. Ieu
bisa katitén dina
cutatan di handap.
… diuk dina lampit
hérang kawas
meunang
ngaminyakan.
2. GT-02:18/11 Ngahéhéh
Nyoko kana
onomatope seurina
palaku salaki lantaran
karumasa beuteungna
gendut alatan teu
ngajaga pola dahar.
Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Salaki kuring
ngahéhéh rumasaeun
meureun beuteungna
mimiti ngagendutan.
3. GT-02:19/9 Ragamang
Nyitrakeun sacara
langsung kana
leungeun. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Ragamang
pananganna ngolés-
ngoléskeun apu kana
seureuh.
4. GT-02:20/2 Lir babagian
tina salira
Perhiasana anu
diibaratkeun salaku
bagian tina diri Nini
anu nyurup jeung
130
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
pribadina. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Anéh, perhiasan téh
dianggo ku anjeunna
mah kawas nu ngahiji
jeung salirana…
5. GT-02:25/1 Potrét karuhun Nyitrakeun jalma anu
aya dina foto. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Di antarana aya potrét
karuhun mani geus
semu-semu konéng.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-02 aya anu mangrupa indéks gejala
alam, barang, aktualisasi, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di
handap.
Tabél 4.9
Analisis Unsur Indéks GT-02
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-02:18/3 Kukupu jeung
sémah
Gejala
alam
Gejala alam anu dipikaharti
ku masarakat Sunda, patali
jeung kadatangan semah.
Kukupu dianggap tanda
bakal kadatangan sémah.
Ieu bisa katitén dina cutatan
di handap.
Paingan ti tadi kukupu
gegeleberan baé da rék aya
sémah jauh geuning.
131
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
2. GT-02:18/6 Lampit
hérang jeung
minyak
Barang Saliwat taya hubungana,
tapi ayana lampit anu kacida
hérang bisa nimbulkeun
indéks yén éta lampit
diempél ku minyak nepi ka
hérang. Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
… diuk dina lampit hérang
kawas meunang
ngaminyakan.
3. GT-02:19/1 Ka dieu Indéks
aktualisasi
Nétélakeun pituduh jeung
paréntah. pituduh ka si Nyai
sangkan nyampeurkeun ti
jero imah ka tempat nini
jeung sémah dariuk di
hareup. Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Nyai, nyai…! Cing mawa
amparan ka dieu!
4. GT-02:19/6 Kuring seuri Indéks
aktualisasi
Minangka kecap gaganti
jalma tina sawangan
pangarang. Ieu bisa katitén
dina cutatan di handap.
Kuring seuri. Biasa Nini
mah, teu sirikna sakur urang
Ciamis sok diaku baraya.
5. GT-02:23/7 Sora pakétrok
pisin
Indéks
sora
Sora pakétrok nu kadéngé ti
tukang ku sémah nandakeun
aya nu keur nyicikeun cai
kana gelas atawa cangkir
anu dipisinan. Pangna bisa
kadéngé, lantaran imah
panggung mah maké bilik,
lain témbok. Ieu bisa katitén
dina cutatan di handap.
Sora pakétrokna pisin
kadéngé deuih ka hareup, da
puguh imah bilik.
132
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
6. GT-02:23/7 Baki Barang Baki mangrupa barang anu
dipaké keur wadah kuéh
atawa cai lamun rek
nyuguhan sémah. hartina,
baki di dieu lain baki
kosong. Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Teu kungsi lila, kurunyung
awéwé tengah tuwuh ka luar
mawa baki.
7. GT-02:25/3 Lini Gejala
alam
Lantaran mindeng aya lini,
Nini hariwangeun/sieuneun
gedongna rugrug, jadi
mending imah panggung
anu jadi tempat
pamumpungan baraya anu
kurang mampuh. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Nini mah geus kolot, cicing
di gedongan téh sieun
rugrug. Apan di ditu di dieu
kabéjakeunana téh ngan lini
jeung lini baé,
pikahariwangeun nini-nini!
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-02 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.10
Analisis Unsur Simbol GT-02
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-02:19/9 Emas, pérak
kuningan
Simbol tina logam-logam anu
nétélakeun pangajina, emas anu paling
luhur, pérak, tuluy kuningan. Ieu bisa
katitén dina cutatan di handap.
133
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
Sidik, wadah lemareunna téh nu pérak
dilakop emas téa. Ngan tampolongna
mah kuningan.
2. GT-02:20/2 Batu sulaéman,
jamrut héjo,
angkik beureum
Batu sulaéman, jamrut héjo, jeung
angkik beureum mangrupa simbol
pamor dina rupa-rupa batu ali sarta
miboga ajén anu luhung pikeun anu
makéna. Ieu bisa katitén dina cutatan
di handap.
… panitih rantay tina batu sulaéman
anu semu-semu bodas jeung liontin
tina jamrut héjo… sanggulna mah teu
lésot tina tusuk sanggul batu sulaéman
jeung angkik beureum.
3. GT-02:21/8 Nyai Dewi Sri Simbol karaharjaan anu dipercaya ku
masarakat sunda. Jadi lamun nutu bari
heureuy, matak pamali teu ngajénan
ka Dewi Sri. Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Témpo nutu, nutu nu bener, teu
meunang bari heureuy tutunggulan
sagal, pamali! Matak pundung Nyai
Déwi Sri ceuk kolot mah!
4. GT-02:28/2 Perhiasan Simbol status sosial, di masarakat aya
anggapan yén beuki loba perhiasan
atawa rarangkénna, beuki luhur status
ékonomina. Dina ieu kontéks,
perhiasan lain saukur ngagambarkeun
status sosial, tapi mangrupa simbol
tina éndahna sikep jeung paripolah hiji
jalma dina kahirupanna. Ieu bisa
katitén dina cutatan di handap.
Paingan Nini mah pantes waé nganggo
perhiasan kitu kieu minuhan salira
ogé, da kakayaanna téh bener-bener
dalit jeung pribadi katut jiwana.
5. GT-02:28/3 Imah Imah magrupa simbol tina
perlindungan jeung katengtreman. Ieu
bisa katitén dina cutatan di handap.
134
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
Paingan imah téh ku matak
pikabetaheun, cacak ukur imah
basajan mah.
4.2.2.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Pikeun maluruh ajén sosial anu aya dina carpon GT-02, bisa katitén
tina tabél data ieu di handap.
Tabél 4.11
Analisis Ajén Sosial GT-02
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-02:17/4 Kaéndahan visual
(pakarangan)
2. GT-02:18/3 Ngabagéakeun
sémah
3. GT-02:18/4 Munjungan ka
kolot
4. GT-02:18/9 Diuk mando
5. GT-02:18/10 Leungeun kénca
neken beuteung
6. GT-02:20/2 Perhiasan
7. GT-02:21/4 Kawajiban
pamajikan
8. GT-02:22/4 Lalamakan warna-
warni nu
diraweuykeun dina
tungtung halu
9. GT-02:23/1 Parawan teu ulin
sambarangan
10. GT-02:26/2 Kasarakahan
11. GT-02:27/4 Katengtreman
ibadah
12. GT-02:27/6 Tarékah nulungan
sasama
135
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
13. GT-02:24/1 Nyémah
14. GT-02:24/2 Narima sémah
15. GT-02:27/9 Mulyana haté,
hayang ngaku
baraya
Dumasar kana tabél ajén sosial di luhur, ieu carpon miboga tilu ajén
bebeneran, tilu ajén kaéndahan, dalapan ajén moral, jeung hiji ajén
kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran anu nyangkaruk dina ieu carpon nya éta GT-
02:18/9, GT-02:18/10, jeung GT-02:21/4 anu dianggap bener ku
masarakat Sunda dina jamanna (mangsa palaku Nini masih kénéh ngora).
Pikeun individu anu mungpang tina éta pakem, bakal dianggap teu sopan
(teu nyaho étika) atawa salah luyu jeung kasapukan kelompok masarakat.
2) Ajén Kaéndahan
Ajén kaéndahan anu aya dina ieu carpon nya éta GT-02:17/4, anu
mangrupa déskripsi pakarangan anu digambarkeun sacara visual kalawan
éndah. Kaéndahan GT-02:20/2 mangrupa rarangkén anu dipaké ku Nini,
disebut miboga ajén kaéndahan duméh upama éta rarangkén dipaké ku
manéhna éstu nyurup jeung kapribadianna. Konsép éndah dina ieu kontéks
bisa disebut lega lantaran matalikeun antara kaéndahan duniawi jeung
kaéndahan rohani. Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Paingan Nini mah pantes baé nganggo perhiasan kitu kieu
minuhan salira ogé, da kakayaanana téh dalit jeung pribadi
katut jijiwaanana. Perhiasan téh keur anjeunna mah lain saukur
mangrupa rarangkén…”
136
Kaéndahan GT-02:22/4 patali jeung réspon alami hiji jalma kana
pulas anu rupa-rupa. Dina ieu carita rupa-rupa pulas anu dipikaresep ku
hiji jalma diaplikasikeun dina lalamakan anu diraweuykeun dina tungtung
halu.
3) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan GT-02:27/4 mangrupa ajén dasar anu ditepikeun
ku pangarang ka nu maca, yén upama hiji jalma dina hirupna loba
bangbaluh atawa karerepet, dina ibadah gé moal jongjon. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Kana ibadahna ogé moal tiasaeun jongjon ari salamina
diudag-udag baé ku karerepet mah. (27/4)
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-02, bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.12
Analisis Ajén Budaya GT-02
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-02:18/3 Ngabagéakeun sémah
2. GT-02:18/5 Dipan
3. GT-02:18/6 Lampit
4. GT-02:19/1 Amparan
5. GT-02:19/7 Ngaku baraya
6. GT-02:20/2 Perhiasan
7. GT-02:20/5 Niat meuli cincin
8. GT-02:21/4 Tanggung jawab istri
9. GT-02:21/8 Ulin babarengan
10. GT-02:21/8 Tutunggulan
11. GT-02:22/5 Aya nu bogoheun
12. GT-02:22/11 Ngagondang
13. GT-02:23/3 Kawin kumaha kolot
137
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
14. GT-02:23/11 Babarayaan
15. GT-02:25/2 Kabeungharan
16. GT-02:25/3 Lini
17. GT-02:25/3 Hawa bayeungyang
18. GT-02:25/7 Imah nu dieusian ku
dulur
19. GT-02:26/2 Sarakah
20. GT-02:27/1 Pangupa jiwa pikeun
dulur
21. GT-02:27/4 Sangkan teu boga
karerepet
22. GT-02:27/6 Pijalaneun hirup
23. GT-02:27/8 Baraya anu sérab ku
imah
Dumasar kana tabél di luhur, ajén téori anu aya dina carpon nya éta
GT-02:21/4 jeung GT-02:25/3.
1) Ajén Téori
Téori GT-02:21/4 nya éta ngeunaan ayana kasaimbangan antara
kapinteran sacara intéléktual jeung kaparigelan saurang pamajikan dina
prak-prakanna ngambah sagara rumah tangga. Jadi, awéwé lain wungkul
kudu bisa pinter, tapi ogé kudu parigel ngurus imah. Éta bisa katitén dina
cutatan ieu di handap.
“Enya, nutu! Teu ménak, teu cacah, awéwé baheula mah kudu
pinter nutu, pinter ngéjo, pinter masak, pinter ngawulaan salaki,
lain ngan ukur bisa maca!” (21/4)
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi anu aya dina ieu carpon aya tilu, nya éta GT-
02:20/2, GT-02:20/5, jeung GT-02:25/2. Data GT-02:20/2 jeung GT-
02:20/5 ngébréhkeun ngeunaan dipimilikna sawatara rarangkén atawa
perhiasan ku palaku Nini nepi ka Kuring ngarasa kabita. Data GT-02:25/2
ngeunaan konsép beunghar anu dicindekkeun dumasar puseur sawangan
138
Kuring, Nini mangrupa jalma beunghar lantaran imahna anu di Bandung
téh gedong sigrong, boga loba pabrik di luar kota, pakakas di imahna loba
anu lakop emas, jeung rarangkén anu narapel dina awakna éstu reunceum.
3) Ajén Seni
Ajén seni anu kapanggih dina ieu carpon nya éta aya dina data GT-
02:21/8 jeung GT-02:22/11. Seni tutunggulan jeung ngagondang nya éta
seni tradisi anu ilaharna lumangsung di saung lisung, paranti sawatara
awéwé narutu paré. Halu anu dipaké pikeun nutuna sok dikelentrungkeun
kana lisung sangkan ngawirahma, ieu miboga tujuan sangkan anu nutu teu
ngarasa capé. Lila-lila ieu jadi hiji kasenian anu dipagelarkeun minangka
hiburan urang lembur.
4) Ajén Kawasa
Ajén kawasa kapanggih tina data GT-02:23/3, anu ngébréhkeun
kakawasaan kolot ka anakna. Anak kudu sagala nurut ka kolot, kaasup
soal milih lalaki keur pisalakieun.
5) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas mangrupa ajén anu panglobana kapanggih dina ieu
carpon, aya 13 ajén solidaritas nya éta GT-02:18/3, GT-02:18/5, GT-
02:18/6, GT-02:19/1, GT-02:19/7, GT-02:21/8, GT-02:22/5, GT-02:23/11,
GT-02:25/7, GT-02:27/1, GT-02:27/4, GT-02:27/6, jeung GT-02:27/8.
Data mangrupa tradisi masarakat Sunda anu ilahar bisa katitén dina hirup
kumbuh sapopoé upama aya datang nyémah ka imah. Ditilik tina ajén
budayana, dina ieu hal aya prosés silih ajénan antara sémah jeung
piribumi. Data GT-02:18/5, GT-02:18/6, jeung GT-02:19/1 mangrupa
barang-barang anu aya di imah anu gunana pikeun diuk. Ilaharna di imah
panggung, tempat diuk anu digunakeun nya éta dipan anu biasana ditunda
di tepas imah. Upama teu diuk dina dipan, bisana diuk dina lampit atawa
papan. Sangkan teu kotor, biasana sok diampara ku samak. Pangna ieu
data miboga ajén solidaritas nya éta ditilik tina sémah anu masih kénéh
139
ngora, ngarasa teu sopan upama diuk satata jeung kolot anu sakitu
dipiajrihna. Data GT-02:19/7, GT-02:23/11, GT-02:25/7, GT-02:27/1, GT-
02:27/4, GT-02:27/6, jeung GT-02:27/8 mangrupa gambaran ayana
kasugema anu dirasakeun ku palaku Nini lantaran bisa mantuan baraya-
barayana anu kurang mampuh ku cara sina nyicingan imah anu kosong
jeung nyieun pabrik minangka jalan hirup. Data GT-02:21/8 jeung GT-
02:22/5 mangrupa ajén anu béda jeung konsép solidaritas saméméhna,
lantaran dina ieu kontéks nyaritakeun ngeunaan Nini anu keur ngora sok
ulin babarengan jeung sobatna di saung lisung bari nutu. Konsép
hubungan intarindividu ogé katitén tina ayana gambaran rasa cinta ti lalaki
ka awéwé dina mangsa harita, mangsa lalaki tara wanieun nanyaan
lantaran unggal budak awéwé geus dijodokeun ku kolotna.
4.2.3 “Hatur Nuhun Ibu” (GT-03)
4.2.3.1 Struktur Carita GT-03
a. Téma
Téma carpon GT-03 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana
gambaran status sosial palaku anu aya dina ieu carpon. Jalma beunghar jeung
jalma teu boga diébréhkeun sacara langsung pikeun meunangkeun gambaraan
kaayaan sosialna. Upama diteuleuman, ieu carpon ogé miboga gambaran
ngeunaan kamanusaan. Ieu téma kaadilan sosial ogé katingali tina latar tempat
lembur jeung kota dina mangsa taun 1980-an (mangsa ieu carpon medal).
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep nu beunghar kudu
nyaah aka nu teu boga jeung kudu inget ka nu sangsara. Ieu di handap
mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.
… Kénging sasasih abdi kumawula di dunungan anu ti payun téh.
Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa lami…(31/3)
… Abdi mah ti lembur, ngadon milarian pangalaman ka kota. Gok
tepang sareng ibu anu sakitu mikadeudeuhna ka abdi… (32/3)
140
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Abdi. Manéhna
ngabéjérbéaskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana
ngaliwatan puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar
pamadeganna. Tapi, sanajan palaku Abdi miboga otoritas ngeunaan
pamadeganna, nu maca “dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran
dianggap bener ku hiji kelompok masarakat.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
mundur (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa
kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Abdi anu peuting
harita keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita anu geus
kalarung.
Carita dimimitian ku gambaran palaku Abdi anu keur nginget-
nginget mangsa manéhna mimiti datang ka imah Ibu (dununganna). Galur
bras kana sabab-musabab manéhna bisa datang kadinya. Dicaritakeun
pangalaman sabulan saméméh manéhna panggih jeung Ibu, basa manéhna
masih kénéh sok disiksa di dunungan saméméhna. Carita maju kana
mangsa salila cicing di imah Ibu nepi ka peuting ayeuna, peuting
pamungkas di imah Ibu lantaran isukna Abdi kudu mulang ka lembur.
D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa Abdi ngalamun. A, B,
jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman
ku Abdi ti mimiti gawé di dunungan anu kahiji nepi ka kabur tuluy gawé
di imah Ibu. D2 mangrupa waktu basa Abdi nyieun kaputusan rék balik ka
lembur. E mangrupa ahir carita anu ngagambarkeun beuratna haté Abdi
rék ninggalkeun imah Ibu.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E
141
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan
hirup ti mangsa ka mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku abdi
anu indit ka kota rék néngan pagawéan, disiksa ku dunungan nu galak,
panggih jeung dunungan anu bageur, nepi ka kudu balik deui ka lembur
mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Abdi.
Kajadian-kajadian anu tumiba ka Abdi salila sababaraha taun ti mimiti
indit ti lembur nepi ka rék balik deui ka lembur diébréhkeun sacara
langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-03, aya 12 urang palaku, nya éta Ibu (GT-03:29/2),
Abdi (GT-03:29/2), dunungan (GT-03:29/2), rerencangan (GT-03:29/2), putra
dunungan (GT-03:30/2), pun adi (GT-03:30/3), wargi (GT-03:30/3), sadérék
dunungan (GT-03:31/3), Pun bapa (GT-03:33/2), pun biang (GT-03:33/2),
bungsu (GT-03:33/2), jeung tatangga (GT-03:33/2). Tujuh urang palaku méré
pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana lima urang palaku ngan disebut
ku palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.
142
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ibu jeung Abdi mangrupa palaku
utama. Sanajan euweuh paguneman anu sacara langsung ngébréhkeun
prosés interaksi antara Ibu jeung Abdi, tapi ngaliwatan pertélaan Abdi
ngeunaan Ibu anu jadi objék utama, ieu carita bisa hirup.
Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
ngarojong palaku utama nya éta GT-03:29/2,GT-03:30/2,GT-03:31/3,
jeungGT-03:33/2. Parapalaku anu ngan salaku panglengkep carita atawa
ngarojong carita kalawan teu langsung nya éta GT-03:29/2, GT-03:30/3
(pun adi jeung wargi),GT-03:33/2, jeungGT-03:33/1.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya étaIbu, Abdi, pun bapa, jeung pun biang. Sedegkeun anu
kaasup kana palaku-palaku antagonis nya éta dunungan, anak dunungan,
jeung sadérék dunungan.
Palaku Ibu mangrupa palaku protagonis lantaran digambarkeun
miboga sipat anu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu maca.
Kahadéan-kahadéan Ibu bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… Geuning ibu mah tara seueur saur. Upami abdi lepat téh
prak ku anjeun dicontoan, sareng éta conto téh ku abdi
diregepkeun pisan. (31/4)
… Naha pédah ibu mah ageung kaasih waé ka abdi téh. Ari
abdi aya kalepatan, ibu ngawurukan… (32/3)
… Ku ibu abdi dipaparin kasempetan maca rupi-rupi perkawis
anu aya patalina sareng abdi salaku awéwé… (33/1)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Ibu miboga
sipat hadé lantaran nyaah ka Abdi sanajan salaku réncang di imahna.
Salian Ibu, palaku protagonis lianna nya éta Abdi. Salaku palaku utama,
143
abdi miboga sipat anu hadé, éta bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di
handap.
… Sanaos abdi ti kampung, atanapi sareng sanaos abdi disebut
jalmi bodo, ku margi ari ngaji mah abdi téh da ti leuleutik, ari
kana nu haram mah nya sebel baé… (30/2)
… Abdi sok miconggah ka ibu, nanging dina batin abdi tetep
waé ajrih… (32/3)
… Hoyong abdi gé janten jalmi anu beunghar, hoyong méré
mawéh ka nu teu gaduh… (34/1)
Palaku protagonis séjén nyaéta pun bapa jeung pun biang kolot
Abdi anu di lembur. Ieu dua palaku teu digambarkeun sacara jelas
kaprotagonisanna, tapi ngaliwatan déskripsi palaku utama saperti dina
cutatan ieu di handap.
Ibu téh mariksa, bilih abdi dipaksa kawin ku pun bapa sareng
pun biang. Hatur nuhun kana kahariwang ibu. Saleresna sanés
kawin paksa margi abdi téh parantos kenal ti aalit sareng
pisalakieun abdi téh... (33/3)
Tina cutatan di luhur katitén yén kolotna Abdi teu maksa sangkan
kawin jeung hiji lalaki, tapi Abdina sorangan geus apal, matak daék
narima sanajan kudu ninggalkeun Ibu.
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
antagonis, nya éta dunungan, anak dunungan, jeung dulurna dunungan.
Cutatan anu ngébréhkeun kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di
handap.
… Mangga waé galih ku ibu, haok ngamprong ka bujang,
goréng budi, komo éta mah putrana anu pameget, da wantun
najong sagala rupi ari abdi nuju ngepél téh. (30/2)
… Éstuning abdi téh seubeuh ku sentak seubeuh ku dibaeudan.
(31/3)
144
… Éta sadérék dunungan ku sok pipilueun ngabaeudan atanapi
nyarékan… (31/3)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku
anu miboga watek basajan euweuh palaku anu watekna kompléks. Palaku
anu miboga watek basajan nya éta Ibu, dunungan, jeung Abdi. Sanajan ibu
kaasup kana palaku utama, tétéla watekna mah basajan jeung statis. Ieu
katitén tina mimiti Ibu panggih jeung Abdi nepi ka rék ditinggalkeun ku
Abdi, watekna angger bageur jeung miasih ka Abdi. Kabageuranna éstu
angger, teu robah jadi galak atawa jadi teu mikanyaah deui Abdi. Ieu bisa
katitén dina cutatan di handap.
… Abdi gé rumaos seueur katuna, nanging piwuruk ibu ti
saprak abdi dongkap dugi ka ayeuna abdi badé wangsul, éstu
nyerep kana ati sanubari … (31/4)
Palaku Ibu anu ti mimiti panggih jeung Abdi teu elat mapatahan
kana hal-hal kahadéan, nepi ka Abdi rék balik deui ka lembur masih kénéh
mikanyaah.
Salian ti Ibu, palaku dunungan ogé watekna statis, kalakuanna nu
goréng ti mimiti dipanggihkeun jeung Abdi nepi ka Abdi kabur ti imahna
angger galak. Euweuh parobahan sikep anu matak ngarobah pamadegan
Abdi salaku palaku utama. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
Kénging sasasih abdi kumawula di dunungan anu ti payun téh.
Harita mah sadinten-sadinten téh karaosna asa ku lami pisan…
(31/3)
145
Palaku dunungan miboga watek goréng, salian ti mindeng
nyarékan jeung ngahina téh, manéhna sok mindeng ogé ningalikeun budi
anu teu soméah. Éta lumangsung salila sabulan, tuluy-tumuluy nepi ka
Abdi eureun gawé di éta dununganna.
Abdi salaku palaku anu watekna teu mekar kalawan dinamis, teu
matak ngabalukarkeun statisna eusi carita. Ieu hal lantaran watek-watek
parapalaku anu basajan diébréhkeun dina eusi carita anu kompléks.
Kajadian-kajadian anu kaalaman ku parapalaku miboga hubungan anu
dalit ngawangun hiji carita anu gembleng. Jadi, sanajan euweuh palaku
kompléks anu danamis, ieu carpon miboga eusi carita anu hadé.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ibu, Abdi, jeung dunungan
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun réréncangan,putra dunungan,pun
adi,wargi,sadérék dunungan,pun bapa,pun biang,bungsu, jeung tatangga
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.13
Data Latar GT-03
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-03:29/1 Kamari
2. GT-03:29/2 Waktos éta
3. GT-03:29/2 Harita
4. GT-03:29/2 Dunungan
5. GT-03:29/2 Réncang
146
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
6. GT-03:29/2 Tamatan SD mah ngarasa bodo
7. GT-03:30/2 Kampung
8. GT-03:30/2 Ngaji
9. GT-03:30/2 Ngarasa gedé dosa upama cicing di
tempat pidorakaeun
10. GT-03:31/1 Bumi dunungan
11. GT-03:31/2 Kota
12. GT-03:31/2 Kabiasaan di lembur, béda jeung
kabiasaan kota
13. GT-03:32/2 Bumi Ibu
14. GT-03:32/2 Rumah Sakit
15. GT-03:33/2 Tilu taun
16. GT-03:33/1 Dapur
17. GT-03:33/1 Kamar tamu
18. GT-03:33/1 Jamban
19. GT-03:33/1 Pangkuleman
20. GT-03:33/3 Jadi jalma bagja
21. GT-03:34/1 Braga
22. GT-03:34/1 Toko sarinah
23. GT-03:34/1 Dibawa balanja ka toko gedé
24. GT-03:34/2 Ayeuna
(a) Tempat
Aya sabelas latar tempat dina carpon GT-03 ieu, nya éta
kampung(GT-03:30/2) anu mangrupa tempat asal palaku Abdi,bumi
dunungan (GT-03:31/1) anu mangrupa tempat gawé Abdi anu teu
pikabetaheun, kota (GT-03:31/2) tempat Abdi ngadu nasib gawé
bubujang,bumi ibu (GT-03:32/2) anu mangrupa tempat Abdi gawé
sanggeus kabur ti imah dunungan saméméhna,Rumah Sakit (GT-03:32/2)
nya éta temapat Ibu dirawat basa keur udur. Latardapur (GT-03:33/1),
kamar tamu (GT-03:33/1), jamban (GT-03:33/1), jeung pangkuleman
(GT-03:33/1) mangrupa tempat-tempat Abdi diajar bébérés. Braga (GT-
147
03:34/1) jeung Toko Sarinah (GT-03:34/1) mangrupa tempat paranti Ibu
balanja.
Tina sabelas latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan
deui jadi ngan aya tujuh latar tempat, lantaran data GT-03:33/1, mangrupa
babagian rohangan di imah Ibu. Jadi geus kawengku ku data latar bumi ibu
(GT-03:32/2).
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, nya éta, kamari(GT-
03:29/1), waktos éta (GT-03:29/2), harita (GT-03:29/2), tilu taun (GT-
03:33/2), jeungayeuna (GT-03:34/2). Kamari jeung waktos éta mangrupa
waktu basa Abdi mimiti datang ka imah Ibu. Waktu kamari lain mangrupa
poé saméméh poé ayeuna, tapi waktu mangtaun-taun anu geus kaliwat tapi
lantaran betah nepi ka karasana asa karék kamari.
Waktu harita nya éta waktu basa Abdi masih kénéh gawé di imah
dunungan anu baheula. Tilu taun mangrupa frekuensi waktu lilana Abdi
gawé di imah Ibu. Waktu ayeuna nya éta waktu Abdi kudu niggalkeun Ibu,
balik deui ka kampung.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.13 di luhur, bisa katitén yén aya dalapan
latar sosial dina ieu carpon. Éta dalapan latar sosial aya anu mangrupa
kabiasaan hirup, saperti ngaji (GT-03:30/2). Aya ogé anu patali jeung
status sosial saperti dunungan (GT-03:30/2) jeung réncang (GT-03:29/2)
anu ngagambarkeun ayana status sosial hiji jalma anu beunghar atawa
kelas menengah ka luhur jeung anu kurang mampuh atawa masarakat
kelas handap. Salian ti éta latar sosial anu mangrupa sawangan hirup
diébréhkeun dina data GT-03:29/2, Abdi boga anggapan yén upama hiji
jalma disakolakeun luhur bakal pinter, teu siga manéhna anu ngan tamatan
SD nepi ka ngarasa bodo teu bisa nanaon ukur gawé bubujang. Manéhna
ogé sawangan yén kabiasaan di kota béda jeung di lembur (GT-03:31/2).
148
Konsép séjén anu mangrupa sawangan hirup Abdi nya éta
ngeunaan kahayangna hayang jadi jalma beunghar anu bisa nulungan
jeung méré ka dulur-dulurna di lembur (GT-03:33/3). Data GT-03:34/1,
ngébréhkeun kagiatan dunungan jeung Abdi anu balanja ka toko-toko
gedé. Latar sosial anu mangrupa kayakinan ébréh dina data GT-03:30/2,
Abdi miboga kayakinan yén manéhna ngarasa gedé dosa upama cicing di
tempat pidorakaeun.
4.2.3.2 Unsur Semiotik GT-03
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-03 ngawengku dalapan ikon, 14
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-03 mangrupa ikon imagis jeung ikon
métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.14
Analisis Unsur Ikon GT-03
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-03:29/1 Lalayu
sekar
Ngupamakeun baju
kumel/belél anu dipaké ku
palaku Abdi. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Dina lahunan dikeukeuweuk
tas plastic alit. Eusina mung
baju dua setél, kitu gé
parantos lalayu sekar.
2. GT-03:29/2 Tiis kana
ati
Ngaupamakeun katengtreman
ati anu karaa ku palaku Abdi
barang mimiti tepung jeung
Ibu. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
149
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Barang ibu mukakeun panto
payun téh, ngamanggakeun ka
nu ngabantun abdi, ujug-ujug
nyep waé karaos tiis kana ati.
3. GT-03:30/2 wuwuh
lami
wuwuh
ngarasa
dosa
Nyitrakeun kana kontéks
waktu anu beuki lila. Palaku
Abdi ngarasa beuki lila gawé
di dununganna, ngarasa beuki
loba dosa. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Malih wuwuh lami wuwuh asa
ageung dosa cicing baé di
tempat anu seueur
pidorakaeun mungguh ceuk
dina agama Islam mah.
4. GT-03:31/2 Sakola
hirup
Diajar ngeunaan kahirupan.
Lantaran rumasa ti lembur
sarta loba kateunyaho, palaku
Abdi miboga kahayang
sangkan gawéna di kota téh
bari nimba pangabisa néangan
pangaweruh anyar. Tapi
waktu di dununganna nu
baheula, hal-hal anu teu bisa
dipigawé téh lain
ngabalukarkeun jadi bisa
lantran dipapatahan, tapi
malah jadi panyiksa. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Atuh abdi téh seueur katuna.
Upami abdi diwurukan mah,
haté bingah nu aya, panginten
étang-étang sakola bé di kota
téh. Sakola hirup.
5. GT-03:31/4 Satutup
umur
Bakat ku ngarasa narimakeun
pisan kana kahadéan palaku
Ibu, Abdi ngarasa moal
mopohokeun éta kahadéan
saumur hirup manéhna. Ieu
150
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Ctr Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
katitén dina cutatan di
handap.
Abdi moal hilap ka ibu
satutup umur. Upami parantos
téa mah abdi téh asa dijait tina
naraka.
6. GT-03:31/4 Nyerep Nyerep ilaharna dibasakeun
kana cai anu asup saeutik-
saeutik kana jero taneuh. Dina
ieu kontéks, nyerep ngandung
harti tembresna kahadéan
palaku Ibua kana haté Abdi
(éstu katarimakeun). Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Abdi gé rumaos seueur
katuna, nanging piwuruk ibu
ti saprak abdi dongkap dugi
ka ayeuna abdi badé wangsul,
éstu nyerep kana ati sanubari.
7. GT-03:33/2 Kembang
buruan
Meujeuhna cooeun antara 2-4
taun. Anu disebut kembang
bururan dina ieu kontéks nya
éta budak bungsu palaku Ibu
anu geus diurus ti leuleutik ku
Abdi. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
Tilu taun abdi nyarengan ibu.
Murangkalih anu bungsu
ayeuna parantos kembang
buruan.
8. GT-03:34/1 Clik putih
clak
hérang
Imagis tina rasa nu wening.
Palaku Ibu éstu mikanyaah
Abdi kalawan daria. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Sok beuki karaos waé ibu
mah mikanyaah abdi téh éstu
clik putih clak hérang.
151
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-03 aya anu mangrupa indéks réngkak
paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di
handap.
Tabél 4.15
Analisis Unsur Indéks GT-03
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-03:29/2 Kabur ti
dunungan
Réngkak
paripolah
Indéksikal tina kaayaan dunungan
Abdi anu galak. Ieu hal
ngabalukarkeun Abdi kabur ti
dunungan saméméhna. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Dina waktos éta téh abdi kalintang
nuju bingungna margi abdi téh
sasatna kabur ti dunungan anu ti
payun téh.
2. GT-03:30/2 Murel
jeung
sebel
Gejala fisik Lantaran ngambeu daging babi
anu dipikaresep ku dunungan. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Ari mésér daging nya daging babi.
Atuh abdi téh ngan murel sareng
sebel baé ngambungna ogé.
3. GT-03:30/3 Hésé
mondok
Gejala fisik Hésé mondok mangrupa tanda
tina ayana nu dipikiran ku palaku,
dina ieu kontéks lantaran Abdi
inget ka nu di lembur. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Unggal wengi abdi téh hésé
mondok. Unggal dug ngedeng
ngantelkeun sirah kana bantal,
pun bapa sareng pun biang, kitu
deui pun adi sareng wargi sanésna
batur salembur, sok narémbongan.
152
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
4. GT-03:32/1 Gedé
darajat
Aktualisasi Luhung kalungguhan jalma
sacara vertikal, bisa mangrupa
tahapan kahirupan anu bagja. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Geuning saur ibu téh, abdi téh ku
ibu dido’akeun sing gedé
darajat.
5. GT-03:31/2 Tara
sungkan
kana
barang
gawé
Réngkak
paripolah
Palaku Abdi tara ngarasa horéam
kana digawé sanajan dikakaya ku
dununganna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ari teu udur mah abdi téh tara
sungkan kana barang gawé
nanaon ogé. Harita ogé sanaos
ceuk paripaos abdi bari dikakaya,
abdi téh kana gawé mah
ngeureuyeuh waé.
6. GT-03:31/3 Sadinten
asa lami
Aktualisasi Lantaran dunungan saméhna
galak, Abdi ngarasa teu betah
cicing di imah dunungan nepi ka
waktu anu ukur sapoé ogé
karasana lila pisan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Harita mah sadinten-sadinten téh
karaosna asa ku lami pisan.
Éstuning abdi téh seubeuh ku
sentak seubeuh ku dibaeudan.
7. GT-03:31/3 Seubeuh Réngkak
paripolah
Lantaran Abdi mindeng pisan
disentak jeung dibaeudan, mun
diupamakeun kana dahar mah
nepi ka seubeuhna ku panyarék.
Ieu katitén dina cutatan di handap.
Éstuning abdi téh seubeuh ku
sentak seubeuh ku dibaeudan.
153
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
8. GT-03:31/3 Bayeung-
yang &
sesek
Réngkak
paripolah
Lantaran dulur dunungan sok
pipilueun nyarekan, Abdi ngarasa
katugenahna beuki nambahan,
kaayaan mingkin panas jeung
matak eungap lantaran teu bisa
ngébréhkeun katugenah anu
karandapanna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Éta sadérék dunungan ku sok
pipilueun ngabaeudan atanapi
nyarékan. Bet asa beuki nambihan
bayeungyang sareng sesek.
9. GT-03:32/2 Cuang-
cieung asa
keueung
Réngkak
paripolah
Abdi ngarasa leungiteun lantaran
Ibu gering di rumah sakit
saminggu, Abdi sorangan di imah.
Ieu katitén dina cutatan di handap.
Nembé ogé Abdi téh saminggu
abdi aya di ibu, ibu téh ka rumah
sakit. Abdi cuang-cieung asa
keueung.
10. GT-03:33/2 Hésé
mondok
Réngkak
paripolah
Hésé mondok dina ieu kontéks
lantaran nineung kana kaayaan-
kaayaan pikabungaheun salila
Abdi aya di imah Ibu.
Sedengkeun sakeudeung deui
manéhna kudu balik ka lembur,
ningalkeun Ibu. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Beuki caket ka waktosna wangsul,
abdi beuki hésé modok.
11. GT-03:34/1 Tibra
manah
Aktualisasi Tengtrem batin (kolot) lantaran
Abdi hirup bagja upama bisa
mulang kanyaah, nurut kana
paménta jeung kahayangna. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi
sepuh, atuh panginten upami abdi
bagja mah panginten tibra manah
bapa abdi téh.
154
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
12. GT-03:34/2 Bingah Aktualisasi Pédah rék ngabagjakeun kolot
jeung hirup bagja di mangsa nu
bakal datang (laki rabi), nedunan
paménta kolot. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Tiasa mulang kanyaah ka nu jadi
sepuh, atuh panginten upami abdi
bagja mah panginten tibra manah
bapa abdi téh.
13. GT-03:34/2 Nalangsa Aktualisasi Pedah rek ninggalkeun Ibu anu
sakitu nyaahna.
Bet asa moal bisa nahan cimata.
14. GT-03:34/3 Hatur
nuhun, ibu
Aktualisasi Mangrupa tanda indéksikal utama
lantaran Abdi geus dipikanyaah
salila gawé di Ibu. Ungkara hatur
nuhun mangrupa tanda tina Abdi
anu narimakeun sakur kahadéan
Ibu. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Kana sagala rupi kasaéan ibu,
abdimung tiasa ngahaturkeun
nuhun. Hatur nuhun, ibu.
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta
simbol tina kaayaan tempat anu pinuh ku panyiksa jeung kanyeri. Ieu bisa
katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.16
Analisis Unsur Simbol GT-03
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-03:31/4 Naraka Naraka mangrupa simbol tina tempat nu
pinuh ku panyiksaan. Ieu mangrupa
gambaran tina kaayaan Abdi anu seubeuh
ku panyiksa dunungan.
155
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
Ieu katitén dina cutatan di handap.
Abdi moal hilap ka ibu satutup umur.
Upami parantos téa mah abdi téh asa dijait
tina naraka.
4.2.3.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-03
Tina data-data sosial budaya nu aya di caropn, bisa dipaluruh ajén-inajén
sosial budaya saperti anu dipedar ieu di handap.
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.17
Data Ajén Sosial GT-03
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr End Mrl Agm
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-03:29/2 Dunungan ageung
bendu
2. GT-03:30/2 Daging babi
3. GT-03:30/2 Dosa
4. GT-03:30/2 Haram
5. GT-03:32/2 Ngadu’a
6. GT-03:32/3 Dunungan anu
mikadeudeuh
7. GT-03:33/1 Dangdan
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya tilu data anu ngandung ajén
bebeneran, hiji ajén kaéndahan, lima ajén moral, jeung opat ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran, Moral, jeung Kaagamaan
Ajén bebeneran dina ieu carpon patali jeung ajén moral sarta
kaagaman. Tina tilu data GT-03:30/2, katitén aya pasualan anu diébréhkeun
ku pangarang ngeunaan hubungan antara haramna daging babi, anu bakal
156
ngalantarankeun dosa upama didahar ku hiji jalma anu ngagem agama Islam.
Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
Ari neda, teu weléh jarijipen. Geuning kitu batur mah, sareng
cenah Kristen anjeuna téh. Ari mésér daging nya daging babi …
sanaos abdi disebut jalmi bodo, ku margi ari ngaji mah abdi téh da
ti leuleutik, ari kana nu haram mah nya sebel baé. Malih wuwuh
lami wuwuh asa ageung dosa cicing baé di tempat anu seueur
pidorakaeun mungguh ceuk dia agama Islam mah… (30/2)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén hubungan antara ajén bebeneran,
moral jeung kaagaman dina ieu kontéks. Ngadahar daging babi dianggap salah
lantaran méngpar tina ajaran Islam anu ngaharamkeun daging babi. Sacara
moral, palaku bisa ngabédakeun mana nu salah jeung mana anu bener lantaran
kaimananna geus diipuk ti leuleutik sacara Islam. Jadi, basa aya dina hiji
situasi anu salah, waktu manéhna manggihan kajadian yén ngadahar babi téh
bener keur umat Kristen, manéhna masih nyekel pageuh kaimanana ku cara
teu milu ngadahar daging babi sabab kaimanan nyebutkeun yén ngadahar
daging babi mangrupa hiji hal anu kacida salah.
Ajén moral lianna, anu teu miboga hubungan dalit jeung ajén
bebeneran jeung agama nya éta data GT-03:29/2. Ieu data ngébréhkeun watek
dunungan anu gedé ambek. Sikep gedé ambekna dunungan ka bujang
mangrupa sikep anu goréng, lantaran luyu jeung kasapukan masarakat dina
umumna, jelema boga hak anu sarua pikeun narima perlakuan adil ti papada
jalma lianna. Béda jeung sikep palaku Ibu dina data GT-03:32/3 anu bageur
jeung mikanyaah jalma lian sanajan manéhna saukur bujang. Ajén kaagamaan
kapanggih ogé dina data GT-03:32/2, anu ngébréhkeun sikep palaku anu
salawasna muntang jeung ménta ka Gusti Nu Maha Suci.
2) Ajén Kaéndahan
DataGT-03:33/1 anu mangrupa data ajén kaéndahan hiji-hijina
dina ieu carpon méré gambaran ngeunaan éstétika dina diri wanoja.
Dangdan mangrupa hiji hal anu dianggap penting ku palaku Ibu, sabab
sangkan katingali sieup jeung matak ngirut. Tangtna waé, palaku Ibu
157
ngajarkeun Abdi cara dangdan anu teu kaleuleuwihi, tapi dangdan anu
luyu jeung kapribadian sarta kabutuhan.
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-03, bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.18
Data Ajén Budaya GT-03
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn K Sl
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (9)
1. GT-03:30/2 Kristen
2. GT-03:30/2 Ngaji
3. GT-03:30/2 Islam
4. GT-03:30/2 Anak dunungan
najong réncang
5. GT-03:30/3 Gusti Nu Maha
Asih
6. GT-03:30/3 Dunungan ngakaya
réncang
7. GT-03:32/2 Gusti Nu Maha
Suci
8. GT-03:32/3 Ibu nu
mikadeudeuh Abdi
9. GT-03:32/3 Ibu nu sok
ngawurukan
10. GT-03:34/1 Hayang méré
mawéh ka nu teu
boga
11. GT-03:34/2 Nurut ka kolot
12. GT-03:32/3 Néangan
pangalaman gawé ti
lembur ka kota
13. GT-03:33/1 Cara
nyanghareupan
sémah
14. GT-03:33/1 Cara natangga
158
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, hiji ajén ékonomi, lima ajén agama, dua ajén kawasa, jeung genep
ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon patali ogé jeung ajén ékonomi, nya éta
ngeunaan masarakat ti lembur anu naréangan gawé ka kota (GT-03:32/3).
Salah sahijina aya dina gambaran palaku Abdi, awéwé urang kampung anu
ngadon bubujang ka kota. Ieu hal balukar tina héséna néangan gawé di
lembur, ditambah kaayaan ékonomi anu jauh tina cukup keur hirup
sapopoé. Sanajan palaku Abdi teu kacaritakeun boga niat pindah atawa rék
matuh di kota, tapi niatna keur néangan kipayah, konsép ékonomi
ngeunaan lapangan kerja anu kawatesanan di daérah pilemburan cukup
miboga alesan dipaké di dieu. Sacara logika, upama di lembur Abdi loba
lapangan pagawéan, geus tangtu moal kudu jauh-jauh néangan kipayah ka
kota. Tapi, tina data anu ditétélakeun ku Rusli (1996, kc. 141) yén prosés
urbanisasi ngaronjat nepi ka 22,3 % ti taun 1980-an (ieu carpon medal
taun 1984). Sacara teu lagsung, ieu hal méré gambaran ngeunaan kaayaan
sosial dina mangsa harita.
2) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta tilu data GT-03:30/2,
nétélakeun sacara lugas ngeunaan babandingan antara ajaran agama Islam
jeung Kristen. Dina ieu kontéks, Abdi anu agamana Islam gawé di
dunungan anu agamana Kristen. Dina eusina nyaritakeun yén dununganna
sok ngadahar daging babi anu ku umat Islam kalawan saklek diharamkeun.
Data GT-03:30/3 jeung GT-03:32/2 ngébréhkeun sifat Allah anu Maha
Suci jeung Maha Asih anu diungkarakeun ku Abdi salaku palaku
protagonis anu teu elat ngadu’a ka Alloh.
159
3) Ajén Kawasa
Data GT-03:30/2 ngébréhkeun paripolah anakna dunungan anu
wani najong Abdi duméh ngarasa kawasa lantaran kolotna dunungan Abdi.
Ajén kawasa saperti kieu mangrupa ajén anu goréng sabab aya sipat-sipat
anu sakuduna teu dipilampah ku hiji jalma lantaran saéstuna papada jalma
kudu silihajénan. Data GT-03:30/3 ngébréhkeun dunungan anu ngakaya
réncang sacara vérbal jeung mental (psikologis). Abdi mindeng dicarékan
jeung dihina ku dununganna lantaran gawéna teu kapaké.
4) Ajén Solidariras
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-03:32/3,GT-
03:32/3, GT-03:34/1, GT-03:34/2, GT-03:33/1, jeung GT-03:33/1. Dua
data GT-03:32/3 ngébréhkeun kanyaah Ibu salaku dunungan ka Abdi ku
cara mapatahan hal-hal anu can bisa dipigawé ku Abdi. Upamana salah, Iu
tara ngambek malah sok ngabenerkeun jeung mapatahan deui. Data GT-
03:34/1 mangrupa kahayang Abdi upama jadi jalma beunghar hayang
méré jeung nulugan ka nu teu boga. Data GT-03:34/2 miboga ajén
solidaritas lantaran ngébréhkeun kanyaah anak ka kolotna ku cara jadi
jelema anu bagja sangkan kolotna ogé bagja. Dina dua data GT-03:33/1,
ngébréhkeun ayana ajén solidaritas anu mangrupa silih ajénan jeung jalma
lianna, dina ieu hal tatangga atawa sémah anu datang ka imah. Jadi,
konsép kanyaah jeung silih ajénan jeung papada jalma, lantaran unggal
individu dina hiji kelompok masarakat hirup babarengan sacara sosial.
4.2.4 “Angin Sawah” (GT-04)
4.2.4.1 Struktur Carita GT-04
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
antara lalaki jeung awéwé. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu
carpon, mangrupa konsép heureut. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana
ngeunaan wanoja anu mikahayang hiji lalaki, tapi lalaki séjén anu
160
mikahayangna teu diperhatikeun sanajan kanyaahna geus katarima ku
manéhna jeung kolotna. Ahirna ieu wanoja milih lalaki anu mikanyaah
manéhnana, sabab lalaki anu dipikanyaah ku manéhna malah salingkuh. Téma
saperti kieu mangrupa téma basajan anu ilahar kapanggih dina karya-karya
sastra lianna.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép rasa cinta sapasang manusa.
“Emh, resep nya, kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu ka
pimitohaeun téh!” (37/5)
“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah, ngan
kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya onjoyna ti
Kang Otang… (38/3)
Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui kabogoh
matak tara embol-embol gé… (39/8)
… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan Acih
téh lain jijieunan… (41/3)
… Daun paré tingkérésék, kararas patingkorosak, tangkal jagong
tingarulang, kawas nu ngabagéakeun ka waruga nu kungsi midua
haté. (43/7)
Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun
ayana panyangka, rasa timburu, jeung haté anu paheut kana kaputusanna. Nu
maca ogé diajak nyindekkeun yén teu salawasna anu leuwih onjoy téh anu
panghadéna.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-04 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
161
Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Ilah di dapur
(A). Basa aya Acih datang, maranéhna ngawangkongkeun perkara Otang
jeung Alan, dua jajaka anu ngadeukeutan Ilah. Salila ngawangkong,
lamunan Ilah pulang-anting ka Alan jeung Otang, ieu mangrupa téhnik
flash back (D1). Palaku Acih miboga kalungguhan keur malikkeun galur
ka mangsa kiwari (B), upama Ilah anteng teuing ngalamun. Téhnik flash
back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun méré gambaran
ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus
kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku Ilah anu
nangtukeun pilihan haténa ka Otang (E). Upama dipolakeun, ieu galur bisa
katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya
éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun paniténnu maca kana eusi
carpon.Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun
palaku Illah. Dina konflik ogé mangrupa konflik batin anu kaalaman ku
Ilah salaku palaku utama. Nu maca diajak nuturkeunkajadian-kajadian anu
kaalaman ku palaku nepi ka ahir carita.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Carpon GT-04 kaasup kana galur padet, éta dumasar kritéria
kepadatanna. Lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang
dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian-kajadian
anu aya hubunganna antara Ilah, Alan, jeung Otang.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama
nya éta Ilah. Sanajan aya palaku séjén nya éta Alan jeung Otang, tapi
162
tujuan dimunculkeunna ieu dua palaku nya éta pikeun ngarojong konflik
anu kaalaman ku Ilah. Palaku Acih ogé digunakeun pikeun
ngahangkeutkeun konflik anu aya dina ieu carita.
2) Palaku
Dina ieu carpon GT-04 aya sapuluh urang palaku, opat urang palaku
méré pangrojong kana eusi katut gaur carita, sésana saukur disebut dina
paguneman palaku, tapi euweuh pangaruhna kana galur utama carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, aya saurang palaku utama dina ieu
carpon GT-04, nya éta Ilah. Pikeun ngarojong konflik palaku utama, aya
palaku Alan, Otang, jeung Acih anu aktif ngarojong pasualan dina ieu
carita. Ilah nya éta wanoja anu keur bingung nyokot kaputusan milih
pisalakieun. Otang anubageur daék babantu tatanén ka kolot, tapi teu siga
Alan anu kasép jeung boga kalungguhan di kantorna. Acih, palaku
tambahan anu ngahangkeutkeun pamadegan Ilah ngeunaan dua urang
lalaki anu deukeut jeung Ilah. Acih méré gambaran ngeunaan Alan anu
sok ngaheureuykeun awéwé jeung Otang anu sakitu bageurna ka
pimitohaeun. Sanajan aya dina paguneman jeung palaku utama, palaku
Abah jeungEma teu méré kontribusi kana inti galur carita.
Palaku-palaku tambahan lianna, saperti ibu Camat,Kang Eman,Ceu
Oti,jeung mojang geulis,mangrupa palaku pasif anu saukur disebut ku
palaku aktif dina eusi paguneman antartokoh. Ieu hal bisa katitén dina
sawatara cutatan paguneman di handap.
… “Tah… tah, enya Panca tugas téa, nu kamari dipidatokeun
ku ibu Camat, nya!” (36/9)
“Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan
keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)
163
“Teuing atuh… da Kang Éman téh teu beunang dipercaya.
Luak-léok teu puguh. Pajar cenah sok ngalékor baé di imah
Ceu Oti, randa urang kulon téa.” (40/6)
Tina cutatan-cutatan di luhur bisa katitén yén euweuh prosés
interaksi antara palaku utama jeung palaku-palaku tambahan anu
disebutkeun dina eusi paguneman.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya étaIlah,Acih, jeungOtang. Sedengkeun anu jadi palaku
antagonisna nya éta Alan. Palaku Ilah anu protagonis bisa katitén tina
gesitna nataharkeun kadaharan keur nganteuran kolotna di kebon. Katitén
ogé dina waktu keur mapatahan Acih, saperti dina ieu cutatn di handap.
“Ih… sing sabar wé, sing pasrah, keun tong mikiran baé Kang
Éman da mun bener mah pijodoeun Acih engké gé moal
kamana jigna!” (41/1)
Palaku Acih anu protagonis méré gambaran sikep déwasa dina
nyanghareupan pasualan babaturanna, manéhna ogé bisa méré
bongbolongan kana pasualan anu keur karandapan ku Ilah, ieu bisa katitén
tina cutatan ieu di handap.
“Ceuk pikiran Acih mah geus wé tongdipikiran Alan mah!
Mending gé sanghareupan Kang Otang. Leuwih hadé mun
buru-buru kawin. !”
Palaku Otang anu kaasup kana palaku protagonis digambarkeun ku
palaku séjén, saperti katitén dina cutatan ieu di handap.
“Emh… resep nya, Kang Otang mah bageur! Sagala ngabantu
ka pimitohaeun téh.” (37/5)
“Geuning… basa di kulon keur kuriak, Kang Otang mah ngaleu
wé magawé di sawah Ilah!” (37/7)
164
Palaku antagonis dina ieu carpon nya éta Alan, lalaki kasép jeung
boga kalungguhan anu ngadeukeutan Ilah. Tapi, manéhna boga kalakuan
anu goréng, nya éta cunihin jeung nganggap awéwé saukur kaulinan anu
bisa dideukeutan jeung dijauhan sangeunahna, malah nepi ka kungsi
kajadian Alan boga niat goréng ka Ilah. Ieu bisa katitén dina sawatara
cutatan di handap, anu mangrupa pertélaan pangarang, ungkara palaku
séjén, jeung eusi pikiran palaku utama.
“Tah… tah, pédah boga nu anyar, nyah? Lain sirik Acih mah,
ngan kadé Ilah sing asak pamilih, ulah abong kéna it u aya
onjoyna ti Kang Otang. Can puguh Lah, boa manéhna mah
ngan ukur hayang ngulinkeun wungkul!” (38/3)
“Sing percaya, Kang Alan moal jalir jangji, asal Ilah ulah
linghas teuing atuh!” pokna beuki haroshos. Manéhna
teterejelan, tapi éléh tanaga, teu bisa nandingan tanaga lalaki
Alan nu sakitu sembadana. Manéhna teu walakaya… (38/4)
“Tapi kamari basa Acih ngaliwat ka hareupeun bale désa, Alan
keur diuk pagégéyé jeung mojang geulis…” (39/7)
Seblak… haté Ilah nyeblak. Boa enya Alan téh boga deui
kabogoh matak tara embol-embol gé… (39/8)
… Tétéla Alan téh jeung mojang geulis. Mun kitu, omongan
Acih téh lain jijieunan… (41/3)
Palaku-palaku séjén teu kaasup kana palaku protagonis atawa
antagonis. Lantaran pangarang teu nembrakkeun sikep jeung eusi pikiran
palaku tambahan lianna. Éta hal miboga tujuan sangkan nu maca
museurkeun paniténna ka palaku utama.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku
anu watekna kompléks jeung tilu urang palaku anu wateknabasajan. Ilah
mangrupa palaku anu miboga watek kompléks. Paripolah jeung
pamadegan Ilah anu barobah ngébréhkeun kompéksitas watekna. Dina hiji
waktu, Ilah jadi awéwé anu déwasa, bisa ngawasa konsép pangaweruh
165
salaku awéwé. Ilah ogé bisa jadi awéwé anu miboga pamikiran
matérialistis duméh kairut ku Alan. Tapi salaku awéwé anu boga haté
sénsitif, manéhna tetep ceurik waktu ningali kanyataan anu pikanyerieun
haténa. Pangarang ngébréhkeun ieu hal saperti dina sawatara cutatan ieu di
handap.
“Hih… pan urang mah awéwé, calon ibu rumah tangga. Ngurus
imah, salah sahiji kawajiban ibu rumah tangga. Pan salaku
wanita urang kudu bisa ngalaksanakeun pancatugas.” (36/8)
Watek Ilah anu kagambar dina cutatan di luhur nya éta watek anu
tangguh jeung tanggung jawab. Manéhna sadar yén salaku awéwé anu
bakal jadi ibu rumang tangga, manéhna boga kawajiban pikeun ngurus
imah. Tapi, karakterna robah jadi awéwé anu matré sabab sérab ku jabatan
Alan anu boga kalungguhan di tempat gawéna. Ieu katitén dina cutatn di
handap.
… tuda Alan mah lain jalma joré-joré. Nya kasép nya urang
kota, ditambah boga kadudukan lumayan salaku mantra BRI.
Saha mojangna nu teu bakal kapincut. (39/8)
Salaku awéwé anu leuwih dominan ngagunakeun haté daripada
logika, basa Ilah panggih jeung Alan babarengan jeung hiji mojang,
manéhna ngarasa dihina jeung diheureuykeun ku Alan nepi ka ceurik
lantaran ambek. Ceurikna Ilah ogé lantaran ngarasa hanjakal lantaran geus
teu nganggap Otang. Ieu hal bisa katitén dina cutatan di handap.
… Basa Alan ngaliwat ka hareupeun Ilah manéhna ukur
ngarérét meueusan, tuluy ngabalieur… Teu karasa cipanonna
bet ngalémbéréh mapay pipi… (41/3)
Tina sawatara cutatan di luhur, katitén watek Ilah anu mekar sacara
dinamis. Parapalaku basajan watekna leuwih statis, saperti Acih, Alan
jeung Otang anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek, angger,
datar jeung teu mekar nepi ka ahir carita. Sanajan saméméhna palaku Alan
kacaritakeun bageur tuluy robah jadi atah anjang, éta lain mangrupa
166
parobahan watek lantaran bageurna Alan mangrupa cara keur
meunangkeun Ilah jeung hayang kaalem ku bapana Ilah.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ilah, Acih, Otang, jeung Alan
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun ibu Camat, Kang Éman, jeung Ceu
Oti kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita carpon GT-04, ieu di
handap bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar
tempat, waktu, jeung sosial.
Tabél 4.19
Data Latar GT-04
No. Kode Data Data
Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-04:35/1 Cai
2. GT-04:35/2 Dapur
3. GT-04:35/2 Hareupeun hawu
4. GT-04:36/1 Tonggoheun imah
5. GT-04:37/8 Pipir hawu
6. GT-04:37/7 Kulon
7. GT-04:37/7 Sawah
8. GT-04:38/4 Kampung
9. GT-04:38/4 Kota
10. GT-04:38/4 Engké
11. GT-04:38/4 Ayeuna
12. GT-04:38/4 Saminggu ka
tukang
13. GT-04:38/4 Imah ilah
14. GT-04:39/2 Sataun ka tukang
15. GT-04:41/2 Kebon
16. GT-04:41/3 Jalan aspal
17. GT-04:42/3 Bale-balé saung
167
No. Kode Data Data
Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
18. GT-04:42/8 Landeuh
19. GT-04:43/7 Beurang
(a) Tempat
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya opat belas latar
tempat dina ieu carpon GT-04, nya éta cai (GT-04:35/1) anu mangrupa
tempat Ilah ngisikan jeung ngala cai,dapur anu ngawengku pipir hawu
jeunghareupeun hawu (GT-04:35/2) mangrupa tempat Ilah nataharkeun
asakan keur nganteuran kolotna. Ieu latar ogé jadi salah sahiji tina dua
tempat utama lumangsungna carita. Dapur mangrupa tempat Ilah jeung
Acih ngawangkongkeun pasualan ngeunaan Alan, Otang, Éman, jeung
hal-hal lianna anu patali jeung maranéhna salaku awéwé.
Latar tonggoheun imah (GT-04:36/1) mangrupa tempat Acih
ngageroan Illah. Kulon (GT-04:37/8) mangrupa tempat ayana imah
Otang.Sawah (GT-04:37/7) mangrupa tempat tatanén kolotna Ilah anu sok
dibantuan ku Otang. Kampung jeung kota (GT-04:38/4) mangrupa tempat
anu jadi babandingan kahirupan. Kampung mangrupa lembur tempat Ilah
jeung Otang matuh. Kota nya éta tempat asal Alan.Imah Ilah (GT-04:41/2)
dina ieu data nya éta tempat nyaritakeun Alan anu nganjang ka Ilah.Kebon
(GT-04:41/2) nya éta tempat Abah jeung Emana Ilah digawé. Jalan aspal
(GT-04:41/3) mangrupa jalan anu diliwatan ku Ilah basa rék nganteuran ka
kebon. Di jalan ogé Ilah panggih jeung Alan bari ngaboncéng
awéwé.Bale-balé saung (GT-04:42/3) mangrupa tempat Ilah ngécagkeu
aisan jeung téko, di dinya ogé nu garawé rék dalahar. Landeuh (GT-
04:42/8) mangrupa tempat utama anu kadua dina ieu carpon, di landeuh
Otang jeung Ilah pada-pada sadar yén maranéhna ngarasa salah geus
midua haté. Di éta tempat rasa cinta tumuwuh deui.
168
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, tilu latar miboga kode
GT-04:38/4 anu sarua lantaran aya dina paragrap anu sarua, nya éta engké,
ayeuna, jeung saminggu ka tukang. Data GT-04:39/2 nya éta sataun ka
tukang, anu mangrupa waktu Ilah mimiti wawuh ka Alan. Waktu beurang
(GT-04:43/7) nya éta waktu Ilah nganteuran kolotna jeung Otang di
kebon. Ieu waktu ogé mangrupa lumangsungna kajadian inti.
Engké mangrupa waktu anu boa bakal karandapan ku palaku Alan,
ninggalkeun Ilah di kampung. Ayeuna, mangrupa mangsa alan geus
ngajauhan Ilah bari ngolémbar ka awéwé lian. Saminggu ka tukang
mangrupa waktu umangsungna kajadian basa Alan ngolo Ilah sangkan
daék nganteur kahayangna.
(c) Sosial
Carpon GT-04 miboga dua latar sosial, nya éta Alan nu jadi mantri
BRI miboga status sosial anu luhur, jeung kaayaan kulawarga Ilah anu
patani. Ieu ststus sosial anu béda ngabalukarkeun béda ogé pola pikir
jeung cara nyawang kahirupan dumasar puseur sawangan palakuna.
4.2.4.2 Unsur Semiotik GT-04
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-04 ngawengku genep ikon, jeung
salapan indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-04 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.20
Analisis Unsur Ikon GT-04
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-04:38/3 Nu anyar Mangrupa tanda ikon anu
ngébréhkeun ngeunaan
169
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
lalaki atawa kabogoh
anyar. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Tah… tah, pédah boga nu
anyar nyah?...
2. GT-04:38/3 Ngulinkeun Teu enyaan, mikabogoh
ngan keur heureuy
wungkul. Ilah anu ngarasa
can yakin bisa narina
Otang, keur deukeut jeung
Alan. Tapi Acih ngomat-
ngomat sangkan teu
gampang percaya ka Alan.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
… Can puguh Lah, boa
teuing manéhna mah ngan
hayang ngulinkeun
wungkul.
3. GT-04:38/3 Asak Dina ieu kontéks, asak
mangrupa tanda tina
hangkeutna hasil mikir
anu bener-bener. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… lain sirik Acih mah,
ngan kadé Ilah sing asak
pamilih, ulah abongkéna
itu aya onjoyna ti Kag
Otang.
4. GT-04:40/12 Luak-léok Dina ieu kontéks
ditujukeun ka palaku
Kang Éman,
beubeureuhna Acih anu
teu beunang dipercaya
lantaran sok mindeng ka
imah Ceu Oti. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
170
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Teung atuh da Kang Éman
téh teu bia dipercaya.
Luak-léok teu puguh.
Pajar cenah sok ngalékor
baé di imahna Ceu Oti,
randa urang kulon téa.
5. GT-04:40/14 Aya maksud Sangakn teu togmol
nyebutkeun puasa,
ilaharna cukup ku
nyebutkeun aya maksud
upama ditiah dahar. Nu
nawaran geus ngarti yén
éta magrupa tanda tina
puasa. Ieu katitén dina
cutatan paguneman di
handap.
Pék atuh Acih bisi rék
dahar!
Ah, moal! Keur aya
maksud.
6. GT-04:43/7 Angin
beurang
Angin beurang mangrupa
ikon tina ayana hiliwih
hawa anu matak niiskeun
awak. Dina ieu kontéks,
angin beurang mangrupa
tanda ayana kabagja anu
bakal kasorang sanggeus
haté jeung pikiran pada-
pada panas jeung sumpek.
Angin asih ti Otang keur
Ilah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Otang ngojéngkang
ngadeukeutan. Deukeut
pisan. Hiur angin
ngahiliwir. Angin beurang
nu mépés rasa
bayeungyang.
171
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-04 aya anu mangrupa indéks réngkak
paripolah, gejala fisik, jeung aktualisasi. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di
handap.
Tabél 4.21
Analisis Unsur Ikon GT-04
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-04:37/8 Tulus Réngak
paripolah
Kontéks tulus dina ieu
pertélaan mangrupa istilah
séjén pikeun kawin atawa
dilamar. Acih nanya ka Ilah
lantaran manéhna ningali
yén Ilah jeung Otang geus
tingal ngajadikeun. Ieu
katitén dina cutatan
paguneman Ilah jeung Acih
di handap.
“Rék iraha tulusna, Lah?”
“Naon téa?”
“Kawinan…!”
2. GT-04:38/3 Madeg
mayong
Réngak
paripolah
Mandeg mayong mangrupa
tindakan jalma anu teu bisa
nyokot kaputusan lantaran
patali jeung pilihan. Dina
ieu kontéks carita, Illah anu
mandeg mayong téh,
lantaran can bisa milih
pisalakieun antara Otang
jeung Alan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Teuing atuh, asa mandeg
mayong.
3. GT-04:39/8 Nyeblak Aktualisasi Nyeblak mangrupa rasa
anu dibalukarkeun ku
ayana katugenah lantaran
inget atawa mikanyaho
hiji hal anu matak
tugenah. Dina ieu kontéks,
anu nyeblak téh nya éta
172
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Ilah lantaran meunang
béja ti Acih, Alan kungsi
katingali diuk pagégéyé
jeung mojang geulis. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Seblak… haté Ilah
nyeblak. Boa enya Alan
téh boga deui kabogoh
matak tara embol-embol
gé.
4. GT-04:39/8 Panas Aktualisasi Panas mangrupa tanda tina
ayana rasa anu ngahéab tina
sumberna. Dina ieu
kontéks, panas anu karasa
ku Ilah nya éta panas
haténa lantaran timburu,
Alan kanyahoan jeung
awéwé séjén. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Boa enya Alan téh boga
deui kabogoh matak tara
embol-embol gé. haténa asa
panas.
5. GT-04:39/8 Handeueul Aktualisasi Rasa handeueul anu
kaalaaman ku Ilah
mangrupa balukar tina
salingkuhna Alan jeung
mojang séjén. Salian ti éta,
anu manghanjakalkeunna
téh, ku Ilah Alan geus
dianggap lain lalaki
sambarangan anu kasép,
urang kota, jeung boga
kalungguhan di tempat
gawéna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Aya rasa handeueul anu
nyangkark dina dadana.
Tuda Alan téh lain jalma
173
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
joré-joré. Nya kasép nya
urang kota, ditambah boga
kadudukan lumayan salaku
mantra BRI.
6. GT-04:41/3 Ngarérét
meueusan,
tuluy
ngabalieur
Réngak
paripolah
Gerak panon anu ngarérét
bari tuluy ngabalieur
mangrupa paripolah anu
nandakeun ayana
katugenah, tapi teu
dibasakeun kalawan lisan.
Dina ieu kontéks, basa Ilah
papanggih jeung Alan nu
keur ngaboncéng awéwé
séjén, Alan ukur ngarérét
meueusan bari tuluy
ngabalieur geus jadi
jawaban yén Alan geus
embung deui miboga
hubungan jeung Ilah.
Katarimana ku Ilah, éta
paripolah téh karasa
mangrupa hinaan jeung
cara pikeun
ngaheureuykeun haténa
wungkul. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Basa Alan ngaliwat ka
hareupeun Ilah manéhna
kur ngarérét meueusan,
tuluy ngabalieur. Nyel haté
Ilah keuheul, asa dihina
jeung diheureuykeun.
7. GT-04:41/3 Keuheul Aktualisasi Kakeuheul Ilah
dibalukarkeun lantaran
panggih jeung Alan anu
nyapirakeun manéhna.
Disebut nyapirakeun
duméh manéhna geus lila
teu nepungan, sakali
panggih geus jeung awéwé
lian. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
174
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Nyel haté Ilah keuheul, asa
dihina jeung
diheureuykeun.
8. GT-04:41/3 Leumpang
beuki
ngungkug
Réngkak
paripolah
Paripolah jalma anu
leumpang mémang miboga
ma’na anu béda. Saperti
dina ieu kontéks,
ditétélakeun Ilah anu
leumpangna beuki
ngungkug sanggeus
panggih jeung Alan anu
ngaboncéng awéwé séjén.
Leumpang ngungkug
mangrupa leumpang
tungkul bari segut sarta teu
rurat-rérét ka sisi ka gigir.
Dina ieu kontéks, Ilah lain
wungkul segut tapi ogé
lantaran nahan kaambek
jeung kanyeri haténa. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Jajantungna asa aya anu
ngaréraban. Leumpangna
beuki ngungkug.
9. GT-04:41/3 Cipanon
ngelémbréréh
Gejala fisik Cipanon anu ngalémbéréh
mangrupa tanda indéksikal
tina ayana kasedih atawa
kaambek anu karandapan
ku hiji jalma. Dina ieu
kontéks, Ilah ceurik
lantaran nyeri haté ku Alan
jeung boga karumasa salah
geus midua haté ti Otang.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Teu karasa cipanonna bet
ngalémbéréh mapay pipi.
Dina implenganana nyipta-
nyipta tangtungan Alan tapi
175
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
weléh teu ngajirim. Nu
ngajénggélék ngan waruga
Otang anu keur luut-léét
késang.
10. GT-04:42/10 Panonna
neges-neges
Réngkak
paripolah
Gerak panon anu neges-
neges dina kontéks Ilah
ningalikeun Otang anu keur
ngoréd, tujuanna lain
hayang atra kana anu keur
ditingalina, tapi Ilah
ngararasakeun rasa dina
haténa ka nu atra dedegan
jeung deudeuhna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Bréh Otang keur ngagecruk
ngoréd, nganggeuskeun
hanca anu kari sajuru deui.
Keteyep Ilah ngadeukeutan.
Panonna neges-neges
waruga nu keur jongjon
ngagecruk.
11. GT-04:43/4 Ngabalieur Aktualisasi Ngabalieur dina data GT-
04:41/3, béda hartina jeung
ngabalieur dina kontéks ieu
wacana. Ngabalieur di dieu,
nya éta waktu Ilah ngarasa
teu kuat paadu teuteup
jeung Otang anu seukeut lir
mikanyaho sakur eusi haté
Ilah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Teup… panonna neuteup
kana beungeut Ilah nu
beureum lantaran
kapanasan. Ilah ngabalieur,
teu uat nadah paneuteup
Otang nu asa naranjangan
eusi haténa.
176
4.2.4.2 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-04
a. Ajén Sosial
Ajén sosial anu aya dina carpon GT-04, bisa katitén tina tabél data
ieu di handap.
Tabél 4.22
Data Ajén Sosial GT-04
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-04:36/10 Awéwé kudu jadi
anggota masyarakat
nu hadé
2. GT-04:36/10 Awéwé kudu jadi
pangjaring salaki
3. GT-04:36/10 Awéwé kudu bisa
ngatur rumah tangga
4. GT-04:36/10 Awéwé kudu bisa
ngatik budak
5. GT-04:36/10 Awéwé kudu bisa
ngatur turunan
6. GT-04:37/5 Kang Otang bageur
7. GT-04:40/15 Puasa sunat
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya lima data anu ngandung
ajén bebeneran sakaligus miboga hubungan sacara langsung jeung ajén moral,
nya éta bisa katitén dina data GT-04:36/10. Ieu data moboga kode anu sarua
lantaran aya dina kaca jeung paragraph anu sarua. Salian ti éta, ieu carpon ogé
miboga hiji ajén moral anu euweuh hubunganna jeung ajén bebeneran, sarta
hiji ajén kaagamaan. Ieu carpon teu miboga ajén kaéndahan.
1) Ajén Bebeneran jeung Ajén Moral
Lima ajén bebeneran anu patali jeung ajén kaagamaan nya éta
ngeunaan lima kawajiban awéwé salaku ibu rumah tangga, nya éta yén
awéwé téh kudu jadi anggota masyarakat nu hadé,kudu jadi pangjaring
salaki,kudu bisa ngatur rumah tangga,kudu bisa ngatik budak, jeungkudu
177
bisa ngatur turunan. Ieu hal ditétélakeun ku palaku Ibu camat, anu
ditepikeun deui ku palaku Ilah ka Acih. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di
handap.
“Heeh…, pan urang salaku wanita kudu sanggup
ngalaksanakeun éta pancén. Kudu jadi pangjaring nu jadi
salaki, kudu bisa ngatur rumah tangga, kudu bisa ngatik budak,
kudu bisa ngatur turunan, jeung kudu bisa jadi anggota
masarakat nu hadé,” cek Ilah mani norolang…(36/10)
Tina cuatatn di luhur katitén yén awéwé boga kalungguhan anu
penting di kulawarga jeung masarakat. Di kulawaraga, awéwé kudu bisa
jadi pangjaring salaki anu ngingetan upama salah, anu ngarojong kana
kahadéan, jeung anu satia dina kaayaan susah jeung senang. Salian ti éta,
awéwé kudu bisa ngatur rumah tangga, ngurus imah jeung ngatur lar-
supna duit keur kabutuhan rumah tangga. Perkara ngatur turunan,
mangrupa tanggung jawab babarengan antara salaki jeung pamajikan.
Salian di kulawarga, awéwé ogé kudu jadi anggota masarakat anu hadé.
Ieu hal patali jeung kalungguhan manusa salaku mahluk sosial. Dina hirup
kumbuhna, hiji jalma geus tangtu bakal merlukeun jalma lian keur
lumangsungna hirup.
Patali jeung ajén bebeneran, ieu kawajiban-kawajiban awéwé téh
dianggap bener ku kelompok masarakat lantaran nyoko kana peran dan
fungsi awéwé sacara umum. Éta hal aya patalina jeung ajén moral, sabab
nyindekel kana unsur kahayang hiji jalma pikeun lumangsungna kahirupan
anu tengtrem nurutkeun kasapukan balaréa.
2) Ajén Moral
Ajén moral séjén anu euweuh patalina jeung kawajiban awéwé nya
éta ngeunaan sikep bageurna Otang ka pimitohaeun. Ieu miboga ajén
moral lantaran sacara sosial, minantu lalaki di masarakat patani kudu bisa
ngolah tanah sabab mangrupa hiji-hiji tempat nyiar kipayah keur
kahirupan sapopoé. Jadi, lain perkara bageur henteuna atawa bener
178
salahna, tapi mangrupa wujud tina pertélaan yén hiji lalaki anu bisa
ningalikeun kamampuhna ngurus tatanén ka pimitohaeun, dianggap bisa
tanggung jawab ka kulawarga upama engké jadi minantu. Snajan ieu
pamadegan mangrupa pamadegan anu heureut, tapi di masarakat anu
pakasaban utamana tatanén, pamadegan saperti kieu dianggap bisa dipaké
pikeun ngajén hiji jalma. Salian ti keur lalaki, awéwé ogé ilahar diajén
gawéna dumasar kana kamampuhna ngurus salaki jeung gurus anu gawé.
3) Ajén Kagamaan
Data GT-04:40/15 ngébréhkeun ngeunaan puasa sunat anu miboga
ajén kaagamaan. Dina ieu carita, Acih anu ngalaksanakeun puasa sunat
sangkan tinekanan sagala pamaksudan.
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-04, bisa katitén dina tabél data ieu
di handap.
Tabél 4.23
Data Ajén Budaya GT-04
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-04:36/9 Pancatugas
2. GT-04:37/5 Mantuan pimitohaeun
3. GT-04:37/2 Sakola teu tamat
SMP lantaran teu
kamodalan
4. GT-04:38/3 Acih ngingetan Ilah
5. GT-04:38/4 Kahayang Alan nu
teu kacumponan
6. GT-04:39/2 Nasabah
7. GT-04:40/15 Puasa sunat
8. GT-04:40/16 Gusti Allah
179
Dumasar kana tabél di luhur, aya hiji ajén téori (GT-04:36/9), dua ajén
ékonomi (GT-04:37/2, GT-04:37/2), dua ajén Agama (GT-04:40/15, GT-
04:40/16), jeung opat ajén solidaritas (GT-04:36/9, GT-04:37/5, GT-04:38/3),
hiji ajén kawasa (GT-04:38/4). Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Manusa mikawanoh ayana téori anu jadi konsép dina prosés ngajén
alam sabudeureun luyu jeung konsép kaélmuanana. Dina ieu kontéks
carita, kapanggih ayana konsép pangaweruh ngeunaan téori panca tugas
awéwé sakumaha anu ditétélakeun ku Nani Suwondo:
… wanita dalam keluarga itu mempunyai panca tugas yaitu (1)
sebagai istri (2) sebagai ibu pendidik (3) sebagai ibu pengatur
rumah tangga (4) sebagai tenaga kerja (5) sebagai anggota
organisasi masyarakat.
Dumasar kana pamadegan di luhur, awéwé dina kahirupan
kulawarga miboga lima pancén (panca tugas), nya éta salaku pamajikan,
salaku nu ngatur rumah tangga, salaku pangatik, salaku anu ngadidik,
jeung salaku anggota organisasi masarakat. Ieu panca tugas miboga
saeutik bébédaan jeung anu kapanggih dina carpon GT-04. Ieu di handap
mangrupa cutatanna.
“Heeh…, pan urang salaku wanita kudu sanggup
ngalaksanakeun éta pancén. Kudu jadi pangjaring nu jadi
salaki, kudu bisa ngatur rumah tangga, kudu bisa ngatik budak,
kudu bisa ngatur turunan, jeung kudu bisa jadi anggota
masarakat nu hadé,” cek Ilah mani norolang…(36/10)
Nilik kana data panca tugas anu kapanggih dina cutatan di luhur,
anu bédana nya éta aya dina perkara kalungguhan salaku pamajikan jeung
salaku pagawé di imah. Dina cutatan éta peran téh leuwih kana fungsi
pamajikan anu kudu ngaping jeung ngajaring salaki upama ngalakukeun
kasalahan. Perkara pagawé jeung nu ngatur turunan, éta dua hal mangrupa
tanggung jawab babarengan antara salaki jeung pamajikan.
180
2) Ajén Ékonomi
Dina prakna hirup kumbuh sapopoé, manusa ngagunakeun banda
jeung kajadian pikeun ngajén hiji kagunaan kalawan ngagunakeun logika
efisiensi. Dina ieu carita, data anu miboga ajén ékonomi salaku balukar
tina ayana logika efisiensi tadi, nya éta perkara waragad pikeun mayar
sakola. Dina data kapanggih, patani teu sanggup ngabiayaan sakola anak-
anakna lantaran mahal.
Konsép mahal tangtuna waé rélatif keur sawangan pada-pada
jalma. Pikeun gambaran, taun 1980-an ayana iflasi anu luhur
ngabalukarkeun mahalna ogé waragad atikan. Upama waragad sakola
30.000 per bulan dina taun 1980, taun 1981 bakal naék jadi 33.000
sabulan. Hartina, waragad sakola taun 1980-an naék 10% per taun.
Dumasar kana data di luhur, logis upama dina ieu carpon GT-04
disebutkeun yén patani teu bisa nyakolakeun anak-anakna. Ieu kontéks
diwakilan ku palaku Ilah jeung Acih, dua wanoja kampung anu hirup tina
hasil tatanén.
3) Ajén Agama
Ajén agama anu aya dina ieu carpon diwakilan ku palaku Acih anu
getol puasa sunat. Manéhna yakin upama getol ngalaksanakeun ibadah
sunah, sagala pamaksudan bakal diijabah ku Gusti Alloh. Ieu luyu jeung
katerangan yén puasa sunat bisa numuwuhkeun kacinta ka Alloh sarta
ngabalukarkeun dikobulna do’a hiji jalma.
4) Ajén Kawasa
Hiji jalma mikawanoh ajén kawasa upama ngarasa sugema upama
jalma séjén nurut kana kahayangna. Dina ieu carpon, nyampak dina palaku
Alan anu hayang meunangkeun Ilah sangkan daék nganteur kahayangna.
Manéhna ogé ngarasa boga kakuatan salaku urang kota anu kasép sarta
boga jabatan luhur di bank.
181
4) Ajén Solidaritas
Ajén budaya anu pamungkas nya éta ajén solidaritas. Dina ieu
carpon, data anu miboga ajén solidaritas nya éta ngeunaan rasa cinta,
sosobatan jeung silih tulungan. Rasa cina diwakilan ku palaku Ilah jeung
Otang, sosobatan katingali tina palaku Ilah jeung Acih. Sedengkeun silih
tulungan katingali tina palaku Otang anu mantuan kolotna Ilah gawé di
sawah jeung di kebon.
4.2.5 “Guriang Tujuh” (GT-05)
4.2.5.1 Struktur Carita GT-05
Téma carpon GT-05 nya éta kamanusaan. Ieu téma nyoko kana rasa cinta
indung ka anak anu diéksplor ku pangarang. Hiji indung, bisa ngalakukeun naon
waé keur anakna, kaasup nyieun carita rékaan sangkan anakna dipikanyaah.
Sanajan dina ieu carita éta hiji indung miboga tujuh anak, manéhna teu ngarasa
boga beban.
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Embu. Salaku indung, manéhna
hayang sarua mikanyaahna tapi teu bisa lantaran aya sawatara kasang tukang anu
ngabalukarkeun bédana kayaah indung ka saurang anak tina tujuh anak. Embu,
anu ngarasa hariwang, lamun seug manéhna maot, genep budakna teu dipikanyaah
ku budakna nu cikal lantaran geus boga pamajikan. Ieu kasieun mangrupa
gambaran luhungna kanyaah indung. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan
anu ngagambarkeun éta téma.
Lamunanana ngajaul ka mangsa-mangsa nu bakal datang. Gusti, kedah
ka saha abdi mercayakeun barudak nu keur meujeuhna atikeun, anu
keur meujeuhna talingakeuneun? Ka Si Cikal anu kakara bubulanan
rumah tangga? Asa teu tararéga teuing. (44/3)
Reup panonna dipeureumkeun. Kacipta Si Cikal dirurungsing ku adi
sagenep-genep. Kacipta Poppy, minantuna, pusingeunana. (45/2)
… Manéhna kudu gancang-gancang nyieun carita rékaan sangkan Si
Cikal bisa ngahampura dosa adi-adina, lamun hal anu teu dipiharep
kajadian. (46/2)
182
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun kacindekan ngeunaan
luhung jeung sucina kacinta hiji indung ka nu jadi anak.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-05 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Embu anu keur
ngalamun di kamarna (A). Basa lamunanana mingkin jauh, manéhna
ngarasa hariwang sieun anak-anakna anu genep teu dipikanyaah ku Si
Cikal. Manéhna tuluy nyieun carita rékaan dina buku harianna. Dina
tulisanna, carita pulang-anting ka mangsa-mangsa kakandungan ku tujuh
budak. Ieu mangrupa téhnik flash back (D1). Kajadian karasana nyeri dina
tonggong basa keur anteng nulis, miboga kalungguhan keur malikkeun
galur ka mangsa kiwari (B). Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun
galur mundur, ogé pikeun méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu
geus kaalaman ku palaku (D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari
(C), tuluy dipungkas ku Karna jeung Poppy anu nyebutkeun siap jadi
gaganti indung jeung bapa keur adi-adina (E). Upama dipolakeun, ieu
galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Embu anu hariwang budak-budakna teu
dipikanyaah. Saliwat, ieu carpon siga sub-galur, tapi sabenerna eusi carita
anu nyaritakeun mangsa-mangsa Embu anu keur ngandung tujuh budakna
183
mangrupa carita rékaan Embu, carita bohong keur budakna anu cikal
sangkan daék mikanyaah adi-adina anu genep upama manéhna geus maot.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Embu
anu ngarasa sieun, tuluy nulis carita rékaan, lantaran gering manéhna
kapiuhan, pas hudang carita réngsé lantaran langsung meunang jawaban
tina kahariwangna. Éta galur carita dipidangngkeun sacara gancang
kalawan miboga hubungan anu dalit antarkajadianna.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur ka palaku nya éta
Embu jeung Karna. Sanajan aya palaku séjén nya éta Poppy (pamajikan
Karna), tapi saukur dimunculkeun keur ngantebkeun pamungkas carita.
