abah jeung laptop

3
Abah jeung Laptop Kénging Hikmat Nugraha Abah Dira andekak sila nyanghareupan parukuyan, nyeungeut menyan, mapatkeun ajian keur ngalawan nu cenah rék neluh pasénna. Karasa siga aya témbakan nu malikkeun deui, manéhna ngarumpuyuk. Karasa teu ngarareunah. Dicobaan deui, teu bisa hudang. Teuing saha nu wani-wani ngalawan ka manéhna, pokna ngomong sorangan. Abah Dira aduh-aduhan nyekelan dadana. Manéhna maksakeun hudang tuluy ngadeukeutan pasénna. " Sabar wé heula, nya Jang, engké urang akalan deui," pokna. Pasénna mulang. Abah nyampeurkeun Adun, nu keur ngetik. “Eta téh barang naon Jang?”cék Bah Dira. “Laptop, Bah.” “Bisa neluh teu?" “Nya teu tiasa atuh Abah!” “Lamun hayang loba pasén bisa maké laptop teu?" “Tah mun éta tiasa. Keun ku abdi dipangdamelkeun facebook, twitter jeung instagram ogé Whats Ap-na. Tenang wé Abah mah nu penting seueur pasén.” Dina facebook Adun masang iklan siga kieu: Hoyong lancar sagala rupa datangan Abah Dira di Kampung Soméah Babakan Janglar. Dijamin tokcer! Enya wé teu lila sanggeus nyieun iklan dina facebook, rabul nu daratang. Lolobanana mah ibu rumah tangga nu pegat jeung salakina. Hayang jodo deui cenah mah. Krang-kring HP téh, beuki rabul nu datang ka imah, saprak dipangnyieunkeun facebook, twitter jeung instagram ku Adun incuna “Bener, Jang, cékgur ogé nya saran silaing!” “Ngaliwatan média sosial mah gampang atuh Abah. Tong boro di daérah urang. Dalah luar negri gé bisa.” “Maksudna?" “Lamun Abah hoyong pasén ti luar negri minimal basa Inggrisna kudu fluently.” “Naon tatéh?” “Lancar. Kumaha wé mun Abah nyarios basa Sunda.” “Abah mah hayang éta, Dewi Anggraeni jeung Radiul pasénna.” “Kedah berteman heula atuh Bah jeung éta dua artisna.” “Kudu diubaran éta dua mahluk awéwé téh sabab aya energi negatip dina awak duanana. Minimal kudu diberesihan.” “Kumaha carana?” “Erhaés, atuh Jang.” Bener wé beuki dieu Abah Dira beuki kajojo ku laptop utama facebook, sanajan dibantuan ngetikna ku Adun. Pasén beuki ngalobaan. Abah Dira teu bisa nahan. Antukna jadi pecandu facebook. Adun ngantep akina ayeuna mah, da tinggal mencét program. Tuluy wé Abah Dira sina anteng facebook- an.

Upload: sinta-mulyani

Post on 25-Sep-2015

529 views

Category:

