assalamualaikum wr
DESCRIPTION
PembukaanTRANSCRIPT
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu
dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah
SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang
raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat
dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade
medar kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya
kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan
dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun
pola hirup sehat kanggo kapayunna ti kawit ayeuna pisan.
Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih tina eta
sadaya teh nu didadasaran tina bersih-sucina diri urang sareng
lingkungan di sabudeureun urang. Urang kudu mikacinta kabersihan
sangkan hate urang ge milu bersih.
Para wargi anu mulya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem,
bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang
merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana
Wassalamualaikum wr.wb