2) Palaku
Dina carpon GT-05 aya saurang palaku utama, nya éta Embu (GT-
05:44/4). Palaku tambahan aya 19 urang, nya éta Si Cikal atawa Karna (GT-
05:44/4), Poppy (GT-05:45/2), dokter (GT-05:45/4), Dewi Kunti (GT-
05:47/1), Batara Surya (GT-05:47/1), Ama (GT-05:47/2), Eyang (GT-
05:47/3), Satiwati (GT-05:49/1), dulur misan Ama (GT-05:49/4), Susilawati
(GT-05:53/2), Damayanti (GT-05:51/2), Déwi Kania (GT-05:51/3), Ema (GT-
05:54/4), emang béca (GT-05:55/2), Mustikawati (GT-05:55/4), Nuraini (GT-
05:56/1), Si Bungsu (GT-05:56/2), dokter (GT-05:55/4), jeung dokter Adi
(GT-05:57/8). Palaku Embu, Karna, jeung Poppy méré pangrojong kana eusi
katut galur carita, sésana ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina
pangalaman anu geus dilakonan.
184
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Embu mangrupa palaku
utama.Salapanbelas palaku séjénna mangrupa palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung.Anu
ngarojong sacara langsung nya éta Karna jeung Poppy. Sésana mangrupa
palaku anu disebutkeun ku palaku utama dina suratna keur Karna.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Embu, Karna, Poppy, Satiwati, Damayanti, Emang
béca, jeung Mustikawati. Tina tujuh palaku protagonis, aya anu dumasar
kana subjéktivitas palaku utama, saperti Satiawati jeung Damayanti. Aya
ogé palaku Embu, Karna jeung Poppy anu objéktif dumasar kana
penampilan dina carita anu bisa diajén ku nu maca.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun
kaprotagonisan Satiawati jeung Damayanti dumasar pamadegan indungna,
salaku palaku utama.
Nya Satiawati anu nyeungceurikan bari ngupah-ngapéh, pajar
téh: “Ulah sieun Embu, nu teu lepat mah pasti katangén
bersihna!” pokna bari eueuriheun. (49/3)
Nya dingaranan Damayanti. Anak anu teu weléh didama-dama,
dianti-anti. (51/3)
Palaku Embu atra mangrupa palaku protagonis, lantaran ieu palaku
salawasna jadi palaku séntral. Ti mimiti carita, pangarang geus méré
gambaran kana ieu palaku salaku hiji indung anu kacida mikanyaah anak-
anakna anu nganteng parat nepi ka ahir carita.
Karna jeung Poppy ogé mangrupa palaku protagonis, lantaran
manéhna kacida mikanyaah Embu. Salian ti éta, Karna jeung Poppy ogé
siap jajadi gaganti indung jeung bapa upama Embu geus teu aya. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
185
Embu tong seueur nu dimanahan. Sing percanten, abdi sareng
Poppy nu bakal janten gegentos Ama sareng Embu kanggo adi-
adi. (58/1)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya genep urang
palaku anu miboga watek basajan sarta saurang palaku anu watekna
kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Karna, Poppy,
Satiwati, Damayanti, tukang béca, jeung Mustikawati. ieu para palaku
waterna teu mekar atawa statis, lantaran ngan digambarkeun saliwat dina
carita.
Palaku Embu miboga watek anu kompléks, lantaran watekna
mekar kalawan dinamis nuturkeun guluyurna carita. Pangna Embu kaasup
kana watek kompléks, lantaran kaayaan batinna digambarkeun salaku
awéwé anu lembut tapi pengkuh nyekel prinsip. Manéhna ogé gambaran
awéwé anu satia ka salaki sarta mangrupa wanoja mandiri anu teu kudu
ngahésékeun batur atawa gumantung ka batur. Sanajan kitu, Embu ogé
miboga watek pesimis nyanghareupan hirupna. Manéhna ngarasa yén
panyakitna beuki parna sarta moal bisa cageur deui sabihari. Manéhna ogé
miboga panyangka goréng ka anak jeung minantuna.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Embu, Karna, Poppy, Satiwati,
Damay anti, tukang béca, jeung Mustikawati mangrupa palaku tipikal.
Sedengkeun Dokter, Dewi Kunti, Batara Surya, Ama, Eyang, dulur misan,
Susilawati, Déwi Kania, Ema, Dokter, jeung Dokter Adi kaasup palaku
nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara
krusial kana guluyurna carita.
186
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.24
Data Latar GT-05
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-05:44/1 Kamar
2. GT-05:44/1 Isuk-isuk
3. GT-05:44/1 Pipir imah
4. GT-05:47/2 Tutugan gunung Haruman
5. GT-05:54/4 Luar kota
6. GT-05:53/5 Salapan bulan
7. GT-05:54/4 Bumi Ema
8. GT-05:55/1 Sajam
9. GT-05:55/1 Rumah sakit
10. GT-05:55/1 Tilu parapat jam
11. GT-05:44/4 Sawangan kana kahirupan
12. GT-05:45/1 Cara mikir wanoja salaku
pamajikan, indung, anak,
jeung mitoha
(a) Tempat
Aya genep latar tempat dina carpon GT-05 ieu, nya éta kamar (GT-
05:44/1) anu mangrupa tempat Embu ngalamun. Ieu tempat mangrupa
tempat utama lumangsungna carita. Latar pipir imah (GT-05:44/1)
mangrupa tempat ayana tangkal jeruk bali, anu kembangna diperhatikeun
ku Embu jeung diibaratkeun kana hirupna anu geus kolot. Tutugan
Gunung Haruman (GT-05:47/2) mangrupa tempat kajadian basa
pisalakieun Embu kacilakaan. Luar kota (GT-05:54/4) mangrupa tempat
Ama tugas, basa Embu rék ngalahirkeun Mustikawati. Bumi Ema (GT-
05:54/4) nya éta imah tempat indungna Embu cicing. Dina ieu carita teu
187
nyaritakeun lakawan lengkep ngeunaan kaayaan imah Ema, lantaran basa
kacaritakeun Embu ka imah Ema, Ema keur euweuh. Rumah Sakit (GT-
05:55/1) mangrupa tempat Embu ngalahirkeun Mustikawati. Tina tujuh
anak Embu, ngan palaku Mustikawati anu kacaritakeun sacara éksplisit
dilahirkeun di rumah sakit.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima. Waktu isuk-isuk(GT-
05:44/1) mangrupa waktu basa Embu keur ngalamun di kamar. Dina ieu
carita teu disebutkeun sacara langsung yén kajadian carita lumangsung
isuk-isuk, tapi ngaliwatan gambaran kaayaan saperti cutatan ieu di handap.
Ibun masih ngagaréndang dina tungtung dangdaunan basa
manéhna mukakeun jandéla kamarna. Hawa seger karasa
nyerep kana tulang sungsum… (44/1)
Tina cutatan di luhur, sanajan teu disebutkeun isuk-isuk, tapi nu
maca bisa apal yén upama masih kénéh aya ciibun jeung hawa seger
nétélakeun waktu isuk-isuk. Waktu salapan bulan(GT-05:53/5)mangrupa
lilana Embu kakandungan dibarung ku kasiksana awak lantaran teu bisa
barangdahar. Waktu sajam (GT-05:55/1) mangrupa lilana waktu anu kudu
dilakonan ti imah Embu ka imah Ema upama kana béca. Sajamtilu parapat
jam(GT-05:55/1) mangrupa lilana waktu anu kudu dilakonan ti imah Ema
ka rumah sakit upama kana béca.
(c) Sosial
Aya dua latar sosial dina ieu carpon, nya éta GT-05:44/4 anu
ngébréhkeun sawangan hirup palaku Embu kana kahirupan. Manéhna
nganggap yén di dunya euweuh nu abadi, kabéh pasti aya mangsana ka
kalanggengan. Latar sosial séjén anu kapanggih nya éta GT-05:45/1 anu
mangrupa gambaran cara mikir wanoja (Embu) dumasar kana
kalungguhanna salaku pamajikan anu kudu tuhu tur satia ka salaki, salaku
indung anu mikadeudeuh anak-anakna, salaku anak anu salawasna ménta
188
rido jeung do’a ti indung, jeung salaku mitoha anu sakudua mikanyaah
minantu jeung teu boga pamikiran goréng.
4.2.5.2 Unsur Semiotik GT-05
Unsur semiotik dina ieu carpon GT-05 aya tilu, nya éta ikon, indéks, jeung
simbol. Éta data diinterprétasikeun dina wangun tabél kalawan dirojong ku data
cutatan tina carpon GT-05.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-05 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.25
Analisis Unsur Ikon GT-05
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-05:44/2 Kembang murag
katebak angin
Kembang anu murag
katebak angin
disawang ku palaku
yén taya nu abadi,
éta rasa dibarung
ayana kanyaah anu
rohaka sanajan
mémang kudu
tumarima upama
waktu palastra
(kembang murag)
cunduk ti ajalina
(angin). Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Deudeuh kembang,
marurag katebak
angin.
2. GT-05:44/3 Nyusul salakina Nyusul salakina dina
ieu kontéks
mangrupa gambaran
189
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
waktu jeung kasieun
kana maot. Palaku
ngarasa seunggah
ninggalkeun budak-
budakna anu tujuh.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Rasa lewangna
beuki nambahan
mun ras inget kana
umurna nu geus
leuwih ti tengah
tuwuh. Biheung isuk
biheung pagéto
manéhna bakal
nyusul salakina ka
kalanggengan.
3. GT-05:45/3 Samagaha Samagaha
nyitrakeun sacara
langsung kana
kaayaan anu poék
mongkléng. Dina ieu
kontéks, anu
poékeun téh nya éta
mangrupa kabingung
pilampaheun anu
kudu disorang. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Hidep kudu terang
kumaha samagahana
haté Embu! Lain
Embu téga!
4. GT-05:45/4 Jampé Jampé dina ieu
kontéks lain
mangrupa kekecapan
anu dilisankeun
pikeun nyageurkeun
hiji panyakit, tapi
190
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
mangrupa élmu
ngeunaan kanyaah
lanceuk ka adi, yén
kudu bisa
nganyahokeun kana
pasipatanana. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Ngan aya jampéna,
Karna, sangkan
hidep bisa rido,
hidep kudu bisa
nganyahoankeun
kana pasipatanana.
Ari sipat budak téa,
Anaking, gumantung
kana kaayaan
mangsa
dikandungna.
5. GT-05:46/1 Tunggal sagetih Dina ieu kontéks,
tunggal sagetih
mangrupa tanda yén
tujuh barudak Embu
asalna ti kolot anu
sarua.
6. GT-05:46/1 Dulur pet ku
hinis
Dina ieu kontéks,
tunggal sagetih
mangrupa tanda yén
tujuh barudak Embu
asalna ti kolot anu
sarua.
7. GT-05:46/1 Lahir
patungturan hulu
Dina ieu kontéks,
tunggal sagetih
mangrupa tanda yén
tujuh barudak Embu
asalna ti kolot anu
sarua. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
191
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Hidep bakal yakin
yén hidep jeung adi-
adi téh tunggal
sagetih. Dulur pet ku
hinis, nu lahir
patungturun hulu.
8. GT-05:47/2 Diheulang Diheulang atawa
dipaok heulang
mangrupa istilah
pikeun ngébréhkeun
rasa kaleungitan anu
ujug-ujug. Dina ieu
kontéks, rasa siga
diheulang
karandapan ku
Embu anu
ditinggalkeun maot
ku beubeureuhna,
saméméh
ngarangkep jeung
Ama. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Pisaminggueun deui
nikah, manéhna
tiwas basa keur
ngebut di tutugan
Gunung Haruman.
Embu téh asa
diheulang, Karna.
9. GT-05:47/2 Poék leuwih ti
samagaha
Samagaha
nyitrakeun kaayaan
anu poék. Dina ieu
kontéks, hartina
mangrupa rasa sedih
jeung bingung
lantaran ditingalkeun
maot ku beubeureuh
anu pisaminggueun
deui rék nikah. Ieu
katitén dina cutatan
192
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
di handap.
Pisaminggueun deui
nikah, manéhna
tiwas basa keur
ngebut di tutugan
Gunung Haruman.
Embu téh asa
diheulang, Karna.
Haté Embu harita
poékna leuwih-
leuwih ti samagaha.
10. GT-05:48/3 Beungeut
nyanghareup ati
mungkir
Lampah teu luyu
jeung ketereg haté.
Dina ieu kontéks
karandapan ku
Embu anu daék
ditikah sarta
ngalayanan Ama
sakumaha mistina
pamajikan ka salaki,
tapi haté tetep
manteng ka nu geus
tilar. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Dina ayaran rumat
tangga tepi ka
ngandung ku hidep,
haté Embu angger
ngolémbar, teu
mandep ka nu jadi
salaki. Éstu
beungeut
nyangharep ati
mungkir.
193
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-05 aya anu mangrupa indéks réangkak
paripolah, gejala fisik, aktualisasi, jeung barang. Éta bisa katitén dina data
tabél ieu di handap.
Tabél 4.26
Analisis Unsur Indéks GT-05
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-05:44/1 Ngarénghap jero Réngkak
paripolah
Dina ieu kontéks, nyeuseup
hawa kalawan jero bisa
dihartikeun lantaran hayang
ngaleupaskeun bangbaluh anu
aya dina haté jeung pikiran
Embu. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
Manéhna ngrénghap jero,
nyeuseup hawa seger
sadaékna.
2. GT-05:44/2 Deudeuh,
kembang
Aktualisasi Dina ieu kontéks,
mikadeudeuh kembang
mangrupa indéksikal tina rasa
nu hanjelu dibarung ku rasa
nyaah jeung manglebarkeun
yén hal nu éndah ogé hiji
waktu bakal paéh, kitu deui
manusa. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Deudeuh kembang, marurag
katebak angin.
3. GT-05:46/2 Buku harian Barang Buku harian mangrupa barang
anu dipaké nulis surat anu
sabenerna mangrupa carita
rékaan keur Karna ti Embu
sangkan Karna bisa
ngahampura dosa adi-adina
lamun seug adi-adina
ngalakukeun kasalahan. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
194
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Karayap manéhna
ngadeukeutan méja tulis,
néangan buku harian. Ceuk
pamikirna, manéhna kudu
ngajéntrékeun yén kakurang
barudak téh raket patalina
jeung tingkah paripolah
indung bapana… Manéhna
kudu gancang-gancang nyieun
carita rékaan, sangkan Si
Cikal bisa ngahampura dosa
adi-adina. lamun hal anu teu
dipiharep kajadian.
4. GT-05:46/2 Kacilakaan Gejala
fisik
Kacilakaan dina ieu kontéks
nya éta kaayaan fisik awéwé
nu meunang aéb,
kakandungan saméméh sah
boga salaki. Awéwé anu
dipikahariwang sieun
kacilakaan nya éta budak-
budak awéwé Embu anu
genep. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ras deui ka barudakna anu
genep, awéwé wungkul,
kumaha mun seug
“kacilakaan”, ngarandapan
nasib goréang tur aéb?
5. GT-05:49/2 Beubeulahan
nyawa
Aktualisasi Beubeulahan nyawa dina ieu
kontéks mangrupa sesebutan
indung ka nu jadi anak cikal
lantaran kanyaahna anu
leuwih tibatan nyaah ka anak-
anakna nu lian. Karna, budak
cikal Embu éstu budak anu
pangdipikanyaahna. Ieu
katitén dina cutatan kalimah
langsung Setiawati basa
Karna mangmeunangkeun
Ama nuduh Embu nu lain-
lain.
195
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
“Kakang! Kapan kakang téh
beubeulahan nyawa Embu,
naha Kakang téga ngaraheutan
manah Embu? Kakang
telenges, kacida..”
6. GT-05:49/4 Antipati ka
lalaki
Réngkak
paripolah
Anu antipasti ka lalaki dina
ieu kontéks nya éta Satiawati.
Ceuk Embu, pangna kitu téh
lantaran waktu dikandungna,
Embu dituduh ku Ama midua
haté. Sanajan Embu ngarasa
teu narima, tapi tetep satia ka
Ama. Lantaran keur
dikandungan, Embu dituduh
midua haté. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ulah kagét, lamun Satiawati
rada antipatika lalaki… basa
Embu keur kakandungan ku
manéhna, Ama kungsi nuduh
Embu midua haté.
7. GT-05:54/3 Awak ngayakas
blég rorongkong
hirup
Gejala fisik Awak anu diupamakeun kana
kayakas jeung rorongkong,
dina ieu kontéks dipaké
pikeun ngagambarkeun
kaayaan fisik hiji jalma anu
begang leuwih ti misti. Embu
anu awakna begang lantaran
Embu tara daék dahar da sok
kautahkeun deui. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Awak beuki lila beuki ruksak.
Ningal dahareun téh ngan bati
kabita, da lamun am didahar
mah kapan ukur memenitan
ogé pasti kaluar deui
kautahkeun … (53/5) Awak
ngayakas, blég rorongkong
hirup
196
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
8. GT-05:54/4 Bobokong
tingjeletot
Gejala fisik Dina ieu kontéks, gejala fisik
bobokong tingjeletot
kaalaman ku Embu anu rék
ngalahirkeun budak kalmia.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Basa karasa bobokong
tingjeletot, tandana rék
ngalahirkeun, Embu indit
sorangan ka bumi Ema.
9. GT-05:56/1 Tara cengkat
tina pangsalatan
Réngkak
paripolah
Dina ieu kontéks, paripolah
Embu anu tara cengkat tina
pangsalatan ngébréhkeun du’a
anu teu pegat-pegat, neneda ka
nu Maha Kawasa, hayang
dibéré budak lalaki. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Beurang peuting teu sirikna
tara cengkat tina pangsalatan,
neneda sangkan boga budak
lalaki.
10. GT-05:57/1 Nitipkeun jimat Réngkak
paripolah
Jimat dina ieu kontéks nya éta
anak-anak Embu anu tujuh.
Bakat ku nyaah jeung
bungahnana, nepi ka Embu
nyebutna jimat. Tapi lantaran
geus beuki kolot, Embu
bingung kudu saha
mihapékeun budak-budakna
sabada Ama miheulaan ka
kalanggengan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Meureun geus kadar ti Gusti,
Embu kudu boga jimat tujuh.
Embu bagja, Karna… Tapi
basa awak karasa kacida
ropohna, sanggeus Ama lawas
ngantun, Embu jadi baluweng.
Kudu ka saha Embu nitipkeun
jimat?
197
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
11. GT-05:57/2 Leungeun
ngadégdég rosa.
Téténjoan asa
beuki muter
Gejala fisik Leungeun anu ngadégdég
jeung titingalian anu asa muter
mangrupa tanda gejala fisik
tina awak anu keur dina
kaayaan gering. Ieu hal
kaalaman ku Embu basa geus
réngsé nulis surat dina buku
harian. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
Leungeunna ngadégdég rosa.
Téténjoanna asa beuki muter.
Masih kapikiran ku manéhna
pikeun nyumputkeun buku
harian kana handapeun angel.
Basa kadéngé aya nu
ngetrokan panto, manéhna
geus taya tangan pangawasa
pikeun ngobahkeun awakna.
12. GT-05:57/9 Kolong anggel
disasaran
Réngkak
paripolah
Nyasaran kolong anggel
mangrupa tanda paripolah tina
néangan hiji barang. Dina ieu
kontéks, lantaran kaburu
kapiuhan, Embu teu kaburu
nyumputkeun buku harian.
Barang inget, manéhna
néangan ka handapeun anggel
tapi teu kapanggih. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Ras manéhna inget kana
sisimpenan handapeun anggel.
Tapi, kumaha rék nepikeunana
ka Karna jeung Poppy. Kolong
anggel disasaran. Euweuh
nanaon.
13. GT-05:57/9 Keretas
salambar
Barang Keretas salambar dina ieu
kontéks mangrupa tanda tina
pesen tulisan di jerona, lain
saukur keretas kosong anu
euweuh eusian. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
198
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Euweuh nanaon. Sakali deui,
tapi ukur aya keretas
salambar. Bari panasaran
keretas diilikan.
14. GT-05:58/3 Ubar Barang Ubar dina ieu kontéks lain
ubar ti dokter pikeun ngubaran
panyakit kangker rahim anu
karandapan ku Embu, tapi
ubar haté anu nyageurkeun
bangbaluh pikir. Ubar di dieu
nya éta kalimah anu ditulis ku
Karna dina keretas salambar.
Éta tulisan minangka
pangreugreug haté Embu. Ieu
bisa katitén dina cutatan di
handap.
Eusi tulisan dina keretas
handapeun anggel: Embu tong
seueur nu dimanahan. Sing
percanten, abdi sareng Poppy
nu bakal janten gegentos Ama
sareng Embu kanggo adi-adi.
(58/1)
Keun… Keun teuing
anaking… Kiwari Embu geus
pasrah, teu kudu diubar-abér.
Ayeuna gé enggeus cageur.
Lain, lain ubar ti dokter
pibareunana ogé. Tapi ieu dina
keretas sacewir.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-05 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
199
Tabél 4.27
Analisis Unsur Simbol GT-05
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-05:47/2 Dipati Karna Simbol anak hasil samuni Déwi Kunti ti
Bataran Surya. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Lamun hidep resep kana carita wayang,
pasti terang naon sababna Embu méré
ngaran Karna ka hidep. Apal meureun saha
ari Dipati Karna? Putra Dewi Kunti hasil
samuni jeung Batara Surya.
2. GT-05:50/3 Déwi Setiawati Simbol istri anu satia. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Hidep terang dongéng Déwi Setiawati dina
wayang, Karna? Satiwati téh istri anu satia
ka carogé. Najan rék ngemasi pati, angger
buméla tumutur.
3. GT-05:51/3 Déwi Kania Simbol ratuning istri anu parigel, rancagé
jeung rapékan. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
… Déwi Kania mah ratu-ratuning istri,
rapékan, percéka tur binékas.
4.2.5.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-05
a. Ajén Sosial
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-05, bisa katitén tina tabél data ieu
di handap.
Tabél 4.28
Data Ajén Sosial GT-05
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-05:44/1 Ibun dina tungung
dangdaunan
200
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
2. GT-05:48/1 Sabar
3. GT-05:48/3 Dosa
4. GT-05:48/3 Soléh
5. GT-05:50/6 Nyiram dipungpang
kahayang
6. GT-05:50/6 Bugah/sedih jadi
matak keur budak nu
di kandung
7. GT-05:50/1 Wirid di pangsalatan
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya dua data anu ngandung
ajén bebeneran, hiji ajén kaéndahan, tilu ajén moral, jeung opat ajén
kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon nyampak dina dua data GT-
05:50/6 anu ngébréhkeunngeunaan kaayaan hiji indung anu keur
kakandungan. Ieu kaayaan ngabalukarkeun sawatara konsép ngeunaan
bener henteuna éta gambaran kaayaan. Data anu kahiji, awéwé anu keur
kakandungan tuluy nyiram, boga hiji kahayang, ceuk sawatara masarakat
teu meunang dipungpang, sabab bakal ngalantarankeun budakna ngelay.
Salian ti éta, upama dipungpang bisi jadi pikiran. Lamun geus matak jadi
pikiran patali jeung data anu kadua yén bungah jeung sedihna indung anu
keur kakandungan, bakal jadi matak ka budak anu dikandungna.
2) Ajén Kaéndahan
Ajén kaéndahan ébréh dina basa anu dipaké ku pangarang waktu
ngamimitian carita ku cara ngagambarkeun kaaaan isuk-isuk nepi ka
karasa éndahna, sanajan teu disebutkeun isuk-isukna. Éta bisa katitén dina
cutatan ieu di handap.
Ibun masih ngagaréndang dina tungtung dangdaunan basa
manéhna mukakeun jandéla kamarna. Hawa seger karasa
nyerep kana tulang sungsum… (44/1)
201
Tina cutatan di luhur, bisa katitén cara ngolah basana nepi ka
miboga ajén kaéndahan anu khas.
3) Ajén Moral jeung Kaagamaan
Ajén moral dina ieu data GT-05:48/1 jeung dua data GT-05:48/3
patali jeung ajén kaagamaan. Data GT-05:48/1 ngébréhkeun ayana sikep
anu hadé dina nyanghareupan pasualan kahirupan. Data GT-05:48/3
ngébréhkeun dua ajén ngaeunaan konsép alus jeung bener dumasar kana
tatapakan kaagamaan. Dina ieu carpon, ieu ajén nyoko kana kajadian anu
kaalaman ku palaku Ama anu digambarkeun salaku jalma anu sabar jeung
soléh. Perkara dosa, ayana kasadaran hiji jalma ngeunaan konsép kasalahn
atawa méngpar tina aturan agama mangrupa gambaran yén palaku bisa
ngabédakeun mana anu bener jeung mana anu salah dumasar kana aturan
kaagaman jeung aturan anu aya di masarakat. Ajén kaagamaan lianna nya
éta data GT-05:50/1. Ieu data ngébréhkeun pancegna prinsip kaagaman
anu dicekel anu diyakini ku palaku.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon GT-05 bisa katitén dina tabél di handap.
Aya tilu belas ajén budaya.
Tabél 4.29
Data Ajén Budaya GT-05
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-05:45/4 Sipat budak gumatung
keur dikandung
2. GT-05:45/5 Kangker rahim
3. GT-05:46/4 Carita wayang
4. GT-05:47/2 Iman
5. GT-05:48/1 Wekel kana agama
6. GT-05:49/4 Ama jeung Embu nu
silih mikanyaah
7. GT-05:44/4 Kanyaah Embu ka
202
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
anak
8. GT-05:58/1 Kanyaah Karna jeung
Poppy ka Embu jeung
adi-adi
9. GT-05:50/6 Bungah/sedih jadi
matak keur budak nu
dikandung
10. GT-05:53/2 Gusti
11. GT-05:54/2 Jalma bisa maot mun
teu dahar
12. GT-05:55/4 Bronchitis teu
meunang keuna ku cai
13. GT-05:56/1 Kawasa Pangéran
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya lima
ajén téori, opat ajén agama, hiji ajén seni, jeung tilu ajén solidaritas. Dina ieu
carpon teu kapanggih ajén ékonomi jeung ajén kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori nyoko kana ayana konép-konsép kaélmuan anu patali
jeung dunya kaséhatan. Upamana dina data GT-05:45/4 jeung GT-05:50/6
anu mangrupa pertélaan ti palaku Embu anu ngébréhkeun yén kaayan
psikologis awéwé anu keur kakandungan, bakal méré pangaruh kana sipat
atawa sikep budak anu keur dikandungna. Ieu hal luyu jeung hasil studi
jeung risét anu dilakukeun ku para ahli, sakumaha anu ditétélakeun ku Dr.
Fakhir Aqil (aya dina www.al-shia.org).
“Kesehatan jasmani dan kondisi psikis ibu sangat berpengaruh
pada janin. Rasa cemas, kalut, takut, dan sebagainya, dapat
mengakibatkan hal yang serupa pada jiwa anak. Ketegangan
dan goncangan yang dialami oleh seorang ibu hamil akan
mengakibatkan hal-hal yang tidak diinginkan pada janin.
Bahkan hal itu akan membuat anak yang ia kandung menjadi
seorang yang emosional. Masa kehamilan juga sangat
berpengaruh pada kestabilan jiwa dan mental anak”.
203
Tina hasil panalungtikan di luhur, katitén yén kaayaan émosi anu
keur kakandungan saperti Embu bakal mangaruhan kaayaan émosi anak
anu dikandungna. Data GT-05:45/5 ngeunaan kangker rahim anu
karandapan ku palaku Embu ngabalukarkeun rasa kasieun jeung pesimis
anu pohara kana hirupna. Manéhna ngarasa yén hirupna moal lila deui.
Sacara téori, kangker rahim mangrupa panyakit anu karandapan ku
awéwé. Anu ngarandapan ieu panyakit, nurutkeun Prof Dr dr Ketut
Suwiyoga, SpOG (K), dina 1980-an, rata-rata penderita kangker rahimaya
dina umur 52,5 taun.
Salian ti éta, dina data GT-05:54/2, ditétélakeun yén jalma bakal
maot upama teu dahar. Sacara téori, ieu pamadegan luyu jeung konsép
kaélmuan yén hirupna manusa di ieu dunya ngabutuhkeun énérgi atawa
tanaga anu sumberna tina nutrisi anu didahar.
Ajén téori séjén kapanggih dina data GT-05:55/4 anu nétélakeun
yén jalma anu kakeunaan ku panyakit bronchitis teu meunang keuna ku
cai. Sacara téori, panyakit bronchitis mangrupa panyakit inféksi paru-paru
anu ngabalukarkeun sensitif kana cai jeung hawa tiis.
2) Ajén Agama
Data anu nétélakeun ayana ajén agama nya éta GT-05:47/2,GT-
05:48/1, jeung GT-05:56/1. Data GT-05:47/2 ngébréhkeun yén kaimanan
bisa jadi kendali emosi keur hiji jalma. Sakumaha anu kaalaman ku
palaku Embu basa pisaminggueun deui kana waktu nikah, pisalakieunna
kacilakaan nepi ka maot. Dina kontéks eusi catita, lamun seug teu kuat
iman mah manéhna hayang nemahan pati nyusul pisalakieunna.
Dina data GT-05:48/1, katitén ayana kritéria pisalakieun anu kudu
sabar jeung wekel kana agama. Ieu hal tangtu waé patali jeung
kalungguhan lalaki dina rumah tangga salaku imam kulawarga. Data
lianna nya éta GT-05:56/1 anu ngébréhkeun yén moal aya au bisa
miheulaan atawa mungpang tina kawasa jeung pangersa Pangéran.
204
3) Ajén Seni
Ajén seni anu aya dina ieu carpon nya éta ngeunaan carita wayang
(GT-05:46/4). Palaku Embu matalikeun ngaran-ngaran budakna jeung para
palaku anu aya dina carita wayang. Saperti Karna tina Dipati Karna,
Satiawati, Dewi Kania, Mustikawati.
Salian ditepikeun dina ngaran-ngaran palakuna, ajén seni carita
wayang geus leuwih tiheula diébréhkeun dina jejer ieu carpon, “Guriang
Tujuh”. Dina carita wayang, Guriang Tujuh mangrupa tujuh naga anu
ngajaga Lalayang Salakadomas. Dina ieu carpon, guriang tujuh dipaké
pikeun ngawakilan tujuh urang anak-anak Embu.
4) Ajén Solidaritas
Ajén-inajén solidaritas dina ieu carpon nya éta aya dina data GT-
05:49/4, anu ngébréhkeun ayana rasa cinta antara Ama jeung Embu. Data
GT-05:44/4 ngébréhkeun kanyaah Embu ka anak-anakna nepi ka ngarasa
hariwang sieun euweuh nu mikanyaah upama manéhna maot. Data GT-
05:58/1 ngébréhkeun kanyaah anak ka indung jeung adi-adi anu ébréh dina
palaku Karna. Palaku Poppy ogé ngagambarkeun rasa nyaahna ka mitoha
jeung adi-adi beuteung.
4.2.6 “Harga Hiji Surat” (GT-06)
4.2.6.1 Struktur Carita GT-06
a. Téma
Téma carpon GT-06 nya éta kamanusaan. Ieu téma nyoko kana ayana
pamadegan-pamadegan pangarang ngeunaan rasa cinta anu sipatna manusiawi
dina kahirupan rumah tangga. Konsép anu diébréhkeun dina ieu carita
mangrupa konsép cinta anu leuwih luhung tibatan konsép cinta dina carpon
GT-05. Ieu hal lantaran cinta antara salaki jeung pamajikan geus leuwih
universal. Di dinya aya kanyaah salaki ka pamajikan, pamajikan ka salaki,
kolot ka anak, jeung anak ka kolot dina wengkuan kulawarga. Rasa cinta dina
205
ieu carita leuwih kompléks sabab patali jeung kaayaan ékonomi, salingkuh,
sarta harga diri lalaki jeung awéwé.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan kalawan konsép cinta dina kulawarga.
Geus katempo ti mimiti manéhna balaka yén pagawéanana macét
ku lantaran bangkrut téh ngariukna beungeut Ratna bet matak
nyentug kana haténa… (61/3)
“Cik atuh Rat, sakalieun teu aya keur Ratna mah kumaha wé
carana. Ulah nyiksa manéh kitu, akang teu téga!” (62/8)
“Bilih teu uninga tuang rayi anu jenengan Ratna téh parantos
ngalambangsari sareng Diréktur Pausahaanana, dununganan, nya
éta salaki abdi!” (68/1)
“Kumaha mun akang teu suka? Tapi akang moal nyerahkeun da
gedé duriat ka Ratna.” (72/3)
“Ratna ulah kacida teuing ngahinakeun akang ku cara sarupa kitu.
Akang lalaki, sanajan euweuh gawé, akang teu hayang ngajual
talak ka pamajikan.” (74/2)
Tina sawatara cutatan di luhur, kitten yén téma kamanusaan
diébréhkeun ngaliwatan paguneman langsung antarpalaku jeung ngaliwatan
narasi ti pangarang.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-06 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku munculna palaku Ratna anu sibuk
nataharkeun dangdanana lantaran rék aya acara di kantor, sarta tuluy aya
nu néang maké mobil (A). Sanggeus Ratna indit, Ilham ngalamun nginget-
nginget kajadian-kajadian anu geus disorang ku manéhna jeung Ratna. Ti
206
mimiti maksa Ratna sangkan daék dikawin ku manéhna, boga anak tilu,
nepi ka bangkrutna pausahaan tempat Ilham digawé. Ieu mangrupa téhnik
flash back (D1) anu digunakeun ku pangarang sangkan sangkan eusi carita
bisa diébréhkeun kalawan gembleng. Galur maju ka hiji poé waktu Ilham
kadatangan sémah awéwé, pamajikan dunungan Ratna (B). Tidinya, galur
maju deui ka mangsa Ratna nembrakeun rusiah salingkuhna nepi ka
manéhna paséa rongkah jeung Ratna (C). Paséa rongkah ngabalukarkeun
ngamukna Ilham ka Ratna nepi ka manéhna sorangan maéhan manéh
(D2). Ieu pangrupa hasil akumulasi tina A, B, C, jeung D1 anu miboga
hubungan dalit dina carita. Carita dipungkas ku salametna Ratna sanggeus
disiksa ku Ilham. Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di
handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- C ---------- D2---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun palaku Ilham jeung Ratna anu sacara dominan aya dina ieu
carpon.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina padet henteuna, ieu galur kaasup kana galur anu
anggang. Ieu galur, midangkeun caritana sacara kendor sarta hubungan
antarkajadianna ogé teu dalit. Pangarang kawilang anca dina nembrakkeun
runtuyan carita. Kajadian-kajadian anu diébréhkeun dina galur flash back
ogé teu kabéh miboga hubungan anu sacara langsung kana eusi carita
mangsa kiwari. Sanajan kitu, kajadian-kajadian anu anggang éta,
diakumulasi jadi hiji pasualan gedé anu ngabalukarkeun konflik dina ieu
carita.
207
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ilham
jeung Ratna. Ieu dua palaku jadi palaku séntral anu ngahirupkeun carita.
Kajadian-kajadian anu tumiba ka Ilham mangrupa balukar tina kalakuan
Ratna. Kitu deui kajadian anu kaalaman ku Ratna, dina enas-enasna
dilantarankeun ku polah Ilham mangsa baheula.
2) Palaku
Dina carpon GT-06, aya dua belas urang palaku, nya éta Ratna (GT-
06:59/1), Ilham (GT-06:59/3), mahasiswa anu jadi dunungan Ratna (GT-
06:61/4), Ceu Atik (GT-06:63/3), indung Ratna (GT-06:63/7), bapa Ratna
(GT-06:63/7), pamajikan dunungan Ratna (GT-06:65/3), tatangga anu
nganyahoankeun kajadian di imah Ilham (GT-06:75/6), hansip anu mimiti
nganyahoankeun Ilham jeung Ratna baloboran getih (GT-06:75/6), Si
Bungsu(GT-06:76/2), dokter (GT-06:76/3), jeung pulisi (GT-06:76/2. Dua
urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita sacara langsung,
anu sapuluh urang palaku ngan disebut ku dua urang palaku tadi minangka
bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ilham jeung Ratna mangrupa
palaku utama. Ieu dua urang palaku mangrupa palaku séntral dina
carpon anu ngahirupkeun carita kaasup konflik-konflik di jerona.
Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
ngarojong palaku utama sacara langsung nya éta GT-06:65/3,manéhna nya
éta pamajikan dunungan Ratna anu méré nyaho ka Ilham yén Ratna jeung
salakina salingkuh.
208
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Ilham. Sanajan dina carita digambarkeun Ilham miboga
sikep goréng anu megatkeun tali duriat Ratna jeung kabogohna, tapi
upama ningali eusi carita kalawan gembleng, bisa katitén yén Ilham
mangrupa palaku anu miboga sipat hadé. Gedé ambekna Ilham, malah
nepi ka wani nyiksa pamajikanna ku beling jeung botol peupeus lain
ébréhan sipatna nu antagonis, tapi dirojong ku palaku Ratna anu antagonis
nepi ka Ilham salaku lalaki ngaluarkeun émosina nepi ka teu kakontrol. Ieu
di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun kaprotagonisan
Ilham.
…Ilham ogé rumasa kawin ka Ratna téh sanggeus megatkeun
duriat batur anu geus masket… (61/4)
“Cik atuh Rat, sakalieun teu aya keur Ratna mah kumaha wé
carana. Ulah nyiksa manéh kitu, akang teu téga!” (62/8)
“Na atuh ari enya mah digawé Ratna téh teu bébéja ka akang ,
ngarah akang teu deudeupeun.”… (64/5)
“Rat, akang sakumaha beuratna ka pamajikan, dipikir mah milu
dosa lmun ngantep Ratna terus icikibung dina dosa lantaran
midua haté. Kalah kumaha ogé dina agama mah kapan teu
meunang awéwé kitu peta téh.” Ceuk Ilham sorana leuleuy.
(73/6)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Ilham
sanggeus jadi salaki sarta bapa ti anakna nu tilu miboga sipat anu hadé,
nyaah ka pamajikan sanajan pamajikanna geus ngalakukeun lampah
goréng jeung salaki batur.
Palaku protagonis dina ieu carpon nya éta Ratna. Palaku Ratna
mimiti kacaritakeun goréng téh ti saprak Ilham jadi pangangguran. Cara
hirup Ratna anu salawasna mentingkeun penampilan, ngarasa teu siap
prihatin basa salakina teu boga pagawéan. Manéhna leuwih hadé peurih
209
beuteung lantaran euweuh dahareun daripada kudu rudin papakéan. Ieu
bisa katitén dina cutatan di handap.
“Pokona abdi mah kajeun kudu nahan beuteung lapar tibatan
rudin barang paké!” ceuk Ratna bari ngagejlig ka tukang.
(33/3)
Tina cutatan di luhur katitén yén gaya hidup Ratna leuwih penting
batan ngajaga kaalumangsungan rumah tangga sarta sakuduna néangan
jalan kaluar bbarengan. Éta sipat goréng mangrupa sabagian leutik tina
sababaraha sipat goréng lianna.
Minangka konflik utama dina ieu carpon, palaku Ratna salingkuh
jeung mantan kabogohna basa keur kuliah anu ayeuna jadi dununganna di
kantor. Sanajan Ratna ngagunakeun alesan cinta keur ieu paripolahna, tapi
teu bisa dianggap bener. Ngantep anak sabab waktuna séép keur salingkuh
jeung ngalakukeun jinah jeung salaki batur mangrupa gambaran
kaantagonisan Ratna anu ébréh dina ieu carpon. Salian ti éta, kaangkuhan
Ratna anu poho kana ajén jeung agama kagambar dina kajadian yén Ratna
bakal méré duit sajuta upama Ilham daék nyerahkeun manéhna. Ieu bisa
katitén dina sawatara cutatan di handap.
“Bilih teu uninga tuang rayi anu jenengan Ratna téh parantos
ngalambangsari sareng Diréktur Pausahaanana, dununganan,
nya éta salaki abdi!” (68/1)
“… Tah abdi geus gadung jangji anu sami sareng kaul, lamun
abdi ditalak ku akang, abdi masrahkeun artos sajuta rupia
minangka mulang tarima…” (74/1)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku
anu miboga watek basajan jeung dua urang palaku anu miboga watek
210
kompléks. Ilham jeung Ratna mangrupa palaku anu miboga watek
kompléks. Ilham anu mimitina bageur, sabar, jeung hayang ngarobah
kaayaan sangkan leuwih hadé deui, tétéla robah jadi lalaki anu gedé ambek
nepi ka wani malédog beungeut Ratna ku botol peupeus, malah nepi
ngahanca awak Ratna ku beling.Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
“Lain kitu, da Ratna téh pamajikan akang atuh! Bisi aya kitu
kieu pan akang ogé saeutikna kababawa.” Témbal Ilham
leuleuy… (64/7)
“Rék ngalacur nyah?” Teu kaampeuh Ilham nanya. (71/4)
“… Soal nyerahkeun keur akang mah soal anu kacida
pentingna, teu bisa dilalaworakeun…” (72/5)
Ilham ngarasa kasedekkeun tina sagala perkara, antukna
manéhna sagal horéam, sagala teu purun. Tapi dina kaayaan
kitu tetep haté kalalakianana ngarasa teu narima kana kalakuan
Ratna. (73/3)
Ngadéngé kitu ana gebro téh Ilham malédogkeun botol nu
peupeus mani meneran pisan kana beungeut Ratna… Gabres-
gabres waé seuseukeut kaca dipaké ngahanca awak Ratna…
(75/4)
Tungtungna kapanggih kapanggih di kamar barudak dina
pangsaréan Si Bungsu Ilham geus teu nyawaan… (76/2)
Palaku Ratna ogé miboga watek anu kompléks kalawan mekar
sacara dinamis. Ratna anu salila rumah tangga teu kacaritakeun boga
watek goréng, nepi ka Ilham teu boga pagawéan, manéhna langsung robah
jadi awéwé anu goréng adat. Sanajan Ratna nganggap yén salingkuhna
atas dasar cinta ka popotonganna, tapi teu bisa dianggap bener sabab
manéhna masih kénéh pamajikan Ilham. Watek Ratna anu heuras jeung
geus teu boga moral deui salaku awéwé, hiji waktu robah jadi awéwé anu
borangan basa Ilham ngamuk ka manéhna. Ieu bisa katitén dina sawatara
cutatan di handap.
211
“Nya éta teu aya nanaon pisan. Saumur sirah disusuhun asa
kakara ayeuna teu kararaban sangu ti énjing!” (62/5)
“… Moal abdi mah, najan beuteung peurih ogé moal rék
ngamurah-murah pakéan abdi!” (63/4)
“… Keur abdi, ngalakonan hirup kawas ayeuna teu jadi
halangan!” Témbal Ratna bangun nangtang. (71/3)
“… Artos sajuta mah étang-étang pamulang tarima ceuk abdi
ogé!” Témbal Ratna keukeuh bari imut semu nu meunang.
(74/3)
Ratna ngarasa kacida sieunna nempo nu ngamuk téh, panon
Ilham kacida girasna.
“Kang Ilhaaaam atos Kang! To sari teu kersa mah, abdi ogé
moal maksa! Atoos Kang!” Ratna jejeritan bari ceurik bakat ku
sieun. (75/2-3)
Palaku anu watekna basajan sarta teu mekar ti mimiti dicaritakeun
depi ka bérésna angger satis nya éta pamajikanna dunungan Ratna anu
nyémah ka Ilham. Éta awéwé, ti mimiti datang ka imah Ilham, nyaritakeun
Ratna anu saligkuh jeung salakina, nepi ka méré bukti-bukti ka Ilham,
euweuh parobahan watek. Angger teuneung bari tetep bisa ngontrol
émosina.
“Lepat éta téh, Yi, dihenteu-henteu ogé ayi téh carogéna. Nu
jelas kumargi ayi lemah teu tiasa ngariksa nu janten garwa,
abdi ngiring disangsara.” (67/6)
… Si ibu kalawan tatag ngajelaskeun bari nyodorkeun surat-
surat satumpuk… (68/2)
Lantaran palaku aktifna ngan tiluan, palaku séjénna teu kapaluruh
watek-watekna, sabab ngan disebut saliwat-saliwat dina eusi caritana.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ilham jeungRatna mangrupa
palaku tipikal. Sedengkeun mahasiswa (anu jadi dunungan Ratna), Ceu
Atik,indung Ratna,bapa Ratna,tatangga,hansip,Si Bungsu,dokter, jeung
212
pulisi kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara langsung kana guluyurna carita.
3) Latar
Latar anu aya dina carpon GT-06 ngawengku latar tempat, waktu, jeung
sosial. Éta bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.30
Data Latar GT-06
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-06:59/1 Salon
2. GT-06:59/1 Modiste
3. GT-06:59/3 Palebah panto kamar
4. GT-06:59/4 Kantor
5. GT-06:61/4 Ngéléhkeun musuh
6. GT-06:61/4 Ilham keur sukses
7. GT-06:62/4 Ayeuna
8. GT-06:63/6 Kajeun lapar, batan
rudin
9. GT-06:65/4 Rohangan paragi
narima sémah
10. GT-06:66/7 Rorompok
11. GT-06:67/1 Wengi
12. GT-06:67/1 Subuh
13. GT-06:67/1 Malem minggu
14. GT-06:67/6 Ilham lemah
15. GT-06:68/1 Diréktur pausahaan
16. GT-06:68/2 Luar kota
17. GT-06:69/3 Tengah peuting
18. GT-06:69/4 Pangkéng (kamar)
19. GT-06:73/2 Imah kolotna ratna
20. GT-06:73/4 Hiji peuting bada
magrib
21. GT-06:74/3 Kaum
22. GT-06:75/6 Subuh-subuh
23. GT-06:75/6 Wanci janari
213
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
24. GT-06:76/2 Kamar barudak
(a) Tempat
Aya sabelas latar tempat dina carpon GT-06 ieu, nya éta salon
(GT-06:59/1) tempat Ratna neukteuk buukna, modiste (GT-06:59/1)
tempat Ratna nyokot baju,palebah panto kamar (GT-06:59/3) tempat
Ilham nangtung ningalikeun Ratna, kantor (GT-06:59/4) mangrupa tempat
Ratna gawé jadi sekretaris, rohangan paragi narima sémah (GT-06:65/4)
nya éta tempat Ilham ngawangkong jeung hiji awéwé (pamajikan
dunungan Ratna), rorompok (GT-06:66/7) anu mangrupa imah Ilham
jeung Ratna, luar kota (GT-06:68/2) nya éta tempat nu dijadikeun alesan
dines ku Ratna,pangkéng (GT-06:69/4) nya éta tempat Ilham nyarita ka
Ratna basa Ratna kakara balik, imah kolotna Ratna (GT-06:73/2)
mangrupa tempat Ratna balik salila teu balik ka imahna, kaum (GT-
06:74/3) nya éta tempat ngaruskeun talak anu rék dibeuli ku Ratna,
jeungkamar barudak (GT-06:76/2) nya éta tempat Ilham kanyahoan geus
teu nyawaan lantaran maténi manéh.
Tina sabelas latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan
deui jadi ngan aya dalapan latar tempat, lantaran data GT-06:65/4, GT-
06:69/4, jeung GT-06:76/2, mangrupa babagian rohangan di imah Ilham.
Jadi geus kawengku ku data latar rorompok (GT-06:76/2).
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya dalapan latar, nya éta ayeuna (GT-
06:62/4) anu mangrupa waktu basa Ratna teu kararaban sangu salila sapoé,
wengi (GT-06:67/1) mangrupa waktu mimindengna Ratna balik ti kantor,
subuh (GT-06:67/1) mangrupa waktu basa Ratna balik ka imah upama
malem minggu, tengah peuting (GT-06:69/3) mangrupa waktu basa Ratna
balik ti kantor, hiji peuting bada magrib (GT-06:73/4) nya éta waktu Ratna
214
nepikeun maksudna rék méré duit sajuta rupia upama Ilham daék
ngaragragkeun talak, subuh-subuh (GT-06:75/6) nya éta waktu tatangga
gujrud lantaran Ratna jeung Ilham kanyahoan baloboran getih, jeungwanci
janari (GT-06:75/6) nya éta waktu hansip nganyahoankeun Ratna
kasampak kapiuhan bari baloboran getih.
(c) Sosial
Dina carpon GT-06 aya lima latar sosial. Éta lima latar sosial aya
anu mangrupa status sosial, saperti Ilham keur sukses (GT-06:61/4), Ilham
lemah (GT-06:67/6), jeung diréktur pausahaan (GT-06:68/1). Ieu data
ngagambarkeun status sosial Ilham jeung diréktur pausahaan. Data GT-
06:61/4 ngébréhkeun status sosial Ilham mangsa keur nanjung nepi ka bisa
ngawin Ratna. Data GT-06:67/6 ngébréhkeun robahna status sosial Ilham
ti nu asalna di luhur jadi di handap lantaran pausahaan tempat manéhna
digawé bangkrut. Data GT-06:68/1 ngébréhkeun status sosial palaku
diréktur pausahaan tempat Ratna gawé anu keur aya di luhur.
Latar sosial anu mangrupa cara mikir palaku nyampak dina data
GT-06:61/4 anu ngébréhkeun cara mikir Ilham yén ku kasuksésan
manéhna bisa ngalakukeun naon waé, kaasup ngajiret kolot Ratna sangkan
nyatujuan ngawin Ratna sarta megatkeun tali duriat Ratna jeung
mahasiswa. Data séjén nya éta anu mangrupa cara mikir Ratna ngeunaan
dangdanan, manéhna kajeun kénéh peurih beuteung sabab teu dahar
daripada kudu rudin dangdanan, ieu nyampak dina data GT-06:63/6.
4.2.6.2 Unsur Semiotik GT-06
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-06 ngawengku 19 ikon, jeung 18
indéks, jeung opat simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-06 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
215
Tabél 4.31
Analisis Unsur Ikon GT-06
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-06:62/1 Tiis Tiis mangrupa tanda
métaforis anu dipaké
pikeun
ngagambarkeun sikep
teu ngaréspon kana
sagala hal
esabudeureunana. Ieu
katitén tina sikep
Ratna anu api lain ka
Ilham, salakina. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Komo basa harita
sajolna manéhna tas
ider-ideran néangan
lowongan pagawéan
bari teu hasil, jol ka
imah téh
disampakkeun ku
pasemon Ratna anu
kacida tiisna.
2. GT-06:62/3 Tampi raos Tampi raos mangrupa
tanda anu nyitrakeun
katugenah sacara
langsung kana sikep
palaku anu katingali.
Ieu kapanggih dina
situasi waktu Ilham
neuteup Ratna ku
teuteupan anu tugenah
atawa teu narima kana
sikep Ratna. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Ratna teu némbalan
nanaon terus nyokot
216
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
cai sok ditunda dina
méja bari pasemonna
mah angger tiis. Ilham
nuturkeun pripolah
Ratna ku teuteup
panonna nu rada tampi
raos.
3. GT-06:62/5 Teu aya
nanaon pisan
Pertélaan teu aya
nanaon pisan
mangrupa tanda tina
kaayaan anu mémang
di imah euweuh
nanaon keur dahareun.
Tapi, dina prosés
komunikasi antara
Ratna jeung Ilham
katitén ayana
bébédaan antara
“naon” ceuk Ilham
jeung “nanaon” ceuk
Ratna. “Naon” ceuk
Ilham aya dina
kontéks masalah anu
karandapan ku Ratna,
tapi “nanaon” ceuk
Ratna mangrupa
kaayaan anu keur teu
boga sangu-sangu
acan keur dahareun.
Ieu katitén dina
cutatan paguneman di
handap.
“Aya naon, Rat?”
“Nya éta teu aya
nanaon pisan. Saumur
sirah disusuhun asa
kakara ayeuna teu
kararaban sangu ti
énjing!”
217
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
4. GT-06:62/5 Saumur
sirah
disusuhun
Saumur sirah
disusuhun mangrupa
tanda anu nyitrakeun
kana lilana hirup hiji
jalma. Dina ieu
kontéks, Ratna
ngarasa yén Saumur
hirupna kakara harita
teu dahar sapopoé. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Nya éta teu aya
nanaon pisan. Saumur
sirah disusuhun asa
kakara ayeuna teu
kararaban sangu ti
énjing!”
5. GT-06:62/7 Bilatung
dulang
Bilatung dulang
mangrupa tanda
métaforis anu
ngupamakeun budak
nu keur meujeuhna
rewog dahar siga
bilatung anu aya dina
dulang (wadah tina kai
paranti ngakeul
sangu). Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
“Sumuhun nyésa,
kapan budak urang nu
keur meujeuhna
bilatung dulang téh
aya tilu.”
6. GT-06:62/9 Puntang
gurayang
Puntang gurayang
mangrupa tanda anu
nyitrakeun kaayaan
hiji jalma anu perlu
bantuan atawa
pitulung jalma séjén.
218
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Tapi, dina ieu kontéks
Ratna ngarasa daék
kénéh peurih beuteung
tibatan kudu ménta
tulung ka batur. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Suka kénéh peurih
beuteung abdi mah
batan kudu puntang
gurayang ka batur…”
7. GT-06:63/4 Naranjangan Naranjangan
mangrupa tanda anu
sacara teu langsung
ngébréhkeun kaayaan
anu matak éra. Dina
ieu kontéks, Ratna
ngarasa éra lamun téa
pakéanna kud
digadékeun ka Ceu
Atik. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Naon Ceu Atik
pagadé liar bank lieur?
Sami waé sareng badé
naranjangan abdi kitu
mah…”
8. GT-06:64/4 Rupana
beunang
dibawa ka
hareup
Rupa anu beunag
dibawa ka hareup
nyitrakeun rpa
hadé/geulis hiji
wanoja. Luyu jeung
dina ieu kontéks basa
Ilham boga
pamadegan yén Ratna
mémang geulis, moal
ngérakeun upama
digawé. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
219
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
… Tapi da lamun
manéhna mikir deui
mémang Ratna mah
salian ti boga pangarti
téh, ogé rupana
beunang dibawa ka
hareup.
9. GT-06:65/8 Didakwa Didakwa mangrupa
tanda anu
ngupamakeun hiji
jalma nu boga kasalah
bari tuluy ditanya
dipariksa. Ieu
kagambar waktu Ilham
terus ditanya ku hiji
awéwé ngeunaan
Ratna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Ilham rada
panasaran, naha
manéhna téh bet terus
ditanya kawas rék
didakwa.
10. GT-06:66/3 Panto
rorompok
tiasa kénéh
dibuka
Ieu tanda nyitrakeun
sacara langsung yén
Ilham nitah in ka
awéwé anu nyémah ka
imahna lantaran
kekecapanna matak
nyigeung haté Ilham.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“… Upami ibu awon
pamaksadan panto
rorompok masih kénéh
tiasa dibuka, mangga
énggal sasauran, aya
perkawis naon
ngeunaan punbojo!”
220
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
11. GT-06:66/6 Kaicalan Kaicalan mangrupa
tanda anu nyitrakeun
leungitna hiji hal. Dina
ieu kontéks, anu
leungit mangrupa
jalma, Ratna anu
jarang aya di imah. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.Ieu katitén
dina cutatan
paguneman di handap.
“Dupi Ayi sok
kaicalan tuang rayi
Ratna?”
“Kaicalan mah tara da
sok wangsul waé ka
rorompok.”
12. GT-06:68/1 Ngalambang
sari
Ngalambangsari
mangrupa istilah
métaforis tina jinah.
Dina ieu wacana, anu
ngalambangsari téh
nya éta Ratna jeung
dununganna di kantor,
salaki awéwé anu
nyémah ka Ilham. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Bilih teu uniga tuang
rayi nu jenengan
Ratna téh parantos
ngalambangsari
sareng Diréktur
Pausahaanana,
dununganana, nya éta
salaki abdi.”
13. GT-06:68/2 Satumpuk
surat
Satumpuk surat
nyitrakeun tulisan-
tulisan anu aya di
jerona. Dina ieu
221
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
kontéks, eusi éta surat
mangrupa bukti-bukti
salingkuh Ratna jeung
dununganna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… ngajelaskeun bari
nyodorkeun surat-
surat satumpuk. Ku
Ilham sarérétan ogé
geus kajudi, mémang
tulisan jeung tanda
tangan Ratna. Nu
séjénna surat-surat
bukti tos mondok di
hotel anu di hotel anu
sakitu peuting…
14. GT-06:70/4 Pinter Pinter nyitrakeun
kamampuh hiji jalma
pikeun mikir jeung
ngaaktualisasikeun
pikiranna. Dina ieu
kontéks, pinter miboga
harti bisaan néangan
kasalah batur. Ieu
katitén dina cutatan
paguneman Ratna anu
sinis di handap.
“Pinter Kang Ilham
ari nyilidik néangan
rasiah batur mah! Mun
atuh beubeunangan téh
nu beunang
diduitkeun!”
15. GT-06:73/4 Mustika Mustika mangrupa
batu permata anu
éndah. Dina ieu
kontéks, mustika
diupamakeun ka
pamajikan anu geulis.
222
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Basa Ratna datang,
manéhna ningali Ratna
anu mingkin geulis.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Katempona ku Ilham
Ratna téh bet kawas
hiji mustika anu beuki
éndah cahayana.
16. GT-06:73/4 Seungseureu
dan,racun
jeung peurah
Seungseureudan
mangrupa rupa-rupa
sato anu sok nyeureud.
Dina ieu kontéks
seungseureudan
mangrupa adat sarta
sipat goréng Ratna ka
salaki anu antukna
bakal mawa mamala.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Hanjakal bet
dikuriling ku
seungseureudan, nepi
ka keur Ilham matak
mawa racun tina
peurahna.
17. GT-06:74/1 Duit sajuta
rupia
Duit sajuta rupia anu
dihargakeun ku Ratna
mangrupa pameuli
talak. Nominal duit
bisa jadi lain saukur
pameuli talak, tapi ogé
harga “harga diri”
Ilham salaku lalaki
anu disapirakeun bisa
dibeuli ku Ratna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Tah abdi geus gaduh
223
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
jangji anu sami sareng
kaul, lamun abdi
ditalak ku akang, abdi
masrahkeun ka akang
artos sajuta rupia
minangka mulang
tarima.
18. GT-06:75/4 Kawas anu
dicébor cét
beureum
Kaayaan kamar anu
pinuh ku getih Ratna
lantaran awakna
dihanca ku Ilham
maké seuseukeut kaca,
diibaratkeun kana
kaayaan tempat anu
geus dicébor ku cét
beureum. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Gabres-gabres waé
seuseukeut kaca
dipaké ngahanca awak
Ratna. Getih ulawéran
ka mana-mana, kamar
tengah kawas anu
dicébor ku cét
beureum.
19. GT-06:76/3 Tapak Tapak dina ieu
kontéks nya éta tapak
talajakna dina
kahirupan Ratna, lain
saukur tatu alatan
raheut/panyiksa. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Anu geus tangtu céda
tina raheut dina
beungeutna bakal
ninggalkeun tapak
keur dirina.
224
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-16 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, sora, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data
tabél ieu di handap.
Tabél 4.32
Analisis Unsur Indéks GT-06
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-06:59/1 Dangdak-
déngdék
Réngkak
paripolah
Awéwé anu dangdak-
déngdék hareupeun
kaca mangrupa
indéksikal tina
kagiatan dangdan.
Dina ieu kontéks,
dangdanna Ratna
nandakeun aya hiji
kahayang anu teu
dikedalkeun sacara
lisan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Kaas nu tacan
sugema manéhna
hayoh waé dangdak-
déngdék mapantes
dangdanana bisi aya
kakurang.
2. GT-06:60/3 Ngarahuh Gejala fisik Ngarahuh mangrupa
indéksikal tina rasa
katugenah lantaran
nahan kakeuheul. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Ilham kadéngé
ngarahuh, beungeutna
kaciri bangun ngemu
kakeuheul.
225
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
3. GT-06:61/3 Beungeut
ngariuk
Réngkak
paripolah
Pasemon beungeut anu
ngariuk mangrupa
indéksikal tina rasa
manghanjakalkeun
jeung nganahakeun
kana kaayaan. Ratna
ngariuk basa apal
usaha Ilham bangkrut
mangrupa éksprési tina
katugenah anu dikemu
ku manéhna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Geus katempo ti
mimiti manéhna
balaka yén
pagawéanna macét ku
lantaran bangkrut téh,
ngariukna beungeut
Ratna bet matak
nyentug kana haténa.
Karasana bet kawas nu
nganaha-naha
ngabongan-bongan.
4. GT-06:61/4 Ngajiret Réngkak
Paripolah
Ngajiret mangrupa
indéksikal anu
ngupamakeun kana
beunangna hiji hal.
Dina ieu kontéks,
ngajiret mangrupa
ungkara pikeun
ngagambarkeun cara
Ilham meunangkeun
haté kolotna Ratna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Manéhna keur
suksés, nepi ka
kalawan gampang bisa
ngajiret kolotna Ratna
supaya hasil
mangaruhan anakna.
226
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-06:62/5 Teu kararaban
sangu ti isuk
Réngkak
paripolah
Teu kararaban sangu ti
isuk mangrupa
indéksikal tina teu
boga béas, ieu hal
dilantarankeun teu
boga duit keur
meulina. Anu
ngarandapan teu dahar
ti isuk téh nya éta
Ratna, nepi ka
ngomong siis ka
Ilham, salakina. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Nya éta teu aya
nanaon pisan. Saumur
sirah disusuhun asa
kakara ayeuna teu
kararaban sangu ti
énjing!”
6. GT-06:64/2 Beuki mindeng
luas-léos
Réngkak
Paripolah
Ratna beuki mindeng
luas-léeos lantaran
geus gawé di hiji
pausahaan, budak-
budakna disambat ku
kolot Ratna. Ieu
mangrupa tanda
indéksikal tina ayana
hal séjén anu
ngabalukarkeun Ratna
jarang aya di imah. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Tapi manéhna teu
bisa kukumaha da
rumasa teu bisa
nyukupan
kahirupanana. Turug-
turug Ratna beuki
mindeng luas-léos.
227
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
7. GT-06:64/5 Deudeupeun Réngkak
Paripolah
Deudeupeun mangrupa
tanda tina rasa
kahariwang. Dina ieu
kontéks, kahariwang
Ilham salaku salaki
dirasa wajar
deudeupeun ka
pamajikanna sanajan
teu katarima ku Ratna.
Ieu katitén dina cutatan
paguneman di handap.
“Na atuh ari enya mah
digawé Ratna téh teu
bébéja ka akang,
ngarah akang teu
deudeupeun.”
“Nganggo kedah
deudeupeun? Na abdi
téh budak leutik?”
8. GT-06:65/2 Udar-ider Réngkak
Paripolah
Udar-ider dina ieu
kontéks mangrupa
tanda indéksikal tina
néangan gawé,
lantaran Ilham
bangkrut téa.
Cutatanna katitén di
handap.
Tapi teu ku hanteu hiji
poé mah, basa
manéhna geus reureuh
sanggeus balik udar-
ider, teu sawatara lila
jol aya mobil eureun
hareupeun imahna.
9. GT-06:65/9 Cruk-crek bari
gogodeg
Réngkak
Paripolah
Dina ieu kontéks,
polah hiji jalma anu
cruk-crek bari gogodeg
mangrupa tanda tina
rasa hiji awéwé anu
nyémah, nganaha-naha
ka Ilham bet teu bisa
228
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
ngariksa Ratna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Jeung saenyana, éta
ibu téh katempo terus
cruk-crek bari
gogodeg. Panonna
semu anu nganaha-
naha.
10. GT-06:67/3 Boga panyangka
goréng
Aktualisasi Panyangka goréng
dina ieu kontéks
dibalukarkeun ayana
gambaran informasi
anu katarima ku
Ilham dihubungkeun
jeung paripolah Ratna
kabéhdianakeun. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
“Curiga mah henteu
mung sok ditaros waé
tos ti manana, da
awon-awon ogé abdi
téh salakina. Tapi da
waleranana téh
wangsul ngiring rapat
sareng dunungan,
margi manéhna téh
sekretaris jabatanana
mah,” Ilham
némbalan bari rada
boga haté nyangka
teu puguh ka Ratna.
11. GT-06:67/6 Ngiring sangsara Aktualisasi Lantaran
kateumampuhan Ilham
ngariksa Ratna salaku
pamajikan, awéwé anu
nyémah jadi milu
sangsara. Sabab,
salakina salingkuh
jeung Ratna. Ieu
229
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
katitén dina cutatan di
handap.
“Lepat éta téh yi,
dihenteu-henteu ogé
ayi téh carogéna. Nu
jelas kumargi ayi
lemah teu tiasa
ngariksa nu janten
garwa, abdi ngiring
disangsara.”
12. GT-06:68/2 Molohok reuwas Réngkak
paripolah
Ilham anu molohok
lantaran reuwas
dilantarankeun
meunang béja ti sémah
yén Ratna salingkuh
jeung salakina. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Ilham molohok reuwas
bari héran, aya ambek
aya wiring asa teu
dihargaan…
13. GT-06:69/1 Raheut haté Aktualisasi Raheut haté
mangrupa indéksikal
tina rasa nyeri anu
karandapan ku Ilham
lantaran manéhna
diteungteuinganan
jeung ngarasa teu
dihargaan pisan ku
Ratna. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Karasa ku Ilham
sanggeus si ibu geulis
pamitan asa aya
raheut dina haténa.
Asa moal kaubaran
ku naon waé ogé.
230
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
14. GT-06:70/4 Biwir ngageter Gejala fisik Biwir Ratna anu
ngageter mangrupa
tanda indéksikal tina
rasa sieun jeung
reuwas. Éta hal
lantaran manéhna geus
kanyahoan salingkuh
ku Ilham. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Sajongjongan siak baé
beungeut Ratna sepa
kawas manggih
kareuwas, biwirna
katara ngageter,
panonna nu tadi giras
bangun nangtang
ayeuna semu ngemu
kasieun nu pohara.
15. GT-06:74/7 Brong-brang Sora Brong-brang mangrupa
indéksikal tina sora
piring anu peupeus ku
Ilham lantaran
ngamuk. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Sora piring anu brong-
brang preupeus
diruksak ku Ilham geus
teu kacatur deui.
16. GT-06:74/7 Ngayekyek Gejala fisik Awak Ratna anu
ngayekyek mangrupa
tanda indéksikal tina
kasieun anu pohara
bari jeung kasima
lantaran ningali Ilham
ngamuk. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Nempo kitu Ratna
ngayekyek sieun, rék
lumpat ménta tulung
asa hésé rék
ngaléngkah ogé bakat
ku kasima.
231
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
17. GT-06:75/4 Getih Zat Ayana getih di kamar
mangrupa tanda tina
kajadian ngamukna
Ilham anu nyiksa
Ratna ku seuseukeut
kaca tina botol
peupeus. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Gabres-gabres waé
seuseukeut kaca
dipaké ngahanca awak
Ratna. Getih ulawéran
ka mana-mana…
18. GT-06:76/1 Lampu nu caang,
panto teu nutup,
jeung jandela nu
muka.
Barang Lampu imah Ilham anu
caang dina wanci
janari nandakeun aya
kagiatan di hiji imah.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Hansip wanci janari
nganyahoankeun tina
caangna lampu di imah
Ilham, bet katempo
panto teu nutup
jandélana muka.
Disangka aya bangsat,
Hansip asup ka imah.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-06 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.33
Analisis Unsur Simbol GT-06
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-06:68/2 Surat Surat mangrupa simbol tina informasi
ngeunaan salingkuh. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
232
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
… ngajelaskeun bari nyodorkeun surat-
surat satumpuk. Ku Ilham sarérétan ogé
geus kajudi, mémang tulisan jeung tanda
tangan Ratna. Nu séjénna surat-surat
bukti tos mondok di hotel anu di hotel
anu sakitu peuting…
2. GT-06:76/2 Hansip Hansip mangrupa simbol tina kaamanan.
Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Hansip wanci janari nganyahoankeun
tina caangna lampu di imah Ilham, bet
katempo panto teu nutup jandélana muka.
Disangka aya bangsat, Hansip asup ka
imah.
3. GT-06:76/2 Pulisi Polisi mangrupa simbol tina ayana tindak
criminal. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Hansip dibantu ku pulisi anu harita terus
ditéang, néangan saha nu boga dosa.
4. GT-06:76/3 Dokter Dokter mangrupa simbol tina akhi
kesehatan. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Anéhna barang dipariksa ku dokter,
Ratna masih bisa katulungan.
4.2.6.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-06
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun dua belas ajén sosial.
233
Tabél 4.34
Data Ajén Sosial GT-06
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-06:59/1 Ka salon
2. GT-06:61/4 Mahasiswa pengkuh
diajar
3. GT-06:63/6 Éstétika baju, embung
rudin
4. GT-06:64/7 Kawajiban pamajikan
5. GT-06:70/1 Status pernikahan
6. GT-06:71/2 Nyandung
7. GT-06:71/5 Hukum nikah
8. GT-06:71/6 Omongan batur
9. GT-06:72/4 Duit pameuli talak
10. GT-06:73/6 Salingkuh
11. GT-06:75/4 Salaki nyiksa
pamajikan
12. GT-06:76/2 Maténi diri
Dumasar kana tabél 4.38 di luhur, bisa katitén aya genep data anu
ngandung ajén bebeneran, dua ajén kaéndahan, dalapan ajén moral, jeung
dalapan ajén kaagamaan. Tina dua belas data, aya dua data anu miboga
hubungan antara ajén moral jeung ajén kaagamaan, tilu data anu miboga
hubungan antara ajén bebeneran, moral, jeung kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran jeung Ajén Moral
Ajén bebeneran anu miboga hubungan jeung ajén moral dina ieu
carpon nya éta GT-06:64/7, GT-06:71/2, jeung GT-06:75/4. Data GT-
06:64/7, ngébréhkeun kawajiban pamajikan ka salaki. Palaku Ratna anu
teu bébéja yén manéhna meunang gawé di hiji pausahaan méré gambaran
yén salaku pamajikan, Ratna henteu bukbrak. Ieu mangrupa salah sahiji
ajén anu salah upama ditilik tina ajén bebebneranna. Ditilik tina ajén
moral, anu ngalantarankeun manéhna teu jujur ka salakina nya éta ayana
hal anu disumput-sumput ku Ratna perkara salingkuhna jeung diréktur
pausahaan tempat manéhna digawé (GT-06:73/6).
234
Ajén bebeneran anu miboga hubungan jeung ajén moral sarta ajén
kaagamaan dina ieu carpon nya éta éta GT-06:71/2, anu ngébréhkeun yén
boh sacara agama boh sacara moral, awéwé teu wenang boga dua salaki
atawa nyandung. Tapi ieu ajén bebeneran, moral, jeung kaagamaan anu
ditepikeun ku palaku Ilham ka pamajikanna teu dianggap. Sanajan kitu,
pikeun anu maca ieu ajén bisa ditarima. Ajén bebeneran séjén, anu
mandeg mandiri teu miboga hubungan jeung lianna nya éta GT-06:61/4.
Ieu data ngébréhkeun kawajiban mahasiswa anu kudu pengkuh diajar.
2) Ajén Kaéndahan
Ajén kaéndahan katitén dina data GT-06:59/1 jeung GT-06:63/6,
anu ngébréhkeun yén palaku Ratna merhatikeun éstétika dina
penampilanna. Manéhna kacida merhatikeun buukna di salon, dangdan
saméméh indit ka acara kantor, jeung maké baju anu aralus.
3) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
Ajén moral anu patali jeung ajén kaagamaan nya éta GT-06:70/1,
GT-06:71/5, GT-06:75/4, jeung GT-06:76/2. Data GT-06:70/1 jeung GT-
06:71/5 ngébréhkeun ngeunaan status pernikahan antara Ilham jeung
Ratna anu sacara agama jeung hukum masih kénéh sah. Lantaran kitu,
Ilham ngarasa masih kénéh boga hak meunang jawaban anu jujur
ngeunaan salingkuhna Ratna jeung diréktur pausahaan. Tapi Ratna ngarasa
yén hubunganna jeung Ilham ngan hubungan sacara hukum, lantaran
haténa lain keur Ilham.
Dumasar kana ajén kaagamaan, data GT-06:75/4 ngébréhkeun
paripolah Ilham anu wani nyiksa pamajikanna teu diwenangkeun. Sacara
moral, ieu kalakuan mangrupa kalakuan goréng. Data GT-06:76/2
mangrupa data anu sacara moral jeung agama mangrupa polah anu salah.
235
b. Ajén Budaya
Data tilu belas ajén budaya dina carpon GT-06 bisa katitén dina tabél
ieu di handap.
Tabél 4.35
Data Ajén Budaya GT-06
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-06:59/1 Baju ti Modiste
2. GT-06:60/4 Nu maké mobil
3. GT-06:61/4 Ngarasa jago
4. GT-06:61/4 Kolot mangruhan
anak
5. GT-06:61/4 Ilham suksés
6. GT-06:63/4 Pagadéan kuriling
7. GT-06:63/7 Mitoha nyaah ka
incu
8. GT-06:64/4 Hubungan atikan
jeung pagawéan
9. GT-06:72/3 Gedé duriat
10. GT-06:72/4 Lalaki kawasa
11. GT-06:72/4 Duit sajuta rupia
pameuli talak
12. GT-06:75/4 Lalaki nyiksa
pamajikan
13. GT-06:76/2 Mateni diri
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, lima ajén ékonomi, dua ajén agama, tujuh ajén kawasa, jeung opat
ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-06:64/4, anu
ngébréhkeun hubungan antara atikan hiji jalma jeung pagawéan. Dina ieu
kontéks carita, Ratna kacaritakeun boga pangarti anu luhur jeung rupa anu
alus nepi ka manéhna kalawan gampang meunangkeun pagawéan di
pausahaan salaku sekretaris. Sacara téori, kualifikasi jadi saurang
236
sekretaris nya éta miboga kaparigelan dina widang administrasi, bisa
komunikasi, disiplin, jeung berpenampilan menarik. Kualifikasi anu
pamungkas, jadi sarat utama dina ieu carpon. Ieu hal teu kacaritakeun
kalawan jelas dina carita, lantaran diréktur pausahaanna nya éta
popotongan Ratna basa keur kuliah. Hartina, sanajan Ratna teu miboga
kulifikasi anu luhur, tapi urusan pribadi ngadominasi ditarimana Ratna di
éta pausahaan.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi katitén dina data GT-06:59/1, GT-06:60/4, GT-
06:61/4, GT-06:63/4, jeung GT-06:72/4. Data GT-06:59/1 ngébréhkeun
yén Ratna anu geus boga gawé sorangan mampuh maké baju ti modiste.
Modiste nya éta tempat meuli baju saperti butik, tapi ukuran jeung
modélna bisa diluyukeun jeung kahayang nu meuli. Ampir mirip jeung
desainer baju atawa tukang ngaput, tapi hargana leuwih mahal lantaran di
modiste hasilna leuwih alus. Lantaran kitu, gambaran baju di modiste
leuwih miboga ajén ékonomi anu luhur tibatan baju anu dibeuli ti toko
baju biasa. Data GT-06:60/4 ngébréhkeun yén dina ieu carpon, ajén
ékonomi diukur ku palaku anu boga mobil. Data GT-06:61/4 ngébréhkeun
palaku Ilham anu kungsi suksés sacara ékonomi nepi ka ngarasa kawasa
bisa meunangkeun Ratna. Data GT-06:63/4 ngébréhkeun ngeunaan ayana
pagadéan kuriling. Pagadéan kuriling nya éta jalma anu sok nginjeun-
nginjeunkeun duit bari jeung ménta jaminan. Ieu pagadé biasa nguriling ka
imah-imah keur nagihan nu malayar hutang, upama geus lunas, jaminan
bisa dibawa deui, kitu ogé upama mayarna teu leuir tina waktu anu geus
ditangtukeun. Data séjén anu boga ajén ékonomi nya éta GT-06:72/4. Ieu
data miboga hubungaan jeung ajén agama sarta kawasa. Duit sajuta rupia
anu rék dibikeun ka Ilham minangka pameuli talak mangrupa gambaran
tina ayana rasa égois Ratna anu ngarasa kawasa lantaran boga duit,
sedengkeun Ilham henteu. Duit sajuta rupia dina taun 1980-an, sarua
pangajina dina taun 2014 ayeuna jeung + 15.000.000 rupia.
237
3) Ajén Agama
Data miboga ajén agama nya éta GT-06:76/2. Ieu data
ngébréhkeun perkara Ilham anu maténi manéh lantaran rasa sieun anu
pohara sanggeus nyiksa awak pamajikanna ku sesemplékan kaca nepi ka
baloboran geutih tuluy kapiuhan. Dina agama Islam, maténi manéh
mangrupa kalakuan anu teu diwenangkeun. Saperti anu kaunggel dina
cutatan QS. An-Nisa kaca 29 ieu di handap.
"Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu saling
memakan harta sesamamu dengan jalan yang batil, kecuali
dengan jalan perniagaan yang berlaku dengan suka sama suka
di antara kamu. Dan janganlah kamu membunuh dirimu;
sesungguhnya Allah adalah Maha Penyayang kepadamu." (An-
Nisa' : 29)
Tilu data GT-06:61/4 ngagambarkeun ayana ajén kawasa anu
diébréhkeun ku palaku Ilham basa manéhna keur suksés. Ilham bisa
ngajiret kolotna Ratna sangkan mangaruhan Ratna supaya bisa kawin
jeung manéhna. Data séjénna nya GT-06:72/4, ngébréhkeun kaayaan lalaki
anu dianggap boga kawasa tibatan awéwé. Ieu bisa katitén dina cutatan di
handap.
“Ceuk abdi ogé teu langkung akang, apan akang téh lalaki,
umat anu kawasa anu sagala wenang ngaleuwihan awéwé…”
(72/4)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén sok sanajan Ratna égois tapi
masih kénéh nganggap yén Ilham salaku salakina masih boga kawasa
pikeun nangtukeun kaputusan. Data GT-06:75/4 ngébréhkeun kakawasaan
lalaki salaku salaki anu teu kakontrol nepi ka téga nyiksa pamajikan.
238
4.2.7 “Kanyaah” (GT-07)
4.2.7.1 Struktur Carita GT-07
a. Téma
Téma carpon GT-07 nya éta kamanusaan, ieu téma nyoko kana ésénsi
eusi carita, nya éta ngeunaan rasa nyaah. Luyu jeung jejer ieu carpon,
“Kanyaah”, mangrupa carita ngeunaan gambaran kanyaah antara salaki jeung
pamajikan, bibi jeung alo, minantu jeung mitoha, sarta kapilanceuk jeung
kapiadi. Konsép kanyaah anu ditembrakkeun dina ieu carpon mangrupa
kanyaah di lingkungan kulawarga.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang nepikeun yén teu salawasna
kanyaah ditétélakeun ngaliwatan tuhuna nu sahandapeun ka saluhureun, tapi
ogé bisa katitén tina sikep tegas kana bebeneran. Ieu di handap bisa katitén
sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma kamanusaan ngeunaan konsép
kanyaah.
Bisa ngomong kitu téh kuring mah inget kana cariosan ibu Guru,
cenah lamun nyaah ka anak, béré maranéhna tanggung
jawab…(81/2)
“… Bisa jadi bibi mah lain indung nu hadé, tapi lamun bibi
ngéléhan éta téh kajurung ku kanyaah bibi ka barudak…” (82/1)
“Tong abot teuing atuh barang damel téh, bisi teu damang.”
(83/10)
… Kalah kumaha ogé kuring tetep nganggap yén emang jeung bibi
téh kolot kuring pribadi, atuh kanyaah kuring tangtuna ogé
kanyaah anak ka indung, nyaah nu sajati jeung iklas. (89/1)
“… Ema téh geus nyaho lalakon hirup nyai di Bandung téh.
Timbangan ema, leuwih hadé nyai téh di dieu baé ngabaturan
ema… (94/2)
… Biasana mah haté sok lééh lamun geus nyanghareupan bibi
saperti kieu. “Hapunten bibi, abdi téh sanés teu nyaah…” (97/9)
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Popon. Manéhna
ngabéjérbéskeun sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan
239
puseur sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi,
sanajan palaku Popon miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca
“dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran dianggap bener ku hiji
kelompok masarakat.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktu, carpon “Kanyaah” kaasup kana
galur campuran. Pangna kitu, lantaran pangarang ngébréhkeun susunan
galur ngaliwatan téhnik flash-back. Tapi galur maju ogé dipaké pikeun
ngébréhkeun guluyurna carita.
Carita dimimitian ku kaayaan palaku Popon anu keur ngalamun
hayang ngontrak imah, misah ti bibina (D1). Carita mundur ka mangsa-
mangsa anu dilamunkeun ku Popon (A, B, jeung C), nya éta waktu
lumangsungna kajadian-kajadian anu kaalaman ku Popon ti mimiti
ditinggalkeun maot ku kolotna, diasuh jeung digedékeun ku bibina, nepi
ka kawin jeung Mumu. Carita maju deui kana konflik sanggeus Mumu
jeung Popon rumah tangga tapi tetep cicing di imah bibina (D2). Carita
dipungkas ku inditna Popon ti imah bibina lantaran rék cicing jeung salaki
ogé mitohana di Banjaran (E).
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan
hirup ti mangsa ka mangsa.
240
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku Popon salaku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian
anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti
carita. Palaku Popon anu ngarasa nyaah ka emang jeung bibina ngarasa
bingung lantaran geus boga salaki tapi can boga imah, antukna cicing di
imah mitohana lantaran pasualan-pasualan anu karandapan ku Popon di
imah bibina. Galur saperti anu dilalakonkeun ngaliwatan palaku Popon
miboga hubungan anu dalit antarkajadianna.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Popon.
Kajadian-kajadian anu tumiba ka Popon diébréhkeun ku palakuna
sorangan.
2) Palaku
Dina carpon GT-07, aya 13 urang palaku, nya éta Popon (GT-07:77/2),
bibi (GT-07:78/2), emang (GT-07:78/3), Mumu (GT-07:78/3), mitoha Popon
(GT-07:79/2), Titin (GT-07:80/1), Érna (GT-07:80/1), Nina (GT-07:80/1),
Dedi (GT-07:80/1), Iwa (GT-07:80/1), Mia (GT-07:80/1), ibu guru (GT-
07:81/2), jeung Mang Jamhari (GT-07:91/2). Genep urang méré pangrojong
kana eusi katut galur carita, sésana tujuh urang palaku ngan disebut ku palaku
utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Popon jeung bibi mangrupa palaku
utama. Sabelas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
241
ngarojong sacara langsung kana eusi carita nya éta GT-07:77/2, GT-
07:78/2, GT-07:78/3, GT-07:79/2, jeung GT-07:80/1. Palaku-palaku anu
sacara teu langsung ngarojong ieu carita nya éta lima data GT-07:80/1,
GT-07:81/2, jeung GT-07:91/2.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta GT-07:77/2, GT-07:78/2, GT-07:78/3, GT-07:79/2,
jeung GT-07:80/1 (Iwa). Sedengkeun anu kaasup kana palaku-palaku
antagonis nya éta ngan GT-07:78/3.