Documents


13 download

DESCRIPTION

abah jeung laptop

TRANSCRIPT

Abah jeung LaptopKngingHikmat Nugraha

Abah Dira andekak sila nyanghareupan parukuyan, nyeungeut menyan, mapatkeun ajian keur ngalawan nu cenah rk neluh pasnna. Karasa siga aya tmbakan nu malikkeun deui, manhna ngarumpuyuk. Karasa teu ngarareunah. Dicobaan deui, teu bisa hudang. Teuing saha nu wani-wani ngalawan ka manhna, pokna ngomong sorangan. Abah Dira aduh-aduhan nyekelan dadana. Manhna maksakeun hudang tuluy ngadeukeutan pasnna." Sabar w heula, nya Jang, engk urang akalan deui," pokna. Pasnna mulang. Abah nyampeurkeun Adun, nu keur ngetik.Eta th barang naon Jang?ck Bah Dira.Laptop, Bah.Bisa neluh teu?"Nya teu tiasa atuh Abah!Lamun hayang loba pasn bisa mak laptop teu?"Tah mun ta tiasa. Keun ku abdi dipangdamelkeun facebook, twitter jeung instagram og Whats Ap-na. Tenang w Abah mah nu penting seueur pasn.Dina facebook Adun masang iklan siga kieu:Hoyong lancar sagala rupa datangan Abah Dira di Kampung Somah Babakan Janglar. Dijamin tokcer!Enya w teu lila sanggeus nyieun iklan dina facebook, rabul nu daratang. Lolobanana mah ibu rumah tangga nu pegat jeung salakina. Hayang jodo deui cenah mah.Krang-kring HP th, beuki rabul nu datang ka imah, saprak dipangnyieunkeun facebook, twitter jeung instagram ku Adun incunaBener, Jang, ckgur og nya saran silaing!Ngaliwatan mdia sosial mah gampang atuh Abah. Tong boro di darah urang. Dalah luar negri g bisa.Maksudna?"Lamun Abah hoyong pasn ti luar negri minimal basa Inggrisna kudufluently.Naon tath?Lancar. Kumaha w mun Abah nyarios basa Sunda.Abah mah hayang ta, Dewi Anggraeni jeung Radiul pasnna.Kedah berteman heula atuh Bah jeung ta dua artisna.Kudu diubaran ta dua mahluk aww th sabab aya energi negatip dina awak duanana. Minimal kudu diberesihan.Kumaha carana?Erhas, atuh Jang.Bener w beuki dieu Abah Dira beuki kajojo ku laptop utama facebook, sanajan dibantuan ngetikna ku Adun. Pasn beuki ngalobaan. Abah Dira teu bisa nahan. Antukna jadi pecandu facebook. Adun ngantep akina ayeuna mah, da tinggal menct program. Tuluy w Abah Dira sina anteng facebook- an.Unggal po sammh indit ka kampus, Adun muka heula laptop keur Abah Dira digaw. Da ayeuna mah Abah geus ninggalkeun parukuyan nu eusina menyan jeung sabangsaning kembang ku facebookan jeung twitteran.Abah Dira ngahuleng. Bingung. Sabab aya pasn nu ti luar nagri ta. Pilipina jeung Bulgaria. Mangkaning teu ngarti deuih basana.Tga nya Si Adun ka Abah, urusan nu kieu diantep.Tungtungna mah layar laptop th diantep hurung terus. Da jam geus manjing ka sor, diantep teu dipareuman laptop th da teu bisa mareumanana. Cicing w Abah Dira dina tepas bari narima sms ti pasn-pasnna, nepi ka Adun balik.Bah, hurung knh geuningan laptopna.Duka th teuing. Abah mah teu bisa mareumanana.Tinggal klikprogramjeung klikshutdown w Bah.Ah lieur.Kumaha Abah hasil facebookan th?Teu katahan. Murudul. Loba teuing.Tadina pan hoyong seueur pasn. Geus seueur Abah mah kalahka ngarahuh.Alus-alusna mah mak laptop th. Ngan dina teu bisana kawas kamari. Lieur Abah mah. Meugeus ah Abah mah rk ninggalkeun laptopforever, ck Abah Dira.Eta-ta Si Abah basana gaul, ck Adun.Pan diajar ti silaing, tmbah Bah Dira.Saprak loba pasn Abah Dira geus teu kaburueun ngaroris dirina. Antukna Abah Dira gering parna. Awakna garing, begang deuih. Panonna celong. Nu tatamba teu apaleun kana kaayaan dirina. Abah Dira mikir, enya og pasn beuki loba, duit beuki metet dina kantongna, tapi ari matak gering mah mendingan balik deui ka baheula, sila ipis bari ngadagoan parukuyan.Abah Dira aya? ck pasn nu rk tatamba.Nuju tapa heula milarian ilapat, ceuk Adun.Lila-lila mah loba nu panasaran naha Abah Dira tara praktk deui? Naha Abah Dira gering atawa memang keur sibuk pisan? Adun mah tetep w ngajawabna tapa heula. Padahal mah Adun g apaleun pisan kana kaayaan Abah Dira nu teu mirosa diri demi duit.Dasar kudu katohyan, pasn aww nu ngaranna Nyai Edas ujug-ujug datang ka imah Abah Dira. Katempo Abah Dira keur ngagolr bari disimbut kandel. Humarurung. Humaregung.Sampurasun, ck Nyi Edas.Ramps, ck Abah Dira.Geuningan Abah th aya.Ceuk saha euweuh? Tmbalna, rada ambek.Incu Abah, nyebutkeun pajar Abah keur tatapa heula nangan ilapat, ck Nyi Edas deui.Lain atuh Nyai, Abah th geus saminggu ieu gering. Cap teuing ngubaran.Har, piraku tukang tutulung gering?Da jelema atuh Nyai, Abah teh.Nyai Edas teu jadi tatamba mnta ubar ka Abah Dira ningali kaayaan kitu mah. Nyai Edas balik deui ka imahna.Rk kumaha bisa ngubaran batur, manhna g gering, teu bisa ngubaran, ck Nyai Edas.Abah Dira terus mikiran diri naon ubarna sangkan kuat deui, tur bisa 'praktek' deui. Da ayeuna mah teu bisa nanaon. Abah Dira bati ngahuleng loba pasn nu teu datang deui ka imahna. Abah Dira inget kana mimiti nulungan nu susah tara ieuh gering parna kawas ayeuna.Abah Dira neuteup laptop ti kamar nu geus maturan keur nangan kipayah sapopo. Laptop ayeuna dipak deui ku Adun nu bogana. Laptop nu mr rejeki leuwih ti batan parukuyan. Laptop dibawa deui ka kamar Adun. Keur facebookan, twitteran nepi ka jam dua belas peuting. Laptop tetep hurung teu dipareuman ku nu bogana. Abah Dira tetep cicing di kamarna nyanghareupan parukuyan nu eusina menyan. Teu poho duwegan jeung sabangsaning kekembangan. Laptop geus teu maturan deui Abah Dira ayeuna mah. Tapi pasn lebeng tacan aya nu datang deui.***Panglawungan 13