assalamu

Upload: dudi-hermawan

Post on 09-Mar-2016

41 views

Category:

Documents


0 download

DESCRIPTION

AAA

TRANSCRIPT

Assalamualaikum Wr. Wb Alhamdulillah Hirabbilalamin Wabihi nastainu waala umuridunya wadin Wassalatu wassalam ala asrafil anbiya walmursalinWaala alihi wasahbijhi azmain. Amabadu

Langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzar Allah nu maha ghofur, Shalawat sinareng salam makrunan watakdiman pamugya dicurahkeun ka panutan alam Habibana wanabiyana wa rosulana Muhammad SAW.Teu ka kantun ka para kaluargina, sohabatna, pamudah-mudahan urang sadayana masing angkeun janten umatna anu setia Amin.. Ya Hadirin kaum muslimini rohima kumullah anu ku sim abdi di pikahormat syaihuna Al-Mukarram guru guru pondok pesantren Bustanul Arifin. Bapak sinareng ibu orang tua santriyin miwa santriat anu ku pribados dipikahormat, rerencangan sadaya santriyin miwa santriyat anu nampak hadir dina ieu patempatan anu pamudah-mudahan urang sudayana masing dipaparin ilmu anu manfaat dunya rauh akhirat. Hadirin rohimakumullah dina kasempatan ieu pribados kapapancenan tugas ngabagi waktu mandu acara. Acara nu pertama Pembukaan Pembacaan tawasul atanapi hadiah Pembacaan wahyu illahi Pembacaan hadiah atanapi tawasul Pembacaan Asmaul Husna Pembacaan Wahyu Illahi (Duet) Tablighul Islamiyah

Acara Terakhir Sepatah dua patah kata ti pimpinan Ponpes Bustanul Arifin, sekaligus menutup acara tafarukan Doa serta tutup

Menginjak pada acara pertama yaitu (pembukaan) hayu urang buka ieu acara ku ngaoskeun ummul quran (Al-Fatihah)................ Mudah-mudahan barokah aosan surat al-fatihah.Acara tafarukan ti awal dugi ka akhir masing lancar aya tina panangtayungan Allah SWT, Urang lajeungkeun kana acara Ka 2 Pembacaan Hadiah/Tawasul anu bade dipimpin ku perwakilan di santriyat, waktos sinareng tempat disanggakeun ka manteuna. ............Pamudah-mudahan barokah wasilah hadiah neme masing didugikeun ka ahli urang sadayana amin.... Urang lajeungkeun kana acara anu no ka 3 Pembacaan Wahyu Illah anu bade dilaksanakeun ku perwakilan ti Santriyin, waktos sinareng tempat disanggakeun (Betu) .......................Sodakowllahhuladzim wasodako habibul karim wanahnu aala dalika minassahidina wasyakirina walhamdulillah hirabbil alamin, Pamudah-mudahan barokah aosan ayat suci al-Quran anu neme diaoskeun. Barokah wasilahna masing didugikeun kanu ngaosna umumna ka urang sadayana amin. Acara nu salajeungna kana acara anu Ka 4 pembacaan hadiah atanapi tawasul anu baris dipimpin ku perwakilan santriyin..... waktos sinareng tempat mangga nyanggakeun .................Pamudah-mudahan barokah wasilah hadian neme masing didugikeun ka ahli urang sadayana amin.... Acara anu salajeungna urang teraskeun kan acara Pembacaan Asmaul Husna, waktos sinareng tempat disanggakeun ka manteuna..... Pamudah-mudahan barokah wasilah aosan neme maksud tujuan cita-cita urang sadayana aya dina panangtayungan sareng pangijabah Allah Amin. Urang lajeungkeun kana aca anu Ka 6 pembacaan wahyu Illahi (Duet) anu baris dilaksanakeun ku santriyin ......... waktos sinareng tempat disanggakeun. Sodakowllahhuladzim wasodako habibul karim wanahnu aala dalika minassahidina wasyakirina walhamdulillah hirabbil alamin, pamudah-mudahan barokah aosan Ayat Suci Al-Quran anu neme diaoskeun barokah wasilahna masing didugikeun kanu ngaosna umumna ka urang sadayana amin. Urang lajeungkeun kana acara nu ka 7 acara puncak Tablighul Islamiyah anu mana anu bakal ngadugikeun tausiyah ka urang sadayana aya sababaraha hiji ..... anu ka 1 bakal didugikeun ku ............... ngahaturkeun nuhun ka saderek ............. anu parantos masih pitutur ka sadayana. Anu ka 2 bakal didugikeun ku ................... Ngahaturkuen nuhun ka saderek ................. anu parantos masihan pitutur kasadayana. Anu ka 3 Bakal didugikeun ku ........................... Ngahaturkuen nuhun ka saderek ................. anu parantos masihan pitutur kasadayana. Anu ka 4 Bakal didugikeun ku ........................... Ngahaturkuen nuhun ka saderek ................. anu parantos masihan pitutur kasadayana. Anu ka 5 Bakal didugikeun ku ........................... Ngahaturkuen nuhun ka saderek ................. anu parantos masihan pitutur kasadayana. Anu terakhir Bakal didugikeun perwakilan Alumni ........................... Ngahaturkuen nuhun ka saderek ................. anu parantos masihan pitutur kasadayana. Mudah-mudahan naon bae anu tos didugikeun ku sadayana masing ageung manfaatna kango urang sadayana Amin. Ya Robbal AlaminAcara nu salajeungna sapatah dua patah kata dari pimpinan Ponpes Bustanul Arifin waktos sinareng kahormatan disanggakeun ...................Ngahaturkeun nuhun ka pangersa syaihuna mukkaram ngadugikeun sapatah dua patah kata ka urang sadaya, mudah-mudahan naon bae nu parantos didugikeun ka urang sadayana sing ageung manfaatna. Acara nu terakkhir Doa sinareng tutup hayu urang sami-sami ngaoskeun surat Wal-Asri ......................Mung sakitu nu tiasa kapihatr, leresna samata-mata taufik ti nu maha kaawasa, leupatna samata-mata kabodoan abdi samata. Waufawidu amri Ilallah, Inallaha basyirum billbad, akhirul kalam Wasalamualaikum Wr. Wb

3