Palaku Popon, bibi, Mumu, mitoha Popon, jeung Iwa mangrupa
palaku protagonis lantaran digambarkeun miboga sipat hadé anu bisa
dijadikeun panutan ku nu maca. Kahadéan-kahadéan Popon salaku palaku
utama bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
Nu matak kuring mah ngamugi-mugi téh, supaya buru-buru baé
meunang séwaeun, salian ti rék milu ngawarah kapiadi téh,
kapan kuring ogé boga tanggung jawab sorangan, nya éta Kang
Mumu, salaki kuring. (31/4)
… da unggal poé ogé kuring mairan keur balanja mah, kurang
itu kurang ieu téh kuring tara wani ménta deui ka bibi, nya duit
kuring baé. (88/3)
Tapi ari dina usaha ngadidik barudak bibi téa mah kuring téh
henteu gagal-gagal teuing. Beuki dieu seuseuhan kuring beuki
ngrotan… (85/5)
… Kalah kumaha ogé kuring tetep ngaggap yén emang jeung
bibi téh kolot kuring pribadi, atuh kanyaah kuring tangtuna ogé
kanyaah anak ka indung, nyaah nu sajati jeung iklas. (89/1)
“Hapunten bibi, abdi téh sanés teu nyaah…” (97/10)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Popon
miboga sipat hadé lantaran nyaah ka kapiadi, salaki, jeung bibina sanajan
242
sakapeung kanyaahna disalahartikeun ku bibina. Bibina Popon ogé
sabenerna miboga sifat hadé. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
“Bisa jadi bibi mah lain indung nu hadé, tapi tapi lamun bibi
ngéléhan éta téh kajurung ku kanyaah bibi ka barudak…”
(82/1)
“Hampura bibi, ka Popon téh bibi geus asa ka anak
sorangan…” (97/8)
Palaku protagonis lianna nya éta Mumu, salaki Popon. Sipat hadé
Mumu bisa katitén dina sawatara cutatan ieu di handap.
… “Tong abot teuing atuh barang damel téh, bisi teu damang,”
mindeng salaki nyarita kitu. (83/10)
“Timbangan Akang mah, mending di dieu. Soal ka pagawéan
mah gampang, artos keur ngontrak urang pésérkeun motor
baé…” (94/4)
Palaku protagonis séjén nya éta mitoha Popon jeung Iwa. Palaku
mitoha Popon, anu mangrupa indungna Mumu miboga sipat anu hadé
lantaran ngaku jeung ngajak Popon sangkan cicing di imahna sabab geus
nyahoan kahirupn Popon di Bandung anu kacida capé gawé jeung cape
haté. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
“… Timbangan ema, leuwih hadé nyai téh di dieu baé
ngabaturan ema, malaur ema hirup gulak-gilek sorangan,
euweuh pisan pakumaha…” (94/2)
Palaku Iwa, sanajan kacaritakeun budak kénéh, tapi méré
gambaran anu ngébréhkeun miboga sipat hadé, nya éta jujur. Iwa anu
kacaritakeun maok duit tina calana Mumu di kamar, basa ditanya ku
Popon mah teu ngaku. Tapi basa Popon rék indit ka Banjaran, Iwa jujur ka
indungna. Ieu katitén dina cutatan di handap.
“Pasihkeun deui ieu artos téh ka Ceu Popon, Mih. Nu sapalihna
ku Iwa tos dipésérkeun gelasan sareng jajan.” (97/8)
243
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya saurang palaku
antagonis, nya éta emang Popon. Cutatan anu ngébréhkeun
kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
“Alus,” saur emang, “Ari nu teu perlu disusul-susul, ari ngahaja
dititah nyusul budak, teu keresa…” (96/4)
“Bisi aya duit manéh anu kapaké, sebutkeun baé sabaraha,
engké digantian, tong maké nyangka nu lain-lain ka barudak.”
(88/5)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku
anu miboga watek basajan jeung tilu urang palaku anu watekna kompléks.
Palaku anu miboga watek basajan nya éta emang,Mumu, jeugmitoha
Popon. Emang miboga watek basajan anu statis dina guluyurna carita.
Tiis, teu soméah, jarang ngomong, jeung teu weléh togmol upama aya
katugenah anu karasa ku manéhna. Palaku basajan séjén nya éta Mumu.
Manéhna ogé tara loba omong, upama aya pasualan, disidem sorangan,
tapi kacida nyaahna ka pamajikan. Ieu watek konsistén ti mimiti nepi ka
ahir carita. Palaku mitoha Popon kitu deui, watekna anu soméah,
mikadeudeuh, jeung miboga rasa humor teu némbongkeun ayana watek
anu mekar.
Popon jeung bibi salaku palaku anu watekna mekar,
ngabalukarkeun dinamisna eusi carita. Ieu hal lantaran watek palaku
Popon diébréhkeun salaku awéwé anu sabar, jujur, mikanyaah salaki,
jeung mikanyaah kulawarga bibina. dina eusi carita anu kompléks,
antukna leuwih milih cicing jeung salaki ogé mitohana. Ieu kaputusan
mangrupa tanda bakti jeung nyaah ka salakina, tapi lain hartina manéhna
teu nyaah deui ka kulawarga bibina. Kajadian-kajadian anu kaalaman ku
parapalaku miboga hubungan anu dalit ngawangun hiji carita anu
244
gembleng. Ieu hal ogé dikuatkeun ku palaku kompléks séjénn anu mekar
kalawan dinamis. Palaku bibi anu mémang salaku indung mikanyaah
anakna, tapi teu daék tegas ngalatih kadisiplinan. Manéhna ogé
digambarkeun boga sipat goréng sangka jeung sok ngomong anu
pikanyerieun haté. Tapi, dina pungkas carita, bibi diébréhkeun boga
kanyaah anu gedé ka Popon, sarua jeung kanyaah manéhna ka anak
sorangan. Kompléksitas watek palaku bibi bisa katitén dina sawatara
cutatan di handap.
“Salaki pundungan mah tong ieuh disusul-susul, kuriak beuki
olo-olo,” (89/4)
“Barina ogé hina awéwé mah nyusul-nyusul lalaki, salaki teu
kaopan mah kudu diantep ulah dibéré haté.” (96/5)
“Mamih mah éta teu resepna téh ku geus wani-wani lancang,
nyangka nu lain-lain…” (96/7)
“Hampura bibi, ka Popon téh bibi geus asa ka anak
sorangan…” (97/8)
Bibi jeung Popon anu silih pkanyaah, dina kanyataanna boga cara
séwang-séwang pikeun ngébréhkeun kanyaahna.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Popon, bibi, emang, Mumu,
mitoha Popon, jeung Iwa mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Titin,
Érna, Nina, Dedi, Mia, ibu guru, jeung Mang Jamhari kaasup palaku nétral
anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial
kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
245
Tabél 4.36
Data Latar GT-07
No. Kode Data Data
Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-07:77/1 Ayeuna
2. GT-07:77/1 Harita
3. GT-07:77/2 Ngontrak imah
4. GT-07:78/2 Bumi bibi
5. GT-07:79/2 Banjaran
6. GT-07:79/2 Lembur
7. GT-07:79/3 Dapur
8. GT-07:82/4 Senén
9. GT-07:82/4 Kantor
10. GT-07:84/1 Jelema cacah
11. GT-07:84/2 Peuting
12. GT-07:86/5 Warung
13. GT-07:88/5 Sumur
14. GT-07:88/1 Kamar Popon
15. GT-07:89/4 Terminal Tegallega
16. GT-07:90/2 Imah Ema (mitoha Popon)
17. GT-07:90/4 Lebak
18. GT-07:90/5 Handapeun tangkal cangkring
19. GT-07:91/1 Balong
20. GT-07:95/3 Tengah imah
21. GT-07:95/4 Kamar bibi
22. GT-07:97/1 Ngagayuh ka subuh
(a) Tempat
Aya lima belas latar tempat dina carpon GT-07 ieu, nya éta, bumi
bibi (GT-07:78/2), Banjaran(GT-07:79/2) anu mangrupatempat cicing
mitohana Popon,lembur(GT-07:79/2) mangrupa tempat indungna
Mumu,dapur(GT-07:79/3) minangka tempat Popon barang gawé, Kantor
(GT-07:82/4) nya éta tempat Mumu digawé,warung(GT-07:86/5)
mangrupa tempat Popon balanja pangabutuh,sumur(GT-07:88/5) nya
étatempat Popon nyeuseuhjeung tempat emang ngomongan Popon
246
ngeunaan duit anu kapaké, kamar Popon(GT-07:88/1), salian ti paranti
saré Popon jeung Mumu, di kamar ogé tempat manéhna kaleungitan duit.
Tempat séjénna nya éta terminal Tegallega(GT-07:89/4) anu mangrupa
tempat Popon néangan oplét basa rék indit ka Banjaran nyusul
salakina.Latar imah Ema (GT-07:90/2) mangrupa imah mitoha
Popon.Lebak(GT-07:90/4) jeung handapeun tangkal cangkring(GT-
07:90/5) mangrupa tempat Mumu nguseupbasa disampeurkeun ku Popon.
Balong(GT-07:91/1) nya éta tempat Mumu jeung Popon labuh bari tuluy
gogonjakan silih simbeuh.Tengah imah(GT-07:95/3) nya étatempat
barudak ngarandéng madungdengkeun Iwa anu can balik.Kamar bibi(GT-
07:95/4) nya éta tempat bibi ngagorowok nitah Popon nyusulan Iwa.
Tina opat belas latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih
diheureutan deui jadi ngan aya genep latar tempat. Pangna kitu, lantaran
latar imah ema, lembur, lebak, handapeun tangkal cangkring, jeung balong
geus kawengku ku latar tempat Banjaran (GT-07:79/2). Salian ti éta, latar
kamar Popon, kamar bibi, dapur, jeung tengah imah geus kawengku ku
latar bumi bibi (GT-07:78/2).
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima, nya éta, ayeuna(GT-
07:77/1),harita(GT-07:77/1),poé Senén (GT-07:82/4), peuting(GT-
07:84/2), jeungngagayuh ka subuh(GT-07:97/1). Ayeuna nya éta latar
waktu basa Popon mimiti kacaritakeun bingung néangan imah kontrakan.
Harita mangrupa waktu basa Popon jeung Mumu panganténan. Waktu poé
Senén nya éta waktu basa Mumu kacaritakeun balik ti kantor tuluy
mantuan moé-moékeun seuseuhan. Peuting nya éta waktu Popon sok
ngarasa lalina awak lantaran capé teuing migawé pagawéan imah. Waktu
ngagayuh ka subuh nya éta waktu basa popon meunang kacindekan
ngeunaan pilampaheun anu rék disorang jeung Mumu.
247
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.40 di luhur, bisa katitén yén aya dua latar
sosial dina ieu carpon. Éta dua latar sosial kaasup kana status sosial
palaku, nya éta kalangan cacah (GT-07:84/1) jeung ngontrak imah GT-
07:77/2. Data GT-07:84/1 mangrupa gambaran kaayaan Mumu anu teu
sanggup meuli imah nepi ka kudu cicing di imah bibina pamajikan. Bisa
disebut cacah téh duméh aya palaku séjén nya éta Popon salaku pamajikan
Mumu anu nyebutkeun kitu. Jadi, teu diajén sacara objéktif ku nu maca.
4.2.7.2 Unsur Semiotik GT-07
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-07 ngawengku sabelas ikon jeung
14 indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-07 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.37
Analisis Unsur Ikon GT-07
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-07:78/2 Nunggul pinang Nunggul pinang
mangrupa tanda
anu ngébréhkeun
kaayaan jalma
anu geus teu boga
indung jeung
bapa atawa
pahatu halis. Dina
ieu kontéks, anu
nunggul pinang
nyaa éta palaku
utama, Popon. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
248
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
… da puguh
kuring mah ti
leuleutik cicing
sareng anjeunna.
Kuring mah
digedékeun téh ku
bibi da puguh
geus nunggul
pinang.
2. GT-07:79/4 Adat ka kurung
ku iga
Adat kakurung ku
iga atawa
kalakuan/paripola
h anu hésé
dirobahna. Dina
ieu kontéks
nyampak dina
watek anak-
anakna bibi anu
ngaredul. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
Tapi nya éta atuh,
adat kakaurung
ku iga, basa ku
kuring
ditinggalkeun ka
Banjaran aya
kana samingguna,
basa balik téh
kuring jadi teu
puguh cagap.
3. GT-07:80/5 Adat istimewa Adat istiméwa
nyitrakeun ayana
kalakuan anak-
anak bibi anus ok
nyungkun upama
ditiah gawé. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
249
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Boga adat
istiméwa barudak
téh, lamun
dipaksa dititah
baranggawé sok
tara balég.
4. GT-07:85/1 Ngotok ngowo Ngotok ngowo
nyitrakeun
langsung ka hiji
jalma anu cicing
waé di hiji
tempat. Dina ieu
kontéks
kaaalaman ku
Popon jeung
salakina anu
masih kénéh
cicing di imah
bibina. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Pédah kuring
duaan ngotok
ngowo kénéh di
imah kolotna?
5. GT-07:85/3 Harénghéng Kaayaan anu
panas mangrupa
tanda tina
kaayaan imah bibi
anu mingkin teu
pikabetaheun. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
Kuring moal
nambahan
suasana jadi
tambah
harénghéng.
250
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
6. GT-07:85/4 Titeureuy buleud Diteureuy buleud
nandakeun
kamampuh hiji
jalma pikeun
nyidem pasualan
ku sorangan. Dina
ieu kontéks
kaalaman ku
Popon jeung
salakina anu tara
loba ngomong.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Tapi ku lantaran
jelema tara réa
ngomong téa,
sigana mah
diteureuy buleud
baé ku sorangan,
siga kuring.
7. GT-07:90/8 Tugas dan
Kawajiban
Tugas dan
kewajiban
nyitrakeun
pagawéan di imah
bibi anu geus
dianggap salaku
tugas anu wajib
dilaksanakeun.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Wayah kieu tos
di dieu, naha tos
bérés “tugas dan
kewajiban” di
Bandung?”
8. GT-07:92/7 Ngabudi ucing Ngabudi ucing
mangrupa sikep
jalma anu
lungguh, tapi
mijah di
251
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
tukangeun, saperti
watek Mumu. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
“Yéy, ngabudi
ucing, teu sangka
cunihin kieu
geuning di
lemburna mah.”
9. GT-07:93/4 Soca capétang Soca capétang
mangrupa
gambaran tina
pertélaan yén rasa
dina haté teu
salawasna kudu
dilisankeun,
cukup ku
teuteupan saperti
anu dilakukeun
ku Mumu.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ari sugan téh
soca Kang Mumu
téh henteu tiasa
cacarita, horéng
geuning mani
sakitu
capétangna.
10. GT-07:98/2 Saléngkah, dua
tilu
Nyitrakeun sacara
langsung kana
itungan lengkah
anu rék dilakonan
ku Popon pikeun
ngarobah jalan
kahirupan anu
leuwih hadé. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
252
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Saléngkah, dua,
tilu… mimiti
kuring
ninggalkeun imah
bibi
sapangeusina,
muru oplét nu rék
mawa kuring ka
kahirupan nu
anyar…
11. GT-07:98/2 Dunya anu caang Caang dina ieu
kontéks
mangrupa tanda
tina kahirupan nu
leuwih bagja. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
… muga-muga ka
dunya kuring nu
caang.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-07 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, sora, jeung barang. Éta bisa katitén dina
data tabél ieu di handap.
Tabél 4.38
Analisis Unsur Indéks GT-07
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-07:79/1 Haté geus teuas
ngabatu
Aktualisasi Haté nu geus teus jeung
ngabatu mangrupa
balukar tina biasana
narima kajadian anu
tumuluy nepi ka geus teu
ngarasa nanaon deui.
253
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Saperti Popon anu geus
tara nyeri haté lamun
emang ngambek atawa
murang-maring. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… haté kuringna ogé
geus teuas, geus ngabatu.
2. GT-07:79/3 Begang Gejala fisik Awak bibi anu begang
dilantarankeun ku
panyakit jeung ripuh
digawé di imah euweuh
anu ngabantuan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Piraku ari rék téga mah
ngagawékeun indung anu
sakitu kaayaanana, begang
beak ku panyakit.
3. GT-07:79/4 Teu puguh cagap Réngkak
paripolah
Polah Popon anu teu
puguh cagap lantaran
loba teuing nu kudu
dipigawéna, seuseuheun
jeung kumbaheun anu
ditinggalkeun saminggu.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… basa balik téh kuring
teu puguh cagap.
Seuseuheun ngunung-
ngunung, kumbaheun
patulayah.
4. GT-07:80/5 Brang-bréng-
brong
Sora Brang-bréng-brong
mangrupa indéks sora
tina sora parabot anu
keur dikumbahan ku
barudak bibi lantaran
gawéna kapaksa. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
254
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… Dina ngumbah wadah
ogé sok brangbréngbrong
nepi ka henteu saeutik
piring cangkir nu
saronghék.
5. GT-07:84/2 Linu sabuku-
buku
Gejala fisik Kaayaan awak anu lalinu
sabuku-buku mangrupa
balukar tina capé teuing
gawé, da paling teu betah
ngisukkeun pagawéan.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Tapi geuning ayeuna
mah sipat kitu téh karasa
ripuhna, ari geus peuting
karasa linu sabuku-buku.
6. GT-07:85/1 Tanggung jawab
timbal balik
Aktualisasi Tanggung jawab timbal
balik dina ieu kontéks
mangrupa tanggung
jawab dina wengkuan
hubungan rumah tangga
antara salaki jeung
pamajikan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Kang Mumu kitu anu
henteu tanggung jawab
timbal balik téh, pédah can
bisa ngimahan ka kuring?
…
7. GT-07:85/5 Ngadidik
barudak
Réngkak
paripolah
Ngadidik dina ieu
kontéks mangrupa
ngdidik sikep barudak
anu dilakukeun ku Popon
ka kapiadi-kapiadina, ti
nu asalna karedul
nyeuseuh jadi sok
nyeuseuh bajuna séwang-
séwang. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
255
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Tapi ari dina usaha
ngadidik barudak bibi téa
mah kuring téh henteu
gagal-gagal teuing.Beuki
dieu seuseuhan kuring
beuki ngorotan, da
barudak gedé mah geus
nyeuseuh séwang-
séwangan.
8. GT-07:86/6 Calana nu
ngalumburuk
Barang Lantaran mineng leungit
duit, sarta Iwa kungsi
kanyahoan kaluar ti
kamarna Popon, atuh
basa calana Kang Mumu
kasampak aya di handap
téh jadi tanda yén aya nu
mindahkeun atawa
nyokot. Lantaran
saméméhna éta calana
digantungkeun dina
kapstok. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Kamari ogé (Iwa)
ngaberebet ti kamar kuring
basa aya nu nyampeur ulin
téh. Kasampak calana
Kang Mumu nu digantung
dina kapstok geus
ngalumburuk di handap.
9. GT-07:87/6 Beungeut
beureum
Gejala fisik Beungeut anu nyiak
beureum dina ieu kontéks
mangrupa tanda gejala
fisik lantaran rék ceurik.
Ieu kaalaman ku Iwa anu
diguliksek ku Popon
nanyakeun duit nu dipaké
meuli gelasan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… beungeut budak téh ku
kuring dipencrong,
beungeutna mimiti
256
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
bareureum jeung lewa
lewé rék ceurik.
10. GT-07:89/1 Nyeri haté Aktualisasi Rasa nyeri haté
mangrupa aktualisasi tina
rasa katugenah jeung teu
narima anu dirandapan
ku Popon lantaran
omongan amangna, nepi
ka Popon boga pikiran
goréng. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… kuring ogé anu boga
haté sakieu teuasna bet
ngarasa nyeri. Harita mah
kuring bet maké boga
anggapan goréng sagala
yén emang jeung bibi téh
nyaahna ka kuring téh lain
nyaah indung ka anak, tapi
nyaah sabagé dunungan ka
bujang.
Pangna Popon bisa boga
rasa kitu téh, duméh
emangna ngomong kieu:
“Bisi aya duit manéh anu
kapaké, sebutkeun baé
sabaraha, engké digantian,
tong maké nyangka nu
lain-lain ka barudak.”88/5
11. GT-07:90/12 Kukumbul nu
oyag-oyagan
Barang Kukumbul anu oyag-
oyagan dina beungeut cai
(balong) mangrupa tanda
yén aya lauk nu
nyanggut. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… sabot ngomong kitu,
panonna mah mencrong
kukumbulnu mimiti oyag-
oyagan tanda aya lauk nu
nyanggut.
257
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
12. GT-07:91/1 Perang silih
simbeuh
Réngkak
paripolah
Popon jeung Mumu anu
perang silih simbeuh ku
cai dina balong
mangrupa indéksikal tina
gambaran ayana deudeuh
jeung asih dina paripolah
gogonjakan. Ari pangna
bisa duanan aya dina
balong lantaran Popon
labuh, Mumu nu niat
nulungan kalah milu
labuh. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Ku kuring disimbeuhan
beungeutna, manéhna
males, tungtungna perang
silih simbeuh, teu nolih
kana leutak anu geus
lamédong kana buuk-
buuk.
13. GT-07:92/2 Aluman-alimen Réngkak
paripolah
Aluman-alimen
mangrupa indéksikal
paripolah anu nandakeun
éra. Dina ieu kontéks,
Popon anu ngarasa
kaperego keur ocon
jeung Mumu kur bisa
aluman-alimen teu bisa
némbalan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Horéng mang Jamhari
geuning nu nyentak téh, nu
ngurus pakaya ema. Teu
ditémbalan pananya mang
Jamhari téh, aluman-
alimen baé, éra asa
kaperego.
14. GT-07:97/2 Kacindekan Aktualisasi Kacindekan mangrupa
tanda tina ayana
kaputusan dumasar kana
tinimbangan pasualan
258
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
anu geus dipikirkeun
saméméhna. Kaputusan
Popon pikeun leuwih
milih cicing jeung salaki
di Banjaran tibatan
nuluykeun cicing di imah
bibina mangrupa tanda
satia ka salaki, sarta lain
hartina geus henteu
mikanyaah bibina. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Isukna éta kacindekan téh
ku kuring dicaritakeun ka
bibi, yén kuring rék ka
Banjaran rék nuturkeun
salaki.
4.2.7.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-07
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun salapan ajén sosial.
Tabél 4.39
Data Ajén Sosial GT-07
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-07:84/8 Tanggung jawab
timbal balik
2. GT-07:85/5 Ngadidik barudak
3. GT-07:96/5 Awéwé hina lamun
nyusul-nyusul lalaki
4. GT-07:97/5 Iwa jujur geus maok
duit Popon
5. GT-07:97/2 Satia ka salaki
6. GT-07:78/2 Ngurus jeung
ngagedékeun budak
259
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
yatim piatu
7. GT-07:82/2 Budak kudu diajar
tanggung jawab dina
rumahtangga sangkan
bisa tanggung jawab
di masarakat
8. GT-07:86/6 Maok duit
9. GT-07:81/1 Teu ngawaro ka
indung
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya opat data anu ngandung
ajén bebeneran, tujuh ajén moral, jeung hiji ajén kaagamaan. Dina ieu carpon
teu kapanggih ajén kaéndahan. Ajén bebeneran dina ieu carpon patali jeung
ajén moral sarta kaagaman. Lian ti éta, aya ogé data anu ngébréhkeun
hubungan antara ajén bebeneran jeung ajén moral. Hiji data ngébréhkeun
hubungan antara ajén moral jeung ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran anu teu miboga hubungan dalit jeung ajén moral
atawa kaagamaan, nya éta data GT-07:84/8. Ieu data ngébréhkeun konsép
tanggung jawab antara salaki jeung pamajikan. Ceuk pamadegan palaku
Popon, yén tanggung jawab téh nya éta aya dina prioritas antara ngurus
salaki anu leuwih penting tibatan ngurus kapiadi. Tapi pamadegan
kapiadina béda, veuk pikirna yén tanggung jawab anatara salaki jeung
pamajikan téh kudu timbal balik, lamun Popon salaku pamajikan kudu
bakti ka salaki, salaki ogé kudu daék ngimahan pamajikanna.
Konsép tanggung jawab séjén aya dina data GT-07:82/2, anu
ngébréhkeun yén budak kudu diajar tanggung jawab dina rumah tangga
sangkan bisa tanggung jawab di masarakat. Ieu pamadegan diébréhkeun
ku Popon basa ngabandungan bibina anu ngogo anak-anakna. Lantaran
kitu, Popon boga kereteg pikeun ngadidik kapiadi-kapiadina sangkan bisa
diajar tanggung jawab jeung mandiri. Ieu hal aya hasilna, anak-anakna bibi
260
anu garedé geus mimiti daraékeun nyareuseuh baju sorangan, saperti anu
nyampak dina data GT-07:85/5.
2) Ajén Bebeneran jeung Ajén Moral
Hubungan antara ajén bebeneran jeung ajén moral aya dina data
GT-07:96/5, anu ngébréhkeun pamadegan ngeunaan hinana hiji awéwé
upama daék nyusul-nyusul lalaki. Ku palaku bibi, ieu hal dianggap salah
lantaran kalungguhan awéwé nu teu pantes néang-néang lalaki. Ieu tangtu
waé bisa dianggap bener ku hiji kelompok masarakat upama pertélaanna
ngan nepi ka dinya. Tapi pikeun palaku Popon, salaku saurang pamajikan
manéhna ngarasa boga tanggung jawab pikeun nyusul salakina anu lila teu
balik deui. Pangna kitu, salaku pamajikan sok sieun ayah al-hal anu
goréng tumiba ka salaki atawa mitohana. Lantaran kitu, popon nganggap
yén hal anu dilakukeun ku manéhna téh bener sacara moral.
3) Ajén Moral
Ajén moral séjén anu teu miboga hubungan jeung ajén lianna nya
éta, GT-07:97/5ngeunaan kajujuran Iwa ka Popon jeung indungna yén
manéhna geus maok duit Popon. Data séjén nya éta GT-07:97/2, anu
ngébréhkeun kasatiaan jeung tuhuna Popon salaku pamajikanka Mumu
salaku salakina. Data GT-07:86/6 ngébréhkeun ajén moral anu goréng,
komo bari dilakukeun ku budak. Salian ti éta, ajén moral anu goréng ogé
témbong dina dataGT-07:81/1anu ngébréhkeun budak anu teu ngawaro ka
indungna.
4) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
Hubungan antara ajén moral jeung ajén kaagamaan aya dina data
GT-07:78/2 anu ngébréhkeun ngeunaan diasuh jeung digedékeunna Popon
ku bibina ti saprak kolotna maraot. Sacara moral, anu geus dilakukeun ku
bibina Popon téh mangrupa paripolah anu bener jeung alus. Sacara
261
kaagamaan, ngurus budak yatim mangrupa amalan anu boga ganjaran anu
gedé.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
lima belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.40
Data Ajén Budaya GT-07
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-07:78/1 Imah séwaan nu
mahal
2. GT-07:81/1 TBC lantaran capé
jeung loba pikiran
3. GT-07:84/8 Tanggung jawab
timbal balik
4. GT-07:86/1 Sukur
Alhamdulillah
5. GT-07:86/1 Kersana Pangéran
6. GT-07:86/5 Pulangan balanja
7. GT-07:87/1 Sapuluh rébu keur
mayar listrik
8. GT-07:89/1 Nyaah indung ka
anak
9. GT-07:89/1 Nyaah dunungan ka
bujang
10. GT-07:93/4 Ni’mat Pangéran
11. GT-07:94/3 Duit keur ngontrak
dipaké meuli motor
12. GT-07:83/10 Kanyaah salaki ka
pamajikan
13. GT-07:97/2 Kanyaah pamajikan
ka salaki
14. GT-07:85/5 Kanyaah lanceuk ka
adi
15. GT-07:97/8 Kanyaah adi ka
lanceuk
262
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, opat ajén ékonomi, tilu ajén agama, jeung tujuh ajén solidaritas.
Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni jeung ajén kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon patali jeung téori kaséhatan, saperti dina
data GT-07:81/1, anu ngébréhkeun korélasi antara capé gawé jeung loba
pikiran kana panyakit TBC.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyampak dina data GT-07:78/1, anu ngébréhkeun
mahalna imah séwaan. Data GT-07:86/5 ngébréhkeun ngeunaan
pamulangan balanja anu sok diteundeun dina galar sangkan babari nyokot.
Kontéks pamulangan balanja nandakeun jumlah atawa pangaji duit anu teu
pira, matak teu ditunda dina lomari. Data GT-07:87/1 nyebutkeun nominal
sapuluh rébu rupia anu harita leungit lantaran dicokot ku Iwa. Éta duit anu
tadina rék dipaké mayar listrik, ngébréhkeun waragad anu diperlukeun
keur mayar listrik imah anu sacara normal mangsa taun 1980-an teu jauh ti
harga sapuluh rébu per bulanna. Data séjén GT-07:94/3 ngébréhkeun
éfisiénsi waktu jeung transportasi anu kapikiran ku palaku Mumu anu rék
meuli motor maké duit anu tadina rék dipaké ngontrak imah. Perkara
imah, leuwih hadé cicing di imah indungna heula.
3) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta dua GT-07:86/1, nétélakeun
ayana kersa Pangéran anu ngabalukarkeun rasa syukur ngaliwatan ungkara
Alhamdulillah. Data GT-07:93/4 mangrupa rasa syukur ka Pangéran yén
kabagjaan anu karandapan ku Mumu jeung Popon téh mangrupa ni’mat ti
Pangéran.
4) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta, GT-07:84/8 anu
ngébréhkeun tanggung jawab timbal balik salaku tanda kanyaah antara
263
salaki jeung pamajikan. Dua data GT-07:89/1 ngébréhkeun konsép
kanyaah indung ka anak anu dibadingkeun jeung kanyaah dunungan ka
bujang. Data GT-07:83/10 nétélakeun kanyaah salaki ka pamajikan. Data
GT-07:97/2 mangrupa data anu ngébréhkeun kanyaah pamajikan ka salaki.
Data GT-07:85/5 nétélakeun konsép kanyaah lanceuk ka adi anu hariwang
upama adi-adina teu bisa tanggung jawab di kulawarga, maranéhna moal
bisa tanggung jawab di masarakat. Data GT-07:97/8 mangrupa ébréhan
anyaah adi ka lanceuk jeung kasieunan leungiteun upama lanceukna indit
ti imah.
4.2.8 “Kiplik-kiplik” (GT-08)
4.2.8.1 Struktur Carita GT-08
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di kulawarga. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa
rasa cinta anu beresih, lantaran diungkarakeun tina sawangan budak awéwé
anu ngaranna Nina, budak leutik anu umurna kira-kira dua taun. Nilik kana
sinopsis di luhur, eusi caritana ngeunaan budak anu keur gering tuluy sonoeun
ka indungna, sabab ayeuna manéhna cicing jeung indung téré. Lantaran geus
tilu peuting gering panas teu dibawa ka rumah sakit, Nina antukna maot. Téma
kamanusaan saperti kieu mangrupa téma kompléks anu diébréhkeun kalawan
basajan tina polosna pikiran jeung sawangan budak.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép rasa cinta anak ka kolot.
Mamah émut kénéh henteu? Nina nangis da Mamah dicabok ku
Apa… (105/7)
Nina sok nyauran Mamah. Ari badé bobo. Ari gugah bobo. Ari
badé emam. Ari badé ibak. Tapi, tara dikedalkeun, sieun dikulub…
(109/2)
Da Nina gé tos teu kiat palay ka Mamah. Badé ngapung wé, ah!
Badé milarian Mamah… (110/8)
264
Konsép cinta indung ka anak katitén dina cutatan paguneman antara
lanceukna Nina jeung indungna.
“Tétéh gé panggeulisna sareng pangpinterna di sadunya, nuju
saageung Nina mah,”
“Ari ayeuna?”
“Ayeuna sok rada bangor. Sok nyumputkeun bonéka Néng Tari
jadi wéh henteu panggeulisma di sadunya. Upami bageur deui
mah, janten panggeulisna deui di sadunya.” (101/9)
Tina cutatan paguneman di luhur, katitén cara hiji indung ngatik jeung
mikanyaah anakna kalawan ngagunakeun cara anu diluyukeun jeung umur
anakna.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-08 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran kaayaan Nina di anu keur
gering panas (A). Salila ngararasakeun panasna awak, Nina ngalamun ka
mangsa-mangsa masih kénéh cicing jeung indungna. Ieu mangrupa téhnik
flash back (D1). Basa Nina ngarasa kacida hanaang jeung biwirna
pareurih, miboga kalungguhan keur malikkeun galur ka mangsa kiwari
(B). Téhnik flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun
méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku
(D2). Sanggeus kitu maju deui ka mangsa kiwari (C), tuluy dipungkas ku
teu kuatna Nina nandangan sono jeung gering nepi ka antukna maot (E).
Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
265
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Abdi anu ngalaman rupa-rupa pasualan
hirup ti mangsa ka mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang.. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Nina
anu dibawa cicing jeung indung téré lantaran indung jeung bapana
papisah, ngarasa kasiksa batinna. Nina anu sono pisan ka indungna,
goréngna sikep indung téré nepi ka robahna perhatian bapana mangrupa
kajadian-kajadian anu raket patalina dina ieu eusi carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Nina.
Kajadian-kajadian anu tumiba ka Nina salila masih cicing jeung indungna
nepi ka cicing jeung indung téréna diébréhkeun sacara langsung ku nu
ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-08, aya 13 urang palaku, nya éta apa (GT-08:99/2),
Nina (GT-08:99/2), mamah (GT-08:99/4), mamih (GT-08:99/4), Aa (GT-
08:100/4), Tétéh (GT-08:100/4), Néng Tari (GT-08:101/11), tukang sate (GT-
08:102/1), Pa Haji Yakub (GT-08:102/13), bibi (GT-08:103/7), nini (GT-
08:105/6), dokter (GT-08:104/2), jeung babu (GT-08:106/4). Genep urang
266
palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana ngan disebut ku
palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Nina mangrupa palaku utama. Dua
belas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong
kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong
palaku utama nya éta apa (GT-08:99/2), Nina (GT-08:99/2), mamah (GT-
08:99/4), mamih (GT-08:99/4), Aa (GT-08:100/4), Tétéh (GT-08:100/4),
dokter (GT-08:104/2), jeung babu (GT-08:106/4). Para palaku anu ngan
salaku panglengkep carita atawa ngarojong carita kalawan teu langsung
nya éta Néng Tari (GT-08:101/11), tukang saté (GT-08:102/1), jeung Pa
Haji Yakub (GT-08:102/13).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Nina,mamah,aa, jeungtétéh. Sedegkeun anu kaasup
kana palaku-palaku antagonis nya éta apa jeung mamih.
Palaku Nina mangrupa palaku protagonis lantaran salaku anak,
digambarkeun miboga sipat anu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu
maca. Pangna kitu, lantaran sanajan masih kénéh budak tapi miboga
sawangan anu jembar ngeunaan kahirupan. Éta hal bisa katitén dina
sawatara cutatan ieu di handap.
… Jurig kitu Mamih téh? Tapi, piraku kétang ari jurig mah, da
Apa mah henteu sieuneun. Sok bobo sareng, saranjang…
(104/3)
Ari Mamah kamana? Naha henteu ngusapan Nina? Naha
Mamah henteu terang kitu yén Nina teu damang? Nina téh sok
émut waé ka Mamah… (105/6)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Nina boga sawangan
anu kacida anteb dina niténan kajadian-kajadian sabudeureun, sanajan can
bisa nyindekkeun. Nina ngarasa bingung lantaran indungna euweuh, kalah
267
aya indung téré anu ku lanceuk-lanceukna disebut batur téh bet laeut pisan
jeung bapana.
Palaku séjén anu miboga sipat hadé nya éta mamah, indung Nina.
gambaran kanyaah Indung ka anak bisa katitén dina sawatara cutatan ieu
di handap.
… Geuningan ari Nina nyebat biwir, Mamah sok nyeuseulan.
Sakapeung mah sok nyintreuk… (99/4)
… Mamah sok gumujeng. Teras nyium. Bageur, bageur pisan
Mamah téh… (100/1)
Ku Mamah mah, ari alim emam téh sok dipangkon, diais bari
diemaman. Ditaros, palay kulub endog, palay roti, palay cau?
Atawa naon baé. (104/1)
Palaku protagonis séjén nya éta pun Aa jeung Tétéh, salaku
lanceuk-lanceuk Nina. Sabenerna teu sacara lugas diébréhkeun protagonis,
lantaran masih kénéh barudak, sarta diungkarakeun ku palaku anu masih
sahandapeunana, jadi konsép protagonisna leuwih basajan. Ieu bisa
katitén dina cutatan ieu di handap.
Nina rada murungkut, sieun diciwit. Da sok kitu Tétéh mah, ari
Nina dialem téh sok nyiwit ari Mamah langah. (101/8)
.. Tara ribut Aa mah. Tara nyiwitan sapertos Tétéh. Paling gé,
ari Nina nangis sok néké. Céngéng! Tukang léwéh! Delit! tapi
tara nyiwit. (102/7)
… Saé gé keur naon bumi batur ieu mah, saur Aa ka Apa…
(106/2)
Tina cutatan di luhur katitén yén Aa jeung Tétéh sabenerna boga
perhatian jeung kanyaah ka Nina salaku adina, tapi cara némbongkeuna
ngaliwatan cara barudak.
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
antagonis, nya éta Apa jeung Mamih. Cutatan anu ngébréhkeun
kaantagonisan Apa bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
268
… Éta kitu, mamah téh sieun dicabok deui ku Apa sapertos
basa wengi-wengi téa?... (105/6)
… Jung baé rék kawin deui mah, bawa budak kabéh! Saur
Mamah ka Apa. (105/6)
… Wengi éta Apa teu bobo di kamer urang tapi di kamer payun
bari ngajebrédkeun panto tarik pisan (105/7)
Palaku Mamih ogé kaasup kana palaku antagonis, lantaran boga
sipat anu goréng. Éta hal bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Tah sangu dina biwir, saurna téh, lamun keur emam aya
sangu nu napel na… lambé nya, Mah, sanés biwir? (99/4)
Mamih mah tara. Ari alim téh kalah sik nyeuseul, kasar pisan
sasauranna téh, Mah. Kajeun, ari embung cageur mah! Keun
wé, ambéh dibawa deui ka dokter!... (104/2)
…“Ulah sok diogo teuing budak mah, sok ngalunjak!” saurna
ka Apa… (107/4)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya dua urang palaku
anu miboga watek basajan jeung opat urang palaku anu watekna
kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Aa jeung Tétéh,
sedengkeun anu watekna kompléks nya éta Nina, Mamah, Apa, jeung
Mamih.
Aa jeung Tétéh, salila guluyur carita miboga watek anu basajan
salaku budak dina umumna. Sanajan kacaritakeun saméméhna Tétéh sok
ménta diogo jeung ngaheureuyan Nina, saprak cicing jeung Mamih mah
duanana tara loba ngomong jeung nurut pisan ka Mamih. Tapi, nurutna Aa
jeung Tétéh lain lantaran robah watek, tapi lantaran kungsi ngadéngé yén
indung téré mah sok ngulub. Jadi, pangna nurut téh sabab ayana rasa
sieun.Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
269
… Jadi bageur Aa sareng Tétéh téh, komo ari aya Mamih mah.
Nurut. Nurut kacida. Dipiwarang sagala gé keresa, padahal ka
Mamah mah sok sering ngajebian. Pokna téh sieun dikulub!
(108/4)
Nina salaku palaku anu watekna kompléks, mekar kalawan
dinamis luyu jeung kajadian-kajadian anu karandapan ku manéhna. Nina
anu basa keur cicing kénéh jeung indungna ngarasa tengtrem jeung
salawasna bungah, robah jadi budak anu borangan sarta loba kapanasaran
ngeunaan “sosok” mamih anu aya dina kahirupanana. Palaku Mamah
salaku indung Nina anu mimitina bageur jeung “lembut”, jadi “kasar” nepi
ka embung katurut ku anak-anakna basa pisah jeung salakina, bapa Nina.
Palaku Apa ogé watekna robah-robah, kacaritakeun jadi bapa anu
bageur jeung perhatian, tapi robah ninggalkeun pamajikanna jeung kawn
deui ka awéwé séjén anu leuwih beunghar. manéhna ogé ongkoh nyaah ka
anak-anakna tapi teu merhatikeun kabutuhna, anak-anakna butuh kanyaah
jeung perhatian anu sakuduna katarima ti kolotna. Basa Nina keur gering,
bapana kugsi ménta dihampura minangka ungkara kahanjakal manéhna
geus misahkeun ana-anakna ti indungna nepi ka batinna kasiksa.
Mamih, palaku anu kompléksitas watekna kabandungan ku Nina
minangka puseur sawangan pangarang. Manéhna boga watek anu galak
jeung kasar upama nyarita, tapi upama ka salakina mah robah jadi ogoan
jeung soméah. Ieu hal karasa jeung katingali sacara langsung ku nina nepi
ka ngabalukarkeun konflik batin keur Nina. Aya rasa bingung anu
mémang teu kaharti ku budak pantar Nina.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Apa, Nina, Mamah, mamih, Aa,
jeung Tétéh mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Néng Tari, tukang saté,
Pa Haji Yakub, bibi, nini, dokter, jeung babu kaasup palaku nétral anu
ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana
guluyurna carita.
270
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.41
Data Latar GT-08
No. Kode Data Data Latar
Katerangan Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6) (8)
1. GT-08:99/1 Kamar Nina
2. GT-08:99/3 Tilu wengi
3. GT-08:102/13 Masjid
4. GT-08:105/2 Jam disada leuwih
ti sapuluh kali
5. GT-08:105/2 Wengi harita
6. GT-08:105/7 Kamer urang
7. GT-08:105/7 Kamer payun
8. GT-08:106/2 Gedong
9. GT-08:106/3 Kebon binatang
(a) Tempat
Aya genep latar tempat dina carpon GT-08 ieu, nya éta kamar Nina
(GT-08:99/1) nya éta kamar di imah mamih anu anu mangrupa latar
tempat utama dina ieu carpon. Di éta kamar, Nina keur gering panas bari
ngumbar lamunan ka mangsa anu kaliwat. Latar masjid (GT-08:102/13)
mangrupa tempat anu disebutkeun ku palaku Aa salaku tempat Pa Haji
Yakub biasa ngimaman. Kamer urang (GT-08:105/7) nya éta kamar
tempat biasa Nina jeung indung bapana saré di imahna anu baheula.
Kamer payun (GT-08:105/7) nya éta kamar tempat Apa saré sanggeus
paséa jeung Mamah. Latar gedong (GT-08:106/2) nya éta imahna Mamih,
Nina jeung dua lanceukna dibawa pindah ka éta imah ku bapana.
Pamungkas latarkebon binatang (GT-08:106/3), ieu latar mangrupa latar
271
anu ngan disebutkeun ku palaku Apa keur ngabubungah nina nu keur
gering.
Tina lima latar tempat anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih
diheureutan deui jadi ngan aya tilu latar tempat, lantaran dua data GT-
08:105/7, mangrupa babagian rohangan di imah Nina saméméhna.
Sedengkeun data GT-08:99/1 mangrupa babagian di imah Mamih anu
geus kawengku ku data GT-08:106/2.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon nya lima latar, nya éta, tilu wengi
(GT-08:99/3) anu mangrupa frékuénsi lilana Nina gering. Jam anu disada
leuwih ti sapuluh kali (GT-08:105/2) mangrupa ungkara anu nandakeun
waktu anu geus leuwih ti jam sapuluh peuting. Latar waktu wengi harita
(GT-08:105/2) mangrupa waktu basa Mamah jeung Apana Nina paséa
rongkah nepi ka Apa nampiling Mamah sarta mutuskeun rék papisah.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.46 di luhur, bisa katitén yén ngan aya hiji
latar sosial dina ieu carpon. Latar sosial anu katitén dina ieu carpon
mangrupa status sosial. Kaayaan imah anu disebutkeun alus jeung gedé,
disebut gedong (GT-08:106/2) nandakeun luhurna status sosial hiji jalma
anu nyicinganana. Dina ieu carpon anu nyicingan éta gedong téh nya éta
Mamih, indung téré Nina jeung lanceuk-lanceukna.
4.2.8.2 Unsur Semiotik GT-08
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-08 ngawengku lima ikon jeung 15
indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-08 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
272
Tabél 4.42
Analisis Unsur Ikon GT-08
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-08:110/7 Socana
ngahérangan
Soca nu
ngahérangan
nandakeun aya
cimata anu
ngeyembeng
piceurikkeun. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Socana
ngahérangan, teras
nyuuh. Damisna
baseuh.
2. GT-08:110/8 Jangjang Jangjang
nyapertikeun ayana
rasa nu
ngabalukarkeun
harampangna awak,
siga aya
jangjangan. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Tah, tos
jangjangan ayeuna
gé.
3. GT-08:110/8 Sapertos
kukupu
Kukupu mangrupa
sato anu bisa hiber,
ieu dupamakeun ku
Nina yén waktu
manéhna ngarasa
harampang asa
hiber, manéhna
ngaupamakeun
kana kukupu anu
jangjangan sarta
bisa hiber. Ieu
katitén dina cutatan
273
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
di handap.
… Jangjangan
sapertos kukupu.
Hiber wé, ah.
Kiplil-kiplik…!
4. GT-08:111/1 Hiber tebih Hiber tebih
mangrupa métaforis
tina indit jauh. Indit
dina ieu kontéks
nya éta indit
ninggalkeun alam
dunya.
Ninggalkeun sakur
kulawarga, siga
Nina anu hiber
ninggalkeun bapa
jeung lanceuk-
lanceukna. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Tingali yeuh ku
sadayana, Nina rék
hiber, tebih… tebih
pisan. Kiplik-
kiplik…
5. GT-08:106/2 Batur Batur nyitrakeun
sacara langsung ka
indung téré anu
mémang deungeun-
deungeun. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Mamah… duka
kunaon da Nina
sareng sadayana téh
dicandak ngalih ku
Apa ka bumi batur.
274
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-08 aya anu mangrupa indéks réngkak
paripolah, gejala fisik, aktualisasi, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél
ieu di handap.
Tabél 4.43
Analisis Unsur Indéks GT-08
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-08:101/1 Camerut Réngkak
paripolah
Camerut mangrupa tanda
paripolah lantaran ngarasa
ambek atawa keuheul. Dina
ieu kontéks, Tétéh anu sok
camerut lantaran ngarasa
sirik duméh Nina sok dilem
waé ku Apa jeung Mamah.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
… Geulis Nina mah, pinter,
panggeulisna sadunya,
pangpinterna sadunya!
Celengok deui nyium. Tapi
Tétéh camerut.
2. GT-08:103/7 Areng koneng
semu beureum
Barang Areng anu pulas konéng
semu beureum nandakeun
yén éta areng kacida
panasna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Panon Nina anteng ningal
areng nu tilas meuleum
sasaté téa. Hurung. Konéng
semu beureum. Panas pisan
pantesna téh.
3. GT-08:104/2 Soca mamah Gejala fisik Soca Mamah anu
dibandingkeun jeung soca
Mamih anu pikasieuneun,
tangtu mangrupa tanda yén
teuteupan indung
nandakeun ayana kanyaah
anu wening tur
275
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
nengtremkeun. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Socana henteu sapertos
soca mamah…
Pikalewangeun
4. GT-08:104/2 Soca mamih Gejala fisik Soca mamih mangrupa
tanda tina teuteupan indung
téré anu ceuceub,
pikasieuneun, jeung
pikalewangeun budak.
Saperi Nina anu ngarasa
sieun lamun diteuteup ku
Mamih (indung téréna). Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Sieun ku Mamih mah.
Socana henteu sapertos soca
Mamah. Pikalewangeun. Sok
hayang nangis Nina mah
sieun.
5. GT-08:105/2 Jam disada Sora Sora jam anu disada leuwih
ti sapuluh kali, nandakeun
yén waktu geus peuting. Ieu
ogé nandakeun yén Nina
anu keur gering panas can
bisa saré lantaran masih
kénéh bisa ngadéngé sora
jam. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
Hawar-hawar kakuping jam
disada. Duka sabaraha kali.
Tapi asa langkung ti sapuluh.
Duka sawelas. Duka
sabaraha.
6. GT-08:110/1 Nina
nyepengan
panangan Apa
Réngkak
paripolah
Nina nu nyekelan leungeun
bapana mangrupa indéksikal
tina ayana kereteg yén
budak butuh pamuntangan,
disagigireun hayang
némbongkeun kanyaah
276
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
jeung perhatianna ka nu jadi
bapa. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Apa ngusapan deui rambut.
Nina nyepengan panangan
Apa.
7. GT-08:110/1 Soca
bareureum
Gejala fisik Soca bareureum mangrupa
tanda gejala fisik balukar
tina kurang saré atawa geus
ceurik. Dina ieu kontéks
panon Apa anu bareureum
bisa jadi lantaran duanana,
nya ceurik lantaran
hariwang ka Nina jeung
sono ka indungna, nya
kurang saré sabab nungguan
Nina anu gering
sapeupeuting. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Nina muka panon. Apa
caket pisan, neuteup.
Socana bareureum. Kirang
bobo rupina mah.
8. GT-08:110/7 Lambé
ngageter
Gejala fisik Lambé Apa anu ngageter
basa Nina nanyakeun
Mamah, nandakeun yén
Apa nahan piceurikeun
lantaran rasa sedih jeung
hanjakalna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Mamah mana, Pa?”
Lambé Apa ngageter. Socana
ngahérangan, teras nyuuh.
Damisna baseuh.
9. GT-08:110/8 Begang Gejala fisik Awak anu begang dina ieu
kontéks mangrupa gejala
fisik anu nandakeun yén
awakna kurang kaurus.
Awak Tétéh anu asalna
lintuh, saprak cicing jeung
277
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
indung téré jadi begang. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Begang ningan Tétéh téh,
patuanganana henteu gendut
sapertos kapungkur.
10. GT-08:111/1 Milari enén
Mamah
Réngkak
paripolah
Milari enén Mamah
mangrupa tanda tina ayana
kahayang hiji budak, hayang
dipikanyaah, dipiasih, jeung
dipikadeudeuh saperti ku
indung sorangan. Siga Nina
anu hayang indit néangan
kanyaah indung. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Nina hiber rék milarian nu
empuk, haneut, enén
Mamah…
11. GT-08:99/1 Ngararampa
sepré
Réngkak
paripolah
Paripolah ngarampaan sepré
dina ieu kontéks nya éta
néangan lebah tempat saré
anu teu pati panas, lantaran
karasana ku awak kacida
panas. Padahal, awakna anu
mémang panas, sanajan
néangan nu tiis gé moal aya.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Sepré dirarampa ku ramo.
Diusap-usap. Sepré diusapan
ku ramo. Ku lima ramo.
Ramo nu kénca. Hayang
néangan nu rada tiis, tapi
sepré téh teuing ku panas.
Duka Ramona nu panas.
12. GT-08:102/1 Seuri Gejala fisik Seuri dina ieu kontéks lain
saukur aktualisasi tina rasa
bungah. Tukang saté anu
seuri lantaran kagugu ku
polah Tétéh anu lucu, basa
278
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
naros Nina kumaha lamun
anu pangpinterna jeung
panggeulisna sadunya téh
Tétéh. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Tukang sate ngiring seuri,
bangun lucueun.
13. GT-08:101/8 Nyiwit Réngkak
paripolah
Polah Tétéh upama ngarasa
sirik ka Nina lantaran Nina
dialem téh sok nyiwit lamun
Mamah lengah. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Nina rada murungkut, sieun
diciwit. Das ok kitu Tétéh
mah, ari Nina dialem téh sok
nyiwit ari Mamah langah.
14. GT-08:105/7 Mamah nangis Gejala fisik Nangis mangrupa aktualisasi
tina rasa sedih jeung ambek
anu karandapan ku hiji jalma.
Dina ieu kontéks, nangisna
Mamah dilantaran paséa
jeung apa nepika Mamah
dicabok dua kali ku Apa
sabab Apa rék nikah deui. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Mamah dicabok ku Apa.
Dua kali. Apa sareng Mamah
teras paséa… Mamahn angis
nya, harita?
15. GT-08:107/5 Sieun Aktualisasi Sieun mangrupa aktualisasi
tina rasa keueung anu pohara.
Dina ieu kontéks kaalaman
ku Nina anu unggal peuting
ngarasa sieun lantaran saré
sorangan jeung tara aya nu
ngeukeupan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
279
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Pangsieun-sieunna ari wengi.
Sieun… téh, Mamah! Atuda
biasana mah ku Mamah
dikeukeupan…
4.2.8.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-08
a. Ajén Sosial
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-08, bisa katitén tina tabél data
ieu di handap.
Tabél 4.44
Data Ajén Sosial GT-08
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-08:100/1 Mamah bageur
2. GT-08:105/6 Dicabok
3. GT-08:106/2 Saé gé bumi batur
4. GT-08:106/4 Molotot bari ngajerit
nyauran babu
5. GT-08:108/2 Mamih sok
nyeuseulan
6. GT-08:108/5 Indung téré sok
ngulub
7. GT-08:109/5 Apa ménta hampura
ka Nina
8. GT-08:99/4 Diajar undak usuk
basa
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya dua data anu ngandung
ajén bebeneran, genep ajén moral, jeung teu kapanggih ajén kaéndahan sarta
ajén kaagamaanana.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-08:106/2 jeung
GT-08:99/4. Data GT-08:106/2 ngébréhkeun ayana pamadegan ngeunaan
280
imah anu alus, tapi anu batur jeung matak teu pikabetaheun. Data GT-
08:99/4 ngébréhkeun élmu basa ngeunaan undak-usuk basa Sunda. Palaku
Nina, sok dipapatahan maké basa Sunda anu lemes ku indungna, saperti
nyebut ilat keur létah, nyebut lambé keur biwir. Basa saperti kitu
dibiasakeun diajarkeun ka budak sangkan geus gedéna biasa. Palaku Nina
ogé jadi bisa ngabandingkeun basa lemes anu sok dipaké ku manéhna
jeung basa anu mindeng dipaké ku Mamih. Ceuk Nina, basa saperti biwir,
jeung sok ngagorowok ngageroan pembantu ku sebutan babu téh
mangrupa basa anu goréng.
2) Ajén Moral
Ajén moral anu nyampak dina ieu carpon nya éta data GT-
08:100/1, anu ngébréhkeun kanyaah indung ka anakna. Data GT-08:105/6
ngébréhkeun ajén moral anu goréng, lantaran kalakuan salaki anu nyabok
atawa nampiling pamajikanna lantaran alesan kaégoisnana hayang kawin
deui lain mangrupa picontoeun. Komo ieu dilakukeun hareupeun budak
anu bakal ngabalukarkeun trauma psikis.
Data lianna nya éta GT-08:106/4, anu ngébréhkeun ajén moral anu
goréng. Ieu paripolah diwakilan ku palaku mamih anu saperti teu boga
étika sarta nganggap handap ka pembantu ku cara nyebut babu bari
ngagorowok upama ngageroan aya perlu. Tapi, sanajan ieu mangrupa ajén
anu goréng, pangarang nyoba ngabandingkeun jeung pembantu di imah
nina baheula anu sok disebut bibi, lain babu. Malah, ku palaku Nina mah
disebutna gé bibi bageur. Data lianna anu masih kénéh aya patalina jeung
mamih nya éta GT-08:108/2. Ieu data ngébréhkeun mamih anu sok
nyarékan Nina upama peuting-peuting ceurik lantaran ngarasa keueung,
tiris, jeung hanaang.
Data steroetipe di masarakat ngeunaan indung téré anu galak,
malah nepi ka sok ngulub anak téréna, aya dina data GT-08:108/5. Sacara
moral, kalakuan siga jeung pamikiran saperti kitu teu bisa
disakompétdaunkeun. Tapi, pikeun ngarojong karakter palaku Mamih dina
281
ieu carpon jeung sangkan palaku utama Nina beuki lega pamikiranna, ieu
pamadegan diébréhkeun ngaliwatan pamadegan lanceuk-lanceukna Nina
jeung pembantuna Mamih. Ajén moral anu alus nyampak dina data GT-
08:109/5, ieu dta ngébréhkeun Apa anuménta hampura ka Nina lantaran
ngarasa yén kaputusanna kawin jeung mamih téh salah, lain ngabagjakeun
anak, kalah nyiksa batinna.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap.
Aya sapuluh ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda.
Tabél 4.45
Data Ajén Budaya GT-08
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-08:107/4 Budak diogo sok
ngalunjak
2. GT-08:108/1 Nyium teras
mangkon
3. GT-08:106/2 Kawin ka nu
beunghar
4. GT-08:107/4 Indung téré teu
nyaaheun
5. GT-08:108/4 Réncang nu
nyaaheun
6. GT-08:109/5 Kanyaah bapa ka
anak
7. GT-08:105/6 Nyerahkeun
pamajikan
8. GT-08:105/7 Kanyaah anak ka
indung
9. GT-08:110/8 Kanyaah anak ka
bapa
10. GT-08:106/2 Gering panas bisa
nepi ka maot
282
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.51 di luhur, katitén aya
dua ajén téori, hiji ajén ékonomi, hiji ajén kawasa, jeung genep ajén
solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén agama jeung ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-08:107/4 jeung GT-
08:106/2. data GT-08:107/4 ngébréhkeun ayana pamadegan ngeunaan
budak anu mindeng teuing diogo, bakal ngalunjak ka kolotna. Ieu
pamadegan ditétélakeun ku palaku Mamih anu sok sirik upama salakina
ngogo Nina.
Data ajén téori lianna nya éta GT-08:106/2 anu ngébréhkeun
kaayaan Nina anu keur gering panas salila tilu peuting, teu dibawa ka
dokter nepi ka maotna. Sanajan dina ieu carpon teu sacara éksplisit
disebutkeun yén palaku nina maot, tapi nilik kana data semiotik unsur ikon
métaforis (GT-08:111/1) anu ngébréhkeun yén Nina anu kacaritakeun
awakna jadi hampang, boga jangjang, nepi ka bisa hiber jauh pisan
mangrupa métaforis tina indit jauh. Indit dina ieu kontéks nya éta indit
ninggalkeun alam dunya. Ninggalkeun sakur kulawarga, siga Nina anu
hiber ninggalkeun bapa jeung lanceuk-lanceukna. Sacara téori, panyakit
panas anu karandapan ku budak dina umur kurang leuwih dua taun bisa
ngabalukarkeun maot, komo bari kurang dahar, kurang nginum, jeung
kurang saré.
1) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi dina ieu carpon aya dina data GT-08:106/2. Ieu data
ngébréhkeun kaayaan awéwé anu beunghar, anu dikawin ku bapana Nina.
Éta awéwé anu disebut Mamih téh pangna bisa ditétélakeun beunghar
lantaran dina ieu carita disebutkeun boga imah gedé jeung alus, malah
disebutna gé gedong ku Nina mah. Sanajan cicing di imah gedong, tétéla
kabagja mah teu ngan bisa diukur ku matéri wungkul, tapi ogé ku
katengtreman haté jeung kabagja kulawarga.
283
2) Ajén Kawasa
Data GT-08:105/6 ngébréhkeun kawasana hiji lalaki, dina ieu
kontéks nya éta Apa (bapana Nina). Salaku salaki, ngarasa boga kawasa
pikeun nyieun kaputusan sorangan, ngarasa kawasa bisa sangeunahna
ninggalkeun hiji awéwé tuluy kawin deui ka awéwé séjén. Salaku bapa,
manéhna ngarasa bisa ngatur anak-anakna sangkan daék narima Mamih
salaku indungna jeung kudu nurut kana sagala paméntana.
3) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-08:108/1, GT-
08:107/4, GT-08:108/4, GT-08:109/5, GT-08:105/7, jeung GT-08:110/8.
Data GT-08:108/1 ngébréhkeun kanyaah indung ka anakna anu teu weléh
dirawu dipangku, diciuman, jeung dipupuncuhkeun, siga Nina anu
dipikadeudeuh ku indungna. Data GT-08:107/4 ngébréhkeun ajén
solidaritas anu teu sagemblengna, lantaran Mamih ngan nyaah ka bapana
Nina wungkul, teu nyaah ka Nina jeung lanceuk-lanceukna. Data GT-
08:108/4 ngébréhkeun kanyaah pembantu Mamih ka Nina jeung lanceuk-
lanceukna. Data GT-08:109/5ngébréhkeun kanyaah bapa ka anak. Sanajan
teu boga maksud nganyerikeun haté Nina jeung lanceuk-lanceukna, tapi
haté Apana Nina éstu nyadar yén kaputusan manéhna téh salah nepi ka
kedal ucap Apa ménta dihampura ka Nina. Data GT-08:105/7
ngébréhkeun kanyaah anak ka indung. Nina anu sono pisan ka indungna,
nepi ka kagegeringan lantaran kasonona ngan bisa disidem dina jero
haténa, teu bisa kedal. Ieu hal jadi pasualan inti dina ieu carita, anu
nembrakeun kanyaah jeung kasono anak ka indung anu bageur jeung
miasih anak-anakna. Data GT-08:110/8 ngébréhkeun kanyaah anak ka
bapana. Nina anu ngarasa karunya lantaran bapana mélaan teu saré
nungguan Nina anu gering. Nina ogé ngarasa hariwang basa manéhna rék
“indit” néangan indung anu dipisono.
284
4.2.9 “Gagak Ngelak di Majingklak” (GT-09)
4.2.9.1 Struktur Carita GT-09
a. Téma
Téma carpon GT-09 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana
gambaran kaayaan pamayang di Majingklak anu sacara teu langsung dijajah
ku juragan-juragan parahu anu baleunghar. Lian ti éta, konflik utamana
mangrupa gambaran ayana monopoli lauk di laut Majingklak ku kapal asing,
nepi ka pamayang teu beubeunangan, malah loba anu néangan pakasaban
séjén ka kota. Ieu hal ngébréhkeun ayana kateuadilan sacara sosial jeung
ékonomi.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep nu beunghar kudu
nyaah aka nu teu boga jeung kudu inget ka nu sangsara. Ieu di handap
mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma kaadilan sosial.
“… Kabéh pamayang sanasib jeung Akang, ukur kabagéan barau
hayirna wungkul. Kasaksian ku saréréa, anu tambah gendut mah
para juragan parahu…” (117/7)
… Laut pikeun manéhna mangrupa sagala rupana. Cintana tamplok
ka laut. Nyawana aya di laut. Harepan jeung angen-angenna kabéh
di laut … (118/1)
Béja pabéja-béja, tungtungna urang lembur kabéh nyaho yén di
béhditueun palawangan aya kapal urang asing ngadangong.
Jaringna saban menit ditarik, mungguh ngagayot ku lauk… (119/7)
Tina sawatara cutatan di luhur, témbong pengkuhna prinsip pamayang
anu micinta laut, teu sabanding jeung pangupa jiwa anu katarima ti para
juragan parahu. Ditambah deui ku pasualan kapal asing anu ngaranjah
Palawangan nepi ka pamayang majingklak teu kabagéan lauk.
Salian ti téma kaadilan sosial, ieu carita ogé diwuwuh ku téma
ngeunaan kamanusaan. Tapi, téma kamanusaanna leuwih jembar, lain saukur
ngeunaan cinta lalaki ka awéwé atawa sabalikna. Rasa cinta antara Nyi Lasem
jeung Ki Jaka ngan pikeun mapaés eusi carita, sabab aya rasa cinta séjén anu
leuwih prinsipil nya éta cinta para pamayang ka laut. Ieu lain saukur ngeunaan
285
pakasaban, tapi ogé ngaeunaan prinsip jeung idealism anu nyangkaruk dina
batin-batin para pamayang di Majingklak.
… Aya kénéh ogé sayagian cai dina gentong di pawon, kudu baé
meuli deui. lain meuli butuh, meuli deudeuh ieu mah (113/1)
… Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat anu
matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya rasrasan..
(32/3)
… Tapi sorot panon jeung tingkah paripolahna cukup pikeun
ngayakinkeun kasucian cintana ka mojang Kalipucang… (114/1)
Kacinta pamayang ka laut, ngaleuwihan kacintana ka bébéndé. Pangna
kitu, lantaran pikeun pamayang mah laut mangrupa sagalana. Laut jeung
pamayang geus teu bisa dipisahkeun.
b. Fakta Carita
2. Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-09 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku gambaran palaku Nyi Lasem anu ngajual cai
di Majingklak (A). Pikeun mapaés carita, galur maju kana gambaran
perasaan Nyi Lasem jeung Ki Jaka anu silih pikanyaah (B). Lantaran inti
konflik aya dina pakasaban para pamayang, salaku pamayang Ki Jaka
boga prinsip ngeunaan rasa cintana ka laut. Ki Jaka nalungtik anu
ngabalukarkeun laut jadi euweuh laukan, nepi ka kapanggih aya kapal
asing di Palawangan (C). Lantaran ngarasa panasaran, Ki Jaka indit ka laut
ngadeukeutan Palawangan. Lantaran lambak laut sapeupeuting tarik, Ki
Jaka maot (D). Sanggeus Ki Jaka maot, anu ngarasa kaleungitan lain
saukur Nyi Lasem, tapi ogé akina, Ki Arsim (E).
286
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlahna, ieu carpon maké galur tunggal, nya
éta ngagunakeun hiji galur pikeun museurkeun panitén nu maca kana eusi
carpon. Éta hal katitén ti mimiti carita nepi ka ahir carita éstu nyaritakeun
palaku Ki Jaka anu pengkuh kana prinsipna micinta laut jeung pamayang-
pamayang séjén di lemburrna.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ieu carpon miboga galur padet, éta dumasar kritéria kepadatanna.
Pangna kitu lantaran kajadian-kajadian anu diébréhkeun ku pangarang
dalit patalina jeung inti carita, dina ieu hal tangtuna waé kajadian anu aya
hubunganna antara laut, Nyi Lasem, jeung Ki Jaka.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar kana eusina, ieu carpon GT-09 ngagunakeun galur
pemikiran. Upama niténan eusi carita sacara gembleng, eusina mangrupa
hal-hal anu jadi bahan pamikiran pikeun nu maca. Sawatara hal anu jadi
bahan pamikiran diantarana nya éta ngeunaan kakawasaan para juragan
parahu, prinsip hirup para pamayang, jeung monopoli pamayang dina
kapal asing.
2) Palaku
Dina carpon GT-09, aya 12 urang palaku, nya éta Ki Jaka (GT-
09:112/1), Nyi Lasem (GT-09:112/3), Bapa Nyi Lasem (GT-09:112/3), Ki
Arsim (GT-09:113/3), juragan parahu (GT-09:113/6), Ema (GT-09:120/3),
Bah Nata (GT-09:121/9), Sipir (GT-09:125/1), narapidana (GT-09:125/1),
Bah Bejo (GT-09:127/2), Ki Irsan (GT-09:128/4), jeung Ki Salya (GT-
287
09:131/4). Salapan urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita,
sésana tilu urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina
pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ki Jaka jeung i Lasem mangrupa
palaku utama. Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan
anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Ki Jaka, Nyi Lasem, Bapa Nyi Lasem, Ki Arsim, Bah
Nata, Bah Bejo, Ki Irsan, jeung Ki Salya. Sedengkeup ngan aya saurang
palaku antagonis, nya éta juragan parahu.
Palaku Ki Jaka anu miboga sipat-sipat anu hadé anu bisa
dijadikeun picontoeun keur nu maca, saperti tanggung jawab, pengkuh
kana prinsip hirup, mikanyaah batur salemburna, jeung boga wawanén anu
luhung salaku lalaki. Éta hal bisa katitén dina cutatan di handap.
… Laut pikeun manéhna mangrupa sagala rupana. Cintana
tamplok ka laut. Nyawana aya di laut. Harepan jeung angen-
angenna kabéh di laut … (118/1)
Palaku Nyi Lasem ogé miboga sipat anu hadé salaku wanoja
basisir anu mandiri. sabar jeung boga pamikiran anu positif. Éta hal bisa
katitén dina cutatan di handap.
…Pikirna, engké gé moal keur saha jeung moal ka sahan deui
prukna upama mémang jodo ti Allah mah. (114/1)
“Kang Jaka, abdi salawasna ngajurung ku dunga…” (116/1)
Akina Jaka, Ki Arsim miboga sipat anu méh sarua jeung
pamayang-pamayang séjén anu nyaah ka Jaka jeung micinta laut. Bah
Bejo,Ki IrsanBapa Nyi Lasem, jeung Ki Salya miboga pamadegan anu
288
sarua ngeunaan Jaka jeung laut, saperti anu bisa katitén dina cutatan di
handap.
“Jaka, incu Aki…, naha hirup urang jadi teu paruguh kieu?
Terus atawa moal? Urang terah pamayang, budah laut, badéga
laut nu dalit jeung laut, hirup sagulung-sagalang jeung laut…”
(126/7)
“Enya…, mun seug atuh baheula téh Ki Jaka disakolakeun sina
pinter, sing jadi Nangkoda, sina boga kapal gedé kawas urang
asing itu, meureun kabéh pamayang di dieu ayeuna milu
senangna, nya Ki Arsim?” (127/8)
“Nyai, geulis, layon pamayang nu gedé wawanén mah
dipendem di dasar laut. tetenggerna lambak anu ngajungkiring
tanding gunung…” (133/6)
Tina sawatara cutatan di luhur, bisa katitén yén pamayang-
pamayang digambarkeun salaku jalma anu boga sipat anu hadé kana hirup
jeung dina kahirupan. Maranéhna boga prinsip yén upama ngarasa hirup
tina laut,jeung digedékeun ku laut, geus sakuduna iklas upama hiji waktu
dipénta ku laut.
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
antagonis, nya éta juragan parahu. Cutatan anu ngébréhkeun
kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Dunya pamayang anu tumali jeung lauk, laut, angin barat
anu matak bangkrut, jeung Juragan parahu anu telenges taya
rasrasan.. (32/3)
Kabéh pamayang sanasib jeung Akang, ukur kabagéan barau
hanyirna wungkul. Kasaksian ku saréréa, anu tambah gendut
mah juragan parahu. (115/7)
Juragan parahu anu boga sipat teu bisa ngaraskeun kana kaayaan di
laut, te weléh ménta setor bagian ka pamayang, sanajan pamayang ukur
meunang saeutik. Lantaran palaku Ema, sipir, jeung narapidana ngan
saliwat disebutkeunna, jadi teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
289
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tujuh urang
palaku anu miboga watek basajan jeung dua palaku anu watekna
kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Bapa Nyi Lasem, Ki
Arsim, juragan parahu, ema, Bah Nata, sipir, narapidana, Bah Bejo, Ki
Irsan, jeung Ki Salya. Palaku anu watekna kompléks nya éta Ki Jaka jeung
Nyi Lasem.
Para palaku anu basajan, miboga watek anu statis ti mimiti nepi ka
ahir carita. Pamayang anu ti mimiti dicaritakeun pengkuh kana prinsipna
micinta laut teu robah nepi ka ahir carita. Béda jeung Nyi Lasem salau
palaku wanoja anu mandiri. sabar, jeung boga pamikiran anu positif kana
kahirupan robah jadi wanoja anu luyu jeung kodratna nya éta anu sok
ngaheulakeun rasa batan pikir. Émosina anu labil basa dibéjaan Ki Jaka
maot di laut, jadi meupeus keuyang ka kapal asing anu ngaranjah
Majingklak.
Abdi salaku palaku anu kompléks, watek Ki Jaka mekar kalawan
dinamis. Watekna anu pengkuh nyekel prinsip leuwih micinta laut
daripada bébéndéna, nepi ka ancrub ka laut nyacapkeun kapanasaran
néangan lauk. Padahal, saméméhna kungsi dilelemu ku Nyi Lasem yén
peré sapeuting mah teu nanaon, tapi teu metu. Kitu téa mah pantes, ku Nyi
Lasemna sorangan geus kabaca kumaha heuras jeung teuasna haté Ki Jaka.
Sanajan kitu, salaku lalaki, manéhna ogé boga sipat leuleuy ka bébéndéna
mah.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ki Jaka, Nyi Lasem, Bapa Nyi
Lasem, Ki Arsim, Bah Nata, Bah Bejo, Ki Irsan, jeung Ki Salya mangrupa
palaku tipikal. Sedengkeun Juragan parahu, Ema, sipir, jeung narapidana
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
290
3) Latar
Latar anu kapanggih dina ieu carpon bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.46
Data Latar GT-09
No. Kode Data Data Latar
Katerangan Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6) (8)
1. GT-09:112/1 Citanduy
2. GT-09:112/1 Sagaraanakan
3. GT-09:112/1 Beulah kulon
4. GT-09:112/3 Kalipucang
5. GT-09:112/3 Awéwé basisir wani
paparahuan
6. GT-09:112/3 Cilacap
7. GT-09:113/3 Majingklak
8. GT-09:113/3 Karanganyar
9. GT-09:113/5 Lapang kacamatan
10. GT-09:113/5 Pangandaran
11. GT-09:113/6 Dunya pamayang
12. GT-09:114/1 Basisir
13. GT-09:118/3 Tilu bulan
14. GT-09:120/5 Banjarsari
15. GT-09:122/4 Pulo
Nusakambangan
16. GT-09:122/7 Unggal poé
17. GT-09:125/1 Lembur
18. GT-09:125/1 Leuweung
geledegan
19. GT-09:129/6 Wanci haneut
moyan
20. GT-09:131/2 Imah Ki Arsim
21. GT-09:131/3 Pukul sawelas
22. GT-09:131/3 Pukul dua welas
23. GT-09:131/3 Wanci lohor
24. GT-09:131/3 Wanci asar
25. GT-09:131/3 Buruan imah Ki
Arsim
291
No. Kode Data Data Latar
Katerangan Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6) (8)
26. GT-09:134/5 Lumrah pamayang
paéh di laut
(a) Tempat
Aya genep belas latar tempat dina carpon GT-09 ieu, nya éta
Citanduy (GT-09:112/1) anu mangrupa tempat Nyi Lasem ngwelah parahu
dagang cai. Sagaraanakan (GT-09:112/1) nya éta muara Citanduy, beulah
kulon (GT-09:112/1) mangrupa Tempat Ki Jaka nungguan Nyi Lasem.
Kalipucang (GT-09:112/3) nya éta lembur Nyi Lasem. Cilacap (GT-
09:112/3) geus asup ka wewengkon jawa Tengah, Nyi Lasem waé can
ludeungeun ngwelah parahu nepi ka dinya.Majingklak (GT-09:113/3) nya
éta tempat Ki Jaka jeung akina bubuara.Karanganyar (GT-09:113/3) jeung
lapang kacamatan (GT-09:113/5) mangrupa tempat ayana kariaan
Ronggéng Gunung. Pangandaran (GT-09:113/5) nya éta asal grup
Ronggéng Gunung. Basisir (GT-09:114/1) mangrupa tempat Nyi Lasem
jeung Ki Jaka ngobrol. Banjarsari (GT-09:120/5) nya éta tempat kebon
kadu nu kolotna Nyi Lasem. Pulo Nusakambangan (GT-09:122/4) nya éta
tempat pabuén.Lembur (GT-09:125/1) mangrupa tempat tujuan narapidana
kabur ti Nusakambangan. Leuweung geledegan (GT-09:125/1) nya éta
leuweung anu aya di lembur. Imah Ki Arsim (GT-09:131/2), anu harita
dianjangan ku Nyi Lasem. Buruan imah Ki Arsim (GT-09:131/3)
mangrupa tempat ngariungna para pamayang, narungguan Ki Jaka.
(b) Waktu
Aya tujuh latar waktu dina ieu carpon nya éta, tilu bulan (GT-
09:118/3) anu mangrupa lilana di laut Majingklak miskin lauk.
Waktuunggal poé (GT-09:122/7) mangrupa frékuénsi raména kaayaan di
Citanduy. Wanci haneut moyan (GT-09:129/6) mangrupa waktu basa Nyi
Lasem nganteuran bonténg keur Ki Jaka, sanajan Ki Jaka mah sabenerna
292
harita geus maot.Pukul sawelas (GT-09:131/3),pukul dua welas (GT-
09:131/3), wanci lohor (GT-09:131/3), jeung wanci asar (GT-09:131/3)
mangrupa lilana waktu nunungguan Ki Jaka balik ti laut.
(c) Sosial
Aya tilu latar sosial dina ieu carpon. Data GT-09:112/3
ngébréhkeun kawani jeung kamandirian wanoja basisir. Data GT-09:113/6
ngébréhkeun dunya pamayang anu dalit jeung lauk, laut, angin barat,
jeung juragan parahu. Data GT-09:134/5 ngébréhkeun cara mikir jeung
sawangan kana kahirupan, yén salaku pamayang geus jadi hal anu lumrah
upama paéh di laut sabab layon pamayang anu gedé wawanénna mah
dipendem di dasar laut.
4.2.9.2 Unsur Semiotik GT-09
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-09 ngawengku tujuh ikon 14
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-09 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.47
Analisis Unsur Ikon GT-09
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-09:114/1 Amanah cinta Amanah cinta
mangrupa tanda
ayana rasa cinta
dina sakur omonga
jeung paripolah.
Dina ieu kontéks,
Nyi Lasem anu
ngarasa yén Ki
Jaka boga rasa
cinta nu rohaka
293
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
keur manéhna. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
… Tapi mun
dirasa-rasa, tindak
tanduk, budi basa
jeung
kekecapanana mun
keur guntreng
kawas kieu di
basisir
2. GT-09:114/3 Ngawelah
kamudi
Ngawelah kamudi
mangrupa tanda
métaforis tina
mingpin
rumahtangga. Dina
ieu kontéks, Nyi
Lasem anus ok
ngalamun bisa
marengan Ki Jaka
ngambah sagara
rumahtangga. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
… Ngalamunkeun
poé pikahareupeun
mun diparengkeun
ngahiji jeung Ki
Jaka ngawelah
kamudi
rumahtangga,
manéhna anu satia
marenganana.
3. GT-09:114/3 Lelemah
kasatiaan
Dina ieu kontéks,
lelemah kasatiaan
mangrupa dasar
pikeun
lumangsungna
rumahtangga.
Saperti anu
294
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
dipikirkeun ku Nyi
Lasem, bisa
katitén dina
cutatan di handap.
… Dicéboran ku
asih duaan,
lelemahna
kasatiaan jeung
tékad hirup
basajan, tumarima
kana kadar.
4. GT-09:117/5 Haté teuas lir
batu maléla
Batu maléla
mangrupa batu anu
kacida teuasna.
Dina ieu kontéks
dupamakeun kana
haté anu boga
pamadegan
pengkuh, teuas
siga batu maléla.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Kabaca naon
anu ngagurat dina
haténa. Haté nu
teuas lir batu
maléla.
5. GT-09:123/2 Geus manukna Geus manukna,
mangrupa istilah
anu dipaké pikeun
nandakeun tapisna
masarakat
Kalipucang dina
ngwelah parahu.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Kolot, budak,
awéwé, lalaki,
tarapis deui
295
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
ngawelah parahu,
taya karisi
karémpan,
kawantu geus
manukna, conggah
jeung nyobat jeung
cai.
6. GT-09:133/1 Dihin pinasti
anyar pinanggih
Ungkara ti bapana
Nyi Lasem ka Nyi
Lasem yén sakur
anu asalna ti
Mantenna bakal
mulang ka
Mantenna, siga
Jaka anu perlaya di
laut. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
“… Dihin pinasti
anyar pinanggih,
Nyai! Asal ti
Mantenna nya
mulang ka
Mantenna…”
7. GT-09:133/6 Lambak nu
ngajungkring
tanding gunung
Lambak anu
ngajungkiring
nandingan gunung
mangrupa tanda
tina kakuatan anu
rohaka. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
“… Layon
pamayang anu
gedé wawanén
mah dipendem di
dasar laut.
tetenggerna
lambak
nungajungkiring
296
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
tanding gunung.”
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-09 aya anu mangrupa indéks gejala
alam, aktualisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
Tabél 4.48
Analisis Unsur Indéks GT-09
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-09:112/1 Ngajanteng Réngkak
paripolah
Dina ieu kontéks, Ki Jaka
anu keur ngajanteng di
belah kulon nandakeun
yén keur aya anu
ditungguan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Kadéngéeun pisan ku
Ki Jaka nu keur
ngajanteng beulah kulon,
kawas nu keur ngadagoan.
2. GT-09:113/1 Meuli cai Réngkak
paripolah
Ki Jaka anu mindeng
meuli cai ka Nyi Lasem
lain lantaran butuh, tapi
lantaran deudeuh,
dijadikeun alesan sangkan
bisa mindeng tepung. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Aya kénéh ogé
sasayagian cai dina di
pawon, kudu baé meuli
deui. Lain meuli butuh,
meuli deudeuh ieu mah.
297
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
3. GT-09:114/2 Leuwih nyaah ka
laut
Aktualisasi Kanyaah ka laut karasa ku
Ki Jaka, leuwih gedé
tibatan rasa nyaah ka
dirina pribadi jeung Nyi
Lasem, buah haténa. Ieu
lantaran Ki Jaka jeung laut
moal bisa dipisahkeun
sabab pikeun pamayang,
laut sagala-galana. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Cinta Ki Jaka leuwih
beurat ka laut batan ka
dirina pribadi jeung ka
buah haténa. Laut jeung
dirina geus teu bisa
dipisahkeun deui. Laut
mangrupa sagala rupana
pikeun pamayang, ogé
pikeun Ki Jaka.
4. GT-09:115/7 Tambah gendut Aktualisasi Gendut dina ieu kontéks
mangrupa tanda tina
kaayaan ékonomi anu
beunghar. Lantaran Ki
Jaka ngarasa yén nasib
para apamayang anu ngan
meunang saeutik,
sedengkeun Juragan
Parahu beuki beunghar,
manéhna ngarasa perlu
boga parahu jeung jarring
sorangan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Kabéh pamayang sanasib
jeung Akang, ukur
kabagéan barau hanyirna
wungkul. Kasaksian ku
saréréa, anu tambah
gendut mah juragan
parahu.
298
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-09:118/2 Laut ngadadak
miskin lauk
Gejala alam Laut anu ngadadak jadi
euweuh laukan, mangrupa
tanda gejala alam anu
nandakeun yén aya sabab
musababna. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Laut nu biasa
ngaweureu seubeuhkeun,
nyuwuk para pamayang,
teu ditinggalkeun dina
waktuna miskin ku lauk Ki
Jaka nékad rék tagen
pangger di lembur bari
nalungtik, naliti jeung
nyusud nu jadi marga
lantaran laut miskin ku
lauk.
6. GT-09:118/3 Guling gasahan Réngkak
paripolah
Para pamayang di
Majingklak ngarasa teu
genah cicing lantaran
hariwang jeung panasaran
kana hal anu jadi cukang
lantaran di laut jadi
euweuh lauk. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Saeunyana geus aya kana
tilu bulanna para
pamayang Majingklak
ngarasa guling gasahan,
sabab laut ngadadak
miskin.
7. GT-09:122/4 Sora gagak
ngelak
Sora Sora manuk gagak anu
ngelak dipercaya salaku
tanda bakal datang
musibah atawa aya anu
perlaya di sabudeureun
tempat ngelakna gagak.
Saperti dina ieu kontéks,
sora gagak anu ngelak
matak curinghak.
299
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Lapat-lapat kadéngé sora
gagak ngelak. Écés pisan
ti lebah runggunukna Pulo
Nusakambangan. Nyi
Lasem curinghak.
8. GT-09:122/5 Haté ngalenyap
jeung seseblakan
Aktualisasi Haté Nyi Lasem anu
ngalenyap dibalukarkeun
lantaran rasa hariwang.
Kahariwangna dibarung
ku haté anu seseblakan
lantaran saméméhna
ngadéngé sora gagak anu
ngelak. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Sora gagak, Bah Nata!
Tah, mani ngelak!”
haréwos Nyi Lasem.
Haténa ngalenyap. Teuing
kunaon. Dibarung ku
seseblakan.
9. GT-09:124/6 Sora situncuing Sora Sora situncuing mangrupa
tanda bakal datang balai di
sabudeureun éta manuk
disada. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Jeung sora situncuing
mani ngajelenger.
10. GT-09:128/2 Paéh
pangharepan,
paéh pakasaban
Aktualisasi Pertélaan Ki Arsim ka Bah
Bejo ngeunaan sora gagak
mangrupa totondén téh
yén mémang aya nu paéh,
paéhna harepa para
pamayang anu teu bisa
meunang lauk jeung
paéhna pakasaban salaku
pamayang alatan éta hal.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
300
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
“Hih, ari Bejo! Nya
meureun ngelakan urang
wé, anu paéh
pangharepan, paéh
pakasaban!”
11. GT-09:132/2 Parahu kosong Barang Parahu anu kosong
sabenerna biasa waé, tapi
dina ieu kontéks parahu
anu kosong jadi tanda
yénanu ngawelahna
perlaya di laut. Ki Jaka,
anu peuting ngawelah
parahu, isukna parahu
kapanggih ku Ki Salya
geus kosong. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Nénjo parahu kosong tur
tétéla parahu Ki Jaka, Nyi
Lasem ngajerit ceurik
mungguh kanyenyerian,
bari nyambat buah
haténa…
12. GT-09:133/3 Lambak motah Gejala alam Lambak anu motah
nétélakeun kaayaan laut
waktu peuting harita Ki
Jaka ngawelah parahu,
meneran ogé jeung peuting
basa kadéngé sora gagak
jeung situncuing. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Ceuk Ki Salya, lambak
sapeupeuting motah, turta
euweuh lauk sapotong-
sapotong acan. Ari bieu
parahu kosong kapanggih
kabuntang banting ku
lambak di Palawangan.
13. GT-09:133/7 Paéh poso Paéh poso hartina digawé
sakuat tanaga kalawan
hasil anu kurang
301
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
nyugemakeun. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Da cacak lamun teu
aya kapal éta mah, ukur
dua tilu balikan turun
turun ka laut gé
beubeunangan mucekil.
Moal paéh poso teuing…
14. GT-09:135/3 Keueung Aktualisasi Keueung mangrupa
aktualisasi tina rasa rasa
sieun. Dina ieu kontéks,
sieunna Ki Arsim lantaran
kiwari manéhna éstu
sorangan, nunggelis taya
batur pakumaha sanggeus
Ki Jaka perlaya. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Ki Arsim rey ngarasa
keueung. kakara sadar ka
dirina nu bener-bener
jadinunggelis. Beuki
karasa nunggelisna bada
parahu nu mawa Nyi
Lasem jeung bapana,
ngageuleuyeung ka
Kalipucangkeun.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-09 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
302
Tabél 4.49
Analisis Unsur Simbol GT-09
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-09:121/4 Parahu jeung jaring Simbol tina pakasaban salaku
pamayang.
4.2.9.4 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya GT-09
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.50
Data Ajén Sosial GT-09
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-09:115/1 Tékad hirup
2. GT-09:115/1 Basajan
3. GT-09:115/1 Tumarima kana kadar
4. GT-09:115/1 Moal aral subaha
5. GT-09:121/2 Sabar
6. GT-09:116/2 Bakti ka kolot
7. GT-09:113/6 Angin barat anu matak
bangkrut
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran, tilu ajén moral, jeung tilu ajén kaagamaan. Teu kapanggih
ajén kaéndahan dina ieu carpon.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon patali jeung konsép élmu alam.
Angin barat biasana lumangsung ti bulan Oktober nepi ka April ti arah
Asia ka Australia. Ieu angin ngabalukarkeun ayana usum hujan di
Indonésia. Pikeun pamayang, ieu angin ngaganggu kana kalumangsungan
303
hirupna néangan lauk di laut, sabab upama hujan kalawan tuluy-tumuluy,
langit jadi angkeub sarta di alut jadi gedé ombak.
2) Ajén Moral
Ajén moral anu aya dina carpon nya éta dina dua data GT-09:115/1
ngeunaan kahayang jeung cita-cita Nyi Lasem, manéhna nyipta-nyipta
upama pareng ngajodo jeung Ki Jaka, manéhna moal rék aral subaha sarta
ngambah kahirupan kalawan basajan. Data lianna nya éta GT-09:116/2,
ieu data méré gambaran tuhuna anak ka kolot minangka kawajiban anu
sakuduna ditedunan ku Nyi Lasem jeung Ki Jaka ka kolotna séwang-
séwang ku cara mantuan néangan kipayah keur hirup sapopoé.
3) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagaman nyampak dina dua data GT-09:115/1 jeung GT-
09:121/2. Dua data GT-09:115/1 ngébréhkeun sikep sumerah ka Pangéran
anu ngatur rejeki, pati, jeung jodo. Salaku jelema, ngan bisa ngalakonan
dina jalan anu bener. Data GT-09:121/2 ngébréhkeun kasabaran Nyi
Lasem jeung Ki Jaka dina nyanghareupan pasualan laut anu keur miskin
ku lauk.
b. Ajén Budaya
Aya tujuh belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda.
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap.
Tabél 4.50
Data Ajén Budaya GT-09
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-09:112/3 Ngajual cai
2. GT-09:113/5 Ronggéng gunung
3. GT-09:113/6 Angin barat nu matak
304
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
bangkrut
4. GT-09:114/1 Cinta Ki Jaka ka Nyi
Lasem
5. GT-09:114/1 Jodo datangna ti Allah
6. GT-09:114/2 Laut sagala-galana
keur pamayang
7. GT-09:115/7 Hayang parahu jeung
jarring
8. GT-09:115/7 Juragan parahu tambah
gendut
9. GT-09:116/2 Bakti ka kolot
10. GT-09:119/2 Istigfar
11. GT-09:119/2 Kapal asing
12. GT-09:120/12 Najan teu
beubeunangan kudu
angger setor ka nu
boga parahu
13. GT-09:121/2 Malarat
14. GT-09:121/3 Neneda ka Allah
15. GT-09:123/4 Balanja jeung dagang
16. GT-09:127/8 Sakola
17. GT-09:132/9 Inalillahi wainna ilaihi
rojiun
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya tilu
ajén téori, dalapan ajén ékonomi, opat ajén agama, hiji ajén seni, dua ajén
kawasa, jeung tilu ajén solidaritas. Ajén téori dina ieu carpon nyampak dina
data GT-09:113/6, GT-09:114/2, jeung GT-09:127/8.
1) Ajén Téori
Data GT-09:113/6, ngébréhkeun balukar tina ayana angin barat
keur pamayang. Angin barat biasana lumangsung ti bulan oktober nepi ka
April ti arah Asia ka Australia. Ieu angin ngabalukarkeun ayana usum
hujan di Indonésia. Pikeun pamayang, ieu angin ngaganggu kana
kalumangsungan hirupna néangan lauk di laut, sabab upama hujan
kalawan tuluy-tumuluy, langit jadi angkeub sarta di alut jadi gedé ombak.
305
Ajén téori séjén aya dina data GT-09:114/2 anu nétélakeun yén laut
mangrupa sagala-galana keur pamayang. Pangna kitu, sacara géografis
sumber kahirupan pamayang asalna ti laut. Jadi, upama laut aya anu
ngagunasika, hartina, ngagunasika pamayang ogé. Pamayang dina kontéks
carita nya éta pamayang tradisional. Pangna kitu, pangarang
ngabandingkeun sacara éksplisit jeung ayana pamayang modéren anu
ngagunakeun kapal gedé sarta jaring anu gedé ogé. Sedengkeun pamayang
tradisional, ngandelkeun ombak jeung angin dina ngawelah parahu
leutikna.
Ajén téori anu nyampak dina data GT-09:127/8 ngébréhkeun téori
atikan. Dina eusi carita digambarkeun harepan pamayang ka Ki Jaka. Ceuk
pikirna, upama Ki Jaka sakola luhur tuluy jadi nahkoda, kahirupan
maranéhna salaku pamayang téh tangtu moal susah. Sacara téori, tujuan
ayana atikan téh nya éta sangkan miboga kaparigelan pikeun
kalumangsungan hirup. Lantaran kitu, logis upama aya harepan pamayang
saperti tadi. Maranéhna hayang aya anu ngajeujeuhkeun sangkan hirupna
teu susah waé.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyampak dina data GT-09:112/3, anu ngébréhkeun
ayana pakasaban di kalangan masarakat pamayang nu mémang hésé cai
beresih keur inumeun. Sacara ékonomi, ayana usaha saperti kieu lantaran
tuntutan lingkungan jeung ayana peluang. Dina data GT-09:113/6
ngébréhkeun hubungan antara ayana angin barat jeung bangkrutna
pamayang.
Data ajén ékonomi séjén aya dina GT-09:115/7, anu ngébréhkeun
ayana kahayang Ki Jaka pikeun boga parahu jeung jaring sorangan. Salila
ieu, manéhna jeung para pamayang séjén ngadelkeun maké parahu jeung
jaring anu juragan-juragan parahu. Lantaran Ki Jaka geus teu kuat ku
kalakuan juragan parahu anu teu daék nganyahokeun kaayaan di laut,
manéhna ngarasa kudu boga jarring jeung parahu sorangan. Ceuk pikirna,
306
upama teu kitu, salaku pamayang manéhna moal menyat-menyat, salilana
kur bati cape taya hasilna. Éta hal dirojong ku data GT-09:115/7 jeung
GT-09:120/12, anu nétélakeun yén beuki dieu, beuki ngabeungharkeun
juragan parahu, ari pamayang anu ripuhna ngan kabagéan sahuap kadua
euweuh.
3) Ajén Kawasa
Dina data GT-09:119/2, ayana kapal asing anu ngawasa
wewengkon Majingklak, mangrupa gambaran ayana monopoli lahan bisnis
pamayang. kapal asing geus ngarampas lauk-lauk anu aya di wewengkon
Majingklak, nepi ka para pamayang geus tilu bulan teu meunang lauk.
Data GT-09:121/2 ngébréhkeun kaayaan pamayang anu beuki susah
balukar tina ayana kapal asing jeung kakawasaan para juragan parahu.
Data GT-09:123/4 nembrakkeun kaayaan anu béda, ieu data
ngébréhkeun ayana prosés jual beli lintas provinsi antara Jawa Tengah
jeung Jawa Barat. Dina eusi carita diébréhkeun gambaran urang
majingklak jeung karanganyar anu balanja atawa dagang ka Cilacap, kitu
deui sabalikna.
Data GT-09:119/2 mangrupa gambaran ayana kakawasaan ti pihak
asing ka pamayang tradisional di Majingklak. Salian ti éta, data ajén
kawasa séjénna nya éta GT-09:120/12. Ieu data ngébréhkeun ayana
otoritas juragan parahu anu digambarkeun teu boga rasrasan. Pangna kitu,
lantaran pamayang kudu setor unggal poé sanajan di laut keur euweuh
lauk.
4) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta GT-09:114/1, anu nétélakeun
yén jodo geus diatur ku Allah, kari yakin jeung narékahan ku jalan anu
bener. Dina GT-09:119/2 ngébréhkeun Ki Jaka anu langsung istigfar basa
parahuna muih kabantingkeun ka sisi lantaran sora mesin kapal asing anu
ngaguruh ngabalukarkeun dasar muara caina motah.
307
Ajén agama séjén aya dina GT-09:121/3 anu ngébréhkeun
pangéling-ngéling Ki Jaka ka Nyi Lasem ngeunaan hirup pamayang anu
kudu sabar lantaran kaayaan laut anu keur miskin ku lauk. Ki Jaka
ngélingan yén kudu sabar jeung tetep ngadu’a ka Allah sangkan kaayaan
di laut dipulangkeun deui siga baheula. Dina data GT-09:132/9,
ngébréhkeun kayakinan yén sagala anu asalna ti Allah bakal balik deui ka
Allah. Ieu kayakinan ditembrakeun basa Ki Jaka dipastikeun maot di laut.
5) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-09:114/1, GT-
09:115/7, jeung GT-09:116/2. Data GT-09:114/1 ngébréhkeun rasa cinta
antara Ki jaka jeung Nyi Lasem. Data GT-09:115/7 ngébréhkeun ayana
kahayang Ki Jaka ngarobah kahirupan sangkan leuwih alus ku cara boga
parahu jeung jarring sorangan. Data GT-09:116/2 ngébréhkeun kanyaah
Ki Jaka jeung Nyi Lasem ka kolot. Dina carita ditétélakeun bapana Nyi
Lasem hayang méré nginjeum parahu ka Ki Jaka. Tapi, manéhna ngarasa
yén boh manéhna boh Nyi Lasem pada-pada boga kolot anu butuh bantuan
anak, lamun seug parahuna dipaké ku Jaka, pimanaeun Nyi lasem bisa
néangan kipayang keun mantuan kolotna.
4.2.10 “Deudeuh Teuing” (GT-10)
4.2.10.1 Struktur Carita GT-10
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di kulawarga. Rasa nyaah adi ka lanceuk, lanceuk ka adi, jeung indung ka
anak. Ieu di handap mangrupa cutatan anu ngébréhkeun ayana rasa kanyaah
adi ka lanceuk.
Basa harita Atin ku Nunung diajak milu ka Bandung, maksudna
rék ditambaan, rék diasupkeun ka Rumah Sakit Jiwa… (143/1)
308
… Ceuk nu bohong mah, sakuliah kota Bandung dikulibek, unggal
jalan dipapayan, unggal gang diusapan. Tapi weléh teu kapanggih.
(144/5)
Emh…, deudeuh teuing lanceuk aing! (145/3)
Tina cutatan di luhur katitén kanyaah Nunung salaku adi ka Atin,
lanceukna. Sanajan Atin boga spat goréng jeung kungsi nganerikeun haaténa,
tapi salaku adi Nunung ngarasa boga tanggung jawab keur ngubaran
lanceukna. Malah, basa Atin indit ti imah, Nunung jeung salakina langsung
néangan Atin di sakuliah Bandung bakat ku hariwang jeung nyaah ka lanceuk.
Kanyaah lanceuk ka adi ogé témbong dina ieu carpon, nya éta kanyaah
Atin ka Nunung. Sanajan cara mikanyaahna ngaliwatan pamadegan anu salah.
Ieu bisa katitén tina cutatan di handap.
… Sakali deui ceuceu ngabéjaan, jang di dunya mah, ngan duit anu
bisa nyenangkeun téh!.. (137/1)
Tina cutatan di luhur katitén yén Atin miharep adina bisa jadi jalma
aya nu beunghar jeung hirup senang. Tapi, cara anu dipaké ku Atin ku cara
kawin jeung lalaki beunghar anu goréng adat, lain mangrupa solusi tina
pasualan hirup Nunung anu pas-pasan.
Kanyaah anu leuwih anteb ditémbongkeun ku indungna Nunung jeung
Atin, anu moal maksa rék kawin jeung saha-saha waé ogé asal suka pada suka
jeung ka jalma anu bener. Sakumaha bisa katitén dina cutatan di handap.
… “Nung, bageur, Ibu mah moal ngahulag hidep milih jodo ka
saha waé… Asal jelema bener. Asal suka pada suka… (147/3)
Kontéks jelema bener di dieu nya éta jelema anu jujur jeung tanggung
jawab ka kulawarga. Indungna hariwangeun Nunung boga salaki siga salaki
Atin anu rucah. Di dieu, kanyaah jeung kahariwang indung diébréhkeun.
309
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktu, carpon GT-10 kaasup kana galur
campuran. Pangna kitu, lantaran pangarang ngébréhkeun susunan galur
ngaliwatan téhnik flash-back. Tapi galur maju ogé dipaké pikeun
ngébréhkeun guluyurna carita.
Carita dimimitian ku kaayaan palaku Nunung anu keur ngalamun
hayang di imah almarhum kolotna, mikiran lanceukna anu leungit ti imah
(D1). Carita mundur ka mangsa-mangsa anu dilamunkeun ku Nunung (A,
B, jeung C), nya éta waktu lumangsungna kajadian-kajadian anu
kaalaman ku Nunung ti mimiti lanceukna hayang kawin ka Dédén,
manéhna ngajodo jeung Asép, nepi ka gélona Atin. Carita maju deui ka
mangsa manéhna ngalamun dina lawang pantong, bari tuluy dilelemu ku
salakina (D2). Carita dipungkas ku teu kapanggihna Atin, ngan dicipta-
cipta ku Nunung, lanceukna leumpang kadungsang-dungsang. Mapay-
mapay jalan, mapay-mapay lembur, ngarerewig nyaliksik bari ngerenyem
(E).
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
museurkeun panitén kana karakter para palaku anu ngan aya dina sagalur.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran kajadian-
310
kajadian anu ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit
jeung inti carita. Palaku Atin anu kapiduit ahirna kagégéloan ku hartana
anu geus séép. Nunung anu sabar jeung tawakal kawin ka mahasiswa nepi
ka salakina jadi Sarjana Hukum, sarta nepi ka bisa boga mobil sorangan,
tetep nyaah ka Atin mangrupa kajadian-kajadian anu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku Nunung jeung
Atin. Kajadian-kajadian anu tumiba ka Nunung jeung Atin salila
sababaraha taun ti mimiti milih pisalakieun, kawin ka salaki pilihan
masing-masing, nepi ka narima kaayaan balukar tina kaputusanna baheula,
museurkeun panitén nu maca ka para palakuna.
2) Palaku
Dina carpon GT-10, aya 13 urang palaku, nya éta Nunung (GT-
10:136/1) Ceu Atin (GT-10:136/3), Asép (GT-10:136/3), Nanang (GT-
10:137/1), Dédén (GT-10:137/1), Nini (GT-10:137/1), indung Nunung (GT-
10:137/3), Ceu Asih (GT-10:137/3), Ua Haji (GT-10:137/3), Aki (GT-
10:137/3), Bapa Nunung (GT-10:138/1), Ina (GT-10/142/3), jeung Bi Onah
(GT-10:144/3). Lima urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur
carita, sésana tujuh urang palaku ngan disebut ku palaku utama pikeun
panglengkep eusi carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Nunung jeung Atin mangrupa
palaku utama. Sabelas palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan
anu ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung.
Anu ngarojong palaku utama sacara langsung nya éta GT-10:136/3 jeung
GT-10:137/1. Palaku séjénna mangrupa palaku anu ngarojong eusi carita
sacara teu langsung.
311
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Nunung, Asép, jeung indung Nunung. Sedengkeun anu
kaasup kana palaku-palaku antagonis nya éta Ceu Atin jeung Dédén. Ieu di
handap mangrupa cutatan anu ngébréhkeun sipat hadé Nunung.
Basa harita Atin ku Nunung diajak milu ka Bandung,
maksudna rék ditambaan, rék diasupkeun ka Rumah Sakit
Jiwa… (143/1)
… Ceuk nu bohong mah, sakuliah kota Bandung dikulibek,
unggal jalan dipapayan, unggal gang diusapan. Tapi weléh teu
kapanggih. (144/5)
Emh…, deudeuh teuing lanceuk aing! (145/3)
Palaku protagonis séjén nya éta Asep, salaki Nunung anu getén,
tanggung jawab, jeung perhatian ka pamajikan. Sakumaha anu katitén dina
cutatan ieu di handap.
Karasa ku Nunung bagja lain deui meunangkeun Asép téh.
Salakina éstu mikadeudeuh, jeung bisa nganyahoankeun sipat
Nunung anu ogo tapi getén gumati ka nu jadi salaki… (138/3)
Palaku indungna Nunung ogé miboga sipat alus salaku indung,
manéhna kagambarkeun indung anu wijaksana. Ieu katitén dina cutatan ieu
di handap.
… “Nung, bageur, Ibu mah moal ngahulag hidep milih jodo ka
saha waé… Asal jelema bener. Asal suka pada suka… (147/3)
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
antagonis, nya éta Atin jeung Dédén. Atin miboga sipat goréng, nya éta
piduitjeung sombong. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
… Sakali deui ceuceu ngabéjaan, jang di dunya mah, ngan duit
anu bisa nyenangkeun téh!.. (137/1)
312
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya opat urang
palaku anu miboga watek basajan jeung saurang palaku anu watekna
kompléks. Palaku anu miboga watek basajan nya éta Atin, Asép, Dédén,
jeung indung Nunung. Nunung kaasup palaku anu watekna kompléks.
Asép, salaki Nunung anu watekna kacaritakeun bageur ti mimiti
nepi ka ahir carita, teu ngalaman parobahan watek. Saperti halna Dédén,
salaki Atin anu bangor jeung lacur leuwih ti misti kacaritakeun kalakuanna
angger nepi ka sanggeus kawin ka Atin, manéhna kawin deui, malah jadi
tambah beuki mabok jeung judi. Indungna Nunung anu bageur, saliwat
kagambarkeun salaku indung anu bageur anu teu ngalaman parobahan
watek.Sedengkeun Atin, anu watekna judes, bawél, piduit, jeung sombong
kacaritakeun statis nepi ka ahir carita.
Nunung salaku palaku anu watekna mekar kalawan dinamis,
ngébréhkeun pancegna nyekel prinsip, sabar, jeung tumarima kana
kaayaan. hiji waktu kasabaranna kedal, manéhna hayang geura boga
budak, sanggeus lila sabar nungguan salakina bérés kuliah.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Nunung, Atin, Asép, Dédén,
jeung Indung Nunung mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Nanang, Nini,
Ceu Asih, Ua Haji, Aki, Bapa Nunung, jeung Bi Onah kaasup palaku
nétral anu ngan saukur disebutkeun ku palaku tipikal dina eusi carita, teu
milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
313
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latarna.
Tabél 4.51
Data Latar GT-10
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-10:136/1 Sisi panto
2. GT-10:136/3 Kawin ka pagawé
leutik
3. GT-10:136/3 Juragan jegud
4. GT-10:137/1 Imah Nini
5. GT-10:137/3 Saminggu ka
tukang
6. GT-10:137/3 Kawin paksa
7. GT-10:142/4 Kalimantan
8. GT-10:142/4 Tilu taun ka tukang
9. GT-10:140/2 Lembur
(pagunungan)
10. GT-10:141/4 Tengah imah
11. GT-10:142/3 Jam opat soré
12. GT-10:143/1 Bandung
13. GT-10:143/1 Rumah sakit jiwa
14. GT-10:144/5 Jalan
15. GT-10:144/5 Gang
16. GT-10:144/7 Sapanjang jalan
Bandung-Ciamis
(a) Tempat
Aya sapuluh latar tempat dina carpon GT-10 ieu, nya éta sisi panto
(GT-10:136/1) anu mangrupa tempat Nunung ngalamunan Atin, lanceukna
anu teuing aya di mana.Imah Nini(GT-10:137/1) mangrupa tempat anu
dipaké kabur ku Nunung basa rék dijodokeun ka Nanang. Lembur(GT-
10:140/2) nya éta tempat asal Nunung jeung Atin. Tengah imah (GT-
10:141/4) nya éta tempat Asép ngajak diuk ka Nunung sabab geus lila
teuing ngalamun deukeut panto. Kalimantan (GT-10:142/4) nya éta tempat
314
dines Didi, lanceuk kahijina Nunung. Bandung (GT-10:143/1) nya éta
tempat Nunung bubuara jeung Asép. Rumah sakit jiwa (GT-10:143/1) nya
éta tempat anu satadina rék dijadikeun tempat ngubaran Atin anu stres.
Jalan (GT-10:144/5), gang (GT-10:144/5) jeung sapanjang jalan Bandung-
Ciamis (GT-10:144/7) mangrupa tempat-tempat anu disasar ku Nunung
jeung Asép keur néangan Atin anu kabur ti lembur.
(b) Waktu
Aya opat latar waktu dina ieu carpon nya éta, saminggu ka tukang
(GT-10:137/3) anu mangrupa waktu anu matak pikabungaheun keur
Nunung basa indungna nyatujuan hubunganna jeung Asép. Tilu taun ka
tukang (GT-10:142/4) nya éta waktu basa indungna Nunung maot. Jam
opat sore (GT-10:142/3) nya éta basa Nunung jeung salakina nepi ka
imahna anu di lembur.
(c) Sosial
Aya tilu latar sosial dina ieu carpon. Dua data GT-10:136/3
ngébréhkeun ayana status sosial anu luhur jeung menengah. Dédén, salaki
Atin mangrupa jelema beunghar. Sacara sosial manéhna boga
kalungguhan anu luhur. Béda jeung Asép, salaki Nunung anu ngan jadi
pagawé leutik anu masih kénéh kuliah, mangrupa kalangan menengah.
Tapi, ku Atin mah Asép téh lalaki dianggap miskin. Malah manéhna
ngarasa yakin upama Nunung kawin Asép, hirupna bakal sangsara.
Lantaran Asép jeung Nunung anu keying jeung silih rojong dina
ngawangun rumah tangga, antukna Asép bisa lulus kuliah jeung
ngabagjakeun Nunung. Kacaturkeun Asép jeung Nunung geus boga mobil
sorangan basa indit ka ka Ciamis jeung néngan Atin di Bandung.
4.2.10.2 Unsur Semiotik GT-10
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-10 ngawengku genep ikon, lima
indéks, jeung hiji simbol.
315
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-10 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.52
Analisis Unsur Ikon GT-10
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-10:136/1 Nini Antéh Nini Antéh mangrupa
tanda tina ayana bulan
purnama, sabab dina
dongéng ngan ukur
dina waktu bulan
purnama, Nini Antéh
bisa katingali. Dina ieu
kontéks, disebutkeun
yén Nini Antéh teu
némbongan. Hartina,
kajadian lumangsung
lain dina waktu bulan
purnama. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Nini Antéh teu
némbongan. Euweuh
dongéngkeuneun
nini-nini ka incuna.
2. GT-10:136/1 Langit
bangun
kurang
marahmay
Langit nu kurang
marahmay mangrupa
gambaran tina kaayaan
langit anu angkeub.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Aya bulan di
langit, ngagantung
sapasi. Langit bangun
kurang marahmay.
316
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
3. GT-10:137/1 Salieuk béh Salieuk béh mangrupa
tanda tina kaayaan hiji
jalma anu beunghar.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Yeuh Nung, na teu
apal kitu kana
kahirupan Ceuceu
kiwari? Salieuk béh.
4. GT-10:137/1 Kongkorong
sagedé ranté
kapal
Kongkorong anu
sagedé ranté kapal
nandakeun duit anu
dipimilik kacida
lobana. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Hayang boga
kongkorong sagedé
ranté kapal ogé moal
henteu katedunan.
5. GT-10:140/6 Hérang Hérang dina ieu
kontéks carita nya éta
sebutan ker wanoja
anu geulis. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Teu kaop manggih nu
hérang, pasti kudu
beunang.
6. GT-10:143/1 Kangkung,
daging
munding,
daging
hayam, uteuk
Dina ieu kontéks
carita, kangkung jadi
tanda dahareun jalma
teu boga. Daging
munding, daging
hayam, jeung uteuk
mangrupa dahareun
anu mahal sarta
miboga prestise anu
luhur dina mangsa
harita (ieu karya
gumelar). Jadi, ieu bisa
317
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
jadi tanda anu
nétélakeun yén jalma
anu meulina mangrupa
jalma beunghar, sabab
moal kabeuli ku jalma-
jalma pantar cacah
mah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Teu percaya
teuing manéh bisa
ngawaragadan
lanceuk nu beunghar
kieu! Kami mah tara
dahar jeung
kangkung, jeung
daging munding,
daging hayam, jeung
uteuk! …
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-10 aya anu mangrupa indéks gejala
alam, aktualisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
Tabél 4.53
Analisis Unsur Indéks GT-10
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-10:136/1 Ngahuleng di
sisi panto
Réngkak
paripolah
Ngahuleng mangrupa
paripolah anu dilakukeun
lantaran aya anu dipikirkeun.
Dina ieu kontéks, Nunung anu
keur ngahuleng di sisi panto
téh nanadakeun keur mikiran
lanceukna anu teuing aya
dimana. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
318
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Nunung ngahuleng di sisi
panto… Sakolébatan
némbongan paroman lanceuk
awéwé hiji-hijina, nu kiwari
teu béja, teu carita.
2. GT-10:137/2 Mata
simeuteun
Aktualisasi Mata simeuteun mangrupa
sikep anu nandakeun yén hiji
jalma hookeun lantaran
ningali atawa ngadéngé hiji
hal anu pikareuwaseun. Dina
ieu kontéks carita, Nunung
anu mata simeuteun lantaran
ngarasa ambek jeung nyeri
haté dihina ku lanceuk
awéwéna. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Nunung molotot teu neuleu.
Mata simeuteun. Teu bisa
cacarita sakecap ogé, bakat ku
heneg.
3. GT-10:137/1 Ka mamana
henteu
lewang
Aktualisasi Lewang mangrupa aktualisasi
tina rasa sieun jeung paur kana
hiji hal. Dina ieu kontéks, Atin
anu ngarasa teu lewang mun
indit ka mamana lantaran
nyekel loba duit. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Ka mana-mana ogé teu
lewang da boga jang nebusna,
da boga jang meulina.
4. GT-10:139/3 Ngusapan
beuteung
Réngkak
paripolah
Nunung anu ngusapan
beuteung mangrupa tanda tina
kahayangna geura-geura boga
budak. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
“Kang Sep, tos waktuna
ayeuna mah…” Nunung
neuteup deudeuh ka salakina,
bari ngusapan beuteungna.
319
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-10:140/1 Angin
gunung
Gejala alam Ayana angin gunung
mangrupa tanda yén kajadian
carita lumangsung di lembur
pagunungan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Nunung éling tina lamunan,
basa aya angin gunung
ngahiriwik nebak beungeutna.
Tiis, nyecep.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-10 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.54
Analisis Unsur Simbol GT-10
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-10:143/1 Rumah Sakit Jiwa Simbol tina ayana kasus/kajadian
ngeunaan panyakit jiwa.
4.2.10.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-10
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun sapuluh ajén sosial.
Tabél 4.55
Data Ajén Sosial GT-10
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-10:140/2 Kaayaan peuting di
pilemburan
2. GT-10:140/6 Kapiduit
3. GT-10:140/6 Bangor
320
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
4. GT-10:140/6 Lacur
5. GT-10:142/6 Gélo lantaran strés
6. GT-10:143/2 Dipibudak harta
7. GT-10:143/3 Judi buntut
8. GT-10:143/3 Tarohan
9. GT-10:143/3 Pamabokan
10. GT-10:144/5 Néangan hiji jelema di
kota Bandung
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya dua data anu ngandung
ajén bebeneran, tujuh ajén moral, jeung tilu ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-10:142/6. Ieu
data ngébréhkeun panyakit jiwa anu karandapan ku Atin, lanceukna
Nunung. Manéhna awéwé sombong anu kacida mupuncuhkeun duit jeung
harta banda. basa salakina kawin deui, tuluy imah jeung pabrikna séép
kaduruk, manéhna teu bisa mapalér haté, émosina teu kakontrol nepi ka
walahwah-weuleuhweuh sorangan. Sacara psikologis, gangguan émosi anu
karandapan ku Atin nya éta balukar tina ayana kasombongan anu
kamalinaan, nepi ka ngarasa teu siap jeung teu percaya yén harta anu
dipimilikna leungit kitu waé.
Data GT-10:144/5 ngébréhkeun ayana pamadegan, yén sacara
logika néangan hiji jelema anu teu waras di kota Bandung, anu jumlah
pendudukna dina taun 1980-an aya kana 20.000.000 jiwa tangtuna waé
lain perkara gampang. Kamungkinan kapanggihna leutik pisan.
2) Ajén Kaéndahan
Data GT-10:140/2 ngébréhkeun kaayaan peuting di pilemburan
anu diwawaas ku pangarang, minangka hiji aprésiasi palaku kana stimulus
situasi anu digambarkeun.
321
3) Ajén Moral
Opat data GT-10:140/6 ngébréhkeun kalakuan goréng palaku salakina
Atin, nya éta jalma bangor jeung lacur. Data GT-10:143/2 ngébréhkeun
watek palaku anu kapiduit nepi ka dikawasa ku harta.
2. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
salapan ajén budaya.
Tabél 4.56
Data Ajén Budaya GT-10
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-10:136/3 Pagawé leutik
2. GT-10:136/3 Kuliah
3. GT-10:137/1 Saudagar suksés
4. GT-10:137/1 Kahirupan nu
beunghar
5. GT-10:140/6 Kapiduit
6. GT-10:142/6 Gélo lantaran strés
7. GT-10:144/5 Kanyaah adi ka
lanceuk
8. GT-10:141/3 Kanyaah salaki ka
pamajikan
9. GT-10:137/3 Kanyaah indung ka
anak
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, hiji ajén ékonomi, lima ajén agama, dua ajén kawasa, jeung genep
ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon anya dina data GT-10:136/3 jeung GT-
10:142/6. data GT-10:136/3 ngébréhkeun yén palaku Asép jeung Nunung
ngajénan atikan minangka bekel keur kahirupan dina mangsa nu bakal
322
datang. Data GT-10:142/6 ngébréhkeun yén salah sahiji hal anu
ngabalukarkeun hiji jalma jadi gélo nya éta strés.
2) Ajén Ékonomi
Dua data GT-10:137/1 ngébréhkeun ayana ajén ékonomi ngeunaan
salaki Atin anu beunghar. Éta hal ngalantarankeun Atin daék dikawin ku
Dédén, anu saudagar beunghar. Lantaran Atin kapiduit, manéhna teu
paduli sanajan kalakuan Dédén goréng. Ceuk pikirna, asal matak beunghar
jeung hirup senang (GT-10:140/6). Ieu hal ogé miboga hubungan jeung
ajén kawasa, lantaran harta anu dipimilik ku Atin ngabalukarkeun ayana
kasugemaan jeung ngarasa ngawasa sagala ku duit. Data GT-10:136/3
ngébréhkeun kaayaan ékonomi anu Asép teu stabil, salaku pagawé leutik
manéhna dianggap boga darajat handap ku Atin.
3) Ajén Solidaritas
Data GT-10:144/5ngébréhkeun ayana kanyaah adi ka lanceuk.
Kanyaah Nunung ka Atin sanajan kungsi nganyerikeun haténa. Data GT-
10:141/3 ngébréhkeun ayana kanyaah salaki ka pamajikan. Digambarkeun
dina palaku Nunung jeung salakina anu silih pikanyaah. Sedengkeun data
GT-10:137/3ngébréhkeun ayana kanyaah indung ka anak. Diébréhkeun
basa indungna kalawan wijak masrahkeun ngeunaan pilihan jodo ka
Nunung.
4.2.11 “Indung” (GT-11)
4.2.11.1 Struktur Carita GT-11
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di kulawarga. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa
rasa cinta indung ka anak-anakna. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana
ngeunaan indung anu nyaah ka anakna ngaliwatan cara ngatik kamandirian
323
jeung tanggung jawab. Sanajan diébréhkeun dina kajadian anu basajan, tapi
miboga ésénsi anu kuat dina lumangsungna komunikasi hiji kulawarga.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép rasa nyaahna indung ka anak.
… Karérét Ema dongko di handapeun tangkal cengkéh. Atra Ema
téh nyimpen artos ratusan di handapeunana… (150/1)
“Cik angin reureuh sakeudeung… Putra ema keur sasapu!”…
(150/2)
Tina cutatan di luhur, katitén ayana kanyaah indung ka anak. Ema anu
keur ngalatih Maman jeung Budi diajar sasapu, ngaraskeun kana kacapé anak-
anakna, lantaran kitu keur ngubaran kacapéna Ema nunda duit dina handapeun
kalakay-kalakay anu rék disapukeun ku Maman jeung Budi jeung ku cara siga
ngomong ka angin, ti dituna mah mangmeunangkeun anak-anakna anu capé
sasapu.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-11 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku palaku kuring anu keur nyérangkeun buruan
sanggeus dicébor cihujan saparalak (A). Galur maju kana kuring anu kalah
merhatikeun Maman jeung Budi anu keur sasapu di buruan (B). Salila
merhatikeun adi-adina sasapu, kuring bari nuluykeun bébérés di kamarna
(C). Barang ngarérét Ema nunda duit handapeun tangkal cengkéh,
manéhna ngarasa héran, tétéla dihaja sangkan Maman jeung Budi leuwih
sumanget sasapu (D). Basa duitna kapanggih, ningali adi-adina sakitu
bungahna, kuring ningali rasa nyaah indung anu teu weléh boga cara
324
pikeun méré kabagjaan ka anak-anakna (E). Upama dipolakeun, wangun
galur carpon dumasar runtuyan waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku kuring anu niténan kaayaan di buruan.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku kuring
anu ngabandungan adi-adi jeung indungna di buruan, meunang rupa-rupa
karumasa jeung kacindekan ngeunaan kanyaah indung ka anak-anakna.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama
nya éta Ema. Palaku Ema dirojong ku palaku kuring salaku anakna.
Konflik ditémbongkeun ku palaku Maman jeung Budi anu manggih duit
saratus dina handapeun kalakay-kalakay anu disapukeunna. Kabungah
Maman jeung kabungah Budi, tétéla bisa jadi kabungah Kuring jeung
kabungah indungna. Indung teu weléh boga cara pikeun ngabagjakeun
anak-anakna.
325
2) Palaku
Dina carpon GT-11, aya tujuh urang palaku, nya éta kuring (GT-
11:146/3), Maman (GT-11:146/3), Budi (GT-11:146/3), Ema (GT-11:146/3),
Ahmad (GT-11:147/4), Tita (GT-11:147/4), jeung Mama (GT-11:149/2).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ema mangrupa palaku utama.
Kuring, Maman, Budi, Ahmad, Tita, jeung Mama mangrupa palaku
tambahan anu ngarojong kana eusi carita. Kuring, Maman, jeung Budi
mangrupa palaku anu ngarojong kana inti carita sacara langsung. Sésana
mangrupa palaku panglengkep eusi carita.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Kuring, Maman, Budi, jeung Ema. Dina ieu carpon
euweuh palaku antagonis. Lian ti éta, lantaran palaku-palaku séjén ngan
saliwat-saliwat disebutkeunna, teu kapaluruh protagonis atawa
antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya opat urang
palaku anu miboga watek basajan euweuh palaku anu watekna kompléks.
Palaku anu miboga watek basajan nya éta Kuring, Maman, Budi, jeung
Ema.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Kuring, Maman, Budi, jeung
Ema mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Ahmad, Tita, jeung Mama
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
326
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.57
Data Latar GT-11
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-11:149/3 Kamar kuring
2. GT-11:147/4 Buruan beulah kénca
3. GT-11:147/4 Buruan beulah katuhu
4. GT-11:150/1 Handapeun tangkal
cengkéh
5. GT-11:150/1 Cara indung méré atikan
6. GT-11:150/4 Tilu menit
(a) Tempat
Aya opat latar tempat dina ieu carpon GT-11, nya éta, kamar
kuring (GT-11:149/3) anu mangrupa tempat kuring ningalikeun adi-adina
sasapu di buruan, buruan beulah kénca (GT-11:147/4) nya éta tempat
Maman sasapu,buruan beulah katuhu (GT-11:147/4) nya éta tempat Budi
sasapu, jeung handapeun tangkal cengkéh (GT-11:150/1) anu mangrupa
tempat Ema nunda duit saratusan.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya hiji, nya éta tilu menit (GT-
11:150/4) anu mangrupa lilana waktu Budi sasapu di handapeun tangkal
cengkéh.
327
(c) Sosial
Aya hiji latar sosial dina ieu carpon, nya éta cara indung méré
atikan (GT-11:150/1). Ieu data ngébréhkeun cara mikir hiji indung
ngeunaan ngatik anak-anakna sangkan mandiri jeung tanggung jawab.
4.2.11.2 Unsur Semiotik GT-11
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-11 ngawengku dua ikon, jeung
dua indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-04 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.58
Analisis Unsur Ikon GT-11
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-11:146/3 Gambar
kembang eros
Gambar kembang
eros dina urung bantal
korsi nyitrakeun
sacara langsung kana
kembang eros. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Ema téh keur
ngadamel babantal
korsi , enkéna
dibungkus ku urung
tina strimin
digambaran
kembang eros.
2. GT-11:147/2 Aku-aku
angga
Aku-aku angga nya
éta hayang ngaku
banda sorangan,
padahal anu diakuna
banda batur. Dina
ieu kontéks, kuring
ngarasa ngan saukur
328
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
status hungkul jadi
mahasiswa téh,
dalah ari kaparigelan
mah teu bisa nanaon.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Boro wé aku-aku
angga keur tolabul
ilmi di Paguron
Luhur, tapi kana
karajinan mah,
euweuh nu metu.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-11 aya anu mangrupa indéks gejala
alam jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.59
Analisis Unsur Indéks GT-11
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-11:150/7 Ngabalieur Réngkak
paripolah
Ngabalieur mangrupa malikeun
beungeut lantaran embung
paadu teuteup jeung jalma lian.
Dina ieu kontéks, palaku
Kuring ngarasa éra basa Ema
ngalieuk ka palebah kamar. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Kuring ngabalieur, basa Ema
jiga ngalieuk ka sorangan.
2. GT-11:150/2 Angin
telenges
Gejala
alam
Angin dina ieu kontéks
dianggap telenges lantaran
ngapungkeun waé kalakay anu
meunang nyapukeun. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
329
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Basa angin ngahiuk deui rada
tarik, budak dua bangun
ngarungkupan gundukan daun
anu beunangna nyapukeun di
handapeunan. (149/7)
“Cik angin, reureuh
sakeudeung… Putra Ema keur
sasapu!” saurna, bari rada
dialeukeun. Si Kembar neuteup
méh bareng. Bangunna téh asa
aya nu mantuan tina telengesna
angin.
4.2.11.3 Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun dua ajén sosial.
Tabél 4.60
Data Ajén Sosial GT-11
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-11:147/2 Tolabul ilmi
2. GT-11:148/9 Getol sasapu
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran sarta patali jeung ajén agama, sarta hiji ajén moral. Teu
kapanggih data anu ngébréhkeun ajén kaéndahan.
1) Ajén Bebeneran jeung Ajen Kaagamaan
Data GT-11:147/2 ngébréhkeun ayana hiji jalma anu mikawanoh
ajén bebeneran lantaran disakolakeun nepi ka Paguron Luhur. Pangna
miboga hubungan jeung ajén kaagamaan lantarannéangan élmu sabenerna
konsép jeung paréntah agama anu kudu salawasna diajar.
330
2) Ajén Moral
Ajén moral témbong dina data GT-11:148/9 anu ngébréhkeun yén
sacara moral, mantuan indung bébérés di imah mangrupa kalakuan anu
hadé salaku anak.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
lima ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.61
Data Ajén Budaya GT-11
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-11:148/1 Karunya ka budak
nu capé sasapu
2. GT-11:148/5 Nimu artos
3. GT-11:148/9 Gusti nyahoeun ka
nu getol
4. GT-11:147/1 Kanyaah anak ka
indung
5. GT-11:147/3 Kanyaah indung ka
anak
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.71 di luhur, katitén aya
hiji ajén ékonomi, hiji ajén agama, jeung tilu ajén solidaritas. Dina ieu carpon
teu kapanggih ajén seni, téori, jeung kawasa.
1) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi dina ieu carpon kapanggih dina data GT-11:148/5
anu ngébréhkeun kabungah buardak basa manggih duit sanggeus capé
sasapu. Sanajan sabenerna éta duit téh ngahaja diteundeun ku indungna.
Pangna matak bungah, duit miboga ajén ékonomi anu konvénsional di
masarakat.
331
Data anu miboga ajén agama nya éta data GT-11:148/9, anu
ngébréhkeun yén Gusti nganyahokeun kana kacapé anu getol sasapu. Ieu
mangrupa papatah Ema ka maman jeung Budi basa maranéhna manggih
duit.
2) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-11:148/1, GT-
11:147/1, jeung GT-11:147/3. Data GT-11:148/1 ngébréhkeun ayana rasa
karunya indung ka anak-anakna anu keur dialajar sasapu di buruan. Data
GT-11:147/1 ngébréhkeun ayana perhatian kuring ka indungna nepi ka
ngarumasakeun sorangan anu kedul, sedengeun Ema unggal poé kacida
getolna. Data GT-11:147/3 kanyaah indung ku cara méré kabungah ka
anak-anakna.
4.2.12 “Nyiram” (GT-12)
4.2.1.1 Struktur Carita GT-12
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di kulawarga. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu carpon, mangrupa
rasa cinta salaki ka pamajikanna. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana
ngeunaan pamajikan anu keur nyiram bari loba kahayang, ku salakina teu
weléh ditedunan.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép rasa nyaahna salaki ka pamajikan.
“Enya, enya Nih, komo wé Akang gé nyaah ka Anih. Nya nu
kadada kaduga mah piraku dipersabenan.” (151/4)
“Enya, enya Nih, pan mana Akang mihapé ka mang Soma gé sakin
ku naon, nya éta saking ku nyaah ka pamajikan jeung
nganyahokeun…” (153/2)
Tina cutatan di luhur, katitén ayana kanyaah salaki ka pamajikan.
Anih, pamajikan Unang anu sakitu bawél lantaran kabita ku barang-barang
332
jeung kadaharan dununganna teu weléh getén jeung sabar nyanghareupanna.
Unang ngaraskeun kana kahayang pamajikan, teu aral komo mungpang
kahayangna, anu kadada kaduga ku manéhna mah teu weléh dicumponan.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-12 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku gambaran kaayaan palaku Anih jeung Néng
Marti anu sarua keur nyiram (A). Anih anu gawé di imah Néng Marti teu
weléh kabita ku nu dipikahayang ku Néng Marti (B). Unggal balik ti imah
Néng Marti, Anih geus pasti ngurihit ka salakina hayang dipangmeulikeun
anu saperti Néng Marti (C). Unang, salakina Anih teu weléh merhatikeun
kahayang pamajikanna (D). Carita dipungkas ku kasieun Anih ka Unang,
Anih sieun Unang kawin deui siga salaki Néng Marti, harita mah Anih
kalah ceurik teu kabitaeun, rumasa sok ngabanding-banding salakina jeung
salaki Néng Marti (E).
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Anih anu sagala kabita ku kadaharan jeung
barang-barag anu dibeuli ku dununganana.
333
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Kajadian-kajadian anu
ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita.
Palaku Néng Marti anu diogo jeung diperhatikeun sagala kahayangna,
ujug-ujug kacaritakeun yén salakina rék kawin deui.Tapi, ieu kajadian
miboga hubungan anu dalit jeung kabiasan Anih anu sok ngabanding-
banding salakina jeung salaki Néng Marti.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama
nya éta Anih. Palaku Anih dirojong ku palaku Unang salaku salakina.
Konflik ditémbongkeun ku palaku Néng Marti anu salakina rék kawin
deui.
2) Palaku
Dina carpon GT-03, aya lima urang palaku, nya éta Anih (GT-
12:151/2), Néng Marti (GT-12:151/2), salaki Néng Marti (GT-12:151/3),
Unang (GT-12:152/1), jeung Mang Soma (GT-12:152/8).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Anih mangrupa palaku utama.
Sedengkeun lima palaku lianna nya éta Néng Marti (GT-12:151/2), salaki
Néng Marti (GT-12:151/3), Unang(GT-12:152/1), jeung Mang Soma (GT-
12:152/8) kaasup kana palaku tambahan.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Anih (GT-12:151/2), Néng Marti (GT-12:151/2),
Unang (GT-12:152/1), jeung Mang Soma (GT-12:152/8). Sedengkeun anu
334
kaasup kana palaku-palaku antagonis nya éta salaki Néng Marti (GT-
12:151/3).
Palaku salaki Néng Marti mangrupa palaku antagonis lantaran
kacaritakeun manéhna rék kawin deui. Sanajan mimitina kacaritakeun
bageur, tapi tayohna bageurna ka pamajikan téh minangka pameuli. Dina
ieu carpon teu ditémbongkeun ayana paguneman antara Néng Marti jeung
salakina, tapi kaantagonisanna diébréhkeun ku Anih ka salakina. Éta hal
bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
“Enya, carogé Néng Marti téh nyandung! Watir ka Néng
Martina…”. (31/4)
Salian palaku antagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
protagonis. Anu jelas katingali kahadéan palakuna nya éta palaku Unang,
salaki Anih. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
“Enya, enya Nih, komo wé Akang gé nyaah ka Anih. Nya nu
kadada kaduga mah piraku dipersabenan.” (151/4)
“Enya, enya Nih, pan mana Akang mihapé ka mang Soma gé
sakin ku naon, nya éta saking ku nyaah ka pamajikan jeung
nganyahokeun…” (153/2)
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya dua urang palaku
anu miboga watek basajan jeung saurang anu miboga watek kompléks.
Palaku anu miboga watek basajan nya éta Néng Marti jeung Unang.
Palaku anu watekna kompléks nya éta Anih.
Néng Marti anu ti mimiti kacaritakeun teu weléh diayonan
kahayangna ku salakina, boga watek anu bageur jeung perhatian. Kituna
téh lantaran upama boga kadaharan, sok méré ka Anih. Kitu deui, Anih
335
tara sina barang gawé anu bareurat. Sigana ngaraskeun ogé ka nu pada-
pada keur nyiram.
Salian ti Néng Marti, palaku Unag ogé sipatna statis. Euweuh
parobahan watek, Ti mimiti carita digambarkeun Unang salaku salaki anu
perhatian jeung mikanyaah pamajikanna, nepi ka ahir carita watek Unang
teu robah, tetep nyaah ka pamajikanna.
Anih salaku palaku anu watekna méh bubudakeun, sagala kabita
jeung sagala hayang kana naon waé anu dipikahayang ku Néng Marti, hiji
waktu mah robah. Manéhna sok ngabanding-banding salakina jeung salaki
Néng Marti anu teu weléh nyumponan sakur paménta Néng Marti. Hiji
waktu,manéhna boga karumasa jeung hanjakal ogé ngarasa sieun salakina
ngalakukeun hal anu sarua jeung salaki Néng Marti. Salaki Néng Marti
anu nyandung ngabalukarkeun ayana Anih sadar tina sipatna anu teu
bersyukur ka Allah lantaran boga salaki anu sakitu nyaah ka manéhna.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Anih, Néng Marti, jeung Unang
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun salaki Néng Marti jeung Mang
Soma kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.62
Data Latar GT-12
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-12:151/2 Imah Néng Marti
2. GT-12:152/2 Bandung
336
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
3. GT-12:151/2 Gawé di imah nu
beunghar
4. GT-12:152/4 Pasar
5. GT-12:152/4 Jongko
6. GT-12:153/7 Poé Saptu
7. GT-12:154/1 Jalma beunghar
8. GT-12:154/5 Imah Anih
9. GT-12:154/8 Kamar Néng Marti
10. GT-12:155/9 Hiji poé
11. GT-12:156/9 Nyandung
(a) Tempat
Dumasar kana data dina tabél 4.72 di luhur, aya genep latar tempat
dina carpon GT-12 ieu, nya éta imah Néng Marti (GT-12:151/2) mangrupa
tempat Anih digawé, Bandung (GT-12:152/2) nya éta tempat salakina
Néng Marti meuli anggur, pasar (GT-12:152/4) jeung jongko (GT-
12:152/4) mangrupa tempat Mang Soma dagang, imah Anih (GT-
12:154/5) mangrupa imah leutik tempat Anih jeung salakina cicing, jeung
kamar Néng Marti (GT-12:154/8) anu mangrupa tempat ditundana
toilet/buffet anu anyar dibeuli.
Tina genep latar anu luyu jeung tabél di luhur, leuwih diheureutan
deui jadi ngan aya opat latar tempat, lantaran data GT-12:154/8, mangrupa
babagian rohangan di imah Néng Marti. Jadi geus kawengku ku data latar
imah Néng Marti (GT-12:151/2). Data GT-12:152/4 ogé geus kawengku
ku data GT-12:152/4.
(b) Waktu
Aya dua latar waktu dina ieu carpon, nya éta poé Saptu (GT-
12:153/7) jeung hiji poé (GT-12:155/9). Poé Saptu nya éta poé basa Unang
nampa duit ladang pagawéanana, harita ogé Anih riweuh muru salakina
anu kakara balik. Manéhna bébéja yén Néng Marti dipangmeulikeun
337
parabot-parabot imah anu anyar. Sedengkeun hiji poé nya éta waktu basa
Anih bébéja ka Unang yén salakina Néng Marti nyandung.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya tilu latar sosial
dina ieu carpon. Éta tilu latar sosial aya anu mangrupa status sosial jeung
cara mikir palaku kana kahirupan jeung kajadian di sabudeureunna. Data
GT-12:151/2 ngébréhkeun status sosial masarakat kalangan handap anu
digawé salaku pembantu di imah anu beunghar. Dina ieu kontéks carita,
palaku Anih gawé di imah Néng Marti. Data GT-12:154/1 ngébréhkeun
status sosial masarakat luhur anu sacara ékonomi kacaritakeun beunghar.
Data GT-12:156/9 ngébréhkeun ayana klimaks carita ngaliwatan ébréhan
cara mikir palaku Anih kana kajadian anu tumiba ka Néng Marti anu
dicandung ku salakina. Pangarang matalikeun dua latar saméméhna, anu
dicaritakeun yén Néng Marti jeung salakina kaasup jalma beunghar, sagala
kahayang Néng Marti dicukupkeun, nepi ka ahirna apal yén lantaran
rumasa boga loba duit, salaki Néng Marti téga nyandung.
4.2.12.2 Unsur Semiotik GT-12
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-12 ngawengku hiji ikon, salapan
indéks, jeung dua simbol. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-12 ngan aya anu mangrupa ikon
métaforis.
Tabél 4.63
Analisis Unsur Ikon GT-12
No. Kode Data Réferent Tipe
Katerangan Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-12:152/7 Geus asa
dina biwir
Geus aya dina biwir
mangrupa tanda yén
anu dipikabita téh
kacida dipikahayangna.
338
No. Kode Data Réferent Tipe
Katerangan Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Paribasa tatéh, lah mani
geus kacipta, atawa lah
mani geus asa dina
biwir.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-12 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.64
Analisis Unsur Indéks GT-12
No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-12:152/3 Garo-garo teu
ateul
Réngkak
paripolah
Polah anu gagaro tapi teu
ngarasa ateul mangrupa
tanda yén aya rasa kagugu,
bigung, jeung jéngkél anu
karandapan ku hiji jalma.
Dina ieu kontéks, Unang
anu ngarasa bingung
lantaran Anih hayang
anggur ti Bandung. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
Unang seuri bari garo-garo
teu ateul. Taeun nyaah ka
pamajikan, ari taeun maenya
kudu ngaluangkeun gawé
mah, indit ka Bandung
wungkul rék meuli anggur.
339
No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan
(1) (2) (3) (4) (5)
2. GT-12:154/2 (ulah)
pungka-
pungku
Réngkak
paripolah
Unang anu nanya ka Anih
ngeunaan pagaéanna naha
ngakutan barang nu beurat
atawa henteu, mangrupa
indéksikal tina kaayaan
awéwé anu keur
kakandungan teu meunang
ngangka anu bareurat
lantaran bahaya keur anu
dikandungna. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
“Ké, ké, ari Anih teu milu
pungka-pangku?” Unang
hariwangeun.
3. GT-12:151/3 Dagdag-
dégdég
Réngkak
paripolah
Dina ieu kontéks, salaki
anu dagdag-dégdég ka
pamajikan nu nandakeun
kanyaah anu diébréhkeun
ngaliwatan perhatian jeung
leuwih diogo. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
“Kang, geuning carogé
Néng Marti gé sakitu bélana,
sakitu dagdag-dégdégna,
komo Néng Marti rék
kagungan putra mah…”
4. GT-12:156/3 Ceurik Réngkak
paripolah
Anih anu kasampak ku
Unang pasemonna teu
biasa, basa ditanya kalah
ceurik. Ceurik Anih
mangrupa tanda tina ayana
rasa karunya ka Marni
lantaran salakina kawin
deui jeung lantaran ngarasa
sieun Unang rék
ngalakukeun hal anu sarua.
Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
… kalah hing ceurik.
340
No. Kode Data Réferent Tipe Katerangan
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-12:155/9 Ngaheruk Réngkak
paripolah
Ngaheruk dina ieu kontéks
mangrupa tanda ayana rasa
katugenah lantaran hiji
masalah anu kaalaman ku
Anih. Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Tapi dina hiji poé, datang ti
bumi Néng Marti téh Anih
ngaheruk…
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.65
Analisis Unsur Simbol GT-12
No. Kode Data Réferent Katerangan
(1) (2) (3) (4)
1. GT-12:151/5 Berlian Simbol kaméwahan jeung
kabeungharan lantaran harga berlian
anu mahal.
2. GT-12:151/5 Mobil Simbol tina harga barang anu mahal,
nepi ka dijadikeun perbandingan ku
Anih kana paméntana.
4.2.12.3 Ajén-inajén Sosial Budaya GT-12
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
341
Tabél 4.66
Data Ajén Sosial GT-12
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-12:151/1 Nu nyiram sok loba
pamentana
2. GT-12:153/2 Gawé keur bekel
orokan
3. GT-12:154/1 Meuli parabot imah
4. GT-12:151/4 Salaki nyaah ka
pamajikan
5. GT-12:156/9 Nyandung
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran, hiji ajén kaéndahan, hiji ajén moral, jeung hiji ajén
kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-12:151/1, nya
éta ngeunaan anu keur nyiram sok loba paméntana. Nilik kana kaayaanna,
anu nyiram sok mindeng nyipta-nyipta dahareun anu pikabitaeun, sabab nu
nyiram ilaharna sok ngarasa sebel upama barang dahar.
2) Ajén Kaéndahan
Data GT-12:154/1 ngébréhkeun ajén kaéndahan, lantaran dibeulina
parabot anyar lain keur kabutuhan primer, tapi keur mapaés kaayaan di
jero imah. Hartina, ieu parabot miboga fungsi keur hiasan atawa pajangan.
Lantaran kitu, palaku Néng Marti anu meuli ieu parabot ngarti kana ayana
ajén kaéndahan.
3) Ajén Moral
Data GT-12:153/2 ngébréhkeun ajén moral perkara tanggung
jawab salaki ka pamajikan, anu néangan kipayah keur waragad
ngalahirkeun. Data GT-12:156/9 ngébréhkeun salaki Néng Marti anu
342
nyandung mangrupa ajén moral anu goréng, lantaran ditarima salaku
paripolah teu hadé ku palaku Anih jeung Néng Marti.
4) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan aya dina data GT-12:151/4, anu ngébréhkeun
kanyaah Unang salaku salaki ka Anih, pamajikanna anu keur nyiram bari
loba kahayang lantaran kabita ku Néng Marti.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
genep ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.67
Data Ajén Budaya GT-12
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-12:155/10 Nu kakandungan
tong capé gawé
2. GT-12:154/9 Dangdan
3. GT-12:154/4 Meuli parabot
4. GT-12:135/7 Nampa bayaran
gawé
5. GT-12:156/9 Nyandung
6. GT-12:151/4 Kanyaah Unang ka
Anih
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.78 di luhur, katitén aya
hiji ajén téori, hiji ajén ékonomi, lima ajén agama, dua ajén kawasa, jeung
genep ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori patali jeung élmu kaséhatan (GT-12:155/10, yén anu
keur kakandungan teu meunang capé gawé lantaran bisa ngabalukarkeun
gangguan ka orok anu dikandungna.
343
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyampak dina data GT-12:154/4 jeung GT-
12:135/7. Data GT-12:154/4 ngébréhkeun ayana kamampuh finansial
kulawarga Néng Marti jeung salakina. Data GT-12:135/7 ngébréhkeun
ayana pakasaban nu dipigawé ku salaki Anih. Pikeun awéwé, dangdan
mangrupa cara ngaaprésiasi kaéndahan. Éta hal nyampak dina data GT-
12:154/9, anu ngébréhkeun kahayang Anih anu ménta dipangmeulikeun
alat-alat make-up ka salakina.
3) Ajén Kawasa
Data GT-12:156/9 ngébréhkeun ayana ajén kawasa salaku salaki
anu boga harta. Salaki Néng Marti anu beunghar, ngarasa kawasa bisa
kawin deui jeung awéwé séjén. Sanajan ieu ajén kawasa mangrupa ajén
anu goréng, tapi sacara konsép, palaku geus mikawanoh ajén kawasa dina
hirup kumbuhna.
4) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas anu dominan aya dina data GT-12:151/4. Ieu data
ngébréhkeun kanyaah salaki ka pamajikan anu keur kakandungan. Unang,
salaku salaki miboga tarékah anu némbongkeun kanyaah jeung satiana ka
Anih ku cara satékah polah nyumponan kahayang Anih.
4.2.13 “Korsi Hoé” (GT-13)
4.2.13.1 Struktur Carita GT-13
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di antara lingkungan kulawarga. Konsép kamanusaan ngeunaan cinta dina ieu
carpon mangrupa cinta anu jembar. Lain waé ngeunaan cinta indung ka anak
atawa anak ka indung. Tapi ogé indung jeung anak anu micinta hiji korsi. Lain
saukur resep atawa pédah alus, éta kacinta kana korsi mangrupa kacinta
344
lantaran korsi hoé anu dibeuli ku indungna miboga ajén sajarah anu moal
kalindih ku korsi-korsi anyar.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép jembarna rasa cinta.
… Moal boa kanyaahna kana éta korsi leuwih ti ka salirana ku
anjeun… (158/5)
… Barang mimiti mah henteu mercayakeun ka batur, dielapan
nyalira... (159/1)
Bener, kuring henteu titén cara Ema miara éta korsi, ngan cek
rarasaan, kanyaah kuring kana éta korsi teu pati jauh ti kanyaah
Ema ka éta barang… (164/2)
Téma cinta karasa tina sawatara cutatan di luhur, anu ngébréhkeun
ayana kanyaah anu teleb pisan kana hiji barang lantaran patali ogé jeung
kacinta hiji indung ka anak-anakna.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
mundur (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa
kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Kuring ngalalakonkeun
perjuangan kolotna ngagedékeun anak-anakna, nepi ka babanda meuli
korsi. Éta korsi hoé jadi objék utama dina ieu carpon.
Carita dimimitian ku déskripsi ngeunaan fisik korsi jeung sét
méjana (D). Galur mundur kana kahayang jeung perjuangan Ema pikeun
meuli éta korsi (A). Galur maju nepi ka kacaritakeun éta korsi bisa kabeuli
ku Ema, nepi ka dilalakonkeun jasa-jasa éta korsi (B).Carita tuluy maju
kana maotna Ema, tuluy éta korsi diwariskeun ka kuring (C). Ayeuna,
korsi tetep dibawa ungkrah-angkrih pipindahan imah kontrakan (D2).
Carita dipungkas ku kacindekan kuringngeunaan niatna meuli korsi anyar,
345
upama hiji waktu kabeuli korsi anyar, korsi hoé warisan Ema moal
dileupaskeun (E).
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku kuring anu ngalalakonkeun korsi hoé
warisan indungna.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur penokohan.
Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon galurna museur kana palaku utama
nya éta Ema. Sanajan aya palaku séjén nya éta kuring, tapi tujuanna salaku
palaku anu ngadéskripsikeun palaku séjén sarta salaku gambaran palaku
anu miboga hubungan anu dalit jeung Ema.
2) Palaku
Dina carpon GT-13, aya genep urang palaku, nya éta Ema, Apa,
babaturan sakola, kuring, barudak, jeung babaturan gawé.
346
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ema jeung Kuring mangrupa
palaku utama. Apa, babaturan sakola, barudak, jeung babaturan gawé
mangrupa palaku tambahan anu ngarojong eusi carita.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, Ema, Apa, jeung Kuring kaasup kana
palaku protagonis. Dina ieu carpon teu kapanggih palaku antagonis.
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna, teu
kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya dua urang palaku
anu miboga watek kompléks, nya éta Ema jeung Kuring. Sarta euweuh
palaku anu watekna mekar kalawan statis atawa basajan.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ema jeung Kuring mangrupa
palaku tipikal. Sedengkeun Apa, babaturan sakola, babaturan gawé, jeung
barudak kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu
milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
347
Tabél 4.68
Data Latar GT-13
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-13:157/2 Bumi Ema
2. GT-13:157/2 Taun ‘56
3. GT-13:159/4 Guru taun 50-an teu bisa
nyieun imah
4. GT-13:161/1 Kantor
5. GT-13:161/2 Peuting
(a) Tempat
Aya dua latar tempat dina ieu carpon GT-13, nya éta bumi Ema
(GT-13:157/2) anu mangrupa tempat kuring jeung adi-adi digedékeun,
jeung kantor (GT-13:161/1) anu mangrupa tempat Apa digawé.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon nya éta taun ’56 (GT-13:157/2)
anu mangrupa waktu basa Ema meuli éta korsi. Peuting (GT-13:161/2)
mangrupa waktu Ema teu weléh ngawirid dina korsi hoé.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.79 di luhur, bisa katitén yén aya hiji latar
sosial (GT-13:158/3) anu ngébréhkeun kaayaan ékonomi guru dina taun
1950-an. Gajih guru mangsa harita, bari jeung nyakolakeun budak di
SMA, SMP, jeung SD matak susah, nepi ka maotna Ema teu kungsi bisa
boga imah.
4.2.13.2 Unsur Semiotik GT-13
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-13 ngawengku hiji ikon, dua
indéks, jeung hiji simbol.
348
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-13 ngan aya anu mangrupa ikon imagis,
diagramatis, jeung ikon métaforis.
Tabél 4.69
Analisis Unsur Ikon GT-13
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-13:157/2 Ratusan rébu
urang
Tanda diagramatis
keur ngagambarkeun
lobana jalma anu teu
bisa disebutkeun
jumlah kongkritna.
Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
Mun diitung, duka
sabaraha ratus rébu
urang boa nu geus
kungsi diuk dina éta
korsi.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-13 aya anu mangrupa indéks réngkak
paripolah jeung barang. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.70
Analisis Unsur Indéks GT-13
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-13:161/1 Tara lésot
tina tasbé
Réngkak
paripolah
Tara lésot tina tasbé
mangrupa tanda tina
paripolah wiridan anu
ngagunakeun tasbé. Ieu
bisa katitén dina cutatan
di handap.
349
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Mun keur salsé
pananganana tara lésot
tina tasbé. Lambeyna
ngunyem.
2. GT-13:164/2 Korsi hoé Barang Korsi hoé dina ieu
kontéks mangrupa tanda
tina perjuangan,
kanyaah, raketna
duduluran, jeung
neundeun loba carita ti
mimiti dibeuli nepi ka
ayeuna aya di palaku
kuring. Ieu bisa katitén
dina cutatan di handap.
Korsi hoé anu ieu mah
moal dileupaskeun, nepi
ka manéhna bener-bener
ménta pangsiun, teu bisa
dipaké deui.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-13 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.71
Analisis Unsur Simbol GT-13
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-13:163/2 Jaman jahiliah Simbol jaman anu kacida lilana;
jaman baheula pisan.
4.2.13.3 Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun opat ajén sosial.
350
Tabél 4.72
Data Ajén Sosial GT-13
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-13:158/4 Teu boga korsi, bisi
éraeun dianjangan
2. GT-13:158/4 Teu dihargaan lantaran
status ékonomi
3. GT-13:159/3 Lalaki jeung awéwé
teu meunang diuk
pagégéyé
4. GT-13:161/1 Maca sholawat jeung
ayat suci
Dumasar kana tabél 4.84 di luhur, bisa katitén aya dua data anu
ngandung ajén bebeneran, hiji ajén moral, jeung dua ajén kaagamaan. Dina ieu
carpon teu kapanggih ajén kaéndahan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina data GT-13:158/4, ngébréhkeun ayana
hubungan antara kaayaan ékonomi jeung hubungan sosial di masarakat.
Salah sahiji anu dijadikeun ukuranna nya éta korsi. Dina ieu carpon, korsi
paranti sémah mangrupa barang anu kacida penting pikeun hiji kulawarga.
2) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
Ajén moral nyampak dina data GT-13:159/3, anu ngébréhkeun yén
budak awéwé teu meunang diuk pagégéyé. Sacara moral, kolot ngarasa
hariwang sieun aya kajadian-kajadian anu teu dipiharep tur matak wirang.
Ieu hal patali jeung ajén agama anu ngalarang awéwé jeung lalaki anu lain
muhrim diuk padeukeut. Lantaran kitu, kacaritakeun palaku Ema teu
weléh nalingakeun anak-anakna. Ajén kaagamaa séjén aya dina data GT-
13:161/1 anu ngébréhkeun Ema anu getol ngaji jeung maca sholawat bari
diuk dina korsi hoé kameumeutna.
351
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
lima ajén budaya.
Tabél 4.73
Data Ajén Budaya GT-13
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-13:158/2 Nyésakeun duit
balanja
2. GT-13:158/2 Dikiridit
3. GT-13:158/3 Gaji guru taun 50-an
4. GT-13:161/1 Maca sholawat jeung
ayat suci
5. GT-13:158/4 Kanyaah indung ka
anak
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya tilu
ajén ékonomi, hiji ajén agama, jeung hiji ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu
kapanggih ajén téori, seni, jeung kawasa.
1) Ajén Ékonomi
Dua data GT-13:158/2 ngébréhkeun ayana kamampuh palaku
ngumpulkeun duit keur mayar korsi sacara kiridit. Dina data GT-13:158/3
ngébréhkeun yén gajih guru taun 50-an teu bisa dipaké keur nyieun imah.
Éta hal ditambah ku gambaran kaayaan Ema anu boga budak sarakola.
2) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta GT-13:161/1, anu
ngébréhkeun ayana kawajiban manusa pikeun maca Qur’an jeung
sholawat ka Nabi. Ieu hal ditémbongkeun ku palaku Ema anu getol ngaji
jeung wiridan, ogé sholawat upama keur waktu rinéh.
352
3) Ajén Solidaritas
Data GT-13:158/4 ngébréhkeun perhatian indung ka anak-anakna
minangka rasa nyaah, sieun anak-anakna teu dihalargaan ku babaturanna
lantaran di imahna euweuh korsi-korsi acan. Harita, korsi dijadikeun salah
sahiji ukuran status sosial hiji jalma.
4.2.14 “Milangkala” (GT-14)
4.2.14.1 Struktur Carita GT-14
a. Téma
Téma ieu carpon nya éta téma kamanusaan anu patali jeung rasa cinta
di kulawarga. Nilik kana sinopsis di luhur, eusi caritana ngeunaan kanyaah
indung téré ka anak-anakna.
Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngébréhkeun téma
kamanusaan dina konsép wening kanyaah indung ka anak.
… Pami mémang Salira tos teu ngaridoan ka abdi pikeun ngurus
barudak,peurih-peurih gé mangga nyanggakeun. (168/4)
Lamun téa mah rék luluasan, na kira-kirana rék luluasan, na kira-
kirana rék luar ngarandapanana, seug babarengan téh geus sakiu
lilana?... (169/2)
“Tapi Ibu gé teu rék égois, mentingkeun perasaan Ibu sorangan.
Sakira hidep matak jadi kasiksa mah, Ibu rido mun kudu paturay.”
(170/7)
Salian ti éta, konsép kanyaah jeung kacinta séjén ogé témbong dina
gambaran kanyaah anak ka indung sanajan lain ka indung bener. Ieu hal bisa
katitén dina cutatan ieu di handap.
“Ibu, Aji mah hoyong teras sareng Ibu. Pami ku Ibu tos teu
kabiayaan, wios janten loper koran gé, asal sareng Ibu…” (171/2)
“Ibu, wilujeng ulang taun. Santi sareng Aji teu tiasa maparin
nanaon… ieu gé mirah pangaosna… kénging kekempel…” (171/6)
353
Konsép kanyaah anu jembar di lingkungan kulawarga ditembrakeun ku
pangarang sacara basajan tapi miboga amanah kamanusaan anu luhung.
Ngeunaan luhungna kanyaah indung, ngeunaan beresihna kanyaah anak, jeung
perkara kabagjaan anu teu bisa dibeuli atawa digantian ku matéri.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-14 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku gambaran kaayaan Ibu anu keur riweuh
néangan klise tangkal ganja (A). Lantaran teu kapanggih, Ibu tadina rék
nitah Aji panginjeumkeun ka Lily. Tapi Aji jeung Santi euweuh teuing
kamana (B). Ibu jeung Éni néangan, tapi teu kapanggih (C). Ibu boga
karumasa yén barudak geus teu baretaheun deui cicing jeung manéhna
(D). Padahal, Aji jeung Santi keur néangan kado jang ulang taun Ibu (E).
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Ibu ngasuh Aji jeung Santi sarta mikanyaah
saperti ka anakna sorangan.
354
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
Ibu salaku palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu
ditembrakkeun dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ibu.
Kajadian-kajadian kaalaman ku Ibu salila ngagedékeun Aji jeung Santi
diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-14, aya dalapan urang palaku, nya éta Santi (GT-
14:165/2), Aji (GT-14:165/2), Eni (GT-14:165/9), Lily (GT-14:165/11), Dedi
(GT-14:166/2), Kang Agus (GT-14:167/2), Ené (GT-14:171/1), jeung Ibu(GT-
14:171/6).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ibu mangrupa palaku utama. Santi
(GT-14:165/2), Aji (GT-14:165/2), Eni (GT-14:165/9), Lily (GT-
14:165/11), Dedi (GT-14:166/2), Kang Agus (GT-14:167/2), jeung Ené
(GT-14:171/1) mangrupa palaku tambahan.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, Santi,Aji,Éni,jeung Ibu mangrupa
palaku protagonis. Dina ieu carpon euweuh palaku antagonis. Palaku Lily,
Dedi, Kang Agus, jeung Ené mangrupa palaku séjén anu ngan saliwat-
saliwat disebutkeunna, jadi teu kapaluruh protagonis atawa antagonisna.
355
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku
anu miboga watek basajan, jeung saurang palaku kompléks. Palaku anu
miboga watek basajan nya éta Santi, Aji, jeung Éni. palaku komplésna nya
éta Ibu. Pangna kompléks, Ibu miboga watek anu bageur jeung mikanyaah
anak-anak téréna.
… Téré sotéh mungguh status yuridis formal, haté mah palias
teuing boga rasa nérékeun … (167/2)
Lamun téa mah rék luluasan, na kira-kirana rék luluasan, na
kira-kirana rék luar ngarandapanana, seug babarengan téh geus
sakiu lilana?... (169/2)
“Tapi Ibu gé teu rék égois, mentingkeun perasaan Ibu
sorangan. Sakira hidep matak jadi kasiksa mah, Ibu rido mun
kudu paturay.” (170/7)
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Santi, Aji, Eni, jeung Ibu
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Lily, Dedi, Kang Agus, jeung Ené
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.74
Data Latar GT-14
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-14:166/1 Bojonghérang
2. GT-14:166/2 Buruan tukang
3. GT-14:166/3 Lapang ténis
356
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
4. GT-14:166/3 Poé Juma’ah
5. GT-14:166/5 Harmoni
6. GT-14:166/6 Kamar hareup
7. GT-14:167/2 Kaayaan indung téré
nu ngasuh anak
sampeuran
8. GT-14:169/6 Poé Jumaah
9. GT-14:170/5 Rohang sekretariat
10. GT-14:171/1 Sumedang
11. GT-14:171/1 Nulis dina majalah
Manglé
12. GT-14:171/1
Anak téré nu betah
cicing jeung indung
téré
13. GT-14:172/4 Sapuluh Juni
14. GT-14:172/8 Muka
(a) Tempat
Aya dalapan latar tempat dina ieu carpon GT-14, nya éta
Bojonghérang (GT-14:166/1), nya éta tempat Lily (anu bogaeun klise tangkal
ganja). Buruan tukang (GT-14:166/2) mangrupa tempat barudak récét
arulin.Lapang ténis (GT-14:166/3) mangrupa tempat Aji biasa ulin, tapi basa
harita disususlan mah teu nyampak. Harmoni (GT-14:166/5) mangrupa
komplék perumahan anu dikubek ku Ibu jeung Éni, néangan Aji jeung
Santi.Kamar hareup (GT-14:166/6) mangrupa tempat Ibu néangan klise.
Rohang sekretariat (GT-14:170/5), mangrupa latar tempat utama
lumangsungna inti carita, basa Aji jeung Santi ngucapkeun pangwilujeng ka
Ibu anu ulang taun. Sumedang (GT-14:171/1) nya éta tempat ninina barudak
cicing. Muka (GT-14:172/8) nya éta hiji wewengkon di Cianjur, tempat Aji
jeung Santi meuli lawon keur hadiah ulang taun Ibu.
357
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya tilu, nya éta, poé Juma’ah (GT-
14:166/3) mangrupa waktu matuh Aji latihan Pramuka.Poé Jumaahdina data
GT-14:169/6 mangrupa waktu anu dipiharep ku Ibu sangkan naskahna bisa
dimuat. Sapuluh Juni (GT-14:172/4) mangrupa latar waktu utama, nya éta
waktu Ibu milangkala dina poé harita.
(c) Sosial
Aya dua latar sosial dina ieu carpon. Data GT-14:167/2 ngébréhkeun
Kaayaan indung téré nu ngasuh anak sampeuran, tapi kacida mikanyaah siga
ka anaksoranga. Data GT-14:171/1 ngébréhkeun kaayaan anak téré nu betah
cicing jeung indung téré lantaran dipikanyaah.
4.2.14.2 Unsur Semiotik GT-14
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-14 ngawengku tilu ikon, opat
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-14 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.75
Analisis Unsur Ikon GT-14
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-14:165/11 Klise
tangkal
ganja
Nyitrakeun sacara
langsung kana
tangkal ganja. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Sugan aya di Lily,
rék nginjeum, da mun
teu salah mah klise
tangkal ganja téh
Lily gé bogaeun.
358
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
2. GT-14:167/2 Anak
sampeuran
Anak sampeuran nya
éta sebutan pikeun
anak anu lain anak
pituin, tapi
kasampeur dina
waktu ngarangkep
jeung lalaki anu geus
boga budak atawa
ilahar disebut anak
téré. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Enya, anak
sampeuran.
Maranéhna lir pahatu
da ditinggalkeun ku
biangna.
3. GT-14:166/2 Kalangkang Kalangkang
nyitrakeun langsung
kana objék nyatana.
Dina ieu kontéks,
kalangkang jadi ikon
Aji anu keur
ditéangan ku Kuring
tapi can kapanggih.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Hantem diubek gé sa-
Harmoni ari jinisna
euweuh mah nya
angger wé teu aya
kalangkang-
kalangkangna acan.
c. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-14 aya anu mangrupa indéks réngkak
paripolah jeung barang. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
359
Tabél 4.76
Analisis Unsur Indéks GT-14
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-14:170/4 Beungeut
beureum
Gejala fisik Beungeut beureum dina ieu
kontéks mangrupa gejala
fisik lantaran awak anu
capé tos lulumpatan atawa
leumpang jauh. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Rét ka Aji, beungeutna
beureum kawas cape
nakeranan…
2. GT-14:171/5 Neuteup
seukeut
Aktualisasi Neuteup seukeut mangrupa
aktualisasi tina ayana rasa
nyaah ti anak ka indung.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
… Sajongjongan Santi
neuteup seukeut nakeranan,
belesat kana jajantung.
3. GT-14:171/5 Kado Barang Kado dina ieu kontéks
mangrupa tanda kanyaah ti
anak ka indung, sanajan
lain indung benerna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Lanceukna éléh déét,
sup tiheula, leungeunna
nyekel bungkusan maké
keretas kado. Pék
ngajanteng, ngaréndéng,
ngasongkeun kado keur
sorangan.
4. GT-14:172/6 Ceurik Aktualisasi Ceurik dina ieu kontéks
mangrupa aktualisasi tina
rasa bungah lantaran
meunangkeun kanyaah anu
sakitu gedéna ti barudak,
sanajan saméméhna
360
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
ngado’a hayang
dipohokeun kana poé
milangkala lantaran
euweuh waragad keur
numpengna. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Sawatara poé ka tukang
sorangan téh mémang
kungsi neneda ka Mantenna
bari ceurik, neda
dipohokeun kana poéan
milangkala.
d. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-14 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.77
Analisis Unsur Simbol GT-14
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-14:172/3 Almenak Almenak mangrupa simbol pananggalan,
dina ieu kontéks digunakeun pikeun
mastikeun tanggal ulang taun. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
“Haaar…, na tanggal sabaraha kitu ieu
téh?” Panon culang-cileung néangan
almenak.
4.2.14.3 Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
361
Tabél 4.78
Data Ajén Sosial GT-14
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-14:165/8 Salam
2. GT-14:168/3 Ngurus barudak
kalawan niat ibadah
3. GT-14:172/6 Ngadu’a
4. GT-14:172/8 Mikanyaah indung
téré
Dumasar kana tabél 4.91 di luhur, bisa katitén aya tilu data anu
ngandung ajén moral jeung dua ajén kaagamaan. Data GT-14:168/3 mangrupa
gambaran ayana ajén moral palaku Ibu anu ngurus anak-anak téréna kalawan
niat ibadah, ieu data patali ogé jeung ajén kaagamaan jeung data ajén moral
GT-14:172/8.
Ajén kaagamaan anu nyampak dina ieu carpon nya éta GT-14:165/8
anu ngébréhkeun kabiasaan palaku uluk salam.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
tujuh ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.79
Data Ajén Budaya GT-14
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-14:167/2 Téré, status yuridis
formal
2. GT-14:168/3 Mikanyaah barudak
3. GT-14:168/4 Gusti
4. GT-14:169/3 Lillahita’ala
5. GT-14:170/1 Kumelendang jeung
362
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
mulang kalawan
ridho mantena
6. GT-14:173/1 Kukumpul duit keur
meuli kado
7. GT-14:171/6 Ucapan milangkala
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, hiji ajén ékonomi, tilu ajén agama, jeung tilu ajén solidaritas. Dina
ieu carpon teu kapanggih ajén seni jeung ajén kawasa.
1) AjénTéori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-14:167/2, anu
ngébréhkeun status yuridis formal antara Ibu jeung dua anak téréna.
Pangna disebut anak téré, duméh maranéhna duaan mangrupa anak
sampeuran basa Ibu kawin jeung Agus. Tapi, sanajan Ibu jeung Agus geus
papisah, anak-anakna Agus embungeun milu ka bapana, tapi leuwih milih
cicing jeung Ibu. Sacara psikologis, Aji jeung Santi manggih katengtreman
salila cicing jeung digedékeun ku Ibu, nepi ka maranéhna teu ngarasa ka
indung téré. Sasat hubunganna geus jadi deungeun-deungeun, Ibu jeung
barudak geus siga anak jeung indung benerna.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi kapanggih dina data GT-14:173/1 anu ngébréhkeun
palaku Aji jeung Santi anu teu jajan salila sababaraha poé lantaran hayang
meuli kado keur Ibu.
3) Ajén Solidaritas
Data GT-14:168/3, GT-14:173/1, jeung GT-14:171/6 mangrupa
ajén solidaritas antara indung jeung anak anu silih mikanyaah. Indung anu
363
nyaah ka anak-anak téréna saperti ka anak sorangan, Anak-anak téré anu
méré kado milangkala lantaran perhatian jeung nyaah ka Ibu.
4.2.15 “Gurat-gurat Dampal Leungeun” (GT-15)
4.2.15.1 Struktur Carita GT-15
a. Téma
Téma carpon GT-15 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana gambaran
kaayaan wanoja anu can panggih jeung jodona. Geus sababaraha kali diramal
jeung tatamba ka dukun, hasilna sarua yén jodona jauh.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep hiji kacindekan yén
jodo, pati, bagja, jeung cilaka saéstuna geus diatur ku Alloh. Salaku manusa,
teu wenang miheulaan gurat hirup jalma séjén anu jalanna geus aya anu
nangtukeun. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta
téma.
“Malah mah… Duh paralun Gusti. Abdi mah pasrah mung ka
Anjeun. Cocobi ditampi. Hapunten Gusti…” (183/4)
“… Duh Gusti. Mugi dihapunten mahluk Anjeun anu
nyanyahoanan.” (183/4)
… Da yakin, hiji mangsa Gusti pasti marengkeun kabagjaan…
(184/7)
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama, Ine. Manéhna ngabéjérbéskeun
sagala rasa jeung pangalaman anu karandapanana ngaliwatan puseur
sawangan jalma kahiji anu ngajén situasi dumasar pamadeganna. Tapi,
sanajan palaku Ine miboga otoritas ngeunaan pamadeganna, nu maca
“dipaksa” satuju kana éta pamadegan lantaran nyoko kana konsép bener
sacara agama.
364
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-15 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran situasi Ine anu keur maca buku
bari ngalamun, ngalamunan kaayaan manéhna anu can ditepungkeun jeung
jodona. Tuluy Ati ngajak sangkan Ine daék diramal ku Si India (A).
Lantaran kasigeung pédah jodona disebut poék, Ine lumpat ngerem manéh.
Salila di jero kamar, pikiranna ngwangwang mangsa-mangsa anu geus
kaliwat patali jeung ramalan ngeunaan jodo (D1). Ati rumasa geus
ngabalukarkeun bibina nyeri haté, gegedor kana panto bari ngolo, tapi ku
Ine teu dibuka (B). Ine kalah beuki anteng ngumbar lamunan basa Indung
jeung bapana narékahan ngubaran manéhna ka dukun-dukun kapung (D2).
Ati anu masih kénéh nungguan di luareun kamar nyebutkeun yén Si India
téh ngabohong, da sabenerna mah lain saperti tadi cenah (C). Ineu teu
miroséa, kalah ningali buku Palmistry dina rak. manéhna yakin yén Allah
geus nangtukeun nasib pada-pada jalma, upama aya jalma anu
nyanyahoanan miheulaan jalan Alloh, tangtu lain kaaasup jalma anu yakin
kana takdir Gusti (E).
Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Ine anu panggih jeung rupa-rupa tukang
norah, ti mimiti di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan.
365
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ine anu
ditorah goréng waé ngeunaan jodo, ngabanding-bandingkeun sababaraha
cara norah para palmist anu maca gurat dampal leungeun, tétéla hasilna
sarua. Ieu al dalit hubunganna jeung ayana buku Palmistry di Paris
minangka sumber élmu norah ngaliwatan dampal leungeun.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Ine.
Kajadian-kajadian anu tumiba ka Ine salila sababaraha taun ti mimiti
ditorah di Pakistan, Paris, Yogya, nepi ka di imahna sorangan diébréhkeun
sacara langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-15, aya 12 urang palaku, nya éta Ati (GT-15:174/2),
Iné (GT-15:175/3), Emod (GT-15:175/5), Om Iskandar (GT-15:175/7),
Palmist (GT-15:181/2), ahli magic (GT-15:181/8), Ema (GT-15:181/10), Bapa
(GT-15:181/10), ahli kabatinan (GT-15:181/10), jeung dukun (GT-15:182/1).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ine mangrupa palaku utama.
Ati,Emod,Palmist, Ema, Bapa,ahli kabatinan, jeungdukun mangrupa
palaku anu méré pangrojong kana lumangsungna eusi carita. Sedengkeun
Om Iskandar saukur disebut sakali ku palaku Ati, anu nuduhkeun yén
Emod atawa Si India keur aya di imah Om Iskandar.
366
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Ati jeung Ine. Sedegkeun anu kaasup kana palaku-
palaku antagonis nya éta Emod jeung dukun.
Palaku Ati mangrupa palaku protagonis lantaran digambarkeun
miboga sipat perhatian ka bibina, sanajan niat perhatianna nyalahan. Tapi
Ati nyaah ka Ine, bibina. Ari Ine, pangna kaasup kana palaku protagonis
sabab boga sipat sabar jeung tuhu ka kolot. Sabar sanajan can
dipanggihkeun jeung jodona. Tuhu ka kolot, diubar-abér ka dukun ogé
daék, cenah méh kolotna teu panasaran. Tapi, anu paling utama tina sipat
Ine nya éta sumerah ka Nu Kawasa, manéhna yakin yén jodo, pati, bagja,
jeung cilaka geus diatur ku Pangéran. Salaku manusa, teu boga hak keur
miheulaan katangtuan ti Mantenna.
Palaku antagonis dina ieu carpon nya éta Emod jeung dukun. Ieu
dua urang paaku pada-pada kungsi norah Ine ngeunaan jodona anu jauh
atawa kahalangan. Sacara éksplisit, euweuh data anu ngagambarkeun yén
Emod jeung dukun goréng adat atawa galak, ilaharna palaku antagonis
dina hiji carita. Tapi, sipat antagonisna aya dina kalakuan atawa
kabiasaanna norah jelema. Gusti Alloh geus nangtukeun takdir pada-pada
jalma, jadi manusa ngan bisa narékahan sangkan hirupna tetep
lumangsung dina jalan anu bener.
Lantaran palaku-palaku séjén ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku
anu miboga watek kompléks, jeung saurang palaku anu watekna basajan.
Ati mangrupa palaku basajan dina ieu carpon. Sedengkeun anu watekna
kompléks jeung mekar kalawan dinamis nya éta Ine, Emod, jeung dukun.
367
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ati, Ine,, Emod jeung dukun
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Om Iskandar, palmist, ahli magic,
Ema, Bapa, jeung ahli kabatinan kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya
dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.80
Data Latar GT-15
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-15:179/1 Mancanagara
2. GT-15:179/1 Nagara Eropah
3. GT-15:179/1 Timur Tengah
4. GT-15:179/3 Dinten ieu
5. GT-15:179/8 Parawan kolot
6. GT-15:176/3 Norah jadi
pakasaban
7. GT-15:179/4 Bandung
8. GT-15:179/4 New Zeland
9. GT-15:180/10 Dua taun ka tukang
10. GT-15:180/10 Pakistan
11. GT-15:180/10 Arab
12. GT-15:181/2 Paris
13. GT-15:181/9 Lemah cai
14. GT-15:182/2 Panumbangan
15. GT-15:182/2 Muara Cikidang
16. GT-15:182/3 Sawah
17. GT-15:183/4 Jogja
368
(a) Tempat
Aya tilu belas latar tempat dina carpon GT-15 ieu, nya éta
Mancanagara (GT-15:179/1) nya éta tempat-tempat anu biasa didatangan
ku Ine, saperti nagara-nagara Eropah (GT-15:179/1), Timur Tengah (GT-
15:179/1), New Zeland (GT-15:179/4), Pakistan (GT-15:180/10), Arab
(GT-15:180/10), jeung Paris (GT-15:181/2). Basa keur di Pakistan, Ine
kungsi ditorah perkara jodo yén cenah manéhna moal boga jodo ka bangsa
sorangan. Basa keur di Paris, Ine ogé kungsi diramal yén cenah pangna
can panggih jeung jodo téh duméh dina diri Ine aya panghalang. Latar
tempat lemah cai (GT-15:181/9) mangrupa istilah séjén keur ngabasakeun
Indonésia upama aya dina kontéks internasional saperti anu ditétélakeun
ku Ine. Bandung(GT-15:179/4) nya éta kota tempat Ine matuh, minangka
lemburna. Latar Panumbangan (GT-15:182/2) mangrupa tempat ayana
dukun anu nyebutkeun yén Ine dikawinkeun ka Léntah. Muara Cikidang
(GT-15:182/2) nya éta tempat Ine dimandian tengah peuting ku dukun.
LatarSawah (GT-15:182/3) mangrupa jalan balik basa Ine tos dimandian
di walungan, di dinya suku Ine pinuh ditapelan ku léntah. Jogja (GT-
15:183/4) mangrupa tempat Ine tatamba bari manggih pertélaan yén lamun
Ine pareng boga salaki cenah moal lana.
(b) Waktu
Aya dua latar waktu dina ieu carpon, nya éta dinten ieu (GT-
15:179/3) anu mangrupa waktu basa Ine ditorah ku Si India. Latar waktu
séjénna nya éta dua taun ka tukang (GT-15:180/10), anu mangrupa waktu
basa Ine riset di Pakistan nyieun data collecting.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél 4.93 di luhur, bisa katitén yén aya dua latar
sosial anu kagambar dina ieu carpon. Data GT-15:179/8 ngébréhkeun
kaayaan Ine anu can panggih jeung jodona sanajan umurna geus kolot.
Data GT-15:176/3 ngébréhkeun kaayaan ékonomi jeung sosial masarakat
369
anus ok resep upama diramal, komo ngaramal kode buntut keur judi mah.
Norah angka anu bakal kaluar jadi hiji pakasaban anu ngahasilkeun duit.
Hiji gambaran sosial masarakat anu labil.
4.2.15.2 Unsur Semiotik GT-15
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-15 ngawengku genep ikon, 13
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-15 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.81
Analisis Unsur Ikon GT-15
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-15:178/9 Gurat dampal
leungeun
Gurat dampal
leungeun dina ieu
kontéks mangrupa
métaforis tina kaayaan
nasib hiji jalma. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Tuluy ngagambar
dina dampal leungeun
kuring, mapay-mapay
gurat dampal
leungeun.
2. GT-15:179/8 Poék Kaayaan anu poék
dina ieu kontéks
nyitrakeun sacara
langsung kana
pijodoeun anu can
témbong. Teu
katingali, siga di nu
poék. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Emh, soal jodo mah
370
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
geuning poék!”
3. GT-15:180/3 Caang Kaayaan anu caang
dina ieu kontéks
nyitrakeun sacara
langsung kana
pijodoeun Ine. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Salawasna poék.
Poék. Poék. Iraha rék
caang?”
4. GT-15:180/7 Euweuh laleur
bodas-laleur
bodas acan
anu daék
ngalanglangan
Ieu mangrupa tanda
métaforis anu
nandakeun euweuh
pisan lalaki anu daék
ngadeukeutan Ine.
… Ceuk anu deleka
mah, euweuh laleur
bodas-laleur bodas
acan anu daék
ngalanglangan.
5. GT-15:181/2 Panghalang Panghalang dina ieu
kontéks nyitrakeun
kana ayana karerepet
atawa masalah anu
ngahalangan jalan
datangna pijodoeun,
dumasar kana
pertélaan palmist. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
“Hapunten, panginten
matak jaheut kana
manah. Na diri anjeun
siga aya panghalang.”
sorana halimpu.
6. GT-15:183/1 Poék pikiran Poék pikiran
mangrupa tanda tina
371
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
teu bisana mikir jejeg.
Dina ieu kontéks Ine
kungsi percaya kana
kekecapan dukun
ngeunaan léntah anu
narapel kana awakna
téh mangrupa rahayat
léntah anu rajana
dipiceun tina awak
Ine. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Harita mah
percaya. Ari
dipikirpikir ayeuna,
pan éta téh sawah urut
rawa. Usum hujan.
Tangtu baé loba
léntah. Ih ku tolol,
abong poék pikiran.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-15 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, barang, réngkak paripolah, aktualisasi, corétan jeung sora. Éta bisa
katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.82
Analisis Unsur Indéks GT-15
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-15:174/1 Kulit tarang
murungkut
Gejala fisik Kulit tarang anu murungkut
sanajan henteu keur kerung,
dina ieu kontéks mangrupa
gejala fisik tina kaayaan awak
anu geus kolot. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
372
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… Kulit tarang, najan henteu
kerung salawasna murungkut.
2. GT-15:174/5 Kaca tujuh
belas
Barang Kaca tujuh belas dina buku anu
diteundeun dina lahunan Ine
nandakeun yén Ine keur
ngalamun, kaca bukuna teu
pidah-pindah. Ieu katitén dina
cutatan paguneman di handap.
“Meunyi, saha anu keur
ngalamun, nun? Sidik keur
maca.”
“Iiiih, sok ngabohong. Maenya
maca ti tadi kaca tujuh belas
baé.”
3. GT-15:176/3 Indung
leungeun
jeung
curukna
ditapelkeun,
digésék-
digésék
Réngkak
paripolah
Gerakan indung leungeun anu
saperti kitu nétélakeun kana
duit. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
… ngomongna henteu
dituluykeun. Tapi indung
leungeun jeung curukna
ditapelkeun, digésék-gésék.
4. GT-15:177/5 Unggeuk-
unggeukan
Réngkak
paripolah
Si India anu ungeuk-unggeukan
dina ieu kontéks mangrupa
tanda yén manéhna nyatujuan
basa Ati ménta
dipangramalkeun. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
“Well”, bari unggeuk-
unggeukan. Siga pisan dukun
profésional.
373
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-15:178/8 Teu bisa
nulungan
dirina
sorangan
Aktualisasi Pagawéan Ine salaku psikolog,
loba mantuan pasualan batur,
tapi manéhna teu bisa nulungan
manéhna sorangan dina hal
néangan jodo. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Ine Kania Garliah. Sarjana
Psycology anu henteu bisa
nulungan dirina sorangan.” Ati
mangjawabkeun ningali
sorangan ngabigeu…
6. GT-15:178/8 Henteu gaduh
waktos
kanggé
konsultasi
pribadi
sareng
introspéksi
diri
Aktualisasi Teu boga waktu dina ieu
kontéks mangrupa gambaran
tina kasibukan Ine nepi ka can
diparengkeun panggih jeung
jodona. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
…“Gaduh Biro konsultasi jiwa,
namung henteu gaduh waktos
kanggé konsultasi pribadi
sareng introspéksi diri.” Ati
ngomong ngadelékan.
7. GT-15:178/9 Ngagambar Coretan Ngagambar dina ieu kontéks
mangrupa gambar klise anu
imajinatif maké curuk katuhu Si
India dina dampal leungeun Ine.
Tujuanna hayang ningali nasib
Ine ditilik tina gurat-gurat anu
aya dina dampal leungenna.Ieu
katitén dina cutatan di handap.
… Leungeun kéncana angger
nyekel leungeun kuring. Dampal
leungeun ditelek-telek, curuk
katuhuna kana tarangna. Mikir.
Tuluy ngagambar dina dampal
leungeun kuring. …
8. GT-15:179/7 Kerung Réngkak
paripolah
Kerung mangrupa indéksikal
tina rasa héran anu karandapan
ku Si India basa tos norah Ine
ngeunaan jodo. Ieu katitén dina
374
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
cutatan di handap.
Si India kerung. Haté ngageter.
Jodo mah tara aya nu norah
alus.
9. GT-15:180/9 Gegedor Sora Sora panto kamar Ine anu
digedoran ku Ati mangrupa
indéksikal tina paménta Ati
sangkan Ine daék mukakeun
panto. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Kadéngé Ati gegedor. Diantep.
Henteu dibuka. Moal dibuka.
10. GT-15:181/7 Ngajungjung
keun taktak
Réngkak
paripolah
Ngajungjungkeun taktak dina
kontéks mangrupa indéksikal
tina teu nyahona kana hiji hal.
Ieu dilakukeun ku palmist di
Paris basa tos norah Ine
ngeunaan jalan jodona anu
akahalangan, basa ditanya
panghalang naon, palmist ukur
ngajungjungkeun taktak tanda
teu nyaho. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Manéhna ukur ngajungjungkeun
taktak.
11. GT-15:182/1 Mandi di
walungan
Réngkak
paripolah
Mandi di walungan anu
dilakukeun ku Ine miboga
tujuan miceun sial tina awakna
luyu jeung paménta dukun. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
… Kudu mandi di walungan.
Ditedunan. Meureun ieu anu
disebut kudu diubaran ku ahli
magic téh.
12. GT-15:184/3 Nangkarak
bari leungeun
dipaké anggel
Réngkak
paripolah
Nangkarak bari leungeun dipaké
angel mangrupa indéksikal tina
ngalamun lantaran ayana
kabingung jeung rasa
panasaran. Dina ieu kontéks,
kabingung Ine ngeunaan sabab
375
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
musabab tukang norah norahna
bet sarua. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Awak nangkarak. Leungeun
dipaké anggel. Kunaon?
Kunaon kabéh norah sarua?
Kunaon?
13. GT-15:184/5 Buku
Palmistry
Barang Buku Palmistry anu dibeuli ku
Ine di Paris nandakeun ayana
jawaban tina kahéran Ine
ngeunaan anu norah pasti sarua,
lantaran sunberna sarua, buku
jeung élmu anu dipakéna ogé
sarua. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Rét kana buku Palmistry dina
rak. Ngahaja meuli basa di
Paris… Tangtu Si India gé maca
buku nu kitu. Tangtu kabéh
palmist norahna sarua ari tina
gurat leungeun mah.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-15 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.83
Analisis Unsur Simbol GT-15
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-15:175/7 Nomer buntut Nomer buntut mangrupa simbol tina
ayana perjudian.
376
4.2.15.3 Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.84
Data Ajén Sosial GT-15
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) 5) (6) (7) (8)
1. GT-15:175/2 Maca kudu bari ngarti
2. GT-15:176/2 Tukang norah
3. GT-15:176/8 Ningali nasib
4. GT-15:176/13 Pamali
5. GT-15:1881/8 Ahli magic
6. GT-15:181/11 Puasa
7. GT-15:181/10 Ahli kebatinan
8. GT-15:181/10 Dukun
9. GT-15:182/1 Aya nu nyeri haté,
dikawinkeun kana
léntah
10. GT-15:183/1 Usum hujan, loba
léntah di sawah urut
rawa
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya dua data anu ngandung
ajén bebeneran, genep ajén moral, jeung tilu ajén kaagamaan. Teu kapanggih
data ajén kaéndahan di ieu carpon. Éta ajén-inajén dipedar luyu jeung data
ajénna saperti ieu di handap.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-15:175/2 jeung
GT-15:183/1. Data GT-15:175/2 ngébréhkeun ayana pangaweruh yén
upama maca ngeunaan hiji hal kudu bari jeung ngartina. Data GT-
15:183/1 nétélakeun hubungan logika jeung alam sabudeureun. Basa Ine
balik dimandian di wahangan ku dukun, jalan balikna ngaliwat ka sawah.
Didinya, suku Ine pinuh ditapelan ku léntah. Ceuk dukunna, éta téh
377
rahayatna raja léntah anu geus diéléhkeun ku dukun. Tapi, sacara logika
harita téh keur usum hujan, bari sawah urut rawa, geus tangtu waé loba
léntah.
2) Ajén Moral jeung Ajén Kaagamaan
Ajén moral aya dina data GT-15:176/8, GT-15:176/13, GT-
15:1881/8, jeung GT-15:181/10. Éta data ajén moral silih pangaruhan
jeung miboga hubungan anu dalit. Pangna kitu, lantaran kaayaan Ine anu
masih can panggih jeung jodona, ngabalukarkeun Ine mindeng diramal ku
palmist atawa dukun. Sanajan Ine nyaho yén éta téh pamali atawa teu
meunang dilakukeun, Ine teu burung waé diganggayong ku rasa percaya
teu percaya kana hasil ramalan para dukun. Saperti basa aya dukun anu
nyebutkeun yén manéhna kungsi nganyerikeun haté lalaki, tuluy
ngawinkeun manéhna kana léntah. Tina éta hubungan kajadian, palaku Ine
mikawanoh ayana ajén moral sanajan salaku manusa sok kakeunaan ku
khilaf. Ine ngarasa dosa geus rumasa hayang nyaho kana mangsa-mangsa
anu bakal datang, miheulaan jalan takdir Pangéran. Ajén kaagamaan séjén
dina ieu carpon aya dina data GT-15:181/11, ieu data ngébréhkeun
ngeunaan puasa minangka salah sahiji sarat sangkan énténg jodo.
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-15, bisa katitén tina tabél data ieu di
handap.
Tabél 4.85
Data Ajén Budaya GT-15
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-15:175/2 Maca kudu jeung ngartina
2. GT-15:176/3 Tukang norah jadi tukang
kode sabab dibayar
3. GT-15:179/1 Kalér-kulon
378
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
4. GT-15:179/3 Kidul-wétan
5. GT-15:180/5 Kanyaah kolot
6. GT-15:180/10 Risét
7. GT-15:180/10 Datacollecting
8. GT-15:183/4 Pasrah ka Gusti
9. GT-15:183/4 Rasiah Pangeran
10. GT-15:184/5 Buku Palmistry
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.99 di luhur, katitén aya
lima ajén téori, hiji ajén ékonomi, dua ajén agama, jeung hiji ajén solidaritas.
Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni jeung ajén kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya anu ngébréhkeun téori maca, saperti
dina data GT-15:175/2. Ieu data ngébréhkeunpamadegan Ine yén upama
maca kudu bari jeung ngartina. Sacara téori, téhnik maca saperti kieu
kaasup téhnik maca gemet (membaca intensif), nya éta maca hiji hal
sangkam maham kana eusi jeung maksudna. Data séjén anu ngandung ajén
téori nya éta GT-15:179/1 jeung GT-15:179/3. Ieu dua data ngébréhkeun
téori ngeunaan pongpok-pongpok angin. Data GT-15:179/1 nétélakeun
arah kalér kulon, nya éta arah aya di antara kaléh kulon (barat laut). Data
séjén nya éta GT-15:179/3 anu ngébréhkeun arah kidul wétan, nya éta arah
anu aya di antara kidul jeung belah wétan (tenggara). Data ngeunaan
panalungtikan aya dina dua data GT-15:180/10. Ine anu mindeng
ngumpulkeun data (data collecting) keur panalungtikanna di luar negri
mangrupa pangaweruh keur nu maca yén dina hiji risét, panalungtik kudu
ngumpulkeun rupa-rupa data keur bahan panalungtikanana. Dina data GT-
15:184/5, ayana buku Palmistry anu dibeuli ku Ine ti Paris mangrupa buku
ramalan anu ngagunakeun gurat-gurat dina dampal leungeun minangka
média ramalanna. Ieu buku ogé jadi barang anu penting dina ieu carita.
379
Lantaran bisa ngalempengkeun deui pamadegan jeung logika Ine
ngeunaan jodo.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi dina ieu carpon aya dina data GT-15:176/3
ngeunaan tukang norah anu jadi jadi tukang kode sabab dibayar. Ieu hal
patali jeung kabutuhan hirup, lantaran pakasaban jadi tukang norah teu
bisa diandelkeun, lantaran di lemburna keur usum judi palaku Emod maca
peluang séjén ku cara neguh angka anu bakal kaluar. Upama teguhanan
meneran, manéhna bakal meunang komisi ti nu pasang.
3) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas dina ieu carpon aya dina data GT-15:180/5. Ieu
data ngébréhkeun kanyaah kolotna Ine anu geus satékah polah
nyakolakeun manéhna di jurusan psikologi, nepi ka junun jadi psikolog.
Ayeuna, kolotna ogé anu bur-ber natambakeun manéhna sangkan
meunang jodo. Tina gambaran éta kajadian, katitén kanyaah kolot anu
moal laas jeung salawasna miharep kabagjaan keur anakna.
4.2.16 “Aya Méga Bodas Ayang-ayangan” (GT-16)
4.2.16.1 Struktur Carita GT-16
a. Téma
Téma carpon GT-16 nya éta kamanusaan. Ieu téma nyoko kana rupa-
rupa rasa cinta. Cinta ka lalaki, cinta indung, jeung cinta ka adi. Rasa cinta ka
lalaki digambarkeun tina puseur sawangan anu béda jeung konsén cina dina
umumna. Palaku Asti, awéwé anu siga “frigid”, tiis, jeung teu bisa ngaréspon
sakur stimulus atawa perhatian-perhatian Dinan ka manéhna. Padahal,
manéhna bisa ngarasakeun bungah upama deukeut jeung Dinan, ngarasa sono
mun jauh, jeung ngarasa timburu upama Dinan deukeut jeung awéwé séjén.
Rasa anu saméméhna can pernah karasa ku Asti ka lalaki séjén.
380
Béda jeung gambaran cinta ka indung jeung adina, anu leuwih ti rasa
nyaahna ka Dinan. Sanajan teu bisa dibandingkeun, tapi aya hubunganna. Idah
nungguan jeung ngaragangan Asti salaku lanceuk, sangkan leuwih tiheula
kawin. Tapi, Asti anu masih hayang sorangan, tétéla ngaraheutkeun haté
indungna. Ieu hal ngabalukarkeun Asti ngarasa égois. Manéhna ngarasa teu
masalah hirup sorangan, tapi tétéla jadi hahalang pikeun kabagjaan Idah jeung
ngaraheutkeun haté indungna lantaran ningali anakna dirunghal.Ieu di handap
mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.
Dinan mah teu engeuheun, yéh harita Asti ngarasa haténa
sabenerna geus kaeusian ku Dinan, sarta embung leungiteun…
(191/1)
“Ibu mah bungah teu bungah Mamih rék nanyaan Idah gé… Naha
Asti teu karunya ka Ibu… Deudeuh Ibu, geuning Asti téh
ngajuwetkeun manah Ibu…” (195/1)
Deudeuh teuing Idah, boa Idah téh kasiksa ku Tétéh. Ngadagoan
Tétéh. Padahal Idah geus boga pangeunteupan haté, geus waktuna
paheuyeuk-heuyeuk leungeun jeroning rumah tangga. Naha Asti
maké jadi hahalang? (159/4)
Tina sawatara cutatan di luhur, katitén rupa-rupa rasa cinta jeung
kanyaah anu karasa ku hiji jalma dina kahirupanna.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon GT-16 ngagunakeun
galur campuran. Ieu galur matalikeun mangsa “ka tukang” jeung waktu
“kiwari” anu tuluy lumangsung ti mimiti nepi ka ahir carita.
Ieu carita dimimitian ku gambaran kagiatan palaku Asti anu keur
ngobrol jeung indungna (A). Dina sela-sela wangkonganna, pangarang
ngébréhkeun eusi haté Asti jeung pangalaman-pangalaman anu geus
kaliwat jeung Gofar anu ku Asti mindeng diantep (D1). Carita maju deui
kana wangkonganna jeung Ibu ngeunaan rasa guligahna Ibu, mun kudu
381
ningali Asti dirunghal ku Idah (B). Lantaran sakur anu karasa ku Asti teu
bisa dikedalkeun ka indungna, pangarang malikkeun carita ka mangsa Asti
keur deukeut jeung Dinan (D2). Asti ngarasa yén karepna anu masih kénéh
hayang sorangan tétéla salah, lantaran nguciwakeun Idah jeung indungna
(C). Pangarang mungkas carita ku tékad Asti anu hiji waktu manéhna kudu
mopohokeun Dinan sarta ngambah kahirupan anu leuwih bagja (E).
Flash back loba dipaké keur nyusun galur mundur, ogé pikeun
méré gambaran ngeunaan kajadian-kajadian anu geus kaalaman ku palaku
(D2). Upama dipolakeun, ieu galur bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- D1 ---------- B ---------- D2 ---------- C ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun palaku Asti anu ngalaman rupa-rupa kajadian dina hirupna
anu masih ngarasa hayang bébas.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Asti anu
digambarkeun ngarandapan rasa jeung rumasa dina haté ogé pikiranna.
382
2) Palaku
Dina carpon GT-16, aya 14 urang palaku, nya éta Asti (GT-16:185/1),
Idah (GT-16:186/2), Yayat (GT-16:186/7), Ibu (GT-16:186/7), Mamih (GT-
16:187/2), baraya Yayat (GT-16:187/2), bapa (GT-16:188/11), ibuna Iwan
(GT-16:188/4), Iwan (GT-16:188/5), Dinan (GT-16:189/8), Tita (GT-
16:192/6), Gofar (GT-16:192/8), Amalia (GT-16:191/2), jeung Dikdik (GT-
16:194/3).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Asti mangrupa palaku utama.
Palaku tambahanna nya éta Idah, Yayat, Ibu, Mamih, baraya Yayat, bapa,
ibuna Iwan, Iwan, Dinan, Tita, Gofar, Amalia, jeung Dikdik.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis nya
éta Asti, Idah, jeung Ibu. Sedengkeun Dinan, mangrupa palaku antagonis
anu nganyerikeun haté Asti. Sanajan Dinan teu digambarkeun boga watek
goréng atawa kasar saperti palaku antagonis dina umumna, tapi ku inditna
Dina tina kahirupan Asti, geus jadi gambaran yén Dinana mangrupa lawan
Asti dina rongkahna perasaan Asti.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya saurang palaku
basajan jeung tilu urang palaku anu watekna kompléks. Palaku anu
miboga watek basajan nya éta Idah anu ti mimiti nepi ka ahir carita
kagambarkeun mikanyaah jeung ngaragangan lanceukna sanajan manéhna
geus boga pisalakieun. Palaku kompléks dina ieu carpon nya éta Asti,Ibu,
jeungDinan. Asti watekna dinamis, ti mimiti carita digambarkeun
manéhna ngarasa hayang sorangan jeung nyorangan, teu hayang micinta
jeung dipicinta sasaha, tapi sanggeus sadar yén kahayangna nyorangan téh
mangrupa hal anu égois lantaran nganyerikeun haté indungna jeung
383
ngahahalang kabagja adina, Asti nyadar yén hirup mah teu bisa sorangan
jeung teu bisa salawasna nyorangan.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Asti, Idah, Ibu jeung Dinan
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Yayat, Mamih, baraya, Yayat, bapa,
ibuna Iwan, Iwan, Tita, jeung Gofar kaasup palaku nétral anu ngan saukur
aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna
carita.
3) Latar
Latar anu tempat, waktu, jeung sosial anu aya dina carpon GT-16 bisa
katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.86
Data Latar GT-16
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-16:185/1 Isuk-isuk
2. GT-16:186/2 Poé Minggu
3. GT-16:187/2 Bandung
4. GT-16:187/2 Langensari
5. GT-16:189/3 Kamar Ibu (imah
Asti)
6. GT-16:192/1 Harita
7. GT-16:192/1 Ayeuna
8. GT-16:192/1 Kamari
9. GT-16:189/2 Masarakat
menengah
10. GT-16:192/9 Kantor
11. GT-16:190/4 Salabintana
12. GT-16:190/4 Poé Minggu
384
(a) Tempat
Aya lima latar tempat dina carpon GT-16 ieu, nya éta Bandung
(GT-16:187/2) nya éta tempat baraya-baraya Yayat, Langensari (GT-
16:187/2) nya éta tempat indungna Yayat,kamar Ibu (GT-16:189/3) nya
éta tempat Ibu anu tadina rék nyiapkeun kaperluan ténis keur bapa, Kantor
(GT-16:192/9) nya éta tempat Asti jeung Gofar digawé, Selabintana (GT-
16:190/4) nya éta tempat Asti jeung Dinan ngojay.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon nya éta aya lima latar, nya éta isuk-
isuk (GT-16:185/1) waktunya éta waktu Asti ngalamun di buruan. Teu
disebutkeun sacara éksplisit yén éta kajadian lumangsung isuk-isuk, tapi
ngaliwatan gambaran ayana cai reumis anu ngagarenclang katojo poyan,
geus ngagambarkeun kaayaan isuk-isuk. Latar poé Minggu (GT-16:186/2)
ngawengku waktu isuk-isuk, basa idah amitan indit jeung Yayat. Latar
harita (GT-16:192/1) nya éta waktu basa Dinan masih deukeut jeung Asti.
Latar ayeuna (GT-16:192/1) nya éta waktu Asti ngarasa sorangan
sanggeus ditinggalkeun ku Dinan. Kamari (GT-16:192/6) nya éta waktu
basa ceu Tita lanceukna Gofar ménta ucing ka Asti. Latar poé Minggu
(GT-16:190/4) anu ieu mangrupa waktu Asti jeung Dinan ngojay tilu taun
ka tukang.
(c) Sosial
Aya hiji data anu ngagambarkeun latar sosial dina ieu carpon. Data
GT-16:189/2 ngébréhkeun status sosial di kalangan menengah, sabab
kabiasaan ténis dina poé Minggu tara dilakukeun ku masarakat kalangan
handap.
4.2.16.2 Unsur Semiotik GT-16
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-16 ngawengku opat ikon jeung
sapuluh indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
385
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-16 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.87
Analisis Unsur Ikon GT-16
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-16:193/3 Pangeunteupan Pangeunteupan
mangrupa tanda
tina ayana jalma
anu bisa dijadikeun
batur haté anu
matak
nengtremkeun haté.
Dina ieu kontéks,
Asti anu ngarasa
keur hayang
sorangan
nétélakeun yén hiji
waktu manéhna rék
néangan hiji lalaki
(pangeunteupan).
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Asti geus ngaku
tadi. Hiji waktu rék
néangan
pangeunteupan,
pikeun
merenahkeun haté
saendengna.
2. GT-16:191/3 Ngiuhan Ngiuhan dina ieu
kontéks mangrupa
tanda tina kaayaan
lalaki (Dinan) anu
ngahaja néangan
batur awéwé (Asti)
keur mapalérkeun
rasa tugenah jeung
386
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
bébéndéna
(Amalia). Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Ku kituna téh
haténa buru-buru
nyindekkeun,
Dinan ngan saukur
ngadon ngiuhan.
3. GT-16:196/1 Kalakay Kalakay mangrupa
daun garing nu
murag tina
tangkalna lantaran
katebak angin
atawa lantaran geus
kolot. Dina ieu
kontéks, mangrupa
tanda tina jalma anu
teu boga
pamadegan. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Asti mah lain
kalakay nu
kokoléangan
katebak angin. Tapi
Asti nu bedang.
4. GT-16:196/5 Méga bodas
ayang-ayangan
Méga bodas nu
ayang-ayangan
mangrupa tanda
tina ayana harepan
Asti keur mangsa
nu bakal datang
sarta impian-impian
nu bakal
diwujudkeun jeung
hiji lalaki, siga
méga anu teu pegat,
salawaasna ayang-
ayangan di langit.
Ieu katitén dina
387
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
cutatan di handap.
Panon Asti neuteup
langit nu paul. Aya
méga bodas ayang-
ayangan… beresih
jeung béngras.
2. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-16 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, sora, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data
tabél ieu di handap.
Tabél 4.88
Analisis Unsur Indéks GT-16
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-16:185/3 Bébas Réngkak
paripolah
Bébas dina ieu kontéks
mangrupa kabébasan
dumasar pamadegan
Asti. Manéhna hayang
bébas saperti manuk
galéjra anu bisa
kamamana jeung
eunteup dina dahan
anu kuat. Haté Asti
ogé hayang bébas bisa
miboga rasa ka saha
waé nepi ka pancegna
panggih jeung hiji
lalaki anu nguatkeun.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… haté Asti hayang
saperti manuk galéjra,
nu bisa bébas
kamamana. Hayang
boga pangeunteupan
388
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
nu kuat dahanna, nu
iuh sabudeureunana,
nu gomplok daunna.
2. GT-16:188/9 Gogodég Réngkak
paripolah
Gogodeg dina ieu
kontéks mangrupa
tanda tina ayana rasa
kuciwa anu dirasakeun
indungna Asti ka Asti
lantaran Asti
katingalina masih
betah nyorangan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Indung Asti gogodeg,
socana ngembeng.
3. GT-16:189/7 Éong-éongan Sora Sora ucing anu
kadéngé ku Asti jadi
hiji tanda sora anu bisa
mulangkeun
panineungan Asti
jeung Dinan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Si Maniséong-éongan
nyampeurkeun lahunan
Asti… Baheula, Kang
Dinan sok
ngagelendeng mun
Asti nyoo ucing téh.
4. GT-16:189/11 Ngarasa atoh
mun panggih
Aktualisasi Rasa atoh anu
karandapan ku Asti
lamun panggih jeung
Dinan, nandakeun
ayana rasa cinta anu
nyamuni dina haté
Asti. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
…na haté mah atoh ari
papanggih téh.
389
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. GT-16:190/1 Reugreug Aktualisasi Rasa reugreug anu
karasa ku Asti
nandakeun yén haténa
mémang ngarasa
tengtrem upama
deukeut Dinan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Sakapeung mah Asti
sok ngarasa héran naha
bet tara bisa
némbongkeun kasono?
Ngan haté Asti
reugreug. Reugreug
kacida. Kang Dinan
aya di gigireun.
6. GT-16:190/4 Kalangkang
méga
Gejala alam Kalangkang méga anu
katingali ku Asti dina
beungeut cai di kolam
renang, nandakeun
kaayaan cuaca anu
béngras. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Dina cai anu hérang
ngagenclang, dina
kalangkang méga
bodas jeung langit
paul, dina hiliwirna
angin ririh.
7. GT-16:191/1 Teu méréan Aktualisasi Haté Asti anu teu
méréan lantaran
timburu sabab Asti
ningali Dinan ngobrol
jeung mojang geulis.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Da basa Dinan
ngobrol jeung hiji
mojang geulis nu
harita saruakeur
ngojay, haté Asti teu
méréan.
390
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
8. GT-16:191/3 Ambleng Réngkak
paripolah
Dinan anu ambleng
(ngampleng) tara
nepungan Asti lantaran
geus panggih deui
jeung Amalia. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Tapi sanggeus panggih
deui jeung Amalia,
Dinan langka aya di
gigireun Asti. Lila-lila
mah ambleng.
9. GT-16:193/2 Hanjakal Aktualisasi Rasa hanjakal anu
karandapan ku Asti
dilantarankeun geus
kumawani miharep
Dinan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Hanjakal geus
kungsi miharep Dinan.
Hanjakal geus kungsi
miharep sagalana ti
manéhna …
10. GT-16:196/4 Beureum
beungeut
Gejala fisik Beungeut Asti anu
nyiak beureum
lantaran éra ku Ibu
sabab ngagerencem
ngaluarkeun kalimah
anu mirip jeung
kalimah anu kungsi
diucapkeun ku Dinan.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
… Asti ngabalieur,
beungeutna karasa
panas. Boa bareureum
391
4.2.16.3 Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.89
Data Ajén Sosial GT-16
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-16:185/1 Cai reumis katojo
poyan
2. GT-16:185/3 Micinta sagala nu
éndah
3. GT-16:185/3 Can wawuh jeung
kadeudeuh nu
éndah
4. GT-16:195/2 Indung hariwang ka
anak
5. GT-16:194/2 Frigid
6. GT-16:195/2 Égois lantaran
betah kénéh
nyorangan
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran, tilu ajén kaéndahan, jeung dua ajén moral. Dina ieu carpon
teu kapanggih ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data GT-16:194/2, anu
nétélakeun kaayaan psikologis Asti anu frigid, teu bisa ngaréspon sakur
stimulus anu dibikeun atawa diébréhkeun ka manéhna, malah nepi ka teu
bisa ngaéksprésikeun sagala rasa anu aya dina haténa. Manéhna teu bisa
ningalikeun kabungah jeung katugenahna, ngan cukup ku cicing. Éta
dianggap bener ku manéhna sabab teu hayang nganyerikeun haté sasaha.
Tapi, ku cicingna Asti, sabenerna matak ngabingungkeun, malah matak
nganyerikeun haté batur.
392
2) Ajén Kaéndahan
Ajén kaéndahan dina ieu carpon témbong dina ungkara-ungkara
basa meunang pangarang anu diréka. Saperti dina data GT-16:185/1 anu
ngébréhkeun latar isuk-isuk ngaliwatan ungkara “cai reumis katojo
poyan”. Éta ungkara dijelaskeun dina dua data GT-16:185/3 ngeunaan
kaéndahan. Anu hiji konsép kaéndahanna patali jeung kaayaan alam anu
éndah sacara fisik, dina anu hiji deui, konsép kaéndahanna dipapandékeun
kana carita cinta anu éndah.
3) Ajén Moral
Ajén moral dina carpon aya dina data GT-16:194/2 anu
ngébréhkeun kahariwang indung ka anakna anu rék dirunghal ku adina.
Dina data GT-16:195/2 nétélakeun sipat égois Asti anu mentingkeun
kahayang jeung kabungahna sorangan anu teu ngaraskeun kana kabagja
indung jeung adina.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
opat ajén budaya.
Tabél 4.90
Data Ajén Budaya GT-16
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-16:194/2 Frigid
2. GT-16:193/2 Kanyaah lalaki
3. GT-16:195/2 Indung
nyaah/hariwang ka
anak
4. GT-16:195/5 Lanceuk nyaah ka
Adi
393
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.105 di luhur, katitén
aya hiji ajén téori jeung tilu ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih
ajén ékonomi, agama, seni jeung kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-16:194/2 ngeunaan
kaayaan psikologis Asti anu frigid, teu bisa ngaréspon sakur stimulus anu
dibikeun atawa diébréhkeun ka manéhna, malah nepi ka teu bisa
ngaéksprésikeun sagala rasa anu aya dina haténa. Manéhna teu bisa
ningalikeun kabungah jeung katugenahna, ngan cukup ku cicing. Éta
dianggap bener ku manéhna sabab teu hayang nganyerikeun haté sasaha.
Tapi, ku cicingna Asti, sabenerna matak ngabingungkeun, malah matak
nganyerikeun haté batur.
2) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta GT-16:193/2, GT-
16:195/2, jeung GT-16:195/5. Data GT-16:193/2 ngébréhkeun kahayang
Asti narima kanyaah ti lalaki anu teu laas-laas. Data GT-16:195/2
ngébréhkeun kanyaah indung jeung kahariwangna lantaran anak
panggedéna dirunghal. Dina data GT-16:195/5 ngébréhkeun ayana
kanyaah lanceuk ka adi. Asti ahirna sadar yén kaputusanna hayang
nyorangan tétéla ngahalangan kabagja Idah. Asti jangji yén manéhna kudu
bagja keur kabagjaan adi jeung kolotna. Kitu deui sabalik, adi jeung
indungna ngaragangan jeung ngajénan Asti salaku salaku lanceuk jeung
salaku anak. Anu leuwih gedéna mah perkara silih ajénan jeung papada
awéwé.
4.2.17 “Ngobor” (GT-17)
4.2.17.1 Struktur Carita GT-17
a. Téma
Téma carpon GT-17 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana
gambaran kahirupan pamuda lembur anu kakurangan lapangan kerja, nepi ka
394
aya anu garawé di kota keur néangan kipayah. Tapi, keur anu masih kénéh
hayang hirup di lembur, maranéhna bisa tetep ngalumangsungkeun hirupna
sanajan basajan.
Ieu carpon miboga gambaran kamanusaan, salaku mahluk sosial anu
miboga ajén solidaritas, ciri mandiri urang lembur anu teu weléh rempeg dina
ngalakukeun hiji kagiatan.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-17 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku Idon anu disampeur ngobor ku Tohir (A).
Tuluy arindit ka imah Oyon (B). Geus kitu, arindit ngobor ka sawah (C).
Lantaran di sawah teu meunang belut, antukna Idon jeung batur-baturna
ngala lauk di balongna Oyon, tuluy dipurak jeung liwet di imah Oyon (D).
Carita dipungkas ku bapana Oyon basa subuh-subuh ngahudangkeun
Oyon yén lauk pesenan Bapa Wadana aya nu maok.
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun lalampahan Idon jeung babaturanna dina hiji peuting.
395
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Idon.
Kajadian-kajadian anu kaalaman ku Idon, Oyon, Iing, Karno, jeung Atang
diébréhkeun sacara langsung ku nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon GT-03, aya 19 urang palaku, nya éta Ema (GT-17:197/1),
Ceuk Unasih (GT-17:197/1), Si Ujang (GT-17:197/2), Abah (GT-17:197/2),
Idon (GT-17:197/3), Tohir (GT-17:197/5), Si Késih (GT-17:198/7), bibina Si
Késih (GT-17:198/12), Si Oyon (GT-17:199/12), Si Karno (GT-17:199/14),
Mama Ajengan (GT-17:200/6), santri (GT-17:200/6), Mantri (GT-17:203/2),
Anang (GT-17:202/3), Atang (GT-17:203/9), Iing (GT-17:203/10), Mang
Kusén (GT-17:205/11), Euis (GT-17:206/1), jeung Bapa Wadana (GT-
17:207/8).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Idon (GT-17:197/3) mangrupa
palaku utama. Sedengkeun Ema (GT-17:197/1), Ceuk Unasih (GT-
17:197/1), Si Ujang (GT-17:197/2), Abah (GT-17:197/2), Tohir (GT-
17:197/5), Si Késih (GT-17:198/7), bibina Si Késih (GT-17:198/12), Si
Oyon (GT-17:199/12), Si Karno (GT-17:199/14), Mama Ajengan (GT-
17:200/6), santri (GT-17:200/6), Mantri (GT-17:203/2), Anang (GT-
17:202/3), Atang (GT-17:203/9), Iing (GT-17:203/10), Mang Kusén (GT-
17:205/11), Euis (GT-17:206/1), jeung Bapa Wadana (GT-17:207/8)
mangrupa palaku tambahan.
396
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Idon, Si Oyon, Si Karno, Anang, Atang, Iing, jeung
Mang Kusén. Lantaran nyaritakeun ngeunaan kahirupan pamuda lembur
anu basajan, dina ieu carpon euweuh palaku antagonisan. Palaku-palaku
séjénna, lantaran ngan disebut saliwat-saliwat ku palaku-palaku protagonis
di luhur.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya tilu urang palaku
anu miboga watek basajan, nya éta Si Oyon, Si Karno, Anang, Atang, Iing,
jeung Mang Kusén. Éta para palaku miboga watek anu basajan, resep ulin,
resep ngawangkong, ngaraketkeun tali silaturahmi jeung babaturan, sarta
pada-pada miboga kahayang anu réalistis. Kahayang anu basajan jeung
réalistis, saperti hayang boga kabogoh atawa hayang boga gawé anu
matuh. Palaku-palaku basajan teu miboga watek anu matalikeun jeung
émosi atawa eusi pamikiran anu bakal mangaruhan palaku séjénna.
Palaku Idon kaasup palaku kompléks anu watekna mekar kalawan
dinamis. Pangna kitu, manéhna anu mimiti boga pamadegan anu ilahar
saperti batur-baturna, tapi digambarkeun miboga pola pikir anu leuwih
jembar. Éta hal katitén tina pamikiranna ngeunaan gawé di kota jeung
lobana pagawéan di lembur. Lian ti éta, Idon ogé miboga karumasa
(ngarasa dosa), basa manéhna apaleun yén lauk anu didahar téh lauk
ceungceuman Bapa Wadana.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Idon, Si Oyon, Si Karno,
Anang, Atang, Iing, jeung Mang Kusén mangrupa palaku tipikal.
Sedengkeun Ema, Ceuk Unasih, Si Ujang, Abah, Mama Ajengan, Santri,
Mantri, Euis, jeung Bapa Wadana kaasup palaku nétral anu ngan saukur
397
aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara langsung kana guluyurna
carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.91
Data Latar GT-17
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-17:197/1 Imah
2. GT-17:197/1 Jalan
3. GT-17:197/1 Warung
4. GT-17:198/12 Babakan Situ
5. GT-17:198/16 Peuting
6. GT-17:199/10 Ngobor
7. GT-17:199/12 Pamuda gawé ka
dayeuh
8. GT-17:199/15 Dayeuh (Jakarta)
9. GT-17:200/4 Enggon
10. GT-17:200/6 Bulan tukang
11. GT-17:200/6 Désa
12. GT-17:200/6 Tengah peuting
13. GT-17:201/1 Lumbung désa
14. GT-17:204/5 Babakan Kinim
15. GT-17:205/11 Balong Si Oyon
16. GT-17:206/7 Imah si Oyon
(a) Tempat
Aya sabelas latar tempat dina ieu carpon GT-17, nya éta Imah (GT-
17:197/1) anu mangrupa imah Idon. Latar jalan (GT-17:197/1) jeung
warung (GT-17:197/1) mangrupa tempat Ema meuli ubar. Ilaharna, keur
ngabasakeun warung anu aya di sisi jalan, cukup ku nyebutkeun jalan.
398
Babakan Situ (GT-17:198/12) nya éta tempat asal dulurna Késih (anak
bibina) anu rék ngawin Késih.Latar Jakarta (GT-17:199/15) nya éta kota
tempat Karno gawé geus tilu taun. Latar enggon (GT-17:200/4) nya éta
tempat Emana Idon norojol nanyakeun rék kamana rék ka manana ka Idon.
latar désa (GT-17:200/6) nya éta tempat Idon disangka ngabedahkeun
balong Mama Ajengan.Latar lumbung désa (GT-17:201/1) nya éta tempat
Idon saré basa dihukum sapeuting di désa. Babakan Kinim (GT-17:204/5)
nya éta tempat ngobor anu kasohor belutna garedé. Latar balong Si Oyon
(GT-17:205/11) mangrupa latar utama konflik ieu carita. Pangna kitu,
lantaran di éta balong Idon sabalad ngarala lauk anu bapana Oyon kalawan
teu bébéja heula. Latar imah si Oyon (GT-17:206/7) nya éta tempat murak
lauk emas ti balongna Oyon.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya tilu nya éta, peuting (GT-
17:198/16) nya éta waktu Idon diajak ngobor ku babaturanna.Latar bulan
tukangn GT-17:200/6) jeung tengah peuting (GT-17:200/6) nya éta waktu
Idon dituduh ngabedahkeun balong Mama Ajengan bari tuluy
diabringkeun ka désa nepi ka dikerem sapeuting di dinya.
(c) Sosial
Aya dua latar sosial dina ieu carpon. Data GT-17:199/10 nya éta
ngébréhkeun ayana kabiasaan urang lembur di wewengkon pasawahan.
Keur para pamuda atawa lalaki di pilemburan, ngobor jadi kagiatan
hiburan sanggeus capé gawé sapopoé. Dina carpon, lantaran ngoborna
waktu keur caang bulan, maranéhna teu meunang belut hiji-hiji acan.
Antukna ngala lauk di balong bapana Oyon.
Data GT-17:199/12 ngébréhkeun kaayaan pamuda anu gawé ka
dayeuh lantaran kurangna lapangan kerja di lembur. Ieu hal dialaman ku
palaku Karno, anu leuwih milih gawé di Jakarta salila mangtaun-taun
tibatan cicing di lembur siga Idon jeung batur-baturna nu lian.
399
4.2.17.2 Unsur Semiotik GT-17
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-17 ngawengku lima ikon, tilu
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-17 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.92
Analisis Unsur Ikon GT-17
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-17:198/2 Samping kebat Ikon anu nyitrakeun
sacara langsung ka
awéwé, lantaran
ilaharna dipaké ku
awéwé, upama
dipaké ku lalaki,
biasana dipaké
harudum peuting-
peuting upama rék
néng paraji. Dina
ieu kontéks, bisa
katitén dina cutatan
di handap.
… Sup Tohir,
diharudum samping
kebat.
“Rék néang paraji,
euy?”
… “Samping
indung déwék ieu
téh.”
2. GT-17:202/8 Leumpeuh
yuni
Teu kaopan/teu
payaan lamun
meunang kareuwas.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
400
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
“Bener, déwék mah
leumpeuh yuni!”
3. GT-17:202/9 Sapanyeupahan Sapanyeupahan
mangrupa tanda
tina lilana waktu
anu diibaratkeun
kana lilana
nyeupah, kurang
leuwih antara
sapuluh nepi ka
lima belas menit.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ngan ukur
sapanyeupahan
meureun leumpang
téh geus nepi ka
imah Si Oyon.
4. GT-17:203/3 Eusi aseupan Eusi aseupan
nyitrakeun sacara
langsung kana béas.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Atuh da boro-
boro mayar Mantri,
keur eusi aseupan
gé teu cukup.
5. GT-17:206/5 Makan besar Makan besar
mangrupa tanda tina
situasi dahar
ngariung anu teu
biasa lantaran
deungeun sanguna
lauk. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Wah.., makan besar
euy!” ceuk Iing bari
ngawadahan lauk
kana ember.
401
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-17 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, jeung zat. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di
handap.
Tabél 4.93
Analisis Unsur Indéks GT-17
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-17:205/1 Caang bulan Zat Caang bulan mangrupa
gambaran kaayaan
bulan mangsa tanggal
opat belas anu keur
meujeuhna mabra. Ieu
hal ngabalukarkeun
kagiatan ngobor Idon
jeung batur-baturna
bedo. Éta hal bisa
katitén dina cutatan di
handap.
… Da belut mah ari
caang bulan téh tara
kaluar. Mun tas hujan
ngaririncik heug poék
bulan, belut téh
mayakpak wé na
kotakan.
2. GT-17:202/5 Leuleus tuur Gejala fisik Leuleus tuur mangrupa
tanda tina kaayaan
fisik salaku réspon anu
dibalukarkeun lantaran
ningali parawan mandi
minangka stimulus anu
diolah jadi émosi. Éta
hal bisa katitén dina
cutatan di handap.
“Sok leuleus tuur euy
déwék mah ari ningali
nu mandi téh!”
402
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
3. GT-17:204/10 Sial teu mandi Réngkak
paripolah
Sial lantaran teu mandi
mangrupa indéksikal
tina ayana kajadian
anu tumiba ka hiji
jalma lantaran teu
ngalaksanakeun
kabiasaan anu
samistina dilakukeun.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-17 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.94
Analisis Unsur Simbol GT-17
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-17:198/16 Lalaki Simbol jalma gedé kawani jeung mandiri,
anu sakuduna teu borangan atawa sieunan.
Ieu katitén dina cutatan di handap.
… Da borangan pisan Si Éta mah lalaki-
lalaki.
4.2.17.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
403
Tabél 4.95
Data Ajén Sosial GT-17
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. GT-17:202/13 Silaturahmi
2. GT-17:205/6 Teu tanggung jawab
3. GT-17:206/2 Maok banda nu
kolot sorangan
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran jeung ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Tina data GT-17:206/2, katitén aya pasualan anu diébréhkeun ku
pangarang ngeunaan hubungan antara dibenerkeun atawa henteu upama
maok barang atawa naon waé anu milik kolot sorangan. Naon waé
alesanna, anu ngaranna mawa atawa ngadahar hiji hal salian ti milik
sorangan kalawan teu bébéja heula, teu bisa disebut bener.
2) Ajén Moral
Dina data GT-17:205/6 némbongkeun ayana ajén moral anu goréng
ngeunaan sikep palaku Idon jeung ababturanna anu teu tanggung jawab
sanggeus maok lauk anu bapana Oyon. Data GT-17:202/13 ngébréhkeun
ayana niat hadé silaturahmi para pamuda anu boga paniatan rék ngobor ka
Karno anu geus tilu taun gawé di Jakarta.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
tujuh ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
404
Tabél 4.96
Data Ajén Budaya GT-17
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-17:199/10 Ngobor
2. GT-17:205/1 Caang bulan
3. GT-17:202/12 Ngariung di balé
imah
4. GT-17:203/2 Mantri
5. GT-17:203/3 Teu boga jang mayar
mantri
6. GT-17:203/3 Teu cukup jang
dahar
7. GT-17:203/3 Salaku rakyat leutik
nu dicekék
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél 4.112 di luhur, katitén
aya dua ajén téori, tilu ajén ékonomi, lima ajén agama, jeung dua ajén
solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni, agama, jeung ajén
kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina data GT-17:203/2 anu
ngébréhkeun ngeunaan cara berobat di lembur ku cara datang ka mantri.
Data GT-17:205/1 ngébréhkeun yén upama caang bulan, tara aya belut anu
némbongan, jadi ngobor ogé moal aya hasilna.
2) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta aya dina data GT-
17:199/10 anu ngébréhkeun ayana gambaran raketna tali duduluran di
pilemburan. Ieu hal diwakilan ku palaku Idon jeung babaturanna. Dina
data GT-17:202/12, ngébréhkeun cara masarakat pilemburan ngaraketkeun
tali duduluran ngaliwatan cara ngariung bari ngawangkong dina balé-balé.
405
Kabiasaan ngawangkong peuting-peuting dina balé-balé imah geus jadi
ciri urang lembur upama keur rinéh.
4.2.18 “Mama Haji” (GT-18)
4.2.18.1 Struktur Carita GT-18
a. Téma
Téma carpon GT-18 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana gambaran
insafna hiji jalma, anu asalna bedegong, galak, jeung wanian ka sasaha jadi
jalma anu bageur sarta akuan. Upama nilik kana eusi caritana, némbongkeun
sisi kamanusaan anu jembar. Sipat Sukri anu diébréhkeun miboga watek
goréng, sacara manusiawi bisa dianggap wajar. Tuluy, Sukri anu insaf lantaran
sadar yén hirupna manusa di alam dunya téh alatan ayana panangtayungan
Pangéran, mangrupa sisi kamanusaan anu dipimilik ku unggal jalma.
Unsur réligina ditembrakkeun tina mimiti hal basajan nepi ka hal anu
kompléks. Aya gambaran ngeunaan kabiasaan Haji Sukur anu teu weléh
ngurilingan kampung wanci subuh, niatna keur ngahudangkeun anu talibra
kénéh. Sanajan ceuk basana mah bari olah raga. Aya deui gambaran situasi
anu kuat jeung leuwih sérius, nya éta waktu Sukri didatangan ku gorombolan
tuluy nyumput di para masjid nepi ka salametna.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
mundur (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa
kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Kuring anu ngalamun
basa dibéjaan Mama Haji maot, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita
ngeunaan Sukri anu insap jadi Mama Haji.
Carita dimimitian ku gambaran palaku Kuring anu reuwas lantaran
Mama Haji maot (D1). Kuring ngalamun, ngaliwatan lamunna, nu maca
bisa apal saha ari Mama Haji. Saméméh jadi Mama Haji, ngaranna Sukri,
406
jalma Bengal jeung wanian (A). Galur maju kana kabiasaan-kabiasaan
Sukri anu sok mawa karep sorangan upama aya katugenah atawa aya hiji
hal anu ngabalukarkeun manéhna ngambek (B). Tapi, ti saprak manéhna
salamet tina kepungan gorombolan, manéhna tuluy babalik pikir jadi jalma
bageur anu akuan ka sasaha, malah bisa naék haji ka Mekah nepi ka
disebut Mama Haji (C). Sanggeus lila pada mikolot ku urang lembur,
kacaritakeun Mama Haji maot (D2). Carita dipungkas ku inditna kuring
ngalayad Mama Haji bari ngaungkarakeun kacindekan ngeunaan jasa-jasa
Mama Haji, urang lembur geus pasti leungiteun (E).
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ----------- D2 ----------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga dua
galur (sub-galur). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun galur carita Sukri ti mimiti bengal nepi ka babalik pikir.
Galur séjén nya éta carita kuring jeung bapana anu ngabandungan lampah
hirup Sukri ti baheula nepi ka maot.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
anggang. Carita anu dipidangkeun kaasup lila. Lantaran diébréhkeun ku
palaku anu teu ngabandungan kajadianna sacara langsung, tapi
nyaritakeun deui lamunan tina carita kolotna. Palaku kuring apal ngeunaan
Sukri téh ti bapana, ku pangarang ditembrakeun dina lamunan,
ngalamunkeun dongéng bapana.
407
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama Sukri
(Mama Haji). Kajadian-kajadian anu karandapan ku Sukri salila
sababaraha taun ti mimiti masih kénéh bengal nepi ka balik deui ka lembur
sanggeus babalik pikir jadi jelema bageur diébréhkeun tina puseur
sawangan kuring.
2) Palaku
Dina carpon GT-18, aya 12 urang palaku, nya éta Mama Haji/Sukri
(GT-18:208/1), Rasdi (GT-18:208/1), Kuring (GT-18:208/1), Ambu Sukri/Hj.
Zenab (GT-18:209/5), Bangsat (GT-18:210/2), Atang (GT-18:211/5), Suha
(GT-18:212/6), Mang Muhtar (GT-18:212/6), Gorombolan (GT-18:213/3),
Mang Saad (GT-18:213/3), Mang Wirya (GT-18:215/4), jeung bapa kuring
(GT-18:215/3).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Mama Haji jeung kuring mangrupa
palaku utama. Sanajan euweuh paguneman anu sacara langsung
ngébréhkeun prosés interaksi antara Mama Haji jeung Kuring, tapi
ngaliwatan pertélaan Kuring ngeunaan Mama Haji anu jadi objék utama,
lantaran ieu dua alaku hirup dina mangsa anu béda.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta kuring jeung bapa. Sedegkeun anu kaasup kana palaku
antagonis nya éta Sukri, bangsat, jeung gorombolan. Sanajan palaku Sukri
ahirna robah jadi palaku protagonis, tapi anu jadi puseur implengan
pangarang nya éta kana sipat antagonisna Sukri saméméh jadi Mama Haji.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya opat urang
palaku anu miboga watek basajan jeung saurang palaku anu watekna
408
kompléks sarta mekar kalawan dinamis. Palaku anu miboga watek
basajan nya éta kuring, bangsat, gorombolan, jeung bapa kuring. Anu
watekna kompléks sarta mekar kalawan dinamis nya éta Sukri anu jadi
Mama Haji Sukur.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Mama Haji, kuring,
gorombolan, jeung bapa mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Rasdi,
Ambu Sukri, bangsat, Atang, Suha, Mang Muhtar, Mang Saad, jeung
Mang Wirya kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.97
Data Latar GT-18
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-18:208/1 Subuh
2. GT-18:208/3 Salembur geus pada
apal yén Sukri
bengal
3. GT-18:209/2 Kebon Sukri
4. GT-18:210/2 Peuting
5. GT-18:211/1 Jalan
6. GT-18:211/1 Garduh ronda
7. GT-18:211/5 Sawah
8. GT-18:212/6 Usum panén
9. GT-18:213/3 Imah Sukri
10. GT-18:213/4 Dapur
11. GT-18:213/3 Wanci isa
12. GT-18:213/4 Nyieun
panyumputan waktu
usum gorombolan
409
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
13. GT-18:214/2 Para masjid
14. GT-18:215/2 Kota
15. GT-18:215/2 Opat bulan
16. GT-18:215/2 Tanah suci/Mekah
17. GT-18:215/2 Malem Juma’ah
(a) Tempat
Aya salapan latar tempat dina ieu carpon GT-18, nya éta kebon
Sukri (GT-18:209/2) anu mangrupa tempat Sukri ngintip bangsat.
Latarjalan (GT-18:211/1) mangrupa tempat Sukri ngagusur bangsat.
Digarduh ronda (GT-18:211/1), bangsat disungkrukeun ku Sukri ka
hareupeun ronda anu keur sararé. Latar sawah (GT-18:211/5) nya éta
tempat Sukri nalian meri kana rérénténg awi lantaran ngacak-ngacak
pabinihanana. Latar imah Sukri (GT-18:213/3) nya éta tempat Sukri
didatangan gorombolan. Latar dapur (GT-18:213/4) mangrupa tempat
Sukri nyumput. Di para masjid (GT-18:214/2), Sukri nyumput lantaran
sieun gorombolan. Latarkota (GT-18:215/2) mangrupa tempat Sukri titrah
sanggeus salamet tina serangan gorombolan. Latar tanah suci/Mekkah
(GT-18:215/2) mangrupa tempat transformasi Sukri jadi Mama Haji Sukur
anu bageur jeung akuan ka sasaha.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya genep nya éta, Subuh (GT-
18:208/1) nya éta waktu matuh Mama Haji ngurilingan lembur. Latar
peuting (GT-18:210/2) nya éta basa Sukri néwak bangsat. Latar usum
panén (GT-18:212/6) nya éta waktu Sukri nyarékan Si Suha lantaran
nyieun empit-empitan tina tangkal paré anu masih kénéh aya
paréan.Wanci isa (GT-18:213/3) mangrupa waktu basa gorombolan
ngaburudul ti lebah kebon sukri Opat bulan (GT-18:215/2) nya éta lilana
Sukri jeung kulawarga bubuara di kota ti mimiti ngontrak imah nepi ka
410
kabeuli imah.Malem Juma’ah (GT-18:215/2) nya éta waktu matuh urang
lembur sok sukuran di masjid, ngariung bari sholawatan.
(c) Sosial
Aya dua latar sosial dina ieu carpon. Data GT-18:208/3
ngébréhkeun status sosial Sukri di masarakat anu dipikasieun lantaran
Bengal jeung wanian. Data GT-18:213/4 ngagambarkeun kaayaan teu
aman dina mangsa gorombolan. Harita kaayaan lembus salawasna
harénghéng nepi ka loba anu ngungsi.
4.2.18.2 Unsur Semiotik GT-18
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-18 ngawengku opat ikon, tujuh
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-18 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.98
Analisis Unsur Ikon GT-18
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-18:208/3 Disalib Dina ieu kontéks, disalib
mangrupa tanda tina hiji
kaayan jalma anu
ditalian dina tangkal
lantaran ngalakukeun
hiji kasalahan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
… Mun néwak bangsat
tara ngarusiahkeun ka
batur, ku sorangan baé
di katukangkeun
leungeunn, atawa
411
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
dicangcang dina tangkal
arba gedé kawas nu
disalib.
2. GT-18:213/3 Urang
leuweung
Urang leuweung dina
ieu kontéks nya éta
jalma-jalma
(gorombolan) anu anus
ok nyumput di
leuweung. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Hiji waktu keur
usumna urang leuweung
nu ngaranjah ka lembur-
lembur, wanci Isa harita
téh, burudul gorombolan
ti kebon Sukri, dor-dor
ngajedoran imah
Sukri…
3. GT-18:215/2 Lembur
singkur
Lembur singkur dina ieu
kontéks lain mangrupa
hiji tempat anu jauh tina
karaméan, tapi
mangrupa tanda tina
dipopohokeunna hiji hal
anu goréng, diganti ku
cara mukir anyar anu
leuwih hadé. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Balik ti Mekah
ngaran Sukri dikubur di
lembur singkur, nu aya
ngan Haji Sukur…
4. GT-18:216/4 Ngali Ngali nyitrakeun sacara
langsung kana kuburan.
Sabab anu rék dikali nya
éta kuburan keur Alm.
Mama Haji. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
… Jung geura ngalayad.
Bapa mah rék ngali.
412
2. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-18 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, barang, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.99
Analisis Unsur Indéks GT-18
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-18:209/1 Jiga monyét Gejala fisik Dina ieu kontéks, jiga monyét
mangrupa indéksikal tina
beungeut anu méhong lantaran
beungeut anu dihideungan
harangasu ku Pa Sukri. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
… Pék diméhongan ku
harangasu, blég jiga monyét
mandahna.
2. GT-18:210/2 Sarung
hideung
Barang Sarung hideung anu dipaké ku
Pa Sukri dina ieu kontéks
mangrupa indéksikal tina
kaayaan manéhna anu keur
nyumput ngadodoho bangsat
wanci peuting. Pangna kitu,
sangkan teu katingali ku nu
keur didodoho. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Peuting ét aAmbu Sukri teu
nyahoeun yén salakina ti wanci
isa candekul di kebon nu
harieum ku rungkun bari
diharudum ku sarung
hideung…
3. GT-18:213/2 Tuur
ngoroncod
Gejala fisik Tuur nyoroncod angrupa tanda
gejala fisik lantaran ayana
kasieun, dina ieu kontéks
kaalaman ku Mang Muhtar anu
dicarékan ku Sukri. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
413
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… Mang Muhtar teu némbalan
kalah ngeleper hareupeun
hawu, tuurna mungguh
nyoroncod…
4. GT-18:214/2 Beungeut
pias
Gejala fisik Beungeut pias dina ieu kontéks
mangrupa balukar tina rasa
sieun Sukri anu keur nyumput
di para masjid sabab sieun
dibedil ku gorombolan. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
Sukri keur nyempod di para
masjid, istigfar sababaraha
balikan, beungeutna pias,
awakna ngadégdég siga nu
nirisan…
5. GT-18:214/1 Sora bedil Sora Sora bedil anu kadéngé dina
ieu kontéks asalna tina sora
bedil gorombolan nu ngabedil
ngararat balong néangan Sukri.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Teu kungsi lila kadéngé sora
bedil didérédédkeun nyapu
balong sakurilingna.
6. GT-18:216/4 Ngawadahan
béas kana
baskom
Réngkak
paripolah
Ngawadahan béas kana baskom
mangsa aya nu kapapaitan,
nandakeun yén rék aya anu
ngalayad bari nyambungan,
saperti anu dilakukeun ku
Kuring dina ieu kontéks carita
basa Mama Haji ngantunkeun.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
Kuring ngawadahan béas kana
baskom, léos indit bareng jeung
batur nu sarua rék ngalayad.
7. GT-18:216/5 Sora iteuk Sora Sora iteuk anu biasana kadéngé
nandakeun yén aya Mama Haji
nu ngahudangkeun solat subuh.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
414
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Matak dédéngéeun, iteukna
diketruk-ketruk kana
jajalaneun… truk… truk…
truk…
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-18 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.100
Analisis Unsur Simbol GT-18
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. GT-18:215/2 Tanah suci Tanah suci/Mekah mangrupa simbol
sampurnana rukun Islam, jalma nu ka
tanah suci jadi haji.
4.2.18.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Ajén sosial anu aya dina carpon GT-18, bisa katitén tina tabél data ieu
di handap.
Tabél 4.101
Data Ajén Sosial GT-18
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-18:208/2 Mun teu sepor sok
nyeri awak
2. GT-18:214/2 Istigfar
3. GT-18:214/2 Ngadu’a sangkan
salamet
4. GT-18:215/2 Munggah haji
5. GT-18:215/2 Bageur jeung akuan
415
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
6. GT-18:215/2 Nyieun masjid
7. GT-18:215/2 Sukuran
8. GT-18:215/2 Sholawat sarébu
kali
9. GT-18:215/4 Khusnul khotimah
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran, hiji ajén moral, jeung dalapan ajén kaagamaan. Dina ieu
carpon teu kapanggih ajén kaéndahan.
1) Ajén Bebeneran
Data GT-18:208/2 ngébréhkeun ayana ajén bebeneran ngeunaan
kabiasaan leumpang isuk-isuk, anu ku palaku disebut sepor (tina sport;
olahraga). Ieu hal geus jadi kabiasaan palaku Mama Haji, nepi ka lamun
teu leumpang isuk-isuk téh sok nyareri awak.
2) Ajén Moral
Ajén moral aya dina data GT-18:215/2 anu ngébréhkeun ngeunaan
sipat bageur jeung akuanna Sukri sanggeus jadi Mama Haji Sukur.
3) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan nyampak dina dua data GT-18:214/2 anu
ngébréhkeun ngeunaan jalma anu ngan ménta tulung ngan ka Alloh. Ieu
hal diwakilan ku palaku Sukri basa keur nyumput ti para gorombolan di
para masjid. Harita Sukri ngan bisa istigfar jeung ménta sangkan manéhna
jeung kulawarga ogé pangebonna disalametkeun. Lima data GT-18:215/2
ngéréhkeun kahadéan-kahadéan Mama Haji Sukur, ti mimiti munggah
haji, bageur jeung akuan ka sasaha, nyieun masjid, nepi ka ngayakeun
sukuran unggal malem juma’ah, jeung maca sholawat sarébu balikan. Dina
GT-18:215/4, ngébréhkeun kaayaan Mama Haji anu maot kalawan
khusnul khotimah.
416
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon GT-18, bisa katitén tina tabél data
ieu di handap.
Tabél 4.102
Data Ajén Budaya GT-18
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-18:208/3 Sukri anu wanian
2. GT-18:208/1 Sepor tos sholat
subuh
3. GT-18:211/5 Pabinihan Sukri
panglegana
4. GT-18:214/2 Istigfar
5. GT-18:215/2 Alhamdulillah
6. GT-18:215/2 Munggah haji
7. GT-18:215/2 Sukri jadi jalma
bageur
8. GT-18:216/4 Ngajak solat subuh
9. GT-18:216/4 Ngalayad
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya hiji
ajén téori, hiji ajén ékonomi, tilu ajén agama, hiji ajén kawasa, jeung dua ajén
solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon patali jeung kaséhatan. Mama Haji anu
getol leuleumpangan sanggeus sholat subuh, ku manéhna disebut yén éta
téh olah raga. Ieu hal katitén dina data GT-18:208/1.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi aya dina data GT-18:211/5 anu ngagambarkeun
legana pabinihan Sukri. Pangna miboga ajén ékonomi, geus bisa kasawang
yén upamana Sukri boga pabinihan anu disebut panglegana di antara
pabinihan-pabinihan batur-batur salemburna, hartina sacara status sosial
417
ékonomi, Sukri mangrupa jalma anu boga sawah panglegana. Ieu hal jadi
salah sahiji indicator hiji jalma mikawanoh ajén ékonomi.
3) Ajén Agama
Data anu miboga ajén agama nya éta GT-18:214/2, anu
ngébréhkeun kaayaan sumerah Sukri basa keur nyumput. Dina dua data
GT-18:215/2, ngébréhkeun Sukri anu jadi jelema bageur sanggeus balik
munggah haji. Data séjénna nya éta GT-18:216/4 anu ngébréhkeun niat
hadé Mama Haji anu unggal isuk ngahudangkeun urang lembur ku cara
ngetruk-ngetruk iteukna kana jajalaneun.
4) Ajén Solidaritas
Ajén-ajén solidaritas dina ieu carpon nya éta nyampak dina data
GT-18:215/2 anu ngébréhkeun parobahan sikep jeung sipat Sukri tina anu
asalna Bengal jadi jalma bageur anu akuan ka sasaha. Data GT-18:216/4
ngébréhkeun ayana solidaritas di masarakat pilemburan, upama aya nu
maot ilaharna sok ngalayad bari nyambungan ku béas.
4.2.19 “Tatangga” (GT-19)
4.2.19.1 Struktur Carita GT-19
a. Téma
Téma carpon GT-19 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana
gambaran status sosial palaku anu aya dina ieu carpon. Palaku Érni anu
beunghar, pinter, jeung gawé di hiji pausahaan natangga jeung Éma,
pamajikan Aming anu ngan jadi ibu rumah tangga sabab teu boga atikan anu
luhur bari asalna ti lembur. Kaayaan anu kontras saperti di luhur mangrupa
anggapan palaku Éma kana kahirupan Érni anu ngan dicipta-cipta jeung
dipapantes ku manéhna. Sacara sosial, dina ieu carpon jalma anu boga gelar
jeung kalungguhan dina pagawéan dianggap boga status sosial anu luhur.
Tina ieu carpon, pangarang miharep anu beunghar bisa inget ka nu
kurang mampuh. Beunghar dina ieu kontéks kawilang jembar, lantaran
418
patali jeung beunghar élmu ogé beunghar kapribadian sarta jiwa sosial dina
dirina. Sedengkeun kontéks kurang mampuh nyoko kana suwungna pangabisa
atawa élmu pangaweruh anu dipibanda ku hiji jalma.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, carpon GT-19 kaasup kana galur
maju/mérélé. Pangna kitu, lantaran dina ieu carpon pangarang
ngébréhkeun susunan galur sacara sistematis ti mimiti, tengah, nepi ka
tungtung carita.
Carita dimimitian ku palaku kuring anu keur nyérangkeun buruan
imah Bu Érni bari ngalamun ngeunaan manéhna anu ngarasa teu boga
pangarti jeung kahayang manéhna nganjang ka imah Bu Érni (A). Galur
maju kana kaayaan kuring anu ngawangkong jeung salakina ngeunaan Bu
Érni (B). Kalawan idin salakina, kuring nganjang ka imah Bu Érni (C). Di
imah Bu Érni, kuring ngarasa yén pamadeganna salila ieu ngeunaan
kaayaan Bu Érni téh nyalahan (D). Carita dipungkas ku balik deuina
kuring ka imah, bari bisa nyindekkeun yén sipat jeung paripolah hiji jalma
teu saukur katingali tina gelar atawa kaayaan luarna wungkul, tapi tina
kapribadianana.
Upama dipolakeun, wangun galur carpon dumasar runtuyan
waktuna bisa katitén saperti ieu di handap.
A ---------- B ---------- C ---------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Kuring anu sibuk kana persepsina kana
rupa-rupa kaayaan tatanggana.
419
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanna, ieu carpon miboga galur anu
padet. Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu ditembrakkeun
dina ieu carita miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku kuring
anu nganjang ka imahna Bu Érni boga pamadegan ngeunaan kaayaan
jalma anu ku manéhna dianggap béda sacara sosial.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur pemikiran. Ieu
galur patali jeung eusi carita anu karandapan ku palaku utama kuring.
Eusi-eusi pamikiran jeung persepsi kana kaayaan sosial diébréhkeun
sacara langsung ku nu ngarandapanna. Kaasup cara mikir kuring anu
basajan jeung pola pikir Érni anu kompléks.
2) Palaku
Dina carpon GT-19, aya 13 urang palaku, nya éta Bu Érni (GT-
19:217/3), Kuring/Éma (GT-19:217/4), Aming (GT-19:219/3), Cep Edwin
(GT-19:218/2), Barudak (GT-19:219/6), Si Munah (GT-19:221/5), Mang
Sukri (GT-19:221/5), Pa Kapala (GT-19:223/5), Salaki Érni (GT-19:223/5),
Wiwin (GT-19:224/1), Tince (GT-19:224/4), Elly (GT-19:224/4), jeung Tika
(GT-19:224/4).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Bu Érni (GT-19:217/3) jeung
Kuring/Éma (GT-19:217/4) mangrupa palaku utama. Anu kaasup kana
palaku tambahanna nya éta Aming (GT-19:219/3), Cep Edwin (GT-
19:218/2), Barudak (GT-19:219/6), Si Munah (GT-19:221/5), Mang Sukri
(GT-19:221/5), Pa Kapala (GT-19:223/5), Salaki Érni (GT-19:223/5),
Wiwin (GT-19:224/1), Tince (GT-19:224/4), Elly (GT-19:224/4), jeung
Tika (GT-19:224/4).
420
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanna, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Bu Érni, Kuring, jeung Aming. Sedengkeun anu kaasup
kana palaku-palaku antagonis Wiwin, Tince, Elly, jeung Tika anu
mangrupa palaku-palaku anu miboga sipat goréng.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya hiji urang palaku
anu miboga watek basajan jeung dua urang palaku anu watekna kompléks.
Palaku anu miboga watek basajan nya éta Aming, salaki Éma. Palaku anu
watekna kompléks nya éta kuring jeung Bu Érni.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Bu Érni, kuring, jeung Aming.
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun Cep Edwin, Barudak, Si Munah,
Mang Sukri, Pa Kapala, Salaki Érni, Wiwin, Tince, Elly, jeung Tika
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.103
Data Latar GT-19
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. GT-19:217/1 Natangga
2. GT-19:217/3 Sataun
421
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
3. GT-19:219/4 Rohangan paranti
dahar
4. GT-19:219/6 Tabuh tilu soré
5. GT-19:219/6 Tempat saré barudak
6. GT-19:219/7 Rohangan tamu
7. GT-19:220/4 Kahirupan di lembur
8. GT-19:222/4 Pasosoré
9. GT-19:223/5 Ciamis
10. GT-19:224/1 Universitas
Pacabakan
11. GT-19:224/6 Kahirupan Érni
salaku wanita karir
12. GT-19:225/3 Dapur
(a) Tempat
Aya genep latar tempat dina carpon GT-19 ieu, nya éta GT-19:219/4
anu mangrupa tempat kuring maturan salakina dahar di rohangan paranti
dahar. Data GT-19:219/6 nétélakeun tempat saré barudak, dina data GT-
19:219/7 ngébréhkeun latar rohangan tamu tempat kuring ngalamun. Latar
GT-19:223/5 nya éta tempat salakina gawé di Ciamis. Data GT-19:224/1 nya
éta tempat Bu Érni jeung Wiwin pada-pada kuliah di Universitas Pacabakan.
Latar GT-19:225/3 nya éta tempat kuring ngaléos ka dapur rékneundeun
piring urut urab.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima nya éta, GT-19:217/3 mangrupa
lilana waktuna kuring jadi tatangga Bu Érni. Data GT-19:219/6 nya éta waktu
basa salaki kuring balik gawé.Latar GT-19:222/4nya éta waktu kuring
nganjang ka imahna Bu Érni.
422
(c) Sosial
Aya tilu latar sosial dina ieu carpon, nya éta GT-19:217/1, GT-
19:220/4, jeung GT-19:224/6. Data GT-19:217/1 mangrupa tradisi sosial dina
kahirupan sapopoé. Data GT-19:220/4 mangrupa gambaran kahirupan di
lembur anu basajan. Pangarang ngébréhkeun gambaran rumah tangga di
lembur anu ilaharna salaku patani. Béda jeung kahirupan rumah tanga di kota,
anu salaki jeung pamajikanna loba anu digarawé, nepi ka heureutna waktu
panggih jeung kulawarga. Saperti dina data GT-19:224/6 anu ngébréhkeun
kahirupan Bu Érni salaku wanita karir.
4.2.19.2 Unsur Semiotik GT-19
Unsur semiotik anu aya dina carpon GT-19 ngawengku opat ikon jeung
genep indéks. Teu kapanggih unsur simbol dina ieu carpon.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon GT-19 ngan aya anu mangrupa ikon imagis
jeung ikon métaforis.
Tabél 4.104
Analisis Unsur Ikon GT-19
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-19:217/4 Suwung ku
élmu walurat
ku pangabisa
Suwung ku élmu
walurat ku pangabisa
mangrupa tanda tina
kurang pangarti jeung
pangaweruh. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Enya, pimanaeun
kuring mah wanoh
jeung awéwé pantar
Bu Érni? Rumasa
sorangan mah
suwung ku élmu
walurat ku
pangabisa…
423
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
2. GT-19:223/2 Gering Gering dina ieu
kontéks lain
dilantarankeun ayana
panyakit dina jero
awak, ti lantaran aya
rasa katugenah dina
jero haté. Ieu katitén
dina cutatan
paguneman di
handap.
“Na kasawat naon ibu
téh? Abong nu atah
anjang, dugi ka teu
terang tatangga teu
damang.”
…
“Ah henteu, mung ieu
wé nuju teu genah
rasa.” …
3. GT-19:224/2 Ngasongkeun
susuguh nu
geus
ngajagrag
Ngasongkeun
susuguh nu geus
ngajagrag sabenerna
tanda komunikasi
basa-basi minangka
panyelang obrolan.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Nyaritana
ngarandeg, nyelang
ngasongkeun susuguh
nu ngajagrag ti tadi…
4. GT-19:224/4 Luhur kuta
gedé dunya
Luhur kuta gedé
dunya mangrupa
tanda tina kaayan hiji
jalma anu beunghar.
Luhur kuta (makuta),
miboga harti boga
kalungguhan/jabatan,
gedé dunya miboga
harti beunghar.
424
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
… Lah, sadayana wé
taya pisan nu hijieun.
Pada-pada aradigung
adiguna, rasa manéh
boga kolot luhur kuta
gedé dunya.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon GT-19 aya anu mangrupa indéks gejala
alam jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.105
Analisis Unsur Indéks GT-19
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-19:219/3 Resep
ngalamun
Réngkak
paripolah
Kuring jadi resep
ngalamun lantaran
mikiran jeung
ngabandingkeun awéwé
kampung anu teu
miboga atikan jeung
awéwé kota anu atikanna
luhur. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
“Ti iraha Ema sok resep
ngalamun?”
2. GT-19:219/4 Nangkarakkeu
n piring
Réngkak
paripolah
Nangkarakkeun piring
anu nangkub dina luhur
méja, mangrupa tanda
tina rék dahar. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
425
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
… Awak nguniang muru
rohangan paranti dahar,
dituturkeun ku Kang
Aming. Leungeun hiding
nangkarakkeun piring nu
tadi dipasang nangkub.
3. GT-19:221/1 Tara ningali
datang jeung
mulangna
srangéngé
Réngkak
paripolah
Tara ningali datang
jeung mulangna
srangéngé sabab sapopoé
di imah waé, tara kaluar.
Tara ningali datang
jeung mulangna
srangéngé
Sedeng kuring? Unggal
poé ngan ngotok ngowo
jero imah. Sakapeung
mah tara-tara acan
nyaksén datang jeung
mulangna srangéngé.
4. GT-19:221/4 Andalemi Réngkak
paripolah
Andalemi mangrupa
sikep anu sabenerna
kudu dipiboga ku
awéwé. Lantaran kodrat
awéwé kudu tarapti,
mandiri, jeung teu
réwél.Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Sakapeung, cenah kuring
téh kudu jadi awéwé
andalemi, tong réwél.
5. GT-19:221/4 Resep tatanya Réngkak
paripolah
Resep tatanya miboga
tujuan sangkan leuwih
ngaraketkeun tali
silaturahmi jeung
sangkan leuwih bisa
mekarkeun wawasan
atawa pangaweruh. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
426
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Sakapeung, cenah ari
jadi awéwé kudu resep
tatanya, nambah
kanyaho, ulah
kuuleun,sumuhun
dawuh.
6. GT-19:222/6 Cangra Gejala alam Langit anu cangra dina
ieu kontéks dijadikeun
tanda rék aya sémah anu
biasana tara nganjang.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
“Uluuuuh.. Bu Aming.
Panginten atuh mani
cangra kieu, da badé
sumping tamu.”
4.2.19.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.106
Data Ajén Sosial GT-19
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-19:218/3 Atikan jeung
kalungguhan
2. GT-19:221/1 Pamajikan cicing
di imah
3. GT-19:221/4 Awéwé kudu
andalemi
427
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén aya hiji data anu ngandung
ajén bebeneran, hiji ajén moral, jeung opat ajén kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina data GT-19:221/4 patali jeung aturan étika
wanoja Sunda anu andelemi. Salaku awéwé, geus sakuduna sagalana hadé
tata jeung hadé basa, lungguh tur bisa ngurus diri jeung kulawarga. Ieu hal
dianggap nyusahkeun ku palaku kuring lantaran ngarasa teu bébas.
2) Ajén Moral
Ajén moral aya dina data GT-19:218/3 anu ngébréhkeun hubungan
atikan jeung kalungguhan di masarakat, anu mingkin luhur atikan hiji
jalma, mingkin dianggap luhur ogé status sosialna. Dina data GT-19:221/1
nétélakeun peran jeung fungsi wanoja salaku indung jeung salaku
pamajikan anu boga kawajiban ngurus imah jeung anak.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.107
Data Ajén Budaya GT-19
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-19:217/1 Natangga
2. GT-19:219/7 Ngalamun teu
matak olok duit
3. GT-19:220/2 Sarjana
4. GT-19:220/2 Gedé dunya
5. GT-19:221/4 Awéwé kudu
andalemi
6. GT-19:221/4 Awéwé kudu
reseptatanya
428
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Katerangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
7. GT-19:222/2 Salaki ngarti kana
kahayang
pamajikan
8. GT-19:222/3 Pamajikan tuhu ka
salaki
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén aya tilu
ajén téori, dua ajén ékonomi, jeung genep ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu
kapanggih ajén seni, agama, jeung kawasa.
1) Ajén Téori
Ajén téori dina ieu carpon aya dina dua data GT-19:221/4 jeung
GT-19:220/2. Dua data GT-19:221/4 ngébréhkeun étika jeung aturan
tatakrama awéwé anu kudu bisa tatanya sangkan loba kabisa tapi tetep
andalemi. Dina data GT-19:220/2 ngébréhkeun ayana data atikan dina
gambaran salakina kuring anu boga gelar sarjana. Gelar Strata-1 dina ieu
carpon miboga kalungguhan anu luhur. Ieu hal patali jeung mangsa ieu
carpon ditulis.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi dina ieu carpon aya dina data GT-19:219/7 jeung
GT-19:220/2. Data GT-19:219/7 ngagambarkeun yén sagala hal butuh
duit, iwal ngalamun anu gratis. Ceuk pamikiran heureut palaku kuring,
ngalamun teu matak ngarugikeun sasaha. Jadi, ayana duit salaku tolak
ukur keur ngajén hiji hal anu aya patalina jeung untung sarta rugi, bisa
ditétélakeun yén duit miboga kalungguhan anu kacida penting keur
lumangsungna kahirupan.
3) Ajén Solidaritas
Data GT-19:217/1, GT-19:222/2, jeung GT-19:222/3 ngébréhkeun
ayana ajén solidaritas dina ieu carpon. Palaku kuring anu hayang natangga
429
jeung Bu Érni lantaran dianggap pinter jeung siga anu alus budi mangrupa
gambaran kalungguhan hiji jalma di masarakat, salian ti salaku mahluk
individu anu miboga galur hirup jeung kahirupan sorangan, tapi ogé salaku
mahluk sosial, anu salila hirupna teu bisa sorangan jeung nyorangan. Éta
hal aya dina data GT-19:217/1. Konsép solidaritas séjén témbong dina
data GT-19:222/2, anu ngébréhkeun ayana rasa nyaah salaki jeung sipatna
anu surti kana kahayang pamajikan. Palaku Aming, anu ngaraskeun kana
kakesel pamajikanna ngotok ngowo di imah ngarasa perlu ngajarkeun cara
sosialisasi jeung masarakat sabudeureunna. Dina data GT-19:222/3
ngébréhkeun kanyaah jeung kasatiaan pamajikan ka salaki. Kuring kakara
wani nganjang ka Bu Érni sanggeus diidinan ku salakina.
4.2.20 “Aki Sasmita” (SKKS-01)
4.2.20.1 Struktur Carita SKKS-01
a. Téma
Téma carpon SKKS-01 nya éta kadaulatan rakyat atawa téma
ngeunaan perjoangan rahayat ngalawan sikep otoriter parapamingpin. Ieu
tema katitén tina eusi carita nu ngagambarkeun perjoangan rahayat ka
pangusaha jeung wakil rahayat salaku tamengna. Rahayat satékah polah
merjoangkeun hakna kana jangji ti pangusaha nu can kénéh ditedunan nya éta
pembayaran sésa tanah nu can dilunasan.
Sikep pangusaha matak ngarugikeun masarakat. Tanah nu mangrupa
tempat néangan pakasaban sapopoéna dibeuli paksa ku pangusaha, bari jeung
teu dilunasan langsung. Rahayat merjoangkeun hakna nepika lilana 10 taun.
Ieu dii handap mangrupa cutatan nu ngagambarkeun perjoangan rahayat salila
sapuluh taun.
“... Ceuk abdi maenya, kira-kira waé sapuluh taun katukang
disaruakeun sareng ayeuna..." (17/1)
Tina téma nu diébréhkeun pangarang miharep sangkan
pangusaha,wakil rahayat jeung rahayat sauyunan babarengan ngokolakeun
430
nagara keur kapentingan balarea,lain kapentingan golongan. Tapi nu kajadian
pangusaha jeung wakil rahayat ngan sakur ngabibita, méré jangji-jangji teu
dibarengan ku bukti. Antukna rahayat leutik mingkin sangsara.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar runtuyan waktu ieu carpon kaasup kana galur mundur
(flash back), nya eta galur anu dimimitian tina mangsa kiwari dituluykeun
ku nyaritakeun mangsa kamari. Aki Sasmita anu peuting harita keur
ngalamun, dina lamunana pinuh ku rupa-rupa carita nu geus kalarung.
Carita dimimitian ku gambaran palaku "Aki Sasmita" nu hayang
geura nyaho kumaha kaputusan ngeunaan tanah anu keur jadi
pacengkadan. Galur bras kana sabab musabab tanah rahayat rek dibeuli ku
pangusaha ti kota. Carita maju kana perjoangan rahayat anu hakna can
dilunasan, nepika ahirna bras deui ka peuting ayeuna nu bakal
dipatotoskeun kumaha hasilna.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katiten
saperti di handap. D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa Aki Sasmita
ngalamun. A, B jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-
kajadian nu kaalaman ku Aki Sasmita saméméh jeung sanggeus datangna
pangusaha ti kota. D2 mangrupa waktu perjoangan rahayat nungtut hakna
ka pangusaha jeung wakil rahayat.E mangrupa ahir carita nu
ngagambarkeun kuciwana Aki Sasmita kana hasil kaputusan nu kudu
ditarima.
D1 ----------- A ----------- B ----------- C ---------- D2 ----------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diebrehkeun ku cara
431
nembongkeun saurang palaku Aki Sasmita anu ngalaman rupa-rupa
pasualan hirup ti mangsa ka mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kriteria kepadatana, ieu carpon miboga galur anu padet.
Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diebrehkeun ku palaku
utamana sacara langsung. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu
carita miboga hubungan nu dalit jeung inti carita. Palaku Aki Sasmita nu
ngimpleng ka tukang kana kajadian saméméh jeung sanggeus datangna
pangusaha ti kota, perjoangan rahayat nu nungtut hakna ka pangusaha,
jeung hasil kaputusan nu matak nguciwakeun keur Aki Sasmita ogé
rahayat mangrupa kajadian anu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita nu karandapan ku palaku utama Aki
Sasmita. Kajadian-kajadian nu tumiba ka Aki Sasmita ti mimiti ngimpleng
ka mangsa kamari nepika mangsa kiwari diébréhkeun sacara langsung ku
nu ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon SKKS-01, aya 14 urang nya eta Aki Sasmita (SKKS-
01:9/1), pamajikan Aki Sasmita (SKKS-01:9/2), barudak ngora (SKKS-
01:9/4), Samudi (SKKS-01:10/1), Insinyur Pertanian (SKKS-01:11/1), Pak
Kuwu (SKKS-01:11/2), Jang Karsa (SKKS-01:11/4), Pa Endang Udin
(SKKS-01:11/4), pamajikan Endang (SKKS-01:11/6), indung jang Karsa
(SKKS-01:12/1), wakil rahayat (SKKS-01:12/1), wakil pangusaha(SKKS-
01:13/4), Jang Kadar (SKKS-01:15/8), jeung buta héjo (SKKS-01:12/2).
Dalapan urang palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana
lima urang palaku ngan disebut ku palaku utama minangka bagian tina
pangalaman anu dilakonan.
432
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanna, Aki Sasmita mangrupa palaku utama.
Tilu belas palaku sejenna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
ngarojong palaku utama nya eta (SKKS-01:10/1), (SKKS-01:11/1),
(SKKS-01:11/2), (SKKS-01:11/4), jeung (SKKS-01:13/4). Sedengkeun
para palaku anu ngan salaku panglengkep carita atawa ngarojong carita
kalawan teu langsung nya éta (SKKS-01:9/2), (SKKS-01:9/4), (SKKS-
01:11/6), (SKKS-01:12/1), (SKKS-01:12/1), (SKKS-01:15/8), jeung
(SKKS-01:12/2).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanana, anu kaasup kana palaku protagonis
dina ieu carpon nya éta Aki Sasmita, pamajikanana, barudak ngora,
Samudi, jang Karsa, Pa Endang Udin, pamajikan Endang, indung Jang
Karsa, jeung wakil rahayat. Sedengkeun nu kaasup kana palaku-palaku
antagonis nya éta Pa Kuwu, gegedén, konglomerat, jeung buta héjo.
Palaku Aki Sasmita mangrupa palaku protagonis lantaran
digambarkeun miboga sipat nu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu
maca. Kahadéan-kahadéan Aki Sasmita bisa katitén dina sawatara cutatan
ieu di handap.
“Apa mah teu hayang boga anak beurat beunghar tina duit nu
teu kakesangan, hayang soteh boga anak jujur anu pangger
iman, henteu mentingkeun diri sorangan jeung salawasna
ngaragap angen batur,” pokna. (12/5)
“... Ulah unggut kalinduan dina kajujuran. Keun baé batur
beunghar, urang henteu ge, ari kudu pecat iman mah. Ajak
pamajikan kana hirup beresih.”(12/6)
“Keun baé, entong sok kacemekan ku barang saeutik. Urang
geus kudu nganuhunkeun kana ni’mat anu geus dipasihkeun ku
Anjeunna. Tanah sakitu mah keun bae atuh. Batur mah
ngawakafkeun tanah nepi ka hektaran. Ari urang, keun atuh aya
433
wae milik urang rawatan, henteu mah nyanggakeun ka Nu
Kagungan.”(15/2)
Tina sawatara cutatan diluhur bisa katiten yen Aki Sasmita miboga
sipat nu hadé, pengkuh kana iman, jujur, tur wijaksana. Salian ti Aki
Sasmita, palaku protagonis liana nya eta Samudi, manéhna mangrupa
jalma nu teu kumeok méméh dipacok, terus usaha merjoangkeun tanah
rahayat.
“Ayeuna mah jaman réformasi, Ki, teu kudu sieun. Urang
kabeh bisa ngadoni ka Wakil Rahayat, yen tanah urang can
dibayar lunas ku nu meuli.”(14/1)
Palaku protagonis lianna nu miboga sipat hadé nya éta jang Karsa
jeung Pa Endang Udin. Manéhna duaan nepi ka dibérok lantaran terus
nungtut merjoangkeun hak rahayat.
... Tapi basa jang Karsa jeung Pa Endang Udin
dikerewed,disebut subversive, ngahalang-halang
pangwangunan, sarerea ngeleper... (11/4)
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon aya ogé palaku
antagonis, nya eta Pa Kuwu, Insinyur Pertanian, wakil pangusaha, jeung
buta héjo. Najan teu dicaritakeun sacara jelas sipat antagonis Pa Kuwu,
Insinyur, jeung gegedén tapi bisa katilik tina sikepna nu ngarojong ka
pangusaha pikeun ngawangun lapangan golf nu saenyana éta tanah rahayat
the mangrupa ladang sapopoé pakasaban rahayat.
“...Pa Kuwu ngajakan ngariung ka sakumna urang lembur.
Cenah tanah maranehna rék dibeuli.”(11/2)
… tapi wawakil pangusaha tea unggal ditagih duit sesana,
cukup ku engké gé tangtos diwartosan... (13/4)
Lantaran palaku-palaku sejen ngan saliwat-saliwat disebutkeunna,
teu kapaluruh protagonis jeung antagonisna.
434
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon aya lima urang
palaku nu miboga watek basajan, sedengkeun taya palaku nu watekna
kompleks. Palaku nu miboga watek basajan nya eta Aki Sasmita,
pamajikanana, Samudi, Jang Karsa, jeung Pa Endang Udin. Sanajan Aki
Sasmita kaasup kana palaku utama, tetela watekna mah basajan jeung
statis. Ieu katiten tina mimiti dibukana carita nu ngagambarkeun sikep Aki
Sasmita nu tenang, wijaksana nepi ka ahir carita. Palaku wawakil
pangusaha miboga watek nu goréng, sabab milu ngarojong kana
pangwangunan eta lapangan nu can bérés dilunasan ka rahayat.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Aki Sasmita, pamajikana,
Samudi, Jang Karsa, Pa Endang Udin mangrupa palaku tipikal.
Sedengkeun barudak ngora, Insinyur Pertanian, Pa Kuwu, pamajikan
Endang, indung Jang Karsa jeung buta héjo kaasup palaku nétral anu ngan
saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan sacara krusial kana
guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.108
Data Latar SKKS-01
No Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-01:9/1 Dina Korsi
2. SKKS-01:9/1 Désa
3. SKKS-01:9/5 Lapangan Golf
4. SKKS-01:9/5 Désa
Heulangruyuk
435
No Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
5. SKKS-01:9/5 Éra geus kolot
6. SKKS-01:9/5 Baretona jalma
ngarti
7. SKKS-01:10/2 Ayeuna
8. SKKS-01:10/4 Ka kota
9. SKKS-01:11/1 Sapuluh taun ka
tukang
10. SKKS-01:11/2 Saminggu
11. SKKS-01:11/4 Engkéna
12. SKKS-01:11/4 Di éta tempat
rékréasi
13. SKKS-01:11/6 Ti dapur
14. SKKS-01:12/1 Ayeuna
15. SKKS-01:13/2 Heuleut sabulan
16. SKKS-01:13/2 Baréto
17. SKKS-01:13/4 Satengah taun
18. SKKS-01:13/4 Di tukangeun
jaruji beusi
(a) Tempat
Aya salapan latar tempat dina carpon SKKS-01 ieu, nya éta dina
korsi (SKKS-01:9/1), désa (SKKS-01:9/1), lapangan golf (SKKS-01:9/5),
Désa Heulangruyuk (SKKS-01:9/5), ka kota (SKKS-01:10/4), tempat
rékréasi (SKKS-01:11/4), ti dapur (SKKS-01:11/6), tukangeun jaruji beusi
(SKKS-01:13/4).
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya genep, nya éta ayeuna (SKKS-
01:10/2), sapuluh taun ka tukang (SKKS-01:11/1), saminggu (SKKS-
01:11/2), engkéna (SKKS-01:11/4), baréto (SKKS-01:13/2), jeung
satengah taun (SKKS-01:13/4). Ayeuna jeung sapuluh taun ka tukang nya
éta waktu nu nuduhkeun kaayaan alam harita nu masih kénéh seger.
Saminggu nuduhkeun waktu sanggeus katatamuan insinyur ti kota.
Engkena nuduhkeun waktu yen urang lembur bakal diajak gawé. Jeung
436
baréto mangrupa waktu nuduhkeun kaayaan tanah nu can dijieun tempat
rékréasi.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél diluhur, aya dua latar sosial dina ieu carpon.
Éra geus kolot nya éta cara mikir nu nuduhkeun kaayaan Aki Sasmita nu
geus kolot (SKKS-01:9/5) Aki Sasmita ngarumasakeun diri yén manéhna
geus kolot kukituna manehna cukup ku ngadu’akeun ti tukang.
Sedengkeun barétona jalma ngarti (SKKS-01:9/5) mangrupa cara mikir
ogé ti sawangan masarakat nu miharep Aki Sasmita sangkan milu aub
kana démonstrasi sabab Aki Sasmita barétona mangrupa jalma ngarti.
4.2.20.2 Unsur Semiotik SKKS-01
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-01 ngawengku dua ikon, tilu
indéks, jeung opat simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-01 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.109
Analisis Unsur Ikon SKKS-01
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (7) (8)
1. SKKS-01:14/3 Getas
harupateun
Sagala hal kudi
dipikiran kalawan
asak meh teu
kaduhung di ahir. Ieu
bisa katitén dina
cutatan di handap.
“Kadé, Ujang, ulah
getas harupateun,
bisi kaduhung di
ahir.”
437
No. Kode Data Réferent
Tipe Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (7) (8)
2. SKKS-01:15/16 Pacikrak
ngalawan
merak
Nuduhkeun rahayat
moal bisa meunang
ngalawan
konglomerat. Ieu bisa
katitén dina cutatan
di handap.
“Paingan saur Aki,
urang téh kawas
pacikrak ngalawan
merak”.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-01 aya anu mangrupa indéks gejala
alam. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di handap.
Tabél 4.110
Analisis Unsur Indéks SKKS-01
No. Kode Data Referent Tipe Interpretasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-01:9/1 Langit angkeub Gejala
alam
Langit angkeub
mangrupa tanda tina
kaayaan nuduhkeun rék
hujan. Ieu bisa katitén
dina cutatan di handap.
Langit angkeub,
haleungheum
pihujaneun...
2. SKKS-01:9/1 Angina ngagelebug
ngoyageun daun
Gejala
alam
Biasana pihujaneun sok
dibarengan ku angina.
Ieu bisa katitén dina
cutatan di handap.
... Angin ngagelebug
ngoyagkeun sagala
daun. Aki Sasmita
angger diuk...
438
No. Kode Data Referent Tipe Interpretasi
(1) (2) (3) (4) (5)
3. SKKS-01:10/2 Kalakay maruragan Gejala
alam
Balukar tina angina nu
gedé, kalakay milu
maruragan. Ieu bisa
katitén dina cutatan di
handap.
... Ayeuna mah lain
ukur daun aroyag,
kalakay ogé mimiti
maruragan, da angin
beuki rosa
ngagelebugna...
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon SKKS-01 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.111
Analisis Unsur Simbol SKKS-01
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-01:9/1 Langit Bagian alam kasajagatan nu posisina
aya di luhur bumi. Dina ieu carpon
nuduhkeun yen langit angkeub
nuduhkeun pihujaneun. Ieu katiten dina
cutatan di handap.
Langit angkeub, ngaheungheum
pihujaneun...
2. SKKS-01:9/2 Jandela Bagian imah pikeun lawang asup hawa.
Dina ieu carpon pamajikan Aki Sasmita
nitah sangkan Aki Sasmita nutupan
jandéla. Ieu katiten dina cutatan di
handap.
“Akang, sanés tutup jandela teh angin”
439
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
3. SKKS-01:11/4 Gunung Mangrupa babagian eusi bumi anu
wangunna gedé, biasana diwangun ku
tatangkalan, atawa gunung kapur. Ieu
katiten dina cutatan di handap.
... Gunung anu ngalingkung, pasir anu
bulitsir, jeung jukut anu hejo lembok
narik ati nu beunghar.
4. SKKS-01:13/2 Tanah Mangrupa bagian eusi bumi, gunana
pikeun tempat ngawangun imah, melak
rupa-rupa tatanen. Dina carpon ieu
tanah mangrupa hal nu jadi matak
pacengkadan antara rahayat jeung
pangusaha lapangan golf. Ieu katiten
dina cutatan di handap.
Baréto gé kitu, abrul-abrulan nyaksian
tanahna diurugan taneuh,terus
dibuldoser...
4.2.20.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-01
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.112
Data Ajén Sosial SKKS-01
No Kode Data Data Ajen Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. SKKS-01:9/5 Dipihormat
2. SKKS-01:10/4 Gunung
ngalingkung,
pasir bulitsir,
jukut héjo
ngalémbok
3. SKKS-01:12/2 Jadi jalma teu
meunang
sarakah
440
No Kode Data Data Ajen Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
4. SKKS-01:12/5 Teu
mentingkeun
diri sorangan
5. SKKS-01:12/6 Ajak
pamajikan
hirup beresih
6. SKKS-01:15/2 Nganuhunkeun
kana ni’mat
anu
dipasihkeun ku
Anjeunna
7. SKKS-01:16/7 Basa lemes
dianggit
soméah
daréhdéh
Dumasar kana tabél di luhur, katiten aya tilu ajen bebeneran, hiji ajen
kaendahan, dua ajen moral, sarta hiji ajen agama.
1) Ajén Bebeneran
Dina ajén bebeneran, data-data nu dipidangkeun raket patalina dina
kahirupan sapopoe yen jalma teu meunang sarakah, teu mentingkeun diri
sorangan, sarta kudu ngajak jalma kana hirup nu beresih. Tilu hal diluhur
kacida pentingna dina ngajalankeun kahirupan sangkan leuwih hadé. Data
SKKS-01:12/2 ngébréhkeun yén jalma sarakah lain jalma anu bener. Dina
data SKKS-01:12/5, ngébréhkeun pamadegan sangkan teu mentingkeun diri
sorangan. Data SKKS-01:12/6 ngébréhkeun kawajiban salaki pikeun ngajak
pamajikan hirup beresih.
2) Ajén Kaéndahan
Dina data SKKS-01:11/4 ngébréhkeun kaendahan alam nu kacida
éndahna nu digambarkeun nya éta gunung ngalikung, pasir bulitsir, jukut
héjo lémbok.
441
3) Ajén Moral
Ajén moral nu aya dina data SKKS-01:9/5 nu ngébréhkeun yén Aki
Sasmita mangrupa jalma nu dipihormat. Data liana nya éta SKKS-01:16/7
nu ngébréhkeun yén wakil rahayat teh éstu basa lemesna dianggit, soméah
tur daréhdéh.
4) Ajén Kaagamaan
Ajén agama aya dina data SKKS-01:15/2 nu mangrupa sikep réligius ti
palaku utama nya éta Aki Sasmita nu nganuhunkeun kana ni’mat nu
dipaparinkeun ku Gusti Nu Maha Agung.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya dalapan
ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.113
Data Ajén Budaya SKKS-01
No Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-01:10/3 Resik jeung subur
2. SKKS-01:10/3 Sagala nu dipelak
teu burung jadi
3. SKKS-01:11/2 Tanah maranéhna
rék dibeuli
4. SKKS-01:11/4
Ladang bisa dipaké
meuli sawah
ditempat séjén
5. SKKS-01:12/1 Lamun
dibutuhkeun nagara
6. SKKS-01:13/3 Dadagangan
7. SKKS-01:12/1 Ngan bisa
ngupahan
8. SKKS-01:17/14 Dibahanan payung
hiji sewing
442
Dumasar kana tabél diluhur katitén aya dua ajen téori, tilu ajén ékonomi, hiji
ajén kakawasaan, jeung dua ajén solidaritas. Dina ieu carpon teu kapanggih ayana
ajén agama jeung ajén seni.
1) Ajén Téori
Ajén téori nu kapanggih luyu jeung kaayaan alam di desa
Heulangruyuk nu alamna resik jeung subur, nepi ka sagala rupa nu dipelak
teu burung jadi (SKKS-01:10/3).
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyaritakeun ngeunaan pangolo ti pangusaha nu rék
meuli tanah yen dina hasil duit tanah nu dijual téh bisa dibeulikeun deui
kana sawah (SKKS-01:11/4) jeung bisa dipaké dadagangan (SKKS-
01:13/1). Najan ahirna nu dadagangan di sakuriling tempat rékréasi téh teu
payu, sabab gegedén teu daraék barang beuli jajanan di luar tempat rékréasi.
3) Ajén Kawasa
Data nu miboga ajén kawasa nya éta SKKS-01:12/1, nu ngébréhkeun
yén milik pribadi upama dibutuhkeun ku nagara teu beunang dikorétkeun.
Ieu hal nuduhkeun yén masarakat teu bisa kukumaha upama nagara boga
kawasa, contona basa tanah rakyat dipénta keur kapentingan nagara.
4) Ajén Solidaritas
Data nu miboga ajén solidaritas aya dua, nya éta SKKS-01:11/1 nu
ngébréhkeun kajadian basa pamajikan Endang Udin, jeung indungna Jang
Karsa ceurik balilihan ménta tulung ka Aki Sasmita sangkan nulungan
Endang Udin, jeung Jang Karsa nu dikerewed. Tapi Aki Sasmita teu bisa
kukumaha ngan bisa ngupahan. Data nu kadua nya éta SKKS-01:17/14 nu
ngébréhkeun kahadéan ti pamajikan Aki Sasmita nu mahanan payung ka
Jang Karsa, Jang Kadar, Samudi, jeung Endang Udin, sabab peuting harita
hujan beuki gedé. Ieu hal nuduhkeun ajen solidaritas nu luhur sangkan nu
sémah teu kahujanan.
443
4.2.21 “Surat Keur Ka Sawarga” (SKKS-02)
4.2.21.1 Struktur Carita SKKS-02
a. Téma
Téma carpon SKKS-02 nya eta kamanusaan. Ieu tema nyoko kana gambaran
hirup “abdi” nu éstu mikanyaah “abah” najan “abah” téh geus taya dikieuna, tapi
papatah abah éstu nerap ka palaku “abdi” salila hirupna, nu ahirna éta papatah téh
nganteurkeun kahirupan “abdi” kana kahirupan nu mandiri.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep sangkan nu jadi anak kudu
mikanyaah kolot. Najan kolot geus tilar dunya, tapi piwuruk-piwurukna kudu
pageuh dicekel sangkan hirupna leuwih nanjeur. Ieu di handap mangrupa cutatan
nu ngagambarkeun éta téma
“... Mugi-mugi abdi sareng barudak tiasa ngeunteung ka abah anu
ngalakonan hirup di dunya téhestu ku kecap asal cekap...”(24/1)
Ras emut ka barudak abdi téh, kapan parantos duaan nu dibantun ku
abdi... (23/6)
“Hirup mah sing gedé kanyaah. Kanyaah mah dibikeunan téh lain
béak, kalah ngagedéan...” (23/7)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur mundur
(flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa kiwari
dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Andi anu harita keur ngalamun
bari nyieun surat, dina lamunana pinuh ku carita nu geus kalarung.
Carita dimimitian ku gambaran palaku abdi anu keur nginget-nginget
mangsa manehna mimiti datang ka lembur abah (mitohana). Galur bras kana
sabab-musabab manéhna bisa datang ka lembur abah ku cara panggih jeung
pun lanceuk nya éta budakna abah. Carita maju kana pangalaman-
444
pangalaman abdi di lembur abah nu matak pikabetaheun. Tuluy carita
dipungkas ku mangsa kiwari nu ngebrehkeun kahirupan abdi geus sagala
cukup balukar tina nyekel pageuh piwuruk-piwuruk abah.
D1 mangrupa mangsa peuting ayeuna basa abdi nulis surat. A
mangruapa waktu abdi ti mimiti panggih jeung pun lanceuk, B mangrupa
mangsa-mangsa “abah” méré gambaran ngeunaan kahirupan. C mangrupa
waktu hirup di lembur abah. D2 mangrupa mangsa abah tilar dunya nepi ka
mangsa abdi ngarorok tur mikanyaah putra-putra abah nepi ka mandiri.
Sedengkeun E mangrupa mangsa kiwari basa abdi nulis surat keur abah nu di
sawarga. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katiten
saperti di handap.
D1 ------------ A ---------- B ------------- C ------------ D2 -------------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kriteria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji galur
(tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara némbongkeun
saurang palaku abdi anu ngalaman rupa-rupa pangalaman hirup ti mangsa ka
mangsa.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kriteria kepadatana, ieu carpon miboga galur anu padet.
Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diebrehkeun ku palaku
utamana sacara langsung. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu
carita miboga hubungan nu dalit jeung inti carita. Palaku “abdi” nu
ngimpleng ka tukang kana pangalaman saméméh jeung sanggeus tilarna
“abah” nu mangrupa mitohana, mangrupa galur carita nu raket pisan patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan. Ieu
galur patali jeung eusi carita nu karandapan ku palaku utama abdi.
445
Pangalaman- pangalaman nu karandapan ku abdi ka ti mimiti ngimpleng ka
mangsa kamari nepika mangsa kiwari diebrehkeun sacara langsung ku nu
ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon SKKS-02, aya lima urang palaku nya éta Abdi (SKKS-02:19/1),
Abah (SKKS-02:19/1), Ema (SKKS-02:23/7), pun lanceuk (SKKS-02:20/2),
jeung putra abah nu aralit (SKKS-02:21/3). Tilu urang palaku méré pangrojong
kana eusi katut galur carita, sésana ngan disebut ku palaku utama minangka
bagian tina pangalaman anu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanna, abdi jeung Abah mangrupa palaku utama.
Dua palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu ngarojong kana
eusi carita, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu ngarojong palaku
utama nya éta (SKKS-02:23/7). Sedengkeun para palaku anu ngan salaku
panglengkep carita atawa ngarojong carita kalawan teu langsung nya éta
(SKKS-02:20/2) jeung (SKKS-02:21/3).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanana, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya eta abdi, pun lanceuk, Abah, Ema, jeung budak abah nu aralit.
Sakabeh palaku dina ieu carpon mangrupa palaku protagonis lantaran
digambarkeun miboga sipat nu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu maca.
Kahadéan-kahadéan Abdi jeung abah bisa katiten tina cutatan ieu di handap.
“... Ari parantos asak di ka abdikeun. Katampi pisan ku abdi téh
lahir batin.” (19/3)
Ras emut ka barudak abdi téh, kapan parantos duaan nu dibantun
ku abdi... (23/6)
“Manga geura tuang endén, tuh aya goréng lauk emas, kénging
ngala ti balong. Aya sambel, ieu aya lauk asin deuih. Tah éta mah
écéng kénging ngala ti balong. Kieu tuang di kampung mah teu aya
nu saé…”(21/2)
446
Dina cutatan di luhur katitén yén abdi miknyaah ka Abah, kitu Abah
mikanyaah pisan ka abdi. Kanyaah Abah kagambar tina sikepna nu soméah ka
abdi nu salaku minantuna, méré pangalaman-pangalaman di pilemburan nu
matak pikaresepeun ka abdi, ogé sok mamatahan ka abdi nepi ka abdi jadi
jalma bener. Kanyaah abdi ka kulawarga abah ogé kabukti basa abdi ngarorok
budak abah nu aralit.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku miboga
watek basajan, euweuh palaku anu miboga sipat kompléks. Palaku anu miboga
watek basajan nya éta abah, abdi, jeung ema. Sanajan abdi palaku utama,
tétéla watekna mah basajan jeung statis. Ieu katitén tina mimiti abdi panggih
jeung abah, basa abah geus tilar dunya, watekna angger bageur mikanyaah ka
abah. Ieu bisa katitén tina cutatan di handap
... Mugi-mugi abdi tiasa ngeunteung ka abah anu ngalakonan hirup
di dunya téh estu ku kecap asal cekap... (24/2)
Abdi salaku palaku anu watekna teu mekar kalawan dinamis, teu
matak ngabalukarkeun statisna eusi carita. Ieu hal lantaran watek-watek para
palaku anu basajan diébréhkeun dina eusi carita anu kompléks. Kajadian-
kajadian anu kaalaman ku para palaku miboga hubungan anu dalit ngawangun
hiji carita anu gembleng. Jadi, sanajan euweuh palaku anu kompléks tur
dinamis, ieu carpon miboga carita anu alus.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, abdi, Abah, jeung Ema mangrupa
palaku tipikal. Sedengkeun pun lanceuk jeung budak abah nu aralit mangrupa
palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu mangaruhan
sacara krusial kana guluyurna carita.
447
3) Latar
Latar tempat, waktu, jeung sosial anu aya dina ieu carpon bisa katitén dina
tabél ieu di handap.
Tabél 4.114
Data Latar SKKS-02
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-02:19/1 Dina hawu
2. SKKS-02:19/1 Kahirupan basajan
di kampung
3. SKKS-02:19/3 Ti huma
4. SKKS-02:19/4 Di pasir
5. SKKS-02:20/5 Jaman kapengker
6. SKKS-02:20/4 Cipalebuh
7. SKKS-02:20/4 Di walungan
8. SKKS-02:21/4 Dina hiji dinten
9. SKKS-02:22/1 Dinten sanes
10. SKKS-02:22/1 Cilauteureun
11. SKKS-02:22/1 Santolo
12. SKKS-02:22/8 Taun-taun dipapay
13. SKKS-02:22/8 Ka Bandung
14. SKKS-02:22/8 Rumah sakit
15. SKKS-02:22/9 Sakali-kalina
(a) Tempat
Aya sapuluh latar tempat dina carpon SKKS-02 ieu, nya eta di hawu
(SKKS-02:19/1) anu mangrupa tempat di dapur paranti abah meuleum sampeu
bari sideang, di kampung (SKKS-02:19/1) mangrupa lembur abah, ti huma
(SKKS-02:19/3) mangrupa tempat abah melak sampeu, di pasir (SKKS-
02:19/3) mangrupa tempat abah melak sagala rupa anu bisa di tuang,
Cipalebuh (SKKS-02:20/4) mangrupa walungan tempat mandi, di walungan
(SKKS-02:20/4) tempat marandi urang lembur, Cilauteureun (SKKS-02:22/1)
tempat abdi diajak ku abah ka laut, Santolo (SKKS-02:22/1) tempat abdi
diajak abah ka basisir, ka Bandung (SKKS-02:22/8) tempat abdi dumuk sok
448
dianjangan ku abah, rumah sakit (SKKS-02:22/8) tempat waktu abah tatamba
lantaran gering.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima, nya éta jaman baheula (SKKS-
02:20/5) waktu abah jeung ema mulih ka kalanggengan, dina hiji dinten
(SKKS-02:21/4) waktu abdi diajak ku abah ka huma, dinten sanes (SKKS-02:
22/1) waktu abdi diajak ku abah ka laut, taun-taun dipapay (SKKS-02:22/8)
mangsa abdi salila hirup rumah tangga jeung “pun lanceuk”, sakali-kalina
(SKKS-02:22/9) mangrupa mangsa abdi nganjangan deui ka lembur nalika
abah répot.
(c) Sosial
Data SKKS-02:19/1 ngébréhkeun latar sosial masarakat pilemburan
anu basajan, leubeut ku ajén-inajén ngeunaan kahirupan.
4.2.21.2 Unsur Semiotik SKKS-02
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-02 ngawengku dua ikon, genep
indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-02 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.115
Analisis Unsur Ikon SKKS-02
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-02:23/5 Nabung dina
diploma
Nabung dina diploma
nyitrakeun yén
palaku boga élmu
hasil sakola diploma.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
449
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
“Abah, abdi mah teu
acan tiasa nabung
nanaon, panginten
abdi mah nabung téh
dina diploma baé…”
2. SKKS-02:20/3 Ombak sagedé
gunung
Ombak anu sagedé
gunung mangrupa
gambaran tina ombak
anu kacida gedé di
Laut Kidul. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
… Na aya ombak
mani tingsurungkuy
sagedé-gedé
gunung…
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-02 aya anu mangrupa indéks
zat/barang, gejala fisik, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data
tabél ieu di handap.
Tabél 4.116
Analisis Unsur Indéks SKKS-02
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-02:19/3 Nya seungit
sareng pulen
Zat atawa
barang
Lantaran sampeu téh
dibeuleum dina hawu maké
keretas, ku kituna
ngajadikeun sampeu seungit
jeung pulen. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Beuleum sampeu anu
seungit sareng pulen, tadi
siang ditatanggung ku Abah
ti huma.
450
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
2. SKKS-02:20/1 Hanaang Gejala fisik Kaayaan di basisir anu panas
ngabalukarkeun abah
ngarasa hanaang. Ieu katiten
dina cutatan di handap.
... Panasna basisir henteu
ditolih, salira hanaang
ditahan-tahan...
3. SKKS-02:20/6 Tara aya nu
nyebat
kampung
Aktualisasi Ku sabab Bandung mah
kota, tara aya nu nyebut
kampung. Ieu katiten dina
cutatan di handap.
Tara aya nu nyebat kampung
ka Bandung mah, sadayana
oge ngebatna teh upami
hanteu kota nya dayeuh
Bandung.
4. SKKS-02:20/4 Batu Barang Sabab di walungan taya
rohangan pikeun mandi nu
buni, ahirna abdi nyusud
walungan néangan batu gedé
keur nyumput. Ieu katitén
tina cutatan di handap
... Milarian batu ageung nu
ngajarentul saageung leuit,
kanggo nyingkur...
5. SKKS-02:21/3 Neda ngalimed Rengkak
paripolah
Sabab ku abah jeung ema
disadiakeun goreng lauk
emas, sambel, asin, angeun
kacang, abdi neda ngalimed
mani ni’mat. Ieu katiten dina
cutatan di handap.
Dina kastrol aya angeun
kacang. Abdi teh ngalimed
neda mani ni’mat...
6. SKKS-02:21/4 Giak Rengkak
paripolah
Sabab abdi diajak ku abah ka
huma, abdi giak. Ieu katiten
tina cutatan di handap.
451
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Dina hiji dinten abdi diajak
ka huma ku abah teh, magar
bilih hoyong uninga. Abdi
giak...
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon SKKS-02 bisa katitén dina tabél ieu
di handap.
Tabél 4.117
Analisis Unsur Simbol SKKS-02
No Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-02:19/1 Bulan purnama Bulan purnama mangrupa
simbol tina kabagjaan, sabab
bulan purnama anu mambra
digambarkeun bisa nyaangan
kahirupan Abah di
kalanggengan.
... Damel naon abah ayeuna
naha nuju ngalanglang
serang,atanapi nuju calik dina
mabrana bulan purnama bari
mangkék paréranggeuyan di
pipir leuit?...
4.2.21.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-02
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun genep ajén sosial.
452
Tabél 4.118
Data Ajén Sosial SKKS-02
No. Kode Data Data Ajen Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. SKKS-02:20/4 Baluligir
2. SKKS-02:23/2 Nyuhunkeun
dihapunten mah
budak ka sepuh
3. SKKS-02:20/4 Milarian
panyumputan
4. SKKS-02:21/3 Ku abdi
didu’akeun
5. SKKS-02:23/7 Hirup mah sing
gede kanyaah
6. SKKS-02:23/8 Sing saha nu
mikanyaah
mahluk di bumi
bakal
dipikanyaah ku
nu di langit
Dumasar kana tabél di luhur, katiten ata dua ajen bebeneran, tilu ajen
moral, jeung dua ajen agama. Sedengkeun ajen kaendahan mah teu kapaluruh.
1) Ajén Bebeneran
Tina dua ajen bebeneran di luhur tetela data (SKKS-2:23/7) sarta
(SKKS-02:23/8) ngébréhkeun kanyaah abdi ka kulawarga abah. Kitu deui
kanyaah abah ogé ka abdi salaku minantu kacida gedé. Kanyaah abdi nu
gedé kabukti basa abah geus maot, abdingurus dua budak abah nu laleutik
kénéh nepi ka bisa hirup mandiri. Kanyaah abdi ka kulawarga kalintang
gedena. Najan kulawarga abdi hirupna basajan, teu weléh bisa ngurus tur
mikanyaah budak-budak abah nepi ka jumeneng.
2) Ajén Moral
Ajen moral dina data SKKS-02:23/2 ngébréhkeun sikep moral nu
ngandung rasa hormat budak ka kolot. Éta hal lumrah diterapkeun dina
kahirupan masarakat, yén geus kawajibanana budak kudu hormat ka kolot.
453
Dina ieu carpon cara ngahormat abdi ka abah katitén basa saméméh abah
maot, abah ménta dihampura ka abdi upama aya kasalahan, tapi abdi nu
rumasa geus meunang kanyaah nu gedé ti abah, sabalikna ménta
dihampura. Éta hal nuduhkeun ajén moral nu gedé ku cara ngahormat
jalma saluhureun. Sedengkeun data SKKS-02:20/4 ngébréhkeun kabiasaan
sapopoé masarakat di walungan nu nyareuseuh, ngaruru. Pikeun masarakat
di eta tempat, kabiasaan ngarebak bari buligir téh mangrupa hal nu geus
biasa dilakonan, tapi pikeun abdi mah éta hal matak éra jeung ragab. Abdi
nu miboga ajén moral nu hadé, teu wani ibak bari buligir, sabab teu biasa.
Ku kituna abdi mah nyusud heula walungan néangan panyumputan nu
buni nepi ka manggihan batu gedé nu sing jarentul.
3) Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan nu kapanggih dina ieu carpon aya dina data
(SKKS-02:21/3) ngebrehkeun pangdu’a ti abdi pikeun palaputra abah nu
aralit sangkan meunang atikan nu luhung, bisa hirup mandiri, nepika bisa
mikanyaah jalma rea nu ngabutuhkeun kanyaahna. Pangdu’a ti abdi nu
ihlas balukar tina kanyaahna ka kulawarga abah.
Kanyaah abdi ka abah mangrupa aktualisasi tina kanyaah abah nu
ihlas, di dinya aya hubungan timbal balik silih pikanyaah, nepi ka abdi
ngadu’a kalayan suhud ka budak-budak abah sangkan jaradi jalma nu
mandiri.
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon SKKS-02, bisa katitén tina tabél data ieu
di handap.
454
Tabél 4.119
Data Ajén Budaya SKKS-02
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-02:24/1 Bekel hirup
2. SKKS-02:24/1 Du’a abdi
3. SKKS-02:24/1 Muji sukur ka
Nu Maha
Agung
4. SKKS-02:24/2 Mahlukna nu
takwa
5. SKKS-02:21/2 Mangga geura
tuang
6. SKKS-02:22/1 Ku abah baé
ditatangggung,
ulah ku nu
sanés
1) Ajén Ékonomi
Dumasar kana tabél di luhur, ajén ekonomi aya dina data SKKS-
02:24/1 nu ngébréhkeun yén putra abah nu laleutik téh kiwari geus miboga
bekel pikeun hirup nu mandiri. Éta hal kahontal ku sabab dirojong ku
tarékah abdi ngurus jeung ngadu’akeun budak-budak abah nepi ka ahirna
jadi jalma nu mandiri, nu bisa nyukupan sagala kabutuhan hirupna.
2) Ajén Agama
Ajén agama katitén dina data SKKS-02:24/1 ngébréhkeun dua abdi
nu rerencepan téh tétéla diijabah ku Gusti Allah. Abdi nu ngadu’akeun
palaputra abah sangkan jadi jalma mandiri, harita du’a na ngabukti
kalayan rido ti Gusti Allah.
Ajén agama saterusna aya dina data SKKS-02:24/1 ngebrehkeun
yen abdi muji sukur ka Nu Maha Agung kana sagala pangalaman salila
hirup nu geus karandapan, nepika bisa ngarojong kana kahirupan palaputra
abah nepika bisa hirup mandiri. Ajen agama nu liana nya eta SKKS-
02:24/2 ngebrehkeun salila hirupna, abdi miharep jadi jalma nu takwa,
tumut kana agama, pangger kana iman. Sangkan mangsa kahareupna bisa
455
panggih deui jeung abah dina kabagjaan, kani’matan nu geus
dijanngjikeun ku Gusti Allah. Dina carpon ieu bisa katiten yen abdi
mangrupa jalma nu mindeng ngucap sukur kana sagala rupa ni’mat nu
karandapan.
3) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas nu kapanggih dina ieu carpon aya dina data SKKS-
02:21/2 ngébréhkeun kulawarga abah anu nitah dahar, ti dinya katitén yén
kulawarga abah miboga ajén solidaritas nu luhur. Pamungkas, ajén
solidaritas kapanggih dina data (SKKS-02:22/1) ngebrehkeun rasa
kanyaah abah ka abdi nalika angkat ka Cilauteureun. Abah nu harita
nananggung pibekeleun, teu meunang ditanggung ku nu lain, sedengkeun
jalan ka Cilauteureun kacida jauh. Éta hal mangrupa bukti yén abah
miboga rasa kanyaah nu gedé, tur miboga ajén solidaritas nu luhur.
4.2.22 “Dongéng Sakotrét” (SKKS-03)
4.2.22.1 Struktur Carita SKKS-03
a. Téma
Téma carpon SKKS-03 nya éta kamanusaan, ieu tema nyoko kana
gambaran palaku manéhna nu mikacinta Walangsungsang. Tarékah
merjoangkeun cintana dibuktikeun ku mindeng nepungan Walangsungsang
najan manehna geus diistrenan ku Raja Pakuan. Sedengkeun tarekah
Walangsungsang dina merjoangkeun cintana ka manehna dibuktikeun ku
ngalakonan tapadrawa-tantrayana nya eta tapa sututup mangsa sarta tapa
merangan birahi.
Tina téma nu diébréhkeun, pangarang nétélakeun yén kanyaah atawa
rasa cinta kudu diperjoangkeun dibarengan ku ayana pangorbanan ti pribadi
séwang-séwang. Ieu hal katitén dina cutatan di handap.
“Eulis, sabarining kitu… najan katingal ayeuna mah mingkin
pamohalan kudu rangkep jeung Enung, tapi inyana kudu terang
kana adat akang. Moal reuntas memeh dituar akang mah.”(31/2)
456
“… Ti semet ieu ka hareup nepika hiji mangsa bentang
nepungkeun asih kuring ka manehna, Karajaan Pakuan bakal
tumpur Saumur hunjur wuluku!”(31/3)
“Kuring ti semet ieu kahareup sumpah arék ngeumbingan waktu
jeung tangtu ku pameuli rek ngalampahkeun Tapadrawa-
Tantrayana!”(31/3)
Ieu téma diébréhkeun ku palaku utama nya éta manéhna jeung
Walangsungsang. Manéhna jeung Walangsungsang ngabéjérbéaskeun sagala
rasa jeung pangalaman anu karandapan ngaliwatan puseur sawangan jalma
kadua anu ngajén situasi dumasar pamadeganana.
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
mundur (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa
kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Manéhna anu harita
keur ngalamun, dina lamunana pinuh ku carita nu geus kalarung.
Carita dimimitian ku gambaran palaku manéhna anu keur nginget-
nginget mangsa manehna sok manggihan Walangsungsang bubunian.
Galur bras kana sabab musabab manéhna bisa manggihan
Walangsungsang ku cara bubunian. Carita maju kana pangalaman-
pangalaman manehna diistrenan ku Raja Pakuan nepika Walangsungsang
ragrag supata. Tuluy carita dipungkas ku mangsa kiwari nu ngebrehkeun
yen manehna geus sadar kana lamunana.
D1 mangrupa mangsa ayeuna basa manehna ngalamun di kamar
hotél Atlas di Slany. A, B jeung C mangrupa waktu lumangsungna
kajadian-kajadian anu kaalaman ku manehna ti mimiti leutik nepi ka gedé
tur ngaraketkeun jangjina silih mikaasih. D2 mangrupa mangsa manéhna
diistrenan ku Raja Pakuan nepika Walangsungsang ragrag supata.
457
Sedengkeun E mangrupa mangsa kiwari nalika manehna sadar geus jauh
ngimpleng caritaan.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén
saperti di handap.
D1 ----------- A --------- B ------------ C ----------- D2 ------------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal lantaran galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku “manéhna” anu ngalaman rupa-rupa
pangalaman hirup.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatana, ieu carpon miboga galur anu padet.
Carita anu dipidangkeun kaasup gancang. Lantaran diebrehkeun ku palaku
utamana sacara langsung. Kajadian-kajadian anu ditembrakkeun dina ieu
carita miboga hubungan nu dalit jeung inti carita. Palaku “manéhna” nu
ngimpleng ka tukang kana basa ngaraketkeun tali kaasih jeung
Walangsungsang, mangrupa galur carita nu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup kana galur peruntungan.
Ieu galur patali jeung eusi carita nu karandapan ku palaku utama manehna.
Pangalaman- pangalaman nu karandapan ku manehna ti mimiti ngimpleng
mangsa kamari nepika mangsa kiwari diébréhkeun sacara langsung ku nu
ngarandapanna.
2) Palaku
Dina carpon SKKS-03, aya opat urang palaku nya eta manehna
(SKKS-03:25/1), Walangsungsang (SKKS-03:28/2), Raja Pakuan (SKKS-
458
03:28/2), Hyang Hantiga (SKKS-03:32/1). Tilu urang palaku mere pangrojong
kana eusi katut galur carita, sedengkeun saurang palaku mangrupa bagian tina
eusi pangalaman nu dilakonan.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, manehna jeung walangsungsang
mangrupa palaku utama, sedengkeun dua palaku sejenna, mangrupa
palaku tambahan anu ngarojong kana eusi carita.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanana, anu kaasup kana palaku protagonis
dina ieu carpon nya éta manehna, Walangsungsang, jeung Hyang Hantiga.
Sakabeh palaku dina ieu carpon mangrupa palaku protagonis lantaran
digambarkeun miboga sipat nu hadé, anu bisa dijadikeun panutan ku nu
maca. Kahadéan-kahadéan manéhna jeung Walangsungsang bisa katitén
tina cutatan ieu di handap.
Sérédét haténa asa ditanjéng ku seuseukeut hinis ningal cimata
anu ngembeng dina kongkolak panon nu mandé ruyuk.(26/5)
…. Ngadéngé jawaban Walangsungsang, haté manéhna
ngagoak maratan langit. (31/1)
“…geus puguh karajaan mah korsina teu bisa didiukan ku
Akang, cik atuh urusan pribadi mah … pan inyana gé apal
kumaha perasaan akang ka Enung..! Lebah tahta mah teu
dijadikeun nyeri, tapi urusan Eulis mah béda deui caritana.”
(30/3)
Tina cutatan di luhur katitén yén manéhna jeung Walangsungsang
miboga sipat nu hadé dina merjoangkeun cintana. Walangsungsang nu
kanyenyeria ku Raja Pakuan, teu bisa ngantep “manéhna” kitu baé jadi
pamajikanana. Najan tahta karajaan nu dicangking ku Raja Pakuan teu
dijadikeun kanyeri, tapi lebah urusan cinta jeung manéhna teu bisa
ngantep kitu baé. Éta hal ngébréhkeun yén Walangsungsang éstu
mikacinta manéhna. Sedengkeun manéhna nu mangpuluh windu teu bisa
459
nepungan Walangsungsang di tutugan Gunung Gedé, harita teu bisa
kumawasa basa nempo Walangsungsang nu harita rambay cimata. Jelas
pisan katitén yén antara manéhna jeung Walangsungsang silih pikanyaah
jeung mikacinta tan wates wangen.
Sampeurkeun baé ayeuna mah. Lelemu sina leumpeuh
amarahna.(32/3)
Cutatan di luhur mangrupa pangéling ti Hyang Hantiga ka Raja
Pakuan. Hyang Hantiga méré pangéling nu bener ka Raja Pakuan pikeun
nembongkeun sikep nu hadé dina nyanghareupan Walangsungsang.
Pangéling nu bener éta mangrupa ciri yén Hyang Hantiga mangrupa jalma
nu wijaksana tur miboga sikep nu hadé.
Salian ti palaku nu protagonis, aya ogé palaku nu antagonis, nya
éta Raja Pakuan. Ieu hal bisa ditilik tina pedaran Walangsungsang di
handap ieu.
“…geus puguh karajaan mah korsina teu bisa didiukan ku
Akang, cik atuh urusan pribadi mah … pan inyana gé apal
kumaha perasaan akang ka enung..! Lebah tahta mah teu
dijadikeun nyeri, tapi urusan Eulis mah béda deui caritana.”
(30/3)
Atra pisan penampilan antagonis nu dilakonan ku Raja Pakuan,
yén manéhna geus ngarebut tahta karajaan Walangsungsang ogé ngarebut
“manéhna” nu mangrupa awéwé nu dipikacintana.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku
miboga watek basajan, euweuh palaku nu miboga sipat kompléks. Palaku
anu miboga watek basajan nya éta manéhna, Walangsungsang, Raja
Pakuan, Hyang Hantiga. Manéhna nu miboga watek basajan, tétéla miboga
sipat nu kompléks. Katitén dina paripolahna nu sawaktu-waktu bisa robah.
Lantaran kanyaahna ka Walangsungsang kacida gedé, manéhna nurut waé
diistrenan ku Raja Pakuan tétéla mindeng sumput salindung nepungan
460
Walangsungsang di tutugan Gunung Gede. Eta hal nuduhkeun yen sipat
manehna sawaktu-waktu bisa robah atawa kompléks. Di handap ieu
cutatan pedaran nu nuduhkeun eta hal.
Manehna tuturubun mapay seke papanggungan. Satepina ka
handap, manehna luak-lieuk inggiseun polahna bubunian
manggihan Walangsungsang aya nu nganyahoankeun.
Sarupa halna jeung Walangsungsang, najan manehna miboga sipat
nu hade, tapi nalika awewe nu dipikacinta ku manehna diistrenan ku Raja
Pakuan sipatna langsung robah, amarahna ngagugudag nepika bisa
ngaragrageun supata.
“Yeuh angin..! dengekeun Walangsungsang menit ieu ragrag
supata.. demi alam Mandalawangi, demi Gunung Gede… demi
karuhun jeung getih Surajanma! Anu sakeclak ngancik lebah
urat diri.. ti semet ieu ka hareup nepi ka hiji mangsa bentang
nepungkeun asih ka manehna… Karajaan Pakuan bakal tumpur
saumur hunjur wuluku…!”(31/3)
Supata nu diragrageun ku Walangsungsang diluhur mangrupa
tanda yén manéhna teu bisa narimakeun awewe nu dipikacintana
diistrenan ku Raja Pakuan. Kajadian-kajadian anu kaalaman ku para
palaku miboga hubungan anu dalit ngawangun hiji carita anu gembleng.
Ditambah sipat para palaku anu dinamis, kukituna ieu carpon miboga
carita anu hadé.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, manehna, Walangsungsang,
jeung Raja Pakuan mangrupa palaku anu netral. Ieu palaku bener-bener
imajiner anu ngan hirup dina dunya fiksi. Sedengken palaku Hyang
Hantiga mangrupa palaku tipikal anu ngan saeutik dipintonkeun kaayaan
individualitasna.
461
2) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.120
Data Latar SKKS-03
No Kode Data Data Latar
Tempat Waktu Sosial
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-03:25/1 Lemburna
2. SKKS-03:25/1 Slany, Cekoslowakia
3. SKKS-03:25/2 Unggal poé
4. SKKS-03:26/1 Gunung Gede
5. SKKS-0326/1 Wanci sariak layung
6. SKKS-03:27/3 Ieu tempat
7. SKKS-03:28/6 Sareureuh budak
8. SKKS-03:29/6 Ponclot gunung
Kancana
9. SKKS-03:29/1 Curug Seureuh
10. SKKS-03:29/2 Ka handap
11. SKKS-03:29/2 Tadi beurang
12. SKKS-03:29/2 Ti harita
13. SKKS-03:29/3 Calubak Sindhunata
Tatar Pakuan
14. SKKS-03:30/3 Tadi siang
15. SKKS-03:31/3 Hiji mangsa
16. SKKS-03:33/3 Ka hareup
17. SKKS-03:34/5 Kamar hotel
(a) Tempat
Aya salapan latar tempat dina carpon SKKS-03 nya éta lemburna,
anu mangrupa tempat anu dipikahayang pikeun geura balik. Slany
Cekoslowakia mangrupa hotél tempat kiwari manehna ngimpleng
lamunan, Gunung Gedé mangrupa tempat manehna jeung
Walangsungsang mindeng panggih, ieu tempat mangrupa Gunung Gedé,
Ponclot Gunung Kancana mangrupa tempat Walangsungsang ngalakonan
tapa, Curug Seureuh nya éta tempat Walangsungsang ngadagoan manéhna,
462
handap nya éta tempat panggih jeung Walangsungsang, jeung calubak
Sindhunata Tatar Pakuan anu mangrupa tempat hulu cai Tatar Pakuan, yén
di dinya tempatna manéhna jeung Walangsungsang sok panggih.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, nya eta unggal poe
(SKKS-03:25/2) ngebrehkeun kabiasaan lalaki nu dipikacintana sok
silanglang mandi dina haneutna panonpoe Asia. Wanci sariak layung
(SKKS-03:26/1) mangsa basa manehna nepi di tutugan Gunung Gede,
gunung angkeuhan rasana. Wanci sareureuh budak (SKKS-03:28/6)
mangrupa mangsa bérésna hajat ngistrénan “manéhna” ka Raja Pakuan.
Tadi beurang (SKKS-03:29/2) mangrupa mangsa “manéhna” diistrénan
ku Raja Pakuan. Ti harita (SKKS-03:29/2) mangrupa mangsa manéhna
bisa manggihan Walangsungsang tilu kali bulan purnama deui. Tadi siang
(SKKS-03:30/3) mangrupa mangsa teu datangna Walangsungsang ka
hajatan ngistrénan manéhna ka Raja Pakuan, hiji mangsa (SKKS-03:31/3)
mangrupa mangsa nalika Walangsungsang jeung manéhna bisa
dipanggihkeun deui, jeung ka hareup (SKKS-03:33/3) mangrupa mangsa
Walangsungsang bakal ngaping rundayan Raja Pakuan.
4.2.22.2 Unsur Semiotik SKKS-03
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-03 ngawengku dalapan ikon,
geneh indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-03 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
463
Tabél 4.121
Analisis Unsur Ikon SKKS-03
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-03:25/3 Pakupis
roroesan
nyuay-
nyuay ramat
mangsa
Ngupamakeun hayang
kaluar tina kaayaan
ayeuna nu keur
karandapan. Ieu katiten
tina cutatan di handap
Sukmana sakapeung
pakupis rororesan
nyuay-nyuay ramat
mangsa...
2. SKKS-03:25/4 Urat-uratna
tingrarudat
ngempur
hurung
Ngupamakeun panonpoe
nu karek bijil warnana
beureum koneng. Ieu
katiten tina cutatan di
handap
... Biwirna renyu nahan
imut mapag mata poe
anu urat-uratna
tingarudat ngempur
hurung beureum koneng
siga kembang dadap
Afrika sumedang
mangkak...
3. SKKS-03:30/5 Ngagulung
dua guruntul
hate
Ngupamakeun ayana dua
jajaka jeung wanoja nu
keur pasosono. Ieu
katiten dina cutatan di
handap.
Sora curug mingkin
nyéah, ngina rosa
lilintungan ngagulung
dua guruntul hate anu
keur samagaha dibeulit
ku rante darmaanu geus
ditotol ku bentang ku
tungtung seuseukeut
Kudu jeung Tangtu...
464
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
4. SKKS-03:31/1 Ngagoak
maratan
langit
Ngupamakeun teu wasa
kudu ngarandapan
kanyataan nu aya. Ieu
katiten tina cutatan di
handap.
... Ngadéngé jawaban
Walangsungsang haté
manehna ngagoak
maratan langit...
5. SKKS-03:31/2 Moal
reuntas
méméh
dituar
Ngupamakeun sikep
moal éléh saméméh
bajoang. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
…tapi inyana kudu apal
kana adat akang, moal
reuntas memeh dituar
akang mah.
6. SKKS-03:32/1 Sabeunyeur
mata holang
anu nengtet
tina
mataholang
Ngupamakeun yen jalma
teh ngan saukur bagian
leutik tina gedena alam
dunya. Ieu katiten dina
cutatan di handap.
... Kapan urang teh
kabeh oge ngan saukur
sabeunyeur mata holang
nu nengtet tina mata
holang...
7. SKKS-03:33/2 Gulidagna
Sindhunata
Gunung
Gede
Ngupamakeun kakuatan
nu gede ibarat gulidagna
hulu cai. Ieu katiten tina
cutatan di handap.
Ajian Danurweda nu
dijantur ku Raja Pakuan,
pangaruhna lir gulidagna
sindunata Gunung Gede
anu mukpruk embun-
embunan
Walangsungsang tina
geburna panas amarah...
465
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
8. SKKS-03:30/5 Ngagebur
cika-cikaan
Ngupamakeun napsu
birahi nu keur ngagebur.
Ieu katiten tina cutatan di
handap.
... Panon
Walangsungsang mimiti
ngagebur cika-cikaan
kahuru ku seuneu birahi
anu mimiti ngalentaban
ragana...
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-03 aya anu mangrupa indéks gejala
alam, réngkak paripolah, jeung zat/barang. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
Tabél 4.122
Analisis Unsur Indéks SKKS-03
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-03:25/1 Meuraykeun kerak
és
Gejala alam Sabab di Slany,
Cekoslowakia usum
salju,balukarna loba
kerak es nu narapel na
jandela. Ieu katiten dina
cutatan di handap.
Napas anu kaluar tina
sela-sela jajantung anu
nguyung hayang buru-
buru balik ka lemburna,
teu wasaeun meuraykeun
kerak es nu narapel dina
kaca jandela kamar
hotelna Slany,
Cekoslowakia.
466
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
2. SKKS-02:25/4 Biwirna renyu
nahan imut
Réngkak
paripolah
Bagja ku sabab geus nepi
ka tempat nu
dipikahayang, Nusantara.
Ieu katiten dina cutatan
di handap.
…biwirna renyu nahan
imut mapag mata poe anu
urat-uratna tingarudak
ngempur hurung
beureum konéng siga
kembang dadap Afrika
sumedeng mangkak.
Mata poé Nusantara,
mata poé haténa.
3. SKKS-02:26/1 Ngabelenyéh seuri Rengkak
paripolah
Sabab manéhna geus
nepi ka tutugan Gunung
gedé, manéhna
ngabelenyéh seuri. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Biwirna ngabelenyéh
seuri barang manéhna
nepi ka lebah tutugan
Gunung Gedé...
4. SKKS-03:26/4 Selengseng ambeu
campaka
Zat/barang Sabab manehna
mapatkeun rajah,
antukna kaambeu rupa-
rupa kembang nu
seungit. Ieu katiten dina
cutatan di handap
... purun lungsur mun
digentra. Ieu wayah keur
tunggara. Mantra. Bajra.
Gentra. Candra !
Selengseng ambeu
campaka, nyambuang
ambung tanjung, sek
kamuning ngadalingding,
pelenghir seungit
malati…
467
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. SKKS-03:31/4 Ngorejat tina
pulesna
Réngkak
paripolah
Sabab Walangsungsang
geus ngaragrageun
supatana,
ngabalukarkeun bumi
Mandalawangi ngariyeg
nepika Raja Pakuan
ngorejat waktu sare. Ieu
katiten tina cutatan di
handap.
Bumi Mandalawangi
ngariyeg ciciren nyakseni
sumpah Walangsungsang
anu bakal jadi mamala
rundayan sekeselerna.
Raja anu nembe
diistrenan, ngorejat tina
pulesna...
6. SKKS-03:33/4 Lemah
Mandalawangi
ririegan
Gejala alam Sabab Walangsungsang
ngucapkeun jangji nu
kacida beuratna,
ngabalukarkeun Raja
Pakuan milu ngungudag
amarahna. Ieu katiten
dina carpon di handap.
Walangsungsang
nyaritana teu kebat sabab
lemah Mandalawangi
kaburu ririyegan semu
monteng bari dibarung
ku angin lilintungan anu
nyaksian jangji nu
dikedalkeun ku
Walangsungsang kacida
beuratna.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon SKKS-03 bisa katitén dina tabél ieu
di handap.
468
Tabél 4.123
Analisis Unsur Simbol SKKS-03
No Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-03:26/4 Kembang campaka, tanjung,
kamuning, malati
Campaka mangrupa
simbol hiji hal anu matak
ngirut. Kembang tanjung
mangrupa simbol
panineungan. Kembang
kamuninganu mangrupa
simbol kanyaah atawa
kadeudeuh. Kembang
malati miboga simbol
beresihna asih jeung
simbol mistis tina
kosmologi Sunda anu
sok mindeng
digambarkeun salaku
tanda ayana karuhun.
Dina ieu carpon
ngébréhkeun waktu basa
manéhna mapatkeun
rajah, pelenghir seungit
rupa-rupa kekembangan.
Selengseng ambeu
campaka, nyambuang
ambung tanjung, sek
kamuning
ngadalingding, pelenghir
seungit malati…
4.2.22.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-03
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
469
Tabél 4.124
Data Ajén Sosial SKKS-03
No. Kode Data Data Ajen Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1.
SKKS 03 32/1 Tong
ngahukum
jelema
2. SKKS 03 32/1 Teu gampang
jadi raja
3. SKKS 03 32/5 Rerencepan
4. SKKS 03 26/1 Alam endah
5. SKKS 03 34/1 Astagfirullah
Dumasar tabél di luhur bisa katiten aya dua ajen bebeneran, hiji ajen
kaendahan, hiji ajen moral sarta hiji ajen kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran dina ieu carpon aya dina data (SKKS-03:32/1)
ngebrehkeun yén salaku raja teu meunang ngahukuman jalma nu
ngeundeuk-ngeundeuk tahta. Eta hal di tuduhkeun keur Walangsungsang
nu harita geus ragrag supata ka rundayan Raja Pakuan. (SKKS-03:32/1)
mangrupa ajen bebeneran nu ngebrehkeun teu gampang jadi raja sabab
loba dodojana.
2) Ajén Kaéndahan
Ajén kaéndahan aya dina data (SKKS-03:26/1) ngébréhkeun
éndahna sabudeureun Gunung Gedé nu harita keur dipapayan ku manéhna
rék nepungan Walangsungsang.
3) Ajén Moral
Ajén moral aya dina data (SKKS-03:32/5) nu ngebrehkeun
kabiasaan nu dilakonan ku Walangsungsang jejung manehna nalika
panggih sok rerencepan. Éta hal nuduhkeun ajen moral nu kurang hade,
sabab manehna geus diistrenan ku Raja Pakuan, sakuduna eta kabiasaan
470
teh dieureunan. Tapi kusabab kanyaahna gedé ka Walangsungsang, kitu
deui Walangsungsang ka manéhna éta paripolah téh tumuluy dilakonan.
4) Ajén Kaagamaan
Pamungkas, ajén kaagamaan aya dina data SKKS-03:34/1 anu
ngébréhkeun kasadaran ti maneéhna nu ngucap istigfar sabab geus
kamalinaan teuing dina ngumbar lamunan sakitu panjangna.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.125
Data Ajén Budaya SKKS-03
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS 03 32/5 Ngaragangan
2. SKKS 03 33/4 Lemah
mandala
wangi
ririyegan
3. SKKS 03 33/5 Angin anu
ngabula-bali
ngangkat
kirikil jeung
keusik
Dumasar kana data anu kapanggih, katiten aya tilu ajen tiori, hiji ajen
kakawasaan, sarta hiji ajen solidaritas.
1) Ajén Téori
Ajén téori anu kapanggih aya dina data (SKKS-03:33/4) anu
ngébréhkeun kaayaan lemah Mandalawangi anu ririyegan balukar tina
ngagedurna amarah Raja Pakuan kana paripolah Walangsungsang sabab
geus supata kalintang beuratna. Data ajen téori saterusna nya éta (SKKS-
471
03:33/5) nu ngebrehkeun gedena angin nu ngagolak nepika ngabula-bali
ngangkat karikil jeung keusik nu méré sora tingparalak tingsaléor teu
puguh déngé. Eta hal balukar tina ngagugudagna amarah Raja Pakuan ka
Walangsungsang nu ngajangji supata kacida beuratna.
2) Ajén Solidaritas
Ajen solidaritas aya dina data (SKKS-03:32/5) nu ngébréhkeun
solidaritas Raja Pakuan ka manéhna ku cara ngaragangan teu nyingkab
ajian halimunana, sabab nyingkahan sangkan manehna teu ngarasa éra ku
pamolahna sok nepungan Walangsungsang rerencepan.
4.2.23 “Mulang” (SKKS-04)
4.2.23.1 Struktur Carita SKKS-04
a. Téma
Téma dina ieu carita nya éta ngeunaan kahirupan. Ieu carita téh
direumbeuy ogé ku téma réligi. Ieu carita nyaritakeun kahirupan kuring nu
salila hirupna jauh ti Pangéran. Téma dina ieu carita méré gambaran ka nu
maca kumaha kahirupan jalma nu jauh ti pangéran. Ieu téma bisa katitén tina
cutatan di handap.
“Kacida beuratna haté rék ninggalkeun ieu tempat téh. Kuring keur
betah, keur suhud digawé…” (36/1)
Ayeuna, poé ieu , dina mangsa kuring kudu ninggalkeun kabetah,
rasa lewang jeung laip téh awor dina haté. Sihoréng dunya barana
téh teu salawasna kawasa... (39/2)
b. Fakta Cerita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar runtuyan waktuna, galur dina ieu carita nya éta galur
mundur. Ieu hal nyoko kana carita nu disodorkeunana. Dimimitian tina
carita kuring nu diriung ku kulawarga, tatangga, jeung koléga. Tuluy
472
nyaritakeun kahirupan kuring nalika sangsara, néangan pagawéan nepi ka
kuring jadi jalma jegud. Ieu carita balik deui kana carita awal, nya éta
kuring nu rék dianteurkeun ka tempat kalanggengan. Saupama
dibagankeun, ieu galur téh saperti di handap.
D1 ------ A ------ B ------ C-------- D2 ------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Dumasar kana jumlahna, galur dina ieu carita miboga galur
tunggal, nya éta nyaritakeun kahirupan kuring.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Dumasar kepadatanana, galur dina ieu carita kaasup galur padet,
nya éta galur nu midangkeun carita sacara gancang.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur dina ieu carita kaasup galur peruntunga,
lantaran patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba
/karandapan ku palaku utama.
2) Palaku
Palaku dina ieu carita aya salapan, nya éta Sémah (SKKS-
04:35/1),Tatangga (SKKS-04:35/1), Sémah Awéwé (SKKS-04:35/1),
Pamajikan (SKKS-04:35/1), Sémah Lalaki (SKKS-04:35/1), Budak Kuring
(SKKS-04:35/1), Kuring (SKKS-04:35/2), Indung (SKKS-04:36/2), jeung Adi
Beuteung (SKKS-04:37/1).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina ieu carita nya éta
Kuring (SKKS-04:36/2), jeung Indung (SKKS-04:35/2). Ari palaku
tambahanana nya éta sémah (SKKS-04:35/1), tatangga (SKKS-04:35/1),
Sémah awéwé (SKKS-04:35/1), pamajikan (SKKS-04:35/1), sémah lalaki
473
(SKKS-04:35/1), budak kuring (SKKS-04:35/1), jeung adi beuteung
(SKKS-04:37/1).
(b) Dumasar Penampilan
Dumasar penampilanana, palaku dina ieu carita ngawengku palaku
protagonis jeung palaku antagonis. Palaku protagonis dina ieu carita nya
éta tatangga (SKKS-04:35/1), sémah awéwé (SKKS-04:35/1), Pamajikan
(SKKS-04:35/1), sémah lalaki (SKKS-04:35/1), jeung indung (SKKS-
04:36/2). Ari palaku antagonisna nya éta kuring. Ieu hal katitén tina
kalakuan kuring salila hirup nu sok ngagunakeun duit pikeun
ngalancarkeun sagala urusanana.
... Basa si cikal teu katarima di hiji SMA ku sabab peunteunna
leutik, ahirna mah bisa asupka dinya. Sabab naon? Sabab boga
jampéna! Terus basa adi beuteung nabrak jelema nepi ka
hanteuna, Alhamdulillah teu tulus ditibanan hukuman panjara..
(37/1)
(c) Dumasar Watek
Dumasar wangun watekna, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku basajan jeung palaku kompléks. Palaku basajan nya éta SÉMAH
(SKKS-04:35/1), tatangga (SKKS-04:35/1), sémah awéwé (SKKS-
04:35/1), pamajikan (SKKS-04:35/1), sémah lalaki (SKKS-04:35/1),
budak kuring (SKKS-04:35/1), indung (SKKS-04:36/2), jeung adi
beuteung (SKKS-04:37/1). Ari palaku kompléksna nya éta Kuring (SKKS-
04:35/2).
Dumasar mekar henteuna watek, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku statis jeung palaku dinamis. Palaku statis nya éta sémah (SKKS-
04:35/1), tatangga (SKKS-04:35/1), sémah awéwé (SKKS-04:35/1),
pamajikan (SKKS-04:35/1), sémah lalaki (SKKS-04:35/1), budak kuring
(SKKS-04:35/1), indung (SKKS-04:36/2), jeung adi beuteung (SKKS-
04:37/1). Ari palaku dinamisna nya éta Kuring (SKKS-04:35/2).
474
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Dumasar pencerminanana palaku dina ieu carita ngawengku palaku
tipikal jeung palaku nétral. Palaku tipikal nya éta kuring (SKKS-04:35/2),
pamajikan (SKKS-04:35/1), jeung indung (SKKS-04:36/2). Ari palaku
nétralna nya éta sémah (SKKS-04:35/1),tatangga (SKKS-04:35/1), sémah
Awéwé (SKKS-04:35/1), sémah lalaki (SKKS-04:35/1), budak kuring
(SKKS-04:35/1), jeung adi beuteung (SKKS-04:37/1).
3) Latar
Latar dina ieu carita ngawengku latar tempat, waktu, jeung sosial.
Pikeun maluruh dimana tempatna, iraha waktuna, jeung latar sosial naon waé
nu aya, ieu di handap diébréhkeun dina wangun tabél.
Tabél 4.126
Data Latar SKKS-04
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-04:35/1 Ti tadi
2. SKKS-04:35/1 Gigireun
3. SKKS-04:35/1 Sasalaman
4. SKKS-04:35/1 Di buruan
5. SKKS-04:35/1 Di dapur
6. SKKS-04:35/2 Beurang
7. SKKS-04:35/2 Di jero imah
8. SKKS-04:35/2 Dariukna
9. SKKS-04:35/2 Di luar
10. SKKS-04:35/2 Poé ieu
11. SKKS-04:35/2 Ayeuna
12. SKKS-04:36/1 Di imah babaturan
13. SKKS-04:36/1 Unggal poé
14. SKKS-04:36/1 Di hiji pausahaan
15. SKKS-04:36/1 Harita
16. SKKS-04:36/2 Unggal bulan
17. SKKS-04:36/2 Sawatara taun
18. SKKS-04:36/2 Baheula
19. SKKS-04:40/2 Manceran
475
(a) Tempat
Aya tujuh latar tempat dina ieu carpon, nya éta gigireun, di buruan,
di dapur, di jero imah, di luar, di imah babaturan, jeung di hiji pausahaan.
Gigireun nya éta tempat pamajikan kuring émok bari pada ngarangkul ku
sémah awéwé. Buruan nya éta tempat nyadiakeun korsi keur sémah. Dapur
mangrupa tempat popolah barangasakan. Jero imah mangrupa tempat
ngambeu kekembangan anu ngahiliwir ti palebah téras. Imah babaturan
mangrupa tempat ngarereb basa keur néangan gawé. Hiji pausahaan
mangrupa tempat kuring ditarima gawé.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carita nya éta ti tadi, beurang, poé ieu,
ayeuna, unggal poé, harita, unggal bulan, sawatara taun, manceran, jeung
baheula. Tadi mangrupa lilana waktu pamajikan diuk di gigireun kuring.
3) Sosial
Latar sosial dina ieu carita mangrupa gambaran kaayaan masarakat anu
pinuh ku rasa solidaritas. Ieu hal kagambar basa kuring maot, loba anu
ngalayad. Aya ogé gambaran ngeunaan robahna status soaial kuring ti nu
asalna sangsara, jadi jalma jugala.
4.2.23.2 Unsur Semiotik SKKS-04
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-04 ngawengku genep ikon,
tujuh indéks, jeung tilu simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-04 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
476
Tabél 4.127
Analisis Unsur Ikon SKKS-04
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mtf.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-04:35/1 Pakpikpek Mangrupa gambaran
tina riweuhna
digawé. Ieu katitén
tina cutatan di
handap.
... Kadéngé téh di
dapur gé keur
pakpikpek nu
popolah da sora
pakakas mani
brongbrang.
2. SKKS-04:35/2 Teu gugur teu
angin
Mangrupa paribasa
keur hiji hal nu ujug-
ujug kajadian, teu
puguh
lantarananana. Ieu
katitén tina cutatan
di handap.
... Kuring jeung
maranéhna
reureujeungan geus
puluhan taun, kari-
kari ayeuna teu
gugur teu angin
kuring indit.
3. SKKS-04:36/1 Pait peuheur Mangrupa
kekecapan keur
nuduhkeun yén
bagja jeung susahna
kahirupan geus
kalakon. Ieu katitén
tina cutatan di
handap.
477
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mtf.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
... Bruh-bréh lalakon
mangsa-mangsa ka
tukang. Pait
peuheurna tur amis
maduna hirup datang
narémbongan deui...
5. SKKS-04:38/2 Lir lauk-lauk
nu hirup di
balong
Mangrupa gambaran
tina kahirupan
manusa. Ieu katitén
tina cutatan di
handap.
“Ema, hirup di alam
dunya mah lir lauk-
lauk nu hirup di
balong. Mun éta
balong diawuran
parab ku nu bogana,
lauk-lauk téh bakal
paheula-heula
nyapluk parab...
6. SKKS-04/38/3 Haté kosong
molongpong
Mangrupa indéksikal
tina kahirupan
kuring nu
ditingalkeun ku
indung. Ieu katitén
tina cutatan di
handap.
... Peurih pisan
geuning paturay
jeung nu dipiasih
téh. Hirup asa
keueung, haté
kosong molongpong.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-04 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, barang, jeung sora. Éta bisa katitén dina
data tabél ieu di handap.
478
Tabél 4.128
Analisis Unsur Indéks SKKS-04
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-04:35/1 Brongbrang Sora Mangrupa indéksikal tina
pakakas anu didiaradu. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Kadéngé téh di dapur gé
keur pakpikpek nu popolah da
sora pakakas mani
brongbrang.
2. SKKS-04:36/1 Ijazah Barang Mangrupa bukti bérésna
sakola. Ieu katitén tina cutatan
di handap.
... Bekelna ngan ukur
salambar ijazah STM jeung
pakéan dua pangadeg...
3. SKKS-04:36/1 Bagja Aktualisasi Mangrupa indéksikal tina
meunang pagawéan. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Kacida bagjana hate kuring
harita sanajan ngan ukur jadi
pagawé leutik.
4. SKKS-04/36/1 Utrak-atrok Réngkah
Paripolah
Mangrupa gambaran tina
paripolah hiji jalma nu
nénéangan pakasaban ka ditu
k adieu. Ieu katit’en tina
cutatan di handap.
... Alhamdulillah, utrak-atrok
unggal poé téh henteu
gaplah...
5. SKKS-04:38/3 Alum Gejala
fisik
Mangrupa indéksikal tina
kahirupan kuring. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... Kuring héran ku indung,
siga nu teu bagja nempo
kuring jadi jelema.
Paromanna alum baé nepi ka
pupusna...
479
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
6. SKKS-04:39/2 Maleukmeuk Gejala
fisik
Mangrupa indéksikal tina
kateusugemaan. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... Kacipta deui para diréktr
kelas teri, beungeutna-
beungeutna maleukmeuk
ngandung kahanjelu lantaran
teu kabagéan order...
7. SKKS-04:40/1 Beunta Réngkak
paripolah
Mangrupa indéksikal tina rsa
kuring anu sadar deui. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Geuning nembé ayeuna
panon abdi beunta deui, awas
deui ka maranéhna nu hirup
ngan dugi ka neda...
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon SKKS-04 bisa katitén dina tabél ieu
di handap.
Tabél 4.129
Analisis Unsur Simbol SKKS-04
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-04:37/1 Panjara Mangrupa hiji tempat pikeun jalma-jalma nu
meunang hukuman ti pangadailan. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Terus basa adi beuteung nabrak jelema
nepi ka henteuna, Alhamdulillah teu tulus
ditibanan panajara...
2. SKKS-04:40/2 Panonpoé Mangrupa sumber cahaya nu nyaangan alam
dunya. Ieu katitén tina cutatan di handap.
... Panonpoé geus rék manceran, waktu
piinditeun kuring beui deukeut, da cenah nu
mapagkeun téh engke bada lohor...
480
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
3. SKKS-04:40/3 Karéta Mangrupa salah sahiji alat transportasi. Dina
ieu carita, maksud karétana nya éta alat nu
dipaké nganteurkeun mayit. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
Karéta nu ditumpakan ku kuring téh laju
alon pisan, kawas nu méré kasempetan
pikeun kuring ngucapkeun pileuleuyan ka
sakur nu jajap jeung kaliwatan...
4.2.23.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-04
a. Ajén Sosial
Data jén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun lima ajén sosial.
Tabél 4.130
Data Ajén Sosial SKKS-04
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-04:36/2 Ngadu’akeun
2. SKKS-04:37/1 Alhamdulillah
3. SKKS-04:37/8 Muji sukur
4. SKKS-04:37/9 Solat
5. SKKS-04:37/1 Jampé
Tina tabél di luhur, katitén ayana ajén moral jeung opat ajén
kaagamaan. Ajén moral. Data SKKS-04:37/1 ngébréhkeun ayana maksud
ngupamakeun duit kana jampé, anu bisa ngaréngsékeun sagala pasualan jeung
ngalancarkeun sagala hahalang. Ti dinya, témbong ayana ajén moral anu
goréng ngeunaan paripolah nyogok keur kalancaran usaha anu dilakukeun ku
kuring.
481
Dina opat data ngeunaan ajén kaagamaan, kagiatan wajib saperti sholat
jeung ngadu’a ka Alloh mangrupa ébréhan ngeunaan luhungna ajén-inajén
kaagamaan anu diipuk ku indung keur kamaslahatan hirup anakna.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
sapuluh ajén budaya anu diwincik kana dua ajén.
Tabél 4.131
Data Ajén Budaya SKKS-04
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-04:35/1 Ngarangkul
2. SKKS-04:35/1 Ngaheruk
3. SKKS-04:36/1 Anugerah ti
Gusti
4. SKKS-04:36/2 Ngadu’akeun
5. SKKS-04:36/1 Gusti Allah
Maha Wenang
6. SKKS-04:38/1 Nabi Sulaéman
7. SKKS-04:38/4 Ngupahan
8. SKKS-04:40/2 Ngajajapkeun
9. SKKS-04:40/2 Adan
10. SKKS-04:40/3 Inna lillahi wa
inna ilaihi rojiun
1) Ajén Agama
Ajén agama nyampak dina data SKKS-04:36/1 mangrupa rasa
sukur ka Pangéran. Data SKKS-04:36/2 mangrupa kabiasaan ngadu’a.
Data lianna SKKS-04:37/1, SKKS-04:38/1, SKKS-04:40/2, jeung SKKS-
04:40/3 mangrupa kayakinan-kayakinan umat Islam ngeunaan ayana Alloh
anu Maha Wenang. Data adan ogé mangrupa tanda ayana ajén agama dina
ieu carpon. Konsép agama séjénna aya dina data ngeunaan nabi Sulaéman
anu beunghar tapi masih tetep takwa ka Alloh. Dina ieu carpon, amanatna
482
nyampak dina ajén agama yén sagala anu asalna ti Alloh bakal balik deui
ka Alloh (Inna lillahi wa inna ilaihi rojiun).
2) Ajén Solidaritas
Dua data SKKS-04:35/1 anu nétélakeun paroman jeung réngkak
paripolah anu ngébréhkeun sungkawa. Data SKKS-04:38/4 ogé
ngébréhkeun réngkak paripolah anu nétélakeun sungkawa jeung
nguatkeun sangkan méntalna kuat. Data SKKS-04:40/2 ngébréhkeun
solidaritas dina ngalayad atawa nganteurkeun mayit ka kuburan.
4.2.24 “Wasiat ti Pa Mantri” (SKKS-05)
4.2.24.1 Struktur Carita SKKS-05
a. Téma
Téma dina ieu carita nya éta kamanusaan. Ieu hal nyoko kana carita
kahirupan Pa Mantri, jeung guru-guru séjénna. Téma dina ieu carita miharep
sangkan hirup téh kudu salawasna gotong royong, silih asah, asuh, jeung silih
pikanyaah. Salawasna ngajalankeun adat kabiasaan nu hadé. Ieu hal katitén
tina cutatan di handap.
“Syukur! Bapa reugreug meureun pangsiun téh! moal marojéngja.
Ngan peupeujeuh sakali deui, sipat-sipat urang anu hadé, omat ulah
leungit. Gotong royong, sosial, silih tulungan, silih bélaan jeung
babaturan, silih tutupan kagoréngan, sillih geuing, kadé ulah leungit.”
(47/2)
b.Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, galur dina ieu carita nya éta
galur maju. Dimimitian éska nu ditarima ku Pa Mantri di kantor Kapala
Dinas, ngobrol jeung babaturanana di jero kantor, sarta méré wejangan ka
anak buahna di kantor sakola. Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu
carpon bisa katitén di handap.
483
A ---------- B --------------- C --------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina jumlah galurna, ieu carita téh miboga galur tunggal. Ieu
hal lantaran nyaritakeun saurang palaku nu ngalaman pasualan dina hirup.
c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carita miboga galur anu
padet. Caritana dicaritakeun kalayan gancang. Lantaran miboga hubungan
anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, ieu carita téh miboga galur pamikiran. Disebut
galur pamikiran lantaran nyaritakeun perasaan ogé hal nu kudu jadi
pamikiran para palaku.
2) Palaku
Palaku dina ieu carita aya 12 urang, nya éta Kapala Desa (SKKS-
05:41/1), Pa Mantri (SKKS-05:41/4), Kaur (SKKS-05:42/7), Rustan (SKKS-
05:42/8), Cép Wowo (SKKS-05:42/12), Pa Teguh (SKKS-05:42/14), Asep
(SKKS-05:45/2), Bu Halimah (SKKS-05:45/6), Bu Cucun (SKKS-05:45/8),
Bu Euis (SKKS-05:45/10), Murid (SKKS-05:46/2), jeung Mang Dana (SKKS-
05:46/7).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita ngawengku palau
uatama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina ieu carita nya éta Pa
Mantri (SKKS-05:41/4). Ari palaku tambahanana nya éta Kapala Desa
(SKKS-05:41/1), Kaur (SKKS-05:42/7), Rustan (SKKS-05:42/8), Cép
Wowo (SKKS-05:42/12), Pa Teguh (SKKS-05:42/14), Asep (SKKS-
05:45/2), Bu Halimah (SKKS-05:45/6), Bu Cucun (SKKS-05:45/8), Bu
484
Euis (SKKS-05:45/10), Murid (SKKS-05:46/2), jeung Mang Dana
(SKKS-05:46/7).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanana, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku protagonis jeung palaku antagonis. Palaku protagonis dina ieu
carita nya éta Pa Mantri (SKKS-05:41/4), Kaur (SKKS-05:42/7), Rustan
(SKKS-05:42/8), Cép Wowo (SKKS-05:42/12), Asep (SKKS-05:45/2),
Bu Halimah (SKKS-05:45/6), Bu Cucun (SKKS-05:45/8), Bu Euis
(SKKS-05:45/10), Murid (SKKS-05:46/2), jeung Mang Dana (SKKS-
05:46/7). Ari palaku antagonisna nya éta Pa Teguh (SKKS-05:42/14). Ieu
hal katitén tina omongan Pa Teguh nu hayang ngasupkeun anakna jadi
pagawé maké duit.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangunna watekna, palaku dina ieu carita méh
kabéhanana miboga watek anu basajan. Hartina sipatna statis, gampang
dipikawanoh jeung gampang diinget. Ditilik tina mekar henteuna watek,
palaku dina ieu carita méh kabéhanana mangrupa palaku statis nya éta
sacara ésénsial ieu palaku téh teu ngalaman parobahan.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Dumasar pencerminanana, palaku aya palaku tipikal jeung palaku
nétral. Palaku tipikal nya éta Pa Mantri (SKKS-05:41/4). Ari palaku nralna
nya éta Kapala Desa (SKKS-05:41/1), Kaur (SKKS-05:42/7), Rustan
(SKKS-05:42/8), Cép Wowo (SKKS-05:42/12), Pa Teguh (SKKS-
05:42/14), Asep (SKKS-05:45/2), Bu Halimah (SKKS-05:45/6), Bu Cucun
(SKKS-05:45/8), Bu Euis (SKKS-05:45/10), Murid (SKKS-05:46/2),
jeung Mang Dana (SKKS-05:46/7).
485
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.132
Data Latar SKKS-05
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-05:41/2 Ayeuna
2. SKKS-05:42/5 Rohangan Kapala Dinas
3. SKKS-05:42/14 Rohangan Bendahara
4. SKKS-05:44/4 Paksakeun
5. SKKS-05:44/8 Kantor Dinas
6. SKKS-05:44/13 Kantor Sakola
7. SKKS-05:45/9 Kapala sakola anu dipilih
heula
8. SKKS-05:46/1 Sawelas taun
9. SKKS-05:46/4 Takol loncéng
10. SKKS-05:46/7 Pukul sapuluh
11. SKKS-05:46/10 Nyumbang penjaga
12. SKKS-05:47/2 Gotong royong
(a) Tempat
Latar tempat dina ieu carita nya éta di rohangan Kapala Dinas,
rohangan Bendahara, Kantor Dinas, jeung Kantor sakola. Rohangan
Kapala Dinas mangrupa tempat Pa Mantri narima SK ti provinsi.
Rohangan bendahara nya éta tempat Pa Mantri ngobrol jeung Pa Teguh
ngeunaan jadi kapala sakola jaman ayeuna mah bisa maké duit. Kantor
sakola mangrupa tempat Pa Mantri amitan jeung mapagahan ka guru-guru.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carita nya éta ayeuna, sawelas taun, jeung
pukul sapuluh. Ayeuna mangrupa latar tempat anu jembar, manrupa
mangsa ayeuna, mangsa pa Mantri rék pangsiun. Sawelas taun mangrupa
486
lilana Pa Mantri aya di éta sakola. Pukul sapuluh nya éta waktuna siswa
arasup deui ka kelas sanggeus istirahat.
(c) Sosial
Latar sosial dina ieu carita nya éta paksakeun, disaring heula,
nyumbang penjaga, jeung gotong royong. Latar sosial anu kagambar nya
éta ngeunaan masarakat di lingkungan atikan. Dunya atikan anu teu leupas
tina perkara siswa, guru, prosés ngajar jeung ngatik siswa, kepala sakola,
jeung pangsiunan. Dunya atikan anu masih kénéh aya oknum anu sok
ngandelkeun duit sogokan keur naék jabatan. Tapi, latar sosial anu paling
kuat nya éta ngeunaan karakter kapala sakola anu dipikareueus ku guru-
guru jeung siswa.
4.2.24.2 Unsur Semiotik SKKS-05
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-05 ngawengku tilu ikon,
salapan indéks, jeung dua simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-05 ngan aya ikon métaforis.
Tabél 4.133
Analisis Unsur Ikon SKKS-05
No. Kode Data Data Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-05:44/1 Ngadarah
daging
Mangrupa paribasa nu
dipaké keur nuduhkeun
hiji hal/kabiasaan nu
geus moal bisa
dipisahkeun. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
“Hésé ngabasmina,
Kang! Sabab geus lila
teuing, geus ngadarah
daging. Hésé mupusna...
487
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-05 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, sora, jeung barang. Éta bisa katitén dina
tabél ieu di handap.
Tabél 4.134
Analisis Unsur Indéks SKKS-05
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-05:41/1 Éska (SK) Barang SK mangrupa surat kaputusan
salaku bukti yén Pa Mantri geus
pangsiun. Ieu katitén tina cutatan
di handap.
Éska pangsiun nu karék katarima
ti Kapala Dinas maih dikekewek
dina leungeunna...
2. SKKS-05:41/1 Ratug Gejala
fisik
Ratug mangrupa tanda tina aya
rasa kasieun jeung kahariwang
alatan geus narima surat SK
pangsuiun. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
... Tacan wani muka. Haténa
ratug, teu puguh rasa.
3. SKKS-05:41/7 Hanjelu Aktualisasi Hanjelu mangrupa indéksikal tina
rasa hanjakal, lantaran bet
ngajukeun pangsiun saméméh
waktuna. Ieu katitén tina cutatan
di handap.
Tuluy surat pangsiun téh diilo,
mani imeut naker. Bet aya rasa
hanjelu dina dasar haténa...
4. SKKS-05:42/9 Seuri konéng Réngkak
paripolah
Seuri konéng mangrupa
indéksikal tina ayana katugenah,
lantaran ngarasa teu puguh
pilampaheun saenggeus pangsiun.
Ieu katitén tina cutatan di handap.
“Iraha rék nuturkeun?” tanyana
bari seuri konéng.
488
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
5. SKKS-05:44/5 Seuri maur Réngkak
paripolah
Seuri maut mangrupa indéksikal
tina ayana rasa rumasa. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
Rustan seuri maur. Manéhna
cengkat. Asa geus kumpul deui
pangadananana ayeuna mah.
6. SKKS-05:46/1 Aya nu
ngeclak
Gejala
fisik
Mangrupa indéksikal tina kasedih
para guru, lantaran bakal
leungiteun pamingpin panutan.
Ieu katitén tina cutatan di handap.
Katémbong tina juru-juru panon
guru awéwé aya nu ngeclak.
7. SKKS-05:46/9 Harus Sora Harus mangrupa indéksikal tina
locéng anu ditakol, anu
nandakeun yén barudak anu keur
istirahat kudu asup deui ka kelas .
Ieu katitén tina cutatan di handap.
Locéng ditakol. Mani harus
kadéngé ka kantor.
8. SKKS-05:47/8 Arunggeuk Réngkak
paripolah
Mangrupa indéksikal tina
kasapukan guru-guru kana
papatah kapala sakola. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... Anak buahna arunggeuk bari
nyusutan cipanon.
c. Simbol
Unsur simbol anu aya dina carpon GT-01 bisa katitén dina tabél ieu di
handap.
Tabél 4.135
Analisis Unsur Simbol SKKS-05
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-05:43/9 Duit Duit mangrupa simbol kakawasaan
mangsa kiwari, anu sagala bisa
dikawasa jeung dibeuli ku duit.
489
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
Ieu katitén tina cutatan di handap.
“Sanés ku duk, Kang! Ku duit!”
témbalna bari nyalakatak seuri.
4.2.24.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-05
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.136
Data Ajén Sosial SKKS-05
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. SKKS-05:42/17 Alhamdulillah
2. SKKS-05:44/2 Lahaola
3. SKKS-05:46/1 hampang
leungeun
4. SKKS-05:47/1 Insya’alloh
5. SKKS-05:43/12 Duit keur
nyogok
Tina tabél di luhur, katitén ayana ajén bebeneran, moral, jeung
kaagamaan.
1) Ajén Bebeneran
Data SKKS-05:46/1 ngébréhkeun ajén bebeneran ngeunaan
papatah pa Mantri anu ngalarang guru-guru hampang leungeun upama aya
murid anu ngalanggar aturan atawa réngkak paripolahna teu luyu jeung
sikep salaku siswa.
2) Ajén Moral
Ajén moral kagambar dina data SKKS-05:43/12, anu ngébréhkeun
ayana oknum kapala sakola anu hayang naék jabatan cukup ku méré duit
490
sogokan. Snajan pada-pada apal yén éta téh mangrupa hal anu goréng, tapi
angger loba anu ngalakukeun.
3) Ajén Kaagamaan
Data SKKS-05:42/17, SKKS-05:44/2, jeung SKKS-05:47/1
mangrupa ungkara-ungkara anu dilisankeun ku palaku salaku gambaran
yén dina sagala rupa réngkak paripolah jalma teu leupas tina rido Nu maha
Kawasa.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
dalapan ajén budaya anu diwincik kana lima ajén anu béda-béda.
Tabél 4.137
Data Ajén Budaya SKKS-05
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Keterangan T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-05:42/11 Mekah
2. SKKS-05:43/12 Duit dipaké
nyogok
3. SKKS-05:44/9 Motor cicilan
4. SKKS-05:45/4 Kabéh pagawé
nagri bakal
pangsiun
5. SKKS-05:46/10 Gajih penjaga
sakola anu leutik
6. SKKS-05:43/12 Subhat
7. SKKS-05:43/12 Doraka
8. SKKS-05:47/4 Leungiteun
sosok pamingpin
1) Ajén Téori
Dina data SKKS-05:45/4 katitén aturan ngeunaan pagawé nagri
anu pasti bakal pangsiun, luyu jeung aturan anu geus ditangtukeun ku
nagara.
491
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi nyampak dina data SKKS-05:43/12 jeung SKKS-
05:44/9 anu ngébréhkeun ayana oknum guru jeung kapala sakla anu milih
ngagunakeun duit keur naék jabatan. Ieu hal patali jeung ajén kawasa, basa
Pa Rustan keukeuh kana pamadeganna yén aturan mah bisa dirémpak ku
duit. Data SKKS-05:46/10 nétélakeun yén gajih penjaga sakola kacida
leutik, lantaran kitu kudu dibantuan jeung dirojong ku guru-guru sangkan
pangabutuh sapopoéna kacumponan.
3) Ajén Agama
Data SKKS-05:42/11 ngébréhkeun sacara langsung kana agama
Islam, anu salah sahiji rukunna nya éta indit munggah haji ka baitullah.
Dua data SKKS-05:43/12 nétélakeun hukum suap anu leuwih gedé
dorakana batan subhat. Boh anu nyogokna, boh anu disogokna, sarua
pada-pada doraka.
4) Ajén Solidaritas
Dina data SKKS-05:47/4, ajén solidaritas digambarkeun dina
situasi tempat gawé. Sakola lain saukur tempat ngajar jeung diajar
ngeunaan téori atawa matéri, tapi ogé ngeunaan kahirupan, silih
talingakeun jeung silih pikanyaah.
4.2.25 “Handapeun Langit Hideung” (SKKS-06)
4.2.25.1 Struktur Carita SKKS-06
a. Téma
Téma dina ieu carita nya éta kamanusaan. Ieu hal nyoko kana
kahirupan masarakat di kampung kuring nu masih percaya kana ayana jalma
nu munjung, nyaritakeun kahirupan sapopoé, tur ayana kabiasaan masarakat
492
ngawangkong nu can puguh bebenerananan. Ieu hal katitén tina cutatan di
handap.
Tepas imah téh rada lega, lampitna hérang balas didariukan tatangga-
tatangga nu sok ngahaja ngalayung pasosoré… (48/3)
“Ieuh, di lembur urang mah saréréa ogé geus tarerangeun, yén Gan
Wiria téh munjung,” pokna (50/1)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Galur dina ieu carita, nya éta galur maju. Ieu galur dimimitian ku
tatangga nu daratang ka imah kuring keur ngiuhan. Ti dinya bijil omongan
ngeunaan Gan Wiria nu disangka Munjung. Teu lila jol si Ujang, anak Nyi
Anah bari huhujanan. Soréna si Ujang panas, tuluy diubaran ka dukung
peutingna. Si ujang dimandian tengah peuting, awakna teu disimbutan.
Isuk-isukna si ujang tilar dunya. Upama dibagankeun, ieu galur téh saperti
di handap.
A ---------- B --------------- C --------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Dumasar jumlah galurna, ieu carita miboga galur sub-galur. Nya
éta carita anu nyaritakeun dua carita tapi masih patali nu hiji jeung nu
séjénna.
c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Dumasar kepadatanana, ieu carita miboga galur padet. Nya éta
midangkeun carita sacara gancang tur kajadianan dalit.
(d) Dumasar Eusi
493
Dumasar eusina, galur ieu carita téh nya éta galur pemikiran. Dina
ieu carita pondok, dicaritakeun kumaha pamikiran masarakat ngeunaan
pasualan kahirupan nu karandapanana.
2) Palaku
Palaku dina ieu carita aya sabelas, nya éta (SKKS-06:48/1) Ijah,
(SKKS-06:48/4) Bi Mamah, (SKKS-06:49/5) Nyi Anah, (SKKS-06:49/7) Si
Ujang, (SKKS-06:49/9) Cép Entu, (SKKS-06:49/8) Juragan Wiria, (SKKS-
06:50/7) Ki Ja’I, (SKKS-06:50/7) Si Uju, (SKKS-06:50/7) Nyi Erum, (SKKS-
06:53/6) Pa Samhari, jeung Ceuk Idah (SKKS-06:54/2).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita aya palaku utama
jeung tambahan. Palaku utamana nya éta Ijah (SKKS-06:48/1), Bi Mamah
SKKS-06:48/4), Nyi Anah (SKKS-06:49/7), jeung Si Ujang (SKKS-
06:49/9). Ari nu tambahannana nya éta (SKKS-06:49/7) Nyi Anah,
(SKKS-06:49/9) Si Ujang, (SKKS-06:49/8) Cép Entu, (SKKS-06:50/7)
Juragan Wiria, (SKKS-06:50/7) Ki Ja’I, (SKKS-06:50/24) Si Uju, (SKKS-
06:51/7) Nyi Erum, (SKKS-06:53/6) Pa Samhari, jeung Ceuk Idah
(SKKS-06:54/2).
(b) Dumasar Penampilan
Dumasar penampilanana aya protagonis jeung antagonis. Palaku
protagonis nya éta (SKKS-06:48/1) Ijah, (SKKS-06:49/7) Nyi Anah,
(SKKS-06:49/9) Si Ujang, (SKKS-06:49/8) Cép Entu, jeung (SKKS-
06:49/7) Juragan Wiria. Ieu palaku bisa katitén tina cutatan di handap.
“Muga-muga baé enya jeung Cép Entu, hariwang sotéh bisi teu
aya,” ceuk Nyi Anah…” (49/9)
Peuting éta kuring milu ngemitan. Kira kira pukul dalapan jol
GanWiria, bojona, jeung Cép Entu, putra nu kari hij-hijina.
Ningali simbut budak nyinglid téh Ceuk Idah ngarongkong ti
dituna mah rék menerkeun meureun. (54/2).
494
Palaku antagonis dina ieu carita nya éta (SKKS-06:48/4) Bi
Mamah, (SKKS-06:51/6) Nyi Erum, jeung (SKKS-06:53/2) Pa Samhari.
Ieu hal katitén tina kalakuan Bi Mamah jeung Nyi Erum nu sok
ngagogoréng Gan Wiria, sarta Pa Samhuri (dukun).
“Ari Nyai, geus réa nu manggihan,” ceuk Bi Mamah. “apan
pamajikanan sakitu reunceumna emas-emasna,” Nyi Anah
mencrong kana beungeut Bi Mamah.” (50/4).
(c) Dumasar Watek
Dumasar wangun watekna, palaku dina ieu carita watakna basajan.
Ieu hal katitén tina babari kapanggihna/dipikawanohna watek-watek
palaku.Dumasar mekar henteuna watek palaku, dina ieu carita ngawengku
palaku statis jeung palaku dinamis. Palaku statis nya éta (SKKS-06:48/1)
Ijah, (SKKS-06:48/4) Bi Mamah, (SKKS-06:49/9) Si Ujang, (SKKS-
06:49/12) Cép Entu, (SKKS-06:49/8) Juragan Wiria, (SKKS-06:50/7) Ki
Ja’I, (SKKS-06:50/7) Si Uju, (SKKS-06:51/6) Nyi Erum, (SKKS-06:53/2)
Pa Samhari, jeung (SKKS-06:54/2) Ceuk Idah. Sedengkeun palaku
dinamisna nya éta , (SKKS-06:49/8) Nyi Anah. Ieu hal katitén tina sipat
Nyi Anah nu babari kapangaruhan ku omongan tatangga-tatanggana.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Dumasar pencerminanana, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku tipikal jeung palaku nétral. Palaku tipikal nya éta Palaku statis nya
éta (SKKS-06:49/8) Nyi Anah, (SKKS-06:48/1) Ijah, (SKKS-06:48/4) Bi
Mamah, (SKKS-06:49/9) Si Ujang, jeung (SKKS-06:49/12) Cép Entu. Ari
palaku nétral nya éta (SKKS-06:49/12) Juragan Wiria, (SKKS-06:50/7) Ki
Ja’I, (SKKS-06:50/7) Si Uju, (SKKS-06:51/2) Nyi Erum, jeung (SKKS-
06:53/2) Pa Samhari, jeung (SKKS-06:54/2).
3) Latar
495
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.138
Data Latar SKKS-06
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-06:48/2 Kampung
2. SKKS-06:48/3 Ngalayung
3. SKKS-06:48/3 Pasosoré
4. SKKS-06:48/4 Sababaraha poé rérés tandur
5. SKKS-06:48/4 Di tepas
6. SKKS-06:49/9 Gigireun
7. SKKS-06:50/1 Munjung
8. SKKS-06:50/7 Pakalongan
9. SKKS-06:50/7 Gunung Kromong
10. SKKS-06:51/8 Hujan nu munjung
11. SKKS-06:52/14 Isuk-isuk
12. SKKS-06:52/14 Dapur
13. SKKS-06:53/2 Dukun
14. SKKS-06:54/2 Peuting
15. SKKS-06:54/2 Pukul dalapan
16. SKKS-06:55/3 Tengah peuting
17. SKKS-06:55/3 Di buruan
18. SKKS-06:55/3 Pukul dua peuting
19. SKKS-06:55/4 Tabuh dalapan
(a) Tempat
Latar tempat dina ieu carita nya éta kampung, di tepas, gigireun,
Pakalongan, Gunung Kromong jeung di buruan. Ieu hal katitén tina
cutatan di handap.
“Kampung kuring téh teu kaasup kampung gedé, sabab paling
réa ogé imah-imah nu aya di dinya téh ngan ukur pupuluhan
suhunan...” (48/2).
“... Kuring ogé keur ngalangseu di tepas, bari ngageberan awak
ku hihid...” (48/4).
496
“…manéhna ngésod ka gigireun kuring bari ngarongkong
seupaheun.’(49/9).
(b) Waktu
Waktu dina ieu carita nya éta pasosoré, sababaraha poé rérés
tandur, isuk-isuk, peuting, pukul dalapan, tengah peuting, pukul dua
peuting, jeung tabuh dalapan. Ieu hal katitén tina cutatan di handap.
“... Tepas imah téh rada lega, lampitna hérang balas didariukan
tatangga-tatangga nu sok ngahaja ngalayung pasosoré…”
(48/3).
“Isukna, isuk kénéh pisan Nyi Anah geus norojol ka dapur…”
(52/14).
(c) Sosial
Latar sosial dina ieu carita nya éta munjung, hujan nu munjung,
jeung dukun. Ieu hal katitén tina cutatan di handap.
“Ieuh, di lembur urang mah saréréa ogé geus tarerangeun, yén
Gan Wiria téh munjung” pokna. (50/1).
“… Sugan mah hujan nu munjung ieu mah…” (51/8).
4.2.25.2 Unsur Semiotik SKKS-06
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-06 ngawengku opat ikon, tujuh
indéks, jeung dua simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-06 ngan aya anu mangrupa ikon
métaforis wungkul.
Tabél 4.139
Analisis Unsur Ikon SKKS-06
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
497
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-06:48/4 Siga keur
udag-
udagan
Dina ieu carita,
mega jeung angin
diumpamakeun keur
silih udag. Ieu
katitén tina cutatan
di handap.
... Poé keur
meujeuhna
nongtoréng, sanajan
kitu sagumpluk
mega ngabelegbeg
beulah kidul, katiup
angin siga keur
udag-udagan...
2. SKKS-06:49/1 Asa
dirérab
Mangrupa istilah
nalika urang
ngarasa kapanasan.
Ieu kecap biasa
dilarapkeun upama
kaayaan hiji jalma
nu aya di hareupeun
seuneu. Ieu katitén
tina cutatan di
handap.
“Alah, mani asa
dirérab!”
Omongna...
3. SKKS-06:49/1 Tiis Mangrupa hiji
kecap nu biasana
dilarapkeun kana
kaayaan cai. Dina
ieu carita, kecap tiis
dilarapkeun kana
kaayaan nu iuh. Ieu
katitén tina cutatan
di handap.
“... Sugan baé di
dieu mah rada tiis.”
4. SKKS-06:53/4 Kawas
ruhak
Mangrupa kecap nu
nuduhkeun barang
anu panas. Ieu
kecap dipaké pikeun
498
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
mapandékeun awak
Ujang anu panas.
... Saluar awakna
panas mani kawas
ruhak, ambekanana
jiga nu ampeg.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-06 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél ieu di
handap.
Tabél 4.140
Analisis Unsur Indéks SKKS-06
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-06:48/4 Ngageberan
awak
Réngkak
paripolah
Pagawéan kuring
lantaran ngarasa
hareudang. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
... Kuring ogé geur
ngalangseu di tepas,
bari ngageberan
awak ku hihid...
2. SKKS-06:50/6 Geleger guludug Gejala
alam
Mangrupa hiji gejala
alam nu nuduhkeun
keur hujan badag. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
... Sabot kitu geleger
499
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
guludugti kajauhan...
3. SKKS-06:50/8 Paralak-paralak Sora Mangrupa sora nu
asalna tina luhureun
suhunan. Ieu sora téh
ciri ayana hujan. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
Paralak-paralak
hujan mimiti turun,
baradag pisan,
geleger guludug tarik
pisan...
4. SKKS-06:52/3 Mucicid Gejala
fisik
Mangrupa indéksikal
tina awak nu
kahujanan. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
... Geus kitu mah léos
waé manéhna balik
bari nungtun
budakna nu bajuna
jibreg jeung mucicid
kabulusan.
5. SKKS-06:53/4 Geuneuk Gejala
fisik
Mangrupa kausalitas
tina kaayaan awak
anu keur gering. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
Kuring gura-giru ka
imahna, enya baé
budak téh panas mani
nyebrét. Beungeutna
mani geuneuk...
6. SKKS-06:54/5 Noroktok Gejala
fisik
Mangrupa indéksikal
tina kaayaan awak
ujang anu tiris. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
“Naha maké entong
500
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
disimbutan, karunya
ieuh, sakitu
noroktokna tiriseun,”
ceuk Ceuk Idah.
7. SKKS-06:55/4 Jejeritan jeung
jujungkelan
Réngkak
paripolah
Mangrupa indéksikal
tina kaayaan émosi
anu teu kakontrol
lantaran Si Ujang
maot. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
Saeunggeus
dimandian budak téh
kalah beuki kacida,
isukna, kira-kira
tabuh dalapan budak
téh maot. Kuring
mapalér Nyi Anah nu
jejeritan jeung
jujungkelan di
buruan...
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta
simbol tina kaayaan tempat anu pinuh ku panyiksa jeung kanyeri. Ieu bisa
katitén dina tabél di handap.
Tabél 4.141
Analisis Unsur Simbol SKKS-06
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-06:53/ Cai kembang tujuh
rupa
Cai kembang tujuh rupa
mangrupa simbol ayana itungan
501
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
tujuh anu dianggap sakral dina
wengkuan kosmologi Sunda,
Dina ieu carpon kembang tujuh
rupa dipaké ku dukun keur
ngamandian Si Ujang. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... engké peuting bapaka dieu
deui bari mawa lodong keur
mandi Si Ujang, caina cai
kembang tujuh rupa keur
panyinglar...
2. SKKS-06:54/1 Duit Mangrupa simbol tina panuhun
atawa rasa kaingetan. Ieu katitén
tina cutatan di handap
Méméh indit Pa Samhari
dibahanan duit ku Nyi Anah
keur meuli kembang basana.
4.2.25.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-06
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tilu ajén sosial.
Tabél 4.142
Data Ajén Sosial SKKS-06
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Katerangan Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-06:48/3 Ngémploh
2. SKKS-06:56/1 Rido
3. SKKS-06:56/2 Malakal
maot
Tina tabél di luhur katitén ayana ajén sosial kaéndahan jeung agama.
Éta ajén kapanggih dina cutatan di handap.
1) Ajén Kaéndahan
502
Ajén kaéndahan témbong dina data SKKS-06:48/3, anu
ngagambarkeun sawah anu héjo ngémploh.
2) Ajén Kaagamaan
Data ajén kaagamaan nyampak dina SKKS-06:56/1, anu
ngagambarkeun ridona Ceuk Idah basa rék méré ongkos keur ngubaran Si
Ujang ka klinik. Data SKKS-06:56/2, ngébréhkeun ayana kayakinan yén
anu nyabut nyawa jalma téh nya éta Malakal Maot kalawan hakékatna
Gusti Alloh SWT.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
lima beas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.143
Data Ajén Budaya SKKS-06
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Keterangan T É A Sn. K SI.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-06:56/1 Rido
2. SKKS-06:56/2 Malakal maot
3. SKKS-06:54/2 Gan Wiria
ngalongok
4. SKKS-06:54/2 Ngemitan
5. SKKS-06:55/4 Mapalér
1) Ajén Agama
Data ajén kaagamaan nyampak dina SKKS-06:56/1, anu
ngagambarkeun ridona Ceuk Idah basa rék méré ongkos keur ngubaran Si
Ujang ka klinik. Data SKKS-06:56/2, ngébréhkeun ayana kayakinan yén
anu nyabut nyawa jalma téh nya éta Malakal Maot kalawan hakékatna
Gusti Alloh SWT.
2) Ajén Solidaritas
503
Ajén solidaritas nyampak dina dua data data SKKS-06:54/2 jeung
SKKS-06:55/4. Dua data SKKS-06:54/2 ngébréhkeun ayana rasa
solidaritas Gan Wiria jeung Ceuk Idah ka kulawarga Nyi Anah basa Si
Ujang keur gering.
Data SKKS-06:55/4 ngébréhkeun ayana solidaritas salaku papada
tatangga anu boga kawajiban silih talingakeun, kaasup silih pikanyaah
upama aya salah sahiji anu kamusibahan.
4.2.26 “Hama” (SKKS-07)
4.2.26.1 Struktur Carita SKKS-07
a. Téma
Téma dina ieu carita nya éta kamanusaan. Ieu hal nyoko kana
kahirupan masarakat désa nu pagawéanana ngolah taneuh. Téma dina ieu
carita téh miharep sangkan masarakat leuwih sadar kana kajadian nu
lumangsung. Ieu di handap mangrupa sawatara cutatan nu ngagambarkeun
téma di luhur.
…Isuk-isuk Ua Istri geus gogorowokan. Kakara mulang ti sawah
kulon… (57/3)
…Can sepuh-sepuh teuing Ua téh. tapi tatangga mah sok nyarebut
Ua Sepuh waé, bubuhan Ua Pameget dipisepuh ku saréréa... (60/2)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, galur dina ieu carita nya éta
galur maju. Dimimitian tina kahandeueulan Ua Istri kana kaayaan sawah
anjeunna nu kakeunaan ku hama. Ieu kajadian dicaritakeun ka dulur-
dulurna. Tina éta obrolan Ua Istri mutuskeun nyieun sawahna jadi balong
pikeun dipelakan lauk jeung lélé. Ieu kaputusan Ua téh teu hasil, lantaran
balongna anggeur kakeunaan ku hama.
504
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina ieu carpon bisa katitén di
handap.
A ---------- B --------------- C --------- D ---------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina jumlah galurna, ieu carita téh miboga galur tunggal. Ieu
hal lantaran nyaritakeun saurang palaku nu ngalaman pasualan dina hirup.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carita miboga galur anu
padet. Caritana dicaritakeun kalayan gancang. Lantaran miboga hubungan
anu dalit jeung inti carita.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar kana eusina, ieu carita miboga galur peruntungan. Ieu hal
lantaran ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba/karandapan ku palaku.
Ieu hal katitén tina wabah hama nu kaalaman ku Ua.
2) Palaku
Palaku dina ieu carita aya 12 urang nya éta Ua Istri (SKKS-07:57/1),
Indung Kuring (SKKS-07:57/4), Kuring (SKKS-07:57/4), Beurit (SKKS-
07:58/3), Kungkang (SKKS-07:58/5), Bi Asih (SKKS-07:58/5), Kang Dadang
(SKKS-07:59/7), Ua Pameget (SKKS-07:60/3), Ceu Mirah (SKKS-07:61/1),
Ceu Nining (SKKS-07:61/1), Bayawak (SKKS-07:61/5), jeung Mang Ipan
(SKKS-07:61/6).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, palaku dina ieu carita ngawengku palau
uatama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina ieu carita nya éta Ua
Istri (SKKS-07:57/1), Kuring (SKKS-07:57/4). Ari palaku tambahanana
nya éta Indung Kuring (SKKS-07:57/4), Bi Asih (SKKS-07:58/3), Kang
Dadang (SKKS-07:59/7), Ua Pameget (SKKS-07:60/3), Ceu Mirah
505
(SKKS-07:61/3), Ceu Nining (SKKS-07:61/5), jeung Mang Ipan (SKKS-
07:61/6).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina penampilanana, palaku dina ieu carita ngawengku
palaku protagonis jeung palaku antagonis. Palaku protagonis dina ieu
carita nya éta Ua Istri (SKKS-07:57/1). Ieu hal katitén tina cutatan di
handap.
… Najan saréréa pada terang Ua téh pangjugalana di lembur
kuring mah, tapi da tara ningalikeun anjeun. Ka sawah ka
kebon tara tinggaleun… (60/2).
Palaku séjénna nu kaasup protagonis nya éta Indung Kuring
(SKKS-07:57/4), Kuring (SKKS-07:57/4), Bi Asih (SKKS-07:58/5), Kang
Dadang (SKKS-07:59/7), Ua Pameget (SKKS-07:60/3), Ceu Mirah
(SKKS-07:61/1), Ceu Nining (SKKS-07:61/1), jeung Mang Ipan (SKKS-
07:61/6).
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangunna watekna, palaku dibagi kana palaku basajan
jeung palaku kompléks. Palaku basajanna nya éta Indung Kuring (SKKS-
07:57/4), Beurit (SKKS-07:58/3), Kungkang (SKKS-07:58/5), Bi Asih
(SKKS-07:58/5), Kang Dadang (SKKS-07:59/7), Ua Pameget (SKKS-
07:60/3), Ceu Mirah (SKKS-07:61/1), Ceu Nining (SKKS-07:61/1),
Bayawak (SKKS-07:61/5), jeung Mang Ipan (SKKS-07:61/6). Éta palaku
téh disebut palaku basajan lantaran sipatna statis, gampang dipikawanoh
jeung gampang diinget. Ieu hal katitén tina watek palaku-palaku di luhur
nu relatip stabil.
Ari nu kompléksna nya éta Ua Istri (SKKS-07:57/1) jeung Kuring
(SKKS-07:57/4). Disebut kompléks lantaran miboga watek nu sawaktu-
waktu bisa barobah, tur sipatna dinamis. Ieu hal katitén tina watek Ua nu
bageur tapi sakapeung sok gogorowokan nunjukeun kakeuheulna.
506
…Isuk-isuk Ua Istri geus gogorowokan. Kakara mulang ti
sawah kulon…(57/3)
… Najan saréréa pada terang Ua téh pangjugalana di lembur
kuring mah, tapi da tara ningalikeun anjeun. Ka sawah ka
kebon tara tinggaleun… (60/27).
Ditilik tina mekar henteuna watek, palaku dibagi jadi palaku statis
jeung palaku dinamis. Palaku statis nya éta Indung Kuring (SKKS-
07:57/4), Beurit (SKKS-07:58/3), Kungkang (SKKS-07:58/5), Bi Asih
(SKKS-07:58/5), Kang Dadang (SKKS-07:59/7), Ua Pameget (SKKS-
07:60/3), Ceu Mirah (SKKS-07:61/1), Ceu Nining (SKKS-07:61/1),
Bayawak (SKKS-07:61/5), jeung Mang Ipan (SKKS-07:61/6). Ari nu
dinamis nya éta Ua Istri (SKKS-07:57/1) jeung Ua Istri (SKKS-07:57/1).
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Dumasar pencerminanana, palaku aya palaku tipikal jeung palaku
nétral. Palaku tipikal nya éta Ua Istri (SKKS-07:57/1) jeung Ua Istri
(SKKS-07:57/1). Ari palaku nétral dina ieu carita nya éta Indung Kuring
(SKKS-07:57/4), Bi Asih (SKKS-07:58/5), Kang Dadang (SKKS-
07:59/7), Ua Pameget (SKKS-07:60/3), Ceu Mirah (SKKS-07:61/1), Ceu
Nining (SKKS-07:61/1), jeung Mang Ipan (SKKS-07:61/6).
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.144
Data Latar SKKS-07
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
507
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. SKKS-07:57/1 Sababaraha Poé
2. SKKS-07:57/1 Ambek-ambekan
3. SKKS-07:57/3 Isuk-isuk
4. SKKS-07:58/3 Hama beuki mahabu
5. SKKS-07:58/4 Ayeuna
6. SKKS-07:58/4 Tilu usum
7. SKKS-07:58/5 Samingu deui
8. SKKS-07:58/5 Di luar
9. SKKS-07:58/6 Gara-gara Éyang Sepuh
10. SKKS-07:59/6 Nyobaan melak lélé dumbo
11. SKKS-07:60/1 Sabulan
12. SKKS-07:60/3 Di Subang
13. SKKS-07:60/4 Kamari
14. SKKS-07:60/4 Keukeuh
15. SKKS-07:61/1 Dipelakan lélé dumbo
16. SKKS-07:61/3 Sisi balong
17. SKKS-07:61/4 Ngawakwak
18. SKKS-07:61/6 Unggal peuting
19. SKKS-07:61/6 Di balong
20. SKKS-07:62/3 Dibedahkeun
(a) Tempat
Latar tempat dina ieu carita aya opat, nya éta di di luar (SKKS-
07:58/5), di Subang (SKKS-07:60/3), sisi balong (SKKS-07:61/3), jeung
di balong (SKKS-07:61/6).Ieu hal katitén tina cutatan di handap.
…Bubuhan ngariung imah téh , mun aya nu ngobrol di luar sok
langsung tingtorojol,…(58/5).
…Mang Ipan, nu imahna sisi balong, nyaritakeun unggal
peuting ngadéngé nu gogojoboran di balong … (61/6)
… réngsé ngabedahkeun, Ua Istri damelna ngan ngalungsar
waé dinasaung sisi balong … (62/4)
(b) Waktu
508
Waktu nu digunakeun dina ieu carita nya éta sababaraha poé, isuk-
isuk, ayeuna, tilu usum, samingu deui, sabulan, kamari, jeung unggal
peuting. Ieu hal katitén tina cutatan di handap.
… Enya ayeuna mah nyawah téh, geus tilu usum ngan gagal
waé … (58/4)
… Nyieunna gé ampir sabulan digawéan ku sapuluh urang …
(60/1)
… Komo kamari, méméh pemilu anjeunna keukeuh ngabéla
partéy kameumeutna … (60/4)
… Mang Ipan, nu imahna sisi balong, nyaritakeun unggal
peuting ngadéngé nu gogojoboran di balong … (61/6)
… Pasosoré, réngsé ngabedahkeun, Ua Istri damelna ngan
ngalungsar waé dina saung sisi balong … (62/4)
(c) Sosial
Latar sosial dina ieu carita ngawengku: ambek-ambekan (SKKS-
07:57/1), hama beuki mahabu (SKKS-07:58/3), gara-gara Éyang Sepuh
(SKKS-07:58/6), nyobaan melak lélé dumbo (SKKS-07:59/8), keukeuh
(SKKS-07:60/4), dipelakan lélé dumbo (SKKS-07:61/1), ngawakwak
(SKKS-07:61/4), jeung dibedahkeun (SKKS-07:62/3).
4.2.26.2 Unsur Semiotik SKKS-07
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-07 ngawengku tilu ikon,
salapan indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-07 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.145
509
Analisis Unsur Ikon SKKS-07
No. Kode Data Data
Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mtf.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-07:57/1 Si
Monyong
Si Monyong mangrupa
citraan tina beurit nu
sungutna monyong sarta
sok ngaruksak/jadi hama
kana paré. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
... Ngambek sotéh ka Si
Monyong, nu sok
miheulaan panén...
2. SKKS-07:57/5 Cawéhwér Cawéhwér mangrupa
gambaran tina sora jelema
anu cempréng. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... kudu dikumahakeun
atuh! Mangka lain duit
leutik-leutik nu dipaké
modal téh,” soantenna nu
cawéhwér beuki tarik waé.
3. SKKS-07:59/2 Pelok Pelok mangrupa hiji hal anu
leutik. Dina ieu konteks,
pélok mangrupa gambaran
budak anu masih kénéh
leutik Ieu katitén tina
cutatan di handap.
Gandéng! Budak sagedé
peloksok ngagokan obrolan
kolot!...
4. SKKS-07:61/6 Gogojobo-
ran
Gogojoboran mangrupa
gambaran tina sora mahluk
nu keur ngojay di cai. Ieu
katitén tina cutatan di
handap.
... Mang Ipan, nu imahna
510
No. Kode Data Data
Tipe
Interprétasi Img. Dgm. Mtf.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
sisi balong, nyaritakeun
unggal peuting ngadéngé nu
gogojoboran di balong...
5. SKKS-07:62/1 Bolécék Bolécék mangrupa
gambaran tina tato dina
awak. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
... Paingan ari marab sok
asa beuki saeutik waé. Kitu
gé, huluna loba nu bolécék
garetihan...
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-07 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, jeung corétan. Éta bisa katitén dina data
tabél ieu di handap.
Tabél 4.146
Analisis Unsur Indéks SKKS-07
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-04:57/1 Baketut Gejala
fisik
Indéksikal tina kaayaan sawah
nu ku hama. Ieu katitén tina
cutatan ieu di handap.
Geus sababaraha poé Ua Istri
damelna ngan ambek-
ambekan. Semuna baketut
baé...
2. SKKS-04:57/1 Gugurunu Réngkak
paripolah
Indéksikal tina kaayaan sawah
nu ku hama. Ieu katitén tina
cutatan ieu di handap.
... Remen pisan kaperego
gugurunu nyalira...
3. SKKS-07:57/1 Ngambek Aktualisasi Indéksikal tina kakeuheul Ua
511
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Istri kana kaayaan sawah nu
beak ku beurit. Ieu katitén tina
cutatan ieu di handap.
... Lain ngambek ka tatangga,
atawa ka rayi-rayina. Sok
komo ka putrana nu du amah,
lain pisan. Ngambek sotéh ka
Si Monyong, nu sok
miheulaan panén...
4. SKKS-07:57/2 Handeudeul Aktualisasi Aktualisasi tina kaayaan
sawah nu beak ku beurit. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
Teu bisa ngabibisani. Saréréa
gé, nu nyawah mah tangtu
milu ngarasakeun. Ngan
meureun Ua Istri mah
handeueulna leuwih ti nu
lian...
5. SKKS-07:57/3 Gogorowokan Réngkak
paripolah
Mangrupa kalakuan Ua Istri
sabada balik ti sawah, balukar
tina kaayaan sawahna nu beak
ku hama. Ieu hal katitén tina
cutatan ieu di handap.
... Isuk-isuk Ua Istri geus
gogorowokan. Kakara mulang
ti sawah. Sigana beuki lega
waé tapak beurit téh.
6. SKKS-07:57/3 Tapak Corétan Mangrupa indéksikal tina
ayana sato nu jadi hama. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Isuk-isuk Ua Istri geus
gogorowokan. Kakara mulang
ti sawah. Sigana beuki lega
waé tapak beurit téh.
7. SKKS-07:57/5 Mededes Gejala Indéksikal tina kaayaan paré
512
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
fisik nu ku hama. Ieu katitén tina
cutatan di handap.
... Kami mah geus bingung
kudu kumaha ngabasmi beurit
téh. Éta paré nu sakitu
mararontodna nepi ka
mededesna...
8. SKKS-07:58/5 Harapa Gejala
alam
Mangrupa indéksikal tina
hama nu ngahakanan pare. Ieu
katitén tina cutatan ieu di
handap.
... Geuning usum kamari,
saminggu deui rék panén der
kungkang. Lapur, pibuateun
téh harapa...
9. SKKS-07:58/7 Ngéwa Aktualisasi Indéksikal tina kalakuan Ua
Istri nu keukeuh. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... Kuring milu nambalang.
Sok ngéwa tuda ari Ua Istri
geus nyarios kitu téh.
10. SKKS-07:59/8 Molototan Réngkak
paripolah
Indéksikal tina omongan
kuring nu ngalawan Ua Istri.
Ieu katitén tina cutatan di
handap.
... Kitu-kitu gé gedé jasana!
Can bukti deuleu, korupsina
ge! Ua Istri tangka molototan.
11. SKKS-07:62/1 Gegejrét Ringkak
paripolah
Indéksikal tina kakeuheul Ua
Istri kana kaayaan lélé. Ieu
katitén tina cutatan di handap.
... Ua Istri tangka gegejrét
bakat ku keuheul meureun...
12. SKKS-07:63/7 Kerung Ringkak
paripolah
Indéksikal tina kateupanujuan
Ua ka kuring, anu matalikeun
urusan tatanén ka para
refermis.
Ieu katitén dina cutatan di
513
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
handap.
“Hama naon ari manéh, bet
los-los ka kaum réformis…,”
taar Ua mani kerung.
13. SKKS-07:63/9 Ngagoak Réngkak
paripolah
Ngagoak mangrupa indéksikal
tina rasa nyeuri lantaran ceuli
Kuring anu dipurilitkeun ku
Ua. Ieu katitén tina cutatan di
handap.
... Tarik pisan ayeuna mah.
Kuring ngagoak. Lambey Ua
beuki ngawet.
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta
simbol tina ayana jalma-jalma anu ngaruksak sistem nagara. Ieu bisa katitén
dina tabél di handap.
Tabél 4.147
Analisis Unsur Simbol SKKS-07
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-07:58/7 Hama nagara Hama nagara mangrupa simbol tina
kahirupan nu ngaruksak kana tatanan
nagara. Ieu mangrupa gambaran tina
kaayaan di kampung kuring nu salah
sahiji pajabatna korupsi. Ieu katitén
tina cutatan di handap.
... Mana kitu gé hama paré téh
ngaganti hama nu geus léngsér.
Bédana, itu mah hama nagara, ari ieu
mah hama nu ngaruksak patani...
514
4.2.26.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-07
a. Ajén Sosial
Data jén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.148
Data Ajén Sosial SKKS-07
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-07:61/5 Ampun Gusti
2. SKKS-07:62/3 Alhamdulillah
Tina tabél di luhur, kapanggih ayana data sosial kaagamaan nu
nyangkaruk dina ieu carita.
Ajén Kaagamaan
Ajén kaagamaan nyampak dina Ampun Gusti (SKKS-07:61/5)
jeung Alhamdulillah (SKKS-07:62/3). Data SKKS-07:61/5 ngébréhkeun
kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha
sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran
Alloh SWT.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
lima ajén budaya anu diwincik kana opat ajén anu béda-béda.
Tabél 4.149
515
Data Ajén Budaya SKKS-07
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-07:57/2 Ngajuta
2. SKKS-07:58/1 Sarempak tanam
3. SKKS-07:60/1 Karunya
4. SKKS-07:61/5 Ampun Gusti
5. SKKS-07:62/3 Alhamdulillah
Dumasar tabél di luhur, kapanggih aya hiji téori, hiji ékonomi, dua
agama, hiji ajén kawasa, jeung hiji ajén solidaritas.
1) Ajén Téori
Data SKKS-07:58/1 ngébréhkeun ayana solusi pikeun nyingkahan
hama anu mahabu, nya éta ku cara sarempak tanam, atawa melak parena
babarengan. Tapi, lantaran di lembur mah upama aya anu ngurus sawah
téh silih bantuan gawé, upama melak jeung panénna babarengan, aya
kamungkinan kurang anu gawé mantuan lantaran pada-pada ngurus
sawahna séwang-séwangan.
2) AjénAgama
Ajén agama nyampak dina Ampun Gusti (SKKS-07:61/5) jeung
Alhamdulillah (SKKS-07:62/3). Data SKKS-07:61/5 ngébréhkeun
kahanjakal lantaran Ua Istri ningali laukna paraéh, tapi teu bisa kumaha
sabab sanajan saréatna lantaran aya bayawak, hakékatna mah lantaran
Alloh SWT.
3) Ajén Solidaritas
Data SKKS-07:60/1 ngébréhkeun rasa mangkarunyakeun ka Ua
anu nyieun balong gedé salila sabulan keur melak lélé dumbo, tapi teu
kapaké.
516
4.2.27 “Nu Mulang ti Panyabaan” (SKKS-08)
4.2.27.1 Struktur Carita SKKS-08
a. Téma
Tema carpon SKKS-08 nya éta réligi, ieu téma nyoko kana
kakawasaan Pangéran kana nangtukeun nasib jeung takdir jalma, gambaran
kaagamaan jeung kapercayaan palaku kana agama jeung ajawan nu aya dina
agama. Ieu téma kaagamaan katitén tina kagiatan anu lumangsung sarta dina
palaku nyanghareupan kahirupan dibarengan ku ajaran jeung kapercayaanana
kana agama.
Tina téma ieu pangarang miharep sangkan dina nyanghareupan hirup
jalma kudu sumerah ka Pangéran, sarta kudu sujud sukur narima ni’mat, nasib,
jeung takdir ti Pangéran sanajan henteu saluyu jeung pangharepan, ku sabab
naon anu dipikahayang can tangtu hadé keur manéhna. Ieu di handap
mangrupa sawatara cutatan anu ngagambarkeun téma.
... Ngan munajat ka Gusti, muga-muga dipaparin milik leuwih ti
kitu. Nya lumayan usaha téh dibarengan pareng jeung keyeng mah.
(67/6)
... Harita kuring sujud bari ngagukguk ceurik ngucapkeun sukur ka
Pangéran. Horéng Panangan Anjeunna hakékatna mah nu nyandak
lokét kuring téh, sangkan kuring leupas tina balai ... (67/1)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna ieu carpon kaasup kana galur
campuran, nya éta carita anu ngagabungkeun antara galur maju jeung
galur mundur dina caritaanana. Dimimitian ku galur maju datangna
Ahmad ti panyabaan, di tengah carita nya éta galur mundur anu
nyaritakeun pangalaman Ahmad di panyabaan, jeung ahir carita nya éta
galur maju anu sadatangna Ahmad salamet, Ahmad jeugn kulawarga
ngalaksanakeun sukuran.
517
E Mangrupa mangsa Ahmad datang ka imah ti panyabaan. DI
mangrupa mimitina konflik nya éta kareuwas boh Ahmad atawa
kulawargana nalika ninggali Ahmad balik padahal geus disangka maot ku
kulawargana. A, B jeung C mangrupa mangsa ka tukang nalika Ahmad
kacopétan jeung digawé di panyabaan, sarta kasalahpahaman kulawarga
Ahmad anu nganggep Ahmad geus maot lantaran idéntitas Ahmad aya
dina mayit anu ruksak. D2 mangrupa ahir carita yén sabenerna Ahmad can
maot, salila sababaraha bulan ka tukang téh aya di panyabaan nya éta
usaha keur anak-pamajikan.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén saperti
di handap.
E -------- D1 -------- A -------- B -------- C -------- D2
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon miboga leuwih ti
hiji galur (Sub-galur). Ieu hal dilantaranan galur caritana loba, anu
némbongkeun saurang palaku Ahmad anu balik ti panyabaan, tuluy
nyaritakeun Ahmad basa dipanyabaan, ahirna nyaritakeun kahirupan
jaman kiwari.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu
padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina
ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Ahmad anu
mulang ti panyabaan, nyaritakeun kajadian Ahmad di panyabaan, sarta
hasil Ahmad tepungna danang jeung kulawargana.
518
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup galur peruntungan. Ieu
galur patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba anu
karandapan ku palaku utama Ahmad. Naon anu jadi nasib anu karandapan
ku Ahmad dina kahirupan, boh kasusah boh kasenang. Ahmad anu pareng
jeung keyeng ngahontal kahirupan anu bagja.
2) Palaku
Dina Carpon SKKS-08, aya dua belas urang palaku, nya éta Ahmad
(SKKS-08:65/3), Imas (SKKS-08:64/1), Tukang béca (SKKS-08:64/1), Mang
Amil (SKKS-08:65/12), Pulisi (SKKS-08:66/2), Si Nyai (SKKS-08:66/4),
Kondéktur (SKKS-08:66/6), Tukang copét (SKKS-08:67/1), Mang Kuwu
(SKKS-08:67/3), Si Ujang (SKKS-08:68/4), Ema (SKKS-08:68/5), jeung
Bapa (SKKS-08:68/6). Dalapan urang palaku méré pangrojong kana eusi galur
carita, sésana opat urang palaku utama minangka bagian tina pangalaman anu
dilakonkeun.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kana kalungguhanna, Ahmad, Imas, jeung Mang Kuwu
mangrupa palaku utama. Anu sacara langsung ayana paguneman sacara
langsung ngébréhkeun prosés interaksi antara palaku.
Dalapan palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi caritaan, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
ngarojong palaku utama nya éta, SKKS-08:65/12, SKKS-08:66/21, SKKS-
08:67/3 jeung SKKS-08:66/6. Para palaku anu ngan salaku panglengkep
carita atawa pangrojong carita kalawan teu langsung nya éta SKKS-
08:66/2, SKKS-08:68/4, SKKS-08:68/5, SKKS-08:68/6, jeung SKKS-
08:64/1.
519
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina Penampilan, hampir sakabéh palaku dina ieu carpon
kaasup kana palaku protagonis, iwal tukang copét nu nyokot lokét Ahmad
basa dina mobil. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
... Tiluan maot sapada harita, sababaraha urang tatu. Malah
cenah, nu maot téh aya nu ruksak pisan awakna, nepi ka hésé
kanyahoan saha-sahana. Harita kuring sujud bari ngagukguk
ceurik ngucapkeun sukur ka Pangéran. Horéng Panangan
Anjeunna hakékatna mah anu nyandak lokét kuring téh,
sangkan kuring leupas tina balai. (67/1)
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku
utama nya éta Ahmad, Imas, jeung Mang Kuwu miboga watek basajan,
euweuh palaku anu watekna kompléks. Sakabéh palaku utama watekna
basajan jeung statis ti mimiti caritaan nepika ahirna caritaan.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Ahmad, Imas, jeung Mang
Kuwu mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun sakabéh palaku tambahan
kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.150
Data Latar SKKS-08
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. SKKS-08:64/1 Tilu minggu
2. SKKS-08:64/2 Buruan imah
520
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
3. SKKS-08:64/2 Hareupeun panto
4. SKKS-08:64/1 Salat magrib
5. SKKS-08:65/14 Kamar
6. SKKS-08:66/4 Saminggu
7. SKKS-08:66/5 Terminal
8. SKKS-08:66/4 Usaha
9. SKKS-08:67/7 Kamari
10. SKKS-08:68/4 Ladang késang
11. SKKS-08:68/7 Tengah peuting
(a) Tempat
Aya opat tempat dina SKKS-08, nya éta buruan imah (SKKS-
08:64/2) anu mangrupa latar mimiti ahmad ti panyabaan, hareupeun panto
(SKKS-08:64/2) anu mangrupa anjogna ahmad nepina di imah, kamar
(SKKS-08:65/14) anu mangrupa rohangan di mana pamajikan Ahmad
nyokot bukti yén Ahmad geus maot, jeung Terminal (SKKS-08:66/5) anu
mangrupa tempat Ahmad naék tutumpakan keur ngahontal tempat nu
ditujuna nya éta imah.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya lima latar, nya éta tilu minggu
(SKKS-08:64/1) anu mangrupa lilana waktu Ahmad dipanyabaan,
waktusalat magrib(SKKS-08:64/1) anu mangrupa waktu datangna Ahmad
ka imahna, saminggu (SKKS-08:66/4) anu mangrupa lilana waktu Ahmad
di Jakarta, kamari (SKKS-08:67/7) anu mangrupa waktu kajadian anu geus
kaliwat nalika Ahmad di panyabaan , jeung tengah peuting (SKKS-
08:68/7) anu mangrupa datangna Ahmad di imah sarta waktu sukuran
Ahmad di imahna.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya dua latar sosial
dina ieu carpon. éta dua latar sosial aya nu mangrupa kabiasaan hirup,
521
saperti usaha anu mangrupa kawajiban Ahmad salaku salaki dina
nganapkahan pamajikan (SKKS-08:66/4) jeung cara mikir saperti ladang
kesang hasil usaha Ahmad kudu dibikeun ka pamajikan (SKKS-08:68/4).
4.2.27.2 Unsur Semiotik SKKS-08
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-08 ngawengku dua ikon,
salapan indéks, jeung hiji simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-08 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.151
Analisis Unsur Ikon SKKS-08
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-08:64/4 Jajantungna
asa didudut
Ngumpamakeun
kareuwas jeung
kahariwang Ahmad
kana kajadian anu
katingali jeung
karasa nalika
imahna ramé ku nu
ngaji. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
... Tapi barang sadar
yén anu
ngagerendeng ngaji
téh keur tahlilan,
jajantungna asa
didudut, sukuna
ngeleper. Guprak
koperna ragrag
522
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
2. SKKS-08:68/7 Ditumbu Ditumbu ilaharna
dibasakeun kana
barang anu
ditumbu/disambung
keun. Dina ieu
kontéks, ditumbu
nya éta kagiatan anu
saenggeus kagiatan
nu saméméhna. Ieu
katiten dina cutatan
di handap.
... Diluluguan ku
Mang Amil tahlilan
diganti ku sukuran,
ditumbu nanggap
lalakon nu karék
mulang.
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-08 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
Tabél 4.152
Analisis Unsur Indéks SKKS-08
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-08:64/1 Dodongkoan
nganuhunkeun
Réngkak
paripolah
Ngumpamakeun katumarima
tukang béca ku sabab leuwihna
mayar ongkos ti Ahmad
(konsumén). Ieu katitén dina
cutatan di handap.
523
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
... Rurusuhan, teu inget kana
pamulang ti tukang béca, teu
ngarérét acan waktu tukang béca
dodongkoan nganuhunkeun...
2. SKKS-08:65/1 Molotot teu
ngiceup-
ngiceup
Gejala fisik Lantaran ninggali hal anu ahéng.
Ieu katitén dina cutatan di handap.
... Pamajikanana anu kabeneran
kaluar ti kamar, barang ngarérét
kana panto, ngajengjen molotot teu
ngiceup-ngiceup...
3. SKKS-08:65/1 Kocéak Sora Sora ngocéak balukar tina
pamajikan Ahmad ninggali hal
anu ahéng nya éta ninggali Ahmad
anu dianggep geus maot. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
... Kocéak, bru, bari sasambat ka
salakina, hadéna nu
pangdeukeutna rikat nampanan.
4. SKKS-08:66/1 Maot Gejala fisik Lantaran mobil anu
ditumpakanana ku Ahmad
tabrakan. Ieu katitén dina cutatan
di handap.
... Surat ti Kantor Polisi Jakarta nu
ngabéjakeun yén Ahmad maot
alatan mobil nu ditumpakanana
tabrakan.
5. SKKS-08:66/4 Usaha mucekil Aktualisasi Usaha Ahmad anu mucekil
lantaran bisnis anu dijalankeunana
lancar. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
... Jaba ti usaha mucekil lantaran
nu nyokot kriditan mayar, loba
deui nu pesen barang, babakuna
baju bordélan ajangeun lebaran...
6. SKKS-08:66/6 Ngalelemu
malah
ngaririhan
Réngkak
Paripolah
Palaku kondéktur anu ngarasa
karunya ningali kaayaan Ahmad
anu kaleungitan duitna. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
524
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Teu kurang-kurang kondéktur
ngalelemu malah ngaririhan
supaya jadikeun rék mulang mah,
soal ongkos cenah, teu kudu
dipikiran.
7. SKKS-08:66/6 Keukeuh
mugen
Réngkak
Paripolah
Palaku Ahmad anu tetep embung
narima pitulung kondéktur ku
lantaran embung nyusahkeun sarta
kahayangna néangan bekel keur
kulawargana di imah. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Kuring keukeuh mugen, kajaba
teu ngeunah teu kudu ngongkos,
naon anu rék dibikeun ka
pamajikan keur balanja...
8. SKKS-08:67/2 Tingharuleng Réngkah
paripolah
Indéksna sakabéh palaku anu aya
di imah Ahmad tingharuleng
ninggali kakawasaan Pangéran
jeung dongéng Ahmad. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
Ngadéngé dongéng Ahmad,
saréréa tingharuleng...
9. SKKS-08:67/3 Ka dieu Aktualisasi
penunjuk
Mangrupa kecap panunjuk kana
tempat anu dituju ku Pulisi nalika
ngirimkeun idéntitas Ahmad. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
... Meunang katerang ti Pulisi,
KTP nu dikirimkeun ka dieu téh
kapanggih tina lokét mayit nu
ruksak téa...
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon ngan aya hiji simbol, nya éta
simbol tina barang-baang anu berharga. Ieu bisa katitén dina tabél di handap.
525
Tabél 4.153
Analisis Unsur Simbol SKKS-08
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-08:66/6 Duit, surat-
surat, KTP
Duit mangrupa alat pembayaran nu sah
dina ngalakukeun hal anu patali jeung
ékonomi sarta kabutuhan hirup. Dina ieu
kontéks, duit mangrupa hal anu dianggap
berharga. Surat-surat anu dimaksud
ilaharna mangrupa surat berharga
kendaraan. KTP ogé ogé mangrupa
simbol idéntitas anu penting salaku
warga nagara. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
... Mangkaning sakabéh duit jeung surat-
surat kaasup KTP, aya dina lokét...
4.2.27.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-08
a. Ajén Sosial
Data jén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.154
Data Ajén Sosial SKKS-08
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Bnr End Mrl Agm
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8)
1. SKKS-08:64/1 Salat magrib
2. SKKS-08:64/4 Ngaji 3. SKKS-08:64/4 Tahlilan 4. SKKS-08:66/6 Munajat ka Gusti 5. SKKS-08:66/6 Dipaparin milik 6. SKKS-08:67/1 Sujud 7. SKKS-08:67/1 Sukur 8. SKKS-08:67/1 Pangéran
9. SKKS-08:68/7 Sukuran
526
Dumasar tabél di luhur, bisa katitén aya hiji anu ngandung ajén
bebeneran, dua ajén moral, jeung dalapan ajén agama.
1) Ajén Bebeneran jeung Ajén Kaagamaan
Ajén bebeneran dina ieu carpon patali jeung ajén agama dina data
SKKS-08:67/1 anu mangrupa pasualan anu diébréhkeun ku pangarang
ngeunaan yén jalma téh percaya kana ayana Pangéran anu nagtukeun nasib
jeung takdir jalma. Ku kituna, salaku jalma kudu bisa sujud jeung sukur ka
Pangéran. Éta bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
... Tiluan maot sapada harita, sababaraha urang tatu. Malah
cenah, nu maot téh aya nu ruksak pisan awakna, nepi ka hésé
kanyahoan saha-sahana. Harita kuring sujud bari ngagukguk
ceurik ngucapkeun sukur ka Pangéran. Horéng Panangan
Anjeunna hakékatna mah anu nyandak lokét kuring téh,
sangkan kuring leupas tina balai. (67/1)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén hubungan antara ajén bebeneran
jeung ajén agama, yén Pangéran téh aya anu mangrupa ajén bebeneranana,
sarta saupama jalma percaya ayana Pangéran tangtu jalma bakal miboga
agama sarta nyaho ajaran-ajaranana. Dina ieu carita Ahmad percaya yén
takdir jeung nasib ditangtukeun ku Pangéran sarta sikep Ahmad kana hal
éta sukur jeung sujud kana naon anu jadi takdir jeung nasibna.
2) Ajén Bebeneran jeung Ajén Moral
Salian ti hubungan ajén bebeneran jeung ajén agama, aya ogé
patalina ajén moral jeung ajén agama, katitén dina data SKKS-08:66/25.
Ieu data ngébréhkeun hubungan ajén moral kana kalakuan anu hadé anu
dipiboga ku jalma patali jeung kalakuan anu diparéntahkeun nurutkeun
agama. Anu dicaritakeun yén Ahmad munajat ka Gusti nalika meunang
musibah, éta mangrupa kalakuan anu hadé nurutkeun agama jeung
masarakat.
527
Data SKKS-08:66/6 anu mangrupa cutatan dipaparin milik, yén
Ahmad miharep ka Pangéran muga-muga musibah anu kaalamanana
ngadatangkeun milik anu leuwih ti kitu.
3) Ajén Kaagamaan
Data ajén agama anu sacara husus aya dina data salat magrib
(SKKS-08:64/1), ngaji (SKKS-08:64/4), tahlilan (SKKS-08:64/4), sujud
(SKKS-08:67/1), sukur (SKKS-08:67/1), jeung sukuran (SKKS-08:68/7).
Ieu data ngébréhkeun kapercayaan anu diagem anu nyoko kana ajaran
agama anu diparéntahkeun ka jalma ku Pangéran. Ieu data mangrupa
ajaran agama anu dipercaya jeung dilaksanakeun ku Ahmad jeung para
palaku séjénna dina kahirupanana.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.155
Data Ajén Budaya SKKS-08
No. Kode Data Data Ajén Budaya
T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)
1. SKKS-08:64/1 Salat magrib
2. SKKS-08:64/4 Tahlilan
3. SKKS-08:65/4 Lailaha ilalloh
4. SKKS-08:65/1 Istigfar
5. SKKS-08:65/6 Ngusapan
6. SKKS-08:66/4 Allah Rohman-
Rohim
7. SKKS-08:66/4 Usaha mucekil
8. SKKS-08:66/4 Melang
9. SKKS-08:66/6 Munajat ka Gusti
10 SKKS-08:67/1 Sujud
11. SKKS-08:67/1 Sukur
12. SKKS-08:67/1 Pangéran
528
No. Kode Data Data Ajén Budaya
T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)
13. SKKS-08:67/2 Muji kaagungan
Pangéran
14. SKKS-08:67/5 Alhamdulillah,
nuhun Gusti
15. SKKS-08:68/7 Sukuran
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur aya lima ajén
teorina, hiji ajén ékonomi, dua belas ajén agama, jeung dua ajén solidaritas.
1) Ajén Téori
Ajén téori patali jeung ajén agama nya éta ngeunaan tahlilan,
sujud, sukur, jeung Pangéran. Dina ieu carita ngeunaan ajén téori yén
Ahmad mikawanoh ayana téori jeung konsép dina prosés ngajén alam
sabudéureun anu patali jeung kapercayaan kana kaagamaan.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi ngan aya hiji nya éta data usaha mucekil (SKKS-
08:66/4). Katitén dina ieu cutatan Ahmad ngalaman karaharjaan dina
usaha bisnisna, nepi ka bisa mangaruhan kana kaayaan ékonomi
kulawargana jadi leuwih senang.
3) Ajén Agama
Ajén agama dina ieu carpon réa pisan nya éta ngeunaan sikep
jeung kalakuan Ahmad kana agama boh dina ngalaksanakeun ibadah anu
geus matok nya éta solat, boh ibadah séjénna anu nangtukeun sikep
Ahmad dina hirupna anu teu jauh tina ajaran agama nya éta Islam.
4) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas dina ieu carpon aya dua nya éta nya éta dina data
SKKS-08:65/6 jeung data SKKS-08:66/4 ieu ngébréhkeun kanyaah jeung
kacinta Ahmad ka anak jeung pamajikanana.
529
4.2.28 “Nu Datang Wanci Sareupna” (SKKS-09)
4.2.28.1 Struktur Carita SKKS-09
a. Téma
Téma carpon SKKS-09 nya éta kaadilan sosial, ieu téma nyoko kana
gambaran status sosial palaku anu aya dina ieu carpon. Jalma anu boga
kalungguhan luhur anu boga kakawasaan nyepeng sagalana jeung anu
mangaruhan jalma sahandapeunana. Ieu carpon némbongkeun gambaran jalma
anu marebutkeun korsi jabatan kumaha carana pasti ditedunan asal kahontal
kahayangna. Ayana béda status antara Danang jalma leutik anu jadi pagawé
leutik jeung anu jadi gegeden jeung pingpnan anu boga kakawasaan anu
hakiki.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep nu boga jabatan kudu
bisa ngarangkul jeung adil ka nu sahandapeunana. Ieu di handap mangrupa
salasahiji cutatan anu ngagambarkeun kakawasaan hiji jalma anu nyepeng
nasib karyawanna atawa bawahanana.
... Ti mimiti gawé di pausahaan swasta, tuluy kaluar, ku sabab
remen henteu sapagodos jeung pingpinan. Saenggeus kaluar
ngalamar jadi pagawé nagri, milu tésting, katarima. Geus katarima,
mimilikan téh bet pareng jadi tukang migawé pagawéan batur,
salah sahijina nulis buku keur promosi jabatan pa Arman.
Saleuheung dipénta tulung ku pa Arman, maké dibéré imbalan nu
pantes. Ka dieunakeuna mah éstuning kerja bakti... (75/6)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runruyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
campuran, nya éta carita anu ngagabungkeun antara galur maju jeung
galur mundur dina caritaanana. Dimimitian ku galur maju katitén tina
cutatan taun ieu mangsa Danang sakulawarga geus pindah ka imah
anyarna, di tengah carita nya éta galur mundur anu nyaritakeun Danang
dititah nulis buku ku pa Arman. Jeung ahir carita nya éta galur maju anu
530
nyaritakeun pa Arman nepungan Danang jeung kulawargana ka imah
anyarna anu teu kahaja papanggih jeung pamajikan Danang di toko buku.
E Mangrupa mangsa Danang sakulawarga geus pindah ka imah
anyarna. DI mangsa Danang di imah ukur duaan jeung anakna ku lantaran
pamajikan jeung anak awéwéna keur indit ka toko buka. A, B jeung C
mangrupa mimitina konflik nya éta anu nyaritakeun Danang dititah nulis
buku ku pa Arman pikeun sarat diangkatna jabatan pa Arman jadi kapala
kantor nepi ka pa Arman dipecat ku lantaran dituding korupsi. D2
mangrupa ahir carita nya éta patepung deui antara Danang jeung pa Arman
anu dipikasonona, sanajan pa Arman geus lain dunungana di kantor tapi
anjeunna tetp nyaah ka Danang jeung kulawarga.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén saperti
di handap.
E -------- D1 -------- A -------- B -------- C -------- D2
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon miboga leuwih ti
hiji galur (Sub-galur). Ieu hal dilantaranan galur caritana loba, anu
némbongkeun saurang palaku Danang anu balik pindah imah lantaran jasa
dununganan anu baheula nya éta pa Arman, tuluy nyaritakeun di kantor
Danang anu kapalan masih ku pa Arman nepi ka dipecatna pa Arman jadi
kapala kantor aklatan dituding korupsi, ahirna nyaritakeun kahirupan
jaman kiwari anu tepungna deui Danang jeung pa Arman.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu
padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina
ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Palaku Danang
anu mulang pindah ka imah anyarna, nyaritakeun kajadian antara raketna
531
Danang jeung Pa Arman kapala kantorna, sarta hasil ahirna Danang
ditepungkeun deui jeung Pa Arman.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup galur peruntungan. Ieu
galur patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba anu
karandapan ku palaku utama Danang sakulawarga jeung Pa Arman. Naon
anu jadi nasib anu karandapan ku Danang jeung Pa Arman dina kahirupan,
boh kasusah boh kasenang.
2) Palaku
Dina Carpon SKKS-09 aya dua belas urang palaku, nya éta Irfan
(SKKS-09:69/2), Irma (SKKS-09:69/2), Fenty (SKKS-09:69/2), Danang
(SKKS-09:69/1), Réréncangan Danang (SKKS-09:70/6), Pamajikan Danang
(SKKS-09:71/2), Pa Arman (SKKS-09:71/1), Bu Guru (SKKS-09:70/7),
Pingpinan (SKKS-09:71/6), Pa Sasmita (SKKS-09:73/6), Mira (SKKS-
09:75/6), jeung Ganda (SKKS-09:75/6).
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, Danang, pamajikan Danang, jeung pa
Arman mangrupa palaku utama. Anu sacara langsung ayana paguneman
sacara langsung ngébréhkeun prosés interaksi antara palaku.
Salapan palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi caritaan, boh sacara langsung boh teu langsung. Anu
ngarojong palaku utama nya éta, Irfan (SKKS-09:69/2), Irma (SKKS-
09:69/2) jeung Fenty (SKKS-09:69/2). Para palaku anu ngan salaku
panglengkep carita atawa pangrojong carita kalawan teu langsung nya éta
Réréncangan Danang (SKKS-09:70/6), Bu Guru (SKKS-09:70/7),
Pingpinan (SKKS-09:71/6), Pa Sasmita (SKKS-09:73/6), Mira (SKKS-
09:75/6), jeung Ganda (SKKS-09:75/6).
532
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina Penampilan, hampir sakabéh palaku dina ieu carpon
kaasup kana palaku protagonis, iwal pingpinan anu ngarasa
kalungguhanan luhung nepi ka sagala anu diparéntahkeunana kudu
kalangsana sarta sakabéh pagawé kudu turut kana paréntah jeung
kahayangna, antukna saupama karyawan atawa pagawéna henteu turut
bakal ngabalukarkeun dipecat.
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku
utama nya éta Danang, pamajikan Danang, jeung pa Arman miboga watek
basajan, euweuh palaku anu watekna kompléks. Sakabéh palaku utama
watekna basajan jeung statis ti mimiti caritaan nepika ahirna caritaan. Iwal
ti Irfan anu miboga watek statis ku sabab Irfan budak kénéh acan can
panceg kapribadianana. Watek Irfan gumantung sikep palaku anu
hubungan langsung jeung manéhna. Ieu bisa katitén dina cutatan di
handap.
... Licik Papap mah, ari ka Irfan sareng Tétéh sakola tara
kenging bolos, sanaos hujan ogé kedah mios wé. Papap licik,”
Panon budak ngadilak, biwirna kurawed. Leuh kumaha
ngécéskeunana ari nu kieu? (70/6)
“Coba mun Papap teu bolos, panginten ngiringan dipotrét teras
lebet kana koran, teras bu Guru sareng réréncangan Irfan
ningali,” biwirna anu tadina kuraweud téh robah jadi
nyéréngéh.(70/7)
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Danang, pamajikan Danang,
jeung pa Arman mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun sakabéh palaku
tambahan kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu
milu mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
533
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.156
Data Latar SKKS-09
No. Kode Data Data Latar
Tpt. Wkt. Sos.
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. SKKS-09:69/1 Di imah
2. SKKS-09:69/2 Solat Asar
3. SKKS-09:69/2 Gigireun tempat koran
4. SKKS-09:70/1 Taun ieu
5. SKKS-09:70/1 Préstasi
6. SKKS-09:70/13 Kamar
7. SKKS-09:71/1 Pajabat
8. SKKS-09:71/2 Wakil Kapala
9. SKKS-09:71/6 Pingpinan
10. SKKS-09:71/5 Jalma leutik
11. SKKS-09:71/7 Ngamprah imah
12. SKKS-09:73/6 Lima bulan
13. SKKS-09:73/6 Kantor
14. SKKS-09:73/7 Ayeuna
15. SKKS-09:73/7 Kamari
16. SKKS-09:74/3 Luar Imah
17. SKKS-09:76/6 Pangadilan
18. SKKS-09:77/2 Mingkin Seuseut
19. SKKS-09:78/2 Magrib
20. SKKS-09:75/6 Kantor Puseur
(a) Tempat
Aya tujuh tempat dina SKKS-09, nya éta di imah (SKKS-09:69/1)
anu mangrupa imah anyar Danang jeung kulawarga, gigireun tempat koran
(SKKS-09:69/2) anu tempat diukna Irfan anak bungsu Danang, kamar
(SKKS-09:70/13) anu mangrupa kamar Irfan basa ninggali indung jeung
lanceukna datang ti toko buku, kantor (SKKS-09:73/6) anu mangrupa
tempat gawéna Danang jeung pa Arman sarta babaturanana, Luar Imah
(SKKS-09:74/3) nalika Danang mapag pamajikanana jeung anak
534
awéwéna, Pangadilan (SKKS-09:76/6) tempat pa Arman disidang lantaran
dituding korupsi, jeung Kantor Puseur (SKKS-09:75/6) anu mangrupa
tempat pelantikan pajabat ésélon.
(b) Waktu
Latar waktu dina ieu carpon aya genep latar, nya éta solat asar
(SKKS-09:69/2) anu mangrupa waktu Danang ngalaksanakeun solat, taun
ieu (SKKS-09:70/1) nuduhkeun kaayaan mangsa carita carpon, lima bulan
(SKKS-09:73/6) lilana waktu ti saenggeus mikeun hasil buku ka pa
Arman, ayeuna (SKKS-09:73/7) anu mangrupa waktu lunasna imah
Danang , kamari (SKKS-09:73/7) anu mangrupa waktu nu geus kaliwat,
jeung magrib (SKKS-09:78/2) anu mangrupa waktu pa Arman balik ti
imah Danang.
(c) Sosial
Dumasar kana tabél di luhur, bisa katitén yén aya genep latar sosial
dina ieu carpon. éta dua latar sosial aya nu mangrupa kabiasaan
hirup,sawangan hirup, jeung status sosialna, saperti préstasi (SKKS-
09:70/1) sawangan Danang kana kamampuh anakna, pajabat (SKKS-
09:71/1) mangrupa kalungguhan hiji jalma, wakil kapala (SKKS-09:71/2)
mangrupa kalungguhan pa Arman saméméh diangkat jadi kapala,
pingpinan (SKKS-09:71/6) mangrupa status sosial, jalma leutik (SKKS-
09:71/5) mangrupa sawangan Danang kana kaayaan kulawargana,
ngamprah imah (SKKS-09:71/7) mangrupa kabiasaan hirup Danang anu
sok ngamprah atawa nginjeum duit, jeung mingkin seuseut (SKKS-
09:77/2) mangrupa cocoba Ahmad nalika usaha di pangumbaraan.
4.2.28.2 Unsur Semiotik SKKS-09
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-09 ngawengku tilu ikon,
salapan indéks, jeung dua simbol.
535
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-09 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.157
Analisis Unsur Ikon SKKS-09
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-09:71/2 Teu gugur
teu angin
Ngupamakeun
euweuh tanda naon-
naon ka kulawarga
Danang lantaran
kadatang gegeden ka
imah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Boh kuring, boh
pamajikan, bubuhan
teu gugur teu angin
ujug-ujug
kasumpingan
gegeden...
2. SKKS-09:71/5 Haté
norowéco
Ngupamakeun
kapanasan Danang
basa kadatangan
gegeden ka Imah. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Haté norowéco ku
rupa-rupa kapanasaran
téh diantep wéh, teu
sing kedal...
3. SKKS-09:72/13 Dada asa aya
nu nonjok
Danang ngupamakeun
dadana ditonjok, ku
lantaran dipapancénan
ngetik buku dina
waktu anu samporét.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
536
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Meg, dada asa aya nu
nonjok. Na ieu jelema,
ku asa
ngagampangkeun
naker, nulis buku kudu
anggeus jero dua
minggu? Henteu lieur
mah?
4. SKKS-09:73/4 Haté nu
rumeuk
ngadadak
caang
Ngupamakeun haté
Danang anu asalna
cangcaya jadi yakin
ku lantaran aya
sumanget ti
pamajikan. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
Teu nyangka,
kekecapan pamajikan
téh jadi pangjurung
sumanget. Haté nu
tadina rumeuk téh
ngadadak caang...
5. SKKS-09:75/6 Tingtérékél Tingtérékél ilaharna
dibasakeun kana
pagawéan jelema naék
tatangkalan. Dina ieu
kontéks, tingtérékél
ngandung harti
Babaturan Danang anu
usaha pikeun
meunangkeun jabatan
anu luhung. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Dina waktuna batur
saangkatan tingtérékél
naék jabatan, kuring
mah nambleg wé...
537
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
6. SKKS-09:75/6 Potrét Potrét mangrupa
gambar tiruan nu
aslina, ieu potrét
mangrupa potrét
babaturan Danang.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Matak pantes Si
Bungsu ngarasa héran
nangenan potrét dina
koran, kapan dina éta
potrét téh aya
sababaraha urang
babaturan...
7. SKKS-09:76/6 Tigubrag Tigubrag ilaharna
dibasakeun nalika
jelema labuh atawa
murag ti luhur ka
handap. Dina ieu
kontéks, tigubrag téh
nalika pa Arman
diturunkeun tina
kalungguhan kapala.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Imah can kungsi
dioméan, Bapa
tigubrag mantén...
8. SKKS-09:77/2 Cai nu napel
dina curuk,
cai laut nu
sakitu upluk-
aplakna
Ngupamakeun
babandingan antara
ukuran dunya jeung
ahérat ku cai. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Ukuran dunya mah
cai nu napel dina
curuk, sedeng ahérat
mah cai laut nu sakitu
upluk-aplakna...
538
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
9. SKKS-09:77/4 Béar Béar ilaharna
dibasakeun kana béas.
Dina ieu kontéks, béar
téh kana paroman pa
Arman nu karék balik
ti pangadilan lantaran
dituduh korupsi. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Paromanna mingkin
béar...
10. SKKS-09:78/3 Reupreupan Ngupamakeun
kaayaan hirup ka
hareupna anu teu
kasawang
kelemengna, sanajan
pasualan gedé geus
tiliwatan. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
... Geuleuyeung
angkat. Poé beuki
reupreupan, tapi hujan
geus mimiti raat.
11. SKKS-09:75/1 Asa
dibalédog
congcot
Danang ngarasa
bungah lantaran
jelema anu
dipikasonona datang
ka imah. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
... Atuda mani asa
dibaledog congcot, nu
dipikasono norojol
datang. Ieu bener-
bener ondangan Alloh.
539
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-09 aya anu mangrupa indéks gejala
alam, aktualisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
Tabél 4.158
Analisis Unsur Indéks SKKS-09
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-09:69/1 Asa cuang
cieung
Réngkak
paripolah
Danang ngarasa keueung
lantaran di imah ukur
duaan jeung Si Bungsu. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Asa cuang cieung di imah
ukur duaan jeung Si
Bungsu téh, komo dina
kaayaan hujan ngaririncik
kawas kieu.
2. SKKS-09:69/2 Teu genah
pikiran
Aktualisasi Danang anu ngarasa teu
genah haté basa ningali
berita, lantaran pamajikan
jeung anakna can bailk ka
imah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Atuda mun lain kuis
jeung gosip ngeunaan artis,
nya berita anu matak teu
genah pikiran...
3. SKKS-09:70/6 Ngadilak Réngkak
Paripolah
Ngadilak mangrupa simbol
sikep ayana kaambek jeung
kakuciwa jelema. Ieu
mangrupa kaambek Irfan
ka Danang anu nyangka
Bapana bolos tina
pagawéan. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
540
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
... Licik Papap mah, ari ka
Irfan sareng Tétéh sakola
tara kenging bolos, sanaos
hujan ogé kedah mios wé.
Papap licik,” Panon budak
ngadilak, biwirna
kurawed...
4. SKKS-09:69/3 Eureun
langganan
Réngkak
paripolah
Pamikiran Danang anu
leuwih mentingkeun
kabutuhan anu utama.
pangabutuh Danang jeung
kulawarga nambahan,
antukna leuwih milih
henteu langgan kana
majalah. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Enya, kapan geus lila
eureun langganan majala,
atuda duitna réa kacocéng
ku kabutuhan sakola
barudak...
5. SKKS-09:71/2 Iris lantaran
hujan terus-
terusan
Gejala alam Mangrupa kajadian di
imah Danang, imahna anu
iris lantaran hujan anu
terus-terusan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Najan hujan teu
ngagebrét, ari ku terus-
terusan mah teu burung
nembus kana lalangit,
bubuhan kenténg bocor
ampir sakurilingna...
6. SKKS-09:73/6 Dibenum Aktualisasi Diangkatna kalungguhan
pa Arman ti wakil kapala
jadi kapala. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Pa Arman dibenum jadi
kapala kantor, ngagentos
pa Sasmita anu marén
alatan pangsiun...
541
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon aya dua simbol, éta bisa katitén
dina tabél di handap.
Tabél 4.159
Analisis Unsur Simbol SKKS-09
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-09:72/14 Sarjana Sarjana mangrupa simbol jelema
anu geus lulus kuliahna dina strata
kahiji. Ieu katitén dina cutatan di
handap.
... Piraku sarjana cicing ditempat
kieu?...
2. SKKS-09:77/2 Ahérat Ahérat mangrupa simbol tempat
kahirupan saeunggeus dunya anu
langsung. Ieu mangrupa
babandingan pa Arman antara
bumi jeung ahérat téh béda. Ieu
katitén dina cutatan di handap.
... Ti dinya, Bapa jadi manggih
babandingan antara dunya jeung
ahérat...
4.2.28.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-09
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.160
Data Ajén Sosial SKKS-09
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-09:69/2 Solat asar
2. SKKS-09:71/1 Korupsi
542
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
3. SKKS-09:75/1 Alloh
4. SKKS-09:76/6 Jabatan téh
amanat
5. SKKS-09:76/6 Ngemban
amanat téh
beurat
6. SKKS-09:76/6 Sumerah pasrah
ka Gusti
7. SKKS-09:77/1 Jalma pinter
8. SKKS-09:77/2 Béda antara
dunya jeung
ahérat
9. SKKS-09:77/2 Ati-ati milih
titincakan
10. SKKS-09:77/2 Sanggeus maot
aya kahirupan
11. SKKS-09:78/2 Diduakeun ku
Bapa, sing
saréhat, sing
saralamet
1) Ajén bebeneran
Dumasar kana tabél di luhur, bisaa katitén aya dalapan data anu
ngandung ajén bebeneran tina prosés ngajén alam sabudeureun nya éta
korupsi, Alloh, jabatan téh amanah, ngemban amanat téh beurat, jalma
pinter, bédana antara dunya jeung ahérat, ati-ati milih titincakan, jeung
saengeus maot aya kahirupan. Dina ieu carita yén éta data ngébréhkeun
ajén bebeneran anu nyata jeung aya di lingkungan masarakat.
2) Ajén Moral
Data ajén sosial moral nya éta aya dina data SKKS-09:71/1 nya éta
korupsi anu mangrupa kalakuan nu goréng nurutkeun masarakat, sanajan
dina carita Pa Arman dituding henteu ngalakukeun korupsi, jeung data
SKKS-09:78/2 nya éta Pa Arman anu miharep sangkan Danang
sakulawarga diséhatkeun jeung disalamétkeun dina hirupna.
543
3) Ajén Kaagamaan
Data ajén kaagamaan katitén dina data SKKS-09:69/2 nya éta solat
anu mangrupa hal anu diwajibkeun, kitu ogé anu dilaksanakeun ku
Danang salaku hamba Alloh, SKKS-09:74/1 nya éta dina agama islam
ayana kakawasaan Alloh, SKKS-09:76/6 anu mangrupa sikep Danang anu
miboga agama tangtuna sumerah ka Gusti, data anu patali jeung ajén
bebeneran nya éta SKKS-09:77/2 ieu data patali jeung ajén bebeneran nya
áta bédana antara dunya jeung ahérat dumasar agama, jeung SKKS-
09:77/2 anu percaya ayana kahirupan geus maot.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
tujuh belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.161
Data Ajén Budaya SKKS-09
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-09:69/2 Salat asar
2. SKKS-09:70/8 Dirangkul
3. SKKS-09:71/1 Korupsi
4. SKKS-09:71/5 Jalma leutik
5. SKKS-09:72/14 Dipaparin cuti
6. SKKS-09:73/2 Dipangmayarkeun
7. SKKS-09:73/2 Dibantuan
8. SKKS-09:73/5 Pagawéan anggeus
dina waktuna
9. SKKS-09:73/7 Ladang ngahutang
10. SKKS-09:74/4 Dijajapkeun
11. SKKS-09:75/1 Alloh
12. SKKS-09:75/2 Pangmésérkeun
13. SKKS-09:76/6 Sumerah pasrah ka
Gusti
14. SKKS-09:77/2 Alhamdulillah
544
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
15. SKKS-09:77/2 Sanggeus maot aya
kahirupan
16. SKKS-09:77/2 Jalma pinter
17. SKKS-09:77/2 Maot
Dumasar kana data anu kapanggih dina tabél di luhur, katitén ayana
tilu ajén téori, dua ajén ékonomi, genep ajén agama, dua ajén budaya
kakawasaan, jeung genep ajén budaya solidaritas.
1) Ajén Téori
Ajén téori dna ieu carita patali jeung ajén bebeneran, katitén dina
data SKKS-09:77/2 ngeunaan téori jalma pinter anu sabenerna, SKKS-
09:77/2 ngeunaan ayana téori jeung bebeneran saenggeus maot aya deui
kahirupan di ahérat, jeung SKKS-09:71/1 ngeunaan korupsi anu tangtu
disebut kitu téh lantaran boga kalakuan anu goréng. Téori séjén patali
jeung ajén agama, anu nétélakeun yén sanggeus hiji jalma maot, bakal aya
deui kahirupan anu abadi, nya éta ahhérat. Ieu hal ditandeskeun dina data
ngeunaan kritéria jalma pinter. Jalma pinter lain jalma anu loba nyangking
gelar, tapi anu bisa ngalwungkeun haté jeung uteukna nepi ka ngarasa
yakin yén sanggeus jalma maot, bakal aya deui kahirupan.
2) Ajén Ékonomi
Ajén ékonomi katitén dina data jalma leutik (SKKS-09:71/5) jeung
ladang ngahutang (SKKS-09:73/7). Éta data ngagambarkeun kaayaan
ékonomi kulawarga Danang mangsa masih kénéh jadi jama sangsara.
Tapi, manéhna boga motivasi sangkan bisa menyat tina kahirupanna, nepi
ka jadi jalma beunghar. Hanjakalna ajén ékonomi bisnis anu aya dina
pamikiranna teu luyu jeung aturan moral ogé kaagamaan anu salila ieu
diajarkeun ku indungna. lantaran harta, manéhna mopohokeun Pangéran.
545
3) Ajén Agama
Data ajén agama katitén dina data SKKS-09:69/2 nya éta solat anu
mangrupa kawajiban, kitu ogé anu dilaksanakeun ku Danang salaku
hamba Alloh, SKKS-09:74/1 nya éta dina agama Islam ayana kakawasaan
Alloh, SKKS-09:76/2 anu mangrupa sikep Danang anu miboga agama
tangtuna sumerah ka Gusti, data SKKS-09:76/2 anu percaya ayana
kahirupan geus maot, jeung data SKKS-09:77/2 nya éta sukur Danang ka
Alloh jeung ayana kayakina yén saeunggeus maot aya kahirupan deui di
ahérat.
4.2.29 “Bulan Mabra di Madinah” (SKKS-10)
4.2.29.1 Struktur Carita SKKS-10
a. Téma
Téma carpon SKK-10 nya éta kamanusaan, ieu téma nyoko kana
gambaran kacinta jeung kanyaah “kuring” ka nu jadi anak “Jalu” jeung
minantu “Eulis”. Hubungan antara indung jeung anak bakal kacipta saupama
duanana pada silih pikanyaah jeung silih ajénan kahayang masing-masing. Ieu
carpon némbongkeun gambaran hubungan anu teu harmonis antara bésan
jeung anakna “Eulis” lantaran henteu nurut kahayangna anu kawin jeung Jalu
jalma teu boga. Nepi ka Eulis maot, indungna can bisa narima jeung
mikanyaah deui ka Eulis ogé ka Jalu anu jadi minantuna. Tapi dina ahir carita,
mangsa bésan balik munggah haji, bésan ngarasa salah jeung ménta hampura
ka “kuring” jeung Jalu, sarta Jalu diaku ku bésan. Panyangka “kuring” éta
mangrupa kakawasaan Pangéran, muka jalan kasadaran ka bésan waktu di
Madinah.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep salaku kolot kudu bisa
ngarojong jeung narima anu jadi kahayang anak, salila éta henteu ngalanggar
hukum, boh hukum agama boh hukum nagara. Ieu dihandap mangrupa
sawatara cutatan anu ngagambarkeun éta téma.
546
... Disiram ku kanyaah, taya barang kinasihan. Éstu kawas
nanggeuy endog beubeureumna. Dijieun bebelahan nyawa,
sisirihan tulang téh lain bohong. Kari-kari bet milih nyaah ka batur
bari teu nurut kana kahayang kolot. Kaharti lamun kolotna kacida
ngarasa kuciwana, nepi ka luas ‘ngabuang’ Eulis tina jajaran
kulawargana. (81/1)
...Bulan mabra, tembus kana jajantungan. Kuring anu keur
hareugeueun nyaksian Si Jalu tungkul bari diusapan ku
‘indungna’.(84/6)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
maju, nya éta carita anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka ahir caritaan. Carita
dimimitian ku Kuring anu henteu bisa poho ka Eulis anu geus maot, inget
ku bageur jeung soléhna Eulis nu daék dibawa sangsara ku salakina,
padahal Eulis teu dipika rido ku indungna nepi Eulis ‘dibuang’ tina jajaran
kulawarga. Ahir carita anu pikasediheun tapi bagja, nya éta sadarna bésan
nepi ka ngaku Jalu anakna. A Mangrupa mangsa Kuring anu henteu bisa
poho ka Eulis anu geus maot, inget ku bageur jeung soléhna Eulis nu daék
dibawa sangsara ku salakina. B, C, D, mangrupa rasa kuciwa jeung
keuheul Kuring ka Bésan lantaran henteu mikanyaah Eulis, nepi ka Eulis
‘dibuang’ tina jajaran kulawarga ku kolotna. E Mangrupa Ahir carita anu
pikasediheun tapi bagja, nya éta sadarna bésan nepi ka ngaku Jalu anakna
sok sanajan Eulisna mah geus maot.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén saperti
di handap.
A -------- B -------- C -------- D -------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon miboga leuwih ti
hiji galur (Sub-galur). Ieu hal dilantaranan galur caritana kadang-kadang
547
aya carita anu geus kaliwat ngaliwatan sawangan jalma séjén, anu
némbongkeun saurang palaku Kuring inget jeung nyawang mangsa ka
tukang nya éta mangsa Eulis hirup kénéh.
(c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu
padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina
ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Konflik antara
palaku Kuring jeung bésan ti mimiti nepi ka ahir carita anu silih
ngahampura tina kasalahan masing-masing.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup galur peruntungan. Ieu
galur patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba anu
karandapan ku palaku utama antara kulawarga Kuring jeung kulawarga
bésan nu henteu harmonis. Naon anu jadi masalah antara kulawarga
Kuring jeung bésan aya dina kahirupan anu nyata, nya éta antara kolot
jeung anak anu boga kahayang anu béda.
2) Palaku
Dina carita SKKS-10 aya genep palaku, nya éta Eulis (SKKS-
10:79/1),Kuring (Mamah) (SKKS-10:79/1), Si Jalu/salaki Eulis (SKKS-
10:79/3), Tatangga anyar (Pamajikan) (SKKS-10:80/1), Tatangga anyar
(Salakina) (SKKS-10:80/1), Bésan Istri/kolot Eulis (SKKS-10:80/2), jeung
Bésan pameget/ kolot Eulis (SKKS-10:80/2). Opat urang palaku méré
pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana dua palaku anu ngan
ngalengkepan eusi carita.
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, Kuring, Eulis, Jalu, Besan istri jeung
pameget mangrupa palaku utama. Anu sacara langsung ayana paguneman
sacara langsung ngébréhkeun prosés interaksi antara palaku.
548
Dua palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi caritaan, boh sacara langsung boh teu langsung.
Palaku tambahan nya éta Tatangga anyar (pamajikan) jeung Tatangga
anyar (salakina) katitén dina data SKKS-10:80/1.
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina Penampilan, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Kuring, Eulis, jeung Jalu jeung Tatangga anyar .
Sedengkeun anu kaasup kana palaku antagonisnya éta bésan istri jeung
pameget (kolot Eulis).
Palaku kuring mangrupa palaku protagonis lantaran
ngagambarkeun miboga sipat nu hadé ka anak jeung bésan, anu bisa
dijadikeun panutan ku nu maca. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
Minangka pangdeudeukeut, unggal rék lebaran kuring sok
ngahaja ngadatangan bésan bari mawa oléh-oléh keur Eulis.
Biasana mawa lawon pibajueun jeung mukena... (80/5)
Tina cutatan di luhur, bisa katitén yén palaku Kuring miboga sipat
hadé lantaran nyaah jeung ngajénan Eulis salaku minantuna jeung
bésanna. Salian ti palaku Kuring, palaku protagonis lianna nya éta Eulis,
salaku palaku utama miboga sifat anu hadé nya éta soleh jeung bageur.
Palaku protagonis lain nya éta tatangga anyar Kuring, boh salaki
atawa pamajikanana, sanajan ngan saliwat dicaritakeunana. Ieu bisa
katitén dina cutatan di handap.
... Ngagugulung tatangga anu keur bulan alaeun. Tatangga
anyar kakara pindah saminggu, nepungan basa lebaran, nu
katingal tét bet jelegedegna Eulis. Kulit konéng, buuk pondok,
awak leutik tapi ngeusi. Jangkung henteu pendék henteu. Ah
naha atuh harita gauk kuring ceurik bari ngeukeuweuk budak
nu keur kakandungan munggaran. Budak olohok teu ngartieun,
tapi basa diharéwosan ku salakina, manéhna jadi malik
ngusapan, bangun nu hayang némbongkeun milu béla
sungkawa. (80/1)
549
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon aya palaku antagonis,
nya éta Besan/kolot Eulis. Cutatan anu ngébréhkeun kaantagonisanana
bisa katitén dina cutatan di handap.
... Disiram ku kanyaah, taya barang kinasihan. Éstu kawas
nanggeuy endog beubeureumna. Dijieun bebelahan nyawa,
sisirihan tulang téh lain bohong. Kari-kari bet milih nyaah ka
batur bari teu nurut kana kahayang kolot. Kaharti lamun
kolotna kacida ngarasa kuciwana, nepi ka luas ‘ngabuang’
Eulis tina jajaran kulawargana. (83/1)
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku
utama nya éta kuring, Eulis, Jalu, jeung bésan miboga watek anu
kompléks. Watek para palaku barobah boh Kuring nu asalna keuheul
jeung kuciwa ka bésan jadi bisa ngahampura kasalahan bésan, kitu ogé
boh bésan asalna henteu ngaku jeung nyaah ka Jalu (salaki Eulis) jadi
nyaah lantaran sadar kana kasalahanana. Ieu bisa katitén dina cutatan di
handap.
Kakeuheul téh beuki lila beuki jero, nepi ka eumbung panggih-
panggih acan. Lamun pareng pasalandog ogé, tara loba carita
da sok kalah hayang ceurik. Duka ku naon atuh, bet jadi asa
mangnyeurikeun, asa teungteuingaun. Boa teuing Eulis mah
geus teu aya gantar kakaitan. Ka kolot sorangan téa atuh saha
anu henteu nyaah. (80/3)
...Bulan mabra, tembus kana jajantungan. Kuring anu keur
hareugeueun nyaksian Si Jalu tungkul bari diusapan ku
‘indungna’. Nuhun Gusti. (84/6)
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Kuring, Jalu, Eulis, jeung bésan
mangrupa palaku tipikal. Sedengkeun palaku tambahan nya éta tatangga
anyar kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
550
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.162
Data Latar SKKS-10
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. SKKS-10:79/1 Lima taun kaliwat
2. SKKS-10:79/3 Cimol
3. SKKS-10:80/1 Poéan lebaran
4. SKKS-10:80/1 Saminggu
5. SKKS-10:80/4 Wiridan
6. SKKS-10:81/1 Welasan taun
7. SKKS-10:81/2 Pisaminggueun deui
kana lebaran
8. SKKS-10:81/2 Tanah suci
9. SKKS-10:81/4 Kudu geus beresih
lahir-batin
10. SKKS-10:83/2 Opat puluh poé
11. SKKS-10:83/7 Masjid di Madinah
12. SKKS-10:83/8 Panginten ageung dosa
ka Ceuceu
13. SKKS-10:84/4 Bulan opat belas
1) Tempat
Aya tilu tempat dina carpon SKKA-10, nya éta Cimol (SKKS-
10:79/3) anu mangrupa tempat balanja kuring jeung Eulis, Tanah Suci
(SKKS-10:81/2) anu mangrupa tempat basa bésan munggah haji, jeung
Masjid Madinah (SKKS-10:83/7) anu mangrupa tempat ngadu’a bésan
basa di Tanah Suci.
2) Waktu
Latar waktu dina carpon SKKS-10 aya tujuh, nya éta lima taun
kaliwat (SKKS-10:79/1) mangrupa lilana waktu Eulis maot, poéan lebaran
551
(SKKS-10:79/1) mangrupa waktu (Kuring) ngagugulung nu keur
kakandungan, saminggu (SKKS-10:79/1) mangrupa lilana tatangga anyar
datang, welasan taun (SKKS-10:81/1) mangrupa lilana kolot ngurus anak,
pisaminggueun deui ka lebaran (SKKS-10:81/2) anu mangrupa lilana
waktu saméméh lebaran, opat puluh poé (SKKS-10:83/2) mangrupa lilana
munggah haji bésan, jeung bulan opat belas (SKKS-10:84/4) mangrupa
waktu bésan balik hajiansarta ngaku Jalu anak.
3) Sosial
Latar sosial dina carpon SKKS-10 aya tilu, nya éta dina data
SKKS-10:80/4 nya éta wiridan anu jadi kabiasaan anu dilakukeun ku
Kuring, data SKKS-10:81/4 nya éta kudu beresih lahir batin mangrupa
kayakinan kuring pikeun saha waé anu rék munggah haji, jeung data
SKKS-10:83/8 mangrupa sawangan bésan istri kana hal anu kajadian ka
manéhna.
4.2.29.2 Unsur Semiotik SKKS-10
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-10 ngawengku 12 ikon,
dalapan indéks, jeung tilu simbol.
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-10 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.163
Analisis Unsur Ikon SKKS-10
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-10:79/1 Beungeut
gamuleng
Nyitrakeun beungeut
Eulis. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
552
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
... Beungeut
gamuleung Eulis sok
kokolebatan...
2. SKKS-10:79/2 Saperti endog
sapotong
Ngupamakeun gado
Eulis saperti endog
sapotong. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Tembal Kuring bari
nyawél gadona nu
kawas endog sapotong
3. SKKS-10:79/3 Bulan madu Nyitrakeun Eulis jeung
salakina anu anyaran
kawin, anu sakuduna
mah saperti jalma
séjénna indit bulan
madu, tapi Eulis jeung
salakina henteu. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Anggep waé keur
bulan madu, bari
jalan-jalan ka Paris...
4. SKKS-10:79/4 Asa didudut
jajantung
Ngagambarkeun rasa
Kuring anu
ditinggalkeun maot
Eulis. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Nu matak basa Eulis
nilar téh asa didudut
jajantung...
5. SKKS-10:79/5 Bulan alaeun Ngupamakeun
tatangga anyar anu
geus kakandungan
waktuna keur ngajuru.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
553
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
... Ngagugulung
tatangga anu keur
bulan alaeun...
6. SKKS-10:80/3 Gantar
kakaitan
Ngupamakeun Eulis
anu geus tangtu henteu
nyalahkeun kolotna
deui, geus ngahampura
sakabéh dosa kolotna.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Boa teuing Eulis
mah geus teu aya
gantar kakaitan. Ka
kolot sorangan téa atuh
saha anu henteu nyaah.
7. SKKS-10:81/1 Disiram Ngupamakeun
tamplokna kanyaah.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Disiram ku
kanyaah, taya barang
kinasihan...
8 SKKS-10:81/1 Kawas
nanggeuy
endog
beubeureumna
Ngupamakeun
kanyaah saperti
nanggeuy endog
beubeureumna anu
pasti dipupusti jeung
dijagaan. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Disiram ku kanyaah,
taya barang
kinasihan.Éstu kawas
nanggeuy endog
beubeureumna...
9. SKKS-10:82/1 Geuneuk
maleukmeuk
Ngupamakeun
kakeuheuljeung
kakuciwa Kuring ka
bésan.
554
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Ti wangkid ayeuna,
Abdi jangji ka Salira,
teu aya geuneuk
maleukmeuk...
10. SKKS-10:83/6 Endog lauk Ngupamakeun suku
bésan anu
ngagempeng beureum.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Jadi sampéan téh
ngagempeng beureum
sapertos endog lauk...
11. SKKS-10:84/4 Jalan gedé
sasapuan,
caang bulan
opat belas
Ngupamakeun silih
bébas dosa antara
Kuring jeung bésan.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Atuh Ceuceu nu
dikantun éstu jalan
gedé sasapuan, caang
opat belas...
12. SKKS-10:84/6 Tembus kana
jajantung
Ngupamakeun rasa
kabungah nepi kana
jajantungan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Bulan mabra,
tembus kana
jajantungan Kuring
anu keur
hareugeueunnyaksian
Si Jalu tungkul bari
diusapan ku
‘indungna’. Nuhun
Gusti
555
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-10 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, réngkak paripolah, aktualisasi, jeung sora. Éta bisa katitén dina data tabél
ieu di handap.
Tabél 4.164
Analisis Unsur Indéks SKKS-10
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-10:79/4 Murubut
Cipanon
Gejala
fisik
Nyitrakeun kasédih
Kuring basa ninggali
tatangga anyar anu sarua
jeung dedegan Eulis
nepi ka Kuring ceurik.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
... Unggal tepung jeung
nu ngais orok, nu
dedeganana kawas
Eulis, Kuring sok
murubut cipanon...
2. SKKS-10:80/1 Gauk Sora Indéksikal tina soa
ceurik Kuring lantaran
sedih inget ka Eulis anu
geus maot. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Ah, naha atuh harita
Kuring gauk ceurik bari
ngeukeuweuk budak nu
keur kakandungan...
3. SKKS-10:80/3 Kakeuheul Réngkak
paripolah
Indéksikal rasa anu aya
di Kuring ka bésan
lantaran henteu
mikanyaah anakna
(Eulis). Ieu katitén dina
cutatan di handap.
556
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Kakeuheul téh beuki lila
beuki jero, nepi ka
eumbung panggih-
panggih acan...
4. SKKS-10:81/1 Kedal supata Réngkak
paripolah
Kedalna kakuciwa bésan
(kolot Eulis) ka Eulis
lantaran Eulis teu nurut
kana kahayang kolotna.
Ieu katitén dina cutatan
di handap.
... Da nepi ka luluasan
kedal supata nu teu
munasabah ogé ku
lantaran asa
disapirakeun kanyaah...
5. SKKS-10:81/1 Kuciwa Réngkah
paripolah
Rasa kolot Eulis ku
lantaran Eulis teu nurut
kana kahayangna. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Kaharti lamun
kolotna kacida ngarasa
kuciwana nepi ka luasa
ngabuang Eulis tina
jajaran kulawargana.
6. SKKS-10:83/4 Langsip Gejala
fisik
Kaayaan bésan anu jadi
langsip ku lantaran
kurang napsu kana
dahar. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Naha asa rada langsip
salira téh? Kuring
nanya.
Rada sesah barang teda.
témbal bésan...
7. SKKS-10:83/9 Jumerit Sora Bésan anu ngaduakeun
Kuring sangkan bisa
munggah haji. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
557
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
Harita abdi jumerit,
“Ceuceu! Mugi salira
geura énggal kénging
panyaur...
8. SKKS-10:84/6 Bungah Aktualisasi Indéksikal tina
kabungah Kuring ku
lantaran Jalu diaku ku
indungna (bésan). Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
Najan ukur ku kecap
pangakuan, haté téh teu
wudu bungah...
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon aya tilu simbol, ieu bisa katitén
dina tabél di handap.
Tabél 4.165
Analisis Unsur Simbol SKKS-10
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-10:80/4 Kubur Mangrupa simbol tina
témpat ahir anu maot nya
éta tempat Eulis anu geus
maot. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Ditebihkeun tina siksa
kuburna, sing kenging
tempat nu mulya disisi
Alloh...
2. SKKS-10:83/3 Bodas Mangrupa simbol tina
kulis bésan anu beresih
tibarang balik munggah
haji. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
558
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
... Eukeur mah kulitna
bodas, katambah lila tara
kaluar-luar.
3. SKKS-10:81/4 Lunas Mangrupa simbol tina
bebasna sagala hutang anu
dipiboga ku bésan. Ieu
katitén dina cutatan di
handap.
... Mugi ieu jangji pun
dulur nu teu kantos
katedunan, dianggap
lunas...
4.2.29.3 Analisis Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-10
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.166
Data Ajén Sosial SKKS-10
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-10:80/4 Wiridan
2. SKKS-10:80/4 Ngadua
3. SKKS-10:80/4 Kénging tempat
nu mulya
4. SKKS-10:80/4 Mugi
diberesihkeun
5. SKKS-10:80/5 Salat wajib
6. SKKS-10:81/2 Jarah ka Tanah
Suci
7. SKKS-10:81/3 Kahayang
munggah haji
8. SKKS-10:81/3 Sing jadi haji
mabrur
559
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
9. SKKS-10:81/3 Munggah haji
10. SKKS-10:81/4 Mamala
11. SKKS-10:81/4 Neneda ka
Gusti
12. SKKS-10:82/1 Mugi Gusti
ngahampura
13. SKKS-10:82/1 Dosa-dosa
14. SKKS-10:82/1 Ibadah
15. SKKS-10:83/1 Salat munajat
1) Ajén Bebeneran
Dumasar data di luhur aya dua ajén sosial anu ngawengku data
bebeneran nya éta dina data SKKS-10:81/4 jeung data SKKS-10:82/1 anu
mangrupa ajén bebeneran yén anu munggah haji téh kudu ngaberesihkeun
dosa lahir-batinna sangkan teu jadi mamala nalika ibadah hajina.
2) Ajén Moral
Data ajen moral dina tabél aya lima nya éta dina data SKKS-
10:80/4 anu mangrupa kahayang Kuring sangkan Eulis ditampi disisi
Pangéran, data SKKS-10:80/4 mangrupa pangharepan Kuring sangkan
dihampura sagala dosa bésan, data SKKS-10:81/3 pangharepan Kuring
sangkan besan jadi haji mabrur, data SKKS-10:81/4 anu mangrupa
pangharepan Kuring sangkan besan dilancarkeun dina munggah hajina,
jeung data SKKS-10:82/1 mangrupa paménta kuring sangkan bésan
dihampura dosana, éta data patali jeung ajén agama.
3) Ajén Kaagamaan
Data ajén kaagamaan aya salapan, nya éta data SKKS-10:80/4,
data SKKS-10:80/4, data SKKS-10:82/1, data SKKS-10:80/5 jeung data
SKKS-10:83/1 anu mangrupa kagiatan Kuring patali jeung kaagamaan,
560
data SKKS-10:81/2 jeung data SKKS-10:81/3 mangrupa paréntah agama
kana munggah haji anu dilaksanakeun ku besan, data SKKS-10:82/1 anu
patali jeung data ajén moral nya éta paménta Kuring sangkan dihampura
sagala dosa bésan, data SKKS-10:82/1 mangrupa dosa-dosa anu
dipilampah ku besan sangkan henteu ngaganggu dina ngajalankeun
ibadahna.
b. Ajén Budaya
Ajén budaya anu aya dina carpon SKKS-10, bisa katitén tina tabél data ieu
di handap.
Tabél 4.167
Data Ajén Budaya SKKS-10
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-10:79/1 Soléh
2. SKKS-10:80/4 Gusti
3. SKKS-10:80/4 Wiridan
4. SKKS-10:80/5 Ngadatangan
5. SKKS-10:80/5 Dihadiahkeun
6. SKKS-10:81/1 Ngurus
7. SKKS-10:81/3 Munggah haji
8. SKKS-10:81/3 Ngadu’a
9. SKKS-10:81/3 Haji mabrur
10. SKKS-10:81/4 Ibadah
11. SKKS-10:83/1 Nganteurkeun
12. SKKS-10:83/3 Alhamdulillah
13. SKKS-10:84/2 Amin
14. SKKS-10:84/6 Diusapan
1) Ajén Téori
Dumasar tabél di luhur, aya tilu data budaya anu kawengku kana
ajén téori nya éta data SKKS-10:79/1 mangrupa kasolehan Eulis dina
hirupna, jeung data SKKS-10:81/3 ngeunaan haji mabrur.
561
2) Ajén Agama
Data agama dina tabél aya tujuh nya eta data SKKS-10:80/4, data
SKKS-10:80/4, data SKKS-10:81/3, data SKKS-10:81/3, data SKKS-
10:81/4, data SKKS-10:83/3, jeung data SKKS-10:84/2 anu mangrupa aya
dina carpon patali jeung tokoh Kuring dina kaagamaanana.
3) Ajén Solidaritas
Ajén solidaritas aya dina data SKKS-10:80/5,SKKS-10:80/5,
SKKS-10:80/1, SKKS-10:82/1, jeung SKKS-10:84/6 anu mangrupa bukti
kanyaah Kuring ka Eulis jeung ka bésan.
4.2.30 “Nunun” (SKKS-11)
4.2.30.1 Struktur Carita SKKS-11
a. Téma
Téma carpon SKKS-11 nya éta kamanusaan, ieu téma nyoko kana
gambaran kacinta jeung kanyaah “Akang” ka nu jadi adi “Nunun”. Hubungan
antara lanceuk jeung adi bakal kacipta saupama duanana pada silih mikanyaah
jeung silih ajénan kahayang masing-masing. Ieu carpon némbongkeun
gambaran hubungan anu teu harmonis antara Akang jeung Nunun, ku lantaran
duanana miboga sikep anu béda, Akang anu turut jeung getol diajar,
sedengkeun Nunun anu babari kapangaruhan ku jaman jeung babaturanana
jadi jalma anu hina. Sanajan Nunun jadi jalma anu hina, tapi Akang tetep
nyaah jeung hariwng ka Nunun anu mangrupa hiji-hijina adina, sarta Akang
beurat kana amanah Ambu pikeun ngajaga Nunun.
Tina téma anu diébréhkeun, pangarang miharep sangkan antara
lanceuk jeung adi kudu silih pikanyaah jeung silih ajénan, anu jadi adi kudu
ngagugu ka na kahayang lanceuk salila éta henteu salah, kitu ogé lanceuk
kudu ngadidik jeung ngajaga adi. Ieu dihandap mangrupa sawatara cutatan
anu ngagambarkeun éta téma.
“... Anu nyatana, maranéhanana balageur. Henteu siga Akang.
Akang mah tara kersa ngajak lalajo. Akang mah henteu resep
562
nganteur kana pésta. Padahal didinya kasenangan anu henteu aya
wates wangenna. Bosen atuh da Nunun mah, ari kudu ngadeluk baé
maca buku, ngapalkeun jeung ngurung manéh. Sok sieun kurung
batokeun.” (88/1)
b. Fakta Carita
1) Galur
(a) Dumasar Runtuyan Waktu
Dumasar kana runtuyan waktuna, ieu carpon kaasup kana galur
mundur, (flash-back), nya éta galur carita anu dimimitian tina mangsa
kiwari dituluykeun ku nyaritakeun mangsa kamari. Akang anu peuting
keur di pangbérokan ngarasa kasiksa ku babaturan tawanan anu boga
napsu anu ngagedur, Akang ngimpleng pangalaman anu geus kaliwat
mangsa jeung Nunun, dina implengan pinuh ku rupa-rupa carita anu geus
kalarung.
Carita dimimitian ku kasiksana diri Akang di pangbérokan, tidinya
Akang ngimpleng mangsa masih kénéh jeung Nunun. Galur bras kana
sabab-musabab Akang abus ka Pangbérokan. Carita maju mangsa di
pangbérokan aya tawanan anyar anu sarua ngalakukeun kagoréngan
saperti Nunun jeung lalaki playboy nepi ka Akang boga harepan saupama
dibéré umur panjang sarta kaluar tina pangbérokan, Akang hayang tobat
jeung ngurus si Utun anu keur dikandung ku Nunun sanajan henteu nyaho
saha bapana. D1 Mangrupa mangsa peuting Akang di pangbérokan anu
ngimpleng. A, B, jeung C mangrupa waktu lumangsungna kajadian-
kajadian anu kaalaman ku Akang basa jeung Nunun kénéh. D2 mangrupa
waktu di pangbérokan aya tawanan anyar anu sarua ngalakukeun
kagoréngan saperti Nunun jeung lalaki playboy. E mangrupa ahir carita
nya éta cita-cita ka hareupna Akang hayang tobat jeung ngurus si Utun anu
keur dikandung ku Nunun sanajan henteu nyaho saha bapana.
Upama dipolakeun, runtuyan waktu dina carpon bisa katitén
saperti di handap.
563
D1------- A -------- B -------- C -------- D2 -------- E
(b) Dumasar Kritéria Jumlah
Ditilik tina kritéria jumlah galurna, ieu carpon ngan miboga hiji
galur (tunggal). Ieu hal dilantaranan galur caritana diébréhkeun ku cara
némbongkeun saurang palaku Akang anu ngalaman rupa-rupa pasualan
hirup.
c) Dumasar Kritéria Kepadatan
Ditilik tina kritéria kepadatanana, ieu carpon miboga galur anu
padet nya éta midangkeun carita sacara gancang. Lantaran diébréhkeun ku
palaku utamana sacara langsung, kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina
ieu carpon miboga hubungan anu dalit jeung inti carita. Konflik antara
palaku Akang, Nunun, jeung babaturan Nunun nepi ka ahirna Akang
ditahan ku lantaran paripolah Nunun jeung babaturan Nunun mangrupa
kajadian-kajadian anu raket patalina.
(d) Dumasar Eusi
Dumasar eusina, galur ieu carpon kaasup galur peruntungan. Ieu
galur patali jeung carita anu ngébréhkeun kaayaan nasib anu tumiba anu
karandapan ku palaku utama Akang jeung Nunun. Naon anu jadi sabab-
musababna Akang ditahan jeung Nunun kakandungan.
2) Palaku
Dina carita SKKS-11 aya 12 palaku, nya éta Nunun (SKKS-11:85/1),
Akang (SKKS-11:85/1), tawanan (SKKS-11:85/1), Ambu (SKKS-11:85/1),
Ama (SKKS-11:85/1), bibi (SKKS-11:86/2), Tina (SKKS-11:87/3), Mirna
(SKKS-11:88/3), Babaturan Akang (SKKS-11:89/1), Lalaki playboy (SKKS-
11:89/2), Pulisi (SKKS-11:89/4), jeung Si Utun (SKKS-11:91/5). Tujuh urang
palaku méré pangrojong kana eusi katut galur carita, sésana lima palaku anu
ngan ngalengkepan eusi carita.
564
(a) Dumasar Kalungguhan
Dumasar kalungguhanana, Akang jeung Nunun mangrupa palaku
utama. Anu sacara langsung ayana paguneman sacara langsung
ngébréhkeun prosés interaksi antara palaku.
Sapuluh palaku séjénna mangrupa palaku-palaku tambahan anu
ngarojong kana eusi caritaan, boh sacara langsung boh teu langsung.
Palaku tambahan nya éta tawanan (SKKS-11:85/1), Ambu (SKKS-
11:85/1), Ama (SKKS-11:85/1), bibi (SKKS-11:86/2), Tina (SKKS-
11:87/3), Mirna (SKKS-11:88/3), Babaturan Akang (SKKS-11:89/1),
Lalaki playboy (SKKS-11:89/2), Pulisi (SKKS-11:89/4), jeung Si Utun
(SKKS-11:91/5).
(b) Dumasar Penampilan
Ditilik tina Penampilan, anu kaasup kana palaku protagonis dina
ieu carpon nya éta Akang, Ambu, jeung Bibi. Sedengkeun anu kaasup
kana palaku antagonis nya éta Nunun, Tina, Mirna, Tawanan, Lalaki
playboy.
Palaku Akang mangrupa palaku protagonis lantaran
ngagambarkeun miboga sipat nu hadé ka adina, anu bisa dijadikeun
panutan ku nu maca. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
... Kabéh sisksaan ku Akang ditarima kalawan iklas...(85/1)
Palaku protagonis séjén nya éta Ambu anu nyaah ka anakna sok
sanajan ninggalkeun maot, jeung Bibi anu nyaah ka Akang jeung Nunun
anu geus teu boga indung bapa.. Ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
Saur Ambu ka Akang “Ujang pangjagakeun Si Nyai. Jaga siga
hidep ngajaga diri hidep”... (85/2)
... Dahar diurus ku Bibi. Untung panyawah satia ngiriman béas
jeung duit... (86/2)
565
Salian palaku protagonis, dina ieu carpon ogé aya palaku
antagonis, nya éta Nunun, Mirna, Tina, jeung lalaki playboy. Cutatan anu
ngébréhkeun kaantagonisanana bisa katitén dina cutatan ieu di handap.
... Nunun kausap sétan, kaolo ku Tina. Nunun kabur wanci
asar, basa Akang keur ngagambar denah rencana kota pikeun
pendukung proyék ahir... (88/4)
(c) Dumasar Watek
Ditilik tina wangun watekna, dina ieu carpon sakabéh palaku
utama nya éta Akang jeung Nunun moboga waték anu kompléks nya éta
watek jeung paripolah anu sawaktu-waktu bisa robah sarta bisa diungkab
rupa-rupa kamungkinan sisi kahirupan, kapribadian, jati dirina, jeung
dinamis.
(d) Dumasar Pencerminan Palaku
Ditilik tina pencerminan palakuna, Akang jeung Nunun mangrupa
palaku tipikal. Sedengkeun palaku tambahan nya éta Ambu, Bibi, Tina,
Mirna, Babaturan Akang, lalaki playboy, tawanan, Pulisi, Si Utun, jeung
Ama kaasup palaku nétral anu ngan saukur aya dina eusi carita, teu milu
mangaruhan sacara krusial kana guluyurna carita.
3) Latar
Pikeun maluruh latar lumangsungna carita ieu carpon, ieu di handap
bisa katitén data latar anu diwincik kana tilu rupa latar, nya éta latar tempat,
waktu, jeung sosial.
Tabél 4.168
Data Latar SKKS-11
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
1. SKKS-11:85/1 Pangbérokan
2. SKKS-11:85/1 Peuting
3. SKKS-11:85/2 Moal aya hargaan
566
No. Kode Data Data Latar
Tpt Wkt Sos
(1) (2) (7) (4) (5) (6)
4. SKKS-11:86/2 Mahasiswa
5. SKKS-11:86/2 SMA
6. SKKS-11:86/3 Ayeuna
7. SKKS-11:86/4 Nganteurkeun Nunun
8. SKKS-11:86/4 Ngerjakeun tugas
jeung digawé
9. SKKS-11:86/5 Tengah peuting
10. SKKS-11:87/1 Kiwari
11. SKKS-11:87/2 Sakola
12. SKKS-11:87/2 Lés
13. SKKS-11:88/3 Buruan sakola
14. SKKS-11:88/3 Kelas
15. SKKS-11:88/4 Wanci asar
16. SKKS-11:88/5 Pos koboy
17. SKKS-11:89/1 Bandung
18. SKKS-11:89/4 Soré
19. SKKS-11:90/1 Imah
20. SKKS-11:90/2 Genep bulan
21. SKKS-11:90/2 Pangadilan
22. SKKS-11:90/3 Tujuh bulan
23. SKKS-11:90/4 Harita
24. SKKS-11:90/4 Wanci haneut moyan
25. SKKS-11:90/4 Nunun dirogahala
26. SKKS-11:91/2 Nunun budak kénéh
(a) Tempat
Aya sapuluh latar tempat dina carpon SKKS-11, tapi jadi salapan
latar tempat ku sabab aya nu satempat saperti sakola jeung kelas. Sacara
rincina nya éta data di pangbérokan (SKKS-11:85/1) anu mangrupa tempat
Akang di tahan lantaran maéhan jalma, SMA (SKKS-11:86/2) anu
mangrupa tempat Nunun sakola, sakola (SKKS-11:87/2) mangrupa tempat
diajar Nunun, buruan sakola (SKKS-11:88/3) mangrupa tempat ahir
Akang nganteurkeun Nunun, kelas (SKKS-11:88/3) anu mangrupa tempat
diajar Nunun, pos koboy (SKKS-11:88/5) mangrupa tempat gang Mirna
jeung Tina anu aya di Bandung, imah (SKKS-11:90/1) nya éta imah Bibi,
567
jeung pangadilan (SKKS-11:90/2) mangrupa tempat Akang ditanya ku
Jaksa.
(b) Waktu
Aya salapan latar waktu dina carpon SKKS-11, tapi jadi dalapan
latar waktu ku sabab aya nu sawaktu saperti harita jeungwanci haneut
moyan. Sacara rincina nya éta peuting (SKKS-11:85/1) anu mangrupa
waktu Akang disiksa di Pangbérokan, ayeuna (SKKS-11:86/3) anu
mngrupa waktu nyaritakeun Akang di pangbérokan, kiwari (SKKS-
11:87/5) mangrupa waktu ayeuna Akang di pangbérokan, wanci asar
(SKKS-11:88/1) mangrupa waktu Nunun kabur, soré (SKKS-11:89/4) anu
mangrupa waktu Akang masrahkeun diri ka pangadilan, harita (SKKS-
11:90/2) nya éta wanci haneut asar anu mangrupa datangna tawanan anyar,
genep bulan (SKKS-11:90/3) jeung tujuh bulan (SKKS-11:90/4) anu
mangrupa lilana Akang di pangbérokan.
(c) Sosial
Aya tujuh latar sosial dina carpon SKKS-11 nya éta, moal aya
hargaan (SKKS-11:85/2) anu mangrupa sawangan hirup ambu, mahasiswa
(SKKS-11:85/2) anu mangrupa status Akang waktu masih kuliah,
nganteurkeun Nunun (SKKS-11:86/4) jeung ngerjakeun tugas jeung
digawé (SKKS-11:86/4) mangrupa kabiasaan Akang, lés (SKKS-11:87/2)
kagiatan/kabiasaan Nunun saméméh kaolo ku gang Tina, Nunun
dirogahala (SKKS-11:90/4) jeung Nunun budak kénéh (SKKS-11:90/2)
anu mangrupa cara mikir Akang.
4.2.30.2 Unsur Semiotik SKKS-11
Unsur semiotik anu aya dina carpon SKKS-11 ngawengku sapuluh ikon,
genep indéks, jeung opat simbol.
568
a. Ikon
Ikon anu aya dina carpon SKKS-11 ngan aya anu mangrupa ikon
imagis jeung ikon métaforis.
Tabél 4.169
Analisis Unsur IkonSKKS-11
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. SKKS-11:85/2 Endog
beubeureumna
Ngupamakeun
harga diri Nunun
anu teu meunang
dibikeun ka nu
lain hak. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
... Si Nyai téh
endog
beubeureumna,
anu henteu
beunang peuray
saméméh aya nu
hak...
2. SKKS-11:86/2 Mulang Nyitrakeun
balikna Ambu ka
asal, nya éta maot.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
Ambu mulang,
henteu lila
saenggeus Ama...
3. SKKS-11:86/4 Sepi kapupus Nyitrakeun sepina
tahanan dina
tengah peuting,
anu kadéngé ukur
sora kérék
tahanan séjén. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
569
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
... Sakapeung mah
sepi kapupus ku
kérék tahanan anu
bisa saré tibra...
4. SKKS-11:86/5 Iuh linduh Ngupamakén
beungeut Nunun
anu tengtrem
jeung beresih. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
... Nunun anu iuh
linduh,
dikurilingan ku
bulu panon anu
caréntik...
5. SKKS-11:86/5 Nomat apel Ngupamakeun
pipi Nunun anu
lucuna. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
... Pipi Nunun
buleud, nomat
apel, semu
kayas...
6. SKKS-11:87/3 Jurang Jurang biasana
dibasakeun kana
lamping anu
luhur. Dina ieu
kontéks,
mangrupa jurang
anu ancrubna
kana paripolah nu
dosa/salah. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
570
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
... Awéwé kitu
mah sok atoh
lamunboga
babaturan tigébrus
kana jurang anu
ku manéhna
dipilampah...
7 SKKS-11:88/1 Kurung
batokeun
Ngupamakeun
saupama anu tara
ulin atawa
kuuleun téh sok
katelah jalma
kuper anu teu teu
nyaho kamajuan
jaman . Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
“...Ari kudu
ngadeluk baé
maca buku,
ngapalkeun jeung
ngurung manéh.
Sok sieun kurung
batokeun”.
8. SKKS-11:88/2 Leueur Ngupamakeun
paripolah Nunun
anu saperti belut,
anu geus teu nurut
ka lanceuk sarta
hésé
ditahingakeunna.
Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Tapi Nunun
geus jadi belut.
Leueur...
571
No. Kode Data Réferent Tipe
Interprétasi
Img. Dgm. Mfr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
9. SKKS-11:91/2 Héjo Héjo biasana
dibasakeun kana
daun. Dina ieu
kontéks,umur
Nunun anu leutik
kénéh, can nyaho
man nu bener
jeung salah. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
... Encan bisa
milih mana nu
hadé, mana nu
goréng. Nunun
mah héjo kénéh...
10. SKKS-11:91/6 Runtah Ngupamakeun
Nunun jeung
Akang anu boga
dosa gedé jeung
geus teu boga
harga diri, anu
jadi runtah di
masarakat. Ieu
katitén dina
cutatan di handap.
Najan urang geus
jadi runtah, geus
moal dilieuk deui
ku dulur...
b. Indéks
Indéks anu aya dina carpon SKKS-11 aya anu mangrupa indéks gejala
fisik, aktualisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén dina data tabél ieu
di handap.
572
Tabél 4.170
Analisis Unsur Indéks SKKS-11
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
1. SKKS-11:85/1 Iklas Aktualisasi Paripolah Akang anu
tumarima kana nasib
lantaran ngarasa
boga dosa. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
... Kabéh sisksaan ku
Akang ditarima
kalawan iklas...
2. SKKS-11:85/1 Huntu
caroplok
Gejala fisik Akang ditonjokan
ku tawanan séjén
lantaran henteu daék
ngalayanan napsuna
anu ngagedur. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
...Huntugeus
caroplok balas
ditonjokan...
3. SKKS-11:85/1 Haté ruksak Aktualisasi Indéksikal haté
Akang anu geus
ruksak lantaran
dipibogoh ku
sasama. Ieu katitén
dina cutatan di
handap.
... Haté ruksak,
lantaran dipibogoh
ku sasama lalaki,
sasama tawanan...
4. SKKS-11:88/4 Nunun
kabur
Réngkak
paripolah
Indéksikal tina
Akang nu sok nyarék
Nunun ulin. Nunun
kabur lantaran geus
kaolo ku Tina. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
573
No. Kode Data Réferent Tipe Interprétasi
(1) (2) (3) (4) (5)
... Nunun kausap
sétan, kaolo ku Tina.
Nunun kabur wanci
asar, basa Akang
keur ngagambar
denah rencana kota
pikeun pendukung
proyék ahir...
5. SKKS-11:91/4 Ngarasa
salah
Aktualisasi Nuduhkeun dosa
Akang lantaran
henteu bisa ngajaga
jeung ngawarah
Nunun anu jadi
jalma salah. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
... Akang nu salah,
lantaran Akang anu
leuwih kolot...
6. SKKS-11:91/6 Tobat Réngkak
paripolah
Kahayang Akang
lantaran ngarasa geus
loba dosa nepi ka
jadi runtah
masarakat. Ieu
katitén dina cutatan
di handap.
Najan urang geus
jadi runtah, geus
moal dilieuk deui ku
dulur, moal diaku
deui ku Bibi anu asa
diwiwirang, masih
kénéh aya waktu
keur tobat...
574
c. Simbol
Simbol anu kapanggih dina ieu carpon aya opat simbol, ieu bisa katitén
dina tabél di handap.
Tabél 4.171
Analisis Unsur Simbol SKKS-11
No. Kode Data Réferent Interprétasi
(1) (2) (3) (4)
1. SKKS-11:85/2 Kristal Ngupamakan harga diri
Nunun anu gedé pisan
hargana. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Si Nyai téh kristal...
2. SKKS-11:85/2 Berlian Ngupamakeun harga diri
Nunun anu gédé pisan
hargana. Ieu katitén dina
cutatan di handap.
... Si Nyai téh berlian...
3. SKKSA-11:86/2 Duit Duit mangrupasimbol tina
alat pembayaran nu sah dina
ngalakukeun hal anu patali
jeung ékonomi jeung
kabutuhan hirup. Ieu katitén
dina cutatan di handap.
... Dahar diurus ku Bibi.
Untung panyawahan satia
ngiriman béas jeung duit...
4. SKKSA-11:90/3 Insinyur Mangrupa simbol tina jalma
anu geus lulus sakola luhur.
Ieu katitén dina cutatan di
handap.
... Henteu kaciri tapak
mahasisiwa anu sakeudeung
deui jadi insinyur téh...
575
4.2.30.3 Ajén-inajén Sosial Budaya SKKS-11
a. Ajén Sosial
Data ajén sosial dina ieu carpon bisa katitén dina tabél di handap anu
ngébréhkeun tujuh ajén sosial.
Tabél 4.172
Data Ajén Sosial SKKS-11
No. Kode Data Data Ajén Sosial
Kat. Bnr. End. Mrl. Agm.
(1) (3) (4) (5) (9) (7) (8) (9)
1. SKKS-11:85/1 Napsu
2. SKKS-11:85/2 Moal aya hargana
3. SKKS-11:86/1 Amanat
4. SKKS-11:87/1 Salah Akang
5. SKKS-11:87/1 Dosa
6. SKKS-11:87/3 Jalingkak
7. SKKS-11:89/2 Cocooan
8. SKKS-11:89/3 Dirogahala
9. SKKS-11:89/4 Diculik
10. SKKS-11:90/5 Haram
11. SKKS-11:91/5 Hampura
12 SKKS-11:91/5 Lain jelema hadé
13. SKKS-11:91/6 Tobat
1) Ajén Bebeneran
Ajén bebeneran aya sapuluh, nya éta dina data SKKS-11:85/1
mangrupa napsu tawanan ka Akang, data SKKS-11:85/2 mangrupa Nunun
moal aya hargaan saupama geus codék saméméh nikah, data SKKS-
11:87/1, data SKKS-11:87/1, jeung data SKKS-11:91/5 anu mangrupa
pangakuan Akang kana bebeneran kasalahanana, data SKKS-11:87/3, data
SKKS-11:89/2, data SKKS-11:89/3, data SKKS-11:89/4, jeung data
SKKS-11:90/5 anu mangrupa paripolah anu salah nurutkeun masarakat
jeung agama.
576
2) Ajén Moral
Ajén moral aya dina data SKKS-11:86/1 mangrupa amanat Ambu
sangkan Akang ngajaga Nunun, data SKKS-11:91/5 jeung data SKKS-
11:91/6 mangrupa pangharepan jeung kahayang Akang tobat jeung
dihampura sagala kasalahanana.
3) Ajén Agama
Data agama aya opat, nya éta dina data SKKS-11:87/1, data
SKKS-11:90/5, data SKKS-11:91/5 anu mangrupa haram jeung dosa
ngeunaan hiji pagawéan, jeung data SKKS-11:91/6 anu patali jeung data
moral nya éta kahayang Akang pikeun tobat tina kasalahanana.
b. Ajén Budaya
Data ajén budaya dina carpon bisa katitén dina tabél di handap. Aya
opat belas ajén budaya anu diwincik kana genep ajén anu béda-béda.
Tabél 4.173
Data Ajén Budaya SKKS-11
No. Kode Data Data Ajén Budaya
Kat. T É A Sn. K Sl.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. SKKS-11:85/2 Moal aya hargaan
2. SKKS-11:86/2 Ngiriman
3. SKKS-11:87/1 Salah
4. SKKS-11:87/5 Ngajajanan, ngajak
lalajo, jeung
nganganteur
5. SKKS-11:87/8 Taktik playboy
6. SKKS-11:87/8 Playboy
7. SKKS-11:88/3 Nungguan
8. SKKS-11:89/2 Istigfar
9. SKKS-11:89/3 Maéhan
10. SKKS-11:89/4 Diculik
11. SKKS-11:90/5 Haram
12. SKKS-11:91/6 Gusti
13. SSKS-11:91/6 Tobat
577
1) Ajén Téori
Dumasar tabél di luhur aya genep data téori, opat dta agama, jeung
tilu data solidaritas. Data téori aya dina data SKKS-11:85/2 mangrupa
jalma moal aya hargaan mun geus codék utamana awéwé. Data SKKS-
11:87/1 mangrupa téori antara salah jeung bener. Dua data SKKS-11:87/8
ngeunaan playboy jeung taktik playboy. Data SKKS-11:89/3 ngeunaan
maéhan jalma, jeung data SKKS-11:89/4 ngeunaan Nunun anu diculik.
2) Ajén Agama
Data agama dina tabél di luhur aya opat, nya éta dina data SKKS-
11:89/2, data SKKS-11:90/5 anu mangrupa katangtuan haram nurutkeun
agama, data SKKS-11:91/6 percaya ayana Gusti, jeung data SSKS-11:91/6
kahayang Akang tobat.
3) Ajén Solidaritas
Data anu kawengku kana data solidaritas dina tabél di luhur aya
dina data SKKS-11:87/5, data SKKS-11:86/2, jeung data SKKS-11:88/3
anu mangrupa bukti kanyaah Akang ka Nunun salaku adi jeung kulawarga
hiji-hijina anu nyésa.
4.3 Hasil Analisis
Dumasar kana pedaran analisis data dina buku kumpulan carpon Guriang
Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga, anu ngawengku analisis struktur, semiotik,
jeung sosiologi sastra aspék ajén sosial budaya, ieu di handap mangrupa data anu
geus dianalisis.
4.3.1 Struktur Carita
Analisis struktur carita dina ieu panalungtikan ngawengku analisis téma,
galur, palaku, jeung latar lumangsungna carita.
578
4.3.1.1 Téma
Hasil analisis téma tina 30 carpon karya Sastrawati Sunda Patrem bisa
katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.174
Data Hasil Analisis Téma
No. Kode
Carpon
Téma
Kat. Réligi Kamanusaan Patriotisme
Kadaulatan
Rakyat
Kaadilan
Sosial
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. GT-01
2. GT-02
3. GT-03
4. GT-04
5. GT-05
6. GT-06
7. GT-07
8. GT-08
9. GT-09
10. GT-10
11. GT-11
12. GT-12
13. GT-13
14. GT-14
15. GT-15
16. GT-16
17. GT-17
18. GT-18
19. GT-19
20. SKKS-01
21. SKKS-02
22. SKKS-03
23. SKKS-04
24. SKKS-05
25. SKKS-06
26. SKKS-07
27. SKKS-08
28. SKKS-09
29. SKKS-10
30. SKKS-11
Jumlah 3 18 1 8
579
Dumasar kana data dina tabél di luhur, bisa katitén yén téma kamanusaan
jeung kaadilan sosial paling loba dipaké ku para sastrawati Sunda Patrem. Prosés
kritik kana kajadian-kajadian kamanusaan jeung kahirupan sosial di tatar Sunda
digambarkeun ngaliwatan konflik-konflik dina éta dua téma anu dominan.
Sanajan kitu, téma séjén saperti téma réligi, jeung kadaulatan rakyat ogé nyampak
dina carpon karya sastrawati Sunda Patrem. Dina carpon-carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, tétéla euweuh carpon anu témana patriotisme.
4.3.1.2 Fakta Carita
Hasil analisis fakta carita 30 carpon karya Sastrawati Sunda Patrem,
ngawengku galur, palaku jeung watek, jeung latar lumangsungna carita.
a. Galur
Galur carita anu dianalisis ditilik dumasar runtuyan waktuna, jumlah
galurna, kepadatanna, jeung dumasar kana eusina. Éta bisa katitén dina tabél
ieu di handap.
Tabél 4.175
Data Hasil Analisis Galur
No. Kode
Carpon
Dumasar
Runtuyan
Waktu
Dumasar
Jumlah
Dumasar
Kepadatan Dumasar Eusi
Mj. F-b. Cm. Tgl. S-glr. Pdt. Angg. Prntg. Pnkh. Pmkr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)
1. GT-01
2. GT-02
3. GT-03
4. GT-04
5. GT-05
6. GT-06
7. GT-07
8. GT-08
9. GT-09
10. GT-10
11. GT-11
12. GT-12
13. GT-13
580
No. Kode
Carpon
Dumasar
Runtuyan
Waktu
Dumasar
Jumlah
Dumasar
Kepadatan Dumasar Eusi
Mj. F-b. Cm. Tgl. S-glr. Pdt. Angg. Prntg. Pnkh. Pmkr.
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)
14. GT-14
15. GT-15
16. GT-16
17. GT-17
18. GT-18
19. GT-19
20. SKKS-01
21. SKKS-02
22. SKKS-03
23. SKKS-04
24. SKKS-05
25. SKKS-06
26. SKKS-07
27. SKKS-08
28. SKKS-09
29. SKKS-10
30. SKKS-11
Jumlah 11 8 11 23 7 28 2 14 12 4
Dumasar kana data dina tabél di luhur, Sastrawati Sunda Patrem loba
ngagunakeun galur campuran jeung galur mérélé pikeun ngagambarkeun
guluyurna carita anu variatif. Galur campuran anu kompléks bisa méré
informasi ngeunaan eusi carita sangkan leuwih logis. Salian ti éta, lantaran
panjangna carpon kawatesanan, dumasar kana jumlahna sastrawati Sunda
Patrem leuwih loba maké galur tunggal dibandingkeun sub-galur. Patali jeung
éta hal, galur caritana ogé leuwih padet. Dumasar kana eusina, galur
peruntungan jeung galur penokohan paling mindeng dipaké keur
némbongkeun ésénsi carita dibandingkeun jeung galur pemikiran anu ngajak
nu maca neuleuman maksud-maksud anu nyamuni.
581
b. Palaku jeung Watek
Palaku jeung watek anu dianalisis ditilik dumasar kalungguhanna,
penampilanna, watekna, jeung dumasar kana pencerminan palakuna. Éta bisa
katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.176
Data Hasil Analisis Palaku jeung Watek
No. Kode
Carpon
Dumasar
Kalungguhan
Dumasar
Penampilan
Dumasar
Wangun
Watek
Dumasar
Meker
Henteuna
Watek
Dumasar
Pencerminan
Palaku
Uta
ma
Tam
bah
an
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)
1. GT-01 2 6 3 5 7 1 7 1 3 5
2. GT-02 2 3 5 0 3 2 3 2 3 2
3. GT-03 2 10 4 8 3 9 3 9 3 9
4. GT-04 1 9 3 7 3 1 3 1 3 7
5. GT-05 1 18 7 0 6 1 6 1 7 12
6. GT-06 2 10 1 1 1 2 1 2 2 10
7. GT-07 2 11 5 1 3 3 3 3 8 5
8. GT-08 1 12 4 2 2 4 2 4 6 7
9. GT-09 2 10 8 1 7 2 7 2 8 4
10. GT-10 2 11 3 2 4 1 4 1 5 8
11. GT-11 1 6 4 0 4 0 4 0 4 2
12. GT-12 1 4 4 1 2 1 2 1 3 2
13. GT-13 2 4 3 0 2 0 2 0 2 4
14. GT-14 1 7 4 0 3 1 3 1 4 4
15. GT-15 1 11 2 2 3 1 3 1 4 7
16. GT-16 1 13 3 1 1 3 1 3 5 8
17. GT-17 1 18 7 0 3 1 3 1 7 12
18. GT-18 2 10 2 3 4 1 4 1 5 7
19. GT-19 2 11 3 4 3 4 3 4 3 9
20. SKKS-01 1 13 9 5 5 0 5 0 5 9
21. SKKS-02 2 3 5 0 5 0 5 0 3 2
22. SKKS-03 2 2 3 2 4 0 4 0 1 3
23. SKKS-04 2 7 5 4 8 1 8 1 3 6
24. SKKS-05 1 11 11 1 11 0 11 0 4 9
25. SKKS-06 2 9 6 5 10 1 10 1 6 5
582
No. Kode
Carpon
Dumasar
Kalungguhan
Dumasar
Penampilan
Dumasar
Wangun
Watek
Dumasar
Meker
Henteuna
Watek
Dumasar
Pencerminan
Palaku
Uta
ma
Tam
bah
an
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
Uta
ma
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)
26. SKKS-07 2 10 11 1 6 5 6 5 2 9
27. SKKS-08 3 9 12 1 3 9 3 9 3 9
28. SKKS-09 3 9 12 0 3 0 3 0 3 9
29. SKKS-10 5 2 4 3 3 4 3 4 4 3
30. SKKS-11 2 10 3 9 2 10 2 10 2 10
Jumlah 54 269 156 69 124 68 124 68 121 198
Dumasar kana data dina tabél di luhur, katitén ayana kasuluyuan antara
palaku jeung norma masarakat Sunda. Para Sastrawati Sunda Patrem loba
ngagunakeun palaku-palaku anu méré sugésti positif ka nu maca. Gambaran
palaku-palaku anu watekna hadé, jadi picontoeun keur nu maca. Aya ogé
palaku-palaku anu jadi pieunteungeun lantaran miboga watek anu goréng. Éta
hal katitén tina jumlah palaku protagonis anu leuwih loba tibatan palaku
antagonis.
c. Latar
Latar carita anu dianalisis ngawengku latar tempat, waktu, jeung sosial. Éta
bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.177
Data Hasil Analisis Latar
No. Kode Carpon Latar
Tempat Waktu Sosial
(1) (2) (3) (4) (5)
1. GT-01 3 3 2
2. GT-02 7 2 1
583
No. Kode Carpon Latar
Tempat Waktu Sosial
(1) (2) (3) (4) (5)
3. GT-03 11 5 8
4. GT-04 14 5 3
5. GT-05 6 4 2
6. GT-06 11 8 5
7. GT-07 15 5 2
8. GT-08 6 3 1
9. GT-09 16 7 3
10. GT-10 10 3 3
11. GT-11 4 1 1
12. GT-12 6 2 3
13. GT-13 2 2 1
14. GT-14 8 3 3
15. GT-15 13 2 2
16. GT-16 5 6 1
17. GT-17 11 3 2
18. GT-18 9 6 2
19. GT-19 6 3 3
20. SKKS-01 9 7 2
21. SKKS-02 9 5 1
22. SKKS-03 9 8 0
23. SKKS-04 7 10 2
24. SKKS-05 4 3 5
25. SKKS-06 7 8 4
26. SKKS-07 4 8 8
27. SKKS-08 4 5 2
28. SKKS-09 7 6 7
29. SKKS-10 3 7 3
30. SKKS-11 10 9 7
Jumlah 236 149 89
Dumasar kana data dina tabél di luhur, Sastrawati Sunda Patrem
ngagunakeun leuwih loba latar tempat pikeun ngahirupkeun carita sangkan
karasa logis. Latar waktu jeung sosial dipaké pikeun tambahan kaayaan sosial
masarakat. Latar tempat anu digunakeun ilaharna di imah atawa di
584
sabudeureunna, boh di kota boh di kampung. Pangna kitu, lantaran pasualan
atawa konflik dina carita teu jauh tina masalah rumah tangga.
4.3.2 Unsur Semiotik
Dumasar kana analisis unsur semiotik anu aya dina 30 carpon karya
Sastrawati Sunda Patrem ngawengku unsur ikon, indéks, jeung simbol.
4.3.2.1 Ikon
Dumasar kana analisis unsur ikon anu aya dina 30 carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, unsur ikonna aya anu mangrupa ikon imagis, diagramatis, jeung
métaforis. Éta bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.178
Data Hasil Analisis Unsur Ikon
No. Kode
Carpon
Ikon Jumlah Ikon
Unggal
Carpon Imagis Diagramatis Métaforis
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
1. GT-01 3 0 3
2. GT-02 3 2 5
3. GT-03 3 5 8
4. GT-04 2 4 6
5. GT-05 2 8 10
6. GT-06 10 9 19
7. GT-07 5 6 11
8. GT-08 1 4 5
9. GT-09 6 6
10. GT-10 2 4 6
11. GT-11 1 1 2
12. GT-12 1 1
13. GT-13 1 1
14. GT-14 2 1 3
15. GT-15 2 4 6
16. GT-16 1 3 4
17. GT-17 2 3 5
18. GT-18 1 3 4
585
No. Kode
Carpon
Ikon Jumlah Ikon
Unggal
Carpon Imagis Diagramatis Métaforis
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
19. GT-19 1 3 4
20. SKKS-01 2 2
21. SKKS-02 1 1
22. SKKS-03 8 8
23. SKKS-04 1 4 5
24. SKKS-05 1 1
25. SKKS-06 4 4
26. SKKS-07 4 1 5
27. SKKS-08 1 1 2
28. SKKS-09 2 9 11
29. SKKS-10 2 10 12
30. SKKS-11 3 7 10
Jumlah 55 1 114 170
a. Ikon Imagis
Ditilik tina data dina tabél di luhur, ikon imagis anu jumlahna aya 55
ikon tina 30 carpon, kaitung loba dipaké. Ieu hal patali jeung tujuan logika
nulis karya sastra, anu eusina kudu nyitrakeun kana hal-hal anu diacuna.
b. Ikon Diagramatis
Tina 30 carpon anu dianalisis, ngan aya hiji ikon diagramatis anu
kapanggih, nya éta dina carpon GT-13. Ikon diagramatisna ngagambarkeun
lobana jalma anu geus diuk dina korsi hoé warisan.
c. Ikon Métaforis
Unsur ikon métaforis digunakeun leuwih loba tibatan ikon imagis
jeung diagramatis. Ieu hal patali jeung wangun karya sastra carpon anu
ungkara basana loba anu ngumpamakeun sangkan miboga ajén éstétis salaku
karya sastra.
586
4.3.2.2 Indéks
Dumasar kana analisis unsur indéks anu aya dina 30 carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, unsur indéksna aya anu mangrupa indéks zat/barang, gejala alam,
gejala fisik, sora, corétan, aktialisasi, jeung réngkak paripolah. Éta bisa katitén
dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.179
Akumulasi Data Analisis Unsur Indéks
No. Kode
Carpon
Tipe
Jumlah
Indéks
Unggal
Carpon
Zat/
Bara
ng
Gej
ala
ala
m
Gej
ala
fis
ik
Sora
Coré
tan
Ak
tuali
sasi
Rén
gk
ak
pari
pola
h
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
1. GT-01 1 4 4 9
2. GT-02 2 2 1 2 7
3. GT-03 2 6 6 14
4. GT-04 1 5 5 11
5. GT-05 3 4 2 5 14
6. GT-06 2 3 1 3 9 18
7. GT-07 2 3 1 4 4 14
8. GT-08 1 7 1 1 5 15
9. GT-09 1 2 2 5 4 14
10. GT-10 1 2 2 5
11. GT-11 1 1 2
12. GT-12 5 5
13. GT-13 1 1 2
14. GT-14 1 1 2 4
15. GT-15 2 1 1 1 2 6 13
16. GT-16 1 1 1 4 3 10
17. GT-17 1 1 1 3
18. GT-18 1 3 2 1 7
19. GT-19 1 5 6
20. SKKS-01 3 3
21. SKKS-02 2 1 1 4 8
587
No. Kode
Carpon
Tipe
Jumlah
Indéks
Unggal
Carpon
Zat/
Bara
ng
Gej
ala
ala
m
Gej
ala
fis
ik
Sora
Coré
tan
Ak
tuali
sasi
Rén
gk
ak
pari
pola
h
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
22. SKKS-03 1 2 1 4
23. SKKS-04 1 3 1 1 3 9
24. SKKS-05 1 2 1 1 3 8
25. SKKS-06 1 3 1 2 7
26. SKKS-07 1 1 1 3 5 11
27. SKKS-08 2 1 2 4 9
28. SKKS-09 1 2 3 6
29. SKKS-10 2 2 1 3 8
30. SKKS-11 1 3 2 6
Jumlah 23 16 46 16 2 56 93 252
Unsur indéks anu minangka gambaran ayana hubungan kausalitas anu
kapanggih dina carpon-carpon karya Sastrawati Sunda Patrem nya éta indéks
réngkak paripolah. Ieu hal patali jeung konsép “nyata” dina karya sastra. Sangkan
carita karasa leuwih nyata, pangarang ngagambarkeunna ngaliwatan déskripsi
ngeunaan rigig jeung réngkak paripolah palaku. Ieu hal luyu jeung data dina tabél
di luhur.
4.3.2.3 Simbol
Dumasar kana analisis unsur simbol anu aya dina 30 carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, datana bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.180
Data Hasil Analisis Unsur Simbol
No. Kode Carpon Jumlah Simbol Kat.
(1) (2) (3) (4)
1 GT-01 2
2 GT-02 5
588
No. Kode Carpon Jumlah Simbol Kat.
(1) (2) (3) (4)
3 GT-03 1
4 GT-04
5 GT-05 3
6 GT-06 4
7 GT-07 1
8 GT-08
9 GT-09 1
10 GT-10 1
11 GT-11
12 GT-12 2
13 GT-13 1
14 GT-14 1
15 GT-15 1
16 GT-16
17 GT-17 1
18 GT-18 1
19 GT-19
20 SKKS-01 4
21 SKKS-02 1
22 SKKS-03 1
23 SKKS-04 3
24 SKKS-05 1
25 SKKS-06 2
26 SKKS-07 2
27 SKKS-08 1
28 SKKS-09 2
29 SKKS-10 3
30 SKKS-11 4
Jumlah 48
Tanda simbol anu kapanggih dina carpon-carpon karya sastrawati Sunda
Patremmiboga fungsi pikeun méré informasi konvénsional ti pangarang ka nu
maca, ogé ti palaku ka palaku séjén dina eusi carita.
589
4.3.3 Ajén Sosial Budaya
4.3.3.1 Ajén Sosial
Dumasar kana analisis ajén sosial anu aya dina 30 carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, aya anu mangrupa ajén bebeneran, ajén kaéndahan, ajén moral,
jeung ajén kaagamaan. Éta bisa katitén dina tabél ieu di handap.
Tabél 4.181
Data Hasil Analisis Ajén Sosial
No. Kode
Carpon
Ajén Sosial Jumlah
Ajén
Sosial
Unggal
Carpon
Bebeneran Kaéndahan Moral Kaagamaan
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1. GT-01 1 1
2. GT-02 3 3
3. GT-03 3 3 3 9
4. GT-04 5 5 10
5. GT-05 2 2
6. GT-06 4 3 1 8
7. GT-07 4 2 1 7
8. GT-08 2 2
9. GT-09 1 1
10. GT-10 2 2
11. GT-11 1 1 2
12. GT-12 1 1
13. GT-13 2 2
14. GT-14 3 2 5
15. GT-15 2 2
16. GT-16 1 1
17. GT-17 1 2 1 4
18. GT-18 1 1 8 10
19. GT-19 1 1
20. SKKS-01 3 1 2 1 7
21. SKKS-02 2 3 1 6
22. SKKS-03 2 1 1 1 5
23. SKKS-04 1 4 5
590
No. Kode
Carpon
Ajén Sosial Jumlah
Ajén
Sosial
Unggal
Carpon
Bebeneran Kaéndahan Moral Kaagamaan
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
24. SKKS-05 1 1 3 5
25. SKKS-06 1 2 3
26. SKKS-07 2 2
27. SKKS-08 1 2 8 11
28. SKKS-09 8 2 5 15
29. SKKS-10 2 6 9 17
30. SKKS-11 10 3 4 17
Jumlah 66 3 40 57 166
Ajén sosial anu kapanggih dina carpon-carpon karya sastrawati Sunda
Patrem ngawengku ajén bebeneran anu nyindekel kana rasio hiji jalma luyu jeung
konsép kaélmuan, ajén kaéndahan anu nyindekel kana unsur éstétika, ajén moral
anu nyindekel kana hadé goréngna sikep hiji jalma di masarakat, jeung
kaagamaan anu nyoko kana ajaran agama anu ngajelaskeun sikep, kalakuan,
paréntah jeung larangan pikeun umat manusa. Ajén bebeneran, ajén moral, jeung
ajén kaagamaan leuwih dominan tibatan ajén-ajén kaéndahan, sabab miboga
hubungan anu dalit dina prakna dilaksanakeun di masarakat.
4.3.3.2 Ajén Budaya
Dumasar kana analisis ajén budaya anu aya dina 30 carpon karya Sastrawati
Sunda Patrem, ajén budayana aya anu mangrupa ajén téori, ajén ékonomi, ajén
agama, ajén seni, ajén kawasa, jeung ajén solidaritas. Éta bisa katitén dina tabél
ieu di handap.
591
Tabél 4.182
Data Hasil Analisis Ajén Budaya
No Kode
Carpon
Ajén Budaya Jumlah
Ajén
Budaya
Unggal
Carpon
Téori Ékonomi Agama Seni Kawasa Solidaritas
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)
1 GT-01 3 1 4 1 9
2 GT-02 3 3 2 2 13 23
3 GT-03 1 1 2 6 10
4 GT-04 1 2 1 3 7
5 GT-05 5 1 3 9
6 GT-06 1 5 6 4 16
7 GT-07 1 4 7 12
8 GT-08 2 1 1 6 10
9 GT-09 3 8 1 2 3 17
10 GT-10 2 4 1 3 10
11 GT-11 1 1 3 5
12 GT-12 1 2 1 1 1 6
13 GT-13 3 1 1 5
14 GT-14 1 1 3 3 8
15 GT-15 6 1 2 1 10
16 GT-16 1 3 4
17 GT-17 2 3 2 7
18 GT-18 1 1 4 1 2 9
19 GT-19 3 2 3 8
20 SKKS-01 2 3 1 2 8
21 SKKS-02 1 3 2 6
22 SKKS-03 2 1 3
23 SKKS-04 6 4 10
24 SKKS-05 1 3 3 1 1 9
25 SKKS-06 2 3 5
26 SKKS-07 1 1 2 1 5
27 SKKS-08 4 1 12 2 19
28 SKKS-09 4 2 6 2 6 20
29 SKKS-10 2 8 5 15
30 SKKS-11 6 4 3 13
Jumlah 59 54 57 5 25 98 298
592
Ajén budaya anu kapanggih dina 30 carpon karya sastrawati Sunda Patrem
nya éta ajén téori anu nyoko kana bebeneran sacara ilmiah, ajén ékonomi anu
patali jeung logika éfisiénsi matéri, ajén agama anu nyoko kana prinsip jeung
aturan-aturan agama, ajén seni anu patali jeung éstétika dina ngajén barang atawa
kajadian, ajén kawasa anu patali jeung kasugemaan hiji jalma, jeung ajén
solidaritas anu nyoko kana hubungan antarindividu sacara sosial.
Tina ieu hal katitén yén dina carpon-carpon karya wanoja pangarang teu
saukur miboga ajén-inajén féminis, tapi ogé miboga ajén sosial budaya anu bisa
dijadikeun salah sahiji bahan keur picontoeun atawa pieunteungeun keur nu
macana. Sanajan upama ditingali tina kuantitas ajén senina, anu ngan lima ajén,
tina 298 ajén budaya, tapi lain hartina carpon-carpon ieu teu éndah. Tapi,
kaéndahan carpon aya dina wujud wangunna salaku hasil karya seni anu
ngagunakeun média basa.
4.4 Pedaran Hasil Analisis
4.4.1 Kasaluyuan Téori Struktur jeung Hasil Analisis Struktur
Dumasar kana hasil panalungtikan anu nganalisis struktur téma jeung fakta
carita anu ngawengku galur, palaku, jeung latar. Kapanggih yén aya hubungan
dalit antara unsur-unsur pangwangun ieu carpon. Upamana waé ngeunaan téma,
éksisténsi téma gumantung kana unsur lianna lantaran moal aya téma lamun
euweuh unsur pangwangun lianna. Ku kituna, téma bakal jadi ma’na carita upama
aya patalina jeung unsur-unsur carita lianna. Téma hiji carita teu bisa dicaritakeun
sacara langsung, tapi sacara implisit ngaliwatan eusi carita sacara gembleng.
Ieu hal luyu jeung pamadegan Statnton anu nétélakeun yén salaku karya
sastra wangun prosa, carpon diwangun ku unsur-unsur minangka strukturna. Éta
unsur-unsur miboga hubungan sarta silih pangaruhan. Sakumaha anu ditétélakeun
ku Stanton (2012, kc. 45), yén unsur carpon bisa ditilik tina (a) wujud (a) téma,
(b) fakta carita, jeung (c) sarana sastra.
Lantaran dina ieu panalungtikan diwatesanan ngan nganalisis unsur téma
jeung fakta carita, unsur wujud jeung sarana carita teu kapanggih kasaluyuanna.
593
4.4.1 Kasaluyuan Téori Semiotik jeung Hasil Analisis Semiotik
Téori anu digunakeun pikeun nganalisis semiotik nya éta téori anu
ditétélakeun ku Charles Sander Pierce ngeunaan hubungan antara tanda jeung
acuan (penanda jeung petanda). Peirce (dina Nurgiyantoro, 2010, kc. 42)
nétélakeun éta hal kana tilu rupa hubungan, nya éta tanda ikon, tanda indéks,
jeung tanda simbol.
Nilik kana hasil ieu panalungtikan, tilu unsur semiotik anu ditétélakeun ku
Pierce bisa kapanggih dina 30 carpon karya Sastrawati Sunda Patrem. Sanajan
sacara kuantitas jumlahna teu saimbang antara unsur ikon, indéks, jeung simbol.
Tapi sacara fungsi tina éta tilu unsur, carpon miboga galur carita. Jadi, unsur
semiotik anu leuwih loba kapanggih nya éta unsur indéks. Lantaran ieu unsur
miboga hubungan kausalitas pikeun mekarkeun carita sarta matalikeun
antarkajadian anu lumangsung dina carita.
4.4.1 Kasaluyuan Téori Ajén Sosial Budaya jeung Hasil Analisis Ajén Sosial
Budaya
Téori ajén sosial anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téorina
Notonegoro (dina Setiadi jeung Kolip, 2011, kc. 124-126) ngabédakeun ajén
sosial kana tilu rupa, nya éta ajén material, ajén vital, jeung ajén karihanian. Dina
ieu panalungtikan, diwatesanan kana ajén karohanian anu ngawengku ajén
bebeneran, ajén kaéndahan, ajén moral, jeung ajén kaagamaan. Tina hasil analisis,
tétéla dina unggal carpon miboga ajén sosial sanajan jumlahna teu saimbang. Ieu
hal patali jeung kompléksitas carita jeung konflikna.
Dina kanyataanna, hiji individu miboga perasaan anu béda jeung
masarakat sacara kelompok. Hal saperti kieu bisa nyababkeun ayana ajén
individual, nya éta ajén-ajén anu dipaké ku hiji jalma sacara individu. Ieu ajén
individu, dina kamekaranna bisa jadi sajalan jeung masarakat, bisa ogé pagedrug
lantaran teu luyu jeung pamadegan kelompok sosial. Hartina, ajén sosial
mangrupa ajén koléktif anu dipaké dumasar kasapukan kelompok masarakat.
Lantaran kitu, ajén sosial dina carpon ogé teu bisa dipaksakeun sangkan aya,
594
sabab gumantung sarta patali jeung lingkungan masarakat anu digambarkeun ku
pangarang. Jadi, aya kamungkinan ajén sosial bakal barobah upama kaayaan
atawa sistem sosial di hiji masrakatna robah.
Béda jeung ajén budaya anu sipatna langgeng, teu gampang barobah atawa
gampang kalindih ku ajén budaya séjén. Anggota masarakat miboga ajén salaku
hasil tina prosés diajar ti saprak budak nepi ka kolot. Tangtuna waé individu-
individu anu aya dina kelompok masarakat bakal ngaluyukeun ajén-inajén anu aya
dina konsép pamikiranana jeung konsép ajén sacara sosial di masarakat. Ieu patali
ogé jeung kalungguhan manusa salaku mahluk sosial.
Dina ieu panalungtikan, ajén budaya anu dianalisis nyoko kana pamadegan
Tumanggor (2012, kc.142-143) anu nétélakeun ngeunaan genep rupa ajén budaya,
nya éta ajén téori, ajén ékonomi, ajén agama, ajén seni, ajén kawasa, jeung ajén
solidaritas. Éta genep ajén bisa kapanggih dina 30 carpon karya Sastrawati Sunda
Patrem anu nyoko kana bebeneran sacara ilmiah, ajén ékonomi anu patali jeung
logika éfisiénsi matéri, ajén agama anu nyoko kana prinsip jeung aturan-aturan
agama, ajén seni anu patali jeung éstétika dina ngajén barang atawa kajadian, ajén
kawasa anu patali jeung kasugemaan hiji jalma, jeung ajén solidaritas anu nyoko
kana hubungan antarindividu sacara sosial.
Tina ieu hal katitén yén dina carpon-carpon karya wanoja pangarang teu
saukur miboga ajén-inajén féminis, tapi ogé miboga ajén sosial budaya anu bisa
dijadikeun salah sahiji bahan keur picontoeun atawa pieunteungeun keur nu
macana. Sanajan upama ditingali tina kuantitas ajén senina, anu ngan lima ajén,
tina 298 ajén budaya, tapi lain hartina carpon-carpon ieu teu éndah. Tapi,
kaéndahan carpon aya dina wujud wangunna salaku hasil karya seni anu
ngagunakeun média basa.